Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."


Kuring jeung Fikmin

Rudi Riadi | Ahad, 27 Januari 2013 06:03
Bagikan ka Lapak Facebook

Jauh saméméh aya grup fiksimini basa Sunda dina grup Facebook, kuring sok rajeun nulis setatus di Beranda. Resep pisan, asa boga cocooan anyar. Nulis téh padu nu aya dina uteuk, brus brus baé. Teu dipikir panjang, pokona nulis setatus. Bobodoran baheula nu masih nyangsang dina ingetan, langsung disetatuskeun. Sugan jeung sugan. Sugan aya nu ngomén, sugan aya nu seuri, sugan aya nu ngajempolan, jeung sugan-sugan séjénna.

Keur mimiti mah lolobana make basa Sunda nyetatus téh, angkeuhan bari bisa ngajarkeun ka barudak, da lolobana “pertemanan” téh bebenyit sakola nu lain urang Sunda. Ngan orokaya teu pati payu nu ngomén. Dalah aya nu ngajempolan gé kuring yakin, éta mah lain jempol aprésiasi, tapi lolobana jempol “ngaragangan”. Rajeun téh aya nu komén, barudak sakola, ukur : “ngga ngerti..”, “apaan seh..”, “wkwkwkwk...” atawa “jangan pake bahasa dewa, donk, Pa..’’ jeung sajabana-jeung sajabana. Tangtu bae medenghel.

Kungsi nyobaan nulis basa Sunda lain dina “apa yang Anda pikirkan”, tapi dina CATATAN.  Rada suksés di dieu mah, da ngahaja ngirim  ka “teman-teman” nu ngarti basa Sunda, model Kang Godi, Kang Hadi, Kang Deden, Kang Darpan, jeung nu séjénna. Kadieunakeun kawasna bosen sorangan nu ngomentaran jeung nu ngajempolan téh. Katurug-turug lus-les deuih nu biasa dikiriman téh, duka tutup akun, duka tara FB-an, duka akun kuring di-remove.

            Les wé, di dinya mah kuring tara nyieun setatus dina basa Sunda. Ngeureuyeuh dina basa Indonesia. Barudak sakola kalandepeun pisan. Ngan asa aya nu leungit. Haté kuring kumejot waé hayang nulis setatus  ku basa Sunda. Asa aya akar nu pegat (niron tina ungkara kolom Kang Hadi). Najan enya ngajar basa Sunda di sakola, tapi da Sunda campur alias kamalayon, diluyukeun jeung kamampuh budak nu lolobana lain urang Sunda téa.

            Sababaraha bulan kaliwat, sanggeus lila teu muka FB, Kang Hadi ngagebruskeun kuring ka hiji grup nu ngaran Fiksimini Basa Sunda. Réspon kuring, biasa baé. Ieu grup paling ogé moal jauh ti grup-grup séjénna. Nu ukur catur tanpa bukur. Kataji hayang “ningalian” téh lain ku grupna harita mah, tapi ku nu ngagebruskeunana, kang Hadi Aks. Sastrawan Sunda nu geus moyan. Jigana ieu grup “sesuatu banget” ceuk pikir téh. Enya baé.

Reuwasna téh, pas muka ieu grup, geuning keur “paraséa”. Nu pangluhurna téh setatus Chye Retty Isnendes. Nu nganaha-naha jeung nganaon-naon ka fiksi mini. Ampir baé kuring kagoda, biluk ka manéhna, da dihenteu-henteu gé, Rety téh sobat kuring, jeung …kungsi bogoh ka manéhna.

Lila-lila mah kuring kalah beuki bogoh ka Nyi Fikmin. Asa dibéré lahan, asa nimukeun cocooan anyar, jiga baheula keur mimiti boga akun FB. Ka dieunakeun, muka FB téh tara kana BERANDA, tapi langsung baé ka Fiksi mini basa Sunda. Nimukeun kabetah di dieu téh. Kuring bisa nyakakak, nyikikik, ngagukguk, ngageblay, ngajengkang, ngoléang…jeung naon deui atuh.

Awal-awal nyieun fikmin, bubuhan keur diajar, ah, nu baheula-baheula disetatuskeun di BERANDA baé. Dikoréhan deui. Bungahna téh loba nu ngomén, loba nu ngajempolan. Teu kawas baheula. Ka dieunakeun rada kareunang, nyieunan fikmin ku urut setatus baheula nu lolobana ngandelkeun bobodoran, nu sawaréh mah malah nyokot tina ha ha ha Manglé. Kuring hayang robah, hayang maju, hayang nyieun fikmin nu bener-bener fikmin, najan lilinggeran sacara benerna ogé can aya. Minimal aya kesan daria heula ti nu maca. Lain fikmin anu ukur dibaca salalar, tuluy seuri, tuluy saré, isukna poho. Fikmin kuring kudu aya tapakna, kudu boga “sésa “ keur nu maca.

Mindeng dibintih “lemes” ku Kang Godi. Komenna sabenerna komen anu biasa: Model: “Edankeun sakalian..jang Rudi”, atawa ‘Ari Jang Rudi nuang naon, mani teu beak-beak ngabodor téh..?” Atawa istilah “Dunia Rudi”.  kuring yakin, ieu lain hiji “pujian” tapi “silib sindir” Kang Godi nu mangkarunyakeun ka kuring. Da atuh wanoh jeung Kang Godi, Kang Hadi Atawa Deden (katut Endah) lain kamari-kamari. Puluhan taun sok milu ruang-riung. Bari kuring sorangan mah teu metu nyastra. Ukur kitu baé, dimuat di Manglé sakali-kali, éta gé teu kagolong kolom sastra sigana. Da asa ngulapés waé rarasaan mah.

Aya tulisan ti Admin Nazarudin Azhar, ngeunaan fiksi mini nu beuki mahabu turta lolobana eusina ngan bobodoran wungkul. Di dieu kuring mimiti kabintih pisan mah.

Rada ngahiang sakeudeung tina dunya fikmin, lain pédah kasigeung ku tulisan Admin, tapi kuring keur kokotéténgan tina Mang gugel, néangan fikmin tina basa Indonesia. Goréhél manggih  fikmin-fikmin Agus Noer. Lumayan munel, nya fikminna nya téori salalarna. Rada cénghar. Mimiti mikmin nu rada serieus, roromantisan, aabsurdan. Nu dipalar kabaca nu admin, yén kuring geus “kaluar” tina dunya bobodoran.

Beuki daria baé nulis téh sanggeus aya paméran jeung diskusi di UNPAD. Beuki gedé haté, yén fikmin bakal jadi hiji karya sastra nu “diakui”. Sababaraha pangarang kahot geus mimiti méré aprésiasi, modél Kang Haji Usep Romli HM, Kang Abdullah Mustapa, Ceu Aam Amalia, Kang Tatang Sumarsono, Kang Hawe Setiawan, sarta Kang Tedi Muhtadin. Malah Kang Tatang mah langsung “terjun ke lapangan”, ngaroris fikmin-fikmin nu séjén.

Sumanget mingkin ngagedur, Komo upama dikoméntaran ku Kang Godi, Kang Tatang, Kang Hadi, atawa Kang Deden. Sabab komenna oge sok semu mikmin.

Ku kitu ku kieu, kuring mah betahing betah upama geus ngepluk di tepas Fikmin téh. Teu nolih ti sisi- ti gigir. Ngajempolan, ngoméntaran, haha héhé, haha hihi, resep pisan. Hal nu penting keur sakuringeun deuih, jigana mun teu aya grup fiksimini basa Sunda ieu, iraha kuring bisa amprok deui jeung Kang Godi, Kang Hadi, Kang Deden, Kang Darpan, Endah, Kang Nunu, Mang Dadan Sutisna. Ku saha  kuring diwanohkeun jeung Ahmad Fawéy Imron, Kang Muhammad Shohibah Nu’man, Kang Ahmad Yani, Abi Al Katri, ari lain ku Fikmin. Ku saha deui kuring apal yén Nyai Endit téh teu milu kabawa palid ku caah, ari lain ku Fikmin. Iraha deui kuring bisa sasalaman jeung Rektor Unpad Bapa Ganjar Kurnia, ari lain gara-gara fikmin.

Pamungkas, karya sastra Sunda mana nu ngahijikeun pangarang kahot jeung pangarang anyar nepi ka pabaur silihsenggak, silihténgkas, silihsébréd? Teu aya. Da fikmin mah “disasaha” kénéh ku nu teu wanoh.

Kintunkeun Koméntar

Ngaran
Alamat email
Alamat Web
Koméntar
Tulis Kode: