Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."
Jumaah, 30 Désémber 2016 06:12
Dayat Iskandar: " Combrek! Lir obor baralak. Ngaguruh sagebragan, tuluy simpe. Balik ka asalna...."
Salasa, 20 Désémber 2016 01:21
Atton Rustoni: " Sampurasun... Assalamualaikum... Seja nyungkeun widi amengan, tur Ngiring ngaderes di palih dieu. Hatur..."
Rebo, 14 Désémber 2016 08:33
Oten Ariskov: " Assalamu'alaikum....."
Salasa, 06 Désémber 2016 18:28
Prana Husni: " sampurasun. ngiring..."
Senén, 05 Désémber 2016 10:30
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Sampurasun.... Ngiring ngaderes deui di palih dieu...."
Saptu, 12 Novémber 2016 23:37
Ajang Yustiana: " fikminna kerén, fikminerna gé kerén-kerén. Fbs mémang kerén,..."
Salasa, 08 Novémber 2016 02:32
Harry Ferdiansyah: " Assalamualaikum wr wb ngiringan..."

Buku Tamu


Badé ngeusian buku tamu? Mangga login heula.
Klik tombol Login ku Akun Facebook di palih kénca.
1...891011<<<
19 Januari 2012 10:36:54
Bahroel Ulum:

hatur nuhun Ki FbS, tos kersa nampi simkuring, mugia salawasna aya dina kawilujengan

18 Januari 2012 23:38:37
Nyai Endit:

Naon atuh anu kedah diserat didieu, kaulanun ...
Mungguhing pribados mah jalmi laip tuna harti.

Reueus pisan pribados teh ku ayana fikminsunda.com, nu masihan lolongkrang kangge pangarang bakalan.

Oge reueus ka para pangarang moyan nu kersa ngawurukan, ngabagi elmu ka pangarang bakalan.

Mugia Kang Godi, Kang Nunu, Kang Hadi, Kang Ganjar Kurnia, Kang Tatang Sumarsono, sareng pangarang moyan sanesna teu bosen kangge ngawurukan, maparinan elmu-na. Hatur nuhun mangrewu nuhun, disanggakeun kangge akang-akang sadayana.

Ka pangarang moyan sanesna, diantos kangge ngabagi elmu-na, saurna elmu mah saupami dibagikeun, sok ngadon nambihan .... tuh pan!

Mangrewu oge nuhun seja dikintunkeun kapayuneun kang Dadan Sutisna, anu parantos ngadegkeun ieu Website kangge kamajengan fiksimini basa Sunda.

Fiksimini basa Sunda, saneskanten ageung pisan hartosna kangge dunya sastra, hususna sastra Sunda.

Fiksimini Basa Sunda sing nanjeur sing nanjung
Fiksimini Basa Sunda sajarah anyar sastra Sunda.

Reueus janten bagean tina sajarah (fiksimini) sastra Sunda.

Prung dak!

18 Januari 2012 22:46:42
Uti Kinanti:

Mani ginding, wilujeng ah...

18 Januari 2012 22:38:18
Purnama Alam:

Hebat kang,ngiring bingah bae,mugi jadi mangpaat keur sakumna urang sunda.

18 Januari 2012 22:36:06
Aris Kumetir:

Ngiring aub.Manawi katampi.Mugi kersa ngaping.Abdi nuju diajar keneh.Hatur nuhun.

18 Januari 2012 22:33:01
Usin Muhsin:

Ku ayana FBS sim kuring ngadadak jadi resep tulas tulis fikmin. Asa nulis resep : pondok,tara aya resep nu panjang,nu penting kabaca jeung karasa hasiatna.Sanajan masih basajan,siap mulungan elmu nu kalintang seueurna di FBS. Hatur nuhun.

18 Januari 2012 22:31:18
Ara Stafari:

mung tiasa gigideug,ruarr biasa !

18 Januari 2012 20:53:08
Nana Sukmana:

@Dadan Sutisna : Hatur nuhun pisan, Mang Dan. He he he...

18 Januari 2012 20:46:52
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu:

Pamugi FBS langkung nanjer. Reueus janten bagéan ti FBS seueur élmu pulunganeun, nambih baraya manjangkeun silaturahim. Hurip... FBS !!!

