Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 01 Agustus 2013 (51 Naskah)


PUASA DI SYDNEY

Kénging Moef Hasbullah
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 23:42:24

Panas eréng-eréngan. Sydney ngelekeb. Bulan puasa meneran keur summer. Ngarasa leuleus, kuring ngagolérkeun awak na luhur jukut hiji tepas imah batur nu lega, sepi tur iuh. Pikiran narawang langit, pucuk tatangkalan ngagarupay, angin ngahiliwir. "Excuse me, you must be thirsty, I bring you a glass of water, would you like it?" Gebeg. Ku soméahna, nu boga imah kaluar nawaran cai hérang sagelas. Kacipta éta cai ngagenclang ngageleserna na tikoro. Ditarima gé meunang da puguh kuring keur musapir, tapi haté téh bet panceg: "Thank you Sir, very kind of you, but I'm sorry I'm fasting." Si bulé kasampak reuwas bari semu nu kataji."Fasting in this very hot day? Are you Moslem?!" Kuring ngabenerkeun. Nganuhunkeun kana kahadéana buru-buru miang deui. Ba'da juma'ahan di masjid KBRI, dua minggu ti harita, aya nu keur ngariung. Panasaran, kuring nyampeurkeun. Urang Australia jadi muallaf keur ngucapkeun syahadat dituntun ku imam masjid. Diteuteup beungeutna asa pernah nempo.[]

JODO KEUR KURING

Kénging Rudi Riadi
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 23:33:26

Clak kana angkot St.Hall-Cimahi. Langsung disampakkeun ciptaan Gusti anu éndah. Pahareup-hareup. Haté ngalenyap. Duh, Gusti...ieu kitu pijodoeun abdi téh? Mun teu mawa tongkat lipet sarta buku braille mah moal aya nu nyangka cacat nétra. Tuda alami pisan. gerak-gerikna. Ngalieukna. Cara neuteupna ka lebah
kuring, teu bina ti nu normal baé. Tanpa kacapanon hideung.

Sabataé kuring neuteup manéhna téh. Meungpeung nu diteuteupna teu apaleun. Haté teu weléh lelenyapan. Keun, mun téa mah manéhna téh widadari ajangkeuneun kuring, rék ditampa. Sual kakurangana, teu masalah. Da kageulisanana geus ngaleuwihan harepan. Alloh ngalungsurkeun manéhna, minangka bukti adil-Na keur jalma nu seuseut jodo modél kuring.

Basa ditanya, manéhna ngajawab bari imut. Pondok. Halimpu. Ngageterkeun haté. Lah-lahan rék ngobrol nu daria, basa panumpang kari kuring jeung manéhna. “Boa Enéng téh jodo Akang!” Ngamimitian. Teu kebat, da manéhna kaburu nyebut ‘kiri’. Tongkatna teu dipaké.
“Punten, Kang, éta résléting lancingan muka!” pokna méméh turun, di Jalan Pajajaran.

JAWARA

Kénging Zev Myzoul
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 23:27:23

Si Jalu katelahna. Jago gobang kawéntar. Apal Thio Bu Kie jagona Jin Yong? Sakali nigas tamat lalakonna. Suma Han andelan Kho Ping Hoo ngajoprak, Robin Hood jago Eropah ngahodhod, Billy The Kid muncicid, Musashi mintul.
Gobang ngajadi raga, raga ngajadi gobang.
Si Jalu ngajawara ti dongeng ka carita, carita ka legenda, legenda ka mitologi. Sepi tanding suda lawan.
“Kula pangdamelkeun layan nu sabobot, nun... “
“Geus béakeun jawara, Jalu. Andika ngajadi jago sajagona jago.”
Pleng les. Kapopohokeun.
Sababaraha waktu, puncengis téh datang.
“Kula ménta dikawinkeun!” Cenah ujug-ujug.
Dipelong, kalahka tungkul semu éra.
“Maksud andika hayang dicaritakeun kawin, kitu? Teu bisa! Mesin tikna gé geus dijual!” Cekéng téh, teugeug.
Si Jalu cengkat bari mureleng.
“Kawinkeun kula ka nyi Icih!” Gebragna, keukeuh. Gobang ajol-ajolan ngambeu hawa perang.
Awak ngadégdég, lilinieun. Keueung ku komara jawara.
“Ké... ké heulaanan. Pan butuh waktu keur nulisna!”
“Teu bisa! Nyi Icih ménta buru-buru!”
“ Icih mana?”
“Nyi Icih nu di warung péngkolan.”
Kuring ngalenggak.
Teu kabayang, buku silat dirapalan jeung randa béngsrat.

SARÉBU BULAN

Kénging Lucky Bachtiar
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 23:08:38

"Asup kana sapertilu bulan Ramadhan mah cenah mangsana Lailatul Qadar turun, lur." Ceuk Ki Jumanta.

"Enya. Pangajaran keur urang di SD, lain ?" Walon Ki Sarnap.

Ki Jumanta nguliat. Pokna, "Bener, katambahan tina papagah kolot."

Sajongjongan duanana ngabetem. Teuleum dina pikiranana séwang-séwangan. Lar sababaraha urang lalaki ngaliwat. Salah-saurangna ngadeukeutan ka anu keur ngabaretem. Terus nyarita, "Katambahan isuk mah dulur-dulur sarilaing. Deukeut ka lebaran kalahka ramé didieu. Heueuh sing alakur wé !"

Kaayaan comrék deui.

"Lailatul Qadar téh cenah babandingan jeung sarébu bulan. Asa ku kuring kiwari kaalaman. Sapoé asa mangpuluh-puluh taun. Sok komo didieu bakal mangtaun-taun. Teuing ceuk silaing mah." Ki Sarnap muka deui paguneman.

Ki Jumanta teu geura-geura némbalan. Inyana nangtung terus muntang kana jaruji beusi nu nutupan rohangan. Ngajanteng semu leungit daya. Pokna, "Idem !"

MOAL KAPALANG

Kénging Bening Selakshahati
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 23:02:47

" Kang Aden ! haur nu sisi sawah belah wetan dituaran ku si Asep ". Mang Babdi hariweusweus. Karek dua poe katukang Mang Bandi ngalaporkeun Si Asep mupu alpuket kuring nu di legok.
" Taros atuh Mang, kanggo naon kituh !"
" Ditaros eta oge, kanggo suluh saurna teh".
" Nya wios atuh Mang teu kedah diseuseulan karunya "
Isukna Mang Bandi laporan cenah Si Asep kaperego keur ngusep di balong kuring, isukna deui kapanggih nyokot pare saboboko nu keur dipoe. Na kabina - bina teuing eta budak teh. Sigana kurang kadidik jeung ka aping.
Bismilah peuting ieu kuring rek ngadatangan indungna. Dibarengan ku Mang Bandi, Pa RT jeung Pa Ustadz kuring balaka. Sugan daek di dua meh bisa ngilu nyaah, rek ngilu ngadidik jeung ngariksa Si Asep nu geus tilu taun ditinggalkeun bapana.

KAKANGEN NU LANGGENG

Kénging Hadi Aks
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 22:49:10

Manéhna lunta kaluar ti imah. Tatanggahan ka langit. Tapi béntang surem. Milu nguyung kawas manéhna nu dirungrum kakangen. Gék diuk di tengah padang keusik. Nyorangan. Tapi rarasaanana asa keur ngariung jeung Rosul sang panutan. “Bisi kaula kungsi nyieun dosa ka aranjeun, pok caritakeun!” saur Rosul ayem. Saréréa jempling. Tarungkul ajrih. Pok deui Rosul. Angger taya nu lémék. “Kaula, ya Rosul!” Manéhna ahirna nyoara. Para sohabat tinglalieuk. Beurat kacida létahna. “Kaula kapecut ku anjeun dina Perang Uhud!” Umar ngarérét. “Geura bales ayeuna!” saur Rosul bari ngadeg lalaunan, ngasongkeun pecut. “Hapunten ya Rosul, harita kaula teu dibaju!” Saréréa ngarénjag. Umar ngoréjat. Tapi Rosul nyegah ku isarah. Muka raksukan lalaunan. Nu araya ngadégdég. Bréh raga nu suci beresih. Manéhna rampohpoy hareupeun salira nu agung. Pecut dialungkeun. Gabrug nangkeup Rosul bari ngagukguk. “Kaula ngan hayang ngarangkul salira!” pokna. Peuting harita juuh deui cipanonna. Kakangen nu langgeng. Ngahiur kabawa angin, ka saban lulurung buana.

TINGGALEUN MUDIK

Kénging Usman Ali M
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 22:37:49

Tumis haseum, sapiring. Dihaneutkeun unggal isuk. Garing, tutung, muruluk. "Sabar... sabar !" Haté ngupahan.
Teu karasa. Nyérélékna waktu. Saminggu geus liwat. Lebaran bagja dina sawangan, kari kalangkang. Nu nyésa ukur harepan. Sanajan tutung moal rék pundung. Tumis masih karasa, nikmatna.
Cimata bagja. Pasosoré nampa béja. "Hampura akang, poé isuk karék bisa mulang !" SMS ti salaki, nu dines jadi pulisi.

DPO

Kénging Asep Saepudin
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 22:18:54

Keur husu. Rakaat witir. "Duarrr!" Aya nu bitu. Gubrag! Imam ngajedag. Jamaah ébat. Reuwas itu-ieu. Abah Amin bangun teu empésan, digarotong, diriung-riung. "Alah ieung!" Sahéng. Ngéng! Budak saha boa léwéh. Mushola mingkin harénghéng. Haseup hangit milu asup. Mulek nepi ka pangimbaran.

"Teroris nu kitu mah, mana Pak Dénsus?" Nu nyelengkeung.

"Kudu ditéwak ieu mah komendan!" Ceuk gigireun. Kuring ukur ngarérét. Ngarérétan Si Umar pangpangna mah, nu asa teu katingali. Bet terus rasa. Ti méméh magrib budak teh nyoo petasan. Petasan badag, oléh-oléh Mudik.

Hanas maksa ménta cuti, hayang ngasaan tarawéh di lembur. Hayoh kalah manggih picacapékeun. Ras inget, minggu kamari pisan. Nyerek DPO di Solo, kalepasan nepi ka perlaya. Budak ngora, beresih kasép. Koko na rangsak baloboran getih. Ngalényap haté, boa Si Umar bakal jadi 'targét' Hansip Dodo, anu katelah sahaok kadua jgér!

"Umarrrr!" Tibuburanjat turun. Melang, bisi budak cilaka, kapiheulaan digunasika ku balaréa.

ASIHAN

Kénging Yosmar Sumaryono
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 22:11:05

Junéd percaya diri. Asihan paméré ti Ki Juhro, matih.Yakin, Nyi Onih bakal bogoheun. Sup ka imah Nyi Onih, pribumi guwad-gaweud. Nyuguhan cai ogé ku ninina. Kusiwel Junéd muka bungkusan. Roti kopyor, karesep Nyi Onih. Derekdek dijampéan.
"Asihan Si Leubeut Peureup. Diteuteup ti hareup sieup. Ditingal ti tukang dengklang. Ditilik ti gigir nyenggir. Kurungan sia geus ditungtun, sukma sia geus dibawa, puah, puah!" Jrot diciduhan saeutik.
"Nini, pangmasihkeun roti ka Si Nyai!" Ceuk Junéd. Si Nini mikeun roti. Junéd ngadago réaksi. Pédé. Nyi Onih bijil ti enggon, bahamna samutut ku roti. Junéd atoh. Nyéréngéh.
"Dasar lalaki bloon, rajeun mahugi ku roti bau jéngkol manéh mah!" Gaplok. Junéd dicabok. Sebrot roti diburakeun. Junéd papukis.
Isukna datang ka Ki Juhro.
"Teu matih, Ki. Ménta nu jahéng, panasaran!" Ki Juhro ngasongkeun bungkusan.
"Tah, toélkeun kana irungna. Pasti ngudag-ngudag!"
Panasaran. Bungkusan dibuka.
"Geuning tai kotok ledok, Ki?"

NU NGAGEUGEUH LEUWI

Kénging Maman Sopyan Part III
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 21:55:52

Wanci kongkorongok hayam, Mang Ohim élékésékéng. Pupuringisan bari nyekelan beuteungna nu ngusial. "Kaduhung aing nyakruk céngék!" Pokna. Kutukgendeng sorangan. Ngadadak ceuceub ka bala-bala nu tadi magrib didaharna. Kapaksa nguniang. Muru pacilingan hiji-hijina, di sisi wahangan.

Sora sasatoan réang patémbalan. Bueuk nyoara ti lebah astana tonggoheun leuwi. Ras kajadian mangkukna. Jerit Bi Icih ngageunjleungkeun warga sakampung. Juljol. Patingbirigidig. Sawaréh narungkup irung. Ngarogrog mayit awéwé nu ngabubungkang kabawa palid. Nyisi gigireun seuseuhanna.

Keur jongjon ngaheujeun, kapireng nu nyikikik. Bréh. Aya nu ngajanteng luhureun cadas. Pakéanna bolokot ku getih. Panon nongtot, beungeut teu mangrupa. Buukna ngawidwid, ririaban katebak angin. Mencrong ka Mang Ohim nu keur calawak leungiteun pangacian.

Nyi Kunkun nyéréngéh. Némbongkeun sihungna nu ranggéténg. Gejebur! Luncat kana leuwi. Teu lila mucunghul deui bari ngajingjing lauk emas sagedé bitis. Sajorélat, manéhna geus émok dina batu démprak. Lapat-lapat kapireng gumerendeng. "Nawaitu shauma ghodin 'an adaai fardhi syahri romadhoona haadzihis sanati lillaahi ta'alaa," les ngahiang.

NU TEPUNG DI SUKU GUNUNG

Kénging Rameli Agam
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 21:38:09

Enya, dipahing. Apal, teu meunang. Tapi teuing kunaon, ieu haté teu bisa dibohongan. Aya wé kapanasaran téh. Bet hayang nyobaan. Nya metik wé béntang nu kakara kontraksi gravitasi. Padahal geus dipahing. Teu nanaon, sakali ieu. Éta béntang laju dicoo. Keur anteng ngusap béntang. Sora handaruan. “Silaing geus wani ngarempag! Metik béntang émisi T Tauri! Wayahna, ti danget ayeuna kaluar ti ieu galaksi!”
Teu bisa kukumaha. Nampa hukuman. Jelegur. Bareng jeung mancawurana kosmik, supernova. Gebot, ditalapung. Kakalayangan. Kabuntang-banting di satengahing awan molékul. Tiis. Vakum. Mangjuta-juta taun ngalunta. Poék. Teu ieuh jadi hahalang. Lalampahan dipaju. Norobos gas, nyingraykeun halimun. Bras ka nu langitna bulao. Dilimpud nitrogén jeung oksigén.
Luak-lieuk. “Segeeeer…! Di dieu sigana mah kuring dibuang téh! Aaah, pangasoan!”
Waktuna néang batur pakumaha. Geus mangmilyar taun. Can pareng tepung. Reureuh. Kalah panggih jeung anjing. “Aéh, geuning di dieu?”
Nuturkeun. Ka kalérkeun. Di suku Gunung Tangkubanparahu. “Nyaiiii…! Bagja urang tiasa tepung di dieu!”

DIREMPUG

Kénging Luthfi Izzatul Khairi
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 20:16:15

Habek..! Gaplok, bletak. Teu sirikna diperekpek. Dicabokan.
Diteunggeulan. Digulang gapér, nepika leuleus taya tangan pangawasa. Pasrah, tumarima, da memang geus euweuh tanaga.
Leungeun dibangkol, suku
dipangkék. Geus puguh deui mata mah, ditutup lawon pulas hideung.
Euuh, aingah...! Aing nu tadina kasép, bakal boga rupa rajét. Nu tadina
pikaresepeun, baris jadi pikaijideun.
Haruuuh...!! Bati rumahuh.
Jelebét...!! Aya nu nampiling deui waé. Meneran kana puhu ceuli. Jelengéng, jadi teu puguh déngé.
Waruga nu biasana jagjag rongkah, tanaga bedas. Kiwari teu bisa kukumaha. Ngalumpuruk.
Tina mata. Tina ceuli. Tina irung. Ngaley getih
lalambaran, sésa panyiksa.
Méméh kapidara, kapireng nu
saleuseurian. Éak-éakan sukabungah. Sakadang nafsu, sakadang kahayang, mupuas. Majarkeun téh, salah kuring sorangan. Teu nyaho, jeung teu
pernah hayang nyaho atikan jeung papagon agama.

PEPELAKAN

Kénging Rico Almunawar
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 19:27:20

Umum na budak, Ayu nu karek umur 7 taun,nanya ka bapa na iraha rek di pangmeulikeun baju lebaran.Di tanya kitu mang Barna ukur nyerengeh bari ngusapan sirah budakna.Mang Barna nyawang mangsa nu bakal datang nunggu panen melak kentang,puguh bisa pepelakan ge pedah aya nu haat marokeun.Mang Barna cengkat nyokot kertas catetan ditilik-tilik imeut pisan,"beu hutang 3 bulan teh gede gening,Gusti nu Maha Agung,nu Maha Beunghar,mugi panen isuk tiasa munahan ieu hutang,sareng aya langkungna ker mapag lebaran ,amiin".Mang Barna ngaleos ka cai rek wudu terus duha,rek menta ka nu Maha.....

THR

Kénging Mochamad Ziaulhaq
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 17:53:31

Wanci dhuha. Réa jalma aleut-aleutan. Urang dayeuh, urang lembur. Urang Buana Panca Tengah. Daratang nyandang kahayang. Teu puguh awalna, teu jelas mimitina. Jol pada namprak ka kuring. Nu maksa. Nu ngahelas. Nu ngarayu ku rupaning puji-pujian. Sawaréh nangkod. Sawaréh nangkeup. Sawaréh nangkél. Keukeuh pada ménta doa nu teu kapaké, sésa lebaran taun kamari.

DO'A NU BUKA

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 17:53:11

Rohangan Lab simpé. Tungtung minggu. Baralik kampung. Sakeudeung deui waktuna buka puasa. Gep kana dompét. Kari sababaraha lambar. Biheung cacap nepi ka tungtung Romadon. Hulang-huleng. Sada nu keketrok. Kulutrak. 'Mad Atom, urang Yordan, ngabedega. Angkaribung. "Assalamualaikum! Brother! This is for your iftar. Please pray for me!" Kantong kérésék pinuh ku idangan. Nasi briyani, sop wortel, jeung ungkeb hayam. Teu kaliwat, korma madu sakantong plastik. "Nun Gusti, sim abdi hoyong buka puasa tina rejeki kénging késang nyalira, mung teu wasa nampik rejeki kasaéan sasama."

AT-TAHRIM

Kénging Mang Dadan Dania
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 14:40:13

“Aya ku betah di palih ditu.” Hafsoh ngagerendeng bari nisi jilbabna anu soék
“Ma’lum bisnis woman atuh, sagala aya. Ngaleueut ogé teu weléh nganggo madu.” Aisyah mairan bari nilepan anggoan.
Kulutrak sora panto, jep Hapsoh sareng Aisyah jempé teu kungsi lami Nabi lebet. Mireungeuh paroman garwa anu aralum, Nabi surti, dua garwana nuju rarudet haté. Gék Anjeuna calik, Hafsoh giak nyician cai salumur.
“Hapunten teu tiasa mupujuhkeun sapertos di bumi garwa nu anom,” Hapsoh ngaharewos.
“Di deiu mah teu gaduh madu sapertos di ditu!” Aisyah ngalokan bari bangkenu.
“Ari matak geruh jeung jadi paséa mah, ti semet ieu kami moal rék nginum-nginum deui madu!” Nabi s.a.w. nu semu bendu nyarios kalepasan.
“He Nabi!” Alloh ngageuing, “Naha bet wawanianan ngaharamkeun barang anu halal? pédah hayang kapaké pamajikan? Bejakeun! lamun arinyana angger konspirasi mikangewa Nabi, keser we, loba keneh gantina, naha randa atawa parawan, jaba leuwih ta’at ibadahna jeung tuhu ka salaki!”

GOAR KARNA

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 14:12:12

Sajongjonan Radha ngahuleng bari neuteup orok nu ngagoar matak ngajelengéng kana cepilna. Radha ngadadak rampang reumpeung, teu puguh cabak bari nyenyepeng baju keré waja nu dilaan tina awak Karna.

“Boa-boa….” Gerendengna bari neuteup baju keré waja nu lentur ipis lir sutra warna pérak. “Enya boa alatan dilaan bajuna nepi ka ngagoarna jiga nahan kanyeri…”
Ras ka tatanggana nu kacida dipikolotna, goarna orok lain sakadar ngajerit ceurik, tapi kateuwalakayaan jiwana pikeun ngébréhkeun halabhabna, kateuwalakayaan ragana pikeun ngahontal harepannana, kateuwalakayaan dirina pikeun ngébréhkeun rasana. Jerit ceurikna orok ulah dipake kesel sok komo nepi ka amarah mah, tapi usap ku kaweningan rasa pikeun ngusap jiwana.

Radha ngarénghap bari mangku orok bari terus nerapkeun deui baju keré wajana. Teu sakara-kara orok ngadadak jempling, nu nyésa kari seuseuiteunana.

HAYANG MUDIK

Kénging Yosan Rahmansyah Winarta
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 13:54:50

Huleng jéntul ,neuteup daun cau nu oyag ku angin,ras ingét kanu jangji,rek mulang kalémbur..kuring sadar kanu kaayaan kahirupan dipangumbaraan..cucuk kabingung nu nyaliara kana tangkal balangsak...

KÉRÉWÉDAN KATRESNA

Kénging Encep Muhammad Ayyash
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 13:41:23

Usum lebaran mah kangarana nu ngirim téh, pabeulit. Timimiti kuéh, rupa-rupa kadaharan has, tepika rantang sangu jeung deungeuna sapuratina. “Ma, Bu Hajah Nining tos ngintun rantang?” Ceuk Jang Tatang nanya ka indungna. “His! Ari nyanéh, bet miharep dikirim, anggur mah urang nu kudu ngirim,” Ceu Armilah némbalan bari nyereng ka Jang Tatang.

Teu kunngsi sajam tas padungdeng masalah rantang. Jol, Ma Erum ngajinjing rantang gambar kembang ros beureum. “Punten Ceu, ieu haturan ti Bu Hajah Nining!” Song, Ma Erum ngasongkeun saruntuy rantang eusi sangu jeung deungdeuna. “Tah geningan, ti Bu Hajah Nining nya Ma?”

Jang Tatang gura-giru ngudar rantang. “Tah, ieu geningan nu eusi kéréwédan mah pang handapna!” Nyéh. Jang Tatang sura-seuri. Ret. Kéréwédan ditalian ku benang kayas. Sup. Diasupkeun deui kana rantang.

“Ma, punten ieu rantang ngawiat kanggo Néng Siti. Wartoskeun ti Tatang kituh!” Ceuk Tatang, bari ngeupeulan duit 20 rébu ka Ma Erum.

LAILATUL KODAR

Kénging Rohendi Pandeglang
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 13:36:49

“Imaman céng!” Abah nitah. Nu dititah ngagurubug. Pias. Unggeukna teu yakin. Aya nu imut di shap bikang. Burieunana. Anak bungsuna Abah Kyai. Kodar maju sanajan ragu. Sanggeus tamat nu komat, doangna pangacian Kodar karék ngumpul, ja bisa nitah ngalelempeng shap, ka jajaran para ustad.

Allohuakbar. Geueuman. Handaruan. Masjid cahayaan. Caang. Mabra.
Kodar, budak kasohor pamabok, tukang ngaheureuyan bikang jeung ngacak-ngacak rangda Pakidulan. Gara-gara ngaheureuyan anak bungsu Abah Kyai. Nyolong badé, kalakuanana ngadadak robah. Rajin ka masjid, malah ilu masantrén sagala. Kaasih matak ngarobah watek. Cinta bisa miceun geugeuleuh lakuning tingkah. Mantengna pamaksudan, malikeun sikep parajaka deugeul jeung polongo.

Assalamu’alaikum, lieuk ngatuhu, lieuk ngénca. Bréh arimut, malaikat doang iluan ngama’mum, kana imam anyar. Kabéhan unggut-unggutan, reueus.

Peutingan takbiran, sahéng. Dahareun ngaleut ti imah Kodar ka pasantrén. Janari leutik, haliwu di tapel wates. Aya bikang jejeritan. dipapaksa kunu mabok. Anak bungsu Kyai, euweuh di pasantrén.
Lailatul Qodar, lain keur Kodar.

SAPEUTING DI MALAYSIA

Kénging Bunda Unie
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 13:00:03

Rut-ret, barang anjog di bandara KLIA Sepang laju nyampeurkeun dua lalaki jangkung badag nu mamawa tulisan ngaran kuring. "Kami utusan Yang Dipertuan Agong, Cik." pokna. Kuring nuturkeun maranéhannana. Clak, kana Limousine, geuleuyeung mapay-mapay jalan di Kuala Lumpur. Anjog di Kasultanan Kuala Lumpur, jrut, turun. Léngkah beuki tegep 'na amparan karpét beureum, sakabéh pangeusi istana mihormat. Sup, ka hiji rohangan, katémbong geus ngarumpul. Aya Yang Dipertuan Agong jeung Permaisurina, Pangéran nu minangka pangantén lalaki,lebé jeung sababaraha urang saksi. Gék, gigireun pangéran. Nyéh, papada malédog imut. "Mangga, cuang kawitan walimahannana." cék lebé. "Aéh, geuning nyariosna sunda?" kuring nyoara. Key, lebé seuri, tuluy cumarita, "Muhun, abdi kawit ti Padalarang. Bagja temen salira tiasa ngadahup sareng pangéran." pokna. Basa pangantén lalaki rék ngucapkeun ijab kabul, karasa leungeun aya nu metot. "Gugah, Tétéh! Geura saur bilih kabujeng imsak!"

HAYANG NULUNGAN ANJING

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 12:48:01

Waruga jiga kuring, pangeusi imah saresmén. Noong ti loténg. Ngageremet hayang jiga batur. Bring tarawéh, siga keur budak. Ah, moal kadongkang. Setoran ka si Mamih ogé, angger pol. Euweuh bédana. Puasa atawa henteu. Taun ieu, hayang nyorang puasa di Lembur. Jeung Mimih. Katut si Enok. Karunya. Mang taun-taun tara dibarengan. Awak mindeng katarajang panas tiris. Ka Dokter mah teu elat. Mamih sok ngahajakeun saban bulan. Kudu nguji getih ka Laboratorieum sagala. Nengah bulan, purnama keur meujeuhna ngempur. Kumejot hayang balik. Mamih katingalina bangun liwung. Jiga nu mang lebarkeun. Omat-omatan, ulah balik deui ka tempatna. Har? Apan kuring sekar saresmén ieu tempat. Baé ah, dipikiran teuing. Dibekelan duit mucekil. Indit isuk-isuk. Angkaribung babawaan. Cindung panjang pesenan Enok. Mukena keur salat Id nu Mimih. Lengkep. Di jalan kokolébatan beungeut budak. Tengah poé tepi ka imah. Nyampak bandéra konéng ngélébét. Baraya pada muru. Kuring mencrong ka patengahan. Awak ngagibrig ku hiji ku dua.

DAWEGAN

Kénging As Rinanda
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 11:12:28

Rasa hanaang jeung halabhab tinangtu geus pada ngarasa, ilahar sok rada leler eta rasa mun seug geus diinuman, bisa ku rupa rupa cai, kaasup cai dawegan (kalapa ngora).

Dawegan aya dimana-mana, teu dikampung rek di kota pasti dawegan nyampak, nilik kana rupana matak pikabitaeun, matak uruy nu hanaang, sok komo mun dibungkus tur dipajang di etalase meni pikabitaeun pisan.

Basa kuring lalagasan keneh, kungsi hayang dawegan, miharep jadi batur hirup ubar hanaang.
Dawegan ditaekan kana tangkalna, na atuh, ari pek teh dawegan geus karohok sesa BAJING, Kuring hanjelu campur heran, naha bet tega eta bajing miheulaan murak dawegan.

EUWEUH EUSIAN

Kénging Carwin
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 10:56:45

“Tempo! Batur mah geus garinding, Bur beureum bér hideung, pakéan aralus geus kabeuli.” Pamajikan ngahalengis.
“Sabar! Isukan domba rék diduitan ku pa Haji, urang beulikeun!” ngupahan.
“Poénan lebaran, Hoyong nganggé acuk anyar.” Pokna.
Indit rebun kénéh ka Bandung téh, ngabulkeun kahayang pamajikan. Anjog ka jalan, jalma ngeus rajeg. Mobil-mobil angkot pasuliwer, silih rebut panumpang. Gék, tukangeun supir. Patonggong-tonggong. Geleser. Lebah palasari, panumpang tarurun, tinggal kuring sorangan. Keuheul. Ari adat geus ka kurung ku iga, supir céngos, teu kaop nénjo jalma nu ngajanteng sisi jalan. Reg, eureun. “Bandung! Tegalega Bandung!” kitu jeun kitu “Gancangan euy! Beurang yeuh! Iraha nepina atuh?” Cekeng, gereget. Jam sawelas, nepi ka jalan Kapatihan. Sup ka Toko. Nu balanja geus paséréd-séréd parebut di lapak obralan. “Ka darieu! Ka darieu! Diobral.” Ceuk pelayan.
Seubeuh milih-milih pakéan keur indungna barudak. Bru, satangkeupan ditambrukeun hareupeun kasir. “Juh ratus rébu.” ceuk kasir, bari ketus. Ngajenghok, Saku calana euweuh eusian.

DUIT SAKARUNG

Kénging Jordan Kurniawan
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 10:54:21

Taun 1994. Di gunung nagrak. Harita, guyur aya nu manggihan duit sakarung. Duit ghoib, cenah. Jelema pada ngadeugdeug. Panasaran. Hayang ngabuktikeun bener jeung henteuna. Nempo jelema sakitu ngaleutna. Kuring, karék balik sakola harita téh, jadi ngilu panasaran. Hayang apal. Buru-buru ngudar sapatu. Mapay galengan nu karék meunang mopok. Muru ka gunung nagrak.
Tepi ka gunung. Luak-lieuk. Tatanggahan. Susuganan aya nu ngagantung. Boro-boro. Mulanyun. Nu aya ukur kandang meri jeung endog kacingcalang lima siki. Bucat. Bau. Mabek jeung bau haseum jelema nu pagelek-gelek hésé usik. Gunung nagrak, harita, teu béda ti Ka’bah nu dikurilingan ku réwuan jelema. Rabul ti mana-mana.
Taun 2013. Gunung nagrak, salin rupa jadi perumahan. Gunung nu jiga Ka’bah téh, kiwari kari waasna. Basa ku kuring dicaritakeun ka satpam nu jaga di dinya, baheula di dieu kungsi guyur aya duit sakarung. Satpam téh kalah seuri ngagakgak. Pokna téh, “Enya, geus jadi pérum mah, duitna leuwih-leuwih ti sakarung”

KARDUS PARSÉL

Kénging Yus Ka
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 10:24:37

“Sampurasuun…!” Gebeg. Saha nu nyémah peuting-peuting kieu? Tara-tara ti sasari. Sotéh baheula, basa salakina jumeneng. Di padumukan lawas. Lain di dieu, kontrakan anyar nu seuseut keur mayar. Memener simbut anak bungsuna. Kuru. Ngalempréh. Tutas rumenghik ti soré mula. Lapar. Pawon korédas. Ngabaluwengkeun. Matak poékeun.

Ihtiar. Ngadeuheus dunungan. Rérés ngalicin, pasosoré. “Duh, Éméh, hutang kamari-kamari ogé apanan geus loba, lin? Nu éta kami moal kapapanjangan. Ngan, moal bisa méré deui. Gajih ogé can mangsana. Engké, peutingan takbiran!” Leungeun Bu Haji Bakri teu leupas nataan kardus parsél.

Sémah mamawa kardus. Humégak. Lalaki huisan nu tadi nyusulan, tumanya hareupeun imah dunungan, “Teu minangsaraya ka Ér-té, Bi?” Ngabigeu. Ras kana duit ‘balsem’ anu teu weuteuh.

Curucud cimata, nganteurkeun léosna tamu. “Nuhuun, Gusti…. Aya kanggé saur barudak engké….” Kardus gasik diasupkeun. Tibabaregég. Nu nyérangkeun,ruménghap. Ngahelas. Kebat ngulon. Ngajauhan imah nenggang deukeut pasawahan. Lebah péngkolan, aya nu ngagentraan. “Mulih ti mana, Pa Kuwu?”

KABAGEAN NU RAYUD

Kénging Chacha Dinda Yosmari Chacha
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 10:21:21

Dodo ngariung jeung adi-adina. Dudu, Didi jeung Dede. Nyawalakeun warisan.
"Akang mah anak cikal, jadi kudu panglobana!" Ceuk Dodo.
"His, teu bisa kitu, Kang!" Dudu gancang nempas.
"Kahayang maneh kumaha kitu?" Dodo rada teugeug.
"Kahayang mah walatra wae, da sarua anak!" Didi nu nembalan. Nu tiluan terus gorgar. Ukur Si Bungsu nu cicing teh. Kalah cirambayan.
"Ari maneh kalah ceurik geuning, De?" Dodo kaget. Teu ditembal. Kalah nyegruk.
"Ceuk uing mah, kaputusan kumaha Si Dede, piraku teu adil, kaluaran pasantren!" Ceuk Dudu.
"Satuju uing mah!" Didi nempas.
"Sok atuh, De. Kumaha dinya wae Akang mah!" Dodo leuleuy. Hayoh disedek mah, Dede teu burung daek nyarita.
"Kieu, Kang. Lamun ningal rugi mah, uing mah komo anak pangrugi-rugina!" Daria.
"Nahaaaa?" Meh bareng.
Memeh pok, Dede dehem heula.
"Kabeh oge, Sarua satata, pada tunggal anak. Bagikeun masing walatra. Sok sanajan ku Ema, uing dibere rarayudna oge!" Ngabelehem. Nu sejen arunggut.

KABAGEAN NU RAYUD

Kénging Chacha Dinda Yosmari Chacha
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 10:19:58

Dodo ngariung jeung adi-adina. Dudu, Didi jeung Dede. Nyawalakeun warisan.
"Akang mah anak cikal, jadi kudu panglobana!" Ceuk Dodo.
"His, teu bisa kitu, Kang!" Dudu gancang nempas.
"Kahayang maneh kumaha kitu?" Dodo rada teugeug.
"Kahayang mah walatra wae, da sarua anak!" Didi nu nembalan. Nu tiluan terus gorgar. Ukur Si Bungsu nu cicing teh. Kalah cirambayan.
"Ari maneh kalah ceurik geuning, De?" Dodo kaget. Teu ditembal. Kalah nyegruk.
"Ceuk uing mah, kaputusan kumaha Si Dede, piraku teu adil, kaluaran pasantren!" Ceuk Dudu.
"Satuju uing mah!" Didi nempas.
"Sok atuh, De. Kumaha dinya wae Akang mah!" Dodo leuleuy. Hayoh disedek mah, Dede teu burung daek nyarita.
"Kieu, Kang. Lamun ningal rugi mah, uing mah komo anak pangrugi-rugina!" Daria.
"Nahaaaa?" Meh bareng.
Memeh pok, Dede dehem heula.
"Kabeh oge, Sarua satata, pada tunggal anak. Bagikeun masing walatra. Sok sanajan ku Ema, uing dibere rarayudna oge!" Ngabelehem. Nu sejen arunggut.

WENING 4

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 10:13:48

Pasantrén Sindang Sari. Mama Buloh, ajengan pangsepuhna di éta wewengkon.
Unggal bulan puasa sok ngahaja ngajakan barudak santri ngaderes mangpirang kitab. Nu biasana tamat dua tauneun, romadon mah, juhlas poé ogé réngsé.
Nu tara lésot janten émutan Mama, mun pangajian geus nepi kana bab pangahirna, tuluy santri kabéh baralik ka lemburna masing-masing. Anjeunna sok ngaraos karunya ka Ma Haji Salsiah, garwana. Tiiseun, pajarkeun téh. Lain nanaon. Enya gé santrina loba, tapi turunan mah teu boga hiji-hiji acan.
Kadang, lamun keur ngararaoskeun kasimpé. Ma Haji mah sok cumarios ka Pangersa Mama, "Asa awét, nya, Kang?" bari imut. Najan tos sepuh, tapak geulisna mah teu leungit. "Naon nu awét téh, Nyi Haji?" malik naros bari ngalereskeun kacasocana. "Muhun, lauk di balong. Apan mun aya barudak mah, tara kaur melak." imut deui. Rada manjang.
"Hehe...kitu pisan, Nyi Haji. Omat atuh, bada lebaran tong hilap. Balong urang pelakkan deui. Bisi barudak kaburu daratang."
Angin ngahiur. Simpé. Aya seungit nu kaangseu, teu leungit-leungit.

NU DATANG SAREUPNA

Kénging Yan Himura
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 08:52:21

Kabiasaan kuring jeung Lanceuk. Mun wanci sareupna, sabada magrib saeutik. Ngawangkong na buruan bari nyérangkeun balong nu beulah landeuh. Balong titingalan kolot. Aya tampiana tilu méh di unggal juru."Keun baé, Jang. Loba tampian itung itung mantuan batur, batur matuan urang maraban lauk"Ceuk pun Bapa basa harita ditanya. Girangeun balong aya sumur nu tara saat sanjan halodo lila. Caina herang kabina-bina. Palid ka hilir nagajadi susukan. Sawaréh di péngkolkeun ka balong. Mun keur purnama mah caina gugurilapan jiga mutiara. Teu karasa geus beak molé tilu linting, ngawangkong geus nepi ka Saudi."Ang, mani asa ngeunaheun kieu hirup, sanajan jauh ka kota tapi sagala aya teu kudu maké biaya" Ceuk kuring muka caritaan deui."Hayang lalab kari ngundeur, hayang lauk kari nguseup" Kuring mindo. Simpé. Lanceuk teu nembal. Dirérét. Gebeg. Lanceuk jiga nu sawan, calangap, mata molotot méh coplok bari tutunjuk. Mata malik ka arah nu ditunjuk. Mani écés, katojo cahaya bulan nu semu ngalangkang, nyeplak, bodas, rambut panjang ,ngageuleuyeung luhureun cai susukan nuju ka tampian.

MANG UJA BALIK KA LEMBUR

Kénging Dadan Sutisna
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 08:38:05

"Usum mudik mah, macetna teu katulungan. Nu matak mending badarat, irit ongkos, itung-itung olahraga deuih!" kitu kaputusan Mang Uja. Saliyem, pamajikanana, tibang unggeuk. Kawantu teu weléh tuhu ka ingkang carogé. Wanci lingsir ngulon, piisukaneun lebaran, arindit ti sisi walungan Ciliwung. Rébo ku babawaan. Saliyem ngais orok umur genep bulan. Ngagedig mapay jalan raya. Labas ka wétankeun. Teu wudu manggih rupa-rupa pangalaman. Di jalan téh bisa nyelang heula buburuh macul. Buburuh ngarambét. Nambangan béca. Dagang peuteuy. Kuli pasar. Malah maké kacaturkeun dibégal di Alas Roban.

Jauh hamo burung cunduk. Dipapag ku gumuruh takbir, bada isa Mang Uja anjog ka lembur pamajikanana, di pasisian Banyuwangi. Bari ngareureuhkeun kacapé, Mang Uja nyarita ka Saliyem: "Urang indit téh wanci lingsir ngulon. Nepi ka dieu bada isa. Teu nitih dalapan jam. Coba mun kana mobil? Weuh, boa karék nepi ka mana!" Saliyem tibang imut, bari melong budakna nu keur lulumpatan di tengah imah.

ACUK SAÉ ANU ABDI

Kénging Eni Setiani
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 08:20:02

Sora dulag awor jeung sora nu takbiran. Barudak jaligrah. "Acuk abdi mah warnana beureum, kembang-kembang!" ceuk Tuti. "Nu abdi mah sapertos katuncar mawur warna biru, Néng Windi pasti saraé acukna." Ceuk Novi. "Abdi dipangmésérkeun dua stél. Urang ka bumi abdi yu!" Néng Windi ngajakan baturna. Bring arindit. Anjog. Bus arasup. "Mah...! Acuk kanggé lebaran anu abdi mana?" ceuk Néng Windi. "Kin, cuang candak ku Mamah," témbal indungna bari asup ka kamar, teu lila geus ka luar deui. "Badé dicobian?" ceuk indungna. "Sanés Mah...!" témbalna. Léos indungna ka dapur rék nyieun kaolahan jangeun isukan. Sajeroning suksak-siksik, kapireng Néng Windi nanya ka baturna. "Dupi acuk abdi warna naon? Aya kembangan teu?"

SORA HAPÉ

Kénging Azhari Poetok
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 07:21:30

Wanci meleték panon poé, béh juru sora hapé ngagentraan kuring nu keur saré. Bangun nu di pépéndé asa diparéndé ku éta sora hapé. Sora hapé éta teu dipaliré da puguh tunduh kacida, puguh wéh da keur mejehna ngeunah diharumun ku simbut. Ngan éta sora hapé keukeuh peuteukeuh disada beuki narikan, atuh kapaksa kuring luncat muru néwak éta hapé, da panasaran bisi aya ésémés nu penting. Barang gok, éta ésémés téh gancang dibuka, teu kungsi lila kuring ngadadak buringas, da éta ésémés pikabungaheun “Selamat anda mendapatkan hadiah sebuah mobil xxx dari program undian .xxx(punten teu disebatkeun merkna), hadiah dapat diambil dengan menghubungi 081xxxxxxx”, kitu ésémés na téh. “Si jadol hanas hudang”, kuring ngaléos bari muru simbut nu ngalumuk.

SABARAHA PERAK

Kénging Yusni Tria Yunda
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 07:14:41

Raja bingung, angka inplasi tos majeng deui. Menterina nyanggakeun drap, bongan urang ngiringan komitmen internasional, masihkeun emas ka Swiss bareng sareng nagara-nagara sejen, tuluy eta jumlah emas ditotal, pirang-pirang nagara ngagaduhan nilai proporsional numutkeun jumlah emas nu disetorna, ku Swiss dipangnyitakkeun artos jang diedar di nagara sewang-sewangan.

Rahayat lapar, perlu artos. Raja teu wasa, artos dibagi-bagikeun. Artosna kirang, nagara nyetak nyalira, teu ku Swiss, balukarna nilei tukeur lungsur dibandingkeun dollar. Tapi mun teu kitu kumaha deui. Hiji mangsa, Raja maca dina grup fikmin; "jaman kamasan geus liwat, ayeuna saena ku jaman perak".
Raja mikir. " Lamun kabeh nagara nu salangsara sapuk ngajadikeun perak jadi standar anyar di Swiss, berarti nilei tuker duit bakalan anyatan deui. Berarti mun kitu mah kuring kudu kampanye ka nagara-nagara deungeun pikeun repolusi perak, sugan bisa mimitian ti nol deui tah nilei artos urang di internasional teh". Raja unggeuk nyalira.

HAREPAN

Kénging Ai Halimah
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 04:51:00

"Kop tambahna lima, kadé duitna lokétan bisi leungit."
Ma Emin mapagahan. Jung indit, nguriling lembur. Mawa gogoréngan sabaskom, kolek satérmos. Mokaha, hayang kabawa loba, tanaga suda. Poé keur meujeuhna mentrang. Tapi, haté kebek harepan, lebaran ayeuna hayang fitrah jeung baju dulag beunang meuli sorangan.
"Gehuuu, bala-bala, koleeek."
Ngasrog ka saban imah.
"Sapuluh Him, tambahan hiji nya!"
Ceu Ocih nawar.
Tibang unggeuk. Ku ma Emin ditambahan lima, geus béak dipaké nambahan kanu meuli.
Sareupna, dagangan béak. Sésa setor, dikeupeul. Ngingkig balik. Handapeun tangkal cau, kokoréh ngali taneuh. Goréhél, kaléng susu. Burulu, eusina dibahékeun. Kencring jeung rébuan.
"Aya keur jakat jeung meuli baju."
Gerentes haté. Sup disakuan. Léos, ka imah.
"Him, wayahna buka ukur cai hérang bageur."
Ema cumalimba. Duit nu merekis dina saku dirampa. Rét, kana cai hérang. Haté ngangres, watir ka Ema nu awakna tinggal kulit mungkus tulang.

HAMPURA

Kénging Abi Syihab
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 04:23:39

"Hampura Bapa," Teu kurang ti tilu kali Bapa ngucapkeun kitu ka Mimih samemeh renghapna pegat dituyun ku malaikat.
Sababaraha poe ti harita aya awewe datang nepungan Mimih seja masrahkeun dua budak lalaki. Nu saurang umuran kelas lima SD, nu hiji masih keneh dina aisan. "Ibu punten nyanggakeun putra Kang Dadan, abdi tos teu sanggup ngarawatanna." Ceuk manehna bari nunjukeun susuratan yen bener eta teh anak Bapa, adi tere kuring.
Ayeuna, poe ieu, dina sela-sela aweuhan takbir, dua budak lalaki nu geus jalugjug tur rimbitan, nyaruuh dina lahunan Mimih modalkeun cipanon kacinta, kaajrih, kalayan teu aya rasa karagap.
Jadi ras kana hiji waktu mulang sakola budak nu pangleutikna ceurik bari nyarita "Mih, naha leres Ade mah sanes budak Mimih?" ku Mimih budak teh dirawu dipangku bari diupahan "Kasep, bageur, anaking, saur saha? Ade putra Mimih nu pangsolehna."

ANTEH: MANGSA JANARI

Kénging Wawan Setiawan Husin
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 03:55:25

Sarebu Anteh aranom, gareulis, narinun fikmin, di panganjrekan masing-masing. Trung ser, trung ser. Ramo-ramo lencopna tapis magawe, jiga lancah nyieun imah, jiga Manyar nyieun sayang. Trung ser, trung ser. Bahanna sutra Jati Sunda. Sarebu fikmin kumalayang na hiji peuting nu pinuh kabagjaan. Sarebu fikmin minuhan jutaan hate, milyaran jiwa. Jaradi layang. Sarebu layang kali sarebu diawurkeun ku para Anteh, hiurrr, hiuurrrr, gugurilapan ditiup angin janari, buricak burinong minuhan awang-awang, nu molongpong, nu tosblong. Jadi pinuh leber eusi.Trung ser, trung ser. Layang atra sineratan:”Teu aya sesembahan, anging Allah; Muhammad Rasulullah”. Alam semesta caah cahaya, lir kandil nu teu minyakan, nu hurung sorangan, nu cahayana lain ku seuneu samanea. Byar sumebyar, ti Masriq ka Magrib, ti Alpha ka Omega, ti Alief ka Qaf ka Ya. Dunya diliput cahaya.

Sarebu Anteh ngagibegkeun awak. Jadi milyaran cika-cika. Bring, ngawangi, bral nyambuang. Trung ser, trung ser. Taya peteng saendeng-endeng. Taya poho sapapanjangna.

Manusa robah!

UNTUNG BAÉ

Kénging Mulyana SA
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 03:38:25

Panitia muka acara. Bébér pangajén pasanggiri tumarima. Patandang diangkir nyawalakeun pirang-pirang cara ngiwat haté Girang pangajén. Bagilir. Silihtémpas.

“Nuhun Gusti! Abdi masakat. Komo batur mah diuji ongkoh ku soca pécak. Aamin!”
Nu pécak mairan. “Gusti nampi titis tulis ieu. Sim uing jadi nalipak diri. Nuhun teu diuji ku teu ningali”
Nu lolong bati ngageuri. “Gustiiii..! Abdi nampi papastén. Salamet tina ningali nu teu yuni. Nuhun teu katambihan pincang ongkoh”
Nu tuna nétra tur pincang unjukan. “Gustiii..! Nuhun pirang-pirang nikmat ti Salira. Teu janten wagelan ieu kakirang. Komo réncang sanasib abdi mah lumpuh geuning”
Nu lumpuh teu éléh géléng. “Gustiiii..! Muhun raga abdi ukur ngalempréh. Tapi abdi reugreug dipasihan haté nu teu paéh! Tiasa paanjang-anjang sareng Salira. Anjeun Maha Sampurna. Widian abdi babakti ka Salira, ayeuna jeung salawasna!”

Panitia mungkas saémbara. Para jawara dileler pangajén. Medali malih warna. Dikangkalungkeun. Bréh patandang jaradi bidadara sawarga. Saentragan. Nu raga jeung jiwana salampurna.

JIHAD JÉNDERAL DARMALAGA

Kénging Mi'raj Dodi Kurniawan
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 03:21:02

Jénderal Darmalaga téh panglima perang pangkahotna di nagri Nusantara. Inyana legok tapak genténg kadék, tos ngalaman ratusan kali mimpin perang. Sok sanaos pejabat nagara, nanging anjeunna mah basajan, handap asor tur bageur ka sasaha. Inyana hormat ka saluhureun sareng mikanyaah ka sahandapeun. Duh Jénderal Darmalaga, kayungyun. Tos bageur sareng gagah teh deuih kasép. Subhanalloh.

Jénderal Darmalaga sanés wungkul ahli béla diri sareng tapis nganggé sagala rupi pakarang perang, nanging ogé tapis dina nganggé tutumpakan kanggé perang sareng ahli stratégi perang. Sadaya kaahlianna téh tambih hébring ku watekna anu lébér wawanén sareng ksatria.

Hiji waktos, inyana uih ti médan laga. Réngsé beberesih sareng gentos raksukan, Jénderal Darmalaga ngadeuheus ka Aang nyaéta guru ngaosna, di masjid. Di dinya, Aang nyarios kieu, “Jénderal” saur Aang, “Perang ngalawan pasukan musuh nu jahat téh jihad. Nanging, éta téh kaétangna jihad alit. Ari jihad pang ageungna mah nyaéta jihad ngalawan hawa nafsu kaawonan dina diri urang”.

DAYEUH BABON

Kénging Anda Suwanda
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 01:50:18

Buku patulayah teu puguh jugrugna. Ku sarérétan nilik kana saréatna, pikagetireun. Warugana rarengkung, rangkebong. Paroman sepa. Pias konéas. Malahan aya nu geus teu walakaya, tinggolépak satengah sakarat. Margalantaranana, geuningan alatan ditingalkeun ku pangeusina; ku kecap, kalimah, paragrap. Ditundung ku wacana sawadia balad; ku titik, koma, panyeluk, jeung sabangsana.
Samagaha. Cukang pakéwuh, cenah alatan pangaruh kakawasaan ti parapangagungna. Daya politik, nu ngamuara kana virus plagiat. Kecap jeung kalimah ukur riwan, teu puguh ngadunungan. Paragrap jeung wacana jadi mirucaan pangcaduan.
Cikénéh, basa sakabéhna ngajorag kuring; karasa aya anu nenggel kana mamaras, “Uing rumasa pisan sok ngaleglegan kecap, kalimah, malah nepi ka neureuy buleud sabeuleugeunjeur tulisan nu meunang batur….”***

AJRIH

Kénging Alex Hasan Sapari
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 01:13:02

Kuring ngagidig muru bumi Ajengan. Ceuk pamajikan, Ajengan nelepon, hoyong dijajap ka Malangbong. Ari Ajengan, ti keur jaman mondok, kawantunna téh ka kuring. Ku Anjeunna, kuring didahupkeun ka Santi, tatangga pondok.
" Sakalian haneutan heula motorna, Yon!" saur Ajengan bari ngadeg dina téras. Kuring ngahirupan motor. Clak numpak. Sajongjongan cicing, tuluy gigi ditincak, gas ditarik. Motor maju lalaunan mapay gang. Bras ka jalan, gas rada ditarikan. Kakara ka tungtung lembur,aya nu nelepon. Isan ku Ajengan, telepon teu diangkat. Sajajalan henpon disada. Diantepkeun. Kuring ngabetem, késang badag késang leutik ngagarajag.
Nepi ka tujuan, kasampak nu gaduh bumi, Ajengan Aminuddin nuju calik na korsi di teras payun. Reg. Tuluy Motor dipaéhan.
" Naha, mana Ajengan M'amunna, Jang?" saur Ajengan Amin bari gumujeng. Kuring ngalieuk ka tukang. Gebeg. Buru-buru ngodok henpon. 27 misscall, 5 pesan. Ti Ajengan jeung pamajikan. Dibaca salah sahijina. "Ari manéh, Oyon. Sugan téh rék nungguan di jalan."

ANTARA DUA HATÉ

Kénging Hady Prastya
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 00:54:51

Maca Kur’an gé teu husu aingah, kaingetan terus duit anu sajuta. Nya saha nu teu kabita? Nulis ngan sauted diganjar duit loba. Amun dikalkulasikeun mah ampir sakecap sapuluh rébu. Galau pisan. Pahala maca Kur’an gé, pan keur diobral. Sanajan teu ngarti basa Arab, sahurupna téh diitung hiji kahadéan. Sedangkeun hiji kahadéan pahlana dilipatgandakeun jadi sapuluh kahadéan. Pleus ayeuna téh bulan puasa, sapuluh poé panungtung deuih. Kuduna mah uing téh ayeuna netepkeun haté. Nu kudud diingetan téh, ningkatkeun kualitas jeung kuantitas ibadah. Asa lebar amun waktu dimomorekeun, ukur eukeur tulas-tulis. “Téééd” hapé ngageter. “Ayang, lebaran ini mau kasih hadiah apa?” SMS ti manéhna. Ras deui kana nulis.

MONYÉT NAÉK ANGKOT

Kénging Rohmat Woengkhul
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 00:40:08

Somad, batur kuring beuki heureuy. Kadang heureuyna kaleuleuwihi. Ti Cicaheum ka Lédeng naék angkot bareng jeung manéhna. Lebah Balubur clak aya bulé naék. Dedegan jangkung gedé. Papakéan rapih, maké batik. Godég, kumis jeung janggot ramosbos.” Béré jalan euy, aya monyét naék,” cék Somad. Nu tumpuk marésem. “Monyétna lucu euy, maké batik.” Kuring ngagebés. “Lah moal ngartieun,” jawab Somad. Gék na bangku pangtukangna, hareupeun Somad. Hayang katanggar, Somad muka obrolan maké basa Inggris logat Garut.
Somad : “How du yu du Ser !”
Bule : “How do you do.”
Somad : “May ném is Souméd, wot is yor ném?”
Bule : “Richard.”
Somad : “Wér du yu kam prom?”
Bule : “America. You can speak English. Good English!”
Somad : “Eu litel mah ay kén, bat ip long-long mah ay kén not andersetén.”
Lebah balubur bulé turun. Bari dodongkoan pok ngomong,” Punten ngiring ngalangkung, pun monyét badé lungsur. Wilujeng siang !”

POHO

Kénging Lia Syawalia
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 00:35:06

Kriiiing sora wẻker disada. Jam 2, malem Juma’ah. Gura-giru nguniang, laju ka cai ngadon wudhu, terus cong sholat tahajud. Teuing kunaon, meni asa khusyu pisan sholat tẻh, ngadu’a gẻ meni asa bener-bener kaluar tina ati sanubari, nepika nginghak sagala. Kang Iman nu keur ngimpi gẻ, kahudangkeun ku sora nginghakna kuring.
“Ẻh Mamah tos bẻrẻs gening?”
“Atos, da gugah ti tabuh 2”.
“Maksad Bapa mah, tos bẻrẻs karesebanna, asoy atuh!”
“Ya Allah Pa……, naha poho tẻh kabina-bina…..?”
“Emh…hanas….”, salaki imut, duka naon pihartieunana.

POHO

Kénging Lia Syawalia
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 00:30:34

Kriiiing sora wẻker disada. Jam 2, malem Juma’ah. Gura-giru nguniang, laju ka cai ngadon wudhu, terus cong sholat tahajud. Teuing kunaon, meni asa khusyu pisan sholat tẻh, ngadu’a gẻ meni asa bener-bener kaluar tina ati sanubari, nepika nginghak sagala. Kang Iman nu keur ngimpi gẻ, kahudangkeun ku sora nginghakna kuring.
“Ẻh Mamah tos bẻrẻs gening?”
“Atos, da gugah ti tabuh 2”.
“Maksad Bapa mah, tos bẻrẻs karesebanna, asoy atuh!”
“Ya Allah Pa……, naha poho tẻh kabina-bina…..?”
“Emh…hanas….”, salaki imut, duka naon pihartieunana.

POHO

Kénging Lia Syawalia
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 00:29:22

Kriiiing sora wẻker disada. Jam 2, malem Juma’ah. Gura-giru nguniang, laju ka cai ngadon wudhu, terus cong sholat tahajud. Teuing kunaon, meni asa khusyu pisan sholat tẻh, ngadu’a gẻ meni asa bener-bener kaluar tina ati sanubari, nepika nginghak sagala. Kang Iman nu keur ngimpi gẻ, kahudangkeun ku sora nginghakna kuring.
“Ẻh Mamah tos bẻrẻs gening?”
“Atos, da gugah ti tabuh 2”.
“Maksad Bapa mah, tos bẻrẻs karesebanna, asoy atuh!”
“Ya Allah Pa……, naha poho tẻh kabina-bina…..?”
“Emh…hanas….”, salaki imut, duka naon pihartieunana.

POHO

Kénging Lia Syawalia
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 00:28:58

Kriiiing sora wẻker disada. Jam 2, malem Juma’ah. Gura-giru nguniang, laju ka cai ngadon wudhu, terus cong sholat tahajud. Teuing kunaon, meni asa khusyu pisan sholat tẻh, ngadu’a gẻ meni asa bener-bener kaluar tina ati sanubari, nepika nginghak sagala. Kang Iman nu keur ngimpi gẻ, kahudangkeun ku sora nginghakna kuring.
“Ẻh Mamah tos bẻrẻs gening?”
“Atos, da gugah ti tabuh 2”.
“Maksad Bapa mah, tos bẻrẻs karesebanna, asoy atuh!”
“Ya Allah Pa……, naha poho tẻh kabina-bina…..?”
“Emh…hanas….”, salaki imut, duka naon pihartieunana.

POHO

Kénging Lia Syawalia
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 00:28:24

Kriiiing sora wẻker disada. Jam 2, malem Juma’ah. Gura-giru nguniang, laju ka cai ngadon wudhu, terus cong sholat tahajud. Teuing kunaon, meni asa khusyu pisan sholat tẻh, ngadu’a gẻ meni asa bener-bener kaluar tina ati sanubari, nepika nginghak sagala. Kang Iman nu keur ngimpi gẻ, kahudangkeun ku sora nginghakna kuring.
“Ẻh Mamah tos bẻrẻs gening?”
“Atos, da gugah ti tabuh 2”.
“Maksad Bapa mah, tos bẻrẻs karesebanna, asoy atuh!”
“Ya Allah Pa……, naha poho tẻh kabina-bina…..?”
“Emh…hanas….”, salaki imut, duka naon pihartieunana.

POHO

Kénging Lia Syawalia
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 00:27:58

Kriiiing sora wẻker disada. Jam 2, malem Juma’ah. Gura-giru nguniang, laju ka cai ngadon wudhu, terus cong sholat tahajud. Teuing kunaon, meni asa khusyu pisan sholat tẻh, ngadu’a gẻ meni asa bener-bener kaluar tina ati sanubari, nepika nginghak sagala. Kang Iman nu keur ngimpi gẻ, kahudangkeun ku sora nginghakna kuring.
“Ẻh Mamah tos bẻrẻs gening?”
“Atos, da gugah ti tabuh 2”.
“Maksad Bapa mah, tos bẻrẻs karesebanna, asoy atuh!”
“Ya Allah Pa……, naha poho tẻh kabina-bina…..?”
“Emh…hanas….”, salaki imut, duka naon pihartieunana.

ASA AING

Kénging Iim Nurhalimahari
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 00:20:18

"Yeueuh... Aing. Harga undak ge angger dibareulian. Teu pedo tuda lebaran euweuh aing mah!" Daging sapi hohoak sabot dikeureutan. "Halah! Turun omsetna ge ayeuna mah. Nerekelna tarik teuing. Jalma leuwih milih kuring. Ngeunah keneh opor, lebaran mah!" Tembal daging hayam nu keur dikiloan. "Mending uing. Bau-bau ge hargana teu geseh jeung maraneh." Ceuk jengkol embung eleh. "Tingali kuring, atuh. Unggal lebaran hargana pasti naek. Bakat ku dipikabutuh. Teu jeung kuring mah maraneh parias, moal pikabitaeun." Ceuk cabe bari bus kana keresek. "Lah, kuring ge sarua dipikabutuhna. Dianggap teu pira, tapi harga kuring naek mah, jalma tinggerepek. Nepi ka presidena milu ciweuh" Ceuk bawang beureum. "Garandeng, Siah. Samaruk jelma rek daraek nambulan daging atawa bungbu, kitu? Karuh uing nu pangutamana. Kupat, uing-uing keneh." Ceuk beas, wur kana karung. "Kuring nu pangmurahna mah, nya. Tapi mun kuring teu kabawa, jalma rek ngeunah dahar moal, nya?" Ceuk uyah, kalem.

MUN NYAHO MUN TEU NYAHO

Kénging Jun Juanda
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 00:06:58

“Kin, rék ka mana kuliah?” Rama nanya Sodikin bada dibagi ijasah. “Jigana moal neruskeun ka mamana. Pan uing mah sabulan deui gé maot.” Jawabna nalangsa. “Ari ilaing, Ram?” Sodikin nanya. “Teuing atuh. Bingung. Hayang mah neruskeun ka S1, tapi sieun teu ka ditu teu ka dieu.” Rama ngajawabna ragu-ragu. “Naha?” Sodikin. “Pan ajal uing mah tilu taun deui ti ayeuna téh.” Jawab Rama sedih. Rét duanana ka Agung. Agung ngarti teu ditanya gé. “Uing mah hayang neruskeun ka S1, terus meunang gawé, kawin heula, terus neruskeun ka S2, mun bisa mah S3 gé ditamatkeun.” Agung norolang nyaritakeun rancanana. “Geuning?” Sodikin jeung Rama nanyana héran méh bareng. “Da uing mah teu nyaho ngan uing nyaho uing pasti mulang.” Agung ngajawabna tandes. “Untung atuh didinya mah,” ceuk Sodikin. “Untung kumaha? Untung mah lain iraha, tapi kumaha.” Agung ngajawabna antara bungah, sedih jeung terus waspada. Sugan.