Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 01 Séptémber 2013 (21 Naskah)


SALINGKUH ITUH RIPUH

Kénging Zev Myzoul
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2013 22:55:55

“... Sia nu sok ngaés-ém-san pamajikan aing?” jebrod. Bangkieung. Panon ranyay.
“...Nu sok ngahé-ésan pamajikan aing?” habek. Angen seueul, teu bisa ngarénghap. Awak nyangsaya dina dapuran cau, pada ngaleyek ngajejek ku opat urang. Teu bisa sidik, poék. Sasat dicerek dibongohan dinu poék. Diséréd kanu singkur. Habek-habek wéh. Teu manggapmulia. Niat sosonoan jeung ceu Onah, ieu salakina sigana. Emh, rumasa... pasrah.
“Podaran wé, kang. Tuman!”
“Kahayang mah, dicacag diwalang-walang tah asu alas téh!” bangun gereget.
“... Tobat. Ampun paralun, kang... rumaos... “
“Montong ngomong, bangsat!” jebréd. Sirah leneng ditajong.
Celengkeung, hapé dina saku calana lagu talak tilu. Awak didengkék, teu walakaya. Hapé dicokot.
“... Halow, saha ieu? Hah! Lain si Kénoh manéh téh? ... Lain?”
Lampu hapé dideukeutkeun.
“Jadah! Salah néwak euy. Lain si Komod ningan! Hayu kabur... “
Hapé dibalangkeun kanu beungeut. Nu narenggeulan birat malabur.
“Hampura nya euy...!” gorowokna ti kajauhan.

BAGJA JEUNG KINGKIN

Kénging Gaus Firdaus
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2013 22:27:55

Bagja. Guligah. Sanggeus ngangsrodkeun bedil, nu disorénna. Kusiwel, ngaluarkeun sapasang ali, tina sakuna. Kingkin, tumungkul di gédéngeunana. Nyamunikeun pipina, nu dumadakan semu bareubeu. Simpé. Ujug-ujug tibuburanjat, muru panyumputan. Kapal udara suat-siet nyamberan, patingharéong. Ngémbrat-ngémbratkeun pélor. Nénggor-nénggorkeun bom. Nyasaak hiji désa. Burakrakan. Si Anjingna, geus nyingkah. Nyésakeun ngelunna haseup, di saban sikluk. Lebah tungtung lembur. Bagja, ngagugulung Kingkin, nu mandi getih. Kingkin, sumambat pegat-pegat, “Kang Ba…bag… jaaa…!” Les! Bagja, ngocéak nyacagan jagat. Jumerit nurih langit. “Nyai Kingkiiin…!” Leungeunna tipepereket. Ngeungeupeul ali meneng. Melas-melis, “Akang jangji! Sapasang ali nu jadi saksina. Demi Nyai, akang moal kawin-kawin. Rido, nandangan kingkin saumur-umur. Mugia Nyai, tinemu jeung bagja di ahérat.” Nyuuh, sumegruk. Ngong, sora nu ngagentraan. Ngéngkréng ‘na spiker, “Bapa Subagja Wiguna!” Ngoréjat. Mupusan reumbay cimatana. Cengkat. Kundang payung. Tokroh-tokroh. Nyampeurkeun kana méja, Juru Bayar. Srog. Gutrut, nanda tangan, bukti nampa gajih bulanan, pangsiunna.***

JAMBU AJAIB

Kénging Maman Sopyan Part III
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2013 22:25:56

Layung geus mimiti ngempur. Angin ipis ngahiliwir. Marengan kuring nu keur ngagedig mapay-mapay galengan sawah. Lauk hasil nguseup ti wahangan, minuhan koja nu ngagantung dina cangkéng. Lebah tungtung galengan, ngarandeg. Mencrong jambu batu nu ngagolér 'na jajalaneun. Asak. Pikabitaeun. "Kabeneran, keur mah lapar," gerentes haté. Laju dihénggoy bari leumpang.
Ceuli ngadadak asa rebing. Gandéng ku mangpirang dédéngéan. Anu ngobrol, Nu silihgonjakan bari tingcakakak. Rut-rét ka sabudeureun. Taya sasaha. Iwal ti piit-piit nu keur nyaréngclé dina paré. "Sing neuleu atuh, euy, leumpang téh!" Bréh. Sireum hideung keur ugil-ugilan ngaleupaskeun awakna tina tincakan suku kuring. "Aduh, hampura!" gancang sanduk-sanduk. "Kina-kina aing leutik, sangeunahna, siah! Dasar manusa!" Tuluy ngaléos bari ingkud-ingkudan.
Kahémeng can ilang. Lebah dapuran paré, kapireng nu ngabangingik. Bangun nu kanyenyerian. Panasaran. Ditéang. "Ari ilaing kunaon, bet ceurik?" cékéng. "Dasar jalu irung welang, hayang ngeunahna wungkul. Geus kieu mah, cul wé," ceuk Ucing bikang bari ngusapan beuteungna nu keur bureuyeung.

SI KABAYAN NGABAGI WARIS

Kénging Rinto Variasirias
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2013 21:59:44

Juragan Dongdang jalma berat beunghar boga budak lima, ngan hanjakal umur juragan Dongdang teu lila. Hartana jadi rebutan budak-budakna. Kabéh pada hayang ngahak. Kuwu jeung kokolot lembur teu sanggup nguruskeun. Nya kapaksa si Kabayan ditéang. Ceuk si kabayan dina hiji riungan. “ Juragan Dongdang téh ngumpulkeun hartana meunang hésé cape. Ku sabab kitu maranéh gé kudu capé heula! Carana maranéh kudu ngumbara kanu jauh. Saha nu pangpandeurina balik ti pangumbaraan, éta jalma kaasup pangkuatna. Jadi nu pangkuatna éta anu hak pikeun narima kabéh warisan. Kumaha satuju!?” “Satujuuu…!” Ceuk budak-budak juragan Dongdang réang. “tah ayeuna mah sakabéh harta dicekelan ku uing, wayahna satungtung maranéh can mulang mah, hartana kadahar ku uing? Buruh nungguan!”.
Ti harita kabéh budak juragan Dongdang ingkah ti lembur. Euweuh nu balik deui sabab kabéh pada hayang pangpandeurina!

NU KUNGSI DIPAREBUTKEUN

Kénging Yosmar Sumaryono
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2013 21:54:05

Dua jirim rerencepan. Belesur. Lep. Creb. Paser nanceb kana tihang.
"Saha éta?" koréjat. Rekét. Jleng. Bah Dira geus nangtung di buruan. Wiangsih jeung Nini Uti, tingkoréjat.
"Rancingeus kénéh, Dira!" ceuk Ki Sarkam. Langsung narajang. Hiuk. Lep. Des. Goak.
"Jadah siah!" Ki Sarkam ngajarigjeug.
"Geuning silaing, Sarkam?" Bah Dira taki-taki.
"Heueuh déwék!. Mana Si Uti. Moal teu rayud ayeuna mah, euy!" bari luncat. Kadéngé Nini Uti nyikikik. Jorélat. Jleng. Hiuk. Rikat Bah Dira jingkrak. Lep. Jebrod. Peureup ngahanca gado, tuur nunjel hulu angen.
"Gélo siah!" bru. Sudinta nu titadi lalajo, metakeun sumpitna. Sret. Belesur. Paser nyiriwik.
"Awas, Abah!" belewer. Hiuk. Plas. Paser sapat. Disabet balati Wiangsih. Jleng. Clé. Clé. Wiangsih jeung Nini Uti luncat méh bareng. Ki Sarkam colohok. Carita lawas ngolépat. Jajantungna ratug.
"Ut, Uti...?" teu sadar..
"Enya. Uti rayud!" teugeug. Ki Sarkam nyolongkrong. Wur. Goak.
"Jadah, panas!" Ki Sarkam ngagorowok. Nungkupan beungeutna. Diséblok tampolong luah.

SASAK RUKMINI

Kénging Yadi Fathur Berkata
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2013 21:49:26

Unggal ngaliwat ka sasak éta Néng Rukmini sok nyadakeun klakson motorna. Malah batur mah sok rajeun ngalungekun roko atawa duit récéh sagala.
Kajadian modél kitu téh cenah mah ti saprak Néng Rukmini nu piisukeuna rék dirapalan ringsek tabrakan jeung toronton nepi ka tiwasna di dinya. Percis di tengah sasak éta pisan.

VÉRTIGO

Kénging Aam Amarullah
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2013 21:14:46

Kriing! sora telepon.
"Haluuu?"
"Haluuu, juga! Pangmilariankeun info tentang vértigo dina internét"
"Vértigo, kitu?"
"Enya meureun. Da sirah téh jejedudan tarik, bari tingsariak tina punduk nepi kana tonggong"
"Oh, sanés. Éta mah paling gé karena strés."
"Kunaon nya ubarna? Dagorkeun kana tembok kitu, nepi ka bencar. Ngarah paéh sakalian"
"Tiasa. Tapi mening cobian heula ngagorok beuheung jelema ku botol nu dipeupeuskeun téa!"
"Heueuh, sigana bakal longsong ku éta mah"
Klik!

SAUR BAPA

Kénging Teh Ning
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2013 20:51:57

Saur Bapa, hirup téh kudu pikaresepeun batur. Dépé-dépé handap asor. Ulah wanian, kudu éléhan. Téangan pikaresepeun batur. Soméah, daréhdéh.
Saur Bapa, hirup ulah sok panasbaran. Adigung agul ku payung butut. Kudu nété tarajé nincak hambalan. Tungkul ka jukut tanggah ka sadapan.
Diregepkeun. Nyerep meureun. Di lembur boh di sakola, alhamdullillah loba batur. Loba nu resepeun. Jeung nu gagah akrab, jeung nu lémbon dalit. Ku ménak dihiap ku sasama dipiwanoh. Teu weléh guyub jeung ngéléhan, kajeunan. Najan sering naker meper kaambek ku polah sawatara urang.
"Héii..pendék!" peletak sirah ditéké. Ukur ngalieuk. Seuri.
Balik deui. Moyok deui. Néké deui. Seuri deui. Kitu jeung kitu.
Geus kasabaraha balikan, getih naék kanu sirah. Karasa panasna. Ngagegedurna. Beretek lumpat. Nu moyok burak. Diudag. Satakerna. Ditungtung kelas beunang. Didéngkék. Diperekpek sirahna.
"Sia lalaki aing awéwé. Sia jangkung aing pendék, moal ieuh ditarajéan!" cekéng ngageter.
Saur bapa, lamun dihina tong sok mangadu. Teu wani cicing. Wani lawan. Kuring wani, nya dilawan.

PLUK

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2013 20:32:32

Bang Yandi, Direktur Kantor Advokat Yandi, SH & Partners, ménta tulung ka kuring jeung Yusi supaya nganteur Mister Sarjoh Sanneh, anggota International Lawyer Club, urang Afrika Selatan, ka Kota Gedé, rék meuli perhiasan pérak, jangeun oléh-oléh. Di mobil, manéhna leuwih loba ngajak ngobrol kuring. Silih tukeur kartu nama.
“You are sundanese, aren’t you?” Imut, némbongkeun huntuna anu bodas nyacas, kontras jeung kulitna anu hideung, tapi manis.
“Yeah.”
“The Sundanese girls are very beautiful.”
“Sure.”
“Supple, too.”
“Exactly.” Atoh. Pung, irung ngapung.
“But you aren’t like Sundanese,” manéhna ngomong deui.
“Why?” Kuring kerung. Panonna nu bolotot neuteup seukeut.
“You look tomboy, rigid, and so fierce.” Kuciwa. Pluk, irung ngepluk.

Catatan :
“Anjeun urang Sunda, nya?”/ “Enya.”/ “Wanoja Sunda téh gareulis.”/ “Tangtuna.”/ “Soméah oge.”/ “Tepat.”/ “Tapi anjeun mah teu jiga urang Sunda.”/ “Naha?”/ “Katingalina jalingkak, saklek, tur galak pisan.”

DALEM BRATA

Kénging Herlan Djatnika
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2013 20:22:21

Saur sepuh baheula, luang ka tukang kundanganeun. Eunteung tineung keur ka hareup, nu bakal kasorang. Luyu nuturkeun jaman. Tapi teu kitu keur Dalem Brata mah. Jaman kudu angger waé. Anjeunna nuju calik ngalonjor dina korsi males bari maos koran. Dastar meulit ngahaneutan tenggekna. Ngajeblag jenenganna dina témbok : Radén Adipati Aria Brata Kusumaningrat. Wedana manten. Teu lami ngagentraan réncangna.
“Rasmiiii...! Sauran Ibu Dalem sina ka dieu!”
“Nuju netepan Asar Ibu Dalem mah” walon Rasmi jagreug nangtung.
“Geus sabaraha lila manéh gawé di dieu, hah?”
“Ampir sataun!”
“Ampir sataun? Geuning kitu peta kénéh disaur ku Dalem! Hayoh balikan deui! Tah, kudu kitu, deuleu!” saur Dalem Brata ningal Rasmi sideku bari nyembah.
“Ayeuna sauran Aom Dénta sina ka dieu!”
“Sumangga Gamparan!” walon Rasmi. Cong nyembah. Laju leumpang ngeteyep bari nulak cangkéng. Bujurna digutak-gitek kawas éntog. “Astagfirullah...!” Dalem Brata istigfar. Socana teu lésot neuteup bujur Rasmi. Prang! Gelas susu nu dicepengna murag.

NGAGUGAT NASIB

Kénging Nyai Endit
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2013 20:21:01

Langit alum, hujan sabregbregeun. Teu hayang ingkah. Cur cai ti langit maseuhan awak nepi ka jibrug. Nangtung kénéh, di dieu. Pikiran, haté, pinuh ku rasa kuciwa. Lain ukur raga 'nu rancucut, batin ogé kumusut. Cimata kuring, nyamuni diantara cai hujan. Di langit gelap ngabéntar, hujan beuki ngagebrét. Saacan meunang kaadilan, teu hayang ingkah ti pakarangan ieu, kajeun! “Ma, hayu lebet, ulah huhujanan sapertos kieu. Urang antosan Kang Ganjar nyandak iber saé ti Pangadilan. Sok sanaos ukur kwitansi nu aya, bumi ieu nu Ema. Tangtos moal ku sasaha, Ma, moal ogé ku maranéhna.” Minantu ngolo. Hing ceurik, haté raca. “Atin, dimana atuh ari kaadilan?” Minantu neuteup. “Hayu, Ma!” Leungeun mantu ngaléng kuring. Cimata disusutan. “Ma, Dédé baong, nya?” incu ‘nu tadi keur diasuh, geuning aya kénéh di tepas. Kuring gideug, laju nangkeup manéhna pageuh pisan. “Henteu, kasép. Sing pinter nya, Cu, sing aya milik jeung rejekina,” cekéng bari ngusapan sirahna.

NU TEU DATANG, NU TEU MIANG

Kénging Mulyana SA
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2013 19:31:42

“Ang! Panonpoé nu ayeuna téh, naha sami sareng nu kamari?” Nu nyalandé na dada, tumanya. “Asa teu perlu dijawab.” cékéng, jero haté. Diantepkeun sajongjongan. Laju mairan.
“Enuuung,” halon.
“Kaah?”
“Apanan di dunya téh papasangan. Nu lahir tangtos pupus, nu datang tangtos undur.”
“Janten simpulna kumaha atuh?” ogo. Rémana pageuh nyepeng réma kuring. Lemes. Haneut.
“Kahirupan téh muter, Geulis. Cobi tengetan nami-nami dinten, tanggal jeung taun. Gunta-ganti nya?”
“Muhun. Aya teu nya Ang, nu teu datang jeung nu teu miang?”
“Aya Geulis..”
“Naon téa Aang?”
“Pan ayeuna nuju dilampahkeun ku urang duaan”
“Maenya? Naon buktosna?”
“Ti mimiti lumangsungna kahirupan nepi ka kiwari jeung engké jaga. Apanan didadasaran ku Si Éta. Teu kabayang mun ku nu sanés mah. Pisakumahaeun teuing jadina.”
Rangkulan karaos pageuh. Mingkin geugeut. Lir gula jeung peueut. Sagalana jadi éndah, najan kumaha baé wanda sareng rasana.

NYIDUH KA LANGIT

Kénging Kang Bibih
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2013 17:59:25

Si Sarkum. Jelema kagégéloan ku Néng Ningrum. Kabogoh nu sapruk-prukeun kawin. Ninggalkeun manéhna waktu lalajo wayang. Bébéja rék meuli ubar. Didagoan. Lebeng teu embol-embol. Wanci sakeudeung deui subuh. Wayang geus wekasan.
Si Sarkum kukurilingan. Panasaran. Ngadeukeutan panggung. Jengok! Néng Ningrum kapireng. Ngageubra dina lahunan Lalaki maké iket. Nyel ambek. Ngagidir. Ngagorowok satarikna. Nepi ka pegat urat sarap. Si Sarkum jadi owah. Ungal nempo awéwé. Kecrot! Nyiduh ka luhur.
Diubaran ku Ki Imung. Teu daék cageur. Ki Imung ngarasa jéngkél. Reup. Mepet panca indra. Rét. Ka luhur. Belesat! Ki Imung Ngajomantara. Luhur langit. Ki Imung bengong. Nempo Néng Ningrum kokojayan di lautan ciduh jeung Si Astrajingga.

LAGU BARUDAK

Kénging Teh Zaneta
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2013 17:50:13

Ulah ceurik... tong diceungceurikan...
Tarimakeun jadi randa...
Akang réla jadi duda...
Da geuning kieu kuduna...
Urang teu bisa kumaha...
Acih budak kelas 3 teu eureun ngahariring, bulak-balik jiga nu katalimbeng.
Inilah akhirnya harus ku akui...
Sebelum cintamu semakin dalam...
Maafkan diriku...
Tak bisa setia...
Walaupun ku tahu...
Cintamu lebih besar darinya...
Tambeurieun Acih, Inah tétéhna nu mangkat rumaja ngalagu ngagokan Acih. Bi Icah nyénghél nyerangkeun dua anakna nu ker hahariringan bari teu eureun ngusapan cipanon nu juuh, inget salakina nu kabéngbat rangda anyar.

LALAKON ODIN & UNAH (ADEGAN 2)

Kénging Yusef Muldiyana
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2013 17:09:20

Srangéngé moncorong. Sisi sumur, Odin nyeuseuh. Unah, moékeun papakéan baseuh. Dina tempatna. “Nyiar gawé atuh sia téh, Odiiiiin……! Ngarah teu ripuuuh…!” Unah sosorongot. “Gawé naon, nya?” Odin kalem. “Naon wé, pokona munyekil.“ nyorongot deui. “Manéh daék boga sakali jadi garong?” Odin nangtung. “Kajeun! Nu penting réa duit. Sirik, aing mah ka Rusmiati. Unggal minggu diajak ka bioskop ku salakina. Dahar di réstoran. Ari urang? Ukur jang ngéjo gé kudu unjak-anjuk. Rék kumaha mayarna?” beuki nyorongot. “Unah, salakina Rusmiati téh koruptor deuleu! Bakal urusan jeung KPK, Tah!” nyampeurkeun Unah. “Teu paduli! Nu penting, bisa ngabagjakeun pamajikan.” molotot. “Ngabagjakeun ukur ku duit?” Odin leuwih molotot. “Éta nomer hiji!” tandes Unah.“Gustiiiiii….!” Odin gogodeg. “Sing sabar, Odiiiiiin…,” Tihang popoéan ngagorowok. “Ciciiiiing…! Popoéan mah montong pipilueun!” Odin nyentak. “Matakna cicing siga déwék. Odin téh keur sénsitip, bro.” ceuk kutang lagedu, anu nyampay. “Sia ogé ngajedog!” sarua disentak. “Horsééé! Uing mah teu pipilueun, euy!” ceuk sumur.

PAPAGAH CINTA WANDA LAUK

Kénging Valda Ali Vam
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2013 16:36:19

Basa inbok rabul ménta adpis ngeunaan cinta. Nyimas Nénah kawalahan. Antukna nyieun catetan. Ditégkeun ka kabéh nu inbok.

Yén cinta téh sarupa jeung lauk. Rék, digoréng, dipais, dibeuleum, diacar pék téh teuing cenah. Ngan kudu ati-ati ngadaharna. Ulah salah. Rék huluna heula hempék,beuteungna heula der, buntutna jug. Keur ngadahar kudu apik, bisi manggih cucuk leutik. Bisi kabeureuyan. Da cucuk gedé mah piraku teu kadeuleu.

Aya saurang, nepika datang ka imah Nyimas Nénah.
“Ceu, abdi téh seja tataros perkawis cinta wanda lauk.”
“Rék nanya naonna deui? Pan nggeus dituliskeun. Baca atuh ngarah ngarti!”
“Badé naroskeun, ari Euceu teu kantos kabeureuyan?”
“Kungsi atuh! Nepika burial buncelik. Samalah poho hamperuna teu kapiceun. Pait deuleu! Numatak mun cinta wanda lauk, beresihan sing imeut, tuluy presto wé!”
Nyimas Nénah laju ngabantingkeun panto. Horéng manéhna gé can cageur kabeureuyan cucuk lauk cinta. Tuluy tétanus cinta.

BALIK DEUI (4)

Kénging Luthfi Izzatul Khairi
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2013 11:48:34

Cinta. Taya nu salawasna tingtrim. Aya waé, gogodana téh. Kitu ogé, cinta kuring jeung manéhna. Titin. Loba béja nu daratang. Saméméh tepung deui. Manéhna kitu jeung kieu. Ngagoréngkeun.
Poé Minggu. Diangkir ka imahna. Kolotna hayangeun tepung.
Bada ashar anjog ka imahna. Titin jeung kolotna nyampak, narungguan. "Jang, hampura Abah waktu baheula. Geus titis tulisna meureun." Bapana ngamimitian cumarita. "Abah ogé apal, loba béja nu matak tugenah. Tapi, insya Alloh. Najan randa, Titin moal kurang ti gadis nu parawan, Jang!" pokna deui. Ngarérét Titin. Dibarung ku séréngéh nu rada anéh.
Wanci sariak layung. Di tepas imahna, nu aya balong leutik. Silih teuteup, leleb. "Kapungkur, saparantos akad nikah. Kang Yana, kaserang panyawat jantung, A." Titin cumalimba. "Janten, Enéng téh...?" Kuring kerung. "Muhun, A." Titin némpas.
Layung beureum nyaksian. Antara haté nu ngangres jeung imut kabagjaan.

POÉK

Kénging Endang Rochimat
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2013 09:25:22

Sakedét nétra dunya jadi poék mongkléng. Lampah jadi pugag. Hemar-hemir loba kagimir, honcéwang réa kamelang. Padahal rarasaan karék bieu nyawang éndahna purnama. Mawa hégar kana manah, mawa tingtrim kanu ati. Dosa naon? Salah Naon? Tumanya ka diri sorangan. Ngaguar lampah katukang, nyaliksik diri, bisi aya lampah melengkung bekas nyalahan, nu ngalantarankeun kudu ngarandapan dodoja nu tumiba dina ieu mangsa.
Nyoba maksakeun ngaléngkah, sugan manggih cahya. Jedak! Neunggar hahalang lampah. “Salah jalan!” Nyarita sorangan. Ngagésér ka kénca, rumpu-rampa kalayan ati-ati, bisi salah jalan nu méngpar tinu mistina. Jeduk! Tuur kabentur. Napas ngahégak, sepi, jempling. Beuki keueung, pikiriran tambah baluweng.
Teu pegat harepan, masih aya tanaga sésa keur ngaléngkah. Sugan jeung sugan gancang manggih jalan. Sugema, basa karampa jalan kaluar. Bray! Lawang muka. Naha diluar mah caang? Rét ka luhur. Gebeg! Olohok, panon molotot. Geuning listrik téh pulsana béak!

LAIN MILIK

Kénging Yan Himura
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2013 08:47:40

Bada ashar. Motor keur dihaneutan. Jok dibulen kardus, keur tilam deklit. Nu pinuh ku mangrupa asesoris henpon. Aya casan, batré, hedset, jeung sajabana. Ngahaja indit soré, ngarah nu boga kontér keur nyalsé. Helm beureum geus koléas, unggal poè nahan panas. Nyéngclé na sirah nu geus aya huisan sanajan opat lambar. Geuleuyeung. Ngarah ka kulon. Ka kontér nu pangtungna heula, sésana éngkè bari mulang. Nepi kanu dijugjug wanci sareupna. Ngobrol sakeudeung terus milu sholat. Amitan. Haté rada kuciwa. Mapay jalan balik , eureun-eureunan unggal manggih konter. Sumanget ngendoran, harepan bèda jeung kanyataan. Nepi ka imah jam sapuluh peuting. Ceg. Ngangkat deklit. Aya sora ting cirihil. Bareng jeung kaluarna tilu budak leutik garundul marawa kanjut kundang.

"Mang, ieu kanggo Mamang.. Rejeki ! " ceuk nu rada gedè ngasongkeun duit. Bareureum.

Pletak ! Pletak ! Pletak !
Tiluanna ditèkèan. Ting puringis. Bari ngarusapan huluna sewang- sewangan.

"Lain nampik rejeki, tapi éta lain milik Mamang, mending balikkeun deui.. ! Da batur gé sarua butuheun"

Pledug. Les. Barudak gundul ngaleungit. Seurina mah kadéngé kénéh.

RAJA LEUWEUNG

Kénging Endang Kasupardi
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2013 08:01:13

Leuweung simpé, taya gorowok jiga basa poé mimiti. Ukur sakali gaur sora maung tengah peuting ditémpas silih segrokna bagong. Jep. Sora Surili ngiles. Gajah tiap ngaliwat mawa alat dangadutan. Gambar-gambar sésa kampanye ukur narémpél dina tatangkalan. Pangeusi leuweung sibuk kukabutuh séwang-séwangan. Teu hayang apal dimana maung, gajah jeung surili. "Da geus tangtu tanggal dalapan", cek kuya. Kecebur kana leuwi. Tiap keceburna anu kadéngé. Sakali. Teuing dimana hanjatna. Ti kajauhan cungungung ajag ulas elis. Lewang nambah geueuman leuweung. Rombongan gajah anu terus nikreuh, nepi ka hiji lamping. Eureun. Mukaan tali nurun-nurunkeun sound sistem. Maung ngadepong di luhur lamping. Nyurucudkeun cipanon. "Naha Aing kudu dipilih deu jadi Raja leuweungi?", gerentesna. Panonna ceuleunyeu ninggali pangeusi leuweung anu teu pernah miroséa kana lambaran sora nu ngalanglaung di tiap tangkal kai mahoni.

KABAYAN

Kénging Aray Nutisajra
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2013 07:23:03

Balé désa geus pinuh. Ngahaja ngampar alketip béh 'ngariung' ilaharna di lembur. Abah jeung Kabayan géh di ondang. ''Aya naon Bah sinarieun aya riungan di Balé désa?'' ceuk Kabayan. ''Ngadéngé mah aya gegedén ti dayeuh Kabayan! Ngadon silaturahmi ka lembur urang'' jawab Abah. Sabot lempang ka nu di tuju, sapaparat jalan katempo baliho nu aya gambar jalma keur imut. Gombal! gerentes haté Kabayan. Di tonggéngan ku aing...
Anjog ka Balé désa, guk-gék di sisi. Kabayan ngahaja rada misah ti Abah. Henteu diuk dina samak. ''Kabayan diukna kana samak, ulah disisi!'' Pa Kuwu nu calik ngaréndéng jeung 'tamu kahormatan' ngagupayan Kabayan.
''Cekap Pa Kuwu, abdi tos mekel samak ti rorompok'' jawab Kabayan rengkuh.
''Mana? Geuning teu diuk 'na samak?'' Pa Kuwu panasaran.
''Ieu nun!'' tembal Kabayan bari ngébréhkeun bujurna. Sirahna rada handap saeutik ti imbit. Katémbong aya samak sacewir nutupan duburna.