Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 01 Juni 2014 (25 Naskah)


NGEMAT JENENGAN AYAH MURSYID

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2014 21:29:27

Bukit Barisan. Peupeuriheun jiga batur, moal bisa. Batur mah naék ka punclutna Kilimanjaro, Everest, saeutikna atuh Gunung Salak, jeung Gunung Slamet. Baé ah, da ieu mah kumpulan ibu-ibu garumeulis.
“Bu Agus, antosan! Leueur. Aw...!” Inget-inget geus diuk nangkeup tuur bari leungeun jeung suku didémpétkeun. Diborogod areuy. Diriung-riung ku jelema laleutik. Jangkungna, satuureun. Marawa panah. Ratusan. Utey.
“Ciwiwiwiwiw.” Jigana pamingpinna, ngajak nyarita.
“Ngomong naon siah? Basa Sunda wé.” Aral. Manéhna malik ka baturna.
“Ciwiwiwiwiw Sunda?” Nu utey patingrérét. Saurang ngacung. Digupayan. Nu digupayan ngagajleng salto malas balikan. Jleg, hareupeun. Diharéwosan. Neuteup bari pok,
“Buta, ngadon naon, di dieu?” Ambek, disebut buta, tapi ngan bisa kekerot jeung molotot. Maranéhna taki-taki. Marancokeun panah, nu ngan sagedé patlot, tapi ratusan.
“Mun nyilakakeun kuring, Ayah Mursyid bakal bendu.” Ngemat jenengan Ayah Mursyid.
“Teu sieun!”
“Bener? Cuang kemat. Ayah Mur...!”
“Heup! Heug rék dianteurkeun ka lembur manéh. Peureum! Ulah mélétét.” Regeyeng, awak dibawa salto, apeng-apengan.

NGADONGÉNG

Kénging Zev Myzoul
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2014 21:24:05

"Tos lami di dieu, A? Asa nembé ningal. Saéna ngalih ka palih ditu, sapertosna badé hujan ageung. Raos calik di ditu mah, tiasa ngaleueut nu haneut-haneut, hé-héh. Atanapi Aa aya nu diantosan? Istri panginten nya? Katawis pameunteu Aa nu marahmay. Kabogoh, A? Atanapi salingkuhan? Hé-héh. Teu kedah isin lah, jujur wéh abdi gé sok salingkuh. Sami-sami pameget mah da normal gaduh cadangan haté, ha-hah. Dikantun, A ah. Tos girimis yeuh. Hébat Aa mah, kersaan janten tihang listrik. Permios A, assalamu'alaékum...!"

LAGU KOJO

Kénging Gani Kandhiawan
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2014 21:20:59

Kakara ogé ngapung, kaburu jul-jol pasukan kalong barijil tina hieumna tangkal Reunghas. Rébuan jangjang pasulabreng, ngajadi reueuk. Langit angkeub. Sebrut pasukan kalong nubruk taméng, gambar béntang jadi sasaran. Garuda inggeung. Ngadayagdag. Bru dina hateup sakola dasar. Matana kucap-kiceup. Jangjangna rawing. Binéka jeung Ikana pasoléngkrah méh ragragan tina panyawéran.

Di handap, di jero kelas lima, barudak mimiti réang, pédah guruna keur rapat di kantor dinas. Mimiti kadéngé sora nu tatalu. Tuluktuktak tuk dug! Tuluktuktak tuk brag! Rampak tatalu. Si Ka-Ém ngagajleng ka luhureun méja panghareupna. Ngajega. Tuluy ngong, nyanyi lagu Garuda Pancasila. Ngagorowok, bari pepeta nurutan dirijén, dituturkeun ku murid sejénna. “Garuda Pancasilaaaaa…Aku lah pendukungmu…” Hateup sakola ngadadak eundeur. Kenténgna kokoloprakan. Sora barudak beuki tarik handaruan. Pasukan kalong ngarandeg. Silih pelong. Koréjat Garuda nangtung, Binéka jeung Ikana dipulungan. Unggal barudak nyebut, ‘Aku lah pendukungmu’ jangjangna mébér sorangan. Geleber, nguwak-ngawik pasukan kalong. Ngabintihan jangjangna. Rarawék, patingsoloyong. Bubar katawuran.

NYI KAYAH 5

Kénging Jonny Taurus
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2014 20:55:08

Lila jasa kami teu panggih jeung Aka, Kami ngadangu ti Anas, Aka rék datang ka Kanékés. Kami oge nyao jasa, Aka jiga endung unggah ka Gajéboh. Matak kami tilok haliwu, teu doang usum tundun kamari, kami nyiapkeun keur bawaeun Aka mun datang ka Kanékés. Kitu deui keur usum kadu, ngahaja dipilihan nu hadé, disimpen diburieun dapur keur Aka. Teu jadi pasualan da salaki kami widi.
Lain rek noong dongeng urang Ka, kami mah ngan ukur rék amitan ka Aka. Pananggalan 13 ayeuna kami rék ka Jepang milu Amang Don Hasman jeung Ka Bénny Adrianto, paméran salila opat poé di Tokyo. Inget ceuk Aka, hiji waktu nu tangtu kami bakal miang ka luar nuturkeun orok.
Ayeuna kami geus balik ka lemah Kanékés.
Angger aya nu tinggaleun, gati poho Ka.
Haté kami ilang teuing dimana.

MUSTIKA

Kénging Meisya Halimah
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2014 20:49:10

Ping munggaran sasih Juni. Mangsa dibéntaran gelap. Hiji nagri, para inohong bubuka catur, tawis micinta ngamalir rasa, bumela ngawangian ku sarining lemah cai. Meureut meungkeut teuteundeunan Handeuleum, muka bagja tutundaan Hanjuang, ngabinih tumuwuh ngajadi papat kalima pancer, ka luhur mayungan, ka handap ngamparan, ngukir tangtung ku ajegna nunda carita ku tulisna. Geusan pituduh.
Kiwari, gunung budugul, pasir bulistir, reuma dibabad réma, cai minda rupa, sabagéan manusa kamanusaanna ilang sipatning welas asihna.
Bieu soré, dina poé milangkala nu méh poékeun. Opat satria pinilih tanding nyanggupan jadi pupuhu nagri.
"Kateuing rék nyipuh atawa moal ka éta mustika?" Gunung Taméang, meledos meungpeuk irungna teu kuat ku bau walirangna sorangan.

NU RÈK NGÈCAGKEUN KALUNGGUHAN

Kénging Ikhsan Gumelar
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2014 20:42:10

Hèmpak. Rèk sawala. Ngarèdès. Rèwuan rupaning manuk. Kuntul Belekok jeung Waliwis, aub awor jeung Anis tur Kapinis. Cangkurileung uplek silih keukeup jeung Bueuk. Uncuing mah ngahariring, ngalokan Dadali nu anteng guneman jeung Saèran, najan musuh bubuyutan.

Hiuk! Sèot! Galudra datang. Sasampoyongan. Beurateun ku babawaan nu meulit na beuheung.

“Singgetna, kula rèk ngècagkeun kalungguhan. Pèk sawalakeun, saha gaganti kula. Sugan anjeun Anis, da geuning rega anjeun leuwih mahal batan kula. Atawa manèh Walèt, sangkan jalma-jalma sarakah kamerakaan, jalma lieur beuki weureu! Kula mah geus langlayeuseun. Didama-dama, padahal ukur dipakè miceun tapak!” Galudra nyarita bari rambisak. Hatèna asa dikakaya. Rangsak. Disasaak. Gempungan sahèng. Patingkecewis. Kabèh taya nu nyanggupan.

“Mung salira nu layak tur payus” Cangkurileung ngageureuleung.

“Satuju..!” saur rèwu manuk. Galudra beuki ngarakacak. Rèk pok, kalah dareuda. Jempling. Bueuk nyampeurkeun. Ngaharèwos. Galudra unggeuk. Tuluy tètènjrag satarikna. Bumi eundeur, jagat oyag! Lini lain wanci. Belesat! Galudra ngapak ngajomantara.***

SAN AA

Kénging Teh Zaneta
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2014 20:03:55

Aa. Ceuk itungan, umur Ene kedeng deui nambahan. Nu hartina jatah hirup Ene ngurangan.
Aa. Ene lain lain cawene meujeuhna kumicir. Tangange geus kaliwatan. Malahan dek ngagayuh ka sareupna.
Aa. Itungan umur lain patokan manusa jadi koloteun. Sanajan loba kokoloteunna.
Aa. Panonpoe karasa haneut deui. Teu jiga waktu ngaleungitkeun kalangkang urang. Tapi eta lain tanda urang bisa moyan deui.
Aa. Urang teu bisa nyieun koma atawa peun sakahayang. "Mangkaning geus bosen ku tanda tanya Ene." ceuk Aa.
Aa. Geus wancina urang nyiapkeun. Nyiapkeun batur. Mun urang geus diabringkeun ka panto. Lawangna tina lemah.

SARATUS LÉNGKAH

Kénging Anida Salamah
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2014 19:38:33

Kang, wilujeng wengi. Bulan arit katingal di dinya? Lir nu gumujeng. Boa nurutan salira.
Kang, seueur nu tos kalangkungan sareng salira. Ti kawit urang tepang, abdi tos kagembang. Teu cangcaya nyungsi lampah sareng salira. Jalan lempeng nu bumetah, jalan tarahal nu kungsi disorang. Harita, salira satia nuyun ieu panangan. Kedah teras ngaléngkah, saur Akang. Abdi mopo, séépeun tanagi. Urang ngalungsar dina liliuh mahoni, nyarandé na taktak salira nu lugina. Ngupingkeun kecap kadeudeuh nu nyéboran sumanget.
Teras harita, émut teu. Abdi rumaos lepat ngaléngkah. Teu nurut. Akang teu bendu. Malih ngémutan. Lantip. Keun ulah dipupus, kanggo pangémut yén abdi sanés jalmi sampurna.
Saurna asih téh basajan. Lir kasono nu sakedét nétra peuyar nalika urang tepang. Saurna asih téh rumpil, lir réwu kecap nu diéntép kanggo salira. Mugi teu kandeg di dieu. Di léngkah nu ka saratus.

KABAYAN VS LAMSIJAN

Kénging Sri Paudwal
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2014 19:12:01

Sisi basisir. Lambak mancawura, ngahiji jeung budah ciduh. Pada ngalétak, silih létak. Teu maliré saha éta. Sosorongot, silih ségag, silih korowot. Budah ngalobaan. Nu cumiduh mingkin réa. Nu lélétak beuki maceuh. Si Kabayan keprok ajrag-ajragan. Jiga meunang lotré

"Jih, ning gé nguseup tutut, puguh capé jeung keueungna" ceuk Si Kabayan bari jeung peureum beunta ngarasakeun nikmatna daun kawung paméré mitohana.

"Deuleu ituh, langit gé kajeueung" Si Kabayan nyarita bari jeung nunjuk langit na balong.
"Déét ceunah.., aéh heueuh déét" basa si Kabayan ancrub ka na balong. Nu lélétak silih rérét pareng si Kabayan éncrak jero balong.
" Cék aing gé tarajéan! " kadéngé Lamsijan ngagorowok bari mamanggul tarajé. Si Kabayan mélétét. Budah ciduh pada ngantep. Lila-lila jadi caah, antukna ngaléléd nu keur silih rérét. Si Kabayan jeung Lamsijan hompimpah. Ulin égrang. Teu maliré nu kelebuh ku sagara ciduh.

SABANGKU

Kénging Yoen Yoeliztya
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2014 19:01:31

Geus dua minggu jadi murid anyar di SMU ieu. Nuturkeun tugas Apah. Lain beuki betah, kalah beuki hayang mulang ka sakola heubeul. Merenying ka Apah. "Wios, kost ogé." "Kagok, seméster payun wé." Saur Apah.

Leumpang nahnay asup ka kelas. Gék na korsi pang-tukangna. Rada kagét, aya tas na korsi hiji deui. Padahal biasana diuk sorangan. "Oh, tas Arman. Baru masuk, abis liburan" Ceuk Dian waktu ditanya. "Tuh, topi mérah." Nuduhkeun ka nu keur maraén baskét di lapangan. Teu pati écés, ngan jangkung atlétis, buukna rada gondrong jang ukuran budak SMU mah.

Bél asup disada. Si topi beureum nu cenah ngaranna Arman asup. Muru bangku nu didiukan. Topina nutupan saparo rarayna. Beuki ngadeukeutan. Muka topina. Breh. Ceuleumeut, neuteup nu ngagandeuang nyampeurkeun bari ngariab-riab gondrongna. Siga di 'Slow Motion'. Tina ririabanana, kalaluar cahaya rupa-rupa, ting-burinyay, ting-arudat, lolobana kayas jeung bungur ngora, lila-lila ngabentuk écéng nu miguraan awakna. Matak sérab aurana. "Nicholas Saputra...." Ngagerendeng teu karasa.

"Héy, kenalin, Arman....kita sebangku yah!" Ngasongkeun panangan. Rada ngadégdég ditampanan. "Apah...! Teu cios Ineu kost téh." Ari nu kaluar mah "Ineu... Iyah...."

KURUPUK UDANG

Kénging Djamhur Ahmad
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2014 17:37:38

Ti saprak katarajang kasakit jajantung. Loba pisan pantanganana. Durén teu meunang. Saté émbé kudu dijauhan. Beuleum éntog ulah pisan. Koléstérol cenah. Koresterol naék. Tekanan jajantung milu naék. Kadituna bakal riweuh deui urusanna. “Daging sapi meunang. Ngan tong loba teuing. Éta ge tong aya gajihna!” Ceuk Dokter waktu mariksa bulanan. Kitu deui Sea food gé dipahing pisan. Komo udang mah, kana awak jadi arateul. Alérgi. Tong boroning kulub udang. Kurupuk udang kadahar saeutik, langsung wé, arateul saawak-awak.
Harita gé, alérgi téh kumat deui. Gara-gara keur istirahat dina Pelatihan, ngadahar kurupuk udang saeutik. Panasaran wé, ari dahar teu make kurupuk téh, teu apdol.
Dina poe kadua pelatihan. Menuna rada mending. Aya gepuk jeung lalawuh lainna. Kaasup kurupuk udang.
“Saha nu hayang kurupuk!” Cekéng nawarkeun
“Sok kadieukeun!” jawab Pa Maman giak naker, narima tawaran kuring.
“Yeuh!” kuring mikeun kurupuk udang. “Tukeuran jeung Gepuk, nya?”
“Euweuh wé!” Ceuk Pa Maman, neruskeun hanca.

KAMANA ATUH?

Kénging Aan Abdulloh
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2014 16:12:50

Geus malem Minggu deui waé. Hayang téh jol si Aa datang. Piraku siga lima malem Minggu nu katukang? Si Aa teu datang. Ilang.

Sibuk meureun nya? HP-na gé tara aktif. Émang kitu kituh ari buser mah? Hésé ditepungan, susah ditepangan. Heueuh da ceuk Abah si Aa téh buser. Pa RT pernah nalék si Aa. Basa si Aa meuting didieu. Ceuk si Aa téh ari buser mah pantrang némbongkeun kasang tukang. Tugas nagara. Tugas demit. Kudu rikip.

Ari kituna mah bener. Saprak si Aa mindeng ulin kadieu. Kalan-kalan mondok moék. Bangsat motor nu mahabu dilembur jadi peré. Lembur jadi tengtrem. Pangeusi lembur suka bungah. Ngan kuring nu teu bungah. Si Aa tara nganjang. Bulan gé bet teu datang. Geus sabulan telat. Ayeuna bulan kadua.

LADANG TOMAT

Kénging Bune Upik
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2014 15:13:11

Sumpena seuri badag bari nampanan duit ladang tomat, opat juta. Disérangkeun ku Juju ti jero saung. Gumasép salaki téh, gerentesna. Sumpena gagancangan ngajak balik. Datang ka imah saged dangdan, laju amitan. Rék ka kota, nyiar pangabutuh sapopoé, alesanana. Juju teu kaburu noél-noél acan kana duit ladang tomat, kabéh diringkid.

Geus saminggu nu nyaba taya béja. Pikiran Juju mimiti ngaréka-réka, moal henteu salakina ngadon rucah awuntah jeung wanoja kota. Nyel ambek, haseum budi waktu peutingna Sumpena datang. Babawaan ditunda luhur méja, teu loba carita géléhé dina risbang. Melong Juju bari sura seuri. Juju mingkin keuheul. “Mana duit téh Kang?” Sumpena teu némbalan. Reup peureum tibra naker. Amarah Juju ngagugudag, lir seuneu ngambeu bénsin. Yakin, salakina rucah. Gilig, linggis nu dipake tunjel panto di cokot. Gabres, gabres palebah dada Sumpena. Kerejet, Sumpena paragat nyawa. Juju ngahuleng, bingung. Rek kabur, ngarawél jékét Sumpena. Pluk, bungkusan leutik. Kongkorong, maké gagantél “Love Juju”.

OPIEUN

Kénging Ayus El-gibran
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2014 13:38:13

Baragadal awak lamokot ku taneuh dibukaan, ebreh bodas sampulur matak uruy, bari urat hejo carulang.
Teu antaparah gesruk-gesruk nancep dina cucuk seukeut nepika awak bubuk, bus diasupan rasa gurih tina raga salira nu sarua bubukna, kulumud masih atra jadi tandana.
Ngabebela minyak panas kacida, golak hawa ngasakeun raga, bodas sampulur mindah rupa jadi koneng rada coklat.
Ngahiji dina wadah nu nemprak, maturan wangkongan manusa sore harita. "Nepangkeun abdi Comro, oncom dijero. "

KALÉNTAB DENDAM ASMARA

Kénging YusKa Sadéwata
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2014 12:01:32

Pasosoré. Reg. Markirkeun jipna. Bus, kana gang kuleuheu, pinuh grafiti. Ngagedig, kahuru gidir jero dada. Pada narempokeun. Rét. Nu careuleuyeu, tingbalieur. Baheula, kawanina ukur semet tungtung gang. Nganteur, samulangna sakola. Sakali-kalina tepi ka imahna, “… satéh boga naon, wani-wani bogoh ka si Ratna?” Pimitohaeun. Barangasan, urut jéger, tatona lain hiji dua. Nyeuit, ngagurat. Rumasa, kulawarga masakat.

Bet kudu ka dinya deui. Ceu Ipah, gaganti Ema, inghak-inghakan. Cumarita, manglamarkeun anakna, dihina basa. Nyel. Kaléntab, amarahna. Jog. Gegedor. Kulutrak. Bréh. “… pajar moal kaduga ngamaskawinan, kitu? Kabeuki, huna-hina téh?” Bébéakan. Kagok kapalang. Budal. Hareupeunana, ngeleper. “Duh, hampura…, sugan téh sanés alo Ujang.”

Torojol, awéwé duaan. Paadu teuteup jeung nu hareup. Teg. Ratna. Kuru. Geulisna konéas. Lain diboyong ka Jakarta? Tukangeunana, adi téréna, pialoeunana téa. “Jadi kumaha? Sidik papada bogoh, lin?” “Isukan… Bapa ka lanceuk Ujang. Cuang badamikeun, iraha-irahana.”

Gap. Péstol na méja. Rap. Barétna. Amitan. Ngagandeuang. Dijajap teuteup beueus, tukangeun kaca jandéla.

PANCASILA

Kénging Kang Bibih
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2014 11:51:10

"Naha? Sia ngarasa beurat ngongkoyangkeun aing!" Ceuk Taméng nu ngagantung 'na beuheung Dadali.
"Moal, déwék mah rido. Geus tugas déwék ieu mah," témbal Dadali.
"Mun enya rido, kunaon beunget sia teu nyinghareup?" Ceuk Taméng.
"Déwék teu kuat, na manéh téh bener-bener jadi taméng kula? Salila ngagantung dina dada kula, manéh ukur jadi kolotok!" ceuk Dadali rada leuleuy. Morosotkeun taméng. Némbongkeun dadana nu karancang.

TRESNA

Kénging Kujang Pasundan
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2014 11:41:29

Aya kalangkang nu ngaringkang saban mangsa, mangsa beurang geus puguh ku caangna, mangsa peuting teu inggis ku petengna.
Kalangkang anteng manteng nuturkeun léngkah, teu bisa ngejat najan tibuburanjat. Hirup bet jadi honcéwang, najan sidik teu nogéncang.
Salira nu sumping saban wanci, wanci peuting pinuh ku impian, wanci beurang reumbeuy ku sawangan, gugupay ngahiap rasa, ngajak padungdengan meungkeut ka deudeuh, sangkan geueut jadi maneuh. Katresna ngamuara dina dada, sanggeus nyorang lalampahan ngamalir dina walungan timburu anu rumpil.
Jungjunan panutan ati, ieu rasa geuning mingkin rosa ngagulidag, malidkeun ungkara nu kedal lain ukur dina sawangan. Ungkara keur anjeun nu dipasieup ku papaés lambé. Ungkara ukur keur anjeun sugan tepung dina panglawungan.
Jungjunan, geura bagéakeun ku imut anu manis, ku rangkulan anu pinuh kageugeut, sangkat katresna teu ngalengleong siga langlayangan kapakan, kacandak angin eunteup dimana waé.
Jungjunan katresna ngamalir nyungsi muara dina kahéman salira.

NUNGTUT MANUSA

Kénging Soléh Alkafié
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2014 11:34:42

Jero peti gigireun Ki Dalang aya panguneman Arjuna jeung Srikandi. "Nyi, tempo sakuriling panggung ngaran urang geus diparaké ku bangsa manusa. Teu widi heula deuih !". Sumuhun Kakang, Kula ogé diterapkeun kana raksukan jalma. Korejat, Cépot hudang. Bima ogé milu hudang. Celengkeung Cépot milu nyarita. "Tuh, ngaran Kuring ogé diterapkeun kana Kopi Shop. Teu bébéja !". Rrrr..Bima milu nyarita. "Manusa harak. Manéhna geus boga ngaran séwang -séwang, ngaran iung tetep dipaké jeung dikukuan deuih. Jadi cambal matihna. Hayu urang tungtut !".

Gajleng, opat wayang kaluar tina peti rék nungtut ka bagéan Perlindungan Hak Inteléktual. "Ké. Kudu panjang pikir". Semar nyaram. Opat wayang ngarandeg. "Ieuh Jang, bangsa wayang moal bisa ngahalangan kahayang manusa. Lamun malik ngaboykot atuh saha deui nu daék nanggap urang. Dunungan kudu diburuhan. Daék bulukan dina peti tuluy ilang sirna pintonan wayang. Kadugalan éléh ku ékonomina manusa. Sok pikir !". Semar ngadadarkeun balukarna. Opat golék arunggeuk..

GOLOK SULANGKAR

Kénging Rohendi Pandeglang
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2014 11:17:36

Poé pasar. Ramé. Nu baralanja jeung daragang. Lain ukur pajuheun, ubar-ubaran pelastikan ti kota géh aya. “Kula lain pamér, ieu bukti yén kula geus ngawin golok, deuleu ku dararia” kétét… kétét … kana beuheungna. Nu ngariung muringis. “Ieu golok dijieun tina sajatining waja, wesi aslining beusi!” Nu ngariung ukur gogodeg, teu mareuli. Nu pamér beuki capétang, bacotna ngabedasan.

Can payu, Ki Pamér meuting di lembur Batu Beulah. Nu kaéndongan daréhdéh. Murah congcot murah bacot. Tengah peuting, hawar-hawar sada durukan tina puputan. wawuh sawarana, ja papada pandé. Keketeyapan ka buri. Bréh saung pandé. Hélok… seuneu burahay. Nu tadi nyuguhan, keur ngadangkak. Burieunana lalaki kolot keur mesat waja euceuy, hurung, dina tumbung éta bikang. Ngajirijis sawara waja panas kana palangkakan. Tujuh kali mesat. Waja ngipisan, seukeut. Kolébat… plas… tihang saung sapat, laju murag deui kana urutna. Saung teu igeug-igeug acan.

Ki Pamér pias, ngah-ngah. “Ki Daénci, aya kénéh???” undur-unduran, gasik kabur…

Kamus Mini :
Tumbung : bobogaan awéwé

TANJAKAN

Kénging Na Nang
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2014 10:48:39

Karna. Jalma jugala. Juragan domba urang Sukadana. Duitna loba. Sawahna lega. Imahna siga istana. Ngan hanjakal euweuh wanoja anu micinta.
Euis. Sekertaris geulis urang Holis. Resep ngaluis tur ngageulis. Nu miharep nepi ka baris. Ngan hanjakal Euis matérialis.
Karna jeung Euis. Tepung munggaran di hajatan. Karna kaédanan. Mahugi bébéakan. Euis ngalayanan. Suka bungah bobogohan.
Genep bulan papacangan. Ahirna Karna wakca nanyaan.
“Euis, Akang aya pitaroseun .”
“Bade naros naon Kang?”
“Ehmm, kersa teu pami urang nikah?”
Euis ngahuleng rada lila.
“Kersa, Mung Euis aya pamundut!”
“Nyuhunkeun naon Euis téh?”
“Abdi hoyong Kang Karna nikah heula ka opat istri!”
“Naha bet kedah kitu?” Karna héraneun.
Kieu Kang, Abdi téh kénging supata. Kedah nikah kanu tos gaduh istri opat. Pami teu kitu, saha waé picarogéeun Euis bakalan maot.”
“Janten kumaha atuh?”
“Nya kantun milih wé, Akang milari heula opat istri, atanapi akang maot!”

MAHAKARYA CINTA RAHWANA 2

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2014 10:41:12

Lebah mana salahna mun Rahwana micinta Shinta? Naha raga kula dina jirim danawa nu jadi sababna? Ceuk balaréa kula raja binantara nu can sampurna, raja nu samar ku prameswari panyileukannana, kasampurnaan Aléngka aya lebah raga wanoja, simpayna rasa nu wasa meulitkeun pikir rajana.

Mun alesan Rahwana wujudna béda jeung manusa, kunaon Hyang Wisésa ngagelarkeun kula béda? Diti bet gumelar dina wujud danawa angkara murka, boa binih acining rasa Wisrawa pinuh ku murka, atawa karma nu tumiba ka nu ngakandung kula, karma tina pangruwat sastra jendra hayuningrat.

Saha nu salah mun kula gumelar dina raga pinuh angkara murka? Saha nu salah mun raga raja Aléngka dipikagimir ku para déwa? Kula Dasamuka nu ngagem aji pancasona rék tumanya ka balaréa, naha salah mun kula miboga mahakarya cinta nu kacida agungna? Dasamuka iklas narima sesebutan anak jadah nu mawa mamala, tapi jawab pananya kula ku arandika ku rasa nu pangjerona!

MIÉLING HARI LAHIRNA PANCA SILA: ULAH JADI PANCA SIAL ULAH JADI PANCA MUNAPÉK

Kénging Wawan Setiawan Husin
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2014 10:22:55

Ku sila kahiji. Kapitaslime rungkad. Isme nu teu inget nu Maha Nyiptakeun. Rarasaan manusa gubrag sorangan. Illahi teu kacaturkeun. Cadu méré mawéh nu keur léwéh. Di Amrik, sapersen nu hirupna ngoooonnnaaaaah enyaan. 99 persén engap-engapan. Data! Kolonialisme niruk Asia. Afrika direcah. Ku? Éropah- Amrikah! Haram-jadah. Disasaak. Dunya marudah. Dibeulah-beulah. Dikakatan leuweungna. Digadabah mineral jeung minyakna. Lemah-cai jeung sagarana. Emas, platina, titanium, berlian dibaradogan. Modéren!.
Kadua. Kamanusan? Dijieun pupulasan. Supaya batur terkesan. HAK asasi dilamotan. Pasti loba kacilakaan. Katilu. Kabangsaan. Awas lah jadi kabangsaTan. Angot jadi babasan: Lemah cai milik kami. Sértifikat milik Sia. Saré. Ngimpi ti babaranting. Hudang? Pating-tibabaranting. Kaopat. Karahayatan jeung Hikmah. Milih langsung. Ngaratus pingpinan daérah. Pilprés. Puluhan triliunan. Bocor. KPU tilelep. Kalimana. Kaadilan Sosial. Ulah jadi Kateu-adilan Sosial.
Teu cukup ku Miéling. Kudu diPrak-keun. Ti diri anjeun. Mun tacan? Sarua para pamingpin ogé. Teu barisaeun! Ti Diri: Panca Sila téh geuningan!

Tong sok loba muna:
Pék!

KALAKAY MURAG

Kénging RuhIman Van
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2014 09:40:38

Jentréng kacapi beuki atra. "Beu...", kuring gogodeg. Nyérangkeun dina bangku taman. Jongjon Si Aki ngulinkeun ramona. Handapeun iuh mahoni. Mirig haleuang "Bulan Sapasi." Awéwé gigireunana. Nyanghareupan kaléng nu jadi totondén. Sorana melas-melis. Ngendorkeun urat uteuk nu keur baluweng. Geus dua poé kuring betah di dieu. Ngumbar sawangan poé isuk. Kolot anjeun rék nepungan. Maheutkeun jangji. Bungah? Meureun, anjeun mah. Angin ngulisik geus teu nyari. Lain nu sasari. "Digentos ku angin bajra, matak sedih jeung nalangsa...." Rumpaka nu nambahan ngalimba. Kuring ngojéngkang. Gék gigireun Si Aki tukang kacapi. Nyéh Si Aki imut. Bareng jeung kalakay nu ngoléang kana lahunan.

DIAJAR GAWÉ

Kénging Andriekw
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2014 08:05:02

“Saha nu miceun di wésé bapak?!!” Karasa panon dunungan nyasar seukeut. Uing tungkul teu rumasa. “Manéh bongé? Jawab!!!” Karasa tuur ngageter. Kabayang bakal dibéré hukuman. Tungkul beuki jero. Tapi da teu rumasa. Dunungan lajag léjég, nulak cangkéng. Bangkenu. “Mun teu ngaku, kapaksa eureun!!” Kadéngé sora dunungan handaruan, kawas balati nu nanceb na ati. Peurih jeung eungap, ngabayangkeun raray ambu jeung abah. Nu sasih kamari bingah amarwatasuta, anak cikal nyepeng damel jadi obé di kantor pamaréntah. Ayeuna dieureunkeun. Konci sérep dipénta ku dunungan. Uing dititah indit, engké soré ngadeuheus deui. Lalaunan nyingkah bari tungkul. Ngaléngoy . Diinget-inget deui da tarapti gawé téh. Euweuh nu asup iwal ti uing, mun waktuna bébérés téh. “Tapi saha nu ngahaja modol didinya? Pikasebeleun.”

Pasosoré bari haté mah tagiwur, neger-neger manéh ngadeuheus ka dunungan. Pas rék keketrok kaciri panto méléngé. Lalaunan ditoong. Gebeg. Kaciri dunungan keur nyangsaya bari molotot melong ka wésé. Kapiuhan.

SAJADAH KULIT DOMBA

Kénging Deden Muhammad Supardan
Dipidangkeun dina lapak 01 Juni 2014 07:58:42

Wanci janari, saperti biasana Jang Adé geus hudang, terus ka cai gebrus mandi. Bérés ti cai rap kana sarung, kamprét jeung kopéah, giliwing ngajingjing kantong nu eusina Qur-an, sanggeus amitan ka indung, léos muru ka Masjid nu tempatna rada anggang ti imahna. “Teuing soléh jaba ludeungan budak téh, sanajan kakara kelas lima SD, solat, ngaji jeung sakola tara kudu di kukuprak, éstu hideng sorangan,” indunga gegerenceman.
Anjog ka Masjid paroék kénéh da puguh kakara jam satengah opat. Kakara ogé rék nyurungkeun panto Masjid, kadenge ti jero aya nu sora gogoloprakan, Jang Ade ngarénjag, hatena ratug, teu tulus mukakeun panto. Nu gogoloprakan di sada deui. “Boa-boa Jin,” gerentesna. Kusiwel ngaluarkeun lampu senter leutik tina sakuna, lalunan nyurungkeun panto. Baranyay lampu senter di sorotkeun, kasampak Aki Bahro keur nyered kulit domba meunang ngagaringkeun nu sok dipaké sajadah, ku sukuna. Gogoloprakan da puguh heuras.