Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."


Naon Ari Fiksimini?

Nazarudin Azhar | Ahad, 27 Januari 2013 08:52
Bagikan ka Lapak Facebook

Mindeng pisan maca dina postingan, boh dina koméntar, boh nu ngahaja ditulis jadi status dina ieu lapak: Naon ari fiksimini?

Sabenerna mah gampang hayang nyindekeun nu kumaha ari fiksimini mah. Tinggal nyalusur tina harti kecap. Aya kecap ‘fiksi’, aya kecap ‘mini’.

Fiksi téh sarua jeung carita rékaan. Carita nu dikarang, nu dumasar kana imajinasi. Kecap sipatna (ajéktif) nyaéta fiktif. Mun urang ngadéngé dina berita, upamana kecap ‘pausahaan fiktif’, éta téh hartina pausahaan bohong, ukur rékaan da taya buktina.

Dina karangan nu disebut fiksi téh upamana carpon, dongéng, novel, skénario boh film atawa sinétron (lian ti skénario pikeun film biografi), naskah drama, naskah humor, kaasup sajak.

Lalawananana tina fiksi nyaéta nonfiksi. Aya dua kecap tah di dinya téh, kecap ‘non’ jeung ‘fiksi’. Ari ‘non’ téh hartina ‘lain’, atawa ‘lian ti’. Hartina tulisan lian ti fiksi. Sipatna faktual, dumasar kana hal-hal nu nyata, enya ayana dina kahirupan urang, suméndér kana kajadian nu nyata. Upamana tulisan jurnalistik nu kudu nembrakkeun 5 W 1 H (What, Who, When, Where, Why, How), tulisan opini, artikel, karangan ilmiah, tesis, skripsi, resénsi buku, catetan poéan, film dokumentér, biografi, jeung tulisan nu sawanda liana.

Ku sakitu gé jigana rada écés, yén nu disebut fiksimini téh hartina karangan fiktif atawa carita rékaan nu pondok pisan, da kapan maké kecap ‘mini’.

Dina kamekaran dunya sastra, béh dieu sok aya karangan nu rada pacaruk, antara fiksi jeung nonfiksi. Upamana carpon nu nyindekel kana kajadian atawa tokoh nu nyata. Réa contona, upamana dina carpon-carpon Jorge Luis Borges (upamana dina bukuna “Sejarah Aib” atawa “Labirin Impian”). Carpon-carponna nyaritakeun tokoh nu kungsi aya, atawa kajadian nu nyata nu ku para ahli sastra disebut fiksi ilmiah atawa realisme magis. Éta gé asup kana kalang fiksi, da Borgés salaku pangarang teu ngan ukur nuliskeun fakta atawa kajadian nu faktual, tapi ogé méré warna nu imajinatif; tafsir anu dumasar kana imajinasina. Kitu deui novel nu pepek ku data ilmiah, upamana novel “Da Vinci Code”. Datana ilmiah, tapi lalakonna fiktif.

Jadi kitu tah. Pikeun cecekelan saheulaanan mah, nulis fiksimini téh nyaéta nuliskeun karangan nu dumasar kana imajinasi, nu ukuranana leuwih pondok tibatan carpon. Sangkan puguh, dina ieu lapak, panjangna fiksimini téh dipiharep teu leuwih ti 150 kecap. Naha maké 150 kecap? Kurang leuwih éta téh. Da mun leuwih panjang ti sakitu, komo mun panjang pisan, nya meureun lain fiksimini. Bisa jadi ngaranna béda deui, jiga sababaraha taun ka tukang kungsi medal buku “Carpon Mini” judulna “Ti Pulpén tepi ka Pajaratan Cinta”.

Ké heula, kumaha mun sajak? Naha bisa diposting dina ieu lapak?

Fiksimini téh panginditanana tina prosa, lain puisi atawa sajak. Jadi karanganana gé karangan prosa, ngan pondok. Jadi seratan nu mangrupi puisi atanapi sajak mah, teu lebet kana fiksimini. Iwal karangan nu disebut prosa liris. Mangga éta mah. Kumaha ngabédakeunana? Ku conto wé, mun urang kantos maca karya Kahlil Gibran nu judulna “Sayap-sayap Patah”, cenah éta téh disebutna prosa liris.

Biasana mah puisi atawa sajak leuwih anteb ulin dina métafor. Naon nu hayang ditembrakkeun dina tulisan, dipapandékeun kana métafora, atawa kecap barang nu bisa disurahan hartina sacara konotatif. Ari nu disebut prosa liris mah, biasana karasa dina wirahma kalimahna (unsur musikalitasna), lain pédah leubeut ku métafora.

Prosa téh asalna tina basa Latén, hartina “terus terang”. Nembrak. Jadi fiksimini béda jeung sajak nu resep ‘nyumputkeun nu hayang ditepikeun’ ku pangarangna. Dina sajak mah, nu maca remen kudu ‘ngasruk’ heula sangkan bisa néwak makna atawa harti dina éta sajak. Béda jeung maca prosa. Nu maca geus disuguhan tokoh, lalakon, konflik, jeung nu liana ku pangarang. Geus nembrak. Nu maca tinggal nuturkeun galur carita.

Aya nu nyebutkeun, cenah bédana prosa jeung puisi téh nyaéta; prosa mah nembrakeun nu aya dina pikiran, ari puisi mah ngedalkeun nu aya dina perasaan.

Jadi fiksimini Basa Sunda téh hartina nya fiksimini atawa prosa pondok (pisan) nu ditulis dina Basa Sunda. Mun aya postingan nu maké basa Indonésia atawa basa Inggris, meureun nu nulisna teu bisa maca judul ieu lapak, atawa teu ngartieun yén ieu lapak téh dijieun pikeun “ngamulyakeun” Basa Sunda, ngaliwatan tulisan fiksimini.

 

Curhat jeung Naon ku Hanteu

Kalan-kalan (malah beuki dieu mah asa mindeng pisan kétang) dina ieu lapak sok aya postingan tulisan nu teu bisa disebut fiksi. Urang aranan wé tulisan curhat, curahan hati, nu salila ieu sok dipaké istilah pikeun gerentes haté nu dikedalkeun sangkan kabaca atawa kadéngé ku jalma lian.

Upamana tulisan jiga kieu:

Duh, hujan téh teu raat-raat yeuh, mangkaning kudu ngahadiran ondangan. Teu nanaon meureun teu datang gé nya? Dima’lum meureun ku nu ngondang gé.

Atawa:

Panon uleng melong komputer, kopi geus béak dua gelas, roko dua bungkus, rék nulis fiksimini teu bisa waé. Nulis naon atuh nya?

Atawa:

Haté mah geus aya di Bandung ieu téh, hayang milu ngaronggéng gunung, ngan kumaha atuh ieu téh, nuju tongpés…

Tulisan nu sapertos kitu mah cekap wé dipostingkeun dina status fésbuk nyalira. Teu kedah dina lapak FBS. Dina ieu lapak, nu dipiharep téh nyaéta tulisan fiksimini, karangan nu dumasar kana daya imajinasi nu ngarangna. Dalah mun tulisanana dumasar kana kajadian nu nyata, nya dipapaés deui ku nu sipatna imajinatif.

Téma, suasana, sareng gaya basana mah bébas, nyanggakeun. Nu penting mah tulisan fiksimini téh aya mangpaatna keur nu lian. Saeutikna pikeun panglipur. Da kapan pangna karya fiksi salila ieu bisa terus hirup lantaran aya nu maca, ku naon dibaca, nya dianggap aya mangpaatna keur nu maca. Rék carita cinta, réligius, atawa carita misteri, humor, jeung lian ti éta.

Najan pangarang dibébaskeun pikeun ngarang naon waé, tapi tetep kudu aya dina lilinggeran étika jeung susila, ulah matak ngabarubahkeun haté ka nu maca. Carita nu mémper kana cawokah gé sabisa-bisa teu diumbar teuing. Enya, urang Sunda téh cenah resep kana dongéng cawokah, tapi dina ieu lapak mah moal sina réa postingan nu karitu téh. Utamana mah ieu lapak téh dibaraca ogé ku murid sakola, boh SMP boh SMA, nu keur dialajar Basa Sunda. Hayang-hayang teuing nyieun carita cawokah mah, mangga wé lebet ka grup Cawokah Nasional dina fésbuk. Di dinya mah bébas.

Lian ti éta, nu dipahing téh nyaéta karangan meunang niron. Kungsi kapanggih sababaraha postingan meunang niron tina grup fiksimini basa Indonésia. Nu langsung kapanggih mah, langsung sina ngahiang ku admin. Nu dipiharep téh karangan nu asli meunang pangarang. Mun tarjamahan, nya kudu dituliskeun nu ngarang karya aslina.

Kumaha mun nu diposting téh humor tapi ‘garing’, teu lucu? Ah, nyanggakeun wé éta mah. Gumantung seléra ari humor mah. Da kapan pangaresep mah béda-béda. Aya nu resep Opera van Java (OVJ), aya nu resep standing comedy. Bebas. Iwal, upami fikmin humorna dianggap teu uni, nya kedah sina ngahiang tina lapak.

 Sementawis mah sakitu heula. Mugia ieu lapak teras nanjung, dipikanyaah ku sadayana.

 Tasikmalaya, 1 Januari 2012

Kintunkeun Koméntar

Ngaran
Alamat email
Alamat Web
Koméntar
Tulis Kode: