Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."


Béjér Pangajén Saémbara Ngarang Fiksimini Basa Sunda - Novémber 2011

Dadan Sutisna | Ahad, 27 Januari 2013 05:55
Bagikan ka Lapak Facebook

Bubuka

Grup Fiksimini Basa Sunda (FBS) dina Facebook nu ditaratas ku Sdrk. Nazarudin Azhar tanggal 16 Séptémber 2011 tabuh 19:22:10. Dugi ka danget ieu, 2 Novémber 2011 tabuh 01:39, tos aya 635 kanca nu ngiring aub, langkung ti 3.000 karya nu midang, jumlah koméntar tos puluhan rébu. Nyakséni aktivitas kanca FBS nu sakitu tanginasna, tangtu baé mawa kareugreug nu pohara, yén sastra Sunda baris manjang dugi ka jaga.

Dina FBS, lian ti pangarang nu tos lawas makalangan, mimiti renung pangarang-pangarang anyar. Nu matak gedé haté, seueur pangarang anyar nu némbongkeun karancagéanana dina ngolah basa Sunda, mawa idé jeung gagasan nu seger. Béda jeung dina média konvénsional siga koran atawa majalah, dina Grup FBS mah papada pangarang bisa langsung silih asah, silih simbeuh pangaweruh, atawa méré tinimbangan kana karya-karya nu dipidangkeun.

Tanggal 18 Oktober 2011, admin FBS ngayakeun Saémbara Ngarang Fiksimini Sunda nu témana kapahlawan. Ieu saémbara meunang pangrojong Réktor Unpad, Ganjar Kurnia, nu nyadiakeun hadiah kahiji jeung kadua keur para pinunjul.  Tujuan saémbara téh, pikeun ngasah jeung ngaronjatkeun ajén-inajén fiksimini Sunda, mentés kabinékasan pangarang dina jumlah kecap nu samporét.

 

Naskahna

Nepi ka ditutupna saémbara, tanggal 1 Nopémber 2011 tabuh 23:59, naskah nu dikirim kana inbox admin kabéhna 52 naskah nu ditulis ku 52 pangarang. Luyu jeung ugeran saémbara, sakabéh naskah panjangna naskah antara 50-100 kecap, témana kapahlawanan, tur tacan kungsi dipublikasikeun boh dina média citah boh éléktronik.

 

Girang Pangajén

Girang pangajén ieu saémbara nyaéta admin FBS: Godi Suwarna, Nazarudin Azhar, jeung Dadan Sutisna.

 

Kritéria

Dina prakna ngajén naskah saémbara, aya sawatara prinsip nu jadi ugeran jeung cecekelan girang pangajén, nyaéta:

  1. Pangarang diwatesanan ku téma kapahlawanan. Dina ngolah téma, pangarang aya tarékah ngungkabkeun gagasan dumasar kana hasil kontémplasina. Témana kudu jadi jenggléngan carita nu mandiri, mundel, beuneur, henteu ngan saukur tuturut munding atawa néplak nu geus kungsi digarap ku pangarang séjén. Karancagé pangarang dina mekarkeun téma jadi jenggléngan carita bisa dipaké ngukur semet mana legana wawasan pangarang dina jumlah kecap nu samporét.
  2. Fikmin nu hadé, sabada réngsé dibaca téh henteu ngeplos, aya bagian nu namper dina lolongkrang batin, aya nu nyamuni tapi kaharti, tur ditepikeun kalayan lantip. Fikmin nu hadé tangtuna gé lain saukur runtuyan kecapo, tapi aya “roh” nu ngahirupkeun carita.
  3. Ngolah carita raket patalina jeung téknik. Dina ngarang fiksimini—nu kasungkeret ku jumlah kecap—katapis ngagunakeun téknik téh kacida pentingna. Pangarang kudu gemet dina nangtukeun diksi, nepi ka taya kecap nu mubah.
  4. Lantaran anu diajén téh fiksimini basa Sunda, tur ieu téh bakal jadi bagian tina karya sastra Sunda, tangtu waé jenggléngan carita téh kudu napak dina "atmosfir" Sunda. Basana karasa nyunda, kitu deui idiom-idiom nu dipaké ku pangarang. Hal-hal nu éléméntér, saperti éjahan jeung cara nuliskeun kecap, milu mangaruhan kana ajén karya fiksimini.

 

Catetan kana Naskah Saémbara

Sabada maca naskah fikmin nu diilukeun kana saémbara, girang pangajén reugreug pisan lantaran nu milu saémbara geus némbongkeun katapisna dina ngaracik fiksimini. Kilang kitu, aya sababaraha catetan girang pangajén.

  1. Sawatara naskah ngan semet némbongkeun fragmén atawa skétsa. Teu aya usaha pikeun ngolah carita dibarung ku gagasan anyar ti pangarangna. Padahal nu disebut “kapahlawanan” bisa disawang tina paneuteup nu jembar. Lain ukur dérédédna sora bedil atawa adegan ngacung-ngacung bambu runcing. Dina sawatara karya fikmin, pahlawan téh sakapeung jadi “mahluk” nu teu weléh katideresa, kudu dipikarunya, ditambélarkeun, euweuh nu maliré, tur dipungkas ku nasib nu tragis. Tangtu teu dipahing nepikeun carita kawas kitu, ngan mun pangarang teu tapis ngolah, léosna téh kana kacindekan balaréa nu geus papada terang.
  2. Aya deuih naskah nu ngaguar kapahlawanan dina harti séjén, upamana hiji awéwé nu nganggap yén salakina téh pahlawan. Tapi nembrak teuing dina nepikeunana, euweuh surtikeuneun nu maca, atawa ngan semet néang tarékah pikeun ngusikkeun rasa karunya nu maca. Fikmin siga kieu hésé namperna dina batin nu maca.
  3. Manjing-henteuna karya fikmin kana akal atawa jalan pikiran nu maca teu kudu dipaké patokan. Ukuran nu kudu dipaké nyaéta logika sastra, lain logika saujratna. Ngan, tangtu waé dina karya sastra mah, komo nu wandana réalis, dipahing aya anakronismeu. Ieu nu remen teu kapaliré ku pangarang téh. Upamana, aya tokoh nu kungsi perang dina jaman Walanda (saméméh merdéka), tapi jaman ayeuna waringkas kénéh narik béca.

 

Pinunjulna

Nilik tina karya nu dikirimkeun ku para patandang dina ieu saémbara, méh kabéh ngagambarkeun tokoh pahlawan anu steréotif. Pahlawan nu ilahar aya dina buku sajarah, nu kungsi milu perang ngalawan penjajah.

Lian ti kesan pahlawan nu steréotif sakumaha nu dicaritakeun di luhur, aya sababaraha karya nu nyaritakeun ‘pahlawan’ tina jihad nu béda. Aya sababaraha naskah nu midangkeun tokoh pahlawan dina lingkup nu adek jeung kahirupan sapopoé, upamana pahlawan di kulawarga, pahlawan di lingkungan sabudeureun, jsté. Hanjakalna réa nu ngan ukur digarap salancar, ukur nembrakeun skétsa atawa adegan nu kesanna fragméntatif, tur teu dirojong ku latar psikologis nu kuat. Sanajan fiksimini kasungkeret ku jumlah kecap nu teu bisa laluasa jiga dina carpon, fiksimini tetep kudu diwangun ku hal-hal anu sawadina ngarojong kana leunjeuran carita. Nu maca teu ngan ukur diasongan gagasan, tapi dibéré  carita nu bisa ngajak imajinasi nu maca kana ambahan nu leuwih jembar.

Tina sakitu naskah nu asup, girang pangajén milih tilu naskah nu kaitung kuat dina struktur carita, gemet dina milih kosa kecap, jeung mampuh ngabeungharan batin nu maca ku gaya pangarang nu karasa mandiri jeung eusi carita nu dianggap pinunjul dibanding jeung karya lianna.

Dina carita “Sepidermén” karya Muhammad Shohiba Nu'man, pangarang ngébréhkeun tokoh pahlawan nu dalit jeung kahirupan kulawarga, nyaéta tokoh bapa nu jadi andelan hirup-huripna kulawarga. Tokoh bapa dicaritakeun pangarang kalayan lantip, dina kalimah nu langsung tujul kana ketak nu jadi bapa dina nyubadanan pangabutuh anak pamajikanana. Tokoh bapa nu jadi pahlawan teu ditembrakkeun sahinasna, ukur ngelemeng dina narasi nu nyaritakeun suasana batin si pamajikan jeung kasono budak ka bapana. Si budak hayang maké baju bapana, nu tétéla tiwas di pangumbaraan. Pangarang teu verbal nyaritakeun naha bapana budak téh digawé naon, di mana, jeung naha maké kecap tiwas, lain tilar dunya, upamana. Hal ieu jigana ngahaja dipasrahkeun ka nu maca, pikeun “ngalengkepan” hadirna tokoh utama dina ieu carita. Lian ti nu jadi bapa nu dianggap pahlawan, pangarang gé midangkeun pahlawan nu hirup dina imajinasi budak, nyaeta Spiderman (nu dina ieu carita ‘disundakeun’ jadi Sepidermén). Ieu tokoh komik karasa hadir dina carita salaku tokoh nu dipikameumeut ku anakna, tapi dina pamustunganana, ieu tokoh nu nuduhkeun kaayaan kakiwarian téh, ku nu ngarang ditempatkeun ukur pikeun ngantebkeun hadirna tokoh bapa salaku pahlawan nu saenyana. Kapan dina caritana, cenah baju Sepidermén téh baju kiriman ti bapana basa lebaran.

Mun téa ieu carita ahirna dipilih jadi Pinunjul Katilu, nu bisa dianggap kakuranganana ukur saeutik, nyaéta dina nyusun sababaraha kalimah nu masih karasa kurang plastis. Upamana dina kalimah pamungkas: budak ditangkeup sapageuhna. Jigana, masalah ‘jam terbang’ dina ngarang wungkul nu jadi pasualan téh, dipiharep, ieu pangarang bakal terus meuseuh pangabisana dina ngarang, pikeun waktu nu bakal datang.

Fiksimini nu judulna “Taraté” Éndah Dinda Jénura, dipilih jadi Pinunjul Kadua, lantaran punjul dina téknik nyarita, kitu deui dina eusi. Karasa aya napas suréalis nu jadi gaya pangarang pikeun nembrakkeun eusi carita nu saenyana mah basajan, ngeunaan tarékah jalma nu keur nulungan nu titeuleum (nu sabenerna geus jadi layon), tapi kalah sarua jadi korban. Kaayaan nu karasa chaos lantaran datangna banjir susulan, dicaritakeun ku pangarang ku kalimah-kalimah nu ringkes, pepel, ngeusi, tur imajinatif. Pangarang bangun nu laluasa ngumbar imajinasi dina watesan jumlah kosa kecap nu kasungkeret pondok. Kecap nu dipilihna lir diksi pikeun puisi, tapi tetep karasa aya dina ugeran carita nu prosais. Ieu carita nyukupan sarat pikeun disebut fiksimini.

Nu dipilih jadi Pinunjul Kahiji nyaéta fiksimini beunangna Hadi AKS Nu judulna “Tulang”. Karasa pisan parigelna pangarang dina nembrakeun idé, jeung ngajanggélékkeun gagasan jadi hiji carita nu mibanda struktur nu kuat. Carita nu ngasongkeun pasualan nu sabenerna geus kliseu, nyaéta ngeunaan pahlawan nu ‘teu kaaku’ di taman makam pahlawan, nu jumlahna réa tur leungit tina ingetan sajarah. Pahlawan nu milu ngawangun ieu nagara, nu kalayan lantip dipapandékeun kana tulang-tulang nu bacacaran kasilihkeun ti taman makam pahlawan. Aya tokoh manéhna nu ngumpulkeun éta tulang kalayan deudeuh, disusun jadi raraga wangunan, nu dibéré panganteb ku pangarang, yén cék manéhna mah éta téh nagara nu dipikaasihna, nyaéta Indonésia, sok sanajan batur nyebutna imah nu owah. Kanyataan tina hadirna pahlawan nu kasilihkeun téa, jeung kaayaan nagara kiwari nu “matak owah pangeusina”, awor dina leunjeuran carita nu karasa suréalis, tapi teu matak kerung nu maca, da gampang kahartina. Kecap “Tulang” nu dijieun judul tur jadi inti carita jadi métafor nu kuat, nu bisa dipapandékeun kana jiwa nasionalismeu nu kiwari ukur jadi lalambé dina kahirupan bangsa urang.

Ajén fiksimini “Tarate” jeung “Tulang” sabenerna teu pati jauh géséhna. Ngan mun dibandingkeun antara fiksimini “Tarate” nu jadi pinujul kadua jeung “Tulang” nu kapilih jadi pinunjul kahiji, fiksimini “Tulang” leuwih lega ambahan nu hayang dihontal ku ieu carita. Pasualan kontémporér di nagara urang ngeunaan ajén “kapahlawanan” nu beuki hampos mampuh ditembrakeun ku pangarang dina wangunan fiksimini nu pepel, anteb, tur ngahudang kesan nu maca. Fikmin “Tulang” karasa hayang nyaritakeun jiwa nasionalismeu nu beuki ngolémbar, ku pilihan kecap nu beunghar ku harti rangkepan.

Putusan girang pangajén teu bisa dionggét-onggét. Sabada netepkeun pinunjul jeung nyusun béjér pangajén, neda hapuntenna, girang pangajén moal mairan kana sadaya koméntar atawa patarosan nu aya patalina jeung kaputusan ieu saémbara. Cag.

 

Ditetepkeun di Bandung, 2 Nopémber 2011 tabuh 03:39

 

Girang Pangajén

Godi Suwarna (pupuhu/anggota)

Nazarudin Azhar (anggota)

Dadan Sutisna (anggota)

 

---------------------------------

Lampiran

Naskah Pinunjul Saémbara Ngarang Fiksimini Basa Sunda 2011

 

Pinunjul Hiji

 

Tulang

Fiksimini Hadi AKS

 

Bari rintih ngahariring atawa alum humarurung. Manéhna mindeng ngumpulkeun tulang, nu kasilihkeun ti Taman Pahlawan. Tulang nu coplok pasiksak, biheung tina raga badag nu saha. Taya tanda jeung titimangsa. Tapi manéhna satia. Ngariksa ngampihan, ngadama-dama. Lantaran yakin yén dina hiji mangsa, aya getih tina daging tina sungsum éta tulang. Getih nu ngucur kana pucuk jujukutan lemahcai. Tepi ka hiji poé. Basa tulang-taléngna geus numpuk sakuriling. Manéhna imut leleb pisan. Lalaunan ngaréka tulang nu pasoléngkrah. Nyieun raraga wangunan. Jleg ngadeg. Bandéra ngélébét dina suhunan. Ceuk batur, éta téh imah nu owah. Ceuk manéhna, éta téh nagara. Indonésia.

---------------------------------

Pinunjul Dua

 

Taraté

Fiksimini Éndah Dinda Jénura

Gorowok ti luhur jambatan: "Banjir susulaaaaan..." Buriak nu nyireum ngaronom layon budak palid téh paburisat mélaan nyawa séwang-séwang. Manéhna nu kakara mucunghul ti dasar walungan, leuseuh jeung tiris, teu dibéré waktu pikeun surti. Sakiceup séah, dua kiceup séak, awakna ditarajang rosa cai, lep, pucunghul, lep. Dina kiceup katilu manéhna nyurungkuy lir kembang ti sela-sela batu, nojér eungap jeung beurat, ngambul sakolébat ngagupay langit reueuk, "Ménta tambang! Ieu layon budak nu hiji deui, ngait dina akar! Tambaaaang...!" Gulidag. Jeduk sirahna kana tihang waja jambatan tuluy ngangkleung ka jauhna, mangkak duka di mana.

 

-----------------------------------

Pinunjul Tilu

 

Sepidermén

Fiksimini Muhammad Shohiba Nu'man

“Ma, tingal, ujang janten sepidermén!” ceuk budak ngagulkeun bajuna. Terus lulumpatan ngurilingan buruan. Abong baju meunang hayang. Kacida béragna basa lebaran kamari bapana ngirim téh. Méh geus maskét pisan. Ti mimiti hudang saré nepi ka reupna deui, teu weléh dipapaké. Daékeun sotéh lesot mun geus karasaeun cepel ku késang.

Ngan teu sasari, poé ieu mah budak téh haré-haré. Teu ieuh nanyakeun baju kameumeutna. Boa geus boseneun pikir téh. “Ma, ujang mah hoyong nganggo acuk bapa!” pokna daria bari nunjuk kana gantungan baju. Bréh, kamprét bodas. Ngolébatkeun manéhna nu saminggu katukang tiwas di pangumbaraan. Aya hinis nyeuseuit dada. Budak ditangkeup sapageuhna.

 

***

Kintunkeun Koméntar

Ngaran
Alamat email
Alamat Web
Koméntar
Tulis Kode: