Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 31 Oktober 2011 (30 Naskah)


SARUA KATIPU

Kénging Windu Mandela
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2011 23:43:40

"Lamun eneng cinta ka aa, sok pasihan aa nu handap eta, aa mah hoyong bukti" aya jajaka ker ngarayu kabogohna. Teu lila hp si lalaki di sada, "tatitut tatitut" langsung si HP direbut ku kabogohna, pas di angkat aya nu ngomong "ker dimana maneh teh, gera balik aing ker nyangu budak can di ombehan . . . . ttttttttuuuttt" dipareman, si awewe eta langsung ngaleos bari ngomong "aing ge geus boga salaki . . .".
si lalaki nepak tarang "jaddah . . .".

WM

DEUDEUPEUN

Kénging Neni Geo Albanjari
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2011 22:34:26

Nganti nganti purnama na bangbarung kabingung...

KABELEJOG

Kénging Gus Manz
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2011 21:59:42

Reg sakeudeung waktu asup ka pameran buku di Graha Sanusi Unpad, sakolebat katingal di palih kenca saatos panto asup, aya awewe anu sipit bodas jeung montok nganggo raksukan koneng. Dina jero hate ngagerentes. Moal salah Nyi Endit !. SKSD, so’ kenal so’ dekat, kuring ngawanikeun maneh nyarita : “Nyi Endit nya ?”. “Sanes ! Abdi mah Julia Peres” Ceuk manehna. Duh era euy, kabelejog salah nebak ngaran. Harita terus manehna nanya balik ka kuring, “Dupi Akang Saha ?” Teu eleh géléng, kuring nyebut : “Abdi, Jay Rames!”. Saatosna pancakaki sareng ngobrol basa-basi teras Jay jeung Julia anteng silih rames sareng silih peres dina Tenda Fiksimini.

EUREUP-EUREUP

Kénging Asep Ruhimat
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2011 21:03:37

Jigana meh sadaya kantos kaeuntreupan eureup-eureup, sasat satengah ngimpi. Muhun, ongkoh asa aya nu nindihan, beurat, tapi sora lian atra kareungeu. Usik hese, ngagorowok hese, tungtungna miharep aya nu ngageuingkeun. Nya kitu nu kaalaman ku Nyi Mimi ge, mindeng kaeuntreupan eureup-eureup. Hiji mangsa, awak beurat hese ugil, jaba asa aya nu mengkek teu bisa nyoara, geus teg dina hatena keuna ku eureup-eureuo. Nyi Mimi satekah polah kekejet, barang nyah beunta, "Aeh, geuning akang..."

SALINGKUH

Kénging Nanang Sahbana Afnani
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2011 20:48:32

Tepi ka hotel ampir tengah peuting,kuring jeung Irwan memang ngahaja ku pausahaan pikeun representasi di luar kota.Geus di jero kamar nu tadina hayang reureuh bet kaganggu ku paneuteup Irwan tadi najan teu pok tapi hate kuring surti naon nu aya dina pikirannana harita "ah etamah dongeng geus heubeul ulah nepi ka guar deui,palangsiang pipanyakiteun " hete kuring ngupahan sorangan.Teu lila aya nu keketrok kana panto kamar,waktu panto muka teu nyana nu ngajanteng hareupeun kuring teh Irwan "aya pikeursaeun naon kang..ehh Pa "ceuk kuring rampang reumpeung da enya ayeuna mah manehna teh atasan kuring." kenging akang lebet "cenah manehna kalah ngaakangkeun."mangga Pa ." tembal kuring. Geuning kasurti kuring kabaca ku manehna,halimpu lirih tapi peurih kudu ngalaman ngalamban sari jeung salaki nu jadi sobat sorangan.

GUMURIH

Kénging Endang Kasupardi Ti Cisurupan
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2011 20:31:55

. Geus kabayang, kumaha rasana nu hamil. Salapan bulan mun pareng jejeg jeung itungan, mendeyang. Komo lamun keur meujeuhna totojer, beuteung jadi bengo kaditu kadieu. Kendel seueul mun keuna kana jajantung. Mn pareng pangseng keur bureyeng, kudu ngatur napas jeung jarak meh teu katindihan. Pareng lahir, 40 poe aya gumurih. poho keur ngaheujeun, poho keur adug lajer seueul.

CURHAT

Kénging Ratna Utamie
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2011 19:12:42

Tanggal hiji nu itu mah jauh keneh..tuh diditu dibeulah desember. Pikiran bingung, otak linglung da resiko kabancang satakerna. Aslina ieu mah, nopember mung kikitir muir. Heuheuy deuh..kieu jeung kieu we taya unggulna unggal saban teh. Tapi ketang, sakieu ge alhamdulillah..tuh dina acara orang pinggiran mah leuwih-leuwih. Ya Allah, tulungan abdi...pira kadar hayang beunghar.

PIRAKU

Kénging Bening Selaksahati
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2011 19:11:08

kamari salira ngedalkeun eusi hate nu salila ieu nyangkaruk dina dina qalbu nu wening , ngagenggem katineung ti keur bujang , beu naha atuh kakara balaka ayeuna , piraku kuring rek narima , pan anak incu satu reuay jeung umur geus aya kana kepala lima deuih , naha enya aya keneh rasa , ah asa teu kudu sigana mah , mending oge urang silih pikayaah ku cara bebesanan we nya (bii)

PEUTINGPEUTING

Kénging Iwan Hermana
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2011 19:09:16

Curinghak diri tengah peuting, megatkeun impenan nu keur asoy paduduan jeung ayu tingting, gorenjat hudang gara-gara beuteung nyeuleukit karasana asa di ciwit papanting, nya kapaksa kaluar imah nyiar tampian najan poek bari jeumpling.

SAJAK CINTA

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2011 17:47:20

Unggal maca sajak cinta, hate teu weleh tumanya, naon endahna sajak cinta? Naon nu rek diharepkeun tina sajak cinta? Aya naon bet loba nu resep kana sajak cinta? Enya, aya naon saenyana dina sajak cinta teh? Ceuk kuring nu geus ngahaeub ka sareupna, sajak cinta nu pinuh ku kecap-kecap endah ngan ukur papaes nu taya hartina, ungkara endah sajak cinta ngan saukur metafora. Buktina? Kabandungan ku balarea, cinta nu ngudag-ngudag kakawasaan behna mah lain cinta ka nagarana, tapi cinta kana hartana

DITAMPIK

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2011 17:15:56

ngageuri alatan galindeng hate geus teu ngawirahma, galura kasono ayeuna teuing keur saha, jiwa asa rocop ku cucuk rungga, hate geus katurih hinis kapeurih, ngan ukur bisa pasrah

SAWANGAN

Kénging Bhatara Khresna
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2011 16:23:11

Basa dua puluh taun ka tukang lembur kuring teh keur meujeuhna ngawangun, kabeh warga tihothat nyumbang sakamampuna masing-masing demi kamajuan lembur, henteu kudu dikekeprak, henteu kudu dipenta atawa di titah, katingali pisan sabilulungana teh. Kiwari kuring datang deui ka lembur bet beda pisan, teu lila kadenge hawar-hawar ti bale desa sababaraha kali nu wawaran, bari sorana peura ampir beak: "Mangga ka sadaya warga ! disuhunkeun ridho galihna, urang sasarengan gotong royong kangge kamajengan lembur urang"

DUNYA DI JERO JERUK

Kénging Ya Soebarta
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2011 15:49:31

"Geulis bébéné akang, rasa deudeuh akang ka anjeun moal pegat sanajan dunya sagedé jeruk…!!". "Duh jungjunan, tapi naha anjeun téga basa curuk anjeun dilebetkeun kana pangambug, teras diasongkeun ka nyai sina dilamot…!!!" kacida.

CARITA HUJAN

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2011 15:25:34

Mimitina miripis ngepris... lila-lila ngabadagan maseuhan taneuh, ngagulidag jadi cai leuncang anu kabawa ka na wahangan... mawa palid sakabeh pangancikan nu aya dinu rohangan hate….

HUJAN BADAG

Kénging Aris Supena
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2011 15:15:43

Rada Kerep.
Teu kaop HUJAN.
Karep Si Fikmin jadi BADAG.

NYERI HATE

Kénging Maspri Dkc
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2011 14:51:50

Naha make kudu nyeri hate, pedah eta ku batur disebut kasep, beunghar, berehan, sopan, jeung tara agul....sok sanajan kabeh ge ukur pitnah, iwal ti hiji nu lain pitnah teh....tara agul.

DICEKAL

Kénging Edwin Ain G
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2011 12:39:29

Calo-calo Samsat bari ngadagoan STNK jadi, guntreng ngaadu renyomkeun lagu Ayu Tingting 'Alamat Palsu' dicekal teu meunang diputer deui lantaran alamat nu diteangan teh najan palsu:
Geus kapanggih ku Cici Paramida nya eta di RT 3 RW 5.

LAIN FIKMIN

Kénging Abi Cepian Ibn Al-khairi
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2011 12:13:48

"kiadi, kilanceuk jeung kidulur. Prak geura lakonan ieu hirup. Kungahirupkeun nu can harirup ngarah urang jadi leuwih hirup. Sabab hirup mah lain Fikmin tapi hirup mah pucuk catang nu néangan tunggulna di fikmin-fikmin." Ceuk Hirup nu keur mikmin bari ngalilieur kanu harirup.

BETMEN

Kénging Ahmad Avia Ryadhi Kusnadi
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2011 10:21:40

"Kang! Itu pangnyarekkeun si adul, make jubah tina sarung naek kana wuwung rek luncat ka handap, majar keur bebetmenan neangan penjahat cenah. Hariwang icih mah sieun tigeledag kana batu! Mana geus sareupna deuih!" Ceuk icih rawah-riwih bebeja ka salakina anu keur nyumput.. "Is, ulah! Keun we.. Atuh engke akang kapanggih, pan akang anu keur jadi penjahatna teh" tembal udin bari beuki murungkut dina panyumputan.

ANTARA JATI NANGOR JEUNG DIPATI UKUR

Kénging Lalat Socrates
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2011 09:37:14

Ti béh dituna kénéh.... hulang huleng; asa aya anu kaliwat; ngan teuing naon. Na ari kamari kakara inget; tapi géhélna téh duka kudu ka saha nya nanya. Edasna teh deuih ku teu nanya ka ieu rohangan. Bener-bener linglung ari geus aki-aki. Ari paméran fikmin téh di kampus Unpad anu di Jatinangor atawa di Dipati Ukur...?? Serieus ieu mah lain sakada fikmin.... "Béjaan atuh eung béjaan...!!"

HEMENG

Kénging Bhatara Khresna
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2011 09:28:52

Basa kuring tepung jeung manehna, naha bet beda rasa, komo basa paadu teuteup mah pangaruhna kana padaharan musiel, kana angen murel, sa bro-broeun hayang utah.

KASMARAN

Kénging Bhatara Khresna
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2011 09:11:47

Ti saprak kenal jeung nyi odah, manehna jadi robah, mandi oge sapoe lima kali, buuk kulimis, gawena ngan ngahariring bari sura-seuri sorangan. Saminggu ti harita kuring manggihan manehna aya di sisi jalan keur sura-seuri sorangan bari ditaranjang.

SASAB

Kénging Endang Kasupardi Ti Cisurupan
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2011 07:19:05

. Ukur culang cileung, nepi di jati nangor. Balukar teu parat maca. Unggal spanduk di tinggalian, nu eces ukur Nyi mojang.

NGALALANYAHAN

Kénging Iwan Hermana
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2011 04:53:47

ngamudalkeun nu aya dina handeuleum hate, ngaguarkeun eusi jero pikir, ngaguratkeun rasa pangabisa jeung rasa micinta sunda, ngalalanyahan curat-coret A Be Ce De dina ririungan

BEWARA

Kénging Hadi Aks
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2011 04:25:32

Dugi ka tb 3.30 bieu, jalaran panitia tos ngaraplek bobor karahayuan, srg fikmin grafis teu tiasa ditapelkeun (jalaran partisi-na tos kaibunan), fikmin anu kapasang nembe 56 judul (di lobby pameran). Ang Admin Dadan Sutisna dg ka dur subuh ayn, malah ngadedekul knh nj ngeprint poster nu can rengse. Ka wargi2 nu caraket di Bdg, disuhunkeun rido galihna, enjing dntn Senen, tb 15.00 WIB, kanggo nerapkeun fikmin nu teu acan kapasang (kirang-langkung 130-an judul deui) di tempat pameran husus fikmin, gedengeun Gd. Graha Sanusi. Insya Alloh ke diluluguan ku sim kuring srg Mang Rudi Riadi. Htr nhn.

PEUTING

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2011 02:18:47

Bulan nyangsaya teu walakaya na amparan kasimpe...

NEPI KA POÉ ISUK

Kénging Liman Sanjaya
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2011 02:09:24

"ti iraha jeung rék nepi ka iraha akang miharep jeung nyaah ka abdi?"
"ti ayeuna nepi ka poé isuk."
"kumaha mun poé isuk akang atanapi abdi maot?"
"sanajan salahsahiji di antara urang isukan maot, poé isukanmah tetep aya. tetep mawa harepan reujeung kanyaah akang ka enéng."
"kumaha mun poé isuk ieu dunya kiamat, kang?"
"kapan geus béak ieu kahirupan bakal kasorang alam séjén nu tetep mawa harepan reujeung kanyaah akang ka enéng."

PANANYA

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2011 01:12:53

Doa nu teu weleh gumulung jeung dosa, ngulibek dina rasa rumasa, nu pinuh pananya, rek dibawa kamana ieu raga? rek dibawa kamana ieu sukma?

TIMBURU

Kénging Nyai Endit
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2011 00:27:11

Beledag! Beledag! Sirah diteunggar-teunggarkeun kana tembok. Cekes, jeguuur ... Beledug!. Paneker dikombinasikeun jeung gas nu pinuh keneh jero tabung. Seuneu ngabebela, seuneu gulak-gilek diengklokan ku keprokna angin. Manehna nyerengeh. Eleh siah ayeuna mah ... puas siah, ayeuna sia moal bisa ngelehkeun aing. Sup, leungeunna ngodok kana saku. Keresek ... keresek ... Sakali deui saku dikodok. Keresek ... Keresek! Aduh, geuning didieu fikmin Godi Suwarna teh.

SAHA

Kénging Liman Sanjaya
Dipidangkeun dina lapak 31 Oktober 2011 00:07:44

"saha ari manéh?"
"saha wé atuh, maké jeung tatanya sagala."
"kapan manéh ogé sok sagala nanyakeun"
"saha ari manéh?"
"saha wé atuh, maké jeung hayang nyaho sagala"
"kapan manéh ogé sok ngarasa sagala nyaho"

"ari manéh saha?"