Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 01 Méi 2013 (38 Naskah)


BUDAK TEUNEUNG

Kénging Dédén Abdul Aziz
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2013 23:47:09

GEUS dua balikan sasadu ka Pa RT pédah tatangga sapanjang gang ngarasa tugenah ku lampah si bungsu. Budak téh saban peuting wayah batur reureuh sok ngereles. Mekel bal. Ngadon sésépakan sapanjang gang. Sorangan. Puguh ngagandéngan tatangga sapanjang gang. "Latihan, Pih," pokna. "Atuh beurang, Jang," cekéng. "Beurang mah gangna ogé ramé," walonna. Hiji peuting ngereles deui. Ngahaja diintip. Si bungsu mekel bal. Sapatu maénbal lengkep jeung seragamna. Ngagiring bal sapanjang gang ti tungtung nepika tungtung. Bulak-balik. Gulak-gilek. Unggal aya pager bal disépak satakerna. Unggal bal disépak manéhna ngagorowok, "Bapa aing mah bagong, bapa aing mah bagong..."

NGAGERÉT

Kénging Azhari Poetok
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2013 22:08:52

Wanci sareureuh budak, kuring balik ti pagawéan. Pas gok na lawang, panto ngagerét dibuka ku adi nu yuswana genep taunan. “Naha teu acan obo kal?” nanya bari ditungtun kajero. Biasana gé sok ges nyampak tibra.
Adi kuring némbal semu nginghak “Ékal nungguan aa uih, sabab Ékal panasaran sabaraha gaji aa sadintena?, dugi ka uih wengi waé?”. Kuring kerung “Naha ékal bet naros kitu ka aa?”, “Ah hoyong terang wéh, ékal mah!” bari ngaléos.
”Sok atuh étang, apan ékal tos tiasa ngetang nya?” bari diasongan kertas jeung pulpén, “Gaji aa jadi sukwan+operator sakola sasasih kénging 300 rébu, sok gera étang sadintena berarti sabaraha?”. ékal sumanget ngitung na, teu kungsi lila nembalan “oh berarti gaji aa téh sadintena 10 rébu? Nya a?, berarti pami sa-jam na sabaraha nya?” éta budak talété panasaran. “Sok wéh étang, aa damel ti jam 7 énjing énjing dugi ka wengi, biasanamah dugi tabuh 4 sonten, sabaraha jam cik?” ditanya teu éléh géléng sangkan teu bisaeun ngajawab.
“Oh, berarti sa-jamna téh sarébu nya a?”. Kuring ngahuleung, éta budak téréh ngitungna.”Muhun sarébu, tiasaan, sok atuh gera bobo”. “Sok badé bobo, nambut heula ékal sarébu!”, “eh tos wengi kalah nambut sarébu, kanggé naon wayah kieu nyungken artos sagala?”. Adi kuring nyu’uh na gigirieun panto bari nginghak ceurik “Naha ai aa, abi mah da sanes nyungkeun, tapi nambut sarébu, ké pami tos gaduh di bayar a, peryogi pisan sarébu”.
“Naha kangge naon atuh artos sarébu teh?” ditanya bari dibikeun duit sarebu leuceuk.
“A artos sarébu ieu kanggé ngagajih aa, sa-jam wéh abi hoyong ameng sareung aa, yeuh gaji na sa-jameun wéh”.
Kuring ngan ukur bisa ngahuleung bari ceurik ngakeupan nu jadi adi.
.....

FIKMINER AHLI SURGA

Kénging Budi Dharsono
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2013 21:56:31

Alam dunya ancur sabada disasaak Sangkakala Isropil. Brul, sakabéh manusa digiring, muru ka Padang Mahsyar. Badan sakujur wuwuga, boro inget kana kaéra. “Kiamaaaat...!!” sora tingjarerit. Tingjorowok. Lima puluh réwu taun dipentrang burahayna matapoé. Sawaréhna kakérem késang sorangan. Nganti catetan amal gawéna. Salila dibéré rénghap mangsa di dunya. Manglaksa ketak nu karandapan waktu harita. Laju, amal ditimbang dina mizan, nu luasna satungkebing langit jeung bumi. Satahap deui. Meuntas cukang nu ngembat manjang luhur jungkrang jahannam. Tilu réwu taun. Saréwu taun netek tanjakan. Ngahégak. Saréwu taun mudun. Saréwu taun nyorang nu lebah datar. “Aduh ieueueung... Geuning kieu..??” Keleweng! Gujubar! Dihakan létah seuneu nu umpal-umpalan. Barasat, cahaya ngempur nyaangan séwang-séwang. Salamet. Blus, ka patamanan nu pinuh ku kaéndahan. Pirang-pirang kekembangan. Bangawan madu jeung susu. Ngamalirkeun rasa tingtrim. Bumetah. “Geuning silaing bisa anjog ka dieu?” cek nu maké jubah bodas. “Kuring méh teu percaya. Si Arnold jéger pasar. Manéhna tobat gara-gara maca fikmin.”

JATUH TÉMPO

Kénging Yusuf S. Martawidénda
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2013 21:53:10

“Teu sawios-wios dokter. Mung margi nuju sibuk pisan dugi ka tulang-tulang asa pasiksak. Paur ujug-ujug hos waé.” Jawabna bari heureuy waktu konsultasi ka dokter langgananna. Saenggeus dipariksa, dokter ngayakinkeun yén boh ténsina, boh jantungna aya dina kaayaan normal. Dokter ngan méré resép vitamin wungkul supaya jagjag. “Nuhun dokter. Mugia waé abdi mah teu kedah ka dieu deui.” Heureuyna bari pamitan. Clak numpak motor bébékna. Waktu méngkol ka katuhu, ti beulah tukang aya motor mengpeng tarik pisan. Satekah polah manéhna nyisi. Orokaya setang katuhuna kadupak. Teu karasa gas katarik. Jegér neumbrag tatangkalan. Saking parnana, tilar dunya di dinya kénéh.

BURAKRAKAN

Kénging Asép Komara
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2013 20:57:34

Leumpangna ngarengkog deui. Sanggeus léngkahna beuki ngadeukeutan panto beusi. Nu kasawang mimiti, sapasang peureup nu pageuh ngeupeul jaruji. Bréh deui. Beungeut nu ilang komara. Jeung béwos nu mimiti nyaliara. Kawas nu ngahaja disampakkeun keur manéhna. Luk, manéhna tungkul. Lain. Lain éta niat manéhna datang ka dinya. Lain rék ngadakwa. Musabab géhéng pabrik bapana. Ogé lain rék nganaha-naha. Geuning lalaki nu kiwari keur mencrong manéhna téh nyata ulon-ulonna. Geus mangpuluh kali manéhna meunang panggelendut ti éta lalaki. Yén kuli mah nya kuli. Ukur pamrih ku lumrahna gajih. Teu hayangeun leuwih. Reup, manehna peureum. Beungeutna karasa panas, karérab sorot panon éta lalaki. Manéhna. Hayang kedal papanjangan. Ngan éta lalaki kalah nyarita miheulaan. Sorana ngahiung bangbaraan.
“Geus euweuh nu nyésa, Lin! Urang kudu milih jalan séwang-séwangan. Mugia bapa Lin dicaangkeun di alam kalanggengan. Mung Akang wiat, Lin...budak urang ulah dipaséaan.”
Manéhna bati ngalieus, bari ngusapan beuteungna. Miceun panineunganana. Miceun keclak cipanonna.

MAY DAY

Kénging Rameli Agam
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2013 20:11:34

Hasil ladang buburuh. Diancokeun kana béas, dipaké meuli susu. Heureut. Aya kalana tekor. Taya pilihan, buburuh dikeureuyeuh. Bangbaluh hirup mingkin ngahapit. Lain deui sual risiko dapur. Ieu mah ngeunaan bébéla nu jadi hak. Leungeun kapitalis ngajiret rasa. Nyeuseup késang, nyeuseup tanaga. Dina meredongna poé tali paranti, manéhna ngagedurkeun seuneu pangharepan. Neumbrag! Gegendir aparat ngababuk angen. Rumanggieung. Teu régrog, cengkat deui. Bebeneran jeung kaadilan ngalimpud nurani. Suku kapitalis ngajejek haté tur pangharepan.
“Hiduuuup Marsinah…!”
Ti réngréngan nu séjén, “Stop outsourcing…!”
Koléang. Bru! Ngalumburuk. Pélor nyaliara dina ragana. Getih ngabayabah maseuhan bumi. Ngababatang handapeun dapuran awi. Seungit layon ngadalingding wangi kasturi. Sukmana ngempur, sumirat nyaangan nu keur buburuh.

CUANG LAWUNG II

Kénging Budi Dharsono
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2013 19:59:18

Hapé ujug-ujug disada. Gigireun léptop. Pikiran nu keur museur kana layar monitor, peuray sapadaharita. Keur anteng mikmin. Gura-giru hapé dikéwat. Bréh, atra katémbong duabelas angka. Nomer anyar. “Sareng saha?” cek kuring ngirim sms. “Nu geulis téa,” teu lila ngawalon. Curinghak. Haté bungangang. Campuh jeung rasa panasaran. “Duapuluh taun kapengker, urang kantos sasarengan.” Leng.., lelembutan kumalayang nganjang ka mangsa ka tukang. Ngotéktak bangkarak lalampahan. “Rina? Maya? Nastiti?” dilelebah da puguh lain saurang wanoja nu kungsi deukeut jeung kuring. Keur alus pasaran. Isukna, basa keur anteng ngaheneng,”Pami teu répot, hoyong patepang! Néng nuju di jalan. Satengah jam deui dugi ka bunderan. Antosan nya!” Gasik kuring miang ka tempat nu disebutkeun. Kurunyung minibeus datang tukangeun. Laju eureun lebah bunderan. Sabot dangdak-déngdék mencrong beungeut ‘na spion. Langgéor saurang wanoja ka luar. Dipapag. Dideukeutan. Laju manéhna ngarangkul pageuh. Nyegruk kanyenyerian. “Lisnawati?!” cek kuring ka wanoja nu ngajadikeun kuring mecut akal. Baheula. Nepika kuring jadi jelema.

FLÉSDIS

Kénging Maya Pancanaka
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2013 19:26:20

Kamana Flésdis? Saeusi rohangan dikotéktak, laci méja diawut-awut. Eusi tas diudulkeun. Wéléh teu ka panggih. Tangka hasil pagawéan aya didinya kabéh. Ambek kapegung nu aya. "Officeboy" jeung "Helfer" dipatéahkeun. Teu kapanggih kénéh. Sabada salat Lohor karék inget, Flésdis napel kénéh na CPU di imah. Rérés salat, laju ka imah. Tiiseun. Kieu unggal poé gé. Budak di ninina, sore disusul. Salaki di kantor. Sup ka ruang tengah, kadéngé aya sora ting cikikik ti kamar hareup. Kuring ngarandeg. Panasaran. Disampeurkeun. Ceuli ditompokeun kana panto, lalaunan. Bray. "Astaghfirullohhaladzimmm! Ayah..." Rut-rét kana baju nu patulayah na ubin. Les teu inget di bumi alam.

NGUJI

Kénging Ade Nendang Rahman
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2013 18:15:51

Aya hiji Kiai nguji anakna nu keur manjing dewasa. Tujuanna nyaeta hayang nyaho engke anakna bakal pijadieun naon. Di kamer anakna clo-clo disimpenan Qur'an, duit sagepok, majalah Play Boy, jeung jenewer, tuluy ku anjeunna ditoong hayang nempo naon nu dicokot ku anakna . Barang anakna asup ka kamer, ningali Qur'an dina mejana, langsung dikelek.
"Alhamdulillah, budak teh pikiaieun," bangun bungah.
Geus kitu, duit nu sagepok teh langsung ku anakna disakuan.
"Alhamdulillah, pikonglomerateun," ceuk gerentes hatena.
Barang budak ceg kana majalah Play Boy bari tuluy dibukaan bari leguk nginum jenewer, Kiai kacida reuwasna.
"Astagpirulloh, Gusti ampun, tetela pun anak teh pi-anggota DPR-eun!" Leng teu inget di bumi alam.......

PEUTING BAYEUNGYANG PINUH KU PANON POE

Kénging Kyai Matdon
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2013 18:05:30

Ngimpi

RIUNGAN NU BUNUH DIRI

Kénging Rudi Riadi
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2013 17:53:07

“Manéh bunuh diri gara-gara naon?”
“Putus cinta.”
“Alus. Cinta mémang sok moékkeun sagalana. Bunuh diri anu éndah. Ari manéh?”
“Bisnis gagal.”
“Euh, tangtu baé. Tangtu bakal éra ku rélasi jeung saingan. Bunuh diri anu terhormat. Ari manéh ngora-ngora bet bunuh diri. Naon alesanana?”
“Ujian Nasional.”
“Euh, kurban ambisi nu rék ngancurkeun generasi. Bunuh diri anu teu élit.”

PANGANTÉNAN SALALAWASNA

Kénging Eni Setiani
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2013 17:06:10

Anjog di basisir Santolo, panon dibébénjokeun ku ngeplakna sagara. Béh kulonna panon poé arék surup. "Éndah!" ceuk manehna. Kuring males ku unggeuk. Gék diuk dina saung, manéhna ngaléndé bari nyawang lambak anu silih-udag. Leungeun kénca ngagarayam nyampay dina taktak manéhna. "Ih, ulah kikieuan éra!" pokna bari ngepiskeun. "Baé wé atuh da sidik urang mah pasangan anu geus sah, maké jeung éra sagala, bari na ogé da teu warawuh ieuh!" témbal kuring bari gep kana dampal leungeunna. "Nya éra wé, bisi aya nu nyebut Roméo jeung Juliét!" pokna téh.
Kuring seuri ngehkey ngadéngé omongan manéhna. Gep leungeun katuhu kana iteuk terus nangtung. "Hayu Nini, urang ka losmén geus peuting ieu teh!" manéhna cengkat bari muntang kana awak kuring anu ampir ngagaléong.

KOTAK COKLAT DI PITAAN…

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2013 16:57:48

Harita, basa nampa bungkusan. Ditengetan, diimpleng, diciuman. Bral, dibuka eusi kotak nu dipitaan. Enya, kanyaah anjeun ka kuring. Dibungkus ku kertas warna kayas. “I love u Forever” kitu tulisan dina kertasna. Rasa ngajomantara, dunya asa nu urang duaan. Teu lila, sms anjeun ngagebahkeun lamunan. “Kumaha, A! Cekap kaos téh?” Kuring mesem sorangan. “Cekap, Nung! Hatur nuhun…” Bari nengetan beuteung nu beberehilan di nu kaca. Enya gé asih urang paanggang tapi karasa deukeut. “Nuhun…” Ngaharewos leutik ka nu Maha Kawasa.
Ayeuna, didieu dihareupeun durukan. Kotak coklat nu dipitaan. Geus jadi mangpirang lebu, nu ka apungkeun ka alak paul. Ngabéwarakeun kanyeri haté ka saban madhab. “Anjeun hianat, Nung! Anjeun hianat…” Sora awor jeung séahna angin peuting teu bisa ngelehkeun ratugna eusi haté. “Kuring mah ukur impian, A! Tong diudag deui…” Kecap pamungkas anjeun dina telepon….*

JAJAP

Kénging Yuharno Uyuh
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2013 16:39:33

Da puguh di kampung. Arang langka aya hiburan. Nu lalajo mani utey, heurin usik. Panggung eundeur. Nu nyanyi beuki motah. Goyang itik. Mama ajengan anu diondang ngadoa. Kapegung. Teu reureuh istigpar. Budak tinggaroak kagencét. Dudung sosolontodan sésélékét kaluar. Gap kana pésak. “Beu, ladang domba aing, ludes!” pokna. Tuluy luak-lieuk néangan tempat pikeun reureuh. Kabeneran aya pos ronda. Barang geus deukeut. Kabireungeuh aya budak awéwé keur anteng nyonyoo hapé. “Anjirr...! Aya widadari!” Dudung ngagerentes. Gancang disampeurkeun. “Néng, kunaon nyalira waé. Naha teu nongton?” ceuk Dudung, nanya bari pasang aksi, menerkeun buuk jambulna. “Alim ah, sesah nongtona ogé, badé wangsul téh bingung, teu aya réncang,” témbalna. Malédogkeun imut. Dasar ucing manggih paisan. Jol kedewek wé. Dudung ngajajapkeun. Mapay-mapay jalan anu suni. Pagégéyé. Leungeunna lir nu ngacapi. Srog. kahiji imah panggung. Ukur dicaangan lampu lima wat. Dititah mondok téh. Kacida atohna. Héésna teu tibra. Da kagareuwahkeun ku nu rék nyekar.

SABEUSI SAWAJA

Kénging Iwan Ruspendi Sr.
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2013 16:08:58

Ampir saminggu di lembur téh. Niiskeun pikir, napak tilas minangkana mah. Nyorangan bé. Keur anteng mapay jalan lembur, reg Toyota Kijang eureun. Lol wanoja ditiung make kacapanon hideung ngelol tina jandela.
"Kang Darma? Iraha sumping?"
Teu kabadé mimitina mah, wawuh sotéh basa manéhna ngalaan kaca panon. Mesat ayeuna mah anjeun téh Nia. Gerentes téh. Ari biwir mah ukur imut mawur campur hanjelu. Ras kana omong si Rusdi baheula, sobat dalit. "Néangan batur hirup mah kudu nu sabeusi sawaja, Dar. Si Nia mah moal kataékan ku jalma pantar urang". Bener, kuring budak angon ceuk paribasana, manéhna teureuh ménak. Najan cintana rosa, kuring mundur teratur, terus wé ableng ngumbara. Tug nampa béja, si Nia ngadahup ka..Rusdi.

SUSNA DUANJRIT

Kénging Deni Riaddy
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2013 15:46:01

Lain sulap lain sihir. Jaman uing keur jaya mah, ngaleungitkeun nyawa téh perkara gampang kacida. Sim salabim! Les! Leungit nyawa sakabéh jalma. Jeung ragana éta téh. Ngan nyakitu, carita jaman uing keur jaya pan éta mah. Enya basa uing masih kénéh muntang kana pangkat. Saha jalmana nu wani ngageunggeureuhkeun atuh. Pan uing nu ngamankeun nagara tina sagala rupa nu sipatna rék ngaruntagkeun kakawasaan téh. Téroris. Koruptor. Musuh politik. Mahasiswa bantangul oge pernah ngasaan saré di kantor uing. Dalah persidén sorangan gé sakitu rengkuhna mun paamprok téh. Kitu sotéh jaman uing keur jaya. Kiwari. Uing masih kénéh sakti. Yakin. Tadi gé aya nu ti kajaksaan, kahakiman jeung pulisi daratang ka imah rék néwak uing sangkan bisa diasupkeun kapangberokan. Cenah uing téh koruptor. Ditingker ku ratusan jalma. Uing ngan ngalungkeun “shuriken”. Uing leungit. Ilang tanpa karana. Uing téa atuh rajana pulisi, keur jaya mah. Susna Duanjrit, ngaran kuring.

Katerangan:
Shuriken=black powder, smoke bomb, mesiu, atawa haseup hideung, pakakas ninja pikeun ngaleungit.

NGAMANDIAN MUNDING

Kénging Utami Lokayanti
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2013 14:31:39

Su Emen miliuan di ajar Paket B. Manehna ka beurangan datangna ...Guru Emen kamana heula atuh wayah kieu mani karek datang cenah ..Emen duh pak atuda abdi mah seueur uruseun, munding. Kedah ku abdi wae .. Teu tiasa ku sasaha Guru.. Cing atuh Emen ku Bapa maneh we heula gantian ambeh teu kabeurangan, Emen teu tiasa pak kedah ku abdi wae unggal dinten mangkaning satilu-tilu, Guru Olohok haaaahhh Bisa kitu...!!! Tiasa atuh pak pira ngamandian munding tembal Emen tenang . Guru na teu nyambung nya ceuk pikirna bari nepakan tarang .

IMAH PAMUNGKAS

Kénging Wingo Awing
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2013 13:41:49

Kang Arnasan, salah saurang ahli wangunan. Alatan jasa manéhna pausahaan kuring maju. “Jang Mandor Akang rék pangsiun hayang reureuh!” ceuk kang Arnasan.
”Euleuh-euleuh ari Akang!” témbal kuring pondok ngarasa hanjelu, sabab baris kaleungitan salah sahiji ahli wangunan anu dipiboga dina tim pausahaan.
"Heug, kuring rék ngijinan anjeun pangsiun, ngan wayahna kudu nyieun hiji deui imah." Gunakeun sakabéh bahan anu pang'alus-alusna!" témbal kuring, minangka paménta anu pamungkas.
Rebun-rebun kénéh, Arnasan mitembeyan digawé. Dibantu ku anak lalaki panggedéna.
Alatan tanaga geus kolot sakalieun nakol paku gé mindeng nyolédat.
Masangkeun palang gigir, réyod. Kedul. Kalékéd. Bedegong, ngagunakeun bahan-bahan anu basajan!
Manéhna asal-asalan milih cara anu goréng pikeun mungkas pakasabana.
Waktu imah éta réngsé. Kuring datang pikeun mariksa.
"Ieu téh imah anjeun, hadiah ti kuring pikeun anjeun!" ceuk kuring bari nyekel tak-tak kang Arnasan
Rumpuyuk... Arnasan nyu'uh dina lebah tu'ur kuring, sirahna ngageter, Ciponona rembes ti'is, maseuhan bitis kuring.

MAYDAY

Kénging Herdy Pranadinata
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2013 13:40:16

Rebun-rebun. Abringan jalma nanjak dina jalan satapak. Ngahégak. Rénghap patémbalan ngabseuhan bekel na aisan. “Asa ripuh nya poé ieu mah,” Mak Iyem ngagerendeng. Taya nu némbalan. Kabeh anteng jeung lamunan séwang-séwangan. ”Gura-giru geus euweuh deui waktu,” Juragan Mandor ngajorowok. Kedepruk. Léngkah beuki ngagancangan. Pacul, congkrang jeung carangka diaradu patémbalan.”Hirup teu hurip, kaheurap peurih kahirupan,” Aki Soma humandeuar. Anjog ka tegalan. Maranehna ngabaris pasrah siga nu rék ditakonan. “Regepkeun, Juragan Ageung poé ieu rék méré hadiah,” Kang Mandor mimitian biantara. Curinghak. Sirah-sirah nu ngeluk tanggah babarengan. “Naon tah hadiahna, boa-boa,” kabeh tingharewos. “Geus-geus tong ribut,” Juragan Mandor ngahulag. Simpé. Tarungkul deui,neuteup ciibun nu alum na tungung daun. “Hadiahna pohara gedé,” naon saratna Juragan, Nini Iyem lahlahan motong carita. Mureleng. Juragan Mandor neruskeun deui cumarita.“Saratna gampang, diantara aranjeun nu rumasa pangkolotna kudu réla nyebakeun nyawa,”. Jep. Teu lila Nini Iyem jeung Aki Soma tinggal ngaranna.

PAKEPUK

Kénging Rita Rosita
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2013 13:11:17

Imah jiga kapal pecah. Seuseuheun patalamru. Kumbaheun patulayah. Lanté kesed lila teu dipél. Setrés, hayang ngahinghing ceurik.

Isuk kénéh, salaki kasébréd, da anteung kana berita na tv, teu eungeuh kaayaan. Budak kasentak, hésé hudang, geus kebluk mandi gé talangké pisan. Megat tukang sangu konéng langganan, peré teu dagang. Atuh kaprak keprek nyiapkeun sarapan. Karasa ripuhna bi Iti teu datang téh.

“ Ari bi Iti kamana?” Salaki nanya. “ Duka atuh da tos saminggu teu datang!” Témbal kuring. “Paluruh atuh!” Ceuk salaki. “ Enya badé!” Kuring némbal , biwir jamedud bari anteng ngumbah piring.

“ Teu kedah émosi , tuh karunya barudak caraméot, mamah geus ngambek téh. Ayeuna mah urang kerja bakti wé lah!!” Ceuk salaki nu keur ngepél bari noél bujur. Kuring ukur ngadelék. Na pok téh ngomong deui “ Sakali deui Mah ngadelékna, séksi. Urang bolos yu?” “ Teuing ah!!” Kuring némbal surti kamana kahayangna.

KALEUNGITAN

Kénging Ganjar Kurnia
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2013 13:06:55

KKN geus lekasan. Kabéh mahasiswa pamilon KKN kumpul di bale désa pikeun ngahadiran acara “perpisahan”. Siga biasa, aya sambutan- sambutan, diantarana ti wawakil mahasiswa, kepala désa, ogé ti wawakil anu imahna dijadikeun tempat panganjrekan mahasiswa KKN. Saméméh ngong ogé, wawakil ti anu imahna dijadikeun tempat panganjrekan mahasiswa KKN, katinggali panonna geus baseuh. Barang der pidato, sorana kadéngé dareuda. Dina pidatona manéhna nétélakeun :”………………………waktu kuring ditinggal maot ku indung – bapa, teu aya cimata anu ngeclak saeutik-eutik acan. Tapi ayeuna, sabada sagulung-sagalang jeung mahasiswa KKN, anu sok sanajan ngan ukur dua bulanan, tapi haté kacida sedihna. Ayeuna waé, geus ngarasa kaleungitan…………………kaleungitan béas, kaleungitan hayam, malah tatangga mah, aya anu kaleungitan anak parawanna sagala…………………..”

JIMAT

Kénging Anda Suwanda
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2013 12:59:18

Karérét ku juru panon, nu kasép Si Bungsu keur anteng nyorangan, dibaturan ku cocooan nu pabalatak. Sakapeung leungeunna ngabuntang-banting rorobotan. Bosen. Gap deui kana momobilan. Sadua-dua kénca-katuhu. Huang-héong disoraan.. dipungkas ku ditabrak-tabrakeun. “Jelegér…jeleger…”
Nyéh, kuring imut asa kagugu kacombo. Titél jadi saurang bapa tétéla geus ngarobah kuring nu saujratna. Méré lolongkrang jeung kasempetan pikeun mukaan deui lalakon, salembar demi salembar tina kahirupan baheula. Ngudar mangsa keur budak; nepi ka siga kiwari nu baheula didama-dama, kaimpi-impi.
Di tepas, Si Geulis, budak nu panengah gégeréwékan pédah keur anteng anjang-anjang, diranjah ku nu bangbang si cikal.
“Apa…. Apa… Si Aa ngaganggu waé..!!!” bari maledogan lanceukna. Nu dibaledog ngadon ngahajakeun, tambah kanceuh. Bangun suka kacida. Ngéngklak. Antukna pacéntal-céntal, ger silih timbul, sagala dibabétkeun, dipangpéngkeun… dbaledogkeun. Perang campuh.
Si Cikal haririringan, sugema nempo adina andiprek ngalungsar bari ceurik kanyeyerian.
Ukur dipaésan imut kuring, “kurang ragot, ah..?!?”***

DONGÉNG NU NGADONGÉNG

Kénging Gaus Firdaus
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2013 12:46:47

Bru suluh pangpung satangkeupan, meunang mulung ti sisi leuweung, ditambrukeun di pipireun imah nu nenggang di mumunggang. Budak leutik nu salawasna ngingiclik. Muringis. Nyekelan beuteung nu peujitna pupurilitan. “Enin… lapaaar…!” Teu werat ngajawab, paménta incuna nu teu kaitung. Neuteup deudeuh. Gap ‘na karémbong urut ngais suluh. Dibulat-beulit ‘na cangkéngna. Reketek tungtung jeung tungtungna dicangreudkeun. Goloyoh ka dapur. Nyokot téko jeung cangkir. “Bageur, eueut sing seueur, wareg!”
Nyedek ka peuting, “Enin… lapaaar…! Budak. Leguk nginun deui saloba-lobana. Nepi ka bunghak. Engap. Enin, geus sababraha kali, murekeun karémbong nu meungkeut beuteungna. Nepi ka hésé ngarénghap. “Bobokeun wé! Yu, bari ngadongéng!” Budak unggeuk. Diparéndé. “Dongéng naon, Enin?” Derekdek ngadongéng, “Aya hiji budak, kuat nahan lapar…” Carita can tamat. Duanana kaburu tibra. Ti hatita nepi ka kiwari, teu kacaturkeun deui, mulung suluh pangpung di sisi leuweung.***

PADU NANYA

Kénging Jun Juanda
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2013 12:33:34

Kamari mah di sakola, kakeuheul téh asa datang murugul. “Leungit hapé euy” cek kuring rada ngaheruk di ruang guru. Pating celengkeung tatéh naranya : “Muragna di mana ?” Tadi neundeunna di mana ? Leungitna di mana ? Aya nu nyokot ?” Teu dijawab. Keuheul. “Dasar lieur. Heupan ngaranna ogé leungit. Poho neunden atawa murag teu sadar atawa aya nu nyokot teu kanyahoan saha, éta ngaranna leungit. Mun inget neundeunna di mana atawa sadar muragna di mana atawa kanyahoan nu nyokotna saha meureun moal aya kajadian leungit.” Kuring kukulutus na jero haté. “Padahal mah sakaliaan wé nanya téh” : ‘Inget-inget, méméh leungit aya teu ?’ Kuring ngageremet.

GEUS PAHEUT JEUNG MANÉHNA

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2013 12:15:20

Sadetik asa sajam, samenit asa sapoé, sapoé asa sabulan, sabulan asa sataun, jeung saterusna. Kitu pada umumna nu karasa ku jalma nu keur nungguan. Galib!
Tapi pikeun kuring mah, kalahka betah nu aya, rék nungguan lila sumawona sakeudeung, da niat nungguanna sok diémbohan. Malahmandar bisa leuwih mucekil hasilna.
Kos ayeuna pisan kuring nungguan giliran, karasana ukur sakedét netra. Enya nungguan manéhna nu rék nganteur mulang, babarengan nyungsi padang panjang narawangan.

DONGÉNG PIEUNTEUNGEUN

Kénging Remi Purwaka Sadkar
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2013 11:58:10

Tikawit website jadi kantor. Pipih langki pisan ka luar bumi. Mimih gé, kitu! Nurutan. Dagang kiripikna cekap dina grup FB. Saban beurang, saban peuting. Teu reureuh bisnis. Hareupeun monitor. Hiji wengi. Ti loténg, Pipih ngagorowok, "Miiih, ngalas! Pipih lapar!" saurna. Teu aya nu ngawaler. Abdi cengkat. "Sakedap, pambeng!" Karérét inbok Mimih ka pipih. Badé noél téh teu janten. Malih jadi reuwas! Da éta Mimih ngalebetkeun sangu sapiring kana inbok. Énjingna. "Pih, Mih! Tomi sareng Tétéh mios, sakola!" Nga-inbok. Di sakola. Tomi kasohor jago komputer. Kapan sering ngajar di kelas Tétéh ogé. Harita, uih sakola. Di lapang baskét. "Tom! Jajapkeun heula Tétéh!" Nguping kitu, Tomi ngaluarkeun tablétna. Login facebook. Abdi diinbokkeun ka Pipih. Tapi, inbok téh teu aya nu muka. Kabujeng wé Bu Ati, wali kelas Tomi, nyauran. Ngawartosan, Pipih pupus. Login. Tomi ngintun smiley nangis ka Mimih. Da nