Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 01 Juli 2013 (38 Naskah)


MANÉHNA

Kénging Irfan
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2013 23:53:52

"...Abégé tua, tingkahmu semakin gila..." manéhna ngagéol metakeun panyanyi dangdut nu keur manggung. Sukuna nu katuhu ditaékeun kana dipan, kalangkang buukna nu ngombak banyu ririaban na palang dada. Bari lalanggiran kuring nyéréngéh, ningalikeun.

"Hu..h! Masih mau digoyang?" Manéhna ngelétan bari leungeun katuhuna nyolodor, metot kuring, sina nangtung. Kuring merod.
"Ah ayah mah..." manja, manéhna ngagarieng, tapi tuluy hanjat kana kasur, ngarangkul punduk.

Peuting beuki simpé. Kararas jeung sasatoan, ngadedempés lir méré lolongkrang kana keteg jantung nu beuki ratug. Jero sirah, haroshos manéhna ngaléléwaanan.
"Hayu atuh Aa..."

Kacahayaan bulan nu moncor tina érang-érang jeung carangcangna bilik kamer, balati gugurilapan na luhureun bantal ,nutupan sirah manéhna nu baloboran.

PS

Kénging Jordan Kurniawan
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2013 23:31:55

Indungna mah geus daékeun. Boro-boro taun hareup. Masing bulan isuk ogé hayu, cenah. Asal nyaah, tanggung jawab dunya akhérat, bisa narima kaayaan manéhna, randa boga anak hiji. Manéhna ridho dipihukum ku kuring. Ngan, budakna, kéhéd téh. Orowodol, olo-olo. Geus puguh kuring mah teu bisa maén PS. Ieu, hantem wé, digugusur ka tengah imah. Kudu maén PS. Pajarkeun téh, “Kalo Om bisa ngalahin saya, baru boléh nikah sama Mamah!” Atuh, unggal maén, karesepna téh maénbal, kuring teu weléh dikékéak. “Payah nih si Om, katanya bobotoh Pérsib. Maén PS aja nggak bisa!” Indungna sarua deuih. Kahayang kuring mah cik atuh jiwir budak téh. Ulah kitu, kituh. Teu sopan. Kapan PS-na ogé meunang meuli kuring. Jeung euweuh kabosen wé deuih. Unggal apél. Kudu maén PS. Teu bisa henteu. Ari pok téh témbal indungna kumaha? “Kalahin atuh, Kang. Kan kalo menang nanti saya ajak Akang main Kungfu di kamar!” Alah, ieung, kalah saruana gening.

PUASA ?

Kénging Alex Hasan Sapari
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2013 23:04:02

Tadina mah asa seunggah, kumaha engke Lebaran ? Hadena Kang Kandi ngajak gawe, ngarehab imah mitohana di Tarogong. Gawe beurat, puasa teu kuat. Poe Juma'ah, satengah dualas, liwet asak. Deker dalahar. Rengse dahar, pelenyun udud, tuluy nyelang ka cai. Sanajan puasa batal, solat mah tara kaliwat. Rap, baju koko bodas. Kopeah bodas. Sarung ngagayabag. Sajadah dina taktak. Sora adan ngalanglaeung. Gura-giru kuring indit, teu poho ngajewang sesa roko. Sajajalan, nu paamprok, marolohok. Kuring unggeuk bari seuri. Jadi semah kudu someah, gerentes hate. Nungguan adan loba jamaah narangtung di buruan, kaasup kuring nu kakara datang. Kawas nu tadi amprok di jalan, nu di buruan oge, malencrong ka kuring. Kehed teh, kakara ningali artis juma'ahan kitu ? Sanajan bari darehdeh, hate kuring kukulutus. Seep...puuh. Haseup ngelun tina sungut. Astagfirulloh...! Kuntung ditincak. Kabeneran adan geus cacap. Kuring seseledek asup kana pang tengahna shaf, nyumput. Na, ari poho, beut pohara....

JANARI LEUTIK

Kénging Bunyamin Fasya
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2013 22:12:43

Jam tilu janari. Di luar garandéng. Kuniang hudang. Konci panto dilaan. Liang konci ditoong. Katempo gajah ngaliwat. Matak eundeur. Ceulina dikiplik kiplik. Tulaléna dibuntang banting. Torojol sabangsaning monyét tingkarocéak. Buntutna baruntung. Teu lila riab sabangsaning manuk. Halaliber. Récét. Ngan buluna baréak. Kitu deui lodaya. Belangna leungit. Singa robah warnana jadi kayas. Teu kaharti.
Panon gigisik. Liang konci ditoong deui. Katempo. Aki aki jeung nini nini. Mamawa rancatan. Keur ngagebah gebah. Sireum hideung nu matuh di imah. Keur ting polohok. Dina jandéla.

KAPÉNGPÉONGAN

Kénging Ade Kusmana
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2013 22:02:03

Jam genep indit, jam tujuh geus balik. Beungeut jamedud, sungut samutut. Teu sangka mun rék ditampik. Di imah teu genah cicing tuluy muka Facebook, karék login langsung logout. Diuk salah nangtung teu betah. Kukurilingan bulak-balik siga licinan. Tengah peuting nyaring kénéh. Gulang-guling dina kasur. Panon teu daék peureum. Molotot mencrong lalangit. Otak karasa panas tarang asa aya nu ngaganjel. Sirah ateul digaro buuk murudul. Jrut, ngajleng tina ranjang tuluy nangtung hareupeun eunteung. Nyéréngéh ningali kalangkang. Pantesan, saroman jeung domba Mang Dar’u. Peuting beuki nérékél. Teu karasa geus nincak janari, léos kapipir bari nyengir. Ngong, kongkorongok na ceuli hayam. Langit nu tadina hideung geus robah jadi bulao. Ngasupkeun cingir kana irung, asa logor ganti ku curuk, logor kénéh mebeskeun jempol. Kurah-koréh néangan korong. Geus beurang lain ka cai, kalah kukurusuk asup ka kebon. Sasadu ka tangkal cau hayang ngahilian beungeut ku gebog.

MASKUMAMBANG DRAKULA

Kénging Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2013 21:53:44

Sor, resép. “Saénggalna galeuh, kedah kapasihkeun ayeuna.”
Sor deui, surat keur ka PMI. “Peryogi tambih darah. Golongan darah AB, dua labu.”
Poé kadua, nambah kabingung. Can reureuh muter otak ti kamari. Ka ditu ka dieu ukur meunang jawaban : “Mangga lereskeun ku nyalira, teu langkung badé kumaha-kumahana mah….”

“Upami kitu mah, badé dibantun wangsul. Sawios di rorompok wé. Sugan tiasa diubar-abér landong kampung!” Gutrut nanda surat “Pulang Paksa” teu mikir dua kali.
Regeyeng, budak nu keur ngalempréh diais. Dokter jeung perawat robah jadi patung. Témbok rumah sakit ganti warna, beureum euceuy. Ranjang badis huntu maung, ranggéténg, rék ngarekeb.
Sapanjang salasar, tincakeun jadi ruhay. Ngarérab batin.
Anjog di buruan rumah sakit. Langit milu aleum. Nganteurkeun sungkawa. Cimata tinggal kerakna. Nalangsa geus teu kudu diogan deui.

DULUR

Kénging Dedi Jr.
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2013 21:47:57

Kabéh kolot ogé ngaharepkeun anak-anakna jadi jalma anu nyongcolang. Boh dina widang pakaya atawa pangaweruhna. Kitu deui kanyaah jeung pangriksa anu pamohalan dikorétkeun. Sok sanajan dirina sorangan kudu meurih ngabélaan nu jadi anak. Wasiat Ema keur jumeneng kénéh. Jadi dulur téh kudu silih pikanyaah, silih tulungan jeung silih ajénan. Komo nu jadi Bapa geus teu aya. Tangtu Si Kaka nu baris nanggung jawab adi-adina. Kusabab kitu Si Kaka mah bisa kuliah nepika jadi jalma beunta. Teu jigah kuring saukur tamat SMA. Ayeuna kuring digawé jadi pasapon sakola, gajih sabulan ukur cukup waragad duaanen. Bieu Si Bungsu nyarita. Ijazah ditahan. Ngumahakeun ka Si Kaka. tamada, cenah duitna keur ancoan Si Alo asup kuliah.
"Tabungan Akang anggo heula atuh, Yi!"
"Apanan étamah kanggo biaya nikah!"
"Sawios, nikah mah tiasa diundur taun payun." Témbal kuring, miceun beungeut.

BÉLA

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2013 21:47:52

Turun tina beus. Luak lieuk néang ojég. Wanci ukur memenitan deui ka magrib. Aya nu nyampeurkeun luhureun RX King. "Ka pangjarahan, Cép?" teu ditelek-telek. Dijawab sakaligus nanyakeun, "Muhun, Kang. Sabaraha?" bari kalacat ka tukangeunana. "Nu biasa mah sok masihan 30, Cép."
Kuring ngaheueuhkeun.
Di jalan, samar-samar katingali dina sela-sela kupluk jeung samléh jékétna, buukna bodas kabéh. Rét kana leungeun kéncana nu keur néngkép kupling, ranteng urat tur kulitna geus péot pisan. Boa-boa salah ngaakangkeun téh?
"Dupi yuswa tos sabaraha taun?" ceuk kuring rada tarik. Hawar-hawar dina sela-sela sora motor kadéngé manéhna nyarita, "Tos 73 taun, Cép. Alhamdulillah masih kénéh dipaparin kajagjagan kanggo ihtiar milari artos. Hawatos ka pun incu nu tos teu ibu teu rama."

TUKANG ELAS

Kénging Panji Koswara
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2013 20:16:55

Béngkélna mah leutik. Rada nenggang ti karaméan. Order pager beusi jeung teralis nu maneuh dipigawé, praktis jero sabulan ieu mah rada tiiseun. Tapi Mas Panji jejem, itikurih. Usaha elasna dileukeunan. Hiji mangsa.
“Mas, Elasin hati dakuh dunk!” hiji wanoja nu keur galow alatan diputus cinta ku kabogoh fésbukna. Sasadu. Tibatan kosong taya gawéeun, minangka panglaris, klien dilayanan kalayan getén. Saminggu katompernakeun, usahana haneuteun deui.
Téooot! Téooot sora ambulan asup ka béngkélna.
“Mas, rujukan ti Hasan Sadikin!” ceuk paramamédis bari nyampeurkeun. Katara pasién ngajepat luhureun brankar. Panonna gular-giler bangun bangreung.
“Saha ieu téh, Pa? Naon panyakitna?” Mas Panji malik nanya.
“Senator. Hasil diagnosa mah sirosis-hepatis.”
“Emmmh… panyakit heuras haté téa?”
“Enya, Mas. Haténa ngabatu, kailangan nurani. Teu ngareungeu aspirasi konstituénna sorangan. Kira-kira bisa ditambaan?”
“Mangga, cuang cobaan dirérab, sugan rada leyur,” walon Mas Panji kalem. Cekés! Ngahurungkeun elasan. Nu ngajampana gorénjal hudang. Reuwas nataku. Belenyeng tipaparétot ka tengah jalan. Cekiiit..! Jegér!!!

SURAT TI MATAPOÉ

Kénging Nanang Sahbana Afnani
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2013 20:04:54

Pulas keretasna mah angger teu robah, ngan mangsina nu biasa ngempur caang ayeuna mah boréas pias.
"Pamugi ulah jaheut manah, mun kuring geus ingkah" Kecapna pondok.
Manéhna ukur bisa rambisak, keretas dina leungeuna dilipet dijieun kakapalan.
"Naha ????" Unggal ungkara nu nyampak teu ka kobét. Belewer, kakapalan keretas dina leungeunna diapungkeun ngabelesat ngudag tonggong matapoé nu keur ngaléngkah. Matapoé ukur ngarérét bari imut nyumputkeun pihujaneun nu geus ngajanteng di palebah buruan langit.

BASA PANGGIH DEUI

Kénging Abi Syihab
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2013 20:00:25

Usum puasa mah waktu nyanghareupan magrib tempat dahar dimana bae bisa dipastikeun pinuh. Duka ari masjid mah. Siga waktu harita di tengah perjalanan kaburitan, ka imah jauh keneh lalampahan. Kapaksa neangan tempat dahar sisi jalan, asal bisa buka puasa bae ceuk pamikir teh.
Sanggeus parkir motor blus asup ka jero, nyaan pinuh pisan. Deuk kaluar deui tadina mah, ngan ceuk pelayan aya tempat saurangeun bari nuduhkeun tempatna. Gancang muru tempat nu ditunjukeun.
"Punten ngiringan" ceuk kuring sasadu kanu geus ti heula diuk didinya."Oh mangga,"tembalna. Nyaan ngadadak jadi harade hate bulan puasa mah. Ngan edas pas ngalieuk kanu sagigireunna rudal scud narajang kana jantung, mangpengkeun katineung ka belasan taun ka tukang.

NEULEUMAN DASAR SAGARA

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2013 19:53:35

Rindat jeung kelét, éstuning jadi pranata. Keur guligah atawa gumbira. Jang kuring, minangka tarucing katumbiri. Dilelebah. Diperenah. Matak nyaliarakeun galura kayas kana mamaras. Lelenyapan, inggis nyalahan. Mindeng kuring jadi palika haté. Neuleuman harti nu nyamuni dina labirin wanci. Kalah tawap dina puseur haté anjeun. Bati molohok.
Hémeng, ningali pangawakan anjeun. Wanoja petingan nu moal timu najan dihaja dikotéktak. Sakola S2 di Universitas Nagri kajojo, di jero Nagara atawa di Luar Nagri. Béasiswa ka Ustrali réngsé bari hasilna nyugemakeun. Laju jadi Dosén almamaterna. Lain saukur Dosén biasa, tapi meunang pangleler Dosén Tuladan. Puasa Senén-Kemis tara tinggaleun. Kitu deui tahajud. Nyérangkeun Anjeun, awor antara kaéndahan awéwé jeung kasoléhan widadari. Ka kuring sumujud babakti. Ngéstokeun kahayang salaki. Padahal, kukupu jeung bangbara, pating harieng. Ngurilingan kembang seungit. Boh koléhana atawa babaturan saentraganana.
Genep belas taun, ti mimiti nyekel leungeun Mertua, pananya angger can kajawab. Naha milih kuring? Hiji lalaki nu geus kurenan.

NUNGGELIS

Kénging Aini Mardiyah Sukirno
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2013 19:46:10

Rup ku padung rap ku lemah, nyorangan, simpé, poék mongkléng. Ilang sadaya éndahna dunya. Gedong sigrong kénging ngabangun, bojo nu dipikacinta anu ngabdi babakti, anak anu nerap didirina getih sarta daging urang, indung bapa anu kanyaahna natrat dina diri, pakaya anu dipusti, tur mobil méwah nu matak agul.
Ayeuna mangsa eta tos teu aya, nu nyésa ukur dosa nu teras kagambar. Ras émut ka pun bojo anu disapirakeun hak-hakna, pun anak anu dikotoran badanna ku napkah haram, indung bapa nu nuju jumeneng teu kabujeng dibubungah, baraya anu diantep waktu ngumaha, ogé réréncangan nu seueur dikuciwakeun.
“Duh Gusti, aya kénéh waktos milik Anjeun kanggo abdi? Supados abdi tiasa neraskeun hanca katunda.”
Hutang nu can kabayar, amanah anu teu kadugikeun, mangrébu jangji anu jalir, sarta artos korupsi anu dianggo tur dibagi-bagi.
Tapi ayeuna pintu Anjeun tos ditutup. Tobat tos elat, kaduhung taya hartosna. Kantun diri nunggelis, nanggung dosa anu kacida abotna.

LAWUNG DINA PUCUK LAYUNG

Kénging Ai Halimah
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2013 19:41:41

Ti harita kuring resep neuteup layung. Cahaya sumirat lir asih urang nu hurung ngempur. Dipirig angin humiliwir nebak kekembangan sumedeng mangkak.
"Mun sono ka Aka, tingal baé layung itu. Aka gé sami mikangen."
"Urang titipkeun asih na sorot layung. Nu salawasna éndah najan wanci maju peuting."
"Hiji mangsa urang mipit deui kembang. Di dieu tempat urang"
Anjeun nyelapkeun campaka na buuk kuring.
Kuring surti anjeun ngalongkéwang, sarua jeung lewangna haté kuring. Seunggah papisah.
Anjeun miang dijajap gupay deudeuh. Mugia apanjang-apunjung. Seja babakti ka lemah cai. Jajap sang putri Citra Resmi jatukrami. Keun cuang pendem di angen-angen kasono urang. Guareun jaga mangsa patepang 'na peuting munggaran. Di dieu kuring nganti salira nedunan jangji. Nya, didieu kénéh kuring mireng béja salira palastra di tegal Bubat. Béla pati ngabéla nagri. Mertahankeun kembang nagri narah jadi upeti. Girimis ngepris matak nyeuit. Samar, katingal anjeun gugupay 'na pucuk layung. Kalayang, awak dumadak harampang. Ngapak méga muru anjeun nu mapag ranggah.

MALESPATI

Kénging Arom Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2013 19:34:36

Geus korosak deui. Si Kidi mah teu ka dieu! Kitu cenah palakiahna. Saprak harita, keur singsaha waé nu wani ngalanto ka éta leuweung, moro atawa bebedil. Mun teu kitu nu demit téh banget ngukuntit.

Nu pangkolotna rumahuh. "Rék teu neuteuli kumaha tuda. Jeung saha nu wani, malah ceuk sakaol mah éta téh karuhun, cenah! Der di témbak. Saleuheung nenggel kana mamarasna!" Nu sawaréh bati cruk-crek. Gogodeg. "Heueuh ku kitu téa mah. Harita rarasaan pan kurang kumaha urang nyaram, lin? Ngan 'dor' mantén. Jadi urang-urang kénéh nu katempuhan buntut...!"
"Sst!"
Omonganna teu kebat, ditémpas baturna bari ngantelkeun tungtung curukna kana biwirna, mangrupa isarat. Sakedapan jempling. Ngan kahéngkér tina haté,témbong atra dina sorot panon maranéhna. Silih rérét. Ngariung layon nu geus teu sampurna.

LAILATUL QODAR

Kénging Yusuf S. Martawidénda
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2013 19:19:45

Rérés solat isa, aya nu keketrok. Sémah asing, nu apal ngan sobat lalaki anak awéwé kuring. Saliwat katénjo aya nu mawa parsél buah. Gebeg. Paralak sora cihujan kana kenténg. Hiung sora tatangkalan katebak angin. Sémah ngedalkeun maksudna bari ngasongkeun bawaanna. Jelegur guludug neumbrag awak. Jelebét gelap ngabéntar beungeut. Gedebug angin najong mamaras. Haté ngajerit maratan langit. Ngocéak maratan jagat. Pamajikan ngalempréh. Panon burial buncelik. Huntu kekerot. Leungeun tipepereket. Ambekan ngahégak. “Bener abah éta téh ?” Sorana ngageter halon pisan. “Bener ambu. Sing sabar, nya”. Ti harita, pagawéanna ngan hulang huleng. Unggal bulan konsultasi ka psikiater. Teu poho ubar alternatip. Can aya hasilna. Ayeuna, genep bulan ti kadatangan sémah, lilikuran bulan romadon, rérés tarawéh, aya nu keketrok. Anak awéwé kuring bari ngais orok. Barang sup ka imah, hing orok ceurik gogoakan. “Sora orok abah, incu ?” Ceuk pamajikan nu geus lila teu nyora “Bener, ambu”. Jep. Orok imut ngagelenyu.

NGOMONG SUNDA

Kénging Lusy Fitriyani
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2013 19:05:57

Hiji poè Mimin keur anteng lalajo acara paporitna. Torojol adi Mimin dararatang. Tuluy baracèo hareuereuy, bari was-wès-wos teu puguh. Lila-lila Mimin ngarasa jèngkèl. Tuluy ambek da manèhna ngarasa kaganggu, sabari ngomong “garandèng atuh!” tuluy adina nu karèk umur opat taun satengah nèmbal “wios atuh, tèh!” Mimin nèmbal deui bari jèngkèl da adi na wani nèmbal “èèh...! ngomong naon nya, Ilham!” Ilham nèmbal “abi mah tèh, ngomong sunda titadi ge da.” Mimin teu nèmbal deui, ngan saukur seuri ngadangu adina nèmbal kitu, da bener yèn titadi manèhna ngomong ka adi na ku basa Sunda.

ANDROID OH ANDROID

Kénging Achiel Syam
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2013 18:10:45

Mungguh Hapé Android Néng Rosna téh canggih, alus, méncrang, séri panganyarna, Fasilitasna super kumplit. Hapé nu dipupusti, diagul-agul, dipikaasih, malah saré ogé masih dikeukeupeul ku Néng Rosna.
Atuh si Hapé téh jadi gedé hulu, sombong, majar manéh nu paling dipikabutuh, paling kapaké, taya detik, menit, jam, ogé poé, nu kaliwat tanpa manéhna. Ari Kalung, Geulang, Cin-cin, ogé Dompét, cenah ” Maranéh mah ukur palengkep hungkul ”
Hiji soré, “Dé, kalo Mas Raka ngebél, bilangin Tétéh mandi ya” Néng Rosna peupeujeuh ka adina,
“ Ok Téh, nanti Ilna kasih tau” Jawab Néng Irna, leungeunna tapis ngulinkeun Bonéka Barbiena.
Teu lila, lagu Price Tag, Maddy Jane disada. “ Haloo “ Jawab Néng Irna.
“ Siapa ni?, mana Si Rosna?, bilangin ama dia, jangan suka ngerebut gébétan orang, mau mati dia!” Nu nelepon ngabentak ambek.
Néng Irna ngabigeu, nging ceurik, hapé dibalangkeun. “ Braakk” Neunggar témbok.

BUBUTUTAN EMA

Kénging Ima Komala Dewi
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2013 18:06:38

Balik ti sawah wanci lingsir ngulon. Meujeuhna leleson.
Naeun ieu Nyi? Éta ngarana Springbéd, nang ngahaja nyiar ti kota, panan tadi Nyai munggaran gajihan. Naha kalah dibeulikeun kanu kieu, ari jangeun nyanéh kumaha? Aya geus dipisahkeun. Padahal Ema mah teu butuh dibéré sagala, ku nyanéh bisa digawé ogé geus sukuran pisan. Ih apanan ngarah bengék Ema teu kumat, moal pati kebulan maké nu kitu mah geura. Oh kitu? Heueuh atuh sukur katampa pisan, sing geura kagantian deui. Kéla kéla, ari kasur kapuk anu ti dieu dikamanakeun? Oh éta, tadi dibikeun ka tukang bubututan sina diarah kapukna. Kumaha? Geuwat susul kaditu! Ih geus tatadi, kunaha kitu? Pira kasur butut pan geus aya gantina ieuh. Lain ku bututna, Sanyi! Emas dua batang titinggal Bapa Sia deuleu, ku Ema dikaput didinya!

PEPERENIAN

Kénging Chacha Dinda Yosmari Chacha
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2013 17:48:28

Ngadon ngahuleng di patengahan nyanghareupan nu ngagojod dikaribun simbut, bari dibaturan ku ucing nu cingogo gigireun.

Pagaliwota antara keuheul,kesel,jeung watir.
Geus ampir saminggu salaki katarajang gering,ceuk mantri nu kungsi mariksa cenah komplikasi panyakit anu,anu,anu jeung anu, cenah!
Sajeroning ngompres nu gering, pikiran alunganteng, jaba usum hujan listrik mindeng pareum,jaba suluh tinggal saeutik, kenteng balocor, puguhning bekel mah kari sapoe isukeun deui.

Nu gering ngulisik, bray beunta, belenyeh imut.
" Mah, ari Si Nyai tulus miluan MOS di sakolana?"

"Nya cios atuh Akang, mung edas we geuning kasuhunken biaya, na timana bekel ge tos seep!"

"Emhh,..tuh handapeun kasur bapa ngahaja nyimpen peperenian sakalieun kacanir bangban,..!."

najan heran asa teu percaya, leos ka enggon, ngajungjungkeun kasur, handapeun samak aya nu menjul,disingkabkeun teh, duit..!

Duit dirawu bari rawah riwih, lain atoh pedah nyekel duit, tapi ngarasa reueus jeung bagja kunu jadi salaki, geuningan sakitu merhatikeunana, kaharti jeung rumasa,pangna salaki bubunian teh dumeh rumasa kuring mah kesang kuras.
Hampura Akang,....

MALES PATI

Kénging Arom Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2013 16:45:26

Geus korosak deui. Si Kidi mah teu ka dieu! Kitu cenah palakiahna, mun datang bebedil atawa moro ka éta leuweung. Mun teu kitu, sok tuluy ngukuntit, beuki ngasruk beuki demit. Beuki deuket.

Nu pangkolotna rumahuh, "rék teu neteuli kumaha tuda. Jeung saha nu wani, padu némbak baé, bari jajauheun keuna kana mamarasna. Malah ceuk sakaol mah éta téh karuhun, cenah." nu sawaréh bati cruk-crek bari gogodeg. Manghajakalkeun. "Heueuh. Ku kitu téa mah, najan urang harita teu kurang nyaram, lin? Jadi urang nu katempuhan buntut..." "Sst!" Omongannana teu kebat, ditempas baturna. Bari ngantelkeun tungtung curuk kana biwirna, mangrupa isarat. Sakedapan jempling. Najan haté maranéhna mah leuwih rakacak. Ngariung layon nu geus teu sampurna.

JELEGUR NUNGGUAN BUKA

Kénging Yus Ka
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2013 16:42:54

“Kunaon ngeleper kitu leungeun téh? Sieun?” Seuri leutik. “Sanes sieun, Kang. Tadi teu saur. Kanggo nu sanés, hawatos.” Sarua. Batin Isnén muji. “Ngan kira-kirana engké kuat lumpat moal?” Dodoja dijawab tatag. “Sing percanten!” Isnén ngaranggeum taktak Soléh. Rét. Dada Soléh ngaguruh. Atra urut tatu nu gudawang, deukeut siku.

Dua jam leuwih. Geus reupreupan. Méh cunduk waktu buka. Nu dodopongan angger ngabangké. Buni diharudum jukut jeung dangdaunan. Dibaturan géréwék tonggérét. Mawa patingsérédét. Metot sawangan mumbul, ngungkulan jungkiring kakayon. Najan béak ditapuk reungit, taya aral subaha. Patékadan geus ngawaja.

Gerung jip jeung treuk ngarogahala tingtrim lemah cai. Nu mulang nyorang tanjakan. “Ik ben saai met deze plicht!” Ambek. Gerendeng pada némbalan. Paguneman hapa, kalindes rongkah lapad munajat. Seuneu rohaka ngagebur ti opat mata.

“Bismillah. Allahu Akbar!” Haréwos. Ngaweuhan parat ka langit. Cetrék. Konci granat dicabut. Isnén mimiti ngitung.

MUNGGAHAN

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2013 15:18:45

"Bukakeun kokocoran hilirna, Dak!" Mang Haji tutunjuk. Singkil. Sinjangna disingsatkeun. Batur salembur tumplek. Ngaronom nu ngabedahkeun balong. Caina orot. Tinggudibeg bibit lauk Emas sagedé-gedé pingping orok. Sepat, Jaér jeung Tambakang patingsuruwuk. Nilem patingborélak. Kasair ayakan badag. Buleng eusina metet. Ngajajar tonggoheun balong. "Bérés Dak ...?" Mang Haji rarat-rérét. Bereyek barudak salembur ancrub. Sasairna-sasairna. Mupu sésa ngabedahkeun. Si Ujang kokodok. Ngagogo Lélé jeung Bogo. Koloyong nyiukkeun ayakan. Nyair Impun nu tinggaleun. "Ji, Nilemna wé dua kilo!" ceuk Pa RT. Jang Guru jeung Pa Ulis teu tinggaleun. Ngawadahan lauk kana kérésék. Ngan sakotéap lauk mangpirang buleng amrin. Jangeun mapag munggahan. Dag, dulugdug, dag! Dulag di tajug ngahudangkeun nu rék sahur. "Ma, arageung téh Ma, Nilem sareng Lauk Emas, di balong Mang Haji tadi." "Pait siah Jang, lauk kitu mah. Mending gé ieu, pais Impun jeung cobék Lélé. Pék kadinyah kaburu adan Subuh." Dag, dulugdug, dag! Dulag janari munggaran marengan Si Ujang munggahan.

OBITUARI

Kénging Tiktik Rusyani
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2013 14:40:38

Sugan téh moal lita. Sakitu gedéna kacinta keur manéhna. Taya dunya kinasihan. Anjeun ngabulaéh nyieun jangji moal cidra udar subaya. Horéng unggal usik ngadagangkeun cinta. Balilihan asa dikakaya. Mulan-malén diulinkeun rasa. Ditagenan, pédah bogoh kacida. Awak ngayakas, haté rajét. Minggu kamari, disaksian lambak nu motah. Anjeun dikubur dina palung laut pangjerona. Moal balik deui najan ukur ririwana. Cacap. Hirup kudu ngaguluyur deui. Reuwas kacida, basa ningali dina koran poé ieu ngaran anjeun ngajareblag, minuhan kolom Bela Sungkawa.

RAYUAN GÉMBÉL

Kénging Dana
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2013 13:58:29

Tengah peuting anu simpé, ieu kuring hésé sare, di kamer bet eueweh gawé, puncat-pencét ngomé hapé:

"Duh Nyai kameumeut ati, yeuh dangukeun Akang jangji, nuturkeun cinta nu sakti, ngudag rasa nu sajati. Sadaya nu nyai suka, pok dugikeun sing balaka, kasieun ulah dirasa, sok ku nyai geura penta. Motor métik mobil mahal, pelesiran naék kapal, jalan-jalan ka Tajmahal, sok nyai bejakeun enggal. Bumi tingkat minimalis, kebon sawah nu ngabaris, wedak mahal keur ngaluis, mangga Nyai kantun nawis. Tong pernah nyai cangcaya, akang moal rék sulaya, asal éta sadayana, artos nyai nu mayarna."

RUSIAH BÉNTANG

Kénging Bunda Unie
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2013 13:39:24

Nenggang, nyorangan dilangit peteng. Beueus, nalika nyambat hiji ngaran ku rasa asih dina saban geterna. Rasa nu diluar panyangka. Aya haté kadua leutik saprak manéhna remen neuteup kuring jeung bangbaluhna. Kemba, rasa asih moal nepi, kapegat ku kanyataan. Kuring teu siga bulan nu sok anteng gumeulis ngeunteung na ngeplakna sagara. Kuring ukur béntang nu sakapeung ilang katutup méga. "Lambak wengi ieu asa motah." pokna. "Rupina moal tiasa diojayan, Nun... Sapertos manah." haréwos kuring. "Muhun, sesah pami tos tikerelep mah. Duh, béntang, demi anjeun nu nenggang, nu satia maturan kuring unggal peuting, pangnepikeun kasono kuring ka manéhna." sora halon manéhna nyeuit nembus rasa. Horéng teuteup imut jeung asihna lain keur kuring. Saupama bisa nawar ka Anjeunna, kuring embung diciptakeun jadi béntang nu ukur jadi panglumpatan bangbaluh rasa manéhna.

TEVI

Kénging Kusumah Dipradja
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2013 13:25:52

Gerewek, dua leungeun nutupan mata Kuring, karasa awakna rapet kata tonggong. Ngong aya sora ngaharéwos diceuli katuhu, “Pah, saha cing” cenah, sorana mani halimpu, napasna ngahébos kana ceuli.
“Duka, sahanya?” témbal Kuring.
Leungeuna dileupaskeun, gék diuk gigireun kuring.

“Saha Néng téh?” Kuring mencrong éta wanoja geulis, saeutik ogé euweuh cawadeunnana.
Manéhna neuteup Kuring. Teu lila pok “Pah,waktos kamari Papah pendak sareng Mamah, Tévi ogé aya da!” katingali manéhna mareuman hape.
“Tapi Tévi teu wantun nyampeurkeun, margi katingal saredih, emut ka jaman kapungkur nya Pah?, Mamah ge kantos ngadongeng lalakon Papah sareng Mamah”

“ Oh ieu téh anakna Novi?” gerentes haté.

“Pah” cenah
Gebeg, “Oh..kitu.. nya?” Kuring arap’ap eureup’eup.
“Tévi sedih Pah,margi Mamah masih mikacinta ka Papah, tibatan ka Papah Tévi”
“Eh teu kénging kitu Néng, da tos lain-lainna deui” témbal Kuring.
“Pantesan Mamah jiga nu kaédanan ku Papah,da geuning kabuktosan” pok na deui
“Kumaha kitu Néng?”Kuring héran.
“Entong boro Mamah, Tévi ge bogoh pisan ka Papah” bari celongok biwirna ngesun pipi Kuring.

“Haaaahhh..?”

ASA NGORA KÉNÉH

Kénging Aminta Zein
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2013 13:10:33

Onéng. Hiji ngaran anu pernah ngancik dina heté kuring. Najan ahirna kudu narima kanyataan. Peurih nyungkelit kana ati, ditampik meleg-meleg. Batur sakola baheula basa kuring ngejat ti lembur hayang sakola di kota. Rumasa kuring harita dedegan begung, culun. Wajar mun manéhna nyapirakeun kuring. Panggih deui dina Fesbuk. Fotona teu robah da poto sakola baheula. Uplek ngobrol semu geugeut, ditungtungan ku tukeuran nome hapé. Jol “Okeh” wé waktu manéhna ngajak panggih. Teu hésé négosiasi jeung indung budak. Biasa wé “tugas kantor.” Anjok ka hiji tempat, “Akang gigireun air mancur!” Sakitu eusi sms ti kuring lar hiji awéwé. Bayuhyuh, kulit karijut maké kurudung . “Akang ih meni poho ka abdi!”. ceuk manehna bari nyampeurkeun méh ngarontok ka kuring. “Lain, lain Onéng ieu mah.Teungteuingeun, aya jelema rék nipu ka aing.” Haté ngagrentes. Kusiwel ngaluarkeun hapé,teuing nomer saha dipencét. “Mémang harus rapat sekarang?” Nu di tungtung telepon katara bingung narima telepon ti kuring. “Hampuna nya, akang kedah rapat ayeuna kénéh.” Teu nungguan jawaban. Leumpang satengah lumpat muru kendaraan. Nepi ka imah, rada suwung. Kasempetan mukaan album baheula waktu sakola. Ditengetan poto Onéng. Teg aya nu sarua lebah pipina aya karangan méh sarua jeung nu panggih tadi. Rét ka tungtung poto aya tulisan: 1984. Cong beungeut hareupeun kaca “Geuning aing gé geus karijut kulit téh, awak beukah...duh hampura Onéng!”

JIHAD

Kénging Tetyesnat Nataprawira
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2013 12:22:43

Budak keur meujeuhna bau poé, hudang saré ngamuk ménta jajan, dititah mumuluk teu ngagugu. Indungna ngéléhan mikeun duit sésa balanja sarébu, buruh masang payét. Geus cumpon, gap budak kana langlayangan, belenyeng, les!
Lanceukna haré-haré, teu nolih indung keur capé. Anteng pésbukan. Sanggeus maksa ménta pulsa. Rarungsing euweuh kabungah. Poé peré di imah, maranéhna teu kasuwuk. Indungna tujuh kuriling mikiran keur dahareun poé ieu, jeung hutang séjén nu ditinggalkeun ku salakina.
Rudet, hayang ambles diteureuy lemah. Ngarah teu mikiran nanaon. Hirup asa bangbaluh wungkul. Palebah urusan riweuhna, salaki ngereles. Sutirah rumengénghap, bangbaluh angger ngabeungbeuratan.
Ras inget sakeudeung deui puasa. Manéhna istigfar. Ieu kitu nu disebut jihad ? Pikirna. Bulan Puasa geus deukeut, aya harepan nu sumélékét nyuaykeun lalangsé capé
Sausap rasa nu nyésa nalika manéhna rumaja, waktu nyantri di pasantrén leutik, ngulisik ngageuingkeun.
Jodo, pati, rejeki paparin Gusti. Sutirah ngagukguk na pangsujudan, ni’mat.
Sirahna asa aya nu ngusapan.
“ Sing tawekal, Nyai!” Bréh Indungna nu geus aya di Kalanggengan, némbongan. . .*

SUKSÉSI

Kénging Herlan Djatnika
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2013 11:42:34

Hawa keur wayah carangcang tihang. Matak longsong kana ambekan, sumarambah kana bayah. Laju ngolah napas ngolah raga maké gerakan Taichi. Ngalélésang awak rengkeng, balas menekung unggal peuting. Munajat ka Pangéran sangkan dipasihan ilapat. Geus lila aya nu dipikiran. Tina karumasa, sanajan waruga gentur tapa asak teupa. Umur téh geus tunggang gunung. Tanaga nu asalna rosa mimiti karasa suda. Sedengkeun pancén réa kénéh nu kudu digarap.
Saenyana teu kudu jadi kasusah. Dogong-dogong tulak cau, euweuh awak aya anak. Tapi nagara téh lain karajaan. Suksési pamaréntahan kudu ngaliwatan pamilihan salaku nagara démokrasi. Ngan asa teu mikeun mun kakawasaan dicekel ku lain ti kulewedet aing. Masalahna, aya waé nu kabaud korupsi. Ceuk sakaol, “Hanacaraka datasawala, anak cilaka bapana kababawa.” Nu darémo unggal usik nungtut répormasi. Tibatan maut hinis ka congokeun, diwiwirang di kolong catang, aing rido ngalésotkeun kalungguhan. Dipasrahkeun kanu dipercaya. Dina pidato panungtung, aing amanat : “Omat pangriksakeun manuk Garuda tong dilalawora!”

SAKADANG BEURIT, UCING, JEUNG NU BOGA IMAH

Kénging Rohmat Woengkhul
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2013 11:06:53

Beurit-beurit pating tirilik, pating aracleng jeung gagalacangan di dapur. Sagala kahakanan nu aya teu luput tina inceran, digorogotan. Sentég nu ngajugrug teu dipikasieun, malahan jadi kaulinan. Aya nu ucang-ucangan jeung sasaréan dina sentég. Lénghoy sakadang ucing asup. Beurit-beurit tibuburanjat arasup kana liang. Tapi ucing henteu moro, anggur clo di luhur méja. Pok ngomong, ”Beurit-beurit, arilaing ulah sieun, jongjon baé. Asal uing agéhan kahakanannana.” Burudul beurit-beurit kalaluar deui tina liang. Sabot ucing jeung beurit curak-curak pésta, torojol nu boga imah asup. Beretek deui beurit-beurit tibuburanjat arasup kana liang. Sakadang ucing luncat kana jandéla. Pok nu boga imah ngomong, “Héy ucing, beurit ! Arilaing teu kudu sieun. Ku uing moal dikukumaha. Di imah ieu uing nu kawasa. Pilakadar sentég, éta mah ukur hiasan. Ngan mangkahadé kudu ngarti, kahakanan nu aya di dieu ulah dibéakkeun. agéhkeun jang uing.” Laju nuju méja makan. Celenun pingping hayam nu kari sapotong tapak digorogotan beurit, dihuapkeun.

MURENGKED

Kénging Yuningsih Lestari
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2013 10:35:37

Saung hèjo sisi lamping nu sok seueur di jugjug ku balarèa, nu ngan bade barang tuang, milarian kanikmatan. Nu saleresna sanes ku hoyong tuang nu raos, ponyo sareng nikmat, tapi aya leuwihna hoyong pendak sareng sibahenol nerkom nu bujurna tiasa goyang itik. Sanes kanten pameunteuna mah teu aya cawadeunana.
Poè ayeuna mah Pa Karta tèh ngawani-wani manèh sumolondoh ngenalkeun. “Dupi enèng saha nami tèh, sareng ti mana kawit?” Nu bahenol ngawaler ku soanten nu alum tur andalemi “ Nami abdi Nènèng, kawit ti lembur singkur sisi gunung nu jauh ka bedug anggang kadulag.” Saur Nènèng. “Oh tebih atuh” “Sumuhun “ saurna Pa Karta nyaur manuk “ Abdi Karta tea juragan lauk nu aya di Pasir, pami naroskeun gè pasti arapaleun.” Bari rada lègèg “Tiasa akang amengan?” Tanya Pa Karta “Mangga tiasa .” bari rada murengked siga nu sieun ningali ka tukangeun Karta. Brèh aya nu ngabedega jangkung badag,teu aya sanès nu gaduh saung hèjo tèa….

LELEB

Kénging Usman Ali M
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2013 08:43:28

Nu geulis. Matana bulan sapasi. Barintit. Teuteup anteb, niténan muragna cihujan, dina jandéla kamar. Sakeclak-sakeclak dijadikeun wirahma dikir. Nambah kerep, dikir beuki husu. Cihujan nambah rosa, pacampur jeung cimata.
Cikopi hideung. Goréng sampeu. Geus sadia. Dirérét, bangun tiis. Rénghap nu geulis nambah beurat. Sirah gigideug. Cimata laluncatan.
Koréjat. Ngajéwang payung. Lumpat muru mumunggang. Handapeun dapuran awi, payung karék dibuka. "Hapunten nyai, nembé anteng teuing nyambat salira." Ngusap nyaah. Kuburan salaki, dipayungan.

JOGÉD PEUREUM

Kénging Nandang Sofyan Priatna
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2013 07:42:07

'' Asa dipépéndé ngadéngé nu keur ngagitar di térlas!'' ceuk Nyi Emin bari ngagolédag gigireun salakina nu keur lalajo tv. Nyérélék ka peutingnkeun beuki éces kadénge; jentréngna sora gitar nu di petik ku jang Emod, ting beletukna sora tamtam nu tepakkan ku jang Ihin, kekecrek jang Somad nu dicabok-cabokkeun kana dampal leungeuna nambah-nambah ramé kaayaan peuting nu simpé.
Nyi Tini nguliang hudang tuluy ngingklak nuturkeun musik nu ceuk lelembutannamah ngénaheun temen. '' Hah...Nyai, nangajogédan nanahaon?!'' ceuk salakna nu kacida kageteunnana nempo pamajikan jogéd bari peureum. '' Hidup brazil!'' témbalna bari goledag deui sare di handap.

RÉKONSTRUKSI

Kénging Ganjar Kurnia
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2013 06:52:24

Gratifikasi. Sumuhun nyogok téa. Cenah istri ogé aya anu dijantenkeun panyogokna. Édun surédun. Numutkeun aturan kapéka, upami teu hoyong janten masalah, anu disogokkeun téh kedah dilaporkeun, engkéna dilélang. Upami teu aya anu ngagaleuh, baris dijantenkeun barang milik nagara :”dipamérkeun”. Tapi upami teu lapor teras kapendak, bakal diteraskeun ka pangadilan. Saméméh sidang, tangtos aya rékonstruksi heula. Hem ….kacipta.

KAPIASEM

Kénging Mulyana SA
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2013 05:30:50

Malem Minggu ayeuna nyempetkeun nganjang ka manéhna. Apél rerencepan. Indung suku gé teu dibéjaan. Dangdan bébéakan. Luis. Sareungit. Ngabiur nojér ontél. Anjog di buruan imahna. Kasampak manéhna geus saged. Mapagkeun. Rancunit. Rucita tur daréhdéh. Dilinggihkeun di tepas imah. Enya imah panggung ieu nu biasa ku kuring dipaké ngébréhkeun kahéman, nyampaykeun kanyaah. Ka manéhna. Nu jadi séngsérang mata.

Dumadakan aya lini jeroeun dada. Ngaguruh badis galura sagara. Basa jol anjeun nanggeuy kéler dibakian. Nyuguhan. “Nyanggakeun nu dipikameumeut ku salira!” Pokna semu balélol. Bréh! Panon anjeun nu cureuleuk, lambey anjeun nu ambucuy sareng réma-réma anjeun nu laléncop jadi eusi kéler. Hiur ambeuna ngahudang imut maur.

SANG JAWARA

Kénging Maman Sopyan Part III
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2013 00:26:23

Ki Badrun. Saurang Jawara pilihtanding. Najan geus tengah tuwuh, angger rancingeus. Buukna teu weléh cepak. Kumis baplang ngahaja diingu. Salian ti teu neurak dikadék, kasohor jago teuleum. Ngan hanjakal, jalmana songong. Adigung.
Pabeubeurang. Ki Badrun mendeko dina balé
hareupeun imahna. Nyanghareupan kulub boléd jeung cikopi pait. Haseup 'Walupat', nyerebung tina bahamna.
Rentang-rentang. Mang Darsan, leumpang rurusahan. "Ki, Pa Lurah ngayakeun saémbara!" pokna. "Saémbara nanahaon, Darsan?!" Ki Badrun kerung. "Cingcin anakna Pa Lurah, ragrag kana cai. Nu bisa manggihan, bakal dibéré domba sajodo. Nepika kiwari. Can aya jalma nu wanieun teuleum, Ki!" témbalna daria naker. "Gararoblog! Kitu-kitu baé euweuh nu becus! Halig, ku Aing!"
Harita kénéh, Ki Badrun ngagidig muru imah Pa Lurah. Anjog kanu di tuju, warga geus ngagimbung. "Rah! Di mana ragragna Ali anak anjeun téh? Sual teleum, Aing jadugna!" pokna nepak dada. Léos, Pa Lurah ka tukangeun imahna. Ki Badrun katut warga séjénna, nuturkeun. "Tah Ki, ragragna téh ka beulah dinya!" ceuk Pa Lurah. Nunjuk ka tengah-tengah cubluk.

GETIH JARUM

Kénging Encep Muhammad Ayyash
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2013 00:09:35

“Pa, wayahna moal puturan ayeuna mah, béasna séép.” Ceu Engkar, ngahelas bari neuteup salakina, Mang Wahya nu keur nyiapkeun tanggungan sol sapatuna.“Keun wé, ké mun bapa hasil, rék balik heula meuli béas”.

“Sol.., ieu mang, pangasolkeun!” Mang Wahya dugdag-dégdég, ngararisan. Ngaput sapatu téh leungeuna bari ngadégdég, bubuhan can sarapan. Brress! Jarum kaput sol sapatu nanceb parat kana dampal leungeuna.“Inalillahi!”. “Ka RSU mang!” Mang Suja tukang béca, rikat mawa ka RSU.

“Maaf, kalau mau paké Jamkesmas harus ada buktinya!” Ceuk suster, tandes. Lahunan Ceu Engkar beuki cipruk ku getih. “Keun wé Ceu, ku akang cuang ka désa heula, antos didieu.”Ceuk Mang suja. Biurr! Ngaboséh béca sataker kebek. Limalas menit. Kurunyung mang Suja datang deui, rénghap ranjug. “Bu, ieu, serat ti désa” pokna, bari nyusutan kesangna nu cipruk.“Tunggu sebentar, ini tanggung ada pasién yang bayar!”

“Maa, haampura baapa! Ieu sapuluh rébu keur béas téa. Laailaha’ilallah-Muhammadurrasulallah.... Hek!” “Bapaa!!!”