Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."


Kuring, Godi Suwarna, Fikmin, jeung Honor Fikmin

Nana Sukmana | Ahad, 27 Januari 2013 08:45
Bagikan ka Lapak Facebook

SABAN muka Fesbuk, kuring mah sok mukaan heula “koropak” bisi aya surat anu asup. Ti dinya tuluy mukaan “iber”, diiilikan saha nu barangkirim, tara kabéh dibaca deuih, ukur hiji dua baé, da mésbuk téh keur ubar rengkeng selang-selang tina pagawean. Tina sakitu réana nu barangkirim, nu sok pangheulana dibuka téh kiriman ti nu dareukeut (dina fesbuk) diantarana Kang Godi Suwarna, Dian Hendrayana. Resep, Kang Godi mah barangkirimna sok béda ti nu séjén. Mun diibaratkeun sangu téa mah, mun nu sejen ngirim sangu bodas sapiring, Kang Godi mah ngirim sangu bodas téh sakapeung dina daun, sakapeung dina pipiti, sakapeung dina dus, malah teu euleum-euluem ngirim sangu bodas dina korang.  Wangun sanguna ogé sok béda deuih, aya kalana siga congcot, siga batok,  sakapeung siga nu ngahaja sina raméték bari rada awur-awuran. Henteu cukup ku kitu deuih, da kalan-kalan mah sangu bodas téh sok dipulurulkan goréng bawang, sisiksik salédri jeung bawang daun, atawan ditumpangan sawén daun salam. Ah, pokona mah matak hayang murak wé. Cacak acan jeung deungeunna Éta téh.

Ana am dihuapkeun, sangu téh haraghag jeung haneut kénéh. Matak ponyo, hayang mindo. Nimat ngagayemna, lebar mun buru-buru diteureuy. Dibacana  genah. Genah pisan. Sanajan idé-idé anu ditepikeunana kaasup linghas bari –ceuk batur mah—teu parok, tapi basana mah éstu ngagalindeng. Ngaguluyur. Nyariki.  Diksina leubeut pisan. Nepi ka sok lebar upama ngan maca sakali téh, da Kang Godi mah nyieun status téh teu beda ti nyieun sajak, maké parabot paranti nyieun sajak, sok sanajan mindeng ngagejeburkeun nu maca da tungtungna jadi nyalenggor kana heureuy atawa dibarung ku heureuy, népi ka matak nyenghél nu maca. Aya kalana matak kerung deuih. Maca téh kapaksa kudu bulak-balik bari diimeutan naon maksudna. Sanggeus dua tilu kali maca karék benghay maksudna. Angger kudu diintip jerona mah.

Ari kiriman ti Dian, upama sangu tea mah, karasa pulenna siga kakara meunang ngakeul. Lebar lamun teu ngeupeul tuluy dicocolkeun kana uyah téh. Bubuhan biasa ngadangding bari bisa tembang, basana anteng ngagalindeng.  Ngan nya kitu Dian ge kaasup nu lenger mun nyieun status téh. Mimitina mah énya ngusapan, tapi tungtungna sok peletak néké, mun teu kitu sok ngajongklokkeun. Anéhna téh sakitu geus apal kalakuan lengerna, ih da teu kapok dibobodo atawa dperekpek ditékéan. Henteu asa dicalutakan deuih.

Sanajan kitu kuring tara ludeng “tumpas-tempas” sanajan sok milu dina pasamoan dina sosompang pesbuk Kang Godi. Era ku nu sejen. Rumasa can loba kanyaho, rumasa can loba kabisa.  Enya gé kuring geus rada lila resep kana tulas-tulis, tapi da nyakitu, boh tulisan nu dimuat di Mangléboh di Galura, asa hapa, euweuh nanaonan. Kawantu deuih kurang kanyaho dina lebah paelmuanana. Da kuring mah nulis teh estuning nulis bae, henteu maké teori –da ku teu apal téa. Katurug-turug  kuring mah kurung batok deuih. Tepung jeung jinisna gé teu nitih taun kali. Anu matak tara bisa nyarita najan nu séjén keur silih tempas sual kaweruh sastra dina sosompangna. Ah, cukup baé ngabandungan bari mulungan luang. Kasundut ku tulisan Kang Godi jeung Dian, kuring gé sok nyieun status nu rada harib-harib kana sasajakan (imitasi pasna mah), da tadina mah mun cocorétan dina bilik sorangan téh sok ku basa salancar baé. Berekah, arang langka maké basa Indonésia. Nepi ka aya babaturan kuliah anu pok pisan, “Alus, kata suami saya, Nana mah konsistén nyieun status téh”. Ukur mesem dikitukeun téh, da jeung ényana atuh nulis ku basa Sunda mah asa bedah rasa téh, béda jeung ku basa séjén.

Tina awahing ku hayang barangjieun, kuring lahlahan nyieun sasajakan (lain sajak enyaan da ukur ngarugal-rigel kecap bari teuing aya eusian teuing euweuh) tuluy ditulis dina “catetan”, wur diawurkeun ka sababaraha urang babaturan anu ku kuring dianggap ngarti kana basa Sunda. Bungah aya, hamham aya, basa Kang Godi Suwarna “ngengklokan” bari tuluy ngacungkeun indung leungeun. Kitu deui babaturan anu katarana ngalarti kana urusan sajak marilu mairan. Ceuk kuring harita, najan basana muji, Kang Godi lain muji ka kuring, tapi ukur ngabebenjokeun budak nu keur diajar nyarita. Apan kuring mah can kungsi nyieun sajak. Tina banget ku hayang ngobét nu saenyana, gutrut we kuring nulis panjang lebar ngeunaan kahangham kuring bieu. Tuluy diasupkeun kana koropakna. Maksudna, kuring hayang meunang jawaban nu clik putih clak hérang. Bawirasa ari dina koropak mah moal aya kakagok, boh kuring boh Kang Godina, da ngan kabaca ku duaan. Dina dijejeléhna deuih, kuring moal éra sabab teu kadéngéeun ku batur. Kuring meredih harita téh sangkan Kang Godi nyarita satarabasna, béjérbéaskeun, mun goréng lebah mana goréngna, mun rada mangrupa lebah mana mangrupana. Teu lila aya jawaban. Dibaca. Teu pati beda basa ngengklokan tea. “Enyaan kitu ieu teh?” ceuk haté sabada ngadéngé Kang Godi ngagelendut nyarita ngeunaan sasajakan kuring. Anéhna téh, sakitu Godi geus ngajawab satarabasna, kuring asa can ngarasa sugema, da asa can kabetrik, can loba kacawad. Ceuk kuring, mun angeun mah asa hambar kénéh. Hanjakalna can kauji ngeunah henteuna lantaran kakara diasaan ku chef anu ngawurukan kuring. Bisa baé, anu teu pati ngeunah ogé disebut ngeunah. Padahal kuring mah hayang togmol, hayang nepi ka éra, hayang nepi ka beureum ceuli.

Papadaning kitu, sabada dijujurung ku anjeunna, kuring ngawani-wani manéh ngirimkeun sasajakan bieu ka Mangle (tangtu baé saméméhna geus diropéa heula). Dimuat wé ku Manglé téh. Duka naon alesanna mah. Duka mémang manjing disebut sajak duka mémang karunyaeun ka kuring, atawa duka mun pédah wanoh jeung redaksina. Ah, pokona mah dimuat wé éta sasajak munggaran téh. Bungangang alahmanan ditampi asih ku nu geulis. Jajantung kuat ratug. Peureup teu reureuh dibuleud-buleud kawas Kaka tas ngagulkeun. Leubih bungah manan dimuat carpon. Duka kumaha. Duka duméh kakara meureun. Agul ka diri sorangan.

Tah ti harita kuring beuki resep ngarugal rigel kecap. Itung-itung ngalatih nulis ku basa Sunda wé. Welasan taun tuda katingalkeun. Katungkulkeun ku nulis basa Indonésia, bubuhan kajurung ku pakasaban téa. Keur meumeujeuhna resep maca jeung nulis dina bilik, pagawéan asa beuki pakepuk. Pet tara mukaan deui sosompang. Kétang, osok kalan-kalan nulis sakotrét mah tamba henteu teuing, tapi da sok kasilep ku tulisan batur bari jeung –meureun– babaturan geus parohoeun. Ka-dieunakeun merengseng deui hayang nyorétan bilik. Keun baé euweuh nu opénan, euweuh nu ngageunggeureuhkeun ogé. Rék nulis wé tuluy.

Tah, mangsa kuring keur ulin sorangan, da batur teuing ka marana, uing ngalanto deui kana sosompang Kang Godi.  Harita dina bilikna aya tulisan ngeunaan tulisan Retty lapak Fikmin anu cenah matak jadi hareudang saréréa. Ngawani-wani manéh nanya, “Naon ari fikmin téh? Ngiringan atuh!” Kuring diaéh-aéh dibageakeun, dipangmukakeun panto. Ana gebrus, gustiii... asa hayam panyambungan. Geuning dedengkot wungkul. “Ieu mah atuh pasamoan gédé jalma-jalma anu makom dina adeg-adeg sastra Sunda,” ceuk haté bari malipir ngarah teu katohyan palanca-poloncona teuing. Di jero nu keur gunem catur beuki ramé, aya nu daria, aya nu bari rada ngabojég, aya anu bari nyakakak, malah aya ogé anu nyenggakan wungkul. Kuring mah nyempod wé dina jajaran pangtukangna. Rumasa jalma anyar bari pangaweruh jauh tanah ka langit jeung jalma nu keur gunem catur. Dina kaayaan kitu mah sanajan upamana apal ogé, aya teu payus jalma anyar pinanggih ngadon lauk buruk milu mijah. Cucungah kasebutna.

 

Sanggeus unggal poe asup ka ieu bale panglawungan sastra digital, kuring mimiti nikukur. Uluk salam bari mamandapan ka nu araya. Leuh, geuning pangbagéna éstuning matak reugreug kana haté. Dikitukeun mah kuring henteu tumarumpang deui. Prung wé milu masamoan. Kuring milu cocorétan bari ngahaja mopohokeun beuneur-hapana tulisan. Keun baé imitasi-imitasi gé sugan aya mangpaatna. Kuring ngirimkeun nu imitasi bari tuluy tatanya ka saban empér nu aya dina ieu pangauban nu kumaha ari émas sinanglingna. Kumaha ciri-cirina? Jujur bae da kuring mah apal teu apal élmuna, henteu cangkem téorina. Jadi kudu loba tetelepék. Kudu bodo alewoh ceuk kolot mah.

Leuh, geuning munel pisan. Lamun kuring kudu ngahajakeun sakola bab élmu fikmin, meureun kudu taunan bari pisabarahaeun wargadna ku ukuran sakola kiwari anu hargana jucung ka langit. Ku leukeun saban poé asup ka ieu rohangan bari ngadédéngékeun nu keur gunem catur, rada enyay-enyayan. Henteu poékeun teuing. Tah tulisan imitasi téh ngahaja sok diasong-asong dina pasamoan nu dipalar sangkan katangen ku para ahli ku Kang Godi, Kang Tatang Sumarsono, Hadi Aks, Dadan Sutisna, Dédén Abdul Azis, Nunu Nazarudin Azhar, Pa Ganjar Kurnia, jste. Maksudna sangkan pada ngagelendeng ku almukaromun fikmin. Jujur baé, kuring tara sugema lamun jalma-jalma nu disebut bieu ngan ukur ngacungkeun indung leungeun bari ngaliwat, da kahayang téh ngagelendut ngomongan, ngabebener, ngalelempeng, malah mun bisa mah nepi ka nyarékan, sangkan kuring beuki kagitik. Moal, moal éra, da ayeuna mah geus kagok asong ngagejebur ka dieu. Moal pundung deuih. Moal deuk ingkah balilahan deui.

Sanajan fikmin téh bisa jadi disebut ukur “kalangenan” (dikekentengan), tapi estuning minuhan saban rohangan batin. Tempat nedahna rasa. Nyumponan pangabutuh batin. Buktina, awahing ku sono jeung deudeuh ka Néng Fikmin, sok mindeng lat poho ka pamajikan nu ti soré kénéh ngarep-ngarep dipépéndé, ditangkeup deudeuh, sina nyangsaya dina dada bari diharewosan, “Honey, I love you forever. Salira taya robihna. Angger gamuleng. Sanaos ratusan purnama ngalanglangan saban sasih, ieu haté henteu ieuh kabéngbat ku sumiratna,” bari celengok lebah tarangna. (suit suwiw!).

Basa pun Nunu (Nazarudin Azhar) pupuntenen nyuhunkeun widi bade ngamuat sababaraha fikmin di H.U.Priangan, sim kuring sapuk pisan (Muga-muga bisa dituturkeun ku H.U.Galamédia, sasama anak penerbitan Pikiran Rakyat).  Kuring ngimpi, kumaha lamun ieu fikmin téh henteu ngan ukur medal di alam maya, tapi kudu aya nu medal di dunya nyata. Maksud téh dina wangun koran, malah, atawa kumpulan fikmin. Tangtu baé henteu sagawayah fikmin bisa dimuat. Kudu aya girang pangajén atawa girang rumpaka anu meunteun ajén fikmin téa. Saterusna, tangtu baé saban fikmin anu medal kudu diajénan (dihonoran) ku jumlah anu henteu néngtérégé. Luyukeun jeung standar honorarium nu geus aya. Sukur lamun bisa leuwih gedé. Apan fikmin téh meunang mikir, ladang ngamodal, maké setrum, maké pulsa. Paling copel pulsa jeung setrumna kudu kagantian. Urang diajar ngajénan karya.

Admin fikmin (Nunu, Kang Godi, Dadan ), anu kamari ngayakeun saémbara taunan dituluykeun kana saémbara dua mingguan, ceuk kuring mah lain tarékah joré-joré, lain wawayagon. Kudu dirojong ku saréréa. Husus anu dua mingguan, ka hareup mah atuh pinunjulna 1, 2, 3 bari jumlah honorna kudu rada ditambahan. Lian ti éta girang pangajén ge kudu dibéré kadeudeuh minangka rédaksina, da henteu meunteun bari ngimpi atawa bari lalangkarakan. Panon ge bakal tibélél-bélél macaan puluhan, malah ratusan fikmin tina laptop. Honorna mah rek bulanan, rék mingguan, rék saban terbit. Kumaha hadéna éta mah. Tah, ti mana waragadna? Ceuk sim kuring, saheulaanan mah ti urang, ku urang, keur urang heula, samemeh aya waragad husus anu tiasa dikali tur mayeng dikocorkeun kana fikmin. Naha bakal bisa? Man jadda wajada! Lamun keyeng tangtu pareng! Sing percaya!**

Kintunkeun Koméntar

Ngaran
Alamat email
Alamat Web
Koméntar
Tulis Kode: