Imah leutik camperenik. Nu pinuh ku kekembangan. Raresik hadé piara. Kembang sumedeng laligar.
Kananga, campaka, eros. Malati jeung kembang kertas.
Ngahéphép 'na tangkal buah. Nyerangkeun nu gaduh bumi. Sugan pareng kawénéhan. Némbongan sakolébatan.
Kapiréng sora nu datang. Tingbeleték sora koral. Kadampal ku anu leumpang.
"Geuning, salira akang...?"
Mun kongang hayang nyaluuh, dina dadana panutan. Ngalubarkeun rasa kangen. Nu nalimbeng saban wanci.
Tapi...diri henteu wasa. Inggis salira teu apal.
"Ieu Kirana tea, Kang...!"
Jumerit lebetin kalbu. Ngagentraan ka salira.
"Tos lawas henteu patepang, salira bet janten béda...."
Gumalindeng dina haté.
Rumpaka dangding kasmaran.
Samar- samar katinggali. Tangtungan hiji wanoja. Mapag anjeun bangun sono.
"Badé ibak, badé kulem?"
Narosna dibarung ogo.
Mungguh haté bet ngagedur. Timburu ngahuru jantung.
Teungteuingeun nanasiban. Tresna wening katambias.
Lagu kingkin gumalindeng.
"Hariring geuning hariring, henteu weleh gumalindeng, kumaha madakeunana."
Geleber ninggalkeun tangkal. Diantos di pamikatan.
Rerencepan ka luar ti imah. Sieun katohyan ku Si Mamah. Sok céréwéd tuda. Teu kaop rék ulin. “Ulin jeung saha? Ka mana? Ulah lila!”
Huh! Sebel! Kawas teu ngalaman ngora waé! Secara, kuring pan perlu refreshing!
Di tungtung gang, Si Réndi geus nungguan. Dina motor Ninja! Ih, beuki ganteng wé! Belenyéh imut dina sela-sela kenyotan rokona. Anjrit! Matak kapéngpéongan! Kabogoh kuring, gitu loh!
Clak tumpak. Biur, ngajugjung tungtung kota. Reg eureun di hiji imah.
“Yang, ka saha heula?” tanya kuring.
“Sakeudeung nya, rék nyokot PR heula. Tadi dipangerjakeun ku babaturan. Yu...!” bari nungtun.
Di Jero, nyampak babaturannana. Limaan. Gariak ngabagéakeun. Sung-song sasalaman, wawanohan. Buku pelajaran campur komik patulayah dina méja.
“Sorry ya, rumahna balatak!” Ceuk nu ngaranna Dida. Kuring ukur seuri. Song Réndi mikeun sirop, nu cikénéh dibawa ti dapur. Regot diinum. Seger.
Teu lila, karasa nyareri awak. Koréjat hudang. Kasur king size geus teu puguh rupa. Rét kana awak. Buligir.
Ceu Onah cinutrung nangkeup tuur di parapatan nu réhé combrék. Patali marga nu biasana pajeulit aleut-aleutan, geus dilegleg simpé. Kamarana cenah langganan matuh? Ti bulan ka bulan asa beuki ngorotan. Geus saminggu wedak jeung lipenna awét. Ceu Onah geus horéam luh lah, bosen. Du’a jelema nu pinuh ku rereged modél manéhna mah jajauheun teuing ngarep-ngarep dikobul. Rénghapna ukur dibaturan ku tihang lampu nu kabulusan. Kanyeri urut dipanglumpatkeun salaki, ngaberebey.
Cép Oding kekerot nahan amarah ningali Layla, bubeureuhna, asup ka hotel dikakaléng bapa téréna nu pajarkeun keur dines ka luar Jawa. Pikaijideun kacida. Kateuteuari ngamuk. Geus sidik kanyahoan runtah. Cép Oding mawa mobil ngabelesur, nyemprung meulah jalan nu nundutan. Manéhna mabok ku kanyeri jeung kapeurih. Reg di parapatan. Rénghapna marengan stir nu ngahodohod. Blak, panto mobilna muka, dijejek. “Hayu…!” gorowok Cép Oding ka awéwé nengah tuwuh nu keur cinutrung.
Tihang listrik curinghak kareureuwasan.
Saminggu jadi pangantén, cicing di imah mitoha. Asa karesel. Isuk-isuk rebun geus manggul pacul miang ka kebon milik mitoha. Niat rék mencug, pédah peutingna geus hujan gedé. Tangtuna taneuh téh moal teuas teuing, sabari neruskeun hanca mitoha nu kamari katunda. Wanci haneut moyan, mitoha lalaki datang ngajingjing téko. " Geus. Reureuh heula lanan, Jang. Aya ci entéh panas yeuh. !" kituna téh bari ngécagkeun babawaan. Sabot kuring nginum. Manéhna ngaloris pagawéan kuring." Déét teuing ieu mah. Kurang jero, Jang.. !" Gebeg. Kuring rikat cengkat nyampeurkeun manéhna nu keur nulak cangkéng. " Tingali Apa atuh. Kumaha cara nyekel doran. Jeung kudu maké tanaga ari mencug ! Ngarti ? " Ceuk manéhna bari gap kana pacul laju diheumbatkeun. Gecruk. Peletok. Doran pacul potong jadi dua.
Leumpang mapayan tapak suku batur. Lain ngurangan kaguligah. Angot nepi ka leungit, dibarung kasadaran kana cocoba nu tumiba. Teu. Teu kitu kuring mah. Kalah nambahan dendem dina jero dada. Teu rido lahir batin. “Kurang amal manéh téh!” sora ki sobat méméh miang nongtoréng deui. Katempo mupuasna. Teu didéngé, najan kadéngé. Najan jadi batu nu ngaganjel. Malah mah apanan nongtoréng deui kana ceuli. Hartina didéngé. Tapi kuring terus leumpang. Ngurangan kaguligah. Mapayan suku batur. Teu leungit. Teu ngurangan-ngurangan acan éta nu ngaran guligah téh. Nempo ka batur nu keur nyarepengan BB, beuki nambahan napsu. Hayang ngarebut BB-na, dibantingkeun sataker kebek. Tuluy ditincak nepi ka bubuk. “Keun éngké gé kagentosan!” panglelemu ti pamajikan teu mareuman seuneu dina dada. Rék dipapay siah...Saha nu maling BB aing cikénéh, basa pasesedek ngantri sembako murah.
“Kang, Abdi hoyong jonghok sareng Akang!” inbok
“Kang, Néng gaduh masalah, kenging teu Néng curhat?” inbok nu lain.
“Ayi, asa kataji ku cariosan Ayi, tiasa teu pami badé tumaros” datang deui inbok
Na aya naon di diri Kuring?
Asal muasal na mah heureuy, tapi kulantaran kaceplosan, sok rajeun ngawang-wang. Anéhna bet bener kanu naon nu diomongkeun, kabéh jadi kanyataan.
Antukna béja pabéja-béja, puguh jadi rabul.
Kungsi hiji mangsa, kabeh di tolak! Mamalana malah jadi goréng.
Bakat ku pusing, Kuring nemonan ‘Anu bisa’ anjeuna oge gogodeg
“Pa, sagala tos aya nu ngatur, tah kaleresan Bapa kapilih ti karuhun Bapa…moal tiasa dipiceun da éta mah candak lahir”
“Jadi lieur….ma enya kudu jadi dukun?” gerentes haté.
“Bang, kita ketemu di Hotel A, kamar C” hiji inbok asup deui
“Saha deui ieu téh?”
Poé saptu soré,biasa masalah malem mingguan. Sudin geus dangdan, sareungit bajuna dék nepungan awéwé, anu ka sohor geulisna. Peuitngna, Udin dék indit. “Dék ka mana manéh sujang?” Pok Bapana. “Biasa wé..., dék malem mingguan.” Udin bari ngabéléngéh seuri. “Awas siah..., lamun ka tempo mawa awéwé komo bari awéwé budak si Darma, di kadék ku aing.” Bari nununjuk si Sudin. Léos Bapana kaluar. Teu kungsi lila. “Dék kama manéh Udin?” Pok indungna norojol ti kamar. “Dék ulin Ma, bosen di imah waé.” Tembal Udin. “Tah kitu budak ngoramah ulah loba di imah, ngéwa.” Ceuk si Ema. “Ari si Bapa dék ka mana Ma, geus nyétil kitu?” Pok deui. “Teuing ah..., mikiran Bapa manéhmah matak lieur.”
Léos Udin ka luar ti imah. Teu kungsi lila, Udin nepi ka imah éta awéwé, katinggali dina téras. Gerentesna. “Asa apal éta sendaltéh.”
Poé saptu soré,biasa masalah malem mingguan. Sudin geus dangdan, sareungit bajuna dék nepungan awéwé, anu ka sohor geulisna. Peuitngna, Udin dék indit. “Dék ka mana manéh sujang?” Pok Bapana. “Biasa wé..., dék malem mingguan.” Udin bari ngabéléngéh seuri. “Awas siah..., lamun ka tempo mawa awéwé komo bari awéwé budak si Darma, di kadék ku aing.” Bari nununjuk si Sudin. Léos Bapana kaluar. Teu kungsi lila. “Dék kama manéh Udin?” Pok indungna norojol ti kamar. “Dék ulin Ma, bosen di imah waé.” Tembal Udin. “Tah kitu budak ngoramah ulah loba di imah, ngéwa.” Ceuk si Ema. “Ari si Bapa dék ka mana Ma, geus nyétil kitu?” Pok deui. “Teuing ah..., mikiran Bapa manéhmah matak lieur.”
Léos Udin ka luar ti imah. Teu kungsi lila, Udin nepi ka imah éta awéwé, katinggali dina téras. Gerentesna. “Asa apal éta sendaltéh.”
“Saéna teu kedah mungkir, Nun!” ceuk manéhna leuleuy.
“Sing demi! Maenya teu percanten ka abdi?” kéképéhan bari ngasongkeun leungeun, susumpahan.
“Na atuh bet wawantunan nyarios, majar teu tiasa hirup mun teu jeung anjeunna. Émang saha anjeunna téh?”
“Sing demi! Éta mah ukur siasat sangkan kaandel, yén kuring micinta anjeunna!”
“Na teu tiasa nganggo rumpaka sanés? Terus kunaon atuh salira bet wantun nékadkeun yén ukur anjeunna nu ngancik na ati salira? Apanan seueur nu sanésna gé, nu kungsi ngémpéran na palataran ati salira?”
“Sumuhun rumaos!”
“Mun ti tatadi ngangken téh! Nyata pisan geuning salira téh ngijing sila béngkok sembahna!”
“Teu pisan-pisan..., Nun!”
“Bet ngangles deui baé. Émutan geura! Cobi naon margina salira teu wantun ngawayuh? Alatan “musyrik” apanan? Mangga titénan sabab nu ngabalukarkeunana!”
Arék ceurik jejeritan, karunya ka tatangga bisi kabaribinan. Winarti ngarasa teu genah ku salakina. Ambek nyedek. Léos ka dapur, gep kana bedog. Kencling indit ka pasir.
Anjog. Sup ka saung. Golédag ngagolér. Leng! Inget deui kana kanyerianana. "Gusti..., teu sangka sacongo buuk, salaki kuring jalir jangji. Cenah moal deui-deui ngadeukeutan awéwé éta. Naha aya naon di awéwé eta téh? Naha pédah urang kota?" gerentes haté Winarti. Dirasa-rasa kalah beuki nyeri haté, kuniang hudang. Rét kana salang nu aya dina tihang saung. Salang dijéwang. Léos ngadeukeutan tangkal jéngkol. Térékél naék. Salang ditalikeun kana dahan anu gedé nepi kapageuhna. Gék diuk di nu ngaburayotna. Terus gugulayunan bari hahariringan, lila-lila seuseurian.
Nembé gé cengkat tina korsi kuwu. "Assalamualaikum pa Kuwu, tiasa nepangan?". Katingal aya nu camperenik tos dina payuneun panto. "Mangga kalebet bu". Uing calik deui, anjeunna calik di korsi tamu. Teu seueur basa basi mung ngabagéakeun janten kuwu énggal, ngenalkeun diri ogé hoyong karaosan kolek sarantang damelan nyalira. Saatos anjeuna amit, Ulis sareng Olot nyaketan bari ngaharéwos "Punten Gan, Néng nu tadi randa béngsrat. Kadé ah". Uing ngahuleng, asa percanten asa henteu. Komo ningal anu lenjang tur sampulur tadi mah. Émut kana kintunannana, bilih enya dipurulukan. Uing sasauran "Lis, éta aya kolek, urang emam sasarengan” Ulis unggeuk.
Bada Isya uih ka rorompok, mung émutan manteng waé ka Néng randa, asa aya dina kongkolak. Beuki wengi téh beuki maceuh ieu mastaka émut ka anjeuna. Nyacapkeun kapanasaran, tabuh sabelas wengi ngagidig meuntasan tegalan muru bumi Néng randa. Anjog ka buruanna, katingal Ulis, Olot sareng Kadus bangun nu linglung tingharuleng. Papelong pelong.
Huma anggeus dipanénna. Paré geugeus rantuy. Ngagarantung di buruan saung. “Cuang nanggap Ronggéng Gunung, Jang,” ceuk Ki Merebot. Réngsé gawé. “Kaleresan. Panasaran, Bah. Hoyong terang,” Odin giak. Béja. Pabéja-béja. Peutinganana. Urang lembur ngariung di saung huma. Nu raang damarséwuna. Kawih Nyi Ronggéng nu ahéng. Waditrana nu basajan. Ngegeterkeun lembur singkur.
Di pakalangan. Dikarukudung sarung. Ki Merebot jeung para kokolot. Ngigelna pauntuy-untuy. Ngurilingan Nyi Ronggéng. Nu kawihna kawas jampé. “Nya kudup turi! Madodo wulan dadari! Taya kedok mah di taya kempi! ” Kitu laeuna. Ki Merebot ngagupayan. Odin rampang-reumpeung. Inggis nyalahan. Sakuriling asa-asa. Ka dituna tambah genah. Ngéngklak bari peureum-beunta. Kumalayang.
“Kadé! Bilih kapélét Nyi Ronggéng!” Kapireng nu humaréwos. Rét. Putri Nurmaya. Sagedé manuk. Euntreup dina taktakna. Odin imut. Anteng ngéngklak. Saréngkak. Saketak. Sapangigelan. “Ronggéngna ningalikeun baé, tuh! Adeueueuh!” Nurmaya nyiwit. Geregeteun. Odin ngagurubug. Léngkahna ngagaléong. “Nu bener ngigelna, Jang!” Nu ngagetrik gigireun. Dikukudung sarung poléng. Karérét tungtung buntutna. Belang.
Kuring nu munggaran nyicingan ieu tempat. Jeung bakal salawasna.
Poé ieu pabeubeurang, aya nu anyar asup. Budak leutik, weuh buukan. Langlayeuseun.
“Kunaon?” kuring ngusapan tonggongna nu tulang hungkul.
“Disangka nyopét! Padahal geus lila pangsiun da béakeun ku nu didarasi!”
Sareupna. Aya nu anyar deui. Awéwé, buuk panjang. Rambisak. Teu kungsi ditanya langsung norowélang.
“Aya ku sarakah-sarakah teuing! Sangeunahna ngusir batur! Judulna mah ék nyieun wisma! Najis, tai anjing!” terus ngahinghing.
Tengah peuting, aya deui nu anyar asup. Ginding ku dasi. Langsung dipencrong ceuceub naker. Sora napas ngagedur. Budak leutik ngasupan nu didasi laju nguculan papakéanana iwal ti solémpak nu nyésa. Jleb. Kuring asup laju mites-miteskeun kadua leungeunna. Nu didasi reuwas. Pias. Ampir kapiuhan ngan teu bisa kumaha basa awéwé minuhan sukmana. Nu keur baloboran getih nyikikik, ngahuapkeun popotongan leungeunna nu jadi bilatung na bahamna.
Bérés ngajar, bus Usép ka rohangan internét, kabeneran kosong.
“Néangan hiburan ah. Daripada ngariung jeung guru lain, ngaromongkeun waé kepala sekolah.” Gerentes manéhna bari ngahurungkeun komputer. Sapoé éta pinuh pisan jadwalna téh. Kangaranan guru honor atuh, sok diosol-osol waé sina ngeusian jam batur, nyuluran. Tadi Bu Rini nu teu asup, cenah nganteur anakna nu téka, piknik. Usép deui nu jadi ban sérep.
Bray pésbuk kabuka. Ngaburudul pemberitahuan:
Néti, S.Pd mengirimkan sesuatu di grup Forum Guru SD, “Naha teu acan cair waé, nya?” Ramé nu ngoméntaran.
Amir Kuli Kapur menulis di grup Forum Guru SD, “Alhamdulillah… Sérti sudah cair di Kota Bandung!” Der silih témpas.
Ceu Mimin mengoméntari kiriman di grup Forum Guru SD, “Muhun, tadi dicék ka ATM. Tos aya. Shopping yu ahh…” Agul.
Usép rumahuh bari ngusapan dada, peurih. Kabayang honorna nu jauh tina UMR. Kabayang kontrakan imah can dibayar dua bulan. Kabayang si cikal nu hayang disunatan. Rét nempo ka handap, kana sapatuna nu geus calangap.
Sora mobil jeung keketug jantung nu rosa, maturan Ningrum, aktivis wanoja, meulah simpéna peuting. Anjog. Asup ka imah. Beberesih. Golédag. Ngahérang. Nyawang puluhan taun katukang. Mangsa keur és-dé.
“Bapa Si Ningrum tukang kawin,” Ajang ngahina.
“Tukang kieu,” Kusnawan mairan, nyelipkeun jempol di antara curuk jeung jajangkung. Ningrum nungkupan beungeut. Nginghak. Unggal poé jadi bahan geuhgeuyan. Mencilkeun sorangan. Sab bapana kaasup nu ditokohkeun, waktu kanyahoan nyandung, jadi bahan catur. Cenah meureun nyandung ogé sab indungna teu bisa dangdan, jeung réa-réa omongan anu matak ngababétkeun harga diri indungna. Boro-boro dangdan, da waktuna béak keur ngurus barudak. Tara ngarasula ogé dibawa sangsara, naha geus neut-neutan, bapana malah begér deui. Unggal peuting nyaksian indungna nginghak, luhureun sajadah.
“Lawan,” ceuk lanceukna, basa Ningrum balik sakola bari ceurik.
Isuk-isuk gujrud, Yayah, urang Cibodas, pamajikan kadua Pa Jojo, jadi korban runtuyan rajapati, nu boga ciri tublesan palebah angen. Ningrum nyontréng ka tilu puluh lima.
Rayagung. Saimah-imah jigrah. Néng Putri, pangais bungsu. Seja ka balé nyungcung. Cindek étangan. Ping 11 Dzulhijah. Poé hadé. Ninggang di Bismillah. Ninggang di Sri.
Gan Wirya, picarogéeunna, anu méh saban poé pulang-anting. Kasép. Gagah. Hanjakal rada cologog. Karék calon minantu ogé, cokorna wani édég-édégan, sakitu calik mayunan Juragan Sepuh.
"Saheulaanan, méméh meunang ladén mah, bawa waé heula si Ojo!" Dunungan ngarérét ka kuring anu caméot di juru. Teu nanya kasapukan kuring, teu ngobét jero-jero eusi haté kuring.
Pileuleuyan jeung Néng Putri, sanajan rék diilukeun ka Néng Putri. Kulak canggeum bagja awak. Awak kuring. Meurih puasa, nepi ka mutih. Onggéng-onggéngan neneda. Satadina sugan teh rék aya ajaib. Aya jurig tumpak kuda. Nu korodok meunang putri. Siga dina dongéng.
Ping 11 Dzulhijah, bakal jadi poé apes kuring. Mugia dina waktuna. Ieu cimata, ulah nepi ka bedah.
Mobil kolot ngajugrug. Supir jeung kenék nundutan dina jok barolong kasurung umur. Gigireun mobil nu mesinna digerung-gerung ngabibita muatan nu nungtut datang. Dipiharep gancang mancat. Sisi jalan handapeun plang buleud digambaran S dicorét aya mobil anyar. Ditungguan ku nu maké seragam pangurus patalimarga. Ngobrol jeung supir nu diuk bari nyekel setir. Anteng. Teu kireum-kireum teu ngarasa salah.
Belesur mobil anyar indit. Muatan pinuh malah lébér ku nu nangkél dina panto. Diwuwuh ku fasilitas nu teu bener. Mobil kadua. Muatan teu kaur pinuh, aya baé nu kaluar. Kosong deui kosong deui. Antukna indit bari ngarepkeun aya nu megat di perjalanan. Nu ngajugrug bari katingal butut. Pada muru ku nu datang kapandeurian. Teu burung pinuh. Biur maju tarapti pisan. Rumasa ku dedegan, tapi disupiran ku nu tulatén.
Anéh ku nanasiban. Nu pangheulana datang ka tujuan nu indit panungtungan. Mobil anyar kasaatan bénsin di tempat hara-haraeun. Nu teu sabar méngpar lebah péngkolan.
Duh. Lah. Ih aing mah. Jaba itu. Jaba ieu. Jaba fikmin. Jaba Eros. Jaba muter. Jaba can bareres. Jaba eta pan dititah ulah luhur teuing, ih dasar karoplok. Mun ceuk aing mah. Mana nya? Lain gancangkeun. Pan sabtu dedlen. Cek aing ge. Kasaha atuh nya? Dodong...Dodongngng...Buru teh! Geus sok kadek wae. Kumaha aing nu ngambek mah. Jalan ka makam ieuh. Erek ge arurus. Lain ieu mah... Ieu gentong saha deui duh. Ditalapung ku aing geura. Huh. Ni pidosaeun wungkul. Ucu-ucu. Nyaan. Untung euweuh Pamarentah kadieu. Mun aya diulukuted sakalian. Beak-beak sugan carehamna. Nyaan. Teu aruyahan sugan. Top tah lebok. Teu beuki, bikeun ka budak. Atawa ka fakir miskin. Lah, sanateh...