Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."


Catetan Basajan Ngeunaan Fikmin

Tatang Sumarsono | Ahad, 27 Januari 2013 08:59
Bagikan ka Lapak Facebook

Fikmin Basa Sunda (sterusna urng singget: FBS) tacan nincak sataun. Tapi ceuk pamanggih didieu, kamekaranana matak nyugemakeun, utamana pama diukur lebah kuantitasna—jumlah anggota, jeung jumlah karya anu midang. Mana komo ayeuna, geus mimiti dipidangkeun dina média massa citak. Hiji kamajuan anu kawilang gancang.

Didieu kaasup nu elat milu aub ka ieu grup. Nyaho mah nyaho ti awalna kénéh ogé, ngan teu pati maliré, ukur semet nuturkeun, tur para pirajeunan tulas-tulis, dalah ngajempolan gé tara. Teu pati kataji mimitina mah. Bisa jadi meureun lantaran geus boga garapan sorangan anu maneuh, tur dibaladahna geus leuwih ti likuran taun. Kateu-teu ari maké hayang nulis fikmin.

Tapi ka dieunakeun mimiti aya anu robah dina pamadegan sorangan. Didieu ngagésérkeun sawangan kana sisi séjén. Heueuh geuning, bet réa anu ancrub ka ieu grup, anu bangunna hayang ngagunakeun basa Sunda dina komunikasi, leupas tina naon anu ditulisna. Hal éta ngébréhkeun gedurna karep ti anggota ieu grup. Basa Sunda anu pajar dimarjinalkeun, geuning itu loba anu boga karep ngagunakeunana dina dunya maya.

Nya hal éta anu jadi pangjurung didieu milu aub, sanggeus ngobrol jeung sawatara babaturan anu leuwih ti heula aktif di FBS. Jeung Godi, jeung Hadi, di antarana. Inget kénéh, anu pangheulana téh ngajempolan kana tulisan Godi. Harita kénéh langsung dikomén: “Iklas ngajempolan téh, Ang?” Jigana Godi nganggap ka didieu ukur ngaheureuyan.

Mimiti waé didieu wani nulis komén, najan ukur satimu-timuna. Terus nyoba-nyoba nurutan batur, nulis fikmin. Sumpah, hésé! Didieu nu geus ngabaju nulis carita panjang, mlah aya anu leuwih ti 600 halaman, ari kudu nyieun carita sauted tapi tutug tur ngandung maksud mah, geuning teu babari.

Prosés kréatif—mun téa mah rék disebut kitu, anu kaalaman ku sorangan kaitung panjang. Moal dicaritakeun dina ieu tulisan, da maksudna gé lain rék goong nabeuh manéh.

Beuki dieu, pamadegan didieu beuki kandel—yén FBS teu mustahil jadi bagian tina dinamika budaya Sunda. Sirung-sirungna geus mimiti narémbongan. Jumlah anggotana terus nambahan, karya anu midang beuki merul, tur teu saeutik anu katangen dina nyieun karya téh dibarung ku sikep daria (tatapakan konsépna jelas, referensina lega, ngulinkeun imajinasina nalaktak, lebah trét nuliskeunana henteu dapon jadi runtuyan kalimah). Didieu ngarasa reueus. Hanas masih kénéh aya karya anu sahandapeun jajar pasar, ah keun baé, apan aya prosésna, moal ujug-ujug jadi (kajaba anu bibitna istiméwa pisan). Apan geus bukti, dina jero sawatara bulan, loba ti antara kanca FBS anu mampuh némbongkeun kréativitas reujeung produktivitasna. Loba anu terus motékar, naréangan bentuk jeung gaya sorangan.

Ku beuki lobana karya nu midang, sakapeung mah sok asa rada barieukeun niténanana. Tara bisa gemet macana, mana komo lamun sakabéh koménna kudu dibaca mah. Tangtu waé didieu taya hak nyungkeret produktivitas kanca-kanca, malah sabalikna bakal ngahayoh-hayoh sangkan leuwih produktif jeung kreatif. Najan di pihak séjén, heueuh anu sok narulis karya, jigana kudu geus mimiti bisa nimbang-nimbang, naon waé anu sakirana pantes ditulis jadi karya. Ulah samakbruk teuing, kajaba keur anu dina tahap-tahap awal.

Heueuh, ku niténan beuki loba waé karya anu midang, jigana mun bisa mah lapak téh ditambah deui. Teuing naon disebutna, jeung teuing kumaha mekanismeuna, éta mah nyanggakeun ka para admin. Ngan ceuk pamanggih didieu (anu tacan tangtu bener jeung bakal diheueuhan ku kanca-kanca), kudu aya lapak anu relatif daria, utamana dina lebah kualitas karya anu midang. Nya kitu deui koménna ogé sabisa-bisa mah henteu ngan semet hahah-heuheuh wungkul.

Pikeun ngeusian lapak anu anyar éta, cara gawéna teu géséh ti redaksi média citak. Cindekna aya redakturna anu boga wewenang milih tina karya anu asup, mana anu pantes dipidangkeun. Anu sakirana tacan pantes, bisa waé dipulangkeun deui sina dioméan ku anu nulisna, ngarah aya proses pembelajaran anu jinek.

Pikeun ngeusian lapak anyar, para fikminer kudu ngirimkeun karyana ngaliwatan inboks nu jadi cecekelan admin. Keun ku admin sina diseleksi, mana anu pantes sina midang, mana nu kudu dipulangkeun deui, jeung mana anu cukup dipidangkeun dina lapak heubeul.

Jadi, engké téh urang bakal boga dua lapak. Malah tilu atawa opat gé teu nanaon engkéna mah. Lapak heubeul, heueuh nu ieu, keun waé antep sakumaha asalna. Malah ceuk didieu mah, mun aya anu mostingkeun foto atawa naon waé ogé teu nanaon, ulah dicarék. Atuh anu nulis komén, teu kudu maké rarambu, nu penting mah asal nyopan jeung teu matak nyigeung batur. Mun aya anu ngapungkeun foto atawa lagu atawa naon waé, terus dikomén, ah alus wé, apan itung-itung latihan nulis dina basa Sunda. Mun urang keur hayang nuturkeun anu daria, tinggal klik wé lapak kadua.

Jigana, ku cara kitu, FBS bakal leuwih mekar, jeung bakal gedé hartina pikeun strategi kamekaran budaya Sunda.

Kintunkeun Koméntar

Ngaran
Alamat email
Alamat Web
Koméntar
Tulis Kode: