Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 01 Fébruari 2014 (38 Naskah)


MOBIL ANYAR

Kénging Andriekw
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2014 23:41:42

“Kunaon maneh ngahuleng waé?” Amin nanya ka Jaja. “Keur bingung, bulan kamari uing balaka ka dunungan hayang kawin deui, éta néng Sumi anu kamari magang di dieu téa. Tapi dunungan lain nyarékan, kalahka mobil operasional uing nu Katana langsung diganti Pajéro sport nu anyar.“ Amir seuri, “Alus atuh éta téh hartina dunungan surti ku kahayang manéh.”
“Aya ku bagja manéh mah Ja, hayang kawin deui didukung pisan ku dunungan, naon tah jampéna?” Amin mencrong kabita, kabayang néng geulis nu camperenik jeung mobil anyar anu luis. “Nu jadi riweuh, sabulan maké mobil anyar, nombok gedé pisan keur meuli pertamina déx da hargana tilu tikel tinu biasa”.
Jaja nuluykeun, “Uing bébéja deui ka dunungan tadi isuk” Dunungan sasauran, “Montong loba kahayang jang ari teu mampuh mah. Tah mobil anyar téh ibarat jikan anyar, mahal keur miarana. Geus ayeuna mah balik ka imah, ménta hampura ka jikan, tong poho mobil pulangkeun.”

NU NGANTI DI TUNGTUNG WANCI

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2014 23:06:23

Maju ka sariak layung, pulas-pulas bohong tingarudat dina létah Sukarta Sukarti. Cangkang cinta lalayu sekar. Nu kuduna dicelep ku galeuhna udagan hirup, kalah diantep sina pupul. Teu nolih nadoman, méméh magrib jeung subuh.
Éling-éling umat, muslimin muslimat, pek geura tapakur, saméméh dikubur.

"Geus méré naon salila mihukum aing, siah!"
"Saumur-umur moal aya kabarokahan! Na teu karasa atuh! Euweuh tumarimana pisan!"
Gelap tingjelegér dina lalangit. Barudak tingpurungkut.
Teuing kudu nyalindung di mana? Ka saha?
Poék ngalipet. Peuting katutup angkeub. Lampu pareum. Hiji kulawarga kekelebekan kaséréd dua umpalan tabéat. Teu bisa silih élédan. Motah. Rongkah. Megatkeun tali kadali ajali. Nu dicangreudkeun ku pasini tauhid.

INDUNG

Kénging RuhIman Van
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2014 22:53:20

Bulan teu némbongan. Méga pasesedek. Kingkilaban teu suda marengan. Kararas tingkeresek katebak hiliwir angin.Waktu geus jam 9. Uing nyangunjar dina korsi bari nyepengan tarang. Jung nangtung. Leumpang noong ka luareun jandéla. Gék diuk. Ngan kitu jeung kitu wé pagawéan uing téh ti réngsé solat isa. “Bété” meureun cék barudak ayeuna mah. Sup ka kamer. Hulang-huleung. Bingung naon nu ditéangan. Enya pan rék nyieun kopi naha bet asup ka kamer. Uing gogodeg. Ngarérétan tengah imah. Suni. Teuing ka mana indung. Nu jadi bapa gé teu katémpo. “Ma....” Uing nyalukan nu jadi indung. Simpé. “Ma!” Rada bedas. “Naon sujang!” Indung némbalan bangun nu horéam. “Rek dahar mah téang we ka dapur!” “Lain eta Ma!” Cekeng. “Ari kopi di mana? Ngan aya gula wungkul!” Uing nandeskeun. “Deuh, baku ari geus ngaganggu indung téh manéh mah!” Indung kalah kukulutus. Tapi tetep teu kaluar kamer. “Naha keur naon ari Ema?” Uing teu sabar. “Keur miluan saémbara fikmin ieuh!” Indung kaluar ti kamerna bari ngacungkeun hapé. Kuring kerung. ***

ASA CIKÉNÉH

Kénging Meisya Halimah
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2014 22:18:21

Kaping hiji minggu mimiti sasih Pebuari. Nganti Ngamalir jangji pasini jadi ciri. Nu dipiati jadi milik diri. Niti harti, surti, bukti, bakti, sajati. Tepang munggaran ngamuara bagja mawa sagara rasa. Teuteup seukeut anjeun keukeuh meungkeut pageuh kadeudeuh. Salira, kedal ucap "Dina padalisan mangsa, kanyaah moal laas ku lawasna".
Haleuang kamelang kémat duriat kapunkas. Kingkilaan nganteur caangna poé panjang. Nu kantos amit kiwari ukur cicipta. Nyawang kalangkang na mumunggang Kudu ka saha ngumaha? Leungiteun udagan.

SIMBUT NGAGUPAYAN

Kénging Zenal Printing
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2014 21:52:20

Aya nu beda dina sore ieu, wanci sore manjing ka ashar indung budak jeung barudak geus saged dangdan da rek ulin hayang jiga batur nu sok malam mingguan, teu ka catur lilana di jalan jeung tempat ulin, biur we balik da geus peuting, di jalan nu geus poek laju mobil oge teu bisa tarik da poek, serab ku lampu mobil di hareup jeung ditambah deui halimun nu nambahan poekna jalan. Di hiji jalan aya nu loba warung ngajajar nu ngan saukur di lampuan ku bohlam 5 wat di sisi warungna loba simbut ngajajar nu cing garupay kanu sakur mobil jeung motor liwat, reug mobil di eureunkeun da di hareup aya mobil malang keur parkir, sobat eureun lieuk we ka warung nu aya simbutan tea, serengeh bari ngagupay eta simbut ningali kuring ngalieukmah, teu lilla plak aya leungeun kana pipi (geura maju, tuh mobil parkirnage geus euweuh) nya biur we gas di tincak satarikna da puguh rewas sing horeng pamajikan meren merhatikeun kuring ngalieuk kana simbut nu ngagupay.

INOHONG SUNDA JADI PRÉSIDÉN...?

Kénging Cadu Mundur
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2014 20:03:02

Anggeus Isya di warung Kang Iwan meuni haliwu pisan, hog-hag ngaromongkeun bakal CAPRÉS 2014. Torojol Kang Dasép eukeur dina kaayaan mabok. Manéhna gék deuuk, nyo'o HP sabari néang nyaho naeun anu eukeur diomongkeun...

Ini anu boga warung nanya ka balaréya: "Naha nya para CAPRÉS meuni urang Jawa baé? Ari inohong Sunda pada kamana, meuni kéléhan jasa...?" | Kang Dasép murak roko sabari nyeuleuweung: "PARA INOHONG SUNDA BISA NAEUN!!! HAYANG NGAGANTI NGARAN PROVINSI JAWA BARAT JADI PASUNDAN OGÉ MEUNI HANTEU SANGGUP!!!"

Kang Iwan sarta kabéh jalma anu hana diwarung nyéréngéh.

WISUDA

Kénging Asep Nurjamin
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2014 18:22:56

Ti saprak mimiti kuliah ogè hatè tèh geus bèda. Sasat ku alpukah manèhna kuring bisa jadi mahasiswa deui. Geus puguh lebah biayana, duptur-daptar katut syaratna ogè èstu diingkig ku manéhna. Kuring mah teu pati loba gawé. Ukur tésting anu teu ku manéhna téh. Sageuy atuh.
Teu beurangna teu peutingna, unggal migawé tugas manéhna teu weléh marengan. Ti mimiti browsing , mangnéangankeun buku, nganteur ka toko buku, nepi ka mangninyuhkeun kopi, nya ku manéhna. Nalika narima transkrip nilai tilu poé kaliwat, asa teu ngaboga-boga. Rumasa, lolobana jasa manéhna.
Basa nyiapkeun power point keur prèsentasi dina sidang, bet asa kasuat-suat, cuang-cieung taya pakukumaha. Sarèngsèna sidang, leumpang ka tempat parkir asa hampang, ngolèang, beuki teunangan. Ukur adi katut dua anak nu mapag. Nahnay mèh kapiuhan.
Wisuda tiis rasa. Taya nu mantuan mangmilihkeun kabaya, taya nu nuduhkeun tiung nu payus, taya nu ngaharèwoskeun kuring geulis, taya nu nuyun kaluar tina mobil. Ukur cimata nu mapag waktu mulang wisuda. Ukur cimata nu ngembeng dina dua pasang mata, dua mustika kakantun manèhna.

NU PUNDUNG

Kénging Atiqa Naim
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2014 18:04:27

Keuheul, heneg.
Meni asa diteungteuingan, pada ngarentog, kabeh milu mairan.

Satadina mah sugan jeung sugan, pada ngaku, pada ngaraneh, ning kitu buktina, hayang ceurik jejeritan, nyeri hateeee...

"Kunaon atuh bageur, meni kanyenyerian kitu?" aya oge nu ngupahan.
"Sok geura emutan ku eneng, eta teh bakat ku nyaah. Pami nganjrek di dieu mah seueur pulunganeunana, pami kursus mah kedah sabaraha mayar."

"Keukeuh ah, rek mundur bae, asa teu sanggup jeung teu bisa."
"Nya atuh pami maksa bae mah, mangga teh teuing, da moal rugi ieuh di dieu ge kaleungitan hiji anggota mah."

Ras ka diri sorangan, waktu mimiti nyieun fikmin, tapi untung uing mh kuat kaera.

Wilujeng ka eneng nu pundung, pami tos kaemut, sareng tos kiat mental, mangga bade uih deui oge, tangtos pada ngangken, moal disaha-saha.

MALEM MINGGU

Kénging Aini Mardiyah Sukirno
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2014 17:04:17

Bungah ari dinten Saptu téh. Sumanget ka sakola, nungguan pangajaran basa Sunda. Nyaan tambih resep waé diajar basa Sunda téh.
Teu karaos, bél jam kadalapan disada. Pa Irpan mungkas pangajaran. Sakelas hideng mérésan buku, badé uih. Kuring satengah lumpat ngudag Pa Irpan ka luar kelas. “Pa… engké malem Minggu, pan?” “Muhun. Leres. Upami siangna dinten Saptu, wengina malem MInggu.” Saur Pa Irpan. “Pani bade ameng ka bumi Bapa.” Pa Irpan ukur imut, bari lebet ka ruang guru.
Pasosoré mapay alamat Pa Irpan. Dugi kahiji bumi, naroskeun ka ibu-ibu nu nuju sasapu di buruan. “Punten Bu, dupi bumi Pa Irpan palih mana?” Nu ditaros liren sasapu, “Ieu bumi Pa Irpan. Mangga lingih. Sakedap nya, Bapa nuju di jamban.” Pok na bari teras ngantunkeun ruang tamu.
Di ruang tamu, katingal aya poto Pa Irpan nuju panganténan sareng Ibu nu tadi.

NU DITIMBURUKEUN

Kénging Eni Setiani
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2014 17:00:26

"Iraha aing ulin jeung Si Iyam? Gubug ka dieu nu nyacapékna! Padu engab waé anjing téh. Hah...? Ceuk Si Encum? Montong dipercaya! Pan apal manéh gé, Si Encum téh ti baheula gé hayangeun ka aing! Kudu boga saku dua atuh! Boa niat Si Encum mah rék ngedagkeun bari mulungan. Dasar Si Goblob Encum! Keur orongoh téh, hayoh wé néangan cara sangkan aing pisah jeung manéh. Lamun eudeuk gé aing salingkuh moal ka Si Iyam nu uruwidil. Lamun ka anakna Haji Gofar, aing rumasa bogoh, nyaah. Sumpahna gé daék kieu...! Seuri ah. Dasar anak Haji Gofar, timburu ka nu goréng patut."

ANJING

Kénging Ai Wawang Halimah
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2014 16:18:22

Anjing, Samah. Hayoh bulak-balik ka téras Uing. Ngiming-ngiming. Ngabibita. Ngahihipu. Nalika aing tigebrus mah Sia kabur pura-pura. Geuleuh, najis ka Satéh. Capé deuleu mupus tapak Samah. Teu cukup tujuh balén. Teu mahi cai tujuh sumur. Gunung Julang kotka deklok dipaké nyeretu. Angger, tapak Sia teu leungit-leungit. Batan ilang karah manjang.

Dasar Anjing! Pinter maén létah ulal-elol. Abong. Abong pisan. Ka kami ukur basilat. Majar, rék haat rék héman. Kéna-kéna boga sihung. Lah, sakeudeung deui gé Satéh ompong. Rasakeun! Sing demi, aing sumpah.
Aing sumpah, dimana cunduk waktuna. Tepi mangsana. Aing rék malikkeun kanyeri, mulangkeun wiwirang. Tungguan, Anjing. Keudeung deui, aing bakal jadi gogog gedongan.

NU JADI HIKMAH

Kénging Yuharno Uyuh
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2014 16:01:27

Nu ngahéroan mah, kurang kumaha! Asa jadi Arjuna wé, sugan mah. Tigin. Hayang ka nu can kaancloman geugeuleuh, ku haringhangna jaman kiwari. Nahun. Ngasruk. Milemburan. Antukna mah papanggihan. Teu weléh kapicangcam. Widadari tengah leuweung. Soréneun!
Nikreuh. Sanggeus ngaliwatan tilu pasir. Bréh. Suhunan imahna. Angen dumadakan ratug. Kabayang. Cara sasari, manéhna keur ngadaweung dina bangbarung. Bari tungkul nyumputkeun imutna. Suku asa gejed. Meni hayang jadi Gatotkaca.
Deuh! Ku éraanana. Matak gereget. Saban dianjangan, tara ieuh daék padeukeut. Nyempod di juru bilik. Ngeluk, bari ngaramesasan tungtung kurudung. Ditanya tiba éngab. Tapi béja ti indungna mah, cenah mun kuring mulang téh, sok hariweusweus. Meni agul. Mun peuting sok rajeun nyileuk. Hahariringan. “Lis, di dieu atuh calikna sing caket! Da engkang téh sanés ucing, moal ngerekeb ieuh,” cekéng. Bari seuri. Manéhna mimiti ised-isedan. Uman-imen. Témbong biwirna renya-renyu, nahan piseurieun. Na atuh! Barang keur kitu, ana ngiiik...” jep. Jerit. Gabrug.

KAYAS

Kénging Anida Salamah
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2014 14:50:40

Mapah sasarengan mapay jalan. Panangan nyepeng tali kantong, da sieun dicandak pataréma. Soca neuteup jajalaneun, atanapi sakali dua kali, duka tilu kali maling rérét. Harita, saptu soré sasih Pebruari.
"Saé nganggo tiung éta, Han. Si Méncrang wéh sugan mah. Warna karesep nya?" Salira naros.
Mung diwalon imut. Unggeuk.
"Ke pami ngadamel bumi urang cet kayas sadayana nya. Korsina, sepréna, parabotna sadayana kayas. Kersa janten ratu istana kayas?" Salira naros deui, ngarandeg bari neuteup.
Aya nu nyaliara tina dada, haneut, ngamalirkeun kabingah nu taya papadana.
Sadaya nu disungkeun dina du'a aya di salira. Moal ngémut deui diangken janten ratu di istanana, di lebet manahna.

Mapah sasarengan mapay jalan. Nu kalangkungan, daun-daun pulas kayas, halimun nu kayas, jalan aspal gé janten kayas.

KUWU

Kénging Yusuf S. Martawidénda
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2014 14:28:35

Ngajeblag pirang-pirang ungkara nu menta kuring turun tina jabatan kuwu na spanduk hareupeun Kantor Desa. Aparat siaga. Di antara nu démo, kajeueung saingan nu kaéléhkeun ku kuring dina Pilkadés. Harita kuring nyalon ukur bekel pangrojong ti masyarakat jeung sesepuh. Nu nyalon aya tilu. Pa Danu, Pa Kohir jeung Kuring. Ceuk surpei, Pa Danu rangking kahiji. Kuring kadua. Pa Kohir katilu. Dina penghitungan suara, sakitu bro-broannana ngamodalan, suara pa Danu ngan saeutik. Pa Kohir nu teu diunggulkeun pisan, saenggeus dibeking bandar, suarana silih susul jeung kuring. Hujan ngaririncik tapi karasa panas jeung tegang. Komo basa surat suara tinggal wewelasan. Ahirna kuring resmi jadi Kuwu, punjul ku lima suara. Hiji-hiji program kerja dilaksanakeun. Ngan pangwangunan fisik kantor éléh ku désa lain. Hal ieu nu dipaké alasan ku pa Kohir pikeun ngeundeuk-ngeundeuk kuring. Masalahna, kuring keukeuh, panceg embung narima bantuan ari kudu ngaluarkeun duit heula mah bari jumlah nu ditariama tara saratus persen.

LAURA

Kénging Amira Laura
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2014 12:58:35

abdi ngantosan dilobby,kakasih.abdi seuri basa tos ngabaca hiji sms ti jalmi anu dipika cintadisore ieu ,ters abdi ngabereskeun kertas2 anu paburantak dimeja padamelan saentos kituteras diberesan tumpukakan kertas tea ,dugika rapihna abdi ngenteung heula sateu acan papendak sareung anu bade patepang tehnaha pamenteu abdi masih keneh geulis sareung ayuna ,

MIROSEA

Kénging Abu Fhatin
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2014 12:58:14

Rarasaan mah satekan polah medarkeun diri sangkan robah kaayaan, umur dek ngagayuh ka tunggang gunung ngoseh lengkah anu ngojot riweuh ku rereged.
Aka nu jadi panutan hidep hirup nyorangan ti kaanggaan, cabak euweuh ragap taya tangan pangawasa padahal eces katalian keneh ku janji pasini ijab qobul ti apa hidep sakseni ku pak lebe.
Hidep Ka kungkung ku adat nu jadi Indung nu keukeuh teu ngarti kana duriat nu jadi anak.
Rengkah carita sabelas taun papisah paanggang tempat ngalakonan hirup rumah tangga ukur ceuk beja ngahiji weleh ukur lumaku na lamunan.
Ngagero ukur na hate nyalukan ukur dina impian. Turunan cingkoceak nganaha naha, asa enya asa lain.

BUBUR BEUREUM

Kénging Yulistiani Taslim
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2014 12:53:16

"Sip, meujeuhna teu amis teuing." Ngagerendeng bari notol bubur beureum dinangkaan dina sinduk. Cetrék mareuman kompor.

"Maenya teu deudeuieun geura," ngagerentes bari ngajajarkeun mika na méja tuluy dieusian bubur, bagikeuneun ka tatangga.

Tulus ganti ngaran téh. Ngarah batur babarieun nyebut. Jaba loba nu nyarangka jalu, sakitu écés maké tiung ogé. Rék diganti kunu leuwih 'masa kinih', nu gaya pokona mah siga budak ayeuna. Nu gaul.

Bes-bes mika nu geus dieusian bubur beureum diasupkeun kana kérésék bari diselapan kertas sacewir nu unina,

*Pengumuman Ganti Nama*

- Juliandini Persik Jamil -
. Menjadi.

7o3lchicewkmani3zthaiankchaopenyoech@zhencoolcheelockd@nzeblack.

NEPAK SIRAH

Kénging Hadian M Sulaeman
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2014 12:37:50

Pasosoré. Manéhna, datang nepungan kuring, di kios tempat kuring, mangkal néangan duit. Manéhna, ngajakan bisnis. Mimitina, kuring rék nolak sacara halus. Ti baheula, Kuring boga pamadegan. Kangaranan bisnis, mun geus nyangkut dua pamikiran, tangtu ka hareupna bakal aya perbédaan. Nu antukna bisa jadi goréng. Sabada manéhna ngajéntrékeun, ku basa nu lantip jeung neuleuman trék récordna. Kuring ngahayukeun "Sugan, Uing meunang pangleuleuwih." Cekéng téh.

"Ieu bisnis gampil pisan Kang! Salira teu kedah capé. Cekap ngecék hungkul artosna, dina rékening Bank. Dua dinten gé, Artos salira, uih sareng nambihan!" Cék manéhna, ngayakinkeun. "Nya heug ari kitu onaman mah!" Golosor duit keur pimodaleun téh, dibikeun. Laju méré nomer rékening kuring, di hiji Bank. Euweuh pikiran goréng sangka. Kuring, kataji ku omonganana nu adab lanyap.

Saenggeus narima duit, Manéhna amitan. Kuring bungah. Duit kuring, bakal nambahan. Poé kadua, ti harita. Kuring panasaran, laju ngecék di ATM. Barang dicék, kuring nepak sirah.

KAHIRUPAN

Kénging Jajang KudiHyang
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2014 12:22:59

Balik kuliah Si Jajat eujeung Si Gunawan nuju ka wartêg. Bêk nyatu, meuni rarêwog jasa kawas ciak meunang marak tilu poé.

Tiriling.. HP Si Gunawan nyawara, hana têlêpon ti bébéné: "Ka, hampura nya ka Trans Studio Bandung téa moal jadi. Ngaing hana kapêrêluan kulawarga." Abong eukeur nyatu, Si Gunawan ngawalêr ukur nyêbut: "HEUEUH."

Bijil ti wartêg Si Jajat nga'ajak ulin: "Wan, urang ka Tangkuban Parahu, urang nyalsé sabari maén catur?" | Gunawan: "Hayu, hêngan motor Ngaing bensinan ku Dia. :)"

Nêpi ka Tangkuban Parahu, Si Jajat ceuleugeug, cungar-cêngir sabari noélan Si Gunawan. Gunawan: "Hana naeun Dia meuni riweuh jasa?"
| Jajat: "Tuh jeueung ku Dia..."

Barang rét ka beulah kulon, Si Gunawan nyeueung bébéné eukeur padudua'an eujeung jalu séjén.

Ini bébéné Si Gunawan hanteu ngomong sakêcap-kêcap acan. Siya (Manéh-na) geuwat ngaléos, nyingkah bakat ku éra.

Jajat: "Téga jasa si geulis nyangcarut haté Dia?" | Gunawan: "Ah ingkeun baé Manéh-na carut ogé. Ja kamari éta bikang anggeus dirasaan ku Ngaing." | Jajat: "Is! Doraka siah. Matak papa!!!" | Gunawan: "Baé! Ja Ngaing lain jalma ku'uleun kawas Dia."

Ngareungeu omongan kitu Si Jajat kuciwa boga dulur buraong jasa.

SI CAMEUH

Kénging Aprillia Indriani
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2014 12:04:32

Barang asup ka jero lawang sakola,
kacida bungahna. Ningali lalaki nu
dipikaresep, keur nyarandé kana tihang.
Kasép kacida. Gadona cameuh. Seurina
éndah. "Sok siah isuk isuk geus
ngalamun!" Si Énok ngabeunangkeun.
"Hé hé, kuring keur mikiran Si Cameuh
Nok!" "Euleuh éta kabisa ngan Si
Cameuh deui, Si Cameuh deui. Meuni
euweuh kabosen!" "Pan keur
panyumanget Nok!" “Ningan basa
saméméh ulangan ningali Si Cameuh téh
kalah dirémédial?" Si Enok nyenghor.
"Hen...henteu ih..!" kuring gugup, teu
bisa ngajawab. Da émang bener
kanyataana kitu. "Tuh pan? geuwatlah
urang jajan ka kantin. Lapar yeuh!" Di
kantin, kuring ningali Si Cameuh keur
diuk duaan jeung awéwé. Kuring lumpat
deui ka kelas. Jol Si Enok, "ari manéh
kunaon tadi kadon lumpat?" “Hampura
Nok, tadi kuring ningali Si Cameuh
jeung awéwé!" "Teu apal kitu? Pan éta
kabogohna." Astagfirullah... nyelekit,
peurih geuning Gusti! Teu karasa cimata
mudal maseuhan pipi. Kiatkeun abdi,
Gusti ....!

CALAKAN

Kénging Karlan Supriadi
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2014 11:44:40

SD Cisondari. Rohang kelas lima. Barudak dariuk saridakep. Pepeta jeung cumarita guru kacida merhatikeuna. Guru Ita Cintarsih geulis pinuh wibawa mawa pangabetah diajar.
"Cobi sebatkeun naon rupi ubi-ubian? Upami aya terang ngacung!" leungeun di kaluhurkeun nyontoan.
Sajongjongan barudak rut-rét, pating karerung mikir néangan pijawabeun anu bener.
"Ubi Jalar! BU!" Purwanti budak pinter pangheulana ngajawab.
"Duh, Kupinter, cobi saha deui?" nyidik- nyidik hiji-hijina murid.
"Ubi Ketela Pohon!" Unasah, bangku pang tukangna nyelengkeung.
"Leres, nyaan palalinter murid ibumah, saha deui nya?" pujian nu ngahudang sumanget budak.
"Ubi Muruhmuy! Bu!" Sarhamad semu nangtung.
Rohang kelas gandeng kunu saleuri.

TUNGTUNG GIRIMIS

Kénging Teh Ning
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2014 11:41:23

Girimis ngepris najan ngeunteupkeun katiris, tapi sok resep nempo miripisna tina jandéla. Dibarengan simpé nu lain sausumeun. Sawelas taun Aka, bakti diri ngalautan rumah tangga nu teu puguh bahterana. Rék nyingkah heureut léngkah. Rék mangadu heurin ku létah.
Sabelas taun Aka, cenah mah sabar keur manusa taya tungtungna. Komo awéwé sawarga bagéanna mun iklas babakti naon waé kaayaannana. Aka lir patung hirup. Jadi hulu teu maju jadi buntut teu ngépot. Lain salah Aka. Panyakit nu jadi cocoba. Sabelas taun Aka, diri mépéndé kasimpé.
"Tarimakeun nasib diri!" Papagah kalah asa cucuk rungga nu nanceb na awak. Sing selekit. Nyeri na diri. Tapi teu bisa kumaha.

Girimis lekasan. Dipungkas ku haneut sumorot poé. Najan linduh teuteup harepan, tapi cisoca peuray lalaunan.
Sabelas taun Aka, rék neruskeun léngkah naratas jalan. Hampura, iqral talak dipénta.

TISOLÉDAT

Kénging Mank Oecoe
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2014 11:35:50

H Ontohod sesepuh masjid, getol ibadah. Puasana rajin. Murid ngajina aya ratusna. Pakayana loba kacida. Sawah, kebon aya hektarna. Sapi, munding aya ratusna. Domba mah aya rébuna. Istrina bu Hj soliat, geus tilu taun tanpa daksa. Najan umur geus satengah tuwuh. H Ontohod ragana mah jagjag jeung seger kénéh.
Hiji mangsa H Ontohod nganjang ka imah Nyi saritem. Randa ngora ditinggalkeun maot. Sabulan wawuh, H Ontohod jadi osok mondok moék. Tatangga Nyi Saritem curiga, sabab can katalian ku nikah. Ngariung, baradami.
Tengah peuting bulan caang. Simpé. Pasosoré tadi H Ontohod nganjang. Lampu Imah Nyi Saritem poék.
Warga kampung ngaliud di buruan imah Nyi Saritem.
" Dobrak..! Dobrak...! Pantona dobrak!" Warga ngadobrak panto imah Nyi Saritem. "Dasar Haji Baragajul...!" Warga nyiksa H Ontohod nu teu salambar kaen ogé nu nutupan awakna. Nyi Saritem ceurik gogoakan, awakna ngan ditutupan ku samping.

EUNTEUNNG

Kénging Tatang Sumarsono
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2014 11:02:42

Karasa matak bangreung. Heueuh tuda, éta ku loba pisan nu ceurik. Teu cukup ku paungku-ungku. Adi jeung lanceuk. Indung jeung anak. Malah babarayaan laér ogé maridangdam. Kitu deui tatangga, loba nu datang bari cirambay. Ceuk nu ngaralayad, beungeut layon téh marahmay, malah bangun keur imut.
Bet jadi panasaran. Naha enya beungeut sorangan téh keur marahmay. Hanjakal taya nu pangangguran ngasongkeun eunteung.

BANG DEMPLON

Kénging Mimin Wiati Tea
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2014 10:47:07

Basa mimiti pindah ka daérah pasisian Jakarta, kuring wawuh jeung nu ngaran Bang Demplon teh.Teuing kumaha sejarahna bet nelah Bang Demplon. Awakna jangkung gedé, dina leungeun kenca katuhuna rapang tato nu matak pikagimireun.Pantes kana kituna téh, da manehna téh mantan preman.Geus lila dijadikeun ketua keamanan di daérah nu dicicingan ku kuring.Tiap awal bulan manehna nagihan uang keamanan ka unggal imah warga.Waktu nagih ka imah, harita kuring teh keur numpukeun buku-buku nu geus teu kapaké di teras, da rék dibikeun ka tukang rongsokan.
“Bu,mau ngambil uang keamanan nih!” Ceuk Bang Demplon
“Tunggu bentar Bang! mau ngambil uangnya dulu!” Tembal teh. Can gé kuring ka jero imah, na atuh ari beretek téh Si Bang Demplon lumpat.Kuring gegeroan gé teu didéngé. Barang kuring ngarérét kana tumpukan buku, nyeh wé seuri sorangan .Ieu ningan nu matak manehna lumpat téh, aya sakadang cucunguk nu keur santéy dina luhureun buku.

DAGANG CINTA

Kénging Usman Ali M
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2014 10:37:50

"Baradé yeuh Cinta...! Murah meriah dijamin pédo. Sacolok kur sarébu..., dijamin burial buncelik nikmat, baradé...!"

Rék usaha naon ogé, teu burung ramé. Pada ngagimbung. Lolobana rumaja putri. Da puguh nu dagangna jang Tata, dedeg hadé, rupa sampurna. Mun dagang surabi, teu ngari. Dagang bala-bala, tara nyésa. Komo deui ayeuna dagang Cinta, atuh teu kudu promosi, langsung loba nu kataji.

"Kang, abdi hoyong Cinta dua colok mah." Néng Sari ngadilak. "Kanggo néng Sari mah, dipasihan bonus ku Akang sacolok!"

Karék ogé jam salapan isuk. Dagangan nu nyésa kur bumbu suuk. Jang Tata bungah. Meresihan gorobak bari héhéotan. Nyéh seuri, maca tulisan dina kaca, "CINTA - CILOK madé in TATA"

DAGANG CINTA

Kénging Usman Ali M
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2014 10:37:31

"Baradé yeuh Cinta...! Murah meriah dijamin pédo. Sacolok kur sarébu..., dijamin burial buncelik nikmat, baradé...!"

Rék usaha naon ogé, teu burung ramé. Pada ngagimbung. Lolobana rumaja putri. Da puguh nu dagangna jang Tata, dedeg hadé, rupa sampurna. Mun dagang surabi, teu ngari. Dagang bala-bala, tara nyésa. Komo deui ayeuna dagang Cinta, atuh teu kudu promosi, langsung loba nu kataji.

"Kang, abdi hoyong Cinta dua colok mah." Néng Sari ngadilak. "Kanggo néng Sari mah, dipasihan bonus ku Akang sacolok!"

Karék ogé jam salapan isuk. Dagangan nu nyésa kur bumbu suuk. Jang Tata bungah. Meresihan gorobak bari héhéotan. Nyéh seuri, maca tulisan dina kaca, "CINTA - CILOK madé in TATA"

NGAN SAUKUR KAHAYANG

Kénging Sri Paudwal
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2014 10:25:16

Hayang tepung ti méméh jung, bongan haté kapigandrung hanjakal lalakon rék nepungan masih opat jam deui éta gé mun teu kapegat macét.
Es em es disada teu eureun-eureun, nu eusina mah sarua nanyakeun posisi kuring geus nepi mana.
"Ati-ati nya mah! Ayah sayang mamah."
Kembang-kembang katresna mangkak beukah, wangina nyambuang nepi ka Karawang, bagja nu teu aya duana, poé ieu bakal panggih jeung nu dipicamcam mangbulan-bulan.

Malangbong katembong ngagupay melang dina laju rindatna Budiman.
Palebah Nagreg langit ngadadak aleum, girimis miripis sapanjang jalan, lalakon nu bakal kasorang ngan saukur kahayang, beueus baseuh sapanjang rénghapan gupay kalakay ngoleang kataneuh beureum, kuring ngan boga es em es ti manehna nu nganti di tol Cikopo.

UNTUNG GORÉNG

Kénging Ganjar Kurnia
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2014 10:01:09

.

Aral. Mindeng ambek ka Gusti Alloh. Teu adil!. Kunaon bet begung, goréng patut.
Ka Kolot mah komo. Nganaha-naha. Kapan Adi jeung lanceuk mah gareulis - karasép; bapa - ema kitu ogé. Malah ka ema mah kungsi pok: “Boa-boa, kuring hasil salingkuh.

Babaturan geus kararawin, kuring mah baroraah, teu kungsi boga kabogoh burung-burung acan.

Waktu beuki ngagilinding. Teu pupuguh, aya pejabat anu ujug-ujug nanjung. Ceuk batur pangawakan jeung beubeungetanna siga kuring. Ninggali dina televisi enya ogé, rada nyeplés. Béja pabéja-béja. Ayeuna mah lamun jalan-jalan loba anu ngarajak seuri. Pausahaan iklan rajol, nalawaran jadi béntangna. Alhamdulillah, duit mucekil, atuh para mojang ogé, ngantay ngahalélaran.

Éling, inget kana goréng sangka, ka Pangéran, ka ema, ka bapa. Robbana dzolmana anfusana…. robbighfirli waliwalidayya……. Hapunten Gusti, hapunten ema, hapunten bapa. Lamun kuring kasép, meureunan moal siga ayeuna.

CIPANGKAT

Kénging Rohendi Pandeglang
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2014 09:58:42

Ngocor ti Gunung Karang, nyédong di héndépeun tangkal kai badag. Ki Pari lugay tas ngeueum sapeupeuting. Beungeut beueus, buuy. Bangus noroktok. Katirisan. Keur sibeungeut, aya nu ngangkleung palid gigireunna. Hérang, ketap-ketip. "Bagoor jamang putri" gerentesna. Luak-lieuk ka tonggoh. Suwung.

Isukna gilig ka Rajatapura, mikeun jamang. Najan isin, kupédah ukur somah. Tilok srug-srog ka karaton.

Guyur, aya palawari anyar di Karaton Rajatapura. Ki Pari. Meunang pangkat.

Sédong héndépeun tangkal, di suku Gurung Karang. Lidig kunu harayang naraék pangkat. Tepi ka kwari.

Peuting tadi haliwu, aya layon pajabat digarotong ti éta sédong. Ngeueum kebel teuin, nanggoan palantikan.
Beuki karamat, ngaleuya pajabat mélaan katirisan. Di lebah dinya, nelah Cipangkat.

HAYAM KAMPUNG

Kénging Entjep Sunardhi
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2014 09:54:34

Sajodo. Bikangna keur endogan. Mirilik sapoé hiji. Jadi tulang jadi daging saimah-imah. Maturan sambel goang - céngék jeung surawung ti kebon buruan tukang -, saminggu dua kali. Bulan kamari.

Si Jago kalantang-kulinting tara jauh handapeun sayang. Nungguan nu anteng nyileungleum beurang peuting, nyirekeman endog lima siki. Si Indung. Turun sawaktu-waktu nyiar pacokeun, bari gigibrig sabada ngupuk dina lempung kolong imah. Miceun sieur nu datang teuing ti mendi. Ateul. Murang-maring bangun ceuceub mun pareng Si Jago rék ngalédéan. Apal di paharaman cacak sato.

Teu mangkuk sabulan, mégar. Taya nu kacingcalang. Diturunkeun isukna, teu poho mecéhan mataholang tina pamatuk nu anyar gelar. Malah-mandar jadi anak nu baranahan ngala ka indung. Diaping dijaring tina rupaning pancabaya, utamana tina ancaman heulang-ruyuk nu sok ngintip tina tangkal kalapa sisi balong. Si Indung ngadadak galak siap ngabintih ka nu niat julig. Hayam kampung jadi pilihan di Warungna Si Nusa Antara.

HARÉWOS MUNGGARAN

Kénging Mulyana SA
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2014 09:07:59

Ladang kuru cileuh kentél peujit bari munjung muja. Munjung ngalap rahayu indung bari mihatur bait puisi du’a ka Mantenna. Muja ngalap darajat bapa binarung mihatur prosa pangbakti ka Nu Mahasuci. Rupaning tarékah dipilampah malahmandar buah tineung namper na kandaga kasusastraan rasa. Ngancik na rahim sucina indung karuhun sangkan ngajanggélék jadi jirim nu taya cawadeun lahir batinna. Panerus lalakon pikeun ngamumulé jeung makaya ayat-ayatNa nu mangrupa basa. Tinekanan ngandeg.
“Bageur..., bagéa sumping. Anaking jimat awaking, puputon kalbu pusaka manah Apa sareng Mamah.” nu gumelar ditimang, digaléntoran.
“Sabar nya Ang! Kedap deui gé tuang putra gumelar. Iraha prédiksina?” ceuk manéhna basa kuring jeung pamajikan nu keur bulan alaeun, ngalongok.
“Di tungtung taun ieu Aang, sur katerangan dokter kandungan mah.”
Cunduk waktu gumelarna. Kabungbulengan. Najan teu babaran, nu bubureuyeungan dumadakan ngalenjangan basa meunang haréwos ti jabang bayina, “Ulah deudeupeun, abdi tos di alam karancagéan rupaning kanikmatan.”

MILU IMLEK

Kénging Taufik Faturohman
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2014 09:04:32

Kangaranan di lembur, kajadian nanaon teh pasti sarerea apal. Kaasup basa Kang Suryana di imahna masang lampion, matak gujrud sarerea. Malah bejana ditarambahan, majarkeun teh sok we nganjang ka imahna, pasti bakal disuguhan kueh karanjang. Jinek we kacindekan urang lembur teh, kahiji Kang Suryana geus pindah agama da milu ngarayakeun imlek, kadua manehna kudu diusir, sina ingkah ti eta lembur.
Dina sidang di Bale Kampung, Kang Suryana kekepehan dituding geus pindah agama. Anapon di imahna dipasang lampion, dumeh resep we kana lampu model kitu. Dicaangkeun tengah peuting teh waas ku cahayana nu burahay beureum.
"Tapi apan di dinya teh lain turunan Cina?" ceuk Kokolot Kampung nanya bari morongos.
"Sanaos sanes turunan Cina, namung abdi ngaraos asa jadi urang Cina," tembal Kang Suryana.
"Naha bet boga anggapan kitu ?" ceuk Kokolot Kampung nanya deui.
"Apan HP abdi buatan Cina," tembal Kang Suryana bari balaham belehem.

HIJI MANGSA, PASOSORE

Kénging Asikin Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2014 08:52:14

“Angkat tangan!”
Nu ditodong ngarumpuyuk bari ngangkat leungeun.
“Ampun...!”
Jekok! Nu ngangkat leungeun aya nu neunggeul ti tukang. Awakna ngajurahroh.
“Borogod leungeunna!” nu nodongkeun péstol sarta maké teregos paparéntah ka nu tadi neunggeul. Nu diparéntah gancang ngaluarkeun tali. Awak nu ngajurahroh dibakutet.
“Séréd! Alungkeun ka walungan!”
“Bos! Beurat!”
“Boyot! Hayu ku duaan!”
Duaan nyobaan nyéréd awak nu jadi korban. Tibeberegég. Nu diséréd teu onggét-onggét.
“Jadol téh! Beurat pisan! Awakna gedé teuing!”
“Geuwat! Bisi sadar mantén!”
“Kumaha atuh da beurat?”
“Dipotongan! Ngarah hampang!”
“Mutilasi, Bos?”
“Heueuh! Mana bedogna?”
“Ieu, Bos!” Bedog disodorkeun. Si Bos nampanan. Teu diengkékeun, bedog diamangkeun.
“Héy!” hiji awéwé ngajorowok. Gura-giru muru tempat kajadian. Bedog tina leungeun si Bos direbut. Tuluy nulungan nu diborogod, talina dilaan.
“Nanaonan ieu téh?”
Si Bos jeung baturna tarungkul.
“Nurutan film dina tipi, Ma,” ceuk si Bos.
“Ulah diturutan nu kitu mah! Kumaha mun cilaka? Geura marandi, burit!”

P R

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2014 07:30:18

Tara ti sasari, Santi alum basa nyampeur Néng Asih, rék sakola. Néng Asih héraneun.
“Teu gaduh artos kanggo jajan nya? Engkin ku abdi dipasihan.” Santi gideug.
“Ku naon atuh?” Néng Asih nanya deui.
“PR basa Inggris, nu étang-étangan teu acan didamel. Ema sareng Tétéh teu ngartoseun.”
“Oh...! Énggal atuh yu papahna. Abdi tos dipasihan terang ku Mamah.” Berebet duanana lalumpatan. Erok beureum ati-na umplak-umplakan.
“Nomer sabaraha nu teu acan?” Tanya Néng Asih.
“Sadayana,” Jawab Santi.
“Walerna ku basa Inggris, all.” Néng Asih mapatahan.
“Hihihi.”
“Naha?”
“Jiga Tétéh upami nuju ngoprék ha-pé, saurna nuju ol.”
“Muhun. Tadina tina, Hi, all friends...! Yu, urang damel pé-ér-na.”
"OK."
“Fourty divided ten is four. Ten times five is fifty. Nine plus two is eleven. Thirteen minus one is twelve.” Néng Asih mapatahan sobatna. Santi bungah nepika ajrag-ajragan.

NÉANG RARATAN

Kénging SZ Äbidiñ
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2014 06:46:56

Geus dua taun Inah euweuh béjana, saprak dibawa ku Ati ka kota, jadi pembantu.

Ati dipanggil ka kantor pulisi.
“Muhun, angkatna sareng abdi. Aya nu peryogieun réncang, mung alamatna ical. Ari daérahna mah apal, Sétrasari” ceuk Ati sahinghingeun ceurik.

Ati milu kana mobil pulisi, maluruh alamat dunungan Inah. Tungtungna anjog ka hiji imah, di kawasan élit. Kasampak lalaki tengah tuwuh keur ngalukis, di taman nu asri ku kekembangan. Ati apal kénéh ka lalaki éta, anu baheula narima Inah jadi pembantu. Ngaranna Danil.

Danil diinterogasi.
“Si Inah mah teu lila gawé di dieuna. Ku abdi téh diusir, da geuningan curaling,” ceuk Danil. Paromanna haseum.

Ipda Érwan ningalian kaayaan rohang tengah nu kacida legana, pinuh ku lukisan jeung arca. Aya tilu arca jelema nu ngahudangkeun kapanasaran. Panon seukeutna nilik-nilik. Tuluy manéhna ngaluarkeun péso keur ngerik arca, bubukna dibanding-banding. Tétéla, arca-arca séjén mah asli tina batu, ari nu tilu dijieun tina semén.

KASUR GEUS DIKEPRUKAN

Kénging Endang Kasupardi
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2014 06:25:56

Panto kamar budak geus rekep. Talibra. "Jongjon ayeuna mah sugan", haréwos si Abdul ka pamajikanana. Kop kana lasduk. Sarung dikongkoyangkeun. Sup ka cai. Rék beberesih jigana mah. Wudlu heula sakumaha biasana. Kaluar sup ka kamar ukur sakeudeung, jiga aya anu tinggaleun deukeut TV. Kotatatang kotéténg teuing keur nénéangan nanahaon. "Rek kamana kang?", tanya pamajikana. Aluman alimen. Kasur dikeprukan. Sebrot-sebrot minyak seungit. Lampu beurem dicaangkeun. Si Abdul terus nénéangan barang anu dipibutuhna. “Boa na laci?”, nanya ka dirina sorangan. “Ninggalian teu nyi?”, bangun keuheul bakat ku teu kapanggih waé. “Naon Kang. Rek kamana atuh Kang,” pamajikanana beuki mamanjaan. Gepruk-gepruk. Nyapukeun kasur angel ditumpukkeun. “Beresih sugan. Kang cukup sakieu?,” tanya pamajikanana deui.. “Rék kamana atuh Kaaaang. Meni tos saged kitu”. Ngagéléh dina bantal kayas. Kulambu ditutupkeun. "Rek internetan di imahna jang Ahmad", jawabna sahayuna. “Ieu ningan yeuh. Modem géhél téh,” kukulutus nyarita sorangan. "Yééh, Sugan téh…," cek pamajikanana. Panto kamar digebrugkeun satarikna.

PEGAT DURIAT

Kénging Abu Fhatin
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2014 01:15:33

Katohyan dede nepi ka huntu punglak dalahan kabehel lila tur hese dilaan dumeh renghapna kahalangan bau beusi.
Acih nu jadi pamajikan gewat neuleuman diri pikeun ngabangbalerkeun kaayaan nu jadi salaki.
"kumaha atuh akang teh beut janten kieu" ceuk acih rawah-riwih.
Ohek-ohek dede munggaran aya soraan hareungheum pinuh wawatir tulang balung asa linu ka peutingna keun.
Sangkan ulah lila kaayaan robahna tinu sasari, jlung jleng nu daratang ka imah ngan rikat ceuk dede ulah aya anu apal saurang oge. Dirina sorangan nandangan kapeurih jeung kasedih kapiheulaan hayang cicing dina simpe sorangan nilikan kanyaah mitoha weleh teu di idinan mondok jeung acih nu jadi pamajikanana, sapuluh taun ocih sorangan ngurus budak dede ngan ukur melang ti kajauhan.