Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."


Métafor Anyar

Tatang Sumarsono | Ahad, 27 Januari 2013 08:43
Bagikan ka Lapak Facebook

Popilérna disebut métafor, maksudna gayabasa babandingan. Tah, dina basa Sunda mah euyeub pisan, mana komo dina sastrana. Ari fungsina nyaéta pikeun ngantebkeun hiji hal anu keur diébréhkeun, ku cara ngabandingkeun jeung hal séjénna. Tangtu waé dina lebah néangan babandinganana téh kudu dibarung ku raketna asosiasi. Ku ngagunakeun métafor, ungkara anu disusun téh lain waé jadi leuwih éndah, tapi deuih leuwih teleb atawa anteb, karasa aya babandingan anu plastis. Nya ku sabab aya patali asosiasi anu raket téa, boh nu ngadéngé atawa nu maca éta ungkara, bakal ngarti kana maksudna, tanpa kudu diterangkeun heula.

Kalolobanana métafor dina basa Sunda téh murwakanti, jeung diwangun ku dalapan engang (suku kata). Geura contona: pacikrak ngalawan merak, monyét dibéré séséngkéd, anu burung diangklungan anu gélo didogdogan, mihapé hayam ka heulang, nu asih dipulang sengit nu haat dipolang moha, caang bulan dadamaran, maléngpéng pakél ku munding, jeung ngabelesur lir jamparing.

Lamun teu dalapan, biasana genep atawa sapuluh engang. Hanas teu murwakanti, mémang éta gé aya. Tapi bawirasa ari sual jumlah engang jeung unsur purwakanti mah ukur semet cangkang, da anu pangpentingna mah kumaha dina lebah néangan babandinganana.

Pikeun anu resep nyieun karangan, kaweruh ngeunaan métafor téh penting pisan, sangkan naon-naon anu ditulis ku urang karasa leuwih teleb. Fikmin anu maridang dina ieu lapak gé kaitung loba anu ngagunakeun ungkara métafor.

Naha urang kudu nyokot métafor hareubeul waé? Jigana henteu. Alus pisan mun urang bisa ngarakit métafor anyar, dumasar kana konteks kakiwarian. Geura aya sawatara contona: megat ojég di jalan tol - ngadangkak hareupeun arca - lir kampanyeu tanpa wadul - nginjeum piriwit ka wasit – nyurung setum di nu nanjak – nitah  nyandung ka nu peluh – nu  terjun tinggaleun payung – ipisna  ngulumud salak – ngajarkeun  nyuntik ka dokter – ngadurukan  di pom bénsin – nyarék dahar ka nu lapar – lir ngarebut palu hakim – ngarep-ngarep Persib meunang – anu pundung diongkosan – ngajakan padu ka jaksa – ngunclungkeun Rudi ka warnét  (ha-hah …, punten, Jang Rudi)

Kintunkeun Koméntar

Ngaran
Alamat email
Alamat Web
Koméntar
Tulis Kode: