Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 01 April 2014 (23 Naskah)


PANGÉRAN KANTOR

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2014 23:25:02

"Sakawitna mah abdi téh badé tamada. Neda kawijakan. Leres pun lanceuk téh carang lebet. Nanging abdi saksina. Anjeunna leres teu damang lahir batin."
"Teu bisa kitu. Urusan gawé puguh konsékwensina. Ku kituna sagala tunjangan ku bapa disetop. Moal ngeunah didaharna gé."
Tunda, késra, sertifikasi, jeung nu séjénna, enya wé dipengpet. Duh! Téga. Sumpah naon mun teu Gayus? Maké nyebut moal ngeunah didaharna!
"Wayahna isuk pagéto ulah ngarasula. Ulah nyalahkeun. Akang jadi PNS lain karana manéhna. Perjalanan hirup dirungrum kasakit lain kahayang. Kabéh catetan ti lohil mahpud. Nu ngarejekian Mantenna. Hanas manéhna nutup rejeki urang, keun. Urang lalajoan. Kumaha tungtung sandiwarana." Ceuk salakina. Manusiawina marojéngja. Tapi kailahian tetep teger. Pangsiun.

"Bu, ojég?"
"Éh, Bapa. Alhamdulillah, Pa. Pun anak tos janten dokter."
Pupuringisan. Motor teu teteg. Gubag-gibeg. Komo lebah gang mah. Gang panineungan. Baréto kungsi katincak basa ngabringkeun barudak. Ngalongok Cécép DBD.

BINIH ASIH

Kénging Asép Komara
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2014 22:59:15

Langlayangan téh semu hurung. Balas kasipat gebur layung. Bagas anteng jeung kenurna. Kunyad-kenyed sakarepna. Ieu panon milu nyawang sakedapan. Niténan nu kakalayangan. Aya nu tingsariak basa langlayangan suat-siet kawas nu rék nyaliksik méga.
Imut Bagas teu nyampak dina cakueum paroman beungeut Darma, lanceuk Bagas hiji-hijina. Langlayangan Darma teu manggapulia. Teu daék mumbul ka luhur. “Euweuh angin, Pap!” Darma mindo kukulutus. Langlayanganana ngadon kusah-koséh deui luhureun kenténg. Matak aral ngapungkeunana ogé. Bakat ku bosen, ceg kana kaléng gelasan. Guriwel. Durudud. Jeprut. Rét. Katempo Darma keur luwa-lewé. Untung wé kaburu aya nu ngagentraan ti tukang. Sora awéwé.
“Ceuk Mamah ogé geura ibak! Papap ogé!” Cenah, bari teu poho ngadilakkeun panonna. Nu angger matak kasima. Ti jauhna, boh ti deukeutna. Darma ngalénghoy bari ngingsreuk. Nu nungtunna ogé noyod teu ngalieuk. Kari Bagas nu nyalsé. Mulut kenur bangun antaré. Koléang. Langlayanganana tumiba. Dina keukeupan hiji wanoja. Nu ti tatadi ngawaskeun dina sesela méga.

NU DIANTI

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2014 21:47:57

Kring. Baku unggal wayah kieu. Cengkat ti hareupeun komputer. Ceg kana telepon. Jam nu ngadaplok nuduhkeun wanci tengah peuting. Rét kana kalénder. Jumaah kaliwon. Ieu téh malemna pan, cekeng. “Halow,” angger taya nu ngajawab. Ari lain sora patingsiriwikna lambak mah katiup ku angin laut. Beuki panasaran. Keuheul ongkoh. Ngangganggu. Kawas nu nyaho lamun uing keur nungguan béja. Ngeunaan manéhna. “Goblog! Sok ngomong atuh!” Korosok. Teu kungsi lila kadéngé sora halimpu. Les. Kasilep ku gelebugna angin. Écés sora manéhna. Cungungung ajag babaung. Rénjag. Jep. Telepon pareum. “Saha atuh?” Gubrag meubeutkeun bujur kana korsi. Ting----teng! Saha nu nyémah wayah kieu. Rekét. Bray. “Euis?” sidik manéhna nu ngajega téh najan ukur remeng-remeng gé. Gasik dirangkul bari uah-aéh. Bungah. Manéhna salamet. Bongan taya raratan. Nu kaberitakeun dina tivi téh batur deui-----batur deui. Pipi diantelkeun kana pipina. Hiek. Hangru. Hanyir. “Euis,” lalaunan neuteup beungeutna. Puriding. Bulu punduk ngandelan. Awak patingsariak. Rampohpoy.

SAMPURNA

Kénging Neneng Sitanggang
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2014 21:44:45

Tengah poé éréng-éréngan, dibaturan ceuk Sundari Sukoco nu keur ngahaleuang dina padaharan. Teuing geus sabarah menit, kuring nangtung sisi jalan, nungguan angkot.
Nu dianti-anti datang. Élékésékéng kuring naék angkot, sidik kahalangan ku tanggunan tukang basréng.
Gék diuk gigireun lalaki nu keur pakupis ngageberan budak dina lahunan awéwé ngora. Gigireunna tukang endog asin nu samutut. Rét kana endogna nu masih rempeg. Seng bau kélék, napuk cukang irung. Kurah-koréh kana tas néangan tisu, kari palastikna.
Goak budak ceurik. Karérét indungna semu nu ta’ak. Bapana rikat ngupahan, bari teu lésot ngageberan. Gejrét suku indung budak néjéh, hek karasa seu’eul, da puguh nenggel kana suku kuring. Sugan ménta hampura, atawa “basa-basi” ih damang wéh bari manyun.
Bau kélék asa beuki rosa, rét ka budak nu léwéhna beuki parna. Rel murel, ningali korong budak nu harideung sagedé-gedé leunca lebah cukang irungna pisan.
Sundari Sukoco nu keur ngahaleuang, ngadadak jempé. Borolo pas lebah katel tukang basréng.

WIWIRANG DI KOLONG CATANG

Kénging Eni Setiani
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2014 21:43:50

Wanci tumorék, hujan ngaririncik. Brug! Sora nu ngagebrug kana jandéla. Dirérét, hordéng nu ririaban katebak angin ngadadak eureun. Ma Iyah cuméot di juru imahna. "Peuting ieu mah bagéan dunungan kuring!" ngagerendeng.
Séor anging tarik naker. Jep, simpé.

Isuk-isukna ibur salelembur, pamajikan Juragan Karta maot teu gering heula.
"Tuh tingali juragan siga nu ngagigihan!" ceuk Komar basa geus ngurebkeun pamajikan Juragan Karta. "Lain ngagigihan nu kitu mah, Kéhéd!" ceuk Jalil ngaharéwos. Nu diomongkeun tonggoy ngoconan Nyi Momoh, parawan démplon nu milu jajap ka astana.

Ma Iyah nu aya di tukangeun Juragan Karta, mésem bari nungkupan beungeutna ku baki urut rampé. Tapi panasaran, rét deui, terus nyidik-nyidik bujur Juragan Karta. Bréh nu nguyek tambah ngabadagan. Wék! Burahol. Aya nu ngagebay, kaluar tina suja Juragan Karta.

NGALA CACING

Kénging Mimin Wiati Tea
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2014 21:14:49

Balik buburuh ngarambét téh awak asa laleuleus. Panto imah disurungkeun. Si Ujang, anak kuring teu nyampak. Na kamana atuh? da biasana ari kuring balik téh, manéhna gé geus balik ti sakola, sok sieun can dahar wé. Geuwat kuring balik deui ka luar.
Turun tina golodog, panggih jeung Aép, babaturanana Si Ujang nu keur leumpang.
“Aep, teu ningali Ujang?”
“Ngala cacing tadi mah, cenah mah dipiwarang Juragan Iyas kanggo parab meri.” Ceuk Aép bari ngaleos.
Kuring geuwat nyusul ka imahna Juragan Iyas.
“Tah Sujang, buruh ngala cacing téh!” Ceuk juragan Iyas bari ngabelewerkeun duit récéh, ka hareupeun Si Ujang nu keur andéprok dina ubin.
Si Ujang atoh mulungan récéh. Aya nu nyeuit kana haté, peurih, alah batan digerihan ku hinis.

NINI, UJANG DILAWAN !

Kénging Andrian Abdurahman Hermanda
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2014 20:59:58

"Jang, menbal yu ah!" amin nyampeur sabari gogorowokan.

"Can hudang si Ujang mah" tembal ninina.
"Piraku tos tabuh salapan ni?"
"Ujang dilawan ! Masalah sare mah, nomer 1 si Ujang mah."

"Wah kacida atuh ni. Terus tara solat subuh eta teh ni?"
"Osok atuh, komo solat mah nomer samemeh 1. Ngan sok langsung sare deui, Ujang atuh dilawan !"
"Hebat gening nya ni si Ujang teh?"
"Nya enya atuh da kumaha turunanana."

"Lieur ah ngobrol jeung si nini mah." celetuk si amin bari ngingkid.
"Ninia si Ujang dilawan!" pokna si nini.

SABIL

Kénging Atiqa Naim
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2014 20:48:37

Barusuh manah, guligah rasa, teu pararuguh pipikiran, mun wasa hayang ngapung ngajaul ka alak paul.
Gusti..! Bét kieu-kieu teuing atuh. Mun budak mah geus ceurik gogoléran.

"Kumaha atuh Néng?"
"Bingung Néng ogé A."
Piraku kudu indit mah, piraku kudu kabur mah.
Kuring téh lain budak ABG, kuring téh geus kolot, budak gé geus déwasa. Tapi da kuring gé manusa biasa, boga rasa, boga haté.

Sabil...! Nuturkeun kahayang, kumaha meureun rasa kolot jeung duduluran.
"Hampura nya A, Néng bingung."
"Piraku atuh Néng rék téga ka Aa. Aa nyaah ka Néng, Aa téh rék mileuleuheungkeun Néng, tapi kunaon atuh keluarga Néng bét kitu ka Aa."

Sabil...

MESIN TIK

Kénging Aming T Firdaus
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2014 20:27:21

Ngajentul ukur di singhareupan, nungguan ideu can rék lol. Teuing sabaraha batang roko di kenyot, kuntungna geus ngabarak luhureun asbak.
Hurup nu ngabaris, kawas nu ngajebian malah siga nu nyarita "cicing, teu boga ketikeun mah maksakeun teuing?"
Kuring seuri sorangan siga nu gélo, ragamang kana tisu, euweuh gawé mesin tik di elapan padahal geus bersih, kitunamah sugan skadang ideu norojol.
"Cicing gétek, tong di usapan"

RAJAPATI

Kénging Deni Riaddy
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2014 19:37:51

“Néng teu ngagaduhan hak kanggo ngabahas perkawis parasaan Aka….”
“Janten naon atuh alesanana Aka dipahing ka dieu? Kieu wé atuh, yu urang di kamar ngobrolna!”
“Kedah di dieu! Sab ayeuna mah pan urang téh tos kabeungkeut ku ikatan nikah. Atas nami Alloh sareng agama urang.”
“Teras…?”
“Sanés hartosna pipilueun ngurusanan paraosan sareng haté Aka. Néng mah mung ngémutan. Aka sareng Néng téh tos gaduh si utun pan. Punten, Ka, pami Néng lepat!”
“Henteu. Henteu lepat. Aka gé saéstuna nyaah ka anjeunna. Aka kakasihna. Sok Néng-na kantun nyebat, Aka kedah kumaha ayeuna?”
“Néng kacida nyaahna ka Aka téh. Kantenan ayeuna mah, Néng nuju ngandung. Turunan urang. Bibit Aka. Kukituna, ulah dugi ka aya skandal di kulawargi urang mah, Ka! Tebihan anjeunna nya, Ka! Ulah sakali-kali deui!”
“Moal tiasa kitu, Néng. Anjeunna gé nuju kakandungan. Aka teu tiasa leupas tina tanggung jawab.”
DOR!

NGAMÉN

Kénging Tatin Sardjiman
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2014 19:21:07

Ari ningali nu ngamén di stasiun. Sok inget kalakuan keur rumaja. Inget Harita basa hiking ka Cikolé Lémbang, balikna nyimpang heula ka warung baso. Kulantaran lila nungguan pesenan. Tamba kesel. Jung nangtung. Gap kana hitar. Ngajakan babaturan saurang. Asalna mah mugen, tapi ahirna nuturkeun ogé. Genjréng, kuring ngalagu merpati putihna, Chrisye. ti hiji méja ka méja nu lian. Nu dalahar Sur-sor, bari sareuri. Jadi ramé da kabéhanna milu ngalagu. Balik kana méja, pésénan geus nyampak. Habék wéh da puguh lapar jeung haus. Teu maliré babaturan nu ngagaronjak. Nyebutkeun awéwé anéh ka kuring. Waktuna mayar, duit anu tina topi diburudulkeun. Kari nambahan lima rébu harita téh. Arék kaluar, digentraan kunu boga warung. Duitna dibalikeun deui, bari dibéré kuéh jeung inuman, dikérésékan. Basana resep ka kuring. Carindakdak. Ingeuteun ka Anakna nu keur sakola jauh. Ayeuna osok hayang kénéh milu nyanyi. Ngan pasti bakal piraméeun salelembur.

GACONG

Kénging Muhamad Atho
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2014 19:02:29

Sinarieun Ceu Uneh hudang isuk keneh. Manehna geus saged. Sarupaning pakarang geus ampih tarapti dina aisan sampingna. Etem jeung arit di bulen ku lamak jadi pakarang anu utama. Nu can kaasupkeun mah kari sangu timbel katut deungeunna. Geus ilahar mun rek lakon gawe mah nimbel teh paling leutik sagede sirah orok. Teu poho sambel godog, goreng peda jeung jengkol ngora di bungkus ku daun meunang ngaleumpeuh. Bus di asupkeun kana aisanana. Rada weweg mekel sangu teh, da bekel jang mumuluk jeung engke ngopi wanci pecat sawed. Da mun teu di pur gawe na mah moal matak mekel sangu sagala. Ngan pedah we, Gan Usman nu nitah Gacong teu kaburu popolah cenah, paling ge mere nu amis-amis.

Jut Ceu Uneh turun tina golodog imahna. Leumpang keupat muru ka sawah Gan Usman nu aya di Legok Cimanila. Teu pati lila geus nepi ka sawah anu di tuju, katingali balad baladna gacong keur ngariung handapeun tangkal kiray keur maruka timbelna sewang-sewangan. Rek marumuluk heula memeh gacong.

RAJAPATI DIRI

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2014 15:22:34

Sajongjonan ngahuleng nempo hujan nu ngadadak ngagebrét, jorélatna kilat marengan gelap meupeus kasimpé peuting, luak-lieuk susuganan aya keur ngiuhan, lapur teu hiji-hiji acan, panon neuteup jalan sorangeun, samar-samar jalan satapak ngembat panjang bari nanjak.
Awak ngadégdég kabulusan, rénghap karasa asa eungap. Gebeg, na sela-sela hujan aya nu ngajuringkang ngadeukeutan, ngajirim jadi rasa, katempo geuneuk, malahan uwak-awék tapak nyosoék, ngadégdég kabulusan na keukeupan peuting bari gulang-guling na amparan kasimpé.
Beureum getih katiruk kapeurih, ngabayabah kabawa palid, cimata ngalémbéréh, ngeclak ngajadi batu, teuas mékprékan raga teu walakaya. Reup peureum, teu miroséa rasa nu amacak jeroeun dada.
“Duh… geura tiruk ieu rasa, malar ngababatang jadi babadak nu taya guna…..” gerendengna.

LENGKAH HAREPAN

Kénging Rifa Umun Nisa
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2014 15:05:39

KETUG jajantung ngawirahma awor jeung séor na angin soré ieu. Kuring nu sideku mawa kembang katresna jeung harepan, tapi anjeun teu maliré tuluy indit ninggalkeun. Taneuh beureum nu dipayungan ku méga nu aleum. Cimata nu geus ampir garing di tungtung simpé. Kalangkang bulan nu kari sapotong nurihan haté. pucuk-pucuk camara ngagugupayan kuring nu nyorangan. Leumpang ukur nuturkeun haté, ngrenghap ku pangharepan. Tanda tanya marojéngja dina lelembutan. Iraha bisa dijawab? Sedih bagja aya dina keupeulan Anjeun. Kuring pasrah kana rusiah nu kudu diguar. Mata poé ngarambat kana pikir, haneut na nyulusup kana sela-sela kalbu. Mata haté kakubur dijeroeun jiwa nu fakir. Mata nu cureuleuk nyésakeun beueus. Wilujeng leleson panutan. Sawarga tos aya di sagédéngeun anjeun.

RIWAN

Kénging Kujang Pasundan
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2014 14:37:18

“Diantos linggih Kang, pami engké Kang kaleresan amengan ka ITC Bandung.” Pokna dina inbok.
Enya panggih téh karék dina fb wé, éta gé tacan lila. Basajan basana, tapi ninggalkeun tapak dina haté. Ngagurat teu bisa leungit.
Dipapay lebah-lebahna anu ditunjukeun ku manéhna, lebeng teu panggih. Bingung, ngahuleng, enya kitu alamatna téh bener? atawa uing nu salah maca. Dibuka deui paguneman dina inbok, diilo bisi salah maca, ah teu salah kabéh dicatet dina ati.
Léos deui nguriling, diubek kabéh patempatan, diilikan hiji-hiji pangeusi toko, diakurkeun jeung gambar manéhna nu aya dina poto profil, ah weléh euweuh nu akur.
Léos ka mushola, rérés sholat ashar, ngagolér ngareureuhkeun kacapé.
Teu kungsi lila nu dipaluruh nyampeurkeun, bari imut pinuh mamanis. “Kang, damang?” pokna matak dédéngéeun. Nyah beunta, kasampak pamajikan ngusapan bari ngaharéwos, “tahajjud Pah, tos adzan awal.”

MANDAWA

Kénging Ogyy Tara Balaga
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2014 13:55:00

Dén Bahrom Romansa jalma jegud dilemburna. Luhur kuta gedé dunya. Hartana bru dijuru bro dipanto ngalayah ditengah imah. Aset usahana reuteum diunggal tempat. Dua priode inyana ngalungguhan korsi Kades didésana. Unggal pilkadés. Sora rahayat buleud kakantongan. Taun ieu manéhna nyaleg. Alatan katutup ku aturan, teu bisa nilu kali ngajadi Kades. Sakalian hayang uncul. Unggah darajat jadi dewan .

SAYANG AJAG

Kénging SZ Äbidiñ
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2014 12:56:21

Perang Dunya II enggeusan. Leuweung Masuria balik deui ka asal. Jempling. Ukur sora manuk patémbalan. Angin ngahiliwir ngoyag-ngoyag dahan pinus. Bajing nu keur aranteng ulin, laluncatan. Kagebahkeun ku léngkah Marek jeung Aléksy. Nu ditugaskeun meresihan ranjau.
“Marek! Itu gedong naon, nya?”
“Teuing atuh. Urang tempo, yu!”
Gedong téh siga nu ngahaja diwangun di tengah-tengah rungkun. Nyumput. Kawasna mah tempat panyalindungan waktu perang. Témbokna kandel kacida. Tapi runtuh béh hareupna, keuna ku bom.

Aléksy ngaluarkeun sénter. Dituturkeun ku Marek. Mapay-mapay labirin nu poék. Geleber. Kalong haliber, kagareuwahkeun.
“Cing buka ieu. Rohang bawah tanah sigana mah!”
Najan bari tibabaregég, ahirna kabuka ogé panto téh. Duanana tarurun ka rohangan nu remeng-remeng. Di jerona loba inkubator ngajajar.
“Léks… Naon ieu?” Marek ngagisik matana, teu percaya kana paningali sorangan.
Maranéhna olohok mata simeuteun. Aya orok dina tiap inkubator. Kabéh orok téh boga kumis saeutik, handapeun tungtung irungna. Dina puhu leungeunna aya tanda. Swastika.

CSI

Kénging Na Nang
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2014 10:41:52

Naha beunget-beungeutna teu ancur? Padahal kan leungeun, suku, beuteung jeung nu séjénna pada ancur ku bom. Paburencay. Naha ari beungetna mah henteu?
Pulisi jeung dokter sa-Enonésa ngarasa taak. Weléh teu bisa manggihan naon nu jadi musababna. Antukna der manggil CSI ti Amérika. CSI gé kakara manggihan kajadian saperti kieu mah. Teu kapalang, CSI meruhkeun sakabéh élmu jeung pangabisa. Wirang lamun nepi ka teu bisa nalungtik mah.
Acara konperensi pérs. Wartawan geus ngagimbung. John Robert, wawakil pupuhu CSI maju kana mimbar. Ngong biantara.
“CSI nyokot kacindekan yén beungeut korban loba pisan unsur seménna. Loba jeung lila ngumpulna. Ngajadikeun beungeut kuat saperti beton. Malah kuat nahan hanteman bom.”
Nu haladir pating kecewis. Cung aya nu ngacung.
“Naha bisa semén aya dina beungeut-beungeut anggota déwan?”
“Bisa, lamun Uric Shame-na pegat!”

*********

CSI :Crime Scene Investigation (serial drama tipi anu nyaritakeun cara gawé CSI (bagian Kapulisian Las Vegas anu Ngagunakeun bukti fisik pikeun ngabongkar rusiah rajapati.))
Uric Shame : tingali we dina translate.google.com

ISUKAN KURING RÉK KAWIN

Kénging Endang Rochimat
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2014 09:28:39

Poé isuk bakal jadi hiji deui carita. Carita lumampahna hiji lalaki. Nu jadi karuhun jaga keur incu, buyut. Naha jadi lalakon awon, atawa carita lengkah gagah satria? Kumaha maranéh wé, engké jaga .
Isukan kuring rék kawin. Urusan KUA bérés. Mahar keur mas kawin, ali tilu gram, saparangkat alat solat, jeung saparangkat alat keur paganténan geus siap, malah maké pisan nu ieu mah.
Cikénéh pipamajikaneun nelepon, cénah nu rék ngahadiran walimahan isukan téh réréana batur gawéna. Dulur-dulur ti lembur mah moal daratang, teu barogaeun duit keur ongkosna.
“Baé lah, kalieur-lieur mahanan, nu penting mah Aa nu rék ngawalian, kudu datang,” cékéng, bari ngahéhéh.
“Aa nu di Bogor moal sumping, Tétéh nu di Cianjur moal hadir! Keukeuh teu panuju urang ngadahup, jiga euweuh deui lalaki! Kitu bae nyariosna teh.” Pipamajikanen dareuda dina telepon. Sabenerna kuring ogé masih kénéh bingung.
“Isukan saha nu rék nganteur?”

LAIN CARPON

Kénging Endah Hendayanti Hartono
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2014 09:22:21

Méh tengah peuting. Kuring teu bisa saré alatan guligah haté. Carita awéwé dina carpon nu dibaca pasosoré ngalangkang waé. Luka-liku rumah tangga maranéhna dicaritakeun dina wangun carpon nu narik ati.

Resep. Carita ngaguluyur. Rumah tangga contoeun. Taya sari-sari bakal manggih cobaan nu beurat. Pogot maca bari ucang anggé na korsi goyang. Nunggu kakasih ati mulang.

Peuting ayeuna. Kakaraeun salaki mulangna elat. Carita na carpon némbongan deui. Dimimitian ku elat mulang. Sakali dua kali. Alesan demi alesan. Pamajikanana teu weléh surti. Nu ahirna beledag kanyahoan, yén salakina salingkuh méh lima taun. Persis saprak munggaran elat mulang. Rumah tangga sawarga, ditungtungan ku rajapati.

Beuki guling gasahan. Haté panas. Teu beunang dibébénjokeun. Gerung, sora mobil. Gancang dipapag.
"Hapunten Geulis, jalan macét margi aya kacilakaan." Celengok nyium tarang. Ngolébat berita na tipi, poe ieu patalimarga kacida lancarna. Carita dina carpon beuki kokolébatan.

NGARAN-NGARAN NU DIAWURKEUN TI LANGIT ATAWA KARAHAYUAN OROK BEUREUM

Kénging Wawan Setiawan Husin
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2014 05:29:23

Keur : Ki Slamet Gundono / Bah Asep Sunandar Sunarya

“Hei anjeun lahir. Tan ngaran”. “Orok beureum. Taya daya”. “”Mun diaranan Dadap. Harepan jadi Dadap”. “Mun Waru jadi Waru”. “Semar ngarti bari ngajadi Semar”. “Cadu jadi Semur. Jauh ti makna Semir”. Sagala basa alus. Sagala basa banglus.
Geus boga Ngaran. Tong loba carita. Hang naon, embung naon. Kumaha carana. Nepi ka dinya. Tong talangké. Baranyaykeun haté. Mecak kalimah kalih. Bari diajar ka Kulah. Kulah dunya. Sagara elmu. Panemu. Kulah Manusa ngaranna Haté. Rancagé. Pamaké. Dimumulé. Loba barang-béré. Tara ngaléléwé. Teu hayang jadi batur. Horéam, ingkah balilahan. Ti ngaran Sorangan. Ti ngaran Sorangeun.
Nyoréang ka mangsa datang. Ngaran deui waé. Sab ngaran dibalikkeun ka Nu Maha Boga Jenengan. Plak plik pluk kaasihNa. Ka salira. Kudu jadi amanah. Kudu jadi Darjah. Lain Dajjal. Mun teu kitu andika doraka. Mitenah diri. Malsu diri. Jadi kaluli-luli. Tanwandé hirup. Pinuh guligah.
Mun datang. Mun Miang. Datang teu ngaranan. Balik. Diaranan.

Bral Jalu. Jati Lumaku. Allahu!

MANÉHNA

Kénging Kang IsMaya
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2014 03:20:02

Geus ampir saminggu. Unggal isuk. Bi Titing pembantuna. Sok dititah ngirim sangu konéng. Atuh soréna. Ari datang mulang dagang. Geus nyampak pangirimna. Goréng pisang atawa kuéh séjénna. Bungah. Teu gaplah geuning, nyelang balik ka lembur heula téh. Teup. Ka motor kanyaah, nu geus welasan taun nganganter kaditu-kadieu. Geus pasti bakal jadi milik nujadi Emang, lamun laksana nyandingkeun manéhna téh. Rentang-rentang. Ema mulih ti pangaosan. Katingal pasemonna, haseum. Pokna téh, "Cik ari bobogohan téh, ulah ka nu saumuran jeung Ema. Éra tadi pada ngageuhgeuykeun. Nya mun ka anakna mah, Ema doa pisan, Jang!" Reuwas. Gura-giru ka pangkéng. Ragamang ka nu disimpen handapeun bantal. Gep. Laju ditilik-tilik. Enya. Ieu mah pasti boga indungna. Maenya teuing, ari anu lenggik maké cd size dobel xl mah. Ih, Bi Titing mah. Bet teu taliti disarayaan téh geuning.

AWAS SIAH

Kénging Ayus El-gibran
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2014 00:21:39

Akang, kuring baheula pikeun anjeun lir ibarat kembang, anjeun remen datang mupusti kuring saluhur bentang.
Akang, sagala bangbaluh kuring, baheula anjeun hiji-hijina tempat pikeun muntang.
Akang, anjeun lila teu mulang, naha ayeuna datang ngabelesat lir ibarat heulang.
Palu hakim ibarat meupeuh endahna cahaya bentang, talak ka ucap taya karingrang.
Anjeun indit bari jeung nembang, leungeun rakeut nuyun mojang lenjang.
Dasar koplok siah akang.!!!