Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 30 Séptémber 2011 (57 Naskah)


EGOIS

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 23:14:30

urang nu teu weleh metakeun kasimpe malihan waktos ngarambah ka palebah rame, salira nu teu weleh kaancikan guligah sareng marudah katingalna sapertos mendak katengtrem, katingal tina pameunteu salira nu ayem. Bet janten isin ku diri nu teu weleh egois ku kasimpe

12 PAS

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 22:56:26

Tepang munggaran taya patarema rema, mung teuteup nyarengan imut nu ngagelenyu, tepang kadua kalina sareng katilu kalina, nu aya mung imut, henteu ngagelenyu teu patarema rema, rupina aya nu teu sawirahma sareng salira, atanapi salira nuju seueur emutan? Tepang ka opat kalina dina angkot, calik teu sirikna pagegeye, taya patarema rema, mung saukur silih reret bari ngagelenyu. Kalima kalina ngajak sasalaman bari teras kenalan, duh kacida bagjana terang nami salira. Kagenep kalina asa pang-Arjuna-na, jalaran salira kersa dikaleng lebah cangkeng. Katujuh kalina bet aya niat bade ngalamar salira namung was-was nyarios ka rama salira nu boa engkena mah janten mertua. Kadalapan kalina asa langkung wanoh kana sagala rupina, malihanan seungitna baham salira sareng raga salira teu kinten lomana. Kasalapan kalina janten apal saha ari salira, apal luar lebetna. Kasapuluh kalina janten langkung uninga kana basa isarat raga salira. Kasabelas kalina nyobi-nyobi neuleuman hatena supados teu nyasab pami enjing pageto ngagugahkeun panonpoe bari ngaca lebah talaga katresna. Kaduabelas kalina salira wakca bade amitan seja nikah sareng calon pilihan ibu ramana, bet katurelengan ngadangu paniatan salira seja ka bale nyungcung, diri bingung, nguyung bari linglung, emh dasar nasib....

NU SABENERNA

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 22:47:52

kuring nineung ka anjeun,lain kana eta soca anu mirupa sagara, estu bulao, nu teu karasa bosen neuleumannana
kuring nineung ka anjeun,lain kana eta rambut anu mirupa kembang,nu pernah nyambuangkeun seungitna malati dina poe poe kuring
tapi kuring nineung ka anjeun, kana eta baham anu mirupa curug, unggal anjeun ngungkarakeun kekecapan, pameunteu kuring janten jibrug kamuncratan

IMAH PANINEUNGAN

Kénging Muhammad Shohiba Nu'man
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 22:10:08

Bréh, imah panineungan, geusan indekos kuring sapuluh taun nu katukang geus aya di hareupeun. Iwal ti témbok nu katingalina anyar dipulas mah, méh taya nu robah. Wangunan titinggal walanda téa atuh, pan sakitu wewegna. Lalaunan kuring mukakeun lawang pagerna, nyorang deui buruan nu kungsi ledeg ku léléngkah kuring baheula. Indung-indungan nu kapiraray beuki ngongkolak. Sono kacida. Puguh da geus teu asa ka saha, bati asa ka indung pituin baé, geusan pakumaha sagala bangbaluh hirup nu karandapan harita.
“Badé ka saha, Néng?” Tanya lalaki tengah tuwuh nyegat bangun ku rengkuh.
“Euh, dupi Bu Ita-na nuju nyondong?” témbal téh bari kerung niténan pakéanna nu teu basajan.
“Bu Ita? Saha nya? Da ieu mah bumina Tuan De Boer, guru HBS nu di Beliton Straat tea!” pokna téh siga nu hémeng bari mencrongkeun tangtungan kuring.
Sérélék, sada hordéng nu dibuka. Barang ngalieuk, tétéla, hiji noni keur nyéréngéh bari gugupay tina jandéla.

DONGENG

Kénging Nanang Sahbana Afnani
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 21:59:36

"kang.,abdi ridlo janten nu kadua,tapi ulah abongkena sagala rupa kudu meunang panyesaan" ceuk manehna kadenge sorana halon bari reumbay ku cimata.kuring ukur bisa ngabetem da puguh rumasa salah."kang..,abdi bade uih heula ka lembur,seja niiskeun pikir"pok na bari ngajengkat ninggalkeun kuring sorangan.Sanggeus manehna indit,tetela asa aya anu leungit na jero hate.Kuring ngan ukur bisa nganteur ku paneuteup nuturkeun mobil nu ngiles lebah pengkolan.

LALI KA TEMAH WADI

Kénging Cicara Cac
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 20:55:49

“ Mangsa lebaran Haji Tumiba.! “Munding, Sapi, Domba, jeung Embe. pada ngungun nguyung, ngaheungheum kabingung.

“Ceuk Babi : Untung Uing mah haram !!, moal dipeuncit manusa , Pok na ka Meri , bari Ijigimbrang seuseurian, bari ajrag ajragan, bangun bungah nakeran.

“ Meri ukur seuri maur, pok ngaharewos ka Entog : “ Teu nyadar nya euy !, padahal bulan hareup
mangsa Natalan datang . !!

SIMPE

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 20:51:29

Saprak urang resmi tunangan, asa arang urang gunem catur, unggal nepangan salira teu weleh dipepende simpe. Sok sanaos teu aya ikrar namung hate sapertos tos sapuk mun katresna urang langkung sae aya dina kasimpe. Leres pisan, asa langkung sae tresna urang milih dina kasimpe, tong naros naon nu janten alesannana, jalaran tos ngahaja milih simpe dina kasimpe. Eta margina milih simpe di lebah sela-sela rajegna beton jeung kalangkan diri mamanawian kasimpe lana dina hate bari direkam ku kamera nu ilang memori.

HULU PEDA

Kénging Godi Suwarna
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 20:37:48

Geus méh buruk. Ngagolér di tengah pasar. Matana moncorong. Sungutna rawék balas ngaleguk warangan da laut geus jadi racun. Keur ngabuih wé medar lalampahanana. Jelema pagelek-gelek. Tapi taya nu maliré. Ukur diriung ku Laleur. “Pangersa mah lampar pisan, nya? Kantos tepang sareng parahu Nabi Enuh?” ceuk Laleur Héjo. Hulu Peda unggeuk. Der, medar talajak pangeusi dunya. Hulu Peda ngawartakeun ieu bumi bakal dilabrak tsunami.”Nu salamet ukur mahluk anu takwa!“ Hulu Peda ngelingan. Laleur-Laleur garuligah. Rus-ras. “Pangersa, dupi Laleur diajakan numpak parahu Nabi Enuh?” Laleur Hideung nyelengkeung. Hulu Peda ngahuhuleng. Lila pisan. Keur kitu, aya Ucing nu ngaringkang. Laleur bubar. Tingjarerit. Hulu Peda digiwing Sakadang Ucing…

SURAT

Kénging Toni Lesmana
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 20:20:26

geus jol deui wae. duka surat ti saha. da mani unggal poe. eusina ukur sakalimat. "hayu urang maot sasarengan!" ukur sakitu. bet tuluy nunutur eta surat teh. sabaraha kali pindah kostan. angger we, saban isuk nyampak dina handapeun panto. kungsi pindah ka pos ronda meunang sabulan mah. ih, eta ku keukeuh anu ngirim surat teh. jol deui, jol deui. malah kungsi ngahajakeun cicing di leuweung. ih, da jebul deui we, ngagoler handapeun tangkal nu akarna disarean. panasaran sakalian ngarereb di kuburan. da eta mah si surat geus muka lebah tetengger. hiji peuting mah uing ngahaja ngintip. mani rikip rarasaan mah. tah, siah. subuh-subuh aya nu ngarongheap bari ngagigiwing surat. rek dihongkeun pisan. ari disidik-sidik geuningan diri uing sorangan. nyeples teu dipiceun sasieur. manehna imut mani kareueut.
ti harita uing sok rajeun diajar nulis, males saban surat anu ngagoler handapeun panto.

DI LAUT KIDUL

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 20:09:40

Angin gumulung neumbrag karang. Lambak nu ngajungkiring sagede-gede gunung
Seahna mehmehan nyilep kana gantawangna kuring. "nyi ratu!, kudu sabarahiji deui dulur kami nu perlu disebakeun. Saeunggeus indung bapa,lanceuk jeung adi kabeh palastra. Kudu saha deui nyi ratu!, ngarah kahayang kami, ngawales kanyeri bisa pinanggih jeung kanyataan"
Sora lambak beuki ngaguruh, angin patingsiriwik. Langit beuki reueuk.
Tina jero lambak, ujug ujug tingparucunghul jirim jirim nu make baju sarwa hideung. Atra dina pundukna, dina dadana, dina beuteungna, aya balati nanceb.
Beuki deukeut beuki atra, indung bapana, adi jeung lanceukna nyalampeurkeun bari nyebut nyebut ngaran manehannana
"wangsa..wangsa..wangsaaa!"
Bau hangru maturan gedurna lambak harita.

SUSU

Kénging Asep Ruhimat
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 19:35:52

Anak sapi protes bari nginghak ka indungna,"Ema, teungteuingeun ari anak jelema, sakitu baroga indung bet kalah ngalekikan cisusu Ema. Ari Ujang kabagean panyesaan, heherangna," pokna. Indungna teu bisa ngajawab da sidik teu walakaya. "Keun wayahna, batur mah komo teu kaagehan pisan," tembalna. "Na beakeun ku saha atuh?" Pok indung sapi ngeceskeun,"Ujang mah lumayan herang2 ge, anak jelema mah beakeun ku... bapana."

KABIASAAN

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 19:34:15

Isuk keneh geus aya tamu nu nganjang. Ibu-ibu umur lima puluh taunan.
"aya pikersaeun bu?, manawi tiasa dibantos?" ceuk kuring.
"numawi pa ustad. Ibu teh gaduh anak, nuju kirang sae sareng carogena, pedah usaha carogena kirang majeng. Tah ayeuna, pun anak make jeung hoyong papirak. Kanggo jelasna mah, sakedap deui pun anak bd nyusul kadieu. Engke taros we ku pa ustad".
Kuring tuluy nyarita "ibu..kedahna mah, salaku garwa. Tuang putra teh saena mah satuhu satia, salami caroge teu ngajak doraka. Anapon perkawis rizki, da eta mah Alloh nu ngatur". Sabot kuring nyarita kitu, torojol aya awewe umur duapuluh taunan. Geulis kacida.
"tah ieu pun anak teh pa ustad". Kuring rikat nyarita "rupina mah, papirak ge sae wae.." bari ret ka anakna nu geus diuk hareupeun kuring.

CINTA NU GEUS LAAS

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 19:30:36

tina lambey salira, urang kantos silih kedalkeun kacinta, numuwuhkeun sirung-sirung kasono nu nyoso dipasieup ku ungkara basa dina wirahma pinuh kacinta, hanjakal ayeuna kedal salira matak gumeter rasa, jalaran ilat salira robih janten balati nu seukeut lebah teuteup salira.
Duh...., pami tiasa nambut teuteupna, panginten teuteup salira angger dina teuteup pinuh katresna bari dipapaes layung-layung wanci sareupna. Hanjakal nu aya ayeuna kantun aroma simpena, ngageuri lebah lambey bari ngotektak nu kasimpen dina titipan nu ngahaja dipopohokeun.

NGANGON

Kénging Darpan A Winangun
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 19:20:41

Biasa di pasar. Nyanghareupan sabangsaning sayureun. Ti janari keneh, karek medal kira jam salapanan, mun dagang geus peren. Tapi tadi mah tangari karek balik, bari haseum. Langsung ka kandang embe. Rap tudung, rap bedog. Pangsi sarung teu tinggaleun. Bebeja ka pamjikannana rek ngangon. Bral, teu beunang dihalang-halang. Embe tuluy digugusur. "Nyisi maneh," cenah ka nu ngahalangan jalan. Tah tiis yeuh lebah dieu mah, jongjon aing ngangon. Kabeneran loba dangdaunaan. Kangkung, borkoli, sosin, naon ku hanteu. Embena dicangcangkeun, rampus. Barang satpam supermarket rek nyerek, bedog geus mesat, siap nyacag.

NYAWANG

Kénging Cicara Cac
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 19:16:17

Najan ukur sajorelat, anjeun gugupay ti Palataran tingtrim jempling, tangkal samoja hiji-hijina.

GULIGAH

Kénging Nanang Sahbana Afnani
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 19:14:05

Dina seah angin nyamuni galindeng kaheman.
Ngawirahma ngeureut simponi nu kabagi dua.
Sewang sewang katalimbeng dina panyesaan gurat katresna.

PIKUN

Kénging Endang Kasupardi Ti Cisurupan
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 18:36:35

. Tadi pabeuberang...mangsa pecat sawed meureun. Datang hiji jelema, Jekrem. Ceuk adi si Usep, manehna teh mantri guru. Mun ayeuna teuing naon eta hartina. Cek beja manehna kepala sekolah di SMP. Tah eta we anu dipercaya ku kuring mah, si Usep oge meureun geus waktuna jadi kepala. Enya we barang panggih teh, eta jalma dedegna hade, baju jeung calana pulas keki, meni ngajerepet jigana balas di setrika. Samalah manehna nyium leungeun sagala. Bet ku sarua jeung si Usep, ketakna teh. Eh, asa pernah kuring mah boga calana kitu. Teuing dimana ayeuna mah. Geus lila teu ninggali. Keur anteng ngalamun, teuing budak saha, culangung pisan bari totoel, di parasabenan teh kalah ngajak ngobrol. Pantaran SMP, manehna ngabejaan, "Bah tadi si Ua masihan artos ka abi", cek eta budak", syukur we, wayahna bapa mah, parasaben. Teuing budak saha. Dedegna mah pantaran incu kuring tateh, enya anakna adi si Usep.

URANG AMENG

Kénging Etti Rs
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 18:23:12

"Urang ameng, yu" ceuk anjeun puluhan taun ka tukang mun nyampeur kuring ka imah, ngajak anjang-anjangan. Biasana anjeun nyampeur teh bada lohoran, balik sakola ka imah heula, nyaneut lalawuh jeung disalin baju. Anjang-anjanganana, mun teu dodokteran sok dadagangan. Anjeun mah resep pisan mun jadi nu dagang teh, ngaladanganna parigel; mungkus buah saliara ku kararas teh ngan saguriwel-saguriwel.
"Urang ameng yu," ceuk anjeun sabulan ka tukang basa tepung di hiji cafe. Anjeun capetang ngeceskeun dagangan nu ukur aya dina brosur pinuh ku gambar barang rupa-rupa hadiah. Ngabibita. Kuring ukur bati 'kumetap' nyeueung pi-hadiah-eun, da geuning duitna lain ku daun harendong kawas baheula.
"Urang ameng yu" ceuk anjeun basa dipariksa ku petugas KPK. Kitu cenah ceuk koran nu medal poe ieu.

NYEKAR

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 18:21:10

“Mugia cinta urang duaan teu karekam ku simpe nu pinuh ku kaguligahan mangsa hiliwir angin tiis ngusap lambey urang duaan, sok komo ngeclakeun cisoca alatan emut kana impenan nu pamohalan janten kanyataan....”
“Leres pisan, sok komo pami urang emut kana sasih-sasih nu tos kalangkung nu teu weleh dikukuntit kabingung jalaran cinta urang kawisaya ku gogoda... Mugi tresna urang ulah dugi kasaput ku misteri nu teu weleh nyamuni dina diri ...” waler salira waktos harita, kadangu soanten salira rada dareuda.
Renghap napas karaos asa eungap pami emut ka lebah dinya, sok komo basa urang paturay taya panangan gupay, jalaran salira nohonan panyaur mantenNa, lara tunggara dugi ka ayeuna teu weleh ngukuntit raga. Jungjunan, mugia salira mendak bagja di alam pawenangan, gerendengna bari ngawurkeun kembang luhureun pajaratan.

AKI DALIMI

Kénging Nazarudin Azhar
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 17:43:50

Aki Dalimi maot di masigit. Keur ngalaeungkeun tahrim janari leutik. Ujug-ujug jiga nu eungap, terus batuk rada kerep. Tahrim ebat, teu tamat. Kasampak Aki Dalimi geus taya dikieuna, deukeut paimbaran, nyorangan. Welasan taun, inyana ngurus masigit. Adan, tahrim, sarena ge deukeut tumpukan kur'an paragi barudak ngaji. "Aki mah hayang meakkeun umur di dieu," pokna, basa ku kuring ditawaran sangkan sare di imah. Karunya, geus aya poena batuk ngehkeh. Basa dianteuran dahareun, da inyana ukur sok dahar di imah Ajengan sanggeus mantuan beberes, inyana kasampak keur ngembeng cipanon. Sanggeus ngobrol rada panjang, inyana nyaritakeun nu jadi bangbaluhna, "Aki teh boga rusiah nu batur teu apal, baheula, keur jaman jadi gorombolan, aki kungsi milu ngaduruk masigit..."

Geus teu sanak teu kulawarga, Aki Dalimi. Tapi basa dikurebkeun, sakabeh pangeusi lembur milu nganteurkeun. Enya, keun Aki, rusiah mah buni, na ieu ati...*

REK NEMAHAN PATI

Kénging Endang Kasupardi Ti Cisurupan
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 16:43:21

. Bitis mulus semu babareuhan ngasruk maturan tapak nu nincak saban regang jeung kararas. Lengkahna estu nuturkeun indung suku. Dampal leungeun nu katuhu ngusapan beuteung nu keur bureuyeung. Lengeun kenca ngeupeul gulungan karembong. "Awaaaassss.....! kabeh nyingraaaayyy. Aya jalama beueus panonna. Inyana teu ninggali uraaaaang", cek raja sireum nulak cangkeng, ngomando rahayatna.

KUNGSI NGALAMAN

Kénging Rudya Kuz
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 16:31:47

''pokokna abah teu panuju mun manèh hahadèan jeng èta awèwè !'' ceuk hiji bapa ka anakna.
'' na,kunaon kitu bah ?'' tèmbal anakna semu hèran.
'' piduit...matrè....abah gè mèh kabobolan, ari dadapatan ( beubeunangan ) heunteu !'' omong bapa na kalepasan....

KORAN

Kénging Kang Warsa
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 16:30:22

Koran ayeuna, keur manéhna euweuh bédana jeung cai nu mudal, malidkeun awak. Dina koran ngajeblag ngaranna, Pejabat Korup Kota M.

Béréwék koran disoéhkeun, sut disundut, sueneu ngagugudag. Isukna kitu deui. Pagétona kitu deui. Isukna Pagéto kitu deui. Pagétona Pagéto kitu deui. Imahna geus dipinuhan ku lebu koran, hideung.

ANAKING

Kénging Arom Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 16:20:49

"Geulis rupa budak téh!" Gerentesna. Rét kanu ngageubra sagigireunana, rét deui ka budak. Siga nu ngabanding-banding, siga aya nu ditéangan. "Keureutan beungeut mah moal leungit, Lis!" Gebeg. Budak dirangkul, deudeuh Anaking. Belenyéh budak téh seuri. Bangun keur anteng dina impian nu sarwa éndah. Éndah pisan. Ngageuingkeun kuring.

PASUNG

Kénging Kez Sukezz
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 16:12:13

Ti kaanggangan. Imut nu teu kendat luntur ngaguluyur pangayun. Gupay tresna ngagalura rasa. Antare jeung guratan napakna tilas. Yaktos mereketkeun asih matri dina luang kasono. "Naha enyaan Engkang satia?"gerentesna. "Sumuhun Enung, Engkang seja satia Salawasna, langkung-langkung ti luhurna gunung Galunggung, ti legana situ Ciwulan, ti ngagedurna lambak Cipatujah". Enung seuri leutik ditempas ngahuleng. Ngimpleng deui kana pangrasa sabada kapapait datang. Nu leumpang sadeupa-sadeupa mawa hinis kana batin, nyeuitan ati weleh ngukuntit. Najan sakur nyidem katugenah. Elekesekeng. Bedas samarpolah. Segruk. "Ema, abah, baturan enung.."

SAKECLAK CIMATA

Kénging Kopral Cepot
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 16:02:47

Ngan sakeclak kuring narima cimata anjeun nu di simpen dina buku nu diinjeum waktu és ém a. Tujuh taun lilana, cimata anjeun ditamperkeun tiap wanci janari leutik di pelésan di teundeun di hareupeun sajadah nu geus lamokot ku angen-angen. Unggal wanci haneut moyan kuring ngan ukur bisa ningali anjeun nganteur budak ka sakola hareupeun imah.

GANCET

Kénging Hadi Aks
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 15:52:36

Balik ti pasar pamajikan aléwoh. “Muringkak kami mah ngadéngéna. Can lila kabéjakeun aya nu gancét di kuburan. Kamari cenah geus aya nu gancét deui di kolong sasak. Tah, matakna, Ka! Ari kami teu ngalayanan téh lain nanaon. Sieun. Dunya geus téréh kiamat, salaki-pamajikan gé bisa-bisa gancét ayeuna mah. Kaka ulah percaya kana omongan batur, majar kami sok dibabawa ku bandar tomat. Kaka teu sieun gancet kitu? Ih, bararaid teuing! Buru geura indit ari rék nagih mah!” Uing nu ti tatadi diuk baé diharudum dina korsi ukur gideug. Aya nu karasa beuki nyeri asa ngégél. Pamajikan nyentak, tapi uing angger teu bisa cengkat. Usad-ised bari semu rampang-reumpeung. Sarung beuki pageuh dikencengan. Bisi manéhna nempoeun. Séak baé sarung dibedol ku pamajikan. Cilaka! Bréh katempoeun, aya botol ngagantél, pageuh, gancét jeung taeun uing!

BALUNGBANG

Kénging Inda Nugraha Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 15:48:00

Balungbang, Kaulanun, beunang ngahaja ngali di sarakan asih nu lami keri, kiwari geus ngemplang ku cikahuripan : kahēman Anjeun nu canēmbrang.
Ngalangkang ringkang raga basa lumampah sapanjang katiga rasa. Basa tresna katideresa ku pirang pangrobēda. Basa ieu jisim anteng idek liher jeung sakadang belis. Basa ririwa mulan-malēn bumetah dina kongkolak otak. Basa amarah nyangkalak kanyaah. Basa ceuceub miceun lambaran deudeuh. Basa ēra geus teu jadi kelir pikir.

Balungbang nu ngemplang canēmbrang, Kaulanun, geus nganti ieu jisim, pikeun teuleum dina tingtrim pikir. Malidkeun kerak daki sēsa katiga entak-entakan.

CINTA KAMALINAAN

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 15:39:19

Ieu mah rusiah urang duaan, ulah ducah-aceh kasasaha, rusiah basa urang nyadap cinta tina pagasan raga nu diteundeun buni bari nyamuni lebah nguliatna birahi. “Akang sadar, Akang eling...” saur salira rada ngagerendeng dina haseup roko nu mulek lebah rohangan rupekna cinta. Bet jadi inggis ku bisi, malah aya karisi nu teu weleh ngukuntit diri alatan hate teu weleh tumanya, kunaon bet kudu peuting nanyaan bulan bari teu disaksian ku baranangna bentang? Atawa memang mongkleng teh tempat nyokot jeung neundeun cinta nu mongkleng buta rajin. Ah memang enya waktuna kudu peuting, sabab beurang geus pasti loba nu nyaram malah boa bisa dihukum tataranjang. Duh naha cinta urang duaan teh bet kasasar ka lebah sela-sela pingping lebah peuting

LANGLAYANGAN

Kénging Inda Nugraha Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 15:30:50

Ngudag langlayangan pegat, ngabelesat luhur galeng. Sakapeung luncat ka sawah.
Ngarumpak parē anyar jadi. Geus beunang langlayangan disumputkeun. Sieun direbut deungeun. Sabab geuning teu saeutik ‘nu pasēa tepi ka gelut alatan parebut langlayangan pegat.

Langlayangan pegat ngapak mēga, teu kahontal ku gantar panjang. ‘nu ngudag balik handeueul. Leumpang ingkud bari rambisak, dampal suku kacugak cucuk kaliagē.

“langlayangan pegat … !”

Curinghak deui. Kanyeri teu dirasa.Lumpat sataker kebek, ngudag langlayangan pegat.

SUMRINGAH

Kénging Rd Nugraha
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 14:55:39

, ari menang tezeki teh kudu bagi bagi ceunah,,.bagi bagi sumringahna we ari dompet kandel teh asa di jadi raja,,tinggal tutunjuk ieu itu teu ngalamot curuk deui,untung can kawin jadi teu aya nu ngajabel..eitt teuu tiasaa..ala OVS "Overa Van Sunda,..teu nanggeuy gado deui jamedud,,nu puguh mah keur udud saparantos neda mie ayam hot katambahan raos ngaleeueut nu seger seger,,.mangga ah sumringahna ditarampi..

DIANAKTEREKEUN

Kénging Mang Jojo
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 14:44:26

geus lila limaan sadudulur si a-i-e-o-u rek ngalongok dulurna nu cikal, si-eu, si eu teh kacaritakeun keur gering. ari gok teh maranehna ngajenghok nempo awak dulurna begang jeung kuru pisan.
a: kasawat naon akang teh dugi ka begang kitu ?, *si eu kalah godeg
i : akang teh nuju tapa ?, *si eu godeg keneh
e: tos sabaraha lami ieu teh ? *teu ngajawab
o: ulah seueur anu diemutan atuh kang. *teu nembalan.
u:*inget keur budak karesep lanceukna teh kana pupuh*, ngong we manehna ngawih, na atuh ari korejat teh si-eu hudang bari tutunjuk.
eu: tah eta, heueuh akang teh dianak terekeun !
a: naon maksadna kang ?
eu: kaka teh teu diberean tempat.
i : tempat naon kang ?
eu: enya mun maraneh ngawih pupuh, di lebah engang panungtung can kaalaman akang disebut-sebut...teu siga maraneh ...
a-i-e-o-u : o..kitu..anu janten lantaran akang dugi ka begang kieu teh...., ke atuh urang demo ka gedong sate....

BALADA LANGLAYANGAN

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 14:34:35

Dina kalangkang aya gambar nyata langlayang nu ngalayang ngawang-ngawang nembus mega malang, ditutur-tutur kalangkang nu teu weleh ngagentraan angin sangkan nyulusup kana batin nu ratug midangdam harepan susuganan angin mihak kalawan wijaksana. Langlayangan nu ngawang-ngawang benang birahina teu weleh diulur jeung ditarik sangkan nyulusup kana hiliwirna angin nu teu weleh ngusap raga nu pinuh kasono kana harepan nu teuing iraha nyatana. Nu puguh, lebah kalangkang aya renghap mawa kaeungap ka lebah siluet handapeun ilat-ilat nu ngaharewos, jungjunan apan urang cang kungsi patarema rasa sok komo sapatemon pikeun nyalametkeun kasimpe

TAMELAR

Kénging Mamat Supriatna
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 14:09:30

“Lamun rumasa sakocoran getih tepungan imah anu geus ngagedekeun maraneh.” Bapa.
Daratang ka lembur anu kasampak taneuh ngahunyur handapeun tangkal hanjakal karempekan kembang handeueul.
Bring ngajugjug imah dina kaca panto tepas aya tulisan, “Warisan pikeun anak tamelar.”
Mangsa baralik ka padumukan sewang-sewangan, anak-anakna rampak naranya make basa malayon, “Ayah…mamah tamelar itu anak baik, ya?”
Makassar-Bandung, 30 September 2011, (Jumaah, tabuh 14:05)

SINETRON

Kénging Yusran Arifin
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 14:08:03

Isya. Mulang ti Masjid. Imah sepi. Di mana Pamajikan? Di tepas suwung. Di pawon suwung. Di kamar Budak, kitu? Lalaunan panto didorong. Brayy! Gebeg.Budak jeung Indungna, patulayah. Guyang getih. Awakna rangsak. Kuring ngabangkieung. Dunya asa muter. Memeh kuring nambru. kapireng dina Tipi. Hulu Budak jeung Indungna keur direncah ku Artis Sinetron. Getih cur-cor. Tuluy ngucur tina sawatara liang. Ngajurulung tina kabel-kabel. Maseuhan Imah. Getih teu kaampeuh. Imah banjir. Ngocor kana panto. Imah kakerem. Kampung kakerem. Kota kakerem. Antukna, Alam Dunya kakerem ku Lautan getih.

SMS

Kénging Oman Abdurahman
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 13:58:12

Geus saminggu, si Sujang, budak bungsu mang Kartawi jeung bi Eha, umur 17 taunan, ngan huleng jentul wae. Sakapeung di pangkengna, tapi teu arang katangen di tepas ngajentulna teh. Barang dahar teu siga sasarina, estuning ari lapar wungkul, kitu oge ukur sahuap dua huap. Pon kitu deui, anu biasana olah raga futsal, meh saban poe, saminggu katompernakeun mah henteu pisan. Lila-lila mah bi Eha, teu tahan, laju nanyaan anakna:”Sujang, na aya naon maneh teh, tara-tara ti sasari, huleng jentul siga jauh panineungan? Naha boga kahayang atawa aya masalah naon?”, ceuk indungna nanya dina hiji poe wayah Asar waktu si Sujang geus katohyan huleng jentul deui. Si Sujang teu ngajawab, ukur ngaleos wae ka kamerna. “Manehna, ieu aya sms ti lanceuk si Sujang”, ceuk bi Eha ka salakina anu keur lalajon TV peutingna mangsa sareureuh budak. “Ti saha?, cikan bacakeun wae eusina!”, walon salakina bari teu nolih-nolih acan. “Ti lanceuk si Sujang, eusina kieu:’Ma, tadi si Sujang ngasms abdi, talatah pangnepikeun ka ema jeung bapa yen Sujang hayang ganti motor!”, bi Eha macakeun sms ti lanceukna si Sujang bari semu sieun, sieun salakina ngambek. Tapi, teu lila bi Eha marahmay deui basa mang Kartawi ngarenghap laju nyarita antare “Leuheung, masih aya keneh smsna, tinimbang euweuh pisan bejana mah”.

BALADA WTS

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 13:50:01

aya gambar abstrak dina kanvas lalakon hirupna, unggal peuting ngalukis malah mandar dirina luis ku sakeprul wedak bari ngalentikeun bulu matana ku mascara, dangdak-dengdek ngaca bari ngarawel bajuna nu pungsatna nepi ka puhu pingping bari terus dijingjing. Bujalna umat-imut susuganan aya nu kairut, ngagandeuang bari ngahaleuang lagu liwung pinuh kagandrung ka mantenNa. “Gusti.., rumaos jisim abdi nyiliwuri, hapunten jisim abdi, sanes abdi baha ka Salira, namung dalah dikumaha ....” hatena midangdam nyeungceurikan ragana nu geus kabawa kana mamala.

BAKAL

Kénging Uchuufp Chupfuu
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 13:46:11

panas nyangigir ka poek, eungap heurin ku jempling, hareudang mere ku kesang, leuleus kudu ayeuna, usik ngan saukur tilu ramo, kamboja mere ka seungit, ling hiling ceuk cacing nu nyongkelan kulit uing, pek tah pek ceuk bilatung nu teu nangtung, kitu oge jeung nu sejen, paciweuh ngagayeum uing nu keur cicing, neangan amal nu bisa nya'angan, saukur kabita uing ka maneh na nu hirup, bari ateul sirah ka tincak ku kasir, teu karasa getih bahe ku ci panon, di jero liang lahat.

CALO ANGGARAN

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 13:23:54

Nya didieu, di bale sawala aya meja teu beda ti ranjang make sepre warna-warni, mun diketok luyu jeung jumlah angka, aya nu tingsolodor handapeun meja

KAPIHEULAAN

Kénging Ricky Andriawan Mardjadinata
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 13:04:07

: " Waiuuuuh atuh ari arek mah !! " Iding nyentak semu rek ngarontok ka Emed nu keur sambutut ngadahar seupan cau, " Jih,apan cenah ngadagoan heula Wa Narya ka ? " Emed nembal bari kerung, teu lila datang Wa Narya dina motor CB bagong, " Teu tulus dak nyetrum na oge,apan kapiheulaan aya nu mortas !! ".

BERLIAN

Kénging Endah Dinda Jenura
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 12:53:06

Panonpoe mentrang, cangkeng panas, tonggong leumpeuh manggul kasusah, Mang Barnas teu eureun ngayak. Dongko misahkeun kanyataan jeung angen-angen, leungeun nu kereng kuar-kaer ngarawu batu jeung keusik badag tina lenggang, wur dipiceun, kuprak kana cai, gibeg deui ngayak susuganan. Kuar-kaer deui, kuprak deui kana cai... Gurilap katojo caang, mata Mang Barnas nu seukeut hurung. Mo salah: Berlian! Berlian sagede pel ubar nyeri sirah ngagurilap nongtak uteuk. Gurilap deui dina ciciptaan Mang Barnas: beungeut Bi Acih marahmay, tiket naek haji, anak-incu ginding dipakean. Leng sirah Mang Barnas. Jedud dina dadana. Kudupruk. Hos. Gorowok baturna. Rob weh dironom ku sarerea.

BUNTUNG

Kénging Kang Warsa
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 12:39:15

Dibelit ku hutang. Pamajikan teuing ka mana ninggalkeun, ceuk béja mah ka Jakarta jeung kabogohna baheula. Rebun-rebun manéhna ka kebon, ngais tambang dina tak-tak. Térékél naék kana hiji tangkal, gebut labuh, kitu jeung kitu nepi ka sababaraha kali.

Geus rék naék deui, orokaya oséh-oséhan, tambang ngagulung gigireun. Kadéngé lumanggeuisna. Ku kuring dideukeutan, manéhna ceurik beuki ngagukguk. Oséh-oséhan, dibantuan nangtung, geus rék naék deui tangkal, gebut labuh deui... Kocéak ngajerit, majar hayang maot cenah. Jêkét dibalangkeun, bréh... leungeun katuhuna geuning buntung. Manéhna nyuuh handapeun tangkal, bari gogoakan, hayang maot...

KAMALINAAN

Kénging Heni Sumarni
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 12:36:08

Satengah di sebrotkeun kana beungeut pedah ci kopi salah ngagulaan..
hampura akaaang....tuda tadi teh gurung gusuh sanggeus narima sms anu unina
'' say, antosan caket panto pager nya, ke aa bade ngalangkung di klaksonan''

FIKMIN

Kénging Mang Jamal
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 11:49:31

seine

salju ipis ngamparan paris. januari. ngangkleung lalayaran di seine, jeung manehna. keur manehna di bandung, kungsi nganyam carita. di seine, hate murungkut. da di tukang, diuk salakina.

CEGIK

Kénging Kang Warsa
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 11:12:46

Awak boborot ku késang, jalma-jalma geus ningker kuring. Suku mah geus puguh bararéd. Habek-habek awak pada nenggeulan. Nyeri kacida. Ampun-ampunan ogé euweuh nu ngadéngé. Duhh, pamajikan boa kasaréan, lilin luak-léok ogé lain buru dipareuman.

Panon bencenur, tumbak geus siap ditubleskeun, teuing ka saha. Gebruk kuring geus aya di kamar, awak nu boborot ku getih nangkub luhureun duit. Luak-kieuk ninggalian pamajikan. Euh, geuning euweuh pamajikan téh. Saha nu mareuman lilin? Rét panon kana lilin. Luhureun lilin hiji cucunguk paéh karérab seuneu.

Mana pamajikan? Najan leuleus, kuring maksakeun nangtung, kaluar ti kamar khusus. Abus ka kamar sorangan, jempling. Nu katénjo ku kuring, dina luhur ranjang, di gigireun pamajikan keur ngajepat hiji lalaki. Nyel, haté mengkel. Kuring ka dapur, tap leungeun kana parang.

KÉRÉTÉK

Kénging Kang Warsa
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 11:01:54

Ti wanci janari leutik Bah Ipong kituna téh. Teuing kapiuhan, atawa enya maot. Awak ngabugang digaléntoran ku anu jadi pamajikanna. Urang lembur, ti isuk mula geus tumplek. Anu ngaji yasin patembalan jeung raména obrolan.

Euweuh nu nyaho, alatan naon Bah Ipong kitu. Ngan kuring dina wanci janari leutik tadi ngadéngé aya sora kéréték liwat jeung sora talapok kuda. Écés pisan. Rasa panasaran teu béakeun, kuring ngintip dina jandéla. Bener, aya hiji kéréték ngempur cahayaan. Abah Ipong naék, siga nu gumbira. Éta kéréték maju deui ka kidulkeun.

JUMAAHAN

Kénging Irvan Mulyadie Bersabda
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 10:59:13

Khotib teh keur nyeri huntu, mustami ngadadak cenghar, ngaregepkeun saban kecap nu kaluar tina bahamna, pupuringisan, pipina kembu.

JEMPLANG KEMBANG MUGURAN

Kénging Dian Hendrayana II
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 09:27:41

Ti anggalna kénéh, malati kuring mangkak di buruan. Bobodasna
éstu nyéngcélak. Naha mana nu leuwih nyacas, bobodas malati
atawa bobodas soca salira? Lah duanana gé da taya nu ngahulag
mun saban isuk kuring héman nyiram pinuh ku katresnan. Saban
beurang pirang-pirang kukupu ngalalar hayang kataksir. Kalah
mangkak timburu na jero dada. Mutuh nyongkab. Pareng hurung
layung kuning, bobodas malati beuki témbong nyacas baé, hibarna
katumbirian. Enya, isukan mah, kukupu téh rék ditundung sina
anggang. Ngan baé, na isuk-isuk ieu, kembang malati horéng geus
ngabarak maluguran. Bobodasna kareumpeukan taneuh beureum

SERATAN PUN ANAK

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 09:04:26

"basa pere sakola. Abdi sakulawargi ameng ka kebon binatang. Di ditu seueur sasatoan. Aya gajah, maung, monyet sareng nu sanesna. Rai abdi mah pangresepna ningali monyet. Pami abdi mah resep ningali maung.
Di kebon binatang mamah abdi ngampar samak, abdi sakulawargi emam sangu timbel, goreng hayam, goreng tahu, terong sareng sambel. Mamah mah tuangna bari ngahuapan rai anu bungsu. Upami bapa, tuangna teh bari luak lieuk, ningalian teteh teteh nu nganggo acuk beureum"

BINGUNG

Kénging Wangsa Urang Subang Pituin
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 08:29:40

"Na lebah mana nu kudu disuaykeunana ieu teh atuh?" Ceuk Juha nu beurangna tas dirapalan.

ELEGI ISUK-ISUK

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 07:22:38

Basa kalangkang nyieuh-nyieuh pepedut aya hawa ngarangkul tiris, endahna impian tadi peuting ngalayang nu boa nyangsang teuing dimana. Biwir ngadadak gegelendeng alatan ngimpi teu kebat tamat. Bari nguniang hudang biwir angger gegelendeng, kunaon carita lalakon hanca lumampah teu tamat-tamat. Hatena tumanya naha umur geus ngurangan atawa nambahan, rek muru kamana sesa lengkah nu terus rumanggieung bari jagjalijeugan. Horeng lengkah lalakon teh can rengse alatan impian tadi peuting ilang bareng jeung ngaleungitna bentang.

IMAJINASI ROMANTIS

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 06:49:34

Pikeun mapag endahna impenan, teu kinten sabarna salira ngajarumat angen-angen bari nyelap-nyelapkeun alamat na sela-sela bodasna mega bari ngagerendengan “mugia malem ayeuna aya waleran ti salira sok sanaos mung dina impenan....” Gurat marahmay salira ngalangkang dina pameunteu nu pinuh kabagja, sok komo lambey salira ngagereyem ngadua bari disarengan ku kaweningan tresna, numuwuhkkeun suasana husu nu romantis pinuh imajinasi manis ngajaulkeun lelembutan salira nu ngalayang ka lebah baranangna lebah bentang-bentang....”Wilujeng wengi.....” gereyemna bari reup peureum nyorang nimatna tibra

PANGANTEN

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 06:10:28

Peuting di pasampangan lebah wates kota, kiceup bentang teuing kamana, sapasi bulan teu wasa nyaangan dunya, gumilang reyem-reyem cahya langit kasedot lampu-lampu kota bari nyuaykeun gurilapna raga nu rek guyang malem munggaran lebah lulurung tempat ngaletak sahwat kabagja. “Tingal ku salira, kalangkang kota sapertos nu bingung ningal kalangkang urang lebah ranjang....”gerendeng salira bari imut ngirut laju ngarapetkeun raga jeung raga dina renghap katresna nu ngagalura. Hawa kota karasa langab, langit imut leleb lebah poek. “Wilujeng wengi jungjunan, wilujeng ngimpen endah, wengi ayeuna urang kulem bari tataranjang.......”gerendeng salira bari nyium tarang pinuh katresna

HIJI MANGSA AYA BUTA

Kénging Hadi Aks
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 00:46:46

Basa gering rupana ray béda-béda. Buluna beuki manjangan. Sanggeus parna, aya sihung anu jadi laun-laun. Jleg manéhna minda rupa jadi buta. Buta lapar ngagalaksak. Béak domba ledis munding. Dibadog kabéh sato ingon-ingon. Jelema mimiti leungit salikur. Tuluyna salelembur dicaplukan, jadi balung jadi tulang pasoléngkrah. Sakur barang dihakanan, mobil, motor, kulkas, jeung bonéka, kabéh digaresan. Lembur suwung lemah simpé. Ngan cimata jeung getih nu ngabayabah, sarta lamun cunduk peuting loba sora tingbangingik. Sanggeus euweuh deui hakaneun, éta buta ngalanglayung, ngajentul lebah juru alun-alun. Mangpuluh-puluh taun. Sungutna calawak awakna rengkung harelung. Artistik pisan ceuk nu nénjo hiji mangsa. Tangtu seniman luhung anu nyieun éta patung. Patung buta. Ngabedega jadi tanda peradaban.

SILSILAH

Kénging Jun Nizami
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 00:27:34

Jiga Lisna nu keur bingung mikiran jabang bayi na kakandungannana

--rék dianggap anak atawa incu. Hiji waktu, si jabang bayi éta ogé moal

éléh bingung, naha rék nganggap ka Lisna nini atawa ibu.

SMS

Kénging Ricky Andriawan Mardjadinata
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 00:09:10

: "Aa abdi telat tos 2 sasih !! Kumaha atuh ?! " ngan sakitu eusi SMS neng Halimah keur jang Wawan batur sakelasna.

CETOK

Kénging Sarabunis Mubarok
Dipidangkeun dina lapak 30 Séptémber 2011 00:05:09

“Kanggo naon, Mama, nyimpen dudukuy cetok di paimbaran?” Jang Uhe nanya ka Ajengan. “Paranti ngising lamun hujan.” Jawab Ajengan bari ngaleos. Peutingna cur hujan, beuteung Jang Uhe mules geus teu katahan.

Subuh-subuh pareng rek ngimaman, ajengan utah uger di paimbaran.