Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."


Fikmin Genep Kecap Hémingway jeung Babandinganana

Shohiba Nu'man | Ahad, 27 Januari 2013 09:26
Bagikan ka Lapak Facebook
FBS
Ernest Miller Hémingway [Gambar/Ilustrasi: ernestmillerhemingway.lifememory.com]

“For sale: baby shoes, never worn.” (Ernest Miller Hémingway)

 

Kasang tukang carita

Kacaturkeun, basa Ernést Hémingway keur ngariung di hiji kafé, jeung balad-baladna papada pangarang, inyana susumbar majar sanggup nyieun carita anu lengkep, cukup ukur ku genep kecap. Kantenan, balad-baladna pada cangcaya. Laju Hémingway ngajak tarohan sapuluh-dolaran. Sabada kumpul duitna, gasik inyana ngagutrut, nuliskeun hiji ungkara. Sakilat pisan. Kieu unina:

 

“Dijual: Sapatu Orok, Teu kungsi dipaké.”

 

Sanggeus dibaca ku balad-baladna, saréréa sapuk yén éta carita téh kacida lengkepna. Aya bagian awal, tengah, jeung ahir. Ngan, hanjakalna, ieu carita teu kungsi dipublikasikeun kalayan mandiri dina hiji média. Ieu carita saenyana ngan saukur béja nu kapanggih tina naskah drama ngeunaan Hémingway nu judulna “Papa” karyana John deGroot tahun 1996, sakumaha nu geus ditembreskeun dina artikelna nu medal dina New York Daily News. Urang angger teu yakin sagemblengna, sok sanajan DeGroot mah keukeuh kacida yén ieu naskah téh ditulis dumasar kana kajadian nu kaalaman pisan ku Hémingway jeung dirina (DeGroot) salaku sobat dalitna.

 

Naha nyumponan kana saratna mun nu kitu disebut prosa?

 

Teundeun heula padungdengan perkara orsinil atawa henteuna, éta carita genep kecapna Ernést Hémingway téh teu weléh kapanggih, sarta diuar-uar ku saban jalma nu keur nalungtik génré sastra fiksimini. Enya. Éta karya téh mindeng pisan kasebut-sebut tapi aranglangka nu rajeun nyurahanana. Ah, kétah, boa geus teu kudu dijéntrékeun deui—da geus karuhan ngelemeng nu jadi kaahénganana. Nu geus puguh mah ieu carita geus nyumponan kana saratna. Aya galur (plot)nu kapanggih dina opat kecap diantarana: “Dijual” jeung “Teu kungsi dipaké”. Ogé jelas pisan tokoh-tokohna: Orok jeung indung-bapana. Kitu deui konflik nu dihasilkeunana. Ari sual eusina mah, nya gumantung pisan ka nu nyurahanana. Bisa nyeuit dibacana, atawa sabalikna; bisa matak pikaseurieun.

 

Matak nyeuit. Da kacipta atuh, kumaha bagjana sapasang salaki-pamajikan nu keur bungah, nu keur gedé harepan. Tohtohan nyadiakeun sagala rupa kaperluan pikeun ngabagéakeun si Utun Inji nu dina kandungan kénéh. Orokaya, titis-tulis teu bisa ditakis. Orokna teu kapuluk (bisa alatan kaluron, atawa maot sabada dilahirkeun). Nu maca diajak manghandeueulkeun. Ngararasakeun kasedih nu datangna dumadakan. Pupus harepan. Basa maranéhna mutuskeun ngajual éta sapatu ngaliwatan iklan koran, boa lain keur wawar barang anu teu sapira (sapatu orok). Bisa waé, saenyana mah, maranéhna téh keur babagi bangbaluh batinna ka sakuliah dunya.

 

Pikaseurieun. Sumangga bayangkeun. Sapasang salaki-pamajikan nu keur bungah, gedé haté, nyayagikeun rupaning kabutuhan pikeun Si Utun Inji. Kaasup nyadiakeun sapatuna. Teu sirikna mangmeulikeun nu pangmahalna. Na atuh, sanggeus éta orok ngaborojol, sapatu nu geus dibeuli téh singhoréng salah ukuran; sereg pisan atawa logor pisan dina suku orok. Dina surahan nu ieu, urang bisa nyipta-nyipta kumaha pasipatan salaki-pamajikan nu anyaran boga budak. Atawa, nyurahan pasipatan jeung kaayaan ékonomi maranéhna, tepi ka kudu ngajual deui sapatu orok nu geus dibeuli.

 

Genep kecap nu teu pati 'harus'. Tapi jero pisan aweuhanana. Karasa tina gemetna pangarang dina milih kekecapan. Inyana leuwih milih “Teu kungsi dipaké (never worn)” batan ungkara “teu kungsi digunakeun (never been used)”. Kecap “teu kungsi dipaké” karasa leuwih ngaraketkeun nu maca ka tokoh Si Orok, batan ungkara “teu kungsi digunakeun” nu ngan ukur ngahubungkeun nu maca kana barangna, kana sapatu.

 

Genep kecap nu basajan teh nguntuy bari nguntun, raket pakuat-pakaitna, jadi ungkara nu ngawangun drama jeung suspén keur nu macana. Cohagna mah bisa ngahasilkeun “dunyana” kalayan sampurna. Dina éta carita, urang baris manggihan suasana sungkawa, pegat harepan, kasimpé, jeung tragédi.

 

Babandingan jeung Knock – Karyana Frédéric Brown

 

Frédéric Brown

 

Sagedéngéun ti éta. Aya hiji carita nu leuwih rea jumlah kecapna. Tujuh welas kecap dina basa asalna (Inggris). Nyaeta “Knock” karya Frédéric Brown, nu kieu unina:

 

KNOCK

 

The last man on earth sat alone in a room. There was a knock on the door.

 

Mun ditarjamahkeun mah kurang leuwih kieu adaptasianana:

 

KEKETROK

 

Hiji-hijina manusa nu nyésa di dunya. Candukul sorangan di hiji rohang. Sada aya nu keketrok kana pantona.

 

Hiji carita nu diwangun ku tujuh las kecap. Ngahasilkeun drama jeung tatarucingan (énigma) keur nu macana. Na saha atuh nu keketrok téh? Malakal Maot, jalma séjén, Mahluk deungeun, atawa ngan saukur halusinasi?

 

Tah, nya lebah dieu pisan bédana. Hemingway mah teu nyésakeun lolongkrang nu lega pikeun ngawawaas carita. Ku genep kecap geus cukup ngawangun “dunyana” nu lengkep dina pikiran nu maca. Teu bisa deui dionggét-onggét. Teu jadi sual naha éta sapatu téh dijual alatan orokna maot, atawa pédah teu saukuran jeung sukuna, éta carita moal robah: Sapatu Orok keukeuh baris dijual. Urang salaku nu maca kari nguyup kamalir aweuhanana. Sedeng dina “Knock”, Frédéric Brown lir nyésakeun sasémplékan puzzle nu –bisa jadi— ieu énigma matak ngarobah beuleugeunjeuran caritana, gumantung kana imajinasi nu macana. Geura pék wé lenyepan: Mun éta nu keketrok téh papada manusa, tangtu bakal béda caritana jeung mun nu keketrok téh Malakal Maot, upamana. Di dieu urang bisa ngararasakeun bédana. Bedas mana aweuhan nu karasa alatan urang ngawawaas hiji jalma nu kaleungitan sakabéh manusa (Brown), jeung aweuhan alatan kaleungitan Si Utun Inji nu sakitu dipupustina (Hémingway).

 

Babandingan séjénna upama ditilik tina jihad nu macana: Karya Hémingway baris katarima ku réréana pamaca. Teu butuh pangaweruh nu jembar pikeun nyurahanana. Boh dina kekecapanana, boh dina eusina. Sok asal nu maca daék ngahudangkeun émosina. Sedengkeun lebah nyurahan karya Brown mah nu maca teh mikabutuh pangaweruh. Upamana, sangkan katampa ku pipikiran, nu maraca butuh ku pangaweruh ngeunaan kasang tukang pangna éta manusa jadi hiji-hijina jalma nu nyésa di alam dunya.

 

Babandinganana jeung Frame Tale – Karyana John Barth’s

 

John Barths

 

 

“Once upon a time there | was a story that began”

 

“Dina hiji mangsa di hiji tempat | Hiji carita geus dimimitian”

 

Ieu carita diwangun kalayan tipografi nu ahéng, dina dua kaca. Genep kecap mimiti “Dina hiji mangsa di hiji tempat” diteundeun dina kaca munggaran, sedeng opat kecap sésana “Hiji carita geus dimimitian” diteundeun dina kaca satukangeunana.Tujuanana sangkan nu maca hantem ngabulak-balik éta keretas bari keukeuh teu manggihan ti mana mimitina jeung di mana tungtungna éta carita. Rék dibaca ti beulah mana ogé moal aya pangaruh kana eusina. Kitu jeung kitu. Absurd. Siga aya padahal suwung. Taya séting jeung plot carita nu tangtu. Taya konci (puseur carita) nu bisa dijadikeun dadasar pikeun ngawawaasna.

 

Béda deui jeung nu geus dipigawé ku James Joyce dina buku fiksi komikna nu kontrovérsial téa: “Finnegans Wake”. Saban malikan deui maca, urang baris manggihan hal anyar dina caritana. Hal ieu teh dilantarankeun ku ékspérimen linguistik nu geus dilarapkeun ku inyana (ngagunakeun téhnik narasi nu ngalantarankeun bisa robahna sawangan pamaca). Siga nu kapanggih dina salah-sahiji karyana. Kurang-leuwih siga kieu adaptasianana:

 

MOLLY MAKSAKEUN PEUREUM

 

SAPARAPAT satutas sajam nu teu ilahar uing nyangka maranéhna karék harudang di Cina nu ayeuna keur nguntun kuncirna pikeun poé jamuga nu sakeudeung deui baris kapimilik ku para suster nu keur ngélénéngkeun locéng Angelus nu hamo ngahudangkeun kasadaran maranéhna iwal ti hiji dua rahib nu ngeleyed pikeun gawé peutingna atawa wekér nu kongkorongok ti kamar séjén ngaluarkeun eusi uteukna cikan susuganan uing katépaan peureum hayamna 1 2 3 4 5 kalah kembang narémbongan baranang lir béntang dina lalangit badis bohak di jalan Lombart kelirna leuwih lucu batan baju kurung paméré manéhna nu ngan kapaké dua kali nu mending mareuman lampu sugan bisa dipaksakeun sangkan isuk teu hudang kabeurangan.

 

 James Joyce

 

Teu cara nu duaan di luhur (Barth’s jeung Joyce) nu geus ngamangpaatkeun téhnik tipografi jeung téhnik narasi pikeun ngalanggengkeun karyana ku cara ngalilieur nu maca, Hémingway mah teu make “trik” husus. Kapunjulan inyana aya dina pilihan kecap nu éstu mibanda “daya magis” jeung teu mubah lumarapna. Bisa dibuktikeun ku urang ku cara ngurangan hiji kecap nu aya dina caritana. Upamana, mun kecap “orok” ngahaja dileungitkeun, mangka ungkarana baris kieu kabacana: “Dijual: Sapatu, teu kungsi dipaké”. Tangtu éta carita moal leuwih ti sakadar ungkara iklan nu ilahar kapanggihna. Kitu deui upama urang nyobaan ngaleungitkeun kecap-kecap séjénna.

 

Babandingan jeung Franz Kafka – The Next Village

 

Franz Kafka

 

Di handap ieu aya adaptasian fiksimini karyana Franz Kafka. Ngahaja ditulis langsung dina tarjamahanana sangkan nu maca ieu dokumén teu ngabanding-banding jeung karya aslina. Saréréa ogé tangtu apal yén moal aya saurang ogé nu bisa mapakan kaéndahan karya inyana dina basa indungna (Jerman). Tapi sugan baé saeutikna mah bisa méré gambaran keur urang dina ngajembaran ieu bahasan.

 

KAMPUNG TATANGGA

 

AKI kuring sok mapagahan, “Jang, hirup téh ngan sarénjagan. Sakapeung mun inget deui ka mangsa tukang, nyoréang, Aki sorangan bati gogodeg, upamana, naha aya budak ngora urang nu dadaékanan indit ka kampung tatangga bari teuneung –daék nyanghareupan balai, sab lunta ti dieu ka ditu téh hartina méakeun alas bagja sapopoé, sanajan jauhna teu sabaraha gé.”

 

Salah-sahiji carita pangsinggetna nu kungsi dijieun ku Kafka. Sanajan kitu, éta carita mampuh ngawangun suasana dina rohang jeung mangsana sorangan. Jarak antara Si Aki jeung Kampung Tatangga disorang ngaliwatan waktu saumur hirupna (nu karasa ngan sarénjagan téa). Tapi cukup ku sakitu gé urang bisa ngabayangkeun kumaha tarahalna nyorang jalan ka Kampung Tatangga.

 

Di dieu bisa dibandingkeun dua ulin téhnik nu méh imbang antara dua saéhu sastra. Kafka jeung Hémingway. Kafka nyiptakeun rohang jeung mangsana ngaliwatan tokoh Aki nu nyaritakeun lalampahanana ku cara mapagahan incuna. Sedeng Hémingway ulin téhnik nyiptakeun rohang jeung mangsana ngaliwatan kasimpé dina wujud sapatu orok.

 

Kacindekan:

 

Hiji fiksimini nu alus bisa diwangun ku sababaraha kecap. Bisa ratusan (150 kecap numutkeun palanggeran di ieu lapak), bisa ogé puluhan, malah aya fikmin nu cukup diwangun ku sababaraha kecap. Tapi teu jadi sual jumlah kecapna mah. Sakirana éta kecap bisa nganteurkeun ideu jeung gagasan urang kalayan sampurna, nyuguhan nu maca ku kecap-kecap petingan nu pepel, nyeni, jeung taya hiji oge anu mubah lumarapna.

Tong sieun leungiteun galindeng ku heureutna ungkara. Masing yakin, basa sunda mah apanan basa nu éstu mihak kana rasa, kana sastra. Unggal kecap baris ‘disada’ ngawakilan pikir jeung rasa.

 

Nutup babaran di luhur, aya hiji pananya: “Sabaraha kecap mubah nu diwenangkeun aya dina hiji fikmin petingan?” Kuring ngajawab: Ulah aya hiji gé kecap nu mubah! Saban kecap kacida pentingna pikeun ngawangun hiji carita nu weweg sagala-rupana. Siga nu geus dicontokeun ku Ernést Hémingway dina karyana. Cukup ku genep kecap nu ‘aléwoh’. Inyana sanggup nyugemakeun nu maca. Ngawangun dunya-na anu sampurna.

 

Kintunkeun Koméntar

Ngaran
Alamat email
Alamat Web
Koméntar
Tulis Kode: