Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."


Mun Basa Sunda Hayang Ngigelan Jaman

Tatang Sumarsono | Ahad, 27 Januari 2013 08:46
Bagikan ka Lapak Facebook

Ari kahirupan basa Sunda téh bakal saluyu jeung kaayaan jaman; hartina terus barobah ti mangsa ka mangsa. Lamun teu kitu mah, geus tangtu basa Sunda téh geus paéh ti baheula kénéh ogé; sakumaha anu karandapan ku basa Kawi, Sansakerta, atawa Latin, upamana. Dina kahirupan hiji basa, anu pangbabarina robah téh ngurung kabeungharan kecapna; kecap alanyar jul-jol daratang, boh anu dadakan dijieun boh serepan tina basa séjén, kecap heubeul anu dianggap geus teu produktif lus-les laleungitan tina pakumbuhan. Asup jeung leungitna ungkara kecap téh gumantung ceuk masarakat anu miboga atawa maké éta basa. Ari anu hésé robah nyaéta unsur adegan (struktur) basa; ngurung adegan kecap (morfologi) jeung adegan kalimah (sintaksis). Lian ti éta, anu hésé robah téh unsur tata harti (sémantik) deuih.

Urang sok remen ngadéngé istilah basa Sunda kamalayon (tina kamalayuan) anu konotasina négatif; maksudna basa Sunda anu dianggap teu nyunda. Naha maké disebut kamalayon? Ilaharna mah éta panuding téh nyoko kana struktur jeung sintaksis, lain ku sabab faktor kecap anu digunakeunana. Geura urang bandingkeun tilu kalimah ieu: 1) Imah-imah anu aya di suku gunung, diharepkeun ulah jadi nambahan, sabab bisi ngaganggu lingkungan. 2) Apanan harita mah beus kota téh teu nurunkeun panumpang di halteu, sabab ku pulisi disetop palebah rumah sakit. 3) Najan kungsi hohopéngan jeung salasaurang pamingpin Éropa ogé, dina pamustunganana mah Osama bin Laden téh angger waé diwontidkeun ku Amérika.

Lamun urang ngagunakeun rasa basa Sunda, anu kaasup kamalayon téh kalimah kahiji, sok sanajan pilihan kecapna nyarunda. Pangna disebut kitu téh sabab boh adegan kecapna (imah-imah, diharepkeun) boh adegan kalimahna meleg-meleg néplak tina basa Indonésia. Salasahiji ciri adegan kalimah anu nyunda téh di antarana sok ngagunakeun kecap panganteb (mah, téh, téa, atuh, waé, jeung sajabana). Ari kalimah kadua, sanajan géréngsél ku kecap injeuman tina basa batur ogé (beus, panumpang, halteu, sabab, pulisi, disetop, rumah sakit), ungkara kalimahna mah karasa nyunda. Kalimah katilu ngagambarkeun kumaha "nalaktakna" si panyatur dina ngagunakeun basa Sunda, ku cara nyieun istilah anyar anu bahanna meunang nyokotan tina basa deungeun. Kecap hohopéngan asalna tina basa Cina, hopéng, anu hartina sobat; jadi hohopéngan téh maksudna sosobatan. Ari kecap diwontidkeun asalna tina basa Inggeris, wanted; maksudna keur ditétéangan ku sabab dianggap geus milampah kajahatan.

Ari anu disebut basa, saenyana éta téh sampurna. Taya hiji ogé basa anu teu sampurna. Maksudna, kabeungharan kecap anu nyampak dina hiji basa téh sampurna, atawa nyukupan, alias moal tepi ka kakurangan, pikeun nyaritakeun budayana. Basa Sunda téh sampurna, moal tepi ka kudu nguyang ka batur, lamun urang rék nyaritakeun budaya Sunda. Kitu deui basa Mentawai téh sampurna, pikeun nyaritakeun budaya Mentawai. Basa Inggeris, Jerman, Urdu, Tagalog, Arab, jeung sajabana sarua sampurnana, lamun dipaké nyaritakeun budayana séwang-séwangan. Aksiomana, basa Sunda téh --wayahna-- henteu atawa moal sampurna, lamun dipaké  nyaritakeun budaya anu lain Sunda. Kitu deui basa-basa lianna, sarua deuih teu atawa moal sampurna, lamun dipaké nyaritakeun hal-hal anu aya di luareun budayana.

Dina prosés tumuwuh jeung mekarna, basa Sunda téh sok digolongkeun kana basa agraris. Cindekna, basa anu hirup di lingkungan kaom ahli tatanén; mimitina ngahuma, terus ditambahan deui ku nyawah, sanggeusna urang Sunda kapangaruhan ku budaya Jawa. Atuh lamun ditilik tina adegan jeung ungkarana, basa Sunda sok disebut basa rasa. Cindekna, basa anu réprésentatif tur éksprésif pikeun ngébréhkeun eusining rasa. Anu matak, lamun urang rék nyaritakeun sagala rupa anu nyampak dina budaya atawa masarakat tatanén, basa Sunda téh karasa pisan luhungna. Tapi, lamun urang rék nyaritakeun hal-hal anu aya di luareun éta, upamana waé ngeunaan téknologi anu miangna tina logika, lain tina rasa, tétéla basa Sunda téh karasa (pisan) samporétna, bari sagala tuna; itu euweuh, éta suwung, ieu teu nyampak. Ari sababiahna mah déét pisan, heueuh, apan téknologi (komo anu canggihna) lain, atawa tacan jadi bagian tina budaya Sunda. Barang anu éta mah boga deungeun, anu ayeuna ku urang sok (mindeng) diinjeum. Dina kabuktianana, anu nyosok ka urang téh henteu ngan sawates budaya téknologi-industri wungkul, tapi deuih papahaman (ismeu), conto anu paling déét misalna démokrasi, anu gedé pangaruhna kana aturan maké basa. Sok kadéngé aya anu nyurahan yén dina alam démokrasi mah sakabéh jelema téh satata, taya panta-pantana. Ku sabab kitu, undak usuk basa anu konsép dasarna tina féodalismeu téh dianggap geus teu saluyu dina alam démokrasi mah.

Ari urang Sunda kiwari, naha masih kénéh kaasup masarakat agraris? Jigana mah teu sagemblengna kitu, nya? Kahirupan urang Sunda kiwari, sabagian (duka gedé, duka leutik) geus teu napak dina budaya tatanén. Kahirupan urang Sunda kiwari geus kasosok ku budaya deungeun, copélna ku budaya anu dianggap geus nganasional. Dina kabuktianana, urang teu bisa nyebut embung, teu bisa nolak, teu bisa nyingcet; éta pangaruh téh ngepung ti sakabéh pongpok angin. Heueuh, da bonganna atuh, dina gunggungan kahirupan kiwari anu geus ngadunya (kasajagadan atawa globalisasi), urang Sunda teu (atawa tacan, kitu?) mampuh pikeun cumarita, atawa jadi lulugu anu mangaruhan dunya. Dina pagaliwotana budaya dunya, urang téh karék semet bisa nuturkeun, anu sakapeung teu katuturkeun deuih. Tong waka ngigelkeun jaman, dina lebah ngigelan jaman ogé urang téh sok rajeun (atawa boa remen) tinggaleun ku batur. Ulah waka di tingkat dunya atuh, bisi lega teuing, di tingkat nasional wé, naha urang Sunda geus bisa cumarita? Kilangbara bisa ngaleuwihan, atuh bisa-bisa mapakan sélér bangsa batur anu masih kénéh sa-Nusantara. Aya hiji panalungtikan urang deungeun (hanas urang moal percaya, nya pék waé) anu nyebutkeun, dina percaturan nasional, peran urang Sunda téh aya dina tahap katujuh!

Ngahaja kuring nyaritakeun hal éta, pikeun méré gambaran: tah kahirupan basa Sunda dina kakiwarian téh aya dina kondisi budaya kawas kitu. Naha basa Sunda bakal paéh bin tumpur? Kuring nu pangheulana nyebut: moal! Basa Sunda moal tumpur, jeung dina kabuktianana ogé geuning teu tumpur-tumpur, sakitu geus dipikamelang ti jaman béh ditu kénéh. Enya, basa Sunda moal tepi ka tumpur, satungtung disaluyukeun kana jamanna, bari tatan-tatan mapag nu bakal datang. Tapi tangtu waé éta tarékah téh kudu dumasar kana konsép anu écés tur puguh gékgékanana; ulah sakasampeurna, atawa sahayuna, komo lamun diantep sina sakarep-karep.

Hanjakalna téh, éta tarékah tacan (enya-enya) dipigawé ku urang. Padahal urang téh Peraturan Daerah ngeunaan basa geus boga, lembaga anu baris ngalaksanakeunana (boh resmi boh swasta) geus aya, kitu deui médiana nyampak, tapi dina kabuktinana, heueuh, kawas ayeuna wé geuningan. Mana kitu gé urangna tacan daria. Geus, ulah sok nyalahkeun batur, mending gé nyaliksik diri pribadi, terus digawé sakamampuhna, bari ulah dibarengan ku ngalelewewang diri sorangan.

Matak maséakeun

Ngan lamun urang mulangkeun deui basa kana hakékatna, apan kahiji fungsi basa téh alat pikeun komunikasi, jeung kadua ari pasipatan basa téh sok robah; geuning buktina basa Sunda anu dipaké ku urang ayeuna geus jauh pisan mun dibandingkeun jeung basa Sunda jaman Prabu Siliwangi mah, tapi tetep wé éta téh dina enas-enasna mah basa Sunda, bari jeung urangna ogé tetep (masih kénéh) ngaku Sunda

Mun kitu, lebah mana waé anu wenang robah dina ngagunakeun basa téh? Hal ieu tangtu bakal balik deui kana hukum parobahan basa, sakumaha anu geus didadarkeun dina awal ieu makalah. Mun téa mah ungkara kecap anu sapopoé digunakeun ku urang beuki nambahan, alatan asupna kecap alanyar, boh tina basa Indonésia boh tina basa deungeun, ceuk pamanggih kuring mah nya wajar waé. Ngan kudu jadi catetan, asupna éta kecap téh ulah nimbulkeun pabeulit harti. Biasana mah timbulna hal ieu téh ku sabab ungkara kecap dina basa Indonésia sarua jeung ungkara dina basa Sunda, tapi hartina pajauh. Contona kecap bangga anu meleg-meleg tina basa Indonésia, béda pisan hartina jeung bangga dina basa Sunda. Sabab, kecap bangga dina basa Sunda hartina hésé. Lian ti éta anu sok remen dipabeulitkeun téh misalna kecap: pasir (keusik), ruang (rohang), cocok (cocog), lain (lian), songsong (papag), lemah (héngkér), atawa luas (lega). 

Karasa pisan ku urang, kumaha meuweuhna kecap alanyar anu tacan nyampak dina basa Sunda anu daék teu daék kudu ditampa jadi bagian tina basa Sunda, pangpangna anu patali jeung téknologi-industri katut rupa-rupa hasilna. HP, pulsa, komputer, monitor, sound system, jeung rupaning istilah lianna anu sakitu nyayeudna, anu ayeuna geus jadi bagian tina kahirupan urang sapopoé. Naha ku urang rék dijieun istilahna dina basa Sunda? Nya alus waé lamun sakirana kadada kaduga mah; upamana HP disundakeun jadi telepon keupeul (tarjamahan tina telepon genggam), follow up jadi lajuning laku, approach jadi pamarekan, atawa mouse (bagian tina komputer) jadi beubeuritan. Ngan pasualanana, éta téh kasawangna lain pagawéan énténg-énténg, sabab jumlahna loba pisan. Jigana kudu diwilah-wilah heula; mana anu rek dijieun istilah Sundana, jeung mana anu rék sina angger kawas dina basa aslina. Hanas istilah anyarna geus dijieun ku urang, tapi teu payu di masarakat, cindekna teu diparaké, nya dalah dikumaha, urang teu bisa maksa-maksa. Contona istilah dina basa Indonésia anu dijieun ku Pusat Bahasa, mangkus jeung sangkil pikeun ngaganti efektif jeung efisien, apan teu payu di masarakat mah, da tara diparaké. Istilah telepon keupeul atawa beubeuritan, upamana, bisa jadi ku masarakat mah teu pati dipikaresep, sabab dianggap henteu ékonomis; leuwih babari ngunikeun HP atawa hapé batan telepon keupeul. Tapi, rék kitu rék kieu, taya salahna mun urang nyoba heula ngasongkeun.

Dina hal itu, lembaga anu geus aya kudu katémbong ketakna. Di lingkungan Dinas Pendidikan Jawa Barat, apan saenyana aya lembaga anu tugasna makihikeun basa Sunda. Ari lembaga swasta, apan aya LBSS alias Lembaga Basa jeung Sastra Sunda. Terus deuih apan aya anu disebut Pusat Studi Sunda. Di sawatara perguruan tinggi gé aya apan lembaga kawas kitu téh, upamana di Unpas aya Lembaga Kebudayaan. Hanjakal cék anu sakanyaho mah tacan sinergi éta lembaga-lembaga téh.

Aya deui hiji hal anu sok remen kapireng jadi masalah dina jaman kiwari, nyaéta bab makéna undak usuk basa. Jadi teu kudu anéh mun aya kahayang: geus waé undak usuk dina basa Sunda téh leungitkeun, da kalah matak ngagokan.

Jigana enya pikeun sabagian (gedé) urang Sunda mah undak usuk téh matak ngagokan. Geuning sok rajeun kadéngé, "Punten, bilih lepat undak usuk basana." Kedalna éta sanduk-sanduk téh meureun minangka tatan-tatan bisi aya anu cegékan jeung resep nyempad mun aya anu salah dina ngalarapkeun undak usuk basa. Cilakana, ku sabab sieun salah, anu tadina rék nyarita ku basa Sunda téh jadi robah kana basa Indonésia, anu dianggap leuwih ngagambarkeun suasana démokrasi. Tuh pan, ngurangan wé anu nyarita ku basa Sunda téh. Heueuh, da sieun salah atawa disalahkeun téa!

Lian ti éta, lamun salah dina ngalarapkeun undak usuk téh bisa pabeulit harti deuih. Geura contona:

“Abdi téh harita pasosonten badé nepangan, tapi kaleresan Bapa nuju kulem sareng pun bojo.”

Éta omongan matak maséakeun, da kuduna mah kecapna lain pun bojo, tapi garwa atawa istri Bapa.

"Engké waé atuh tepang téh di rorompok, ba'da asar," ceuk Si A ka Si B.

Dina émprona, duanana henteu tepung, sabab Si A indit ka imah Si B, ari Si B indit ka imah Si A. Ceuk ahli basa mah anu salah téh Si A, sabab kuduna manéhna anu nungguan di imahna téh.

 Ku ayana kasus-kasus kawas bieu, beuki kuat waé tanaga anu hayang ngaleungitkeun undak usuk téh. Geus waé kecap pun téh leungitkeun, ngan kudu dituturkeun ku katerangan; bojo abdi atawa bojo Bapa, rai abdi atawa rai Bu Guru. Kitu deui bangsaning bumi jeung rorompok, geus waé anggap sarua dina ngalarapkeunana. Naha rék bumi abdi atawa rorompok abdi pék téh teuing.

Kumaha, tah?

Kintunkeun Koméntar

Ngaran
Alamat email
Alamat Web
Koméntar
Tulis Kode: