Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."


Indah Éka Lestari Nu Réligius

Kang Deni | Ahad, 27 Januari 2013 09:04
Bagikan ka Lapak Facebook

Panganteur

Al-Qur’an saéstuna jadi sumber inspirasi pikeun bahan tulisan pangarang di sakuliah dunya. Beunghar ku carita. Leubeut ku ideu. Unggal ayat dina Al-Qur’an bisa jadi carita nu ahéng. Dipedar. Dibéjérbéaskeun. Saeutikna bisa jadi genep rébu genep ratus genep puluh genep judul carita. Can mun digabungkeun ayat nu hiji jeung nu lianna.

Nulis ngeunaan bagbagan agama (Islam), nu moal jauh tina Al-Qur’an jeung Hadits Rasululloh, aya énténgna aya banggana. Enténgna, nya ku beunghar ideu téa, mangréwu-réwu carita bisa ngajanggélék tina unggal ayat nu dipedar. Banggana, nulis nu sipatna réligi mah pan teu bisa méngpar tina ugeran nu geus jadi katangtuan. Tisolédat saeutik waé, balukarna matak ramé.

Ngahaja ieu tulisan téh dijudulan kitu, sab aya tilu fikmin Indah nu ku sim kuring rék dibedél di dieu. Rada baluweng sabenerna mah, kudu milih tilu tina lima puluhan fikmin (leuwih malah kétang) nu geus diapungkeun di lapak FBS. Ngan upama ditengetan, kalolobaanana téma fikmin nu ditulis ku Indah mémang aya bau-bau réligi. Maksud téh unsur agama (Islam) na kentel.

Naha kuring maké milih fikmin-fikmin Indah dina ieu bahasan téh? Enya, naha henteu nu lian. Cék kuring, Indah kaasup fikminer nu cukup produktif. Ti génder wanoja, kaitung budak kénéh, éh rumaja  (pan masih SMA). Angkanan téh, sugan wé jadi panyumanget keur dirina, keur kuring oge keur nu séjénna, tangtu.

Leuwihna ti éta, cék pamikir sim kuring ieu mah, fikmin-fikmin Indah téh kréatif, imajinatif jeung inovatif. “Proses pembelajaran” nu inspiratif pikeun rumaja. Para sepuh, sing saha baé nu boga budak mangkak rumaja, nu otakna kawilang éncér bari kritis, mangga geura araos fikminna. Héhéhé…

Pedaran

Tilu fikmin nu ku sim kuring rék dipedar ieu nya éta: Wudhu, Ababil jeung Al-Fil, sarta Masjid. (Sabenerna mah kétang, kuring kataji ku lima judul, Ashabul Kahfi ogé La Tansa, nulisna matak gumecrot. Hanjakal nu dua deui mah teu bisa katulis, jurig horéam kaburu datang mantén. Halah). Kabéh fikmin nu ditoong ieu téh ngandung téma utama ibadah. Ngajéntrékeun kakawasaan Allah, eusi Al-Qur’an, élmu fiqih ogé  sorga pikeun jalma nu ariman. Luyu jeung bagbagan agama. Kanabian ngan disabit-sabit dina perkara waktuna wungkul nu aya di fikmin Ababil jeung Al-Fil.

Upama ditoong tina wangun jeung struktur fikmin, tangtu geus nyumponan saratna. Aya téma, plot, tokoh ogé rénjagan nu salawasna diperedih. Satutasna maca, kuring atawa boa nu séjénna ogé, jadi ngalamun. Ngabayangkeun. Ngalenyepan. Naon nu baris ditepikeun. Pesan moralna jelas.  Halah. Tah sakitu heula wé minangka panganteurna  ti sim kuring mah. Ayeuna mah urang bedél. Urang udulkeun hiji-hiji atuh nya.

 

Wudhu

 

Bismillahirrahmanirrahim. Mimiti kuring ngumbah dampal leungeun. Tuluy ngadu’a, mugi dampal leungeun kuring dijauhkeun tina seuneu naraka. Kadua. Kekemes

ngumbah baham. Mugi kuring dijauhkeun ti cariosan awon. Katilu. Ngumbah pangambung. Mugi pangambung kuring, dijauhkeun tina haseup naraka. Kaopat. Ngumbah raray. Mugi raray kuring dicaangkeun engké di yaumul akhir. Kalima. Ngumbah dua panangan. Mugi kuring nampi kitab amal tina panangan katuhu. Kagenep. Ngumbah mastaka. Mugi ieu rambut dijauhkeun tina panasna seuneu naraka. Katujuh. Ngumbah cepil. Mugi cepil kuring dicaketkeun kana dadanguan anu saé. Kadalapan. Ngumbah dua sampéan. Mugi sampéan kuring teteg waktu ngaliwat di cukang sirot. Saréngséna wudhu, blak muka panto jamban. Rék kaluar. Bray. Aya taman éndah kabina bina seungit ngadalingding.

 

Enya. Wudhu téh pagawéan teu pira jeung da inyana gampang pisan dilakonan. Asal aya pancuran, atawa cai kulahan. Jadi wudhu. Kahadé ulah salah. Pagawéan wudhu téh siga pangangguran, tapi matak ngaruntagkeun ibadah séjénna. Wudhuna teu sampurna, sholat gé moal ditarima.

 

Abu Hurairoh, dawuhan Rasululllah Shalallahu ‘alaihi sa wallam, “ upama muslim atawa mukmin wudhu, kalayan ngumbah beungeutna, dosa nu aya dina sorot panonna kaluar. Ngahiji jeung cai wudhuna. Upama ngawasuh dua leungeun, dosa nu dilakukeun ku dua leungeunna baris dipalidkeun jeung cai wudhu. Pon kitu deui, upama ngumbah suku duanana, dosa nu dilakukeun ku léngkah dua suku ieu bakal palid bareng jeung cai wudhu. Nepi ka réngséna wudhu dina kaayaan bersih, suci tina dosa-dosana. HR Muslim: 244

 

Mokhtar Salem, dina bukuna “Prayers a Sport for the Body and Soul”, nétélakeun wudhu téh bisa nyegah kanker kulit. Kanker nu sabab musababna tina bahan kimia nu némpél jeung nyerep kana kulit unggal poé. Ku cai wudhu, ieu bahan kimia téh bakal beresih. Wudhu ogé jadi cukang lantaran awét ngora.

 

Prof. Leopod Werner von Ehrenfels, psikiater ogé neurology ti Austria nyebutkeun , ku wudhu, pusat saraf nu aya di diri manusa bisa karangsang. Harmonisasi cai wudhu nyurup kana titik-titik saraf manusa. Nu ahirna awak jadi séhat. Tah ku tina perkara wudhu ieu  pisan, si Profesor ahirna jadi mualaf. Ganti ngaran jadi Baron Omar Rolf Éhrenféls. Subhanallah!

 

Ceuk Indah Éka Lestari mah, perkara wudhu téh teu eureun nepi ka tilu kamandang sohor ieu. Indah leuwih jero ngébréhkeun naon nu ku ahli tasawuf disebutkeun hikmahna wudhu. Leuwihna ti éta, sabada wudhu bari muka panto jamban, bray taman (sawarga) éndah kabina-bina, seungit ngadalingding.

 

Asal urang daék wudhu, beberesih (dina harti saenyana), sagala rupa karerepet dunya bisa ilang. Ongkoh pan dawuhan Rasulullah gé, réngsé wudhu téh diri dina kaayaan nu beresih. Suci tina dosa-dosana.

 

Pikeun nerangkeun hikmah wudhu nu sakitu panjangna, Indah teu perlu méré da’wah panjang lebar nerangkeun sagala rupa. Cukup ku saratus-sapuluh kecap nu aya dina fikminna ieu. Sagalana kaguar.

Dina nulisna, Indah teu make kecap nu matak nyureng tarang. Éstuning basa nu basajan. Basa nu sapopoé dipaké. Kitu ogé dina nyurahanana, Indah milih basa nu deukeut kana kecap-kecap pangdunga sabada ibadah.

 

Ieu fikmin, ku kuring diasongkeun ka budak SMA (anak tatangga) sina dibaca. Kumaha kamandangna? “Halah nyieun nu kieu mah, uing gé bisa atuh.” Lima-an barudak nu ditanya, jawabanana saragem. Bisa. Gampang. Naha enya gampang? Bisa jadi. Tapi sakali deui. Indah di dieu ngébréhkeun, yén nyieun carita dina fikmin mah teu kudu medar hal-hal nu rumit. Cukup ku téma nu umum. Ku basa nu basajan. Tapi pesen fikminna keur nu maca,  nepi.

 

Ababil Jeung Al-Fil

Pasukan gajah datang. Gajah nu garedé. Lalumpatan. Niat rék ngahancurkeun ka’bah. Kaum anu teu tarima islam jadi agama nu pangmulyana. Teu lila. Datang rébuan manuk ababil. Nu halaliber. Muir. Dina luhureun langit ka’bah. Pasukan gajah nareuteup langit. “Kami teu sieun ka anjeun ababil. Kami mah garedé. Maranéh mah leutik”. Anu dipoyok teu némbal. Wurrr. Rébuan manuk ababil ngawurkeun batu ti naraka. Anu kacida panasna. Pasukan gajah jeung kaumna ngajarerit. Marénta tulung. Kapanasan. Tuluy sakujur raga maranéhna béak. Jiga daun anu digorogotan ku hileud. Goréjat. Éta budak hudang. Reuwas. Lumpat tina dunya impénan. Hing. Ceurik, bari macakeun surat al-fil. Anu geus saminggu diapalkeun. Teu apal-apal.

 

Fikmin adaptif. Enya. Maksud téh fikmin beunang nyurah tina surah Al-Fiil (Gajah). Al-Qur’an, sakali deui, jadi puseur atawa sumber inspirasi pangarang. Tangtuna gé nu kangaranan inspirasi mah, ngan saukur ideu. Tina ideu ieu dibeukahkeun deui jadi carita nu teu kurang matak kataji nu maca.

 

Dina lapak FBS, ieu fikmin jadi padungdengan fikminer sejen. Nu jadi jejer carita dina padungdengan ieu taya lian ti kecap “Kaum anu teu tarima Islam jadi agama nu pangmulyana.” Tokoh-tokoh fikmin sunda turun gunung ngabahas. Kamandangna ngeunaan hal ieu jadi nambahan nu maca. Teu kurang ti Kakang Perbu Godi Suwarna, Kakang Hadi Aks, Kakang Tatang Sumarsono, Wa Entjep Sunardhi, Kang Irman Dimyatie, Kang Jajang Arohmana, Kang Rukman Ranudinata oge fikminer séjénna ngomentaran kana ieu fikmin. Matak harénghéng. Ahéng. Sahéng. Kahadé ulah salah: nu dikomentaran ku para tokoh téh fikmin beunang Indah, nu karek nincak SMA. Kelas hiji deuih. Édun teu tah...

 

Ceuk versi buku “Seri Kisah Al-Qur’an: Burung Kecil Ababil Yang Menghancurkan Kesombongan Pasukan Gajah Abrahah”, Salasaurang menterina Raja Negus, nu harita jadi panguasa Yaman, nya éta Abrahah bin Al-Shobaah, ngarasa galow. Al-Qalies, Garéja nu diwangun mewah tur agréng hadiah ti Abrahah Ka Najasyi, Raja Habasyah, éléh ajén batan Ka’bah. Abrahah nyaksian dina usum haji harita (Abad ka 6, kira-kira taun 571 Masehi), Ka’bah jadi pangjugjugan jalma timana ti mendi. Abrahah nyumpah dirina sorangan, niat rék ngaruksak jeung ngancurkeun Ka’bah nu diadegkeun ku Ibrahim jeung Ismail AS.

 

Harita. Saméméh asup ka kota Mekah, langit ngadadak poék mongkléng. Manuk laleutik ujug-ujug patinggeleber, hiber luhureun Mekah. Pasukan gajah jeung kuda sarta pu luhan rébubalatentara Abrahah nu tadina rék ngaagrési kota Mekah, ledis. Teu nyesa saurang-urang acan. Alatan batu koral nu diragragkeun ku Manuk Ababil (Toiron Ababil) téa. Aya kétang saurang nu salamet harita. Ababil nuturkeun. Di hareupeun Raja Habasyah, basa tos laporan yén pasukan Abrahah ledis,  ahirna dibalédog koral ku Ababil. Ku cara siga kieu, Allah ningalikeun kakawasaanana. Digambarkeun ancurna pasukan Abrahah téh siga daun di ségétan ku hileud. Teu nyésa pisan.

 

Masjid

Di hiji lembur, aya masjid anu kacida bersihna. Sareungit. Sabudeureunna pinuh ku kekembangan. Katambah éta masjid téh dipulas héjo, matak reueus. Ngan hanjakal, jarang aya nu ibadah di éta masjid. Paling ngan sababaraha urang. Tapi di bulan puasa ieu, anu ibadah loba pisan. Pinuh waé. Subuh jeung buritna dipaké tadarusan ku barudak. Beurangna dipaké ngaraji kitab sapinah. Peutingna dipaké tarawéhan. Harita, basa barudak rék baralik, éta masjid malah ajleng – ajlengan, bakating ku bingah sok dipaké. Barudak nu di jero masjid rareuwas. Maranéhna babacaan. Sarieuneun. Tuluy wé ajleng – ajlengan. Luhur, kaluhur pisan. Jauh. Saliwat, basa keur aya di luhur, ku maranéhna katingali aya taman anu kacida éndahna.

 

Ku tina judulna gé katangen, ieu fikmin nyodorkeun carita religius. Bari teu kauger ku aturan makhtabna. Teu dimana teu dimendi, Masjid jaman ayeuna mah ngan dieusian ku sajajar atawa dua jajar ma’mum nu sholat berjamaah.

 

Enya, jlug-jleg dimana-mana. Alagréng deuih. Kaligrafi nu sakitu éndahna mapaés masjid. Beuki katangen méncrangna. Boa ku lobana masjid, jamaah jadi saeutik. Cék basa barudak ayeuna mah. Ari jamaah na angger, masjid wé nu ngalobaan. Kétang, éta téh mun sapopoé. Béda deui waktuna jumaahan mah. Komo bulan puasa. Jamaah teu sirikna nepi ka mudal ka luar.

 

Ku kaayaan kitu, pangurus DKM, ajengan, oge para sesepuh masjid séjéenna tangtu wé suka bungah. Di masjid jadi haneuteun. Lain ngan saukur ku loba jamaah. Tapi ogé dipaké ibadah. Da mémang sakuduna. Nu biasana ngan jadi tempat saré keur nu kacapéan di perjalanan. Atawa tempat istirahat nu daragang. Kari-kari difungsikeun luyu jeung tujuanana.

 

Ku Indah, kabungah ieu téh teu ngajanggélék di papada pangurus masjid atawa séjénna. Malahmandar, masjidna sorangan nu reueus. Bakat ku bungah, ieu masjid gé ngilu joged. Oyag. Ka kénca. Ka Katuhu. Ka luhur. Pung wé ngapung. Nu keur ibadah di jerona gé ngilu kaapungkeun. Teuing di langit ka sabaraha, ujug-ujug aya taman nu éndah kabina-bina. Siga Taman Sawarga, ngampar handapeun masjid téh.

 

Lebah mungkas carita, di fikmin Masjid ieu nyeplés pisan jeung fikmin Widhu. Duanana sarua ngagambarkeun hiji tempat atawa taman nu éndah kabina-bina. Cék irongan kuring mah, nu dimaksudna téh taman sawarga.

 

Logis. Da sainyana pan, tujuan urang hirup. Tujuan ibadah téh, susuganan bisa nepi ka taman sawarga ieu. Udagan hirup lah, sawarga téh cindekna mah. Boa Indah gé boga cita-cita, jaga, hayang ulin ka taman sawarga kitu? Hih nya enya atuh. Ari di sawarga bisa mikmin kitu engké?

***

Ahirna nepi ogé kana panutup yeuh. Kéla nya urang inget-inget deui , tadi téh nulis naon. Oh enya, kieu wé lah. Latar (sétting), Ilaharna fikmin réligi, nu jadi latar dina carita tangtuna gé kudu aya niléy kaagamaan. Tempat, waktu, jeung kaayaan, nu digambarkeun dina tilu fikmin Indah ieu, aya patula-patalina jeung kagiatan kaagamaan.

 

Gaya (Style) fikmin nu dipake ku Indah dina ngaéksprésikeun rasa, pikir, pangalaman atawa irongan nu ditulisna --- katempo tina milih kecap, ungkara reujeung simbol, cék kuring, dalit jeung kagiatan nu sifatna réligius.

 

Tah ku hal éta, cék pamanggih sim kuring, tilu fikmin Indah nyumponan kana syarat fikmin nu réligi. Dina nepikeun pesenna ka nu maca, bisa disebutkeun langsung jeung teu langsung. Maksudna kieu. Dina fikmin Wudhu, pesen nu rék ditepikeun ku Indah langsung keuna kana masalahna. Carita ngageleser datar. Dina mungkasna aya unsur kohérénsif, nu ngahiji jeung carita séjén. Dina fikmin Wudhu, unsur carita surga nu jadi udagan sakabeh umat. Padahal saméméhna , Indah langsung nyebutkeun mangpaat jeung hikmahna wudhu.Di dieu, nu maca dipaksa kudu ngairong jeung ngaaprésiasi nu inténsif.

 

Fikmin Ababil jeung Al-Fil, séjén deui. Pesen pangarang teu langsung digeleserkeun dina carita. Kalimah nu mangrupa eusi fikminna ngahaja disumputkeun di bagéan tukang méh jadi renjagan. Budak nu hayang apal surah Al-Fiil, kudu ngalaman ngimpikeun kajadian nu jadi jejer carita dina éta surah. Ahéng. Téknik nulis anu kalakuan tokohna dina nyanghareupan kajadian, boh verbal ogé fisik, ngan aya dina lamunan jeung rarasaan. Cék pangrasana. Tapi kucara kitu, si budak jadi boga pangalaman religius nu bisa ditepikeun jeung moal kapopohokeun.

 

Fikmin Masjid, teu jauh ti fikmin Wudu. Plotna jelas. Latarna jelas. Ngan nu jadi tokohna, dina ieu fikmin mah masjid. Luyu jeung judulna. Rénjagan ka luar dina kalimah bagéan pamungkas. Enya. Pungkasanana gé deuih, sarua jeung di  fikmin Wudhu.

 

Maca  fikmin-fikmin Indah mah asa naék rajawali di Dufan. Tatahar. Diayun ambing. Diputer antaré pisan.  Sina nu ngahaja méh anteng. Beuki lila puteran beuki tarik. Lelet. Laun deui. Belesat naék. Diputerkeun deui. Lelet. Langsung eureun. Ongkék wé.

 

Cék tukang parahu mah, asa diayun ambingkeun dina ombak. Atra biruna langit dina cai sagara. Lila-lila anjog ka basisir nu keusikna ngeplak bodas. Satungtung deuleu. Éndah kagiri-giri.

Reumbeuy. Imajinasi nu motah. Pesen nu baris ditepikeunana jelas. Bari teu asa dipapagahan. Éndah basana. Mundel eusina. Matak pogot macana. Satutasna maca fikmin téh nu maca diajak ngalamun. Diajak mikir. Diapungkeun ka hiji tempat nu teuing dimana ayana. 

 

Kecap nu basajan. Tema nu Ilahar dilakonan sapopoé. Keuna pisan kana haté. Matak nyentug jajantung. Dina inyana aya sababaraha kecap nu salah ngetikna, éta mah da sigana mémang salah curuk. Mun nulisna ku curuk. Salah jempol, mun nulisna ku jempol. Enya maksud téh kurang apik. Keun wé, da ilaharna barudak ayeuna mah, leuwih resep nulis dina hapé. Pan mesin ketik mah tos di ka musieum keun.  Teu diropea heula. Langsung diapungkeun ka lapak. Raméték. Tapi teu jadi masalah. Bisa iraha-iraha diropéa. Asal ka hareupna kudu sing iatna wé, kudu beresih.

 

Nalika basa jeung eusina mah, asa maca fikmin lain ti pangkat budak SMA. Siga beunang ngorobét tina uteuk jalma nu geus manggung. Asak.

 

Teu salah mun kuring méré saran, sangkan Indah nyoba nulis dina kapling nu lega. Carpon, novelet atawa novel. Rénjagan bakal murudul ti unggal kalimah. Édun surédun.

Wilujeng kanggo Indah Eka Lestari. Kuring reueus ka hidep. Reueus pisan. Ieu tulisan minangka pangbagéa ti sim kuring.

 

Cag ah!

Kebayoran Lama, 121212

 

Kintunkeun Koméntar

Ngaran
Alamat email
Alamat Web
Koméntar
Tulis Kode: