Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 02 Oktober 2011 (99 Naskah)


FIKMIN

Kénging Aditia Gunawan
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 23:52:23

INTEL2
Teuing salakina anu kasabaraha, teroris nu kamari katewak memeh prak teh.

HEMENG

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 23:47:17

Tilu bulan ngumbara ngangkleung luhureun sagara. Nawarkeun sagala ka unggal nagara. Bet ras asa kaingetan, pernah nitip emas jeung permata ka mama ajengan nu dipercayana.
Anjog ka lembur nu dituju, meunang beja, mama ajengan geus tilar dunya.
Hemeng, baluweng. Kudu kasaha nanyakeun ayana harta. Anak pamajikan mama ajengan euweuh nu apal tempatna
"geura jugjug ka nagri mekah, lempengan rukun yamani, kiduleun kabah, di dinya tempat ngumpul roh jalma2 soleh" ceuk hiji sora. Dipaluruh, tuluy digero. Weleh euweuh jawaban mama.
"coba teang ka sumur barhut di nagri yaman, tempat ngumpul roh jalma jalma tukang ma'siyat!". Dipaluruh, tuluy digero, horeng aya jawaban mama.
Solehna teu ngahalangan siksa, ladang pernah codeka ka sasama can menta hampura.

DONGENG TI MANA BOA

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 23:06:37

Lalampahan sajarah kiwari teu ngagalindeng kawas bihari, loba wirahma silung lebah haleuang undang-undang nu ngayayay ku pagawean beurit nu teu weleh ngagorogotan leuit kertas-kertas nagara nu beuki katalangsara. Ucing teu manggapulia ku tanaga beurit nu teu weleh nepak dada, asa panggagahna alatan nyobat jeung baranangna bentang nu teu weleh patepung lebah melegmegna poek. Lalampahan sajarah beuki poek bari kahalangan kawat cucuk rungga nu meulit sumpah maranehannana. Lalampahan sajarah jadi supata ka maranehannana nu ngadadak koma satukangeun jungkiringna beton nu rimbil ditarangkodan kutu nu teu weleh luluncatan.

AROGOAN

Kénging Endang Kasupardi Ti Cisurupan
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 22:51:38

. Incu bah jumali legeg, nembongkeun motor ka akina. "Barudak ayeuna mah arogoan. Sautak saeutik mobil, sautak saeutik motor. Abah mah baheula, Gunung Cikuray anu sakitu luhurna. Tilu kali tah sapoe". "Wah hebat bah". "Koceak dengek tah nini maneh oge". "naha?'. "Abah Lumpuuuuhhhh jang, harita".

SIDURU

Kénging Liman Sanjaya
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 22:32:15

saban isuk uing siduru hareupeun teuteup matana nu ngabebela. horéng loba mangpaatna ieu potrét teu jadi dipalidkeun téh..

ANOMALI

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 22:32:10

salaksa kecap nu pinuh ku sumpah laluncatan ti lebah biwir-biwir nyiru rombengeun nu teu weleh betah ngahekok di Bale Sawala, biwir-biwir nu nganggap idiot ka balarea nu geus teu walakaya di lemah sarakannana, alatan nyimpang tina jangji-jangjina, balarea loba musafir di jero imahna, teu beda ti lebu ngagarang parako akta nu ngajirim jadi runtah nu amacak nindihan sangsara

CTL

Kénging Endang Kasupardi Ti Cisurupan
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 22:29:54

. "Cing dak, naon ngaranna Bandara di Sumatra utara?", budak taya nu ngajawab, ukur cing belengeh. "naon kalah seuri? jawab anggur mah", cek guru bari nunjuk si Udin. "pak teu ibak si Nia mah janten we aya apolloan". "Ah saruana maneh oge Udin", barudak anu lian ti calakatak. "jadi bandara di Medan teh lain polo udin tapiiii ....". "Poloniaaaaaa", jawab barudak meh bareng. Atuh si Nia ceurik luwa lewe.

TULALE

Kénging Endang Kasupardi Ti Cisurupan
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 22:20:53

. Puguh atuh resepna teh ku gademolna. Lengkah diatur bleg we model, satapak sarieg, gubrag. Puguh cirina mah jelas, mun ceuli rebing bari rubak eta teh pinter cenah. Socana alit nanceb, niruk jajantung enya oge kur sakali kiceup. Hate beuki kumejot, komo mun geus ninggali pangambungna, leuh...Matak uing mah, rek dikamar, rek ditengah imah. Komo di ruang tamu mah, ngajeblag tah poto-poto manehna. Top teh teuing jikan rek ngambek oge, da puguh basa wwf mere hadiah jeung duit mah jikan seuri jeung milu nempelkeun poto-poto manehna. "kang engke mah kudu maksakeun atuh ka waykambas", cek jikan, bari ngelap tulalena nu geus dipake lulumpang seureuh keur nyeupah.

COKOT SUNDA JEUNG JAWA

Kénging Ivan Adzam Wahyudin
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 22:17:30

Dina Proses KBM di salasahiji wewengkon daerah Pantura, anu siswana bener-bener teu ngarti kana basa Sunda (boro-boro Sunda, basa Endonesa ge teu lancar). Hiji mangsa eta guru pas asup ka kelas poho lektopna teu kabawa. Tuluy weh nitah ka siswana, "Di, pangcokotkeun Lektop bapa di kantor!!!" cek guru teh. Tembal siswana "Lha Pa, masa Lektop di Cokot.... ya atos lah pa....!!!" Ana...ana bae ya bapa kuh...!

NAGREG

Kénging Dadang Soekanda
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 21:58:06

Motor batur mah nyorang tanjakan Nagreg, makena teh gigi...3 pindah kana 2..... tuluy 3 ..pidah deui kana 2. Motor kuring mah gigi 1 ge kuateun naek....teu kungsi dipindah-pindah.

Wireh nuju sareng Ambu di Nagreg

CILUTUNG

Kénging Endang Kasupardi
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 21:57:20

. Geger beja pa beja-beja, yen gunung Guntur bakal bitu. Kacatet harita taun 1690M. Teu pira beja teh, ti sato anu ngaranna Lutung. Turun kakampung. Dituturkeun sasatoan lain anu ngaranjah desa. Sarerea pada-pada caringcing, Mikir kamana pilumpateun. Tapi teu kitu keur lutung, manehna malah ucang angge di luhur kai, ngadaharan bungbuahan. " Ah lain rek gunung meletus ieu mah", cek Durga pamuda di eta desa. "Tuh Lutung teh kalaparan", beakeun kadaharan di gunung", Lutung nu turun gunung teu ieuh dipirosea. Tapi teu mangkuk lila ti harita. Gunung Guntur bitu tur tempat anu aya Lutung salamet teu teu ka rurub ku lahar. Tiharita, eta tempat dingaranan Cilutung.

KULAWARGA NURUSTUNJUNG

Kénging Raja Gula
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 21:43:40

"jang si bapa di mana?" ceuk mang Uca
"di kamar loteng jeung bi Eha."
"ai si mamah?"
"si mamah mah di goah jeung mang Atang."
"ai si teteh?"
"di kamarna nuju gogoleran"
"oh... ieu kanggo ujang 20 rebu, jug gera ameng, mang bade ka si teteh heula"

KOLAM RENANG

Kénging Dadan Sutisna
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 21:26:58

Geus 10 taun manéhna jadi gegedén, tapi kakara nitah nganjang ayeuna. Nepungan téh bari ngadorong motor nu béakeun béngsin, rancucut da bari huhujanan. Manéhna asa lain nu baheula, awak lintuh beuteung burayut. Sanggeus nénjoan pangeusi imah sigrong, imeut nepi ka suklak-siklukna, manéhna ngajak ngawangkong sisi kolam renang. Sajeroning diuk, bet ngadadak asa jadi anak ucing nu karék hanjat ti solokan, ari manéhna teu bina ti singa jalu nu gulang-guling kamerekaan. Der ngawangkong ngalér-ngidul, ti mimiti jaman sakola, masarakat nu masakat, duit ém-ém-an, nepi ka polah babaturanana nu ngagerejud duit nagara. Biwirna bet siga televisi nu ngawur-ngawur dongéng ahéng.
Méméh balik, manéhna maksa nitah ngojay di kolam renang. Bisi magar teu ngahargaan pribumi, gebrus wéh ngojay. Tapi gancang hanjat deui bari létah kutap-kétap.
“Geuning cai téh bet semu asin?”
Manéhna ngalenggak. “Ulah geruh, meunang hésé éta téh. Cita-cita déwék kakara kalaksanakeun ayeuna, hayang nyieun kolam renang tina cimata jelema.”

WANCI

Kénging Asep Ruhimat
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 21:24:40

"Ema, naon hartosna wanci sareureuh budak teh?" tanya anakna nu keur daria ngeusian LKS basa Sunda. Eta teh waktuna budak bobo, reureuh, jawab indungna, kira tabuh dalapan wengi. "Ari wanci sareureuh kolot aya teu, Ma?" tanyana deui, nyusul tepus, calakan. "Teu aya," tembalna. "Naha?" beuki panasaran. Indungna rada bingung, tapi teu kapetolan akal, "Teu aya, margi saatos budak tibra mah, giliran kolot nguniang, barangdamel..."

RAHEUT HATÉ

Kénging Liman Sanjaya
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 21:23:30

"jang, sugan manggihan betadine. bisi ema poho neundeun"
"béak tadi diuyp ku ujang, ma. ujang keur raheut haté"

KI SUNDA ATAWA KAKANG PRABU

Kénging Neni Geo Albanjari
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 21:23:00

Kuring anteng neuteup jirim nu aya na implengan, kuring beuki gemet pray...pray...tina ragana kalaluar ungkara ngaliwatan pori pori kulitna tingcarelak lir mutiara, gumulung ngajadi sajak sajak pinuh katresna ka Nyi Sunda, kadang lumengis, kadang romantis malah sok kalan kalan nyosok jero ngojayan birahi, kadang ngahegak pinuh amarah...
Kuring nelek nelek jirim nu anteng jeung ungkarana," Ieu kitu Ki Sunda teh, asa pernah ningal rimbag ieu teh...Kakang Prabu kitu?", kuring nelek nelek ungkarana nu seukeut sumeleke keuna kana mamaras, hate jeung pikir kuring sabil, "Ki Sunda atawa Kakang Prabu anjeun teh? ." kahanjakal minuhan dada kuring, rumasa can apal pisan ka Ki Sunda, ka Kakang Prabu ge apal ngan dina gambar...jirim angger diteuteup...boa enya Ki Sunda teh Kakang Prabu, reup kuring peureum, poek mongkleng jirim ge ngiles...

CARITA KIHUJAN

Kénging Uzanx Boam
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 21:11:53

tina tepas jandela,hujan katingal bangun nu sedih,manehna bingung dialungbiungkeun ku taneuh,teu manggi harewos daun pokna teh

CARITA KIHUJAN

Kénging Uzanx Boam
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 21:11:39

tina tepas jandela,hujan katingal bangun nu sedih,manehna bingung dialungbiungkeun ku taneuh,teu manggi harewos daun pokna teh

CARITA KIHUJAN

Kénging Uzanx Boam
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 21:11:34

tina tepas jandela,hujan katingal bangun nu sedih,manehna bingung dialungbiungkeun ku taneuh,teu manggi harewos daun pokna teh

IRMA

Kénging Abah Sarjang
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 21:05:16

Radio butut, kardus kurut, kaléng fanta, hangru késang, hanyir ciduh, gegedoh cikopi nu ngadagleg, sésa saos bacacaran, réméh jeung nasi bungkus pasoléngkrah, jadi kaméra, sutradara jeung pangatur lakon, nu niténan lampah, sabot héab birahi miragasukma.

Kasur busa hapeuk ngabebengkang luhur ubin, kamar pulas héjo saulas tilu ka opat meter, jandéla kaca dihordéngan sarung rangsak jeung hariring dangdut nu satia ngumbar sora, saksi dosa anu geus sakulit sadaging jeung katresna nu perlaya, nya ieu Irma nu ayeuna A. Satutasna Aa megatkeun cinta...
@Banjar 2011

LUKISAN

Kénging Nanang Sahbana Afnani
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 20:31:50

Abongkena kuring budak hiji hijina.mangsa keur mimiti arek ninggalkeun imah minangkana mah rek nyiar elmu ka kota sadulur dulur pada jajap nganteur nepi ka tempat kost.Aya nu moal leungit dina lelembutan,nyaeta waktu pun biang mere lukisan tokoh wayang meunang ngalukis anjeuna sorangan."kakang..simpen ieu jang ubar sono kakang ka mamah"pokna."mangga..mah"walon kuring harita.Di tengah lukisan eta aya sajak nu judulna LALAKON ABIMANYU karya GODI SUWARNA,hanjakal lukisan eta di tinggalkeun di tempat kost waktu kuring rengse kuliah.

BERJAMAAH

Kénging Ganjar Kurnia
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 20:27:41

Hiji salaki pamajikan datang ka dokter, nanyakeun panyakit anakna. Ceuk dokter “ tuang putra téh keuna ku panyakit AIDS”. Ngadéngé omongan dokter tangtu waé éta kulawarga kacida reuwaseunana. Masalah sanésna, ceuk dokter deui, tuang putra téh sok sapagebrug sareng pembantu anu aya di bumi. “Naon? Ari kitu mah hartosna abdi ogé keuna” ceuk si bapa ngajorowok. Ngedéngé omongan si bapa, ayeuna mah dokter anu katinggali reuwas téh. Bari neuteup ka pamajikan si bapa anu katinggali pucet, si dokter ogé ngagorowok : “urang ogé keuna…………….!”

DOSA

Kénging Dudi Herlianto
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 20:17:27

kantos sim indung sasauran, "dahar mah dahar we, tong loba dipikiran!", basa ningali kuring mangmang nyanghareupan goreng jeroan.

PANASARAN KU BUDAK

Kénging Endang Kasupardi Ti Cisurupan
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 19:58:25

. serengeh kanu geulis. song salambar duit kertas. Gajleng deui depa deui sorodooottt langsung tepak deku", nu dihareupan muncereng, nyangereng badis maung nu huntuna digosok asem. Bah mali bener-bener surti ka ki Jumena. langsung mere kuda-kuda, "pak pak pak, guprak", ki jumena tigubrag deui. Äsupkeun atuh koinna", cek bah mali. kuda-kuda dipasang deui. "sabaraha hiji tateh?", tanya bah mali. "dorodod dorodod", nu masang kuda-kuda dihantem ku brand. Meh ancur sakujur awakna. pindah ah tong maen ieu.

RUNTAH

Kénging Dudi Herlianto
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 19:45:00

aya runtah keur karaokean. mik geus dicecekel. beungeutna disetel sedih. tina sungutna nyambuang tembang siga betharia sonata:
"pulangkan saja, aku pada tong sampah! atau didaur ulaaaanggg...ang"

KONCI

Kénging Ganjar Kurnia
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 19:28:12

Manéhna urang Sunda anu méh opat puluh taun néangan kasab di Paris. Dina hiji poé, anak awéwé anu ngan hiji-hijina, nyampeurkeun bari terus nyarita dina basa Indonesia, ngosom: “Ema, umur kuring kiwari geus 15 taun. Kuring geus bisa nangtukeun jalan hirup sorangan. Kuring rék indit, saimah jeung lalaki pilihan kuring. Ayeuna kuring rék ngabalikeun konci kamar ka ema”. Mangsa indungna masih kénéh mata simeuteun, anakna geus ngaléos ngajingjing koper.

DARAJAT.GURU

Kénging Rudi Riadi
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 19:22:52

Kepala sakola nitah "menghadap", pedah sayah sok dagang roti bakar mun poe teu boga jam ngajar.
"Abdi miharep Bapa ulah dagang roti bakar, margi eta teh nurunkeun darajat guru,".pokna dina sora nu diagem agemkeun.
"Ih, Bapa, abdi mah sanes nurunkeun darajat guru, nanging naekkeun darajat tukang roti bakar." ceuk sayah.
Isukna sayah teu ngajar deui di eta sakola.

TUKER TENDA

Kénging Ismawatie Sambas
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 19:16:49

Jam satu peuting barudak dihudangkeun,talangke ma'lum karak sare sajam ti tos acara api unggun.Saurang-saurang digiringkeun ka kuburan,tepi ka kuburan dititah nyebutan ngaran dina batu nisan,wur hujan keusik,kuring imut bari ngagibrigkeun tiung.Kareret dapuran awi oyag-oyagan, reueus.....hade panitia taun ayeuna mah kreatif jaba serius,make aya nu dipancenan niupan punduk sagala.Teuneung....mulang kana tenda sakalian mapay pos,ambekan nu pondok bati nanjak dibageakeun ku sengit.... malati.Kuring kerung,aya nu ngabedega dina tenda..,sahaokeun pisan nanya panitia miheulaan bebeja:"ibu...itu teteh-teteh ngiring istirahat dina tenda urang,tenda anjeuna aya nu ngajorag...."beungeut nyeak,punduk muriding....sora ngageter ngumumkeun acara jurit malam lekasan.

HUJAN

Kénging Arom Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 19:09:37

Mimitina mah semu asa-asa. Ngetrok panto 3 kali. Trok!!! Trok!!! Trok!!! diantep. Da TV keur galécok. Muka lotré, jeung mapatahan trik-trik jitu cara nipu. "Asalamualaikum!" Sorana sawur jeung Adzan jeung iklan jeung lagu nu mirig gitek jeung linggek pikauruyeun. Ukur dilieuk. Aya nu réang. Beuki réang. "Mun kami ulah kajero, kaluar!! Kaluar!! Kaluar!! Mana jalan keur kami? Kami rék ka laut mawa imah Anjeun" beuki campuh. Ngaguruh. Nangkub-nangkubkeun siga parahu.

DODOJA

Kénging Muhammad Shohiba Nu'man
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 18:49:47

Barang brol ka alam dunya, kaula ngocéak satakerna. Terus ku éta awéwé kaula di pangku, diteuteup, digaléntoran, diteuteup deui rada lila; ku paneuteup nu kacida seukeutna. Lalaunan leungeunna ngaragamang kana beuheung. Krek! Eungap. Kaula maot béakeun rénghap.
Dumadakan aya jangjang nu tumuwuh tina lebah pupundakan. Geleber kaula hiber, muru Ibrohim nu gugupay ti jomantara. Barang eunteup dina iteukna, anjeunna cacarita, “Bagéa, Sujang, anjeun mah teu kungsi ngasaan dodoja.”
“Dodoja? Nu kumaha dupi dodoja?” tanya téh panasaran. Anjeunna ukur nunjuk ka dunya. Hiji awéwé keur aduglajer pipireun tajug. Uratna raranteng sabot ngaheujeunkeun orok tina beuteungna. Barang brol, éta orok beureum ku manéhna dipangku, diteuteup, digalentoran, diteuteup deui rada lila; ku paneuteup nu kacida seukeutna. Lalaunan leungeunna ngaragamang… Ah, kaula meungpeun. Nyulusup dina rubak taktak Ibrohim.

ANGKOT ROMANTIS

Kénging Rudi Riadi
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 18:37:38

Aya ku so suit eta angkot. Di kaca.hareup ditulisan GEDE BAGE - SAYANG - MAJALAYA. di kaca.tukang aya balesanana: MAJALAYA JUGA SAYANG GEDE BAGE....

SIHORENG

Kénging Suara Kijoen
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 18:16:45

Nganjang ka Dalang Marta di Cirebon puluhan taun katukang. Harita teh keur bulan puasa. Jam dalapan, ngetok panto. Nyampak Ki Dalang teh keur udud keretek jeung ngopi buket pisan.
"Wa, puasa?" kuring nanya
"Iya," jawab Ki Dalang medok bahasa Cirebonan.
"Ari udud karo kopi, priben, Wa?"
"Lah, ira ku durung tamat blajar agama, ari ngopi karo ngudud ku urusan jasmani, puasa ku urusan rohani," Ki Dalang mere alesan, kuring teu ngarti.
"Nggo apa weteng kempong, ari ati masih culika ning wong sejen?" kekeuh Ki Dalang mere katerangan.

Bakating ku lieur kuring menta kopi. Regot, kakara kaharti "puasa" Ki Dalang teh.
"Mengkonon jeh, ira pasti ngarti ngarane puasa," Ki Dalang seuri.
Sihoreng.....

DONGENG AKI

Kénging Rudi Riadi
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 18:14:52

Salila puluhan taun Aki ngadongdon ka kota kota saindonesia, ukur Bandung nu pangendahna. Di Jakarta, di Jogja, surabaya, barieukeun ningali awewe gareulis. Di Bandung mah, lain barieukeun deui ku awewe geulis teh, tapi....kabereg.

FIKMIN

Kénging Mang Jamal
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 17:49:16

muter
"Neng, minggu enjing aya rapat kerja di puncak." Cek hiji bos ka sekretarisna. "Mangga, pa" cek sekretaris. Tuluy manehna nelpon ka salakina,"kang minggu enjing abdi ngiring bos raker di punca," cenah ngabejaan. Salakina langsung nelpon selingkuhanana "neng minggu enjing istri akang ka puncak saminggu. Aya waktos?". Selingkuhan eta, guru les pripat, "nelpon ka muridna, "cep minggu enjing ibu sibuk. Les libur heula." Si budak ngamanggakeun terus nelpon akina, bos tea, "aki, minggu enjing les libur. Jala-jalan yu." Akina, nu bos tadi, pan nyaah ka incu langsung nelpon sekretarisna,"neng rapat kerja di puncak tea teu janten minggu enjing." Nampa beja kitu si sekretaris tuluy nelpon salakina, salakina tuluy nelpon...(Mangga teraskeun :)

HITUT JEUNG…

Kénging Mamat Supriatna
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 17:15:07

Pelepes manehna kaluar aplen naker bangun embung ngaganggu kaayaan sabudeureun. Ngan lawang kaluar tetep waspada, atuh rada diriutkeun nepika anu melepes teh ngarandeg, ngiiiik!
“Ah, ari akang mani teu kaur.”
“Naha ilaing make lelenyepan, nyangka dewek teu nyaho kitu?”
“Ih, ampun paralun teuing, kang. Puguh kuring geus teu kuat kukulibekan di jero beuteung teh lieur jeung eungap…!”
“Pantes atuh aing jadi leneng kieu…..”
Lawang kaluar teu tahan, hitut bangblas jeung bukurna!

Cimahi, 1 Oktober 2011, (Saptu tabuh 22:55)

JURUS SILAT PANGAMPUHNA

Kénging Oman Abdurahman
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 16:23:40

.

Geus aya dua jamna abah nyaritakeun sababaraha pakem silat Cimandé. Ti mimiti ulin bari diuk, nepi ka kumaha para jawara Cimandé sakitu hormatna dalah kanu kasebut budak, teu kurang-kurang nya sopan santun. Harita, waktu geus ngagayuh ka janari leutik, tapi, kuring limaan jeung babaturan tacan aya nundutan saurang ogé. Tong boroning nundutan, teu heuay-heuay acan bubuhan pogot ngaregepkeun sababaraha rusiah jurus silat Cimande anu geus kawentar téa. Ongkoh deui tadi méméh medar cariosanana téh, abah ngajangjian, yén peuting ieu anjeunna badé ngadadarkeun jurus pangampuhna di paguron Cimandé. Kuring limaan geus buleud patékadan, peuting ieu arék nanggap abah kajeun teuing masing kudu bagadang sapeuting jeput ogé. Sabab, kasempetan tepung jeung abah téh arang pisan, bubuhan abah ayeuna keur mingit sorangan, saurna, keur nulis buku pakem silat Cimandé. Ari peuting ieu, kuring limaan dijangjian arék narima bocoran éta rusiah jurus silat anu kawentar di Tatar Sunda, piraku kudu éléh ku tunduh. "Jang, geus sariap ngaregepkeunana, abah arék medar jurus pangampuhna tea yeuh?", saurna ngagétkeun kuring limaan. “Oh, kantenan abah, abdi sadaya siap”, ceuk kuring limaan meh bareng. “Dupi namina éta jurus naon, abah?”, si kuring ngawani-wani tatanya bakat ku panasaran, jeung minangka ngawakilan babaturan anu limaan. “Talék!”, walon abah pondok tapi agem. Sanggeus rada simpe,“Heug yeuh, geura regepkeun”, abah ngamitian pedaran pamungkasna. “Yeuh barudak, ari anu disebut ‘talék’ téh taya lian yén lamun aya anu ngajak paséa, ngajak tarung, ka urang, urang satekah polah kudu nyinglar eta papasean, ngajauhan hiji pacongkédan anu nepi ka kudu tarung!”, “Tah sakitu anu disebut ‘talék’ téh!”, sora abah simaan kacida. Jep kuring anu limaan jempé bari ngawangwang éta jurus pangampuhna ti paguron anu kawentar jero pikiran séwang-séwangan.

(versi revisi)

HARGA KASATIAAN

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 16:21:32

Najan angin puyuh lilimbungan lir Batara Kala rek nyabut nyawa dibarengan ku seuneu muntab-muntab alatan tabung gas 3 kiloan ngabeledug bari digonjang ganjing lini dina 10 skala richter, akang moal weleh satia ngajagi salira sok sanaos kedah ngorbankeun salira

BÉTMÉN

Kénging Kang Warsa
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 16:19:55

Waktu bérés maca koran isuk nu ngiberkeun beuki angotna politisi dina nilep duit rahayat. Manéhna boga tékad, rék jadi Bétmén. Poé éta pisan manéhna mesen pakéan ka Rahmat Tailor. Béak kana saratus rébueun. Pakéan dipaké, ngeplés pisan Bétmén, bédana dina dedegan wungkul rada begang. Berebet manéhna lumpat ka jalan, wanci tunggang gunung harita téh. Rob jalma-jalma ngumpul, merhatikeun kalakuan manéhna anu lumpat ka kalér, beretek ka kulon, berebet deui ka kidul.

Turis nu maké calana sabitis, ngeungkeuy seuri, bari anteng motoan, waktu urang lembur nyebut owah ka manéhna.

CINTA

Kénging Uzanx Boam
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 16:19:40

abong kena cinta,nu nutur nutur ge kalangkang najan urang paanggang

ARAL 2

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 16:17:41

Dihareupeun dewi, manehna sumpah moal nulis deui fiksi mini

BAROKAH

Kénging Suara Kijoen
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 16:02:18

"Beda poe lebaran teh, tong dijadikeun bahan pikeun ngabarusahkeun umat. Kuduna mah dilenyepan, terus dicokot hikmahna. Da ari kudu seragam mah, teu rame jigana teh." ceuk Juragan Ijun bari gogoleran di saung nungguan pelak bawang. "Keun, urang mah silih hargaan, silih ajenan. Memang teu gampang, tapi lamun teu kitu, urang moal nyaho mangpaatna beda pamadegan teh. Kade ah, ulah deui-deui silih seundeuhkeun ngeunaan poe lebaran teh."
"Ari Abah, poe naon lebaranna basa kamari?" ceuk kuring.
"Dua kali, poe mimiti bareng ngadahar opor, isukanna bareng solat ied, adil lain?"
ceuk Juragan Ijun, teu kireum-kireum.

KEMBANG BURUAN

Kénging Godi Suwarna
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 15:59:58

Hoyong janten Justin Bieber cénah Si Nyai téh. Unggal dinten gutak-gitek, humariring, nyarengan béntang idola nu ningkah dina dvd. Ari Mamah sok kalah teras jamedud da Si Nyai alimeun latihan ngibing. ”Sssst! Aa nuju ngapalkeun!“ saur Aa. Nyai kalah ngahajakeun. “Tos, tos atuh! Gandéng!” saur Tétéh. Nyai mah teras wé nyanyi. Kumalayang ti buruan ka suhunan. “Sandékala, Nyaiii! Di mana budak téh?” saur Enin. Nyai teras humariring nilar bumi nu sepina tos sapertos di kuburan. Teras nyanyi tina méga kana méga nu hurung dipulas layung. Teras nyanyi di payuneun Nini Antéh, ditanggap Para Pohaci, waktos bulan nuju ngempray. Tapi, Si Papap duka di mana. Padahal, Si Nyai hoyongeun pisan nyanyi payuneun Si Papap. “Ah, Si Papap maaah…” saur Nyai bari teras najong bulan!

TELEPON 1

Kénging Deden Abdul Aziz
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 15:46:16

Mimiti jaringan sinyal hapé asup ka pakidulan Cianjur, kabéh urang Cidaun paginding-ginding hapé, kaasup Jang Bonang, sodagar parahu di Palabuan Jayanti. Lalaki jangkung badag kumis sagedé tai malang téh boga hapé kaluaran panganyarna. Hiji mangsa Haji Asmud, sodagar toko pangbeungharna di Cidaun, ngirim SMS ka Jang Bonang, ménta dikirim lauk ka tokona. Teu lila, giridig téh Jang Bonang datang ti palabuan bari langsung poporongos. Eta soca juragan parahu tangka hurung bari siga nu rék bijil. “Haji, ari sia boga pipikiran henteu, sakitu geus kolot téh. Tong sok lebar ku pulsa, rék butuh ka aing mah nelepon wé, tong maké ngirim SMS-SMS sagala. Kapan nyaho aing téh buta hurup!”

DELETE

Kénging Sarabunis Mubarok
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 15:40:26

Ti baheula manehna satia nyanghareupan layar monitor. Ngaran-ngaran jalma disortir dumasar kana umur hirupna. Tuluy ku manehna dipisahkeun safolder-safolder. “Delete, delete, delete”, hiji-hiji ngaran-ngaran dipupusan saban detik. “Delete folder”, kalan-kalan manehna mupus rewuan ngaran.

Satutas di dunya loba virus, manehna pakepeuk naker mencetan tombol delete. Hawar-hawar aya beja, yen taun 2012 manehna bakal pangsiun. Komputerna rek diformat Isrofil, diinstal deui ku OS anyar: “Windows Akherat”

JEMPOL

Kénging Toni Lesmana
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 15:40:21

jempol teh ngadadak bareuh. padahal teu katakol nanaon. ti isuk-isuk teu tukal-takol. taya tapak-tapak kaseureud deuih, sok komo kapatil da teu kokodok ka walungan. hudang sare pisan kapanggihna ge. jempol ngabadagan. mimitina mah sagede peureup teu kungsi lila jadi sagede sirah. reuwas lain dikieuna da puguh leungeun jadi beurat mamawa jempol. teu cukup ku sakitu. eta jempol tuluy ngabadagan. siga anu beukah teu eureun-eureun. jadi sagede bantal. sagede kamar. sagede imah. ayeuna uing kadempet ku jempol sorangan. sahos-hoseun. boa ieu ge renghap pameakan.

JANJI

Kénging Kang Warsa
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 15:23:46

Janjina ngan hiji, lamun manéhna kapilih jadi ketua RT ku masarakat, rék meuli HP. Majar éra ceunah ku babaturanna, anu geus réa maraké HP. Lamun teu kapilih, engké baé meuli HPna, nungguan lima taun ka hareup. Duit metet dina pésak calana ogé nyaah dibeulikeun kana barang teu sapira saperti HP mah, mending di kana sapédahkeun. Ngan janjina kitu, lamun kapilih jadi ketua RT manéhna rék meuli HP.

NGIUHAN

Kénging Ahda Imran
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 15:19:32

NGIUHAN balik ti imah anjeun, dina emperan toko furniture nu pelayan na make kaos gambar letah ngelel. Langit hideung jiga kertas karbon. Hujan jeung angin ngageleubug, ngudag-ngudag nu lulumpatan sieun kabaseuhan. Aya tukang parkir nu awakna jiga geus robah jadi cai, aya budak sma nu motor mogok terus didodorong bari melong ka tukang parkir nu awakna jadi cai, aya supir angkot nu kukulutus pedah macet, aya pulisi nu keur neangan piriwit nu ragrag kabawa palid, aya nu ngebut tumpak motor bari jas hujan ngagebrai katebak angin jiga betmen, aya tukang bala-bala nu keur heuay, aya nu keur dahar bala-bala bari ngenta cengek ka tukang bala-bala, aya tukang mie ayam nu keur ngobrol jeung tukang hayam, aya teteh-teteh nu cirambay hareupeun apotek bari maca hasil tes lab. nu hasilna postip, aya kondektur beus kota nu keur seuri bari huntu na aya cabean urut dahar di warung padang, aya hujan nu ngudag-ngudang angkot. Aya kuring nu ngiuhan bari hayang sms ka anjeun tapi beak pulsa...

RESIDIVIS

Kénging Arom Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 14:57:36

"Jung sia ayeuna mah bébas, geura lumpat cing tarik!" Ceuk pulisi sanggeus ngaleupaskeun bangkol, tina pigeulang leungeun nu bieu kacerek. "Cing jauh, Aing bosen néwak sia!" Sambung'na. Teu antaparah beretek residivis lumpat sakalumpat-lampét. Dor!!! Nu sakali némbak taneuh. Dor!!! Sora nu kadua manéhna tinggal sorangan.

TUDUHKEUN

Kénging Suara Kijoen
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 14:44:25

Alun-alun kacamatan, tengah poe. Jalma uyek lalajo organ tunggal, dina spanduk ditulis ku aksara gedrik "PENTAS AMAL"
"Digoyang?Goyang Dangdut?" ceuk biduan nu make pokek hideung, sapatu jungkung.
"Goyang terus, goyang terus" nu lalajo pating gorowok, luat leet kesang, sawareh muka bajuna, diacung-acungkeun.
"Terus goyang.." sora beulah kidul ateng pisan.

"Aki rek joged?" rikat pisan Juragan Ijun ngabedega ngahalangan Aki Ukar.
"Sugan gelo, siah!Aing mah teu mawa gobed. Aing mah karunya ka jalma rea, moal enya teu nyaho Loyang, tuduhkeun ku maneh, ka lebah kaler kituh. Teu kadenge ku maneh kitu, gogorowokan Loyang...Loyang. Di Indramayu Loyang mah, Jang. Tuduhkeun naek angkot atawa mikro"

BINGUNG

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 14:36:56

Basa angkot ngageuleuyeung, kuring ngajengjen bari neuteup kalangkang si geulis nu ngajauhan, beu karek inget ayeuna, bieu teu nanyakeun alamatna, nya kamana atuh neangannana, cekeng rada ngagerendeng bari terus ngahuleng.

DITUTUR TUTUR KAMELANG

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 14:21:03

Ajengan sarip, kakoncara mangrupakeun ajengan nu nyaahan ka santrina. Tina tujuhpuluh santri nu ngilu ngaji, nu duapuluh mah ditanggung ku ajengan keur hirup sapopoena.
Kadang-kadang, santri loba nu teu ngarti, naha nu jadi guru bet bebeakan ngetrukkeun elmu, harta jeung tanaga keur ngadidik maranehannana.
Pernah hiji waktu, aya santri gering parna, ku ajengan dibawa ka rumah sakit. Unggal peuting ajengan sorangan nu nungguan.
Cenah, duapuluh taun katukang. Hareupeun pisan lawang ka pasantren, aya budak umur tilu taun nu katabrak treuk, maot sapisan. Sirahna bencar kalindes ban.
Hiji-hijina budak pangersa ajengan.

SALAH PAHAM

Kénging Yadi Fathur Berkata
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 14:17:50

Priiiiiit..... "Kaamu ditilang"....
"Naon salah abdi Pak.. SIM aya STNK aya, kandaraan lengkap" Ceuk kuring bari kerung asa teu ngarti.
"Suku aing kageleng gobloooog" Nu nilang ngajerit maratan langit ngocewak maratan jagat
"Emh .. punten pa, manawi teh"..

PANORAMA ISUK-ISUK

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 13:45:34

basa balebat sumirat marengan hiliwir angin tiis, aya kaendahan mapaes rasa basa salira seuri nyikikik bari ngalacat kana treuk nu ngakut keusik

FIKMIN

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 13:02:50

Balukarna. Awak ngorotan. Poho ka pamajikan.
Nu mindeng kaimpleng ngan ukur popotongan.

POTRÉT MANÉHNA

Kénging Jun Nizami
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 12:57:28

Di mana-mana

POTRET

Kénging Darpan A Winangun
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 12:34:37

Nempo potret Embok. Anteb. Siga nu imut. Enya we, tuluy ngabelenyeh, siga nempo kuring keur budak ulin bubulucunan. Embok cengkat. Kuring beuki hese uget. Breh anjeunna ngadeg. Beuki leleb imutna, nempo kuring nu kakurung pigura, jadi potret keur bubulucunan.

HALIMUN

Kénging Liman Sanjaya
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 12:17:31

kawaas mingkin ngajauhan, nempo potrét anjeun nu mencrong hunyudan halimun dina panon kuring..

FB JEUNG BF

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 12:10:15

Dua majlis nu pangseueurna jama'ah

JANGJI UGA

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 11:58:09

kuring nu terus lumampah teu weleh nyiksikan harepan nu geus karahaan lebah peuting nu geus nyamunikeun kalangkang. Palataran handapeun remeng-remengna bulan sapasi ngan ukur neundeun kasimpe, nganteur awak ngagoler susuganan urat teu rengkeng bari sakalian ngalempengkeun tulang nu koropos nu dibungkus ku daging hampos, palebah rek ngalenyap aya nu dedemitan nebar-nebar birahi nu ngadadak nguliat, pasrah dina keukeupan angin tiis lebah sela-sela pingping peuting. Hate teu weleh tumanya, kunaon lalakon teu weleh mapay-mapay hanca lumampah nu ngembat bari tarahal ka lebah pangumbaraan nu saheulaanan, duh...Gusti, jisim abdi jangji, mun tos nitih wanci nu mustari, seja pasrah ka salira, mulang ka lemah nu pinuh impian jeung harepan

DUH GUSTI !

Kénging Wangsa Urang Subang Pituin
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 11:33:18

"Téh dupi éta potrét saha...?". Tanya Tati ka Anéng ningali photo lalaki nu dipiguraan nu naplok dina tembok. Geus aya kana lima taunna duanana karék patepung, nu harita nyacapkeun kasono uplek ngobrol silih caritakeun pangalaman amis paitna kahirupan. "Oh !..apan éta nu nu dicarioskeun ku tétéh, enya éta pisan salaki tétéh téh nu geus heubeul teu mulang..ngan kamari ngadéngé béja cenah mah rék kawin deui.. duka atuh Tat ! tétéh mah nasib teh geuningan siga kieu... mugia naon nu kaalaman ku tétéh ulah dugi kaalaman ku Tati mah" Ceuk Anéng bari katingal aya nu ngembeng dina panonna teuteupna kosong. "Duh Gusti !.naha geuningan janten kieu, pami terang ti anggalna mah, panginten ku abdi moal ditampi panglamarna..".Walon Tati, nu satuluyna duanana ngahareneng silih pelong, gabrug Tati ngarangkul Aneng, duanana ceurik silih rangkul.

KALANGKANG LALAKON

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 11:30:42

Fatamorgana nu ngarambat kapalebah impian, gumeter kamalir getih, ngarambah rasa nu kacida ahengna, muringkak raga samemeh nguniang hudang, hareugeueun neuteup nu pias koleas jiga nu nyamunikeun lalakonna, kagambar dina kaalumna nu ngalangkang dina eunteung, nguniangkeun panineungan nu kabaca lebah kalangkangna

BEGER MINDO

Kénging Endang Kasupardi Ti Cisurupan
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 10:18:33

. "kamana wae atuh salira teh?", pokna dina sms. kuring ngadadak ngeunteung bari nyisiran buuk anu meh purutul.

SAPARAPAT

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 10:03:18

lima belas menit nu kalangkung, urang tepang teras kenalan disarengan imut, duh ...eta imut bet matak ngirut eusi pesak nu karijut, hanjakal lima belas menit nu kalangkung salira ngajengkat disarengan ku nampiling bari ngawakwak alatan kuring ngotektak ka lebah handapeun taktak. Emh kunaon patepang teh bet singket?

RUMPON

Kénging Suara Kijoen
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 09:58:31

Asa hookeun, nalika Juragan Ijun nyukur kumis, godeg jeung janggotna. Padahal salaku jawara desa, pangabutuh kana hal eta teh penting. Jawara di hilir mah, bala ku janggot. godeg atawa kumis. Jiga rahasia, euweuh nu kelu nanya. Nu pasti lain soal teroris, atawa islam radikal. Jigana Juragan Ijun manggih pasualan nu baris beres lamun nyukur kumis, godeg jeung janggotna.

Hiji poe, acara kumpul warga bari ngadegkeun papayon, Kuwu Ono ngawanikeun nanya bari ngasorkeun udud.
"Bah, naha dicukur?" ceuk Kuwu Ono.
"Haram jadah siah, budak ayeuna mah kurang ajaran ti kolotna," Juragan Ijun lajag lijig."Aing keur ngeueum di walungan, si Rido anak Guru Dadan nanya, Bah, ngarumpon?geus beunang hurangna?"
Nu ngariung, euwueh nu seuri. Sieun ditampiling.

KORSI LISTRIK

Kénging Aris Supena
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 09:50:04

KORSI LISTRIK
" Dina KORSI oge raos nya kang," ceuk Tuti bari mareuman LISTRIK

DEFINISI

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 09:35:00

Tong nyieun kacindekan nu gagabah sabab nu disebut buleud teu puguh sisina, teu puguh volumena, najan dipikiran ge kalah bota hulu, mending mikiran nu buleud gepeng, najan poek mongkleng tapi puguh volumena.

SMS

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 09:12:52

"Assalamu'alaikum....!"
ngan ukur uluk salam
"Kumaha wartosna?"
ngan ukur dua kecap ditungtungan ku pananya
"Kumaha pami ti wangkid ayeuna hubungan teh putus?"
Ngan ukur dalapan kecap nu eusina matak katurelengan

SURAT TI MANEHNA

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 09:03:48

Basa nyeuseup roko nu salira aya kanimat nu taya babandingannana, panuhun roko salira kanggo abdi salalawasna, malahmandar haseupna teu mancawura kana lempayna widadari nu sanes.

SAMAGAHA

Kénging Nanang Sahbana Afnani
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 08:55:47

Geus sababaraha kali kuring ngahaja shalat di ieu masjid,bari ngararasakeun tintrimna ieu patempatan nu ngeusi lulurung hate."punten,tiasa ngeser sakedik " sora lalaki tengah tuwuh ngagareuwahkeun,kuring saukur ngised teu nembal.Gek lalaki eta diuk sagedengeun kuring bari ngomong"dosa ka Alloh tinggal taubat tapi mun milampah dosa ka papada kudu menta heula panghampura ti manehna karek ku Alloh dihampura"pokna ku sora nu ageum."ASTAGHFIRLLOHAL ADZIM.." teu ka ampe biwir ngucap kalimat eta.rumasa salila ieu kuring loba dosa ka anak pamajikan.Kuniang kuring nangtung tuluy lempang ka tempat wudlu.Nyecepna cai nu diusapkeun kana beungeut ngadadak nyaangan pikir nu keur samagaha.

DALUNG

Kénging Suara Kijoen
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 08:54:10

Satengahing lalakon Babad Bantarjati, dalang Marta batuk ngoklok. Teu eureun-eureun, nayaga bingung. Kakawen euweuh nu pragat kapotong ku batuk. Nu lalajo ting kucewis, silih perong bari silih harewos.
"Pasti kurang susuguhna," ceuk si Madi tukang balon
"Lain, ieu mah lalakon karuhun, teu bisa samanea dipintonkeun," Ukar mairan bari beberes dagangan cocooan budak.
"Kawalat, pasti aya tumbal yeuh," si Madi gura-giru.
"Loba teuing dangdutan jigana mah," ceuk Mang Aja.

Dalang Marta tungtungna eleh deet, nanya ka Juragan Ijun salaku pamangku hajat.
"Ieu dalung, haseupna ngaganggu pisan, bau, nepika batuk," ceuk Dalang Marta.
"Dalung teh teu make minyak tanah, mahal. Jadi make oli, nu penting mah hurung lain?" ceuk Juragan Ijun.
Dalang Marta olohok mata simeuteun. Hag, siah.

KALANGKANG

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 08:53:42

aya nu dedemitan lebah remeng-remeng bari nyamuni sapanjang lengkah bari ditutur cahya nu tilem wanci sareupna

NU MEULIT PIGURA

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 08:53:12

Aya sirung-sirung nu ngarambat kana tuturus kasimpe laju meulit pigura raga na pangkonan salira

NGINTIP

Kénging Endang Kasupardi Ti Cisurupan
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 08:52:28

. Gajleng jang Ahmad kana rungkun. Disingraykeun saeutik. Neng Cici jeung si Adah teu ieuh karasa ka ganggu. Maranehna terus we marandi di wahangan.

UTOPIS

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 08:41:50

Unggal poe teu weleh ngagugulung kasimpe, ngantep raga teu walakaya nu kapentrang ku mangsa katiga, naon nu rek dipilampah mun hirup ngan saukur ngondang ilusi jeung imajinasi. Manehna ngarenghap, aya karumasa ngeusian hatena, hirup teu weleh ngaheulakeun kahariwang, nu nunjuk rorek bari ngawakwak teu weleh diugung-ugung, kesang tanaga can bisa nyumponan kahayang, bau awak teu weleh ngaliangan suudzon dirina. Iraha atuh dirina jiga batur, curukna bisa nunjuk-nunjuk bari ngawakwak laklak dasar? Deui-deui manehna ngarenghap. Teuing geus sabaraha ratus kali manehna maca watek dirina bari nyidem kadengdem hirupna nu diulinkeun ku dadu bari teu weleh ngacleng ka lebah kawaswas. Gusti jisim abdi sono kana mukjizat salira.....hatena ngajerit maratan langit ngagonjang ganjing ranjang nu ku manehna dipake nangkarak bengkang.

PORNO VS RELIGI

Kénging Rudi Riadi
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 08:31:43

Sing sumpah, sayah mah teu beuki lalajo film porno teh. Wah munapek sialing mah! ceuk nu mairan. Ih, enyaan. Naon alesanana? ceuk nu nanya. Coba we pikir, film porno mah teu puguh mana boga lalakon, mana penjahatna. Aneh deuih, manehna nu nusuk terus-terusan, manehna nu ngulahek. Eta deuih, ku teu resepna teh, teu konsisten, ongkoh "oh yes", ongkoh "oh, no" naon kahayangna? Bet ku nurustunjungna teh, ongkoh film porno, tapi sok jadi religi, sok gogorowokan "oh my god"...Mudah-mudahan euweuh nu ngagorowok ....."jamaa...aaah...."

ALI

Kénging Endang Kasupardi Ti Cisurupan
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 08:29:44

. Budak si Abdul duanana keur gegelehean dina lahunan nyi Ilah indungna. Si Abdul nu keur siduru pirajeunan nanya, "cenah si Ali kamari tundangan?", nyi ilah can ngajawab kaburu di tembrong budakna, "Kamari dicepeng ku pananganana", jawab si sickal. "ih puguh didahar ketang pa ku jang Ahmad", cek anu kadua. "Aeh ngaromong naon nyaneh teh?", si Abdul nyereng ka budakna. "ALI", meh bareng budakna ngajarawab.

IEU PRINSIP

Kénging Suara Kijoen
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 08:22:54

" Ulah wani-wani nyampuradukeun pasualan agama jeung kesenian, moal panggih nepika iraha bae. Kudu silih hargaan, sangkan tengtrem kahirupan kasenian di desa urang teh. Jalma nu sok ngabanding-bandingkeun agama jeung kesenian teh, euweuh gawe, pangangguran," ceuk Jurgan Ijun dina panggung Wayang Kulit, "Heh, ari adan teh lain rek ngeureunkeun wayang, tarling, jaipong, nayub, sintren atawa sampyong, tapi adan teh ngajak urang sholat, kaharti?"

Beres biantara, panggung rubuh. Ti saprak harita euweuh panggung kesenian di Desa Boaenya. Juragan Ijun nganggur, pagaweanna jadi "MC" euweuh nu ngorder deui.

LEUNGIT PINDANG

Kénging Endang Kasupardi Ti Cisurupan
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 08:21:32

. Abong budak si Abdul keur supa dulang. Dalahar jeung naon oge meni ngaralimed. Si cikal ujug-ujug ngaberetek lumpat kaluar imahna. Si Abdul anu keur Siduru ukur we ngareret puguh keur ngahaneutkeun hulu asih dina cetang hawu. Gorowok sicikal ti luar bangun ngahaleuang "Top bangkong mere mun kapanggih tembongkeun heula", cek si cikal bari ngecrotkeun curuk kana dampal leungeun anu pinuh ku ciduh. "Leugit naon A?', tanya adina. "Pindang na piring ujug-ujug euweuh". "Oh pindang. Tuh ku si bapa di cokot bieu teh". "Ku si bapa kapanggihna? Na da Aa mah ka bangkong merena oge".

DITULUNGAN

Kénging Ucu Susandrawati
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 08:12:51

Puguh we atuh dina poe harita mah ripuh pisan, bayangkeun we........ keur tengah poe ereng-erengan leumpang ngan sorangan bari suku ingkud-ingkudan da lecet ku sapatu nu sereg jeung beuteung kukurubukan da can kararaban nanaon. Ari keur ngelapan kesang nu rembes dina tarang reg teh aya motor eureun ngajakan nepi ka sisi jalan. Bakat ku atoh teu antaparah keclak we naek kana motor sanajan nu tumpakna bapa-bapa geus tengah tuwuh. Tapi teu lila kuring jadi hanjakal milu kana motor teh, sabab.....si bapa teh horeng tas sidang cerai .........

NUJU SUMPING TAMU

Kénging Endang Kasupardi Ti Cisurupan
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 08:11:49

. "Hapunten kang nuju sumping tamu", cek pamajikan si Abdul basa karasa aya anu ngagarayam kana dadana. "aeh tong dibuka pantona engke deui mah ari aya tamu peuting-peuting kieu teh. Dimana ayeuna tamuna?", tanyana jiga anu kesel pisan. "Naon ari akang?". "Dumeh we malah sare aya tamu teh. Lain sanghareupan kadituh", si Abdul rada munceremg. "ih...ieu mah sakitu can caang bulan"...cek pamajikanana bari ngabugbrug awakna ku simbut.

BOA-BOA

Kénging Suara Kijoen
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 08:06:53

Teu kaharti, moal enya kudu gamseh atawa gagal. Salaku dukun sintren Juragan Ijun bingung, geus beak tembang, beak lagu si Nok bidadari sintren teu jadi-jadi. Menyan geus diduruk, cai jampe geus diinumkeun bari disibeungeutkeun ka si Nok. Tatabeuhan nu mirig sintren teu eureun-eureun. Gembyung ditabeuh, kecrek satengah dipekprek ku nayaga. Moal kitu aya nu ngaganggu? Padahal, amitan enggeus, ngarajah nepika kasebut kabeh karuhun teh. Euweuh nu kaliwat.
"Nok, ari maneh parawan keneh atawa henteu?" harewos Juragan Ijun kana kurung hayam.
"Parawan, Bah. Ngan sok sering lalajo film BF dina HP," si Nok nembalam laun pisan.
"Pertunjukan Sintren Batal!" Juragan Ijun ngagorowok bari kekerot. Boa-boa...

CISEUPAN

Kénging Endang Kasupardi
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 08:01:38

Warusena minangka parajurit telik anu dipercanten ku Prabu Siliwangi keur memeres hiji tempat nyingkur tur kudu mingpin prajurit anu teu kuat keur ngarencangan lalampahana. Maranehna kudu tetep renggenek. Mang taun taun anjeuna bumetah di eta tempat. Warusena jeung prajurit lain pada-pada ngagaduhan lungsuran. Yuswana mingkin sepuh. Dina hiji poe anjeuna tilar dunya. Rahayat paciweuh, ngarasanan, ngaluat Prajurit Telik Warusena dugi ka tuntasna. Layon Warusena dibungkus di hade-hade. Dipupusti, dipulasara sakumaha mistina. dikaluat dihiji tempat. Dikaluat waktu harita disebut oge diseupan, disimpen ditempat anu aman tur babari mun rek disekar. Antukna tempat kuburan Warusena dingaranan Ciseupan.

CIWARU

Kénging Endang Kasupardi
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 07:41:52

. Aya hiji daerah anu nyingkur tur harieum, Handapeun gunung Papandayan, luhureun wahangan cibeureum gede. Harita, pasukan telik Prabu Siliwangi anu jenenganana Warusena. Boga tugas memeres eta tempat keur panganjrekan prajurit anu geus limpeu jeung ngajalankeun tugasna nelik pasukan Kean Santang anu terus memerik. Satutasna aleutan Siliwangi nuju ngidul ninggalkeun ieu tempat Warusena teu milu indit. Anjeuna tetep renggenek di ieu tempat dugi ka pupusna. Kuburanana aya di gunung puntang lelewek astana. Kabidiweunakeun ieu tempat boga ngaran Ciwaru.

CIBEUREUM

Kénging Endang Kasupardi
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 07:33:44

. Ciri utama yen dina hiji mangsa pernah ngaliwat aleutan pasukan Prabu Siliwangi ngabeungbeureum, anu hartina reureuh sakeudeung tina nurus bumi ti Kerajaan Panembong satutas ditolak suakana. Aleutan ngarandeg. "Cing tinggali pasukan Kean Santang". "Sumangga kaula nun", Cek Bagolo prajurit telik. Sedengkeun prajurit lain ngahajakeun sibeungeut, ngeueumkeun sukuna, jeung nunda anu dipanggulna. Aranjeuna ngabeungbeureum disisi wahangan Cimanuk. Ti harita eta tempat dingaranan cibeureum.

USUL

Kénging Suara Kijoen
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 07:29:56

" Kahayang uing mah, basajan bae. Teu rek macem-macem. Komo deui ancrub kana dunya maneh, da geus puguh beda jaman. Bisa teu, lamun maneh boga pamenta teh nu kira-kira kaawakan ku uing atawa ku balarea, teu ngahesekeun, komo deui nyangsarakeun jalma rea mah. Yeuh, ari ukur sono ka anak incu mah, euweuh nu ngulah-ngulah. Ngan kahayang teh sing puguh waktu jeung wancina. Uing mah ukur usul, lamun nyurup ka jelema teh teh, cik ulah menta surutu, menta wae rokok nu aya, jarum coklat, gudang garam keretek, atawa rokok filter. Mun hayang nginum, ulah duwegan, pan loba fanta, pokari, sprit, atawa akua nu gampang wae atuh,"

Kitu usul Juragan Ijun ka sababaraha jurig nu balik kabeurangan. Paamprok nalika "lari pagi" di alun-alun kacamatan.

CIENING

Kénging Endang Kasupardi
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 07:27:07

. Aya sirah cai anu terus mayeng di eta tempat. Rek usum halodo atawa usum hujan caina ngagulidag, kaluar tina handapeun kai anu badag di hiji lamping. Eta cai kacida pisan herangna. Eta lamping ayeuna kaliwatan ku jalan desa. Cai dipake sagala pangbubutuh rayat. "kade mun rek ngala cai urang kudu boga hate anu wening galih. Tong coba-coba ngaruksak ieu sirah cai", cek Gandawangi sesepuh di eta tempat. Ti harita tempat anu ngalamping anu miboga sirah cai, dingaranan Ciening.

LIBIDO

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 07:13:55

“Nu ngagoda jeung nu ngarayu sarua pada-pada setan” kitu ceuk Ustad Mamin basa tadi subuh kultum. Manehna ngarenghap, hatena ngaracak alatan hirupna diacak-acak bari teu weleh jadi pangacakan. Manehna moal munapek, rumasa manehna geus jadi setan bungkeuleukan ranjang. Ti peuting ka peuting teu weleh ngadahar runtah mamala, ngajual birahi keur sahuap sakopeun. Lain, lain embung nyiar kipayah nu luyu jeung papagon agama, sarua manehna ge hayang hirup teh bener, guyub jeung batur. Tapi ndalah dikumaha, saprak salakina nyerahkeun dirina bari ditinggalan budak sadua-dua, hirupna ditata dina rarancang pikeun nyanghareupan riweuhna kahirupan. Lain, lain iklas, saeutik ge manehna teu iklas, tapi dalah dikumaha, kapaksa manehna ngorbankeun harga diri jeung kahormatannana dina kanista mamala. Unggal peuting ngajual birahi, raga diacak-acak, baju dirangsadan dina ranjang dina waktu nu geus diukur ku tangtu. Raga nu ceuk sasaha ngalempay matak kabita jadi barang dagangan dina adu tawar lebah mamala nu ngondang panasna naraka. Naluri napsu birahina ngabelesek kalebah sela-sela kasalingkuhan bari terus ngajarumat cinta nu jauh tina status pikeun numbu-numbu nyawana jeung anak-anakna. Duh..., nepi ka iraha kuring guyang na cileuncang, hatena ngajerit bari ngeclakeun cimata.

TETELA DEUI BAE

Kénging Suara Kijoen
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 06:53:11

"Nelengnengklung, nelengnengklung
geura gede geura jangkung
geura sakola ka Bandung
......................................"
Nalika Bandung heurin ku tangtung, macet, hese usik. Cik, rek saha nu disalahkeun? Naha urang kudu ngagugat jalma nu nyieun eta tembang?
Kitu surat Juragan Ijun ka Gupernur Jawa Barat salaku wakil inohong ti Kabupaten Boaenya. Teuing kabaca, teuing henteu eta surat teh.

HUTANG

Kénging Kang Warsa
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 05:39:08

Geus boga niat. Nagih hutang téh rék isuk-isuk. Susugana aya anu ditagihna. Ngan lamun dipikir-pikir, naha bogaeun duit kitu manéhna? Ah kumaha éngké baé. Atuh teu keuheul kumaha, hutang ti taun 1999 can di bayar nepi ka ayeuna. Lamun nginjeumna ka léntah darat mah geus umpuk salaput hulu jigana. Pokona, lamun poé ieu can bisa mayar kénéh, rék dicokot naon barang anu aya di imahna.

Manéhna aya , keur ngopi bari melenyun ngudud hareupeun imah, disamping. Ngabagyakeun kuring. Kopi panas disuguhkeun, malah ditambahan ku goréng sampeu sagala. Kabeneran beuteung kukurubukan, diasongan kitu téh teu béda jeung lauk lapar dibéré cacing. Kuring ngajéntrékeun pamaksudan. Manéhna ngarahuh.

“ Geus aya kana lima puluh kalina uing nagih téh!” Ceuk Kuring tuluy ngaregot kopi.

“ Sabaraha hutang uing ka manéh téh?” Tanyana.

“ lima puluh rebu…”

“ lamun diitung-itung, uing sabenerna anu rugi. Tiap manéh nagih hutang, kuring pasti nyuguhan manéh ku kopi jeung rupa-rupa kadaharan. Jadi lamun dipikir-pikir mah manéh sabenerna anu boga hutang téh. Tapi… keun baé, kuring mah moal itungan. Anggap wé ieu mah hormat kuring ka anu jadi sémah. Ngeunaan hutang…. Hampura, kuring can boga duit.”

BURONAN

Kénging Liman Sanjaya
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 03:06:14

karasa capéna hirup jadi buronan téh. komo ieu nu ngudagna éstu sakti pisan sanajan sorangan, dimana waé uing nyumput pasti katohian. hmm, dasar kalangkang teu uyahan..

MAEN BAL

Kénging Sarabunis Mubarok
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 02:16:59

“Kutan teh Eneng oge resep nonton maen bal?” Ceuk lalaki ka kabogohna. “Atuda pamaenna karasep. Komo ningali Leonel Messi mah, ga kuaaat…!” Jawab si Eneng mani ekspresif.

PERANG TANDING

Kénging Abah Sarjang
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 01:55:27

“Sugan goblog!” Bah Darip ngagebrag méja panonna burialbencelik ampir rék ka luar kabéh.
Si Lemod ngahodhod, “Enyaan Bah, tanyakeun ka Si Baskom, nya Bas?” Si Lemod nyikut Si Baskom, nu disikut ngan unggeuk doang, dua préman Tanjungpura nu tatoan jeung antingan téh, palebah nyanghareupan Bah Darip Mah ngadadak leungit peurahna.
“Béjakaeun ku sia Lemod! Aing teu sieun ku Si Joni. Lamun bener manéhna hayang kawin jeung Si Iceu, léngkahan heula bangké aing!” Bah Darip lajagléjég peureupna ditonjoktonjokkeun kana témbok, témbok warung kuat ka muruhpul.

Perang tanding antara Bah Darip jago kolot jeung Si Joni Péstol jéger Teluk Jambé, marebutkeun Si Iceu biduan bohay ti Cilamaya, geus éar sa Karawang. Kabéh jelema jadi panasaran hayang nyaho saha nu bakal meunang. Si Lemod jeung Si Baskom ngadadak ngulikeun, nyieun tébéng bilik,ngalingkungan kalangan, keur ngajualan karcis ka nu lalajo. Sersan Karna geus neleponan cukongcukong nu rék tarohan. Kaayaan sabudeureun kalangan geus ramé, tukang parkir sing corowok, nu ngantri mareuli karcis ngantay, cukongcukong nu tarohan geus dariuk dipayungan ku "umbrella girl".

Teu lilia aya nu ngagorowok tina sapéker. “Perang tanding teu tulus! Perang tanding teu tulus!”
“Kunaon? Kunaon?” Saréréa patanyatanya, tapi euweuh nu ngajawab.
---

AYU TINGTING

Kénging Dudi Herlianto
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 01:43:01

yu, anjeun mah geus kaitung untung, anjeun geus nyaho alamat nu dibikeun manehna, kakasih anjeun tea teh horeng palsu. sedengkeun kuring, nepi ka kiwari masih keneh kasarung, angger kokotetengan nyocog-nyocogkeun alamat-alamat nu dititipkeun ku Manehna. jauh tangeh bisa nangtukeun alamat eta teh palsu atawa asli.

RATNA

Kénging Dudi Herlianto
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 00:23:36

nat, basa kamari patepung deui, kabingung nu sarua jeung basa urang munggaran tepang, datang ngojengkang deui: "naha akang teh keur di buruan sawarga?"

BUDAK VĒRSUS KOLOT

Kénging Inda Nugraha Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 00:19:07

Pasosorē, di puseur hiji dayeuh. Aya budak diajak pelesir ku kolotna. Keur anteng leumpang, bari luak-lieuk hēlok ku kamekaran dayeuh, ēta budak titajong tepi ka labuh. Tangtu baē manēhna ceurik, da nyerieun sukuna.
Kolotna bolotot, bari teu eureun ngecemeng, nyarēkan budak. Tayohna ēra ku batur nu marelongkeun. Ku kolotna, budak dijēwang. Dipaksa disina nangtung. Laju disintreuk ceulina, bari keukeuh teu reureuh ngecemeng.
Kanyeri budak nambahan. Suku urut labuh. Leungeun balas dijēwang. Ceuli nu disintreuk. Jeung hatē.
Budak kumerot hayang ngalawan. Ukur kaduga nginghak.

UCING BANGKAR WARAH

Kénging Uzanx Boam
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 00:13:16

jang,ucing pamere kami kamana euy
aya keur miceun di WC
alus euy diwarahna
(tilu jam kahareup)
jang,naha lila ucing teh di wc na?
euh teu apaleun,ilaing mah,ku kami diwarah miceun di wc
ngan ucing teh bakat ku ngarti ka dunungan
di wc salianti miceun,ucing teh bari udud jeung mesbuk

WAYANG

Kénging Inda Nugraha Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 00:06:19

Mangpirang rupa, Kaulanun, ngalangkang jeung sorana.
Rahwana nyakakak handaruan. Rama cumarita pinuh wibawa
Sinta ukur imut ngagelenyu. Astrajingga suka seuri jeung dulurna
Kurawa pasolēngkrah ngeukeupan botol.
Emh… itu Sangkuni ngabudah nyieun pitapak.

Mangpirang rupa,Kaulanun, larsup piligenti.

DITUNGGUAN NU NAGIH

Kénging Endang Kasupardi Ti Cisurupan
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 00:06:19

. Lengeun kenca nampanan, ramo-ramo lengeun katuhu terus utek-utekan "embe teh kari kandangna", cek si Abdul."rek dieusian naon atuh?". "Paling oge dijual ka tukang bata". Duit receh haben di itung dijejer-jejer dina samak. Barudakna ngariung pamajikanana. Nungguan piring nu rek dieusian sangu panungtung.

IMUT

Kénging Uzanx Boam
Dipidangkeun dina lapak 02 Oktober 2011 00:02:56

neng,pareuman atuh eta imut teh
akang jadi teu kuat hayang teuleum