18 Januari 2012 14:37:53
Dadan Sutisna:

@Kang Nana Sukmana: Tos dipanglereskeun ku abdi, Kang, hehe. Nuhun kana kamandangan.

18 Januari 2012 14:33:09
Nana Sukmana:

Haduh, aya nu lepat ngetik. Kajurung ku "emosi", yeuh. Nulis uing jadi "ing". Nulis Duh, jadi "Dulu!". Kumaha ngaralatna tah, Mang dadan?

18 Januari 2012 14:30:33
Nana Sukmana:

Sim uing téh méh-méhan leungit sumanget tulas-tulis téh. Ah, dina FB gé kalan-kalan baé, sakasampeurna. Tah, sabada digebruskeun kana Fikmin ku Kang Godi, sim uing janten sumanget deui. Méh ungal dinten mukaan fikmin kintunan ti wargi-wargi. Reueus pisan, betah pisan. Sok sanaos upami gegedug (Kang Godi, Kang Tatang, Hadi Aks, Deden Abdul Azis, Nunu, Dadan, sjté) nuju teu araya mah angger sok asa keueung. Can panceg pisan cangkéng tos dileupaskeun, kitu mun nuju diajar motor mah. Kadieunakeun, horéng Mang Dadan daria naker. Enyaan. Uing kuat ka ngalimba. Nyelek kana tikoro piceurikeun nu teu kedal. Haté kebek ku rasa bagja. Asa agul. Ka batur-batur di tempat gawe sok diagul-agul boga wéb. Fisimini Basa Sunda téh asa nu uing wé, sanajan can boga kaingét sapérak-pérak acan ka nu nyieunna mah. (Hampura Mang Dadan). Leres saur Kang Godi, can aya grup FB nu daria kieu. Duh, ku kieu mah reugreug deui. Basa Sunda téh hirup deui, jagjag deui. Muga tetep diareusian ku karya anu daria. Carita heureuy gé angger kudu digarap kalawan daria, jadi karya nu daria. Lain wawayagon. Henteu sakacamprungna. Hiji mangsa mah bakal jadi bahan panalungtikan imah urang teh, Duh! Apanjang apunjung!

18 Januari 2012 13:43:38
Endah Dinda Jenura:

Haduuuuuhh.... Meni gaya kieu Fikmin Sunda, bumina sae pisan, matak betah. Tiasaan euy, Mang Dadan. Engke iraha-iraha abdi bade ngiring mondok di dieu, ah...

18 Januari 2012 12:22:38
Nazarudin Azhar:

Mugia ku ayana imah fikmin nu sigrong ieu, kanca FBS tambih sumanget nyerat fikminna. Sanes dina hartos tambih produktif tapi ajen karyana teu puguh, tapi sumanget nyerat oge ngaronjatkeun ajen karya, sangkan fikmin teu dianggap sakadar kalangenan tamba kesel. Mugia ieu tarekah (nuhun ka Ang Dadan Sutisna nu tos ngadegkeun ieu imah fikmin, oge ka nu parantos ngeusi kencleng FBS, para donatur) ageung mangpaatna kanggo urang sarerea.

18 Januari 2012 11:07:16
Tiktik Rusyani:

Alhamdulillah, bingah pisan tiasa aub dina fbs, seueur nu nyalangkrung na lulurung kalbu ku margina teu sakedik kalimah-kalimah dina fikmin teh janten panggeuing. Hatur nuhun kasanggakeun ka sadayana pupuhu nu parantos bajoang ngadegkeun imah urang nu kalintang agrengna, upami sumanget urang salamina siga kieu, saur saha basa indung bakal carem. Hatur nuhun ka sadaya kasepuhan nu tos nuyun kanu masih cacarakan keneh dina nyerat, Mung Allah nu baris ngagentosan jasa sareng upaya pupuhu sareng kasepuhan sadaya. Da enas-enasna mah ngamumule kana basa indung teh hartosna mah nyaah ka lemah cai, kapan nyaah ka lemah cai teh kalebet ibadah. Hayu urang mumbul ngapung sasarengan ngolebatkeun deui kaluhungan budaya ki Sunda, malah mandar janten tuladeun unggal suku di nusantara, Amiin..

18 Januari 2012 09:30:37
Kus Wanda:

Wilujeng, ah

18 Januari 2012 08:21:05
Apoedy Sarah Ihsan:

Alhamdulillah, ucap sukur nu awal ka sanggakeun kanggo manten-Na, mung tiasa ngahaturkeun nuhun nu tiasa kedal kanggo nganuhunkeuna kanggo sadayana pupuhu fikmin, anu tos ngawadahan sumanget wargi-wargi nu nyaah sareng hoyong ngarojong pikeun ngamumule basa indung, nyaeta basa sunda. Mugia dina gempungan ieu seueur pulunganeun anu mangfaat utamina kanggo diri pribadi.. Sakali deui Hatur Rewu Nuhun.

18 Januari 2012 08:08:47
Irman Dimyatie:

Assalamu alaikum wr wb

Hatur punten ka para admin, bongan simkuring masih keneh gaptek, janten nembe ayeuna asup ka rohangan. Teu apal kumaha carana muka panto. Padahal ampir unggal poe simkuring ngalanto ka hareupeun imah ieu. Ngadon ngajanteng salila-lila hareupeun imah. Beu...!!!!
Duka kumaha ngabasakeunana ku banget atoh jeung rupa-rupa rasa nu nyangkaruk dina dada. Ti baheula mikacinta kana sastra jeung budaya Sunda, sabab kurang gaul, teu apal kamana kudu milu nyiruruk. Alhamdulillah, geuning imah kuring teh aya di dieu. Hatur nuhun ku panghiapna. Mudah-mudahan sagala tarekah urang kenging rohmat Allah SWT. Aamiin...!!!

Wassalam,

18 Januari 2012 07:18:52
Yusuf S. Martawidenda:

Ass. War. Wab. Haturnuhun ah sim kuring tos tiasa namu. Geuning sakitu someahna nu kagungan bumi teh. Mugia sagala jasa sareng amalna dilipatgandakeun ku Alloh. Amin.

18 Januari 2012 05:59:14
Godi Suwarna:

:"Hese rek ngedalkeun kereteg. Asa saredih pacampur jeung bagja taya papadana. Teu sangka grup fikmin Sunda bakal kieu jadina. Daria naker ieu mah. Boa can aya grup FB nu nepi ka kieu. Beurat nyuhun beurat nanggung ka Jang Dadan Sutisna nu tos ngabudalkeun wewesen kangge ngawangun imah anyar nu sigrong pisan. Pamugi we ieu lapak nu sigrong teh teu ngan saukur diangge hahah-heheh, heureuy teu puguh, sapertos dina grupgrup FB sanesna. Mugia ieu gedong diangge lahan daria kangge ngamajengkeun sastra Sunda..."

18 Januari 2012 05:34:06
Jojo Johari:

Reueus. Mugia ginanjar kawilujengan sapapaosna.

18 Januari 2012 01:10:23
Akang Remi:

Assalammualaikum Wr.Wb, bade nembrak'keun wungkul pamanggih,rehing buktos dirohangan ieu teh kacida mundelna emu nu tiasa di aji.

Hatur Salam Kawilujengan.......

17 Januari 2012 23:47:12
Ahmad Yani:

Assalamualaikum !
Aduh !, hartur punten,....Nun!, sim kuring, tebih-tebih ti Cimahi, ngahaja dongkap ka dieu, teu aya sanes pamaksadan teh, mung seja ngabageakeun miwah ngedalkeun rasa kareueus, ka Nyi Fikmin, nu alhamdulillah dina danget ieu, parantos ngagaduhan " Bumi Enggal" nu teu kinten matak pikabetaheunana. Atuh pamugi urang tiasa sami-sami ngajagi tur tiasa langkung ngeuyeuban eusina. Supados ieu rohangan, tiasa janten saksi, tawis mikadeudeuhna urang sadayana kana Basa sareng Sastra Sunda. Amin !

17 Januari 2012 23:34:32
Wawan Setiawan:

sampurasun....heded pisan fikminsunda.com, mugi janten langkung dipiwanoh basa jeung sastra sunda

17 Januari 2012 23:30:05
Ahmad Muzacky Assahary:

ngiringan diajar basa sunda kang