Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."


Atavisme dina Fiksimini Sunda

Ki Hasan | Ahad, 27 Januari 2013 08:56
Bagikan ka Lapak Facebook

Atavisme. Naon tea, eta teh? Kitu nu ngalangkang dina pikiran, nalika Tatang Sumarsono (TS) ngomentaran tulisan 'Antologi Mini - Fiksimini Tatang Sumarsono'. TS nulis kieu:

"Dina sastra Sunda (buhun, hususna pantun sareng guguritan), aya anu disebat pedotan. Seuseueurna rubuh dina dalapan engang. Taya lepatna pami urang neuleuman hal éta, kanggo nyobi-nyobi dilarapkeun dina fikmin anu prosais téa. Manawi waé ku cara kitu téh wanda fikmin Sunda gaduh ciri nu mandiri. Taya lepatna mun dina fikmin aya unsur atavisme. Rada goong nabeuh manéh, pun uing nyobi-nyobi ngaléngkah ka dinya waktos nyerat Citraresmi."

Teu terus ditanya ka jinisna, harita teh, naon ari 'atavisme'. Karek ukur dicirian we. Mun pareng rek dipaluruh heula. Baheula mah, mun urang boga kapanasaran, kana hiji pasualan, kudu make jurus ingkig wae. Boh ngingkig nepungan ahlina, ngingkig ka perpustakaan, atawa ka toko buku. Meureun pisakumahaeun biayana, katut nyoceng waktuna. Ah, rek dipaluruh heula di Internet. Kitu angkanan teh.

 

Ngungkaban mangpirang kaca situs di jagatmaya, gorehel manggih artikel. Cenah atavisme teh tendensi ayana gerakan balik deui ka jaman karuhun. Meureun mun dina sastra mah, gerakan ngulik deui kana gaya sastra jaman karuhun. Meureun karya sastra model pantun, guguritan wawacan, jampe, jangjawokan, jeung sajabana.

 

Ngarah rada puguh bule-hideungna, cuang udag heula pituduh dina komentar TS. Cenah dina fikmin Citraresmi, inyana geus nyoba ngalengkah nulis fikmin disamaraan ku unsur atavisme. Naskah dibaca sababaraha balikan. Ngan weleh can jinek naon ari atavisme. Nu karasa ukur genah macana, fkmin rasa sajak. Dikukuy kana komentarna manggih pituduh, komentar TS jiga ieu:

 

"Jajap tineung Endén Putri, rubuhna dina dalapan, pedotan kabaheulaan, papantunan ti karuhun, wirahmana dina rasa, galindeng sinurup gending."

 

Rada enyay-enyayan, aya kelemengna. Boa enya nu dimaksud ku TS samara atavisme teh, ngaranggeuy carita fikmin make guguritan jiga wawacan atawa pantun. Enya jigana mah, upama teks Citraresmi ditulis sapadalisan sabaris, asa jiga naskah wawacan. Geura ieu:

 

Paragraf kahiji:

 

“Ngahaja kula nepungan, sejana mileuleuyankeun, duméh Étéh arék miang, ka nagri jauh di sabrang. Lain arék senang-senang, sasat rék nyébakeun diri, sabab di nagri sorangan, hésé nyiar pakasaban. Ari éta parabaneun, calawak satilu-tilu, budak yatim ti leuleutik. Cacak lamun kula wenang, ku hayang kula ngajaring, najan ukur rerencepan. Muga Étéh gancang mulang, nyanding hirup jeung huripna.”

 

Tetela tiap kalimah mangrupa sabait guguritan.

 

"Ngahaja kula nepungan,

sejana mileuleuyankeun,

duméh Étéh arék miang,

ka nagri jauh di sabrang.

 

Lain arék senang-senang,

sasat rék nyébakeun diri,

sabab di nagri sorangan,

hésé nyiar pakasaban.

 

Ari éta parabaneun,

calawak satilu-tilu,

budak yatim ti leuleutik.

 

Cacak lamun kula wenang,

ku hayang kula ngajaring,

najan ukur rerencepan.

 

Muga Étéh gancang mulang,

nyanding hirup jeung huripna."

 

Meakeun kapanasaran, nuturkeun pituduh nu disumputkeun dina baris kadua, 'rubuhna dina dalapan', ngahaja tiap ungkara disiksikan dina renghapna engang. Enya we geuning, tiap ungkarana teh diwangun ku dalapan engang. Ieu, geura:

 

Ngahaja kula nepungan, Nga-ha-ja ku-la ne-pung-an [8a]

sejana mileuleuyankeun, se-ja-na mi-leu-leuy-an-keun [8eu]

duméh Étéh arék miang, dum-éh É-téh a-rék mi-ang [8a]

ka nagri jauh di sabrang. ka nag-ri ja-uh di sab-rang [8a]

 

Lain arék senang-senang, La-in a-rék se-nang-se-nang [8a]

sasat rék nyébakeun diri, sa-sat rék nyé-ba-keun di-ri [8i]

sabab di nagri sorangan, sa-bab di nag-ri so-rang-an [8a]

hésé nyiar pakasaban. hé-sé nyi-ar pa-ka-sab-an [8a]

 

Ari éta parabaneun, A-ri é-ta pa-ra-ba-neun [8eu]

calawak satilu-tilu, ca-la-wak sa-ti-lu-ti-lu [8u]

budak yatim ti leuleutik. bu-dak ya-tim ti leu-leu-tik [8i]

 

Cacak lamun kula wenang, Ca-cak la-mun ku-la we-nang [8a]

ku hayang kula ngajaring, ku ha-yang ku-la nga-ja-ring [8i]

najan ukur rerencepan. na-jan u-kur re-ren-cep-an [8a]

 

Muga Étéh gancang mulang, Mu-ga É-téh gan-cang mu-lang [8a]

nyanding hirup jeung huripna. nyan-ding hi-rup jeung hu-rip-na [8a]

 

 

Atuh ana kitu mah, enya jigana, nu dimaksud ku TS unsur atavisme teh taya lian ngasupkeun unsur gaya sastra buhun kana naskah karya sastra jaman kiwari. Asa kungsi manggih nu jiga kitu teh dina 'Gunem Rencep Sidem' Enas Mabarti, dina lalampahan munggah haji, nu ditulis dina wangun guguritan.

 

*****

 

Lampiran 1 - Naskah Fiksimini

 

Citraresi

Ku Tatang Sumarsono

 

“Ngahaja kula nepungan, sejana mileuleuyankeun, duméh Étéh arék miang, ka nagri jauh di sabrang. Lain arék senang-senang, sasat rék nyébakeun diri, sabab di nagri sorangan, hésé nyiar pakasaban. Ari éta parabaneun, calawak satilu-tilu, budak yatim ti leuleutik. Cacak lamun kula wenang, ku hayang kula ngajaring, najan ukur rerencepan. Muga Étéh gancang mulang, nyanding hirup jeung huripna.”

 

Manéhna hookeun pisan, saha ieu istri geulis, dangdosan kabaheulaan, ungkara basana ahéng, asa jiga dina dongéng. Rancunit taya cawadeun, kulitna héjo carulang, dada beuneur cengkir gading, nyambuang seungit malati. Asana piraku teuing, papada TKW deui, nu meuting di panampungan.

 

“Kula gé baheula miang, hanjakal teu bisa mulang, indit pikeun séba pati, di tegal si awat-awat, di palagan lemah Bubat.”

 

Ahung ..., ahung ....

 

November 9, 2011

***

 

Lampiran 2 - Naskah Bait Guguritan

 

Citraresmi

Tatang Sumarsono

 

Tokoh 1:

"Ngahaja kula nepungan,

sejana mileuleuyankeun,

duméh Étéh arék miang,

ka nagri jauh di sabrang.

 

Lain arék senang-senang,

sasat rék nyébakeun diri,

sabab di nagri sorangan,

hésé nyiar pakasaban.

 

Ari éta parabaneun,

calawak satilu-tilu,

budak yatim ti leuleutik.

 

Cacak lamun kula wenang,

ku hayang kula ngajaring,

najan ukur rerencepan.

 

Muga Étéh gancang mulang,

nyanding hirup jeung huripna."

 

Tokoh 2:

Manéhna hookeun pisan,

saha ieu istri geulis,

dangdosan kabaheulaan,

ungkara basana ahéng,

asa jiga dina dongéng.

 

Rancunit taya cawadeun,

kulitna héjo carulang,

dada beuneur cengkir gading,

nyambuang seungit malati.

 

Asana piraku teuing,

papada TKW deui,

nu meuting di panampungan.

 

Tokoh 1:

"Kula gé baheula miang,

hanjakal teu bisa mulang,

indit pikeun séba pati,

di tegal si awat-awat,

di palagan lemah Bubat."

 

Ahung ..., ahung ....

***

 

Lampiran 3 - Naskah Uraian Engang

 

Citraresmi

Ku Tatang Sumarsono

 

Tokoh 1:

Ngahaja kula nepungan, Nga-ha-ja ku-la ne-pung-an [8a]

sejana mileuleuyankeun, se-ja-na mi-leu-leuy-an-keun [8eu]

duméh Étéh arék miang, dum-éh É-téh a-rék mi-ang [8a]

ka nagri jauh di sabrang. ka nag-ri ja-uh di sab-rang [8a]

 

Lain arék senang-senang, La-in a-rék se-nang-se-nang [8a]

sasat rék nyébakeun diri, sa-sat rék nyé-ba-keun di-ri [8i]

sabab di nagri sorangan, sa-bab di nag-ri so-rang-an [8a]

hésé nyiar pakasaban. hé-sé nyi-ar pa-ka-sab-an [8a]

 

Ari éta parabaneun, A-ri é-ta pa-ra-ba-neun [8eu]

calawak satilu-tilu, ca-la-wak sa-ti-lu-ti-lu [8u]

budak yatim ti leuleutik. bu-dak ya-tim ti leu-leu-tik [8i]

 

Cacak lamun kula wenang, Ca-cak la-mun ku-la we-nang [8a]

ku hayang kula ngajaring, ku ha-yang ku-la nga-ja-ring [8i]

najan ukur rerencepan. na-jan u-kur re-ren-cep-an [8a]

 

Muga Étéh gancang mulang, Mu-ga É-téh gan-cang mu-lang [8a]

nyanding hirup jeung huripna. nyan-ding hi-rup jeung hu-rip-na [8a]

 

Tokoh 2:

Manéhna hookeun pisan, Ma-néh-na ho-ok-eun pi-san [8a]

saha ieu istri geulis, sa-ha i-eu is-tri geu-lis [8i]

dangdosan kabaheulaan, dang-dos-an ka-ba-heu-la-an [8a]

ungkara basana ahéng, ung-ka-ra ba-sa-na a-héng [8é]

asa jiga dina dongéng. a-sa ji-ga di-na do-ngéng [8é]

 

Rancunit taya cawadeun, Ran-cu-nit ta-ya ca-wad-eun [8eu]

kulitna héjo carulang, ku-lit-na hé-jo ca-ru-lang [8a]

dada beuneur cengkir gading, da-da beu-neur ceng-kir ga-ding [8i]

nyambuang seungit malati. nyam-bu-ang seu-ngit ma-la-ti [8i]

 

Asana piraku teuing, A-sa-na pi-ra-ku teu-ing [8i]

papada TKW deui, pa-pa-da T-K-W deu-i [8i]

nu meuting di panampungan. nu meu-ting di pa-nam-pung-an [8a]

 

Tokoh 1:

Kula gé baheula miang, Ku-la gé ba-heu-la mi-ang [8a]

hanjakal teu bisa mulang, han-ja-kal teu bisa mu-lang [8a]

indit pikeun séba pati, in-dit pi-keun sé-ba pa-ti [8i]

di tegal si awat-awat, di te-gal si a-wat-a-wat [8a]

di palagan lemah Bubat. di pa-la-gan le-mah Bu-bat [8a]

 

Ahung ..., ahung ....

***

Kintunkeun Koméntar

Ngaran
Alamat email
Alamat Web
Koméntar
Tulis Kode: