Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 01 Oktober 2013 (24 Naskah)


NASIB HAJI GOFUR

Kénging Rameli Agam
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2013 23:06:39

Haji Gofur. Bandar béas. Jegud. Harita, sa-Kawadanaan Bojong mah, nu pangheulana boga treuk téh nya manéhna. Campur gaulna jeung papada pangusaha, tokoh partéy, ulama, pejabat sipil katut militér. Najan kitu, teu poho ka nu leutik. Mindeng jadi pamuntangan. Mun aya organisasi nu ngayakeun kagiatan, teu weléh jadi donatur. Teu pulah-pilih, rék organisasi mana waé gé, créng. Mun teu duit, nya nyumbang ku béas.
PNI rapat akbar, PKI kerja bakti, NU milangkala, manéhna milu nyumbang. Mun aya nu ngabringkeun massa, treukna nu sok diinjeum téh. Manéhna mah tara pupulitikan. “Sakabéhna téh dulur kuring. Ieu mah éstu nulungan wé sabisa-bisa,” pokna.
Jelegur kajadian 1965. “Kang Haji aya dina daptaran nu sok ngabantu PKI. Hampura, abdi teu tiasa nulungan,” ceuk pejabat militér, nu ogé babaturanana.
Ti harita, gudang jeung tokona dijadikeun tangsi militér. Imahna dirampas nagara. Euweuh nu ngabéla. Haji Gofur kaaniaya tepi ka maotna. Anak incuna gé katalangsara, tepi kiwari.

CARITA DINA CARITA

Kénging Irman N Dimyatié
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2013 22:18:47

Ngarang teu anggeus-anggeus. Uleng mikir, mikmin.
Lila néangan kecap nu pas. Anu ngaweuhan. Wayang leungiteun dalang. Aktor leungiteun peran. Susah ngagambarkeun kajadian.
Hulang-huleng. Euweuh deui ideu. Ngarapung duka ka mana. Tokoh carita parundung. Embung maraén dina carita. "Uing kapok..!" salah sahiji tokoh nyorowok.
Ma Unah geus balik deui ka nagrina. "Ulah nyambat deui Ema, nya?!" amanatna saméméh mulang. Loba nu nuturkeun. Arindit. Ngarapung. Galumbira.
"Kumaha alusna ieu téh?" ramo jeung panon méh bareng nanya. Ideu ngelol, ngelélkeun létahna. "Wayahna wé ngagantung," pokna. "Anjeun teu tanggung jawab!" ceuk panon ka ideu. Ramo tipepereket hayang ngetik. Ideu ukur mesem, ngaléos.
Buuk ngadadak rancung. Awak ngagidir. Leungeun ngagibrig. Indung leungeun geus teu kuateun hayang ngajempolan. Komputer disiksa.
Dor-dar ngetik. Embung tinggaleun adegan. Ungkara laluncatan kana carita, ngaruntuy. Ideu ucang-anggé dina monitor.

SOBAT

Kénging Heni Nuraeni Huzein
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2013 22:07:52

"Urang rék kabur..."datang-datang bari rambisak.
"Jug wé naha bet bébéja atuh rék kabur mah,kabiasaan énté mah,karunya ieuh...nini didinya,kamari gé nénéangan ka imah,
"aya,ayu...néng Tini punten,pang milarikeun,bilih di réréncangan na.."jam sabelas peuting éta téh!
Boga sobat sadua-dua,duanana ku geulis kayungyun,hanjakal kahirupan maranéhna teu surup jeung rupa,
Ceuk bahasa gaulna broken home,cenah,kuring nu jadi sobat maranéhna duaan,milu ceurik bareng,mun kaayaan di imahna mancawura jiga bom nu saenyana,nu hiji deui wanian moal aya,sampe kuring tinggaleun di nagri batur gara-gara manéhna,ampir-ampiran,nyawa ngalayang!
"Néng Rindi,sanés anjeun nu maturan Tini Mariani ka Brunai téh?"
"Anjeun teu bisa ngangles deui,Neng Rahayu tos janten saksi ngaberatkeun anjeun!"ceuk pulisi ka Ndi,nu ngeluk,teu walakaya,,kulawarga kuring nungtut manéhna,kulantaran kaleungitan anak hiji-hijina béntang kelas,ngan hanjakal mangrébu-rébu mill jauhna,kuring Tini maké baju bodas jadi pasen rumah sakit jiwa

Na gerenyemna ngan ngahariring,,"sobat dimana anjeun"

PA INDRA

Kénging Abah Sarjang
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2013 22:02:02

Panto ruang komputer kapireng ngarekét. Pa Indra asup. Léngkahna ngendagkeun angen, jantung jadi tatalu. Komo basa ngadeukeutan tuluy melong. Haté beuki teu puguh. “Kumaha Rat, kinten-kintenna iraha Ratna badé nampi Bapa?” Teu bisa ngajawab. Tagiwur, kalahka rampang-reumpeung. Asa katohyan, kapan ti tadi ngahuleng nyanghareupan monitor téh, lain ngagawéan tugas ieuh, éstu keur nyipta-nyipta manéhna.
Balik sakola, di gerbang. Mobil Pa Indra geus ngadangong, “hayu!” mukakeun panto. Teu bisa kumaha. Diuk gigireun, bari teu ngobrol sakecap-kecap acan. Tepi ka hareupeun imah, turun, “ka lebet heula Pa?”
“Bapa moal waka ka bumi, sateuacan Ratna tiasa nampi.”
“Insya Alloh ayeuna mah tiasa,” unggek bari maksakeun seuri.
Sabulan ti harita, Pa Indra resmi diwalimahan. Sedeng kuring nginghak di kamar. Ngadadak inget ka Bapa, nu geus dua taun pupus. Mun aya kénéh mah, jigana nu diwalimahan téh kuring. Lain Mamah.

BONGAN JADI JELEMA

Kénging Anida Salamah
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2013 19:53:30

Naha haté téh sok ngarep-ngarep. Mangsa capé gawé mah kuat, tapi mun geus datang capé haté, aral teu bisa dipangpalérkeun.
Ngan nungguan hiji kalimah. Nu bisa ngabalikeun tanaga, nu bisa nambahan sumanget, nu matak gawé leuwih rancagé. Ngan hiji kalimah.
Ah salah haté kuring wéh bet aya dina pangawakan jelema. Jelemana téh deuih awéwé nu teu payaan. Kalan-kalan ngubaran manéh ku kecap iklas téa, tapi ngan sakeudeungeun. Kadituna haté galécok deui nganti-nganti nu can purun.
Rék kedal teu wasa. Kawas baramaén waé. Dikeueum sorangan capé haté. Mun seug anjeun ngarti. Kuring teu ménta loba.
Akang, abdi hoyong dihargaan.

PAGUNEMAN

Kénging Deden Budiman
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2013 19:45:55

Mang Sahdi (MS) REBUN~REBUN keneh geus rengse NYADAP, tuluy manehna marinkeun LAHANG kana PANAHEURAN.
MS : MANEHNA,cik pangalaskeun!
Bi Uti (BU): heug, naha deuk wayah kumaha kitu ka GIRANG teh?
MS: ayeuna, tah PANGMUPUTKEUN, ngarah teu beurang teuing.
BU: naha moal bareng jeung KAMI kitu?
MS; moal atuh pan kami deuk NINGGUR heula nu deukeut TAMPIAN tea.
BU: sok MODEL taeun teh, maenya kami kudu NGAJINGJING jeung NUNGTUN mah?
MS: keun si jalu mah ku kami, pan ba'da asar deuk mulang heula.
BU: atuh urang teh bakal MANGKALAN nyah?
MS; enya bet ku heueuh, pan TOLAB heula, tah PANGARAWATANKEUN kami deuk MIANG ayeuna. assalamu 'alaikum...
BU: wa 'alaikum salam....

NU NGARASULA

Kénging Yosmar Sumaryono
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2013 18:49:42

"Kunaon jiga nu ngarasula, baraya?" Si Belang tumanya.
"Keur kareuheul!" témbalna. Pondok. Awakna digibrigkeun. Ngabrul.
"Boa ka uing! Pédah mindeng ulin!" ceuk Si Hawuk. Répéh.
''Paling ka balad uing! Sok ngagandéngan! Nyoro kadaharan, ngaheurinan milu haréés!" Anis mairan. Baturna ngahaminan.
"Lain! Arandika mah balad kula! Batur keueung!" témbalna. Nguliat. Si Hawuk luncat, ampir kababuk. Anis jeung baturna mubul. Sieun kabarérang.
"Keuheul ka saha atuh? Béjakeun! Supaya kami teu kaéraan!" Si Belang nyeleksek.
"Tuh geuning daratang!" témbalna. Saréréa ngalieuk. Bréh. Aya nu datang tiluan. Saréréa surti.
"Urang warah, lur!" Si Belang ngomando.
"Sok geura tatahar!" ceuk nu maké iket maréntah. Kukus ngelun, sasajén geus ngabarak.
"Sampurasun! Incu nyanggakeun pangabakti, kalawan neda diijabah sapaneja, nun...!" nu maké iket acong-acongan. Si Belang ngagerem. Méré tanggara. Nu duaan ngompod.
"Montong ngompod! Nu ngageugeuh tos sumping!" nu maké iket ngahuit. Hémpak sarujud. Angin ngagelebug. Nu ngarasula suka haté. Ngagibrigkeun awakna. Rabeng. Nuruban tilu layon.

JUJURNA TENTARA ARAB

Kénging Taufik Faturohman
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2013 18:18:46

Basa keur lumangsung perang teluk, aya tilu urang tentara Arab adu hareupan jeung tilu urang tentara Amerika di tengah gurun keusik. Jarakna ukur 20 meter, masing-masing nyumput di tukangeun tumpukan karung keusik.
"Ahmed !" ceuk tentara Amerika ngageroan.
"Ana," ceuk tentara Arab nu ngaranna Ahmed bari mucunghul ti tukangeun tumpukan karung keusik. Beledag Ahmed ditembak.
"Busro !" ceuk tentara Amerika ngageroan deui.
"Ana," ceuk tentara Arab nu ngaranna Busro bari mucunghul ti tukangeun tumpukan karung keusik. Beledag Busro ditembak.
Nempo dua baturna geus maot, tentara Arab nu tinggal saurang deui rek nyobaan ngageroan tentara Amerika.
"James !" ceuk tentara Arab ngageroan. Tapi euweuh nu ngajawab.
"Hendrik !" ceuk tentara Arab ngageroan deui. Tapi angger euweuh nu nembalan jeung euweuh nu mucunghul ti tukangeun karung keusik.
Waktu tentara Arab keur ngahuleng, ujug-ujug kadenge tentara Amerika ngagorowok.
"Tadi anu ngageroan James jeung Hendrik, saha sih ?" ceuk tentara Amerika.
"Ana," tembal tentara Arab bari mucunghul ti tukangeun karung keusik. Beledag eta tentara Arab ditembak.

DÉNOK

Kénging Eni Setiani
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2013 16:37:03

Pasosoré di lembur gujrud aya wanoja ngajentul di sisi wahangan. Bajuna rudak-radig. "Nu gélo anyar! Nu gélo...!" Barudak raéng ngahoyah-hoyah. Kurumuy Karwan jeung Jali. "Anjrit...! Lumayan recaheun engké peuting!" ceuk Karwan bari nyieuhkeun barudak. Sanggeus sepi, Jali nyampeurkeun ka wanoja. Terus nanya. "Saha nami?" pokna. "Dénok!" jawab wanoja. Karék gé rék engab nanya deui, Karwan ngaharéwos. "Mandian heula!" Jali ngarérét. "Mana sabunna, plok?" "Meuli, tah duitna!" Karwan ngasongkeun duit. "Kadé, ulah waka dipurak!" ceuk Jali bari ngaléos.
Sajeroning Jali indit, Karwan ngarayu Dénok. "Meni geulis!" pokna bari nyawél gadona. Dénok ngabalieur. Ragamang leungeun Karwan kana cangkéng Dénok. "Cicing Kang, pamali!" Dénok ngised. Karwan teu kuat nahan napsu birahina. Teu tata pasini, kerewek Dénok ditangkeup. Barang antel. "Aw...! Sétan...!" Karwan ngajengkang bari nyabakan dadana nu karasa panas. Jung, Dénok nangtung. "Teu sadayana istri tiasa digadabah, Kang!" ceuk Dénok, panonna beureum neundeun kaceuceub. Léos, indit ninggalkeun Karwan nu ngabebengkang.

ORAY-ORAYAN

Kénging CanDra Van BasHri
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2013 15:08:46

"Oray-orayan loar-leor ka sawah..." sora barudak, basa sore, layung geus rek sumebar. Sakadang oray asruk-asrukan dina sawah. Ngaleor handapeun pare nu geus karoneng. Antugna sakadang oray geus bobolokot leutak. Teuing rek kamana. Teuing rek neang jalan balik meureun. Sreeet, kaluar tinu sawah. "Aeh, ngan sakitu-kituna gening sawah teh". Katempo jalan tol di hareupeunana. Tukangeun tembok. Tuluy sakadang oray panggih jeung budak nu keur arulin deukeut cukang pameuntasan tol. "Oraaaay!!!" ngagorowok naker salah saurang budak, "manaaa??" nu sejen pating gorowok. Ti ditu, ti dieu. "Tewaaak.." ceuk abar. Sakadang oray reuwas. Apal manehna keur teu aman. Rek diincer. Beuki tarik ngaleorna. Kabur ka ditu, aya nu jaga. Kabur ka beh dituna deui, aya nu jaga. Rek balik deui ka sawah, teu bisa, sarua. Geus katingker. Ngaberecet, beuki tarik naker. "Tewaaak!!!". "Beledag!", aya nu nenggeulkeun gantar. Teu beunang. Si oray nubruk tembok imah. "belentrng!!" maledogeun batu, beunang tihang listrik. Si oray nubruk dreum. Nubruk tangkal kersen. Benteng pabrik, ditubruk oge. Bapa-bapa oge milu ngungudag. Jalma nu ngudag beuki rea naker. Teu kawilang jumlahna. Layung geus sumebar di luhur. Nutupan awan bodas jeung biruna langit. "Ka mana deui, ieung?" gerentes hate si oray. "Tewaaak!". Teu lila, si oray manggih liang dina handap tembok pangwates jalan tol. Set, asup kana jero liang. Kaluar. Leor deui. "huuwh, salamet", ceuk oray. "Wuuuuusssssssy" mobil ngaliwat. Si oray paeh. Huluna kagiles.
"Toong ka sawah, sawahna geus dijarualan..." ceuk barudak, ngahaleang. Gigireun pabrik kaen. "Baralik, geus burit!". Ngong adan maghrib..

NEUNDEUN UGA

Kénging Tito Wicarda
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2013 14:52:54

Dua sajoli keur ngabarungsinang dina pameunteu langit. Wanoja cumalimba, rambisak, lalanjung tangtungna muyung.
Jajaka :"enung, disabaran teh purnama bulan teu ragrag kana lahunan geningan. Ecagkeun uga, tos tong ngantos deui, hawatos. Geura milari gaganti caangna, wios akang ngeupeul bulan sapotong, asal enung lesot tina samagaha bulan". Ngadangu kitu wanoja beuki banjir cimata. Upaya dua sajoli reuntas jalan. Sok sanajan beurat, si jajaka gancang indit mapayan pipir wanci.

NU PATEPUNG DI PARAPATAN

Kénging Eboed Eman Budiman
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2013 14:31:07

Beurang sumedeng mentrang. Ngawur-ngawurkeun hareuyheuyna hawa. Ngangkalungkeun seunggah ka sakumna nu hirup di jalan. Patalimarga pasuliwer, teu reureuh. Demi lumangsungna kahirupan.
Sret.... Suku luméngkah. Jejem nanggeuy awak nu ngoprot késang. Jumarigjeug. Lumaku mapay-mapay gurat takdir. Leungeun teu weléh ngopépang, nyingraykeun lalangsé. Sugan manggih sakeprul kabagjaan. Teuing sabaraha parapatan nu geus kasorang. Teu hayang nyaho!
"Di hareup bakal tinemu karahayuan." Yakin. Lumpat. Muru parapatan. Nu pinuh ku kekembangan. Warna-warni. Laligar, nyambuangkeun seuseungitan. Reg! Panon hurung, cahayaan. Patepung teuteup jeung dirina sorangan. Nu dianti-anti saban wanci. Silih rangkul. Silih cacapkeun kasono. Di langit, kuwung-kuwung melengkung. Ngébréhkeun kabungah, mangrupa warna nu éndah.

ULAH POHO

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2013 14:26:48

“Ibu tur Bapa sanés asli séké-sélér di dieu, teu patos terang kabiasaan sabagéan urang dieu, upami teu sapagodos, sok nganggo werejit. Biasana nganggo getih hayam leuweung,” ceuk Syahdani, minangka tokoh masyarakat di Tiyuh Lunik, basa manéhna nyaho Ludwina jeung Yan keur ngagarap perkara tanah. Silih aku antara klienna jeung Yarna. Saminggu saeunggeus wangkongan, mobil katabrak motor, ruksak palebah panto tengah. Mobil dikabéngkélkeun. Opat poé saeunggeus mobil katabrak, motor nu dipaké ampir katabrak ambulance, nu keuna motor tukangeun, jalmana maot saharita. Balik sidang, Ludwina jeung asisténna kacilakaan, motor ka luar ti bahu jalan.
“Hidep ulah poho ngadu’a.” Ludwina inget ka papatah bapana. Rumasa talédor, gerentesna, bari nahan awak anu nyareri. Istirahat sabulan.
Mobil ngajugjug ka lokasi tanah anu diparebutkeun. Ludwina jeung Yan uplek ngabahas perkara.
“Astaghfirullah,” bareng istighfar, teu pupuguh aya kumpulan keusik apung-apungan di hareupeun kaca mobil.
“Hasbunallah-wa-ni’mal-wakiil....” Ngadu’a. Kumpulan keusik ngaléngléong ngajauhan, teuing rék ka mana.
Catetan :
Tiyuh = kampung ; Lunik = leutik (basa Lampung)

SAGALA RASA

Kénging Endah Hendayanti Hartono
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2013 13:20:32

Apal pisan manéhna geus rimbitan. Budakna gé tilu. Tapi haté keukeuh teu bisa dibohongan. Bogoh, nyaah, na saha nu hayang salah tempat? Matak naon cenah lamun naksir si Réndi, idola para mahasiswi, ganteng, gaul jeung beunghar deuih. Moal henteu daékeun da kuring béntang kampus. Tapi manéhna, dosén kalem umur tilugenep nu geus ngabandang haté kuring. Éstuning peureum kadeuleu beunta karasa. Matak gering nangtung ngalanglayung, guling gasahan unggal peuting ngabayangkeun si manéhna tibra na tangkeupan pamajikannana. Gusti, lain teu ngarampa haté sasama awéwé, ngan ieu rasa hésé mapalérkeunnana. Paniatan gilig, poé ieu jadwal bimbingan. Oléh-oléh kadaharan jeung inuman nu geus dipurulukan obat geus tarapti dina tas basa hapé ngageter. Sms ti babaturan, bray dibuka, "Ni, tong tulus ka kampus, urang ka imahna Si Ganteng kalem idolamu. Tadi isuk pamajikanna maot ngadadak."

DARONG (3)

Kénging Ahadiat Martaadisubrata
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2013 12:29:49

Poek mongkléng taya nu ngulampreng. Iwal Darong nu ngadéngklak, tonggoy mapay wanci balik. Hawar-hawar sora motor paudag-udag, beuki deukeut mingkin tarik. Geprak! Koléang, gubrag! Motor nu hareup ditabrak ti tukang. Sorodot! Jalmana ngagolosor, seragamna saroék. Darong muntir dina iteuk, ngabalicet ka birit gang anu meredong. Opat jalma turun tina motor, tuluy buk-bek ngababukan nu diseragam.
Darong dongko, mulungan batu opat siki. Nangtung, nyorot nu ngahurup. Lung batu hiji, ka saluhureun sirah. Beletak! Dibabuk ku iteuk, hieng...! jeprét! Bangkieung! Lung nu kadua, beletak! Hieng..! Jeprét! Katilu, hieng...! Jeprét! Kaopat, jeprét! Golépak! Opatan tinggalolér ngeukeuweuk sirah.
Kuniang harudang, carindekul. Nyalengir, nyarekelan tarang balencenur. Nu diseragam ogé hudang, cungas-cingeus. Melong sakeudeung ka lebah anu poék meredong, tuluy nyangkalak nu opatan, bari teu weléh culak-cileuk. Darong nuluykeun déngklak, muru gowok.
Isukna, di terminal rarécok, tutunjuk kana koran : “Briptu Dudung nalukkeun Géng Motor, dibantuan ku Mahluk Gaib”

BIHEUNG

Kénging R Arianagara Kartasasmita
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2013 12:19:37

Lalakon hirup beuki dieu beuki ngandelan, salah jeung bener geus kasorang, nu karasa loba nyalahan batan meneran. nya..!!! Bongan sorangan teu ngagedekeun maneh ku ngulik pangarti ti leuleutik, rasa maneh panjang lalakon, hare² kana papatah teu paduli kanu ngadidik, sagala pantrangan diasaan sagala panyaram di lakonan istuning jauh tina sifat kamanusaan. Geuning,,!!! ayeuna karasana mah, umur geus tunggang gunung bororaah bisa nyieun kahadean, dalah manyaran hutang urut lalakon katukang oge biheung kabayar biheung hanteu. tapi..!!! sanajan kitu, teu kendat nya usaha bae sangkan hirup nincak dina bener. da sidik geus puguh, keur budak mah sok nyusahkeun nu jadi kolot, sugan geus kolot mah tong nyusahkeun nu jadi budak.

DARONG (3)

Kénging Ahadiat Martaadisubrata
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2013 12:15:39

Poek mongkléng taya nu ngulampreng. Iwal Darong nu ngadéngklak, tonggoy mapay wanci balik. Hawar-hawar sora motor paudag-udag, beuki deukeut mingkin tarik. Geprak! Koléang, gubrag! Motor nu hareup ditabrak ti tukang. Sorodot! Jalmana ngagolosor, seragamna saroék. Darong muntir dina iteuk, ngabalicet ka birit gang anu meredong. Opat jalma turun tina motor, tuluy buk-bek ngababukan nu diseragam.
Darong dongko, mulungan batu opat siki. Nangtung, nyorot nu ngahurup. Lung batu hiji, ka saluhureun sirah. Beletak! Dibabuk ku iteuk, hieng...! jeprét! Bangkieung! Lung nu kadua, beletak! Hieng..! Jeprét! Katilu, hieng...! Jeprét! Kaopat, jeprét! Golépak! Opatan tinggalolér ngeukeuweuk sirah.
Kuniang harudang, carindekul. Nyalengir, nyarekel tarang balencenur. Nu diseragam ogé hudang, cungas-cingeus. Melong sakeudeung ka lebah anu poék meredong, tuluy nyangkalak nu opatan, bari teu weléh culak-cileuk. Darong nuluykeun déngklak, muru gowok.
Isukna, di terminal rarécok, tutunjuk kana koran : “Briptu Dudung nalukkeun Géng Motor, dibantuan ku Mahluk Gaib”

DILAMAR

Kénging Rini Mayasari
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2013 11:38:23

Duka ti iraha kuring ngait jeung Si Akang téh. Wanoh di lapak FBS. Ngobrol téh sok nuluy kana inbok. Tembus kana és-ém-és jeung telepon. Ari pék bet asa katalian. Bener Si Akang mah lain lalaki samanéa. Siga anu heueuh wéh lalaki satia. Ka Kuring jeung ka pamajikana. Tapi kuring teu ngarasa dicoo atawa disapirakeun. Puguh asa dijelemakeun. Salah puguh gé resep ka nu geus boga pamajikan. Tapi da duriat mah teu pipilih. Éta mah éstuning fitrah Alloh. Kadieunakeun mindeng panggih. Geus teu kaitung pamahugina mah. Resep gening ucing sumput jiga kieu téh. Soré ieu kuring dijemput di kantor. Sajajalan Si Akang teu loba cumarita. Jongjon nyetir. Sup, ka réstoran tempat biasa jangjian. Di méja nu biasa. Kasampak aya awéwé keur diuk. "May, nepangkeun ieu Tétéh!" Si Akang ngenalkeun. Tuluy sasalaman. Tamat jigana poé ieu. Kabongkar. Kuring pasrah. "Maya, kersa nya pami janten bojona Akang! Urang sasarengan ngurusanan. Tétéh rido." Daria naker.

GAMBAR

Kénging Ari Andriansyah
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2013 09:42:19

Satengah lumpat. Adim. Ngagigiwing buku gambar. Gambar imahna tungtung tanjung. Diiuhan satiung layung. Tempat jengkar jeung balabuhna asih pangrungrum. Hayang buru-buru aléwoh. Némbongkeun ka indung-bapana. Kulutrak. Muka panto. Suwung. Kasampak patulayah pancarakén. Katut bebejad ambén tapak ragotna jogol. Ngarahuh. Ngalangkang sakabéhna. Naon-naon nu geus kajadian. Lumpat ka luar. Jeung gambar nu ditangkeup jero saragam. Jeung inghak nu ngebekan dada.

“Tuh, apa sia mah keur ngeplék!” Maneuh mapag ronghéap. Ukur nyérangkeun ti lawang warung. Bapana. Keur ijén jeung gambar joker dina ranggeuman. Di antara botol-botol kosong nu nyaabkeun gambar imahna. Ngingkig deui. Mapay-mapay basisir. Nadah gumuruh angin tanjung. Ngeteyep. Mipir bédéng teriplék. Tina sesela jandélana. Atra. Indungna. Keur ngagambar umpalan ombak. Handapeun taranjang lalaki. Nyilih gambar imahna. Nu beuki lantis cikésang.

Gék. Sisi ruruntuk parahu. Nyawang kikiruh tanjung ka jauhna. Taya layung. Kusiwel. Buku gambarna. Lalaunan. Dibuka. Imahna nu luntur. Digambar deui ku rokrak luhur kikisik. Laju sirna kaséblok salantisan lambak.

NU MINDO WALIMAHAN

Kénging Bunda Unie
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2013 09:27:02

Rap, kaftan bodas mungkus awak nyamunikeun guligah nu rongkah. Dina eunteung, kalangkang katembong beueus. Marojéngja ningker rasa. "Naha yakin ieu nu rék dilakonan téh? Rék balikan deui? Pan geus euweuh rasa cinta ka manéhna saprak teu suda-suda ngakaya?" gerentes haté. Mun seug lain pameredih si bungsu, teu hayang ngahiji laki-rabi deui jeung manéhna. Bray, mukakeun panto kamar. Hamham marengan saban léngkah ka rohangan tengah. Katémbong geus ngumpul. Na'ib, manéhna jeung para saksi. Manéhna ngarérét. Sorot matana ngempur, beungeut beureum ngalangkang murka nu ngagegedur. Dua tanduk mucunghul tina sirahna. Nyéréngéh, sihung ranggéténg tuluy nyakakak, handaruan.

BOBONÉKAAN

Kénging Toni Lesmana
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2013 08:58:40

Pinokio neuteup Geppeto nu tibra. Bapana. Poé ieu ulangtaun. Galécok dada Pinokio. Kanyaah nu jadi bapa. Sataun hirup jadi manusa. Kudu kumaha méré hadiah kanu haat nyipta jeung ngahirupkeun. Bagja. Jadi manusa. Bagja geus lain boneka kai. Bagja. Naon ari bagja. Nu diteuteup boa keur lumampah dina pangimpian. Ukur dadana nu usik ku rénghap. Tambah galécok dada Pinokio. Pirang lalampahan saprak jadi manusa narémbongan. Ngolébat mangsa keur silihtangkeup jeroeun beuteung hiu. Kanyaah bapana. Kumaha ayeuna mulangkeun kanyaah. Hadiah naon. Pinokio ngadeukeutan anu kérék. Pék diusapan. Bangun beurat, ngaharéwos, “ Bapa, abdi nyaah pisan ka bapa. Bagja tos janten manusa. Wilujeng ulang taun!” Pinokio cengkat deui. Imut. Laju nungkup irung. Laun-laun irungna manjangan. Ditungkup. Nerejel. Nyurungkeun nu nungkup. Beuki panjang. Congo irungna nyeukeutan. Méh antel kana dada Geppeto. Pinokio undur-unduran. Tapi irungna tuluy ngincer dada Geppeto. Dada bapana.

HARIRING ASIH

Kénging Tetyesnat Nataprawira
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2013 08:25:15

Rumah tangga méh tilupuluhdalapan taun, barudak geus marisah. Angin lilinduan geus mindeng kaalaman. Pamajikan tetep tigin tur satia. Awak geus mimiti rumanggieung. Bet aya hariring asih nu ngagalindeng jeroeun dada. Hariring asih nu kacatet ngaranna dina haté, rikip. Manéhna moal apaleun. Yén na diri kuring kiwari boga pangabutuh nu hésé dicaritakeunana. Kuring butuh ku manéhna, nu tepung dina hiji panglawungan. Sa-karesep, sa-kabungah, papada butuh panggeuing haté nu karasa tiiseun tur hanaang sanggeus pangsiun. Pamajikan kaluli-luli. Rumasa, kaayeunakeun kuring kabongroy, nyenangkeun haté sorangan batan inget tanggung jawab. Malah asa rék aya udagan, jeung manéhna. Mindeng ngararancang kahirupan kuring saterusna, komo sanggeus manéhna karasa getén merhatikeun.
Hapé disada. Kurunyung pamajikan ngasongkeun nu hurung jeung kacamata, ditampanan. Paneuteup pamajikan asa ngananaha. Dina layar hapé atra ngaran nu keur dipigandrung. Hariring Asih. Bréh kabaca.
“Inna sholaati wanusuki, wa mahyaya wamamati lillahi Robbil Alamin “
Sms panggeuing, nu ngahaja di setél dina haté unggal waktu.

MARNI JEUNG HOLIS

Kénging Emi Maryami
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2013 07:23:49

Di ruang hareup geruh ngaheureuyan Marni nu carpon na dimuat dina koran. Carpon munggaran. Marni umat-imut bakating ku bungah tuluy ngoléséd ka ruang ngetik. Reuwas, ampir paadu beungeut jeung Holis dina lawang panto. Marni langsung baketut, tapi teu langsung ngahoak ayeuna mah. Teu anéh, Holis bisa lar sup ka ruang ieu da manéhna mah bagéan tehnisi di dieu téh. Holis ogé nu mindeng guntreng jeung Marni. Teu sakali dua kali Marni reumbay alatan adu omong jeung Holis. Aya waé nu matak dor dar paséa téh, teu kaop tepung. Tapi ayeuna duka kunaon bet asa ahéng. Holis teu loba peta sakitu di jebian ku Marni gé, langsung wé kaluar. Marni diuk na korsi hareupeun computer, teu lila tuluy kerung. Ngahuleng. Lila naker. Hayang ngudag, tapi duka geus kamana. Marni maca deui tulisan dina desktop, “Aya mangsana impian ligar jadi kembang, wilujeng…”
Ayeuna geus ampir genep taun Holis tilem. Ninggalikeun Marni. Ninggalkeun dunya.

KLIMAKNA SAWARUGA

Kénging Mulyana SA
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2013 05:18:54

Teuing dihaja, teuing hanteu. Satutas diyugakeun ku manéhna, kuring sawaruga jeung anjeunna. Campleng mangbulan-bulan. Gumelar. Dirorok. Dijadikeun endog beubeureumna. Dinangna-néngné. Mangsana cumoo. Teu petot-petot ngaléndot. Teu jauh ti bujur. Teu sirikna pabeulit bitis embung ingkah.
Diaping, dijaring. Dihariringan dangding pépéling. Dibungbuan tuladan dongéng kahirupan. “Samalah hidep mah diinangan nepika aya dalapan taunna!” tandesna saméméh miang. Ayeuna karasa pisan, lintang ti ngawaris rupaning pasipatan biologis ogé ngawurukkeun watek romantis dina tresna nu saéstuna.
Dorokdoook...! Gebut! Bru! Haté dumadakan peunggas. Pites sapada harita. Katinggang dodoja wanoja. Teu wasa malikan. Nahan nalangsa nu taya wates wangenna. Cimata salaput sirah. Éra. Embung saruana.
Sasadu. Dédéngéun kénéh wasiatna. “Mun ngarasa kurang asih, hartina hidep geus nguciwakeun. Mun ngarasa gagal nyangking asih kahirupan, tandaning geus nganyerikeun. Mun hidep ngarasa hirup teu pinanggih jeung kaasih, nyata pisan anjeun geus nganiaya jalma nu kungsi ngakandung!” Nyuuh mingkin nyuksruk, bari muntang kana tetenggerna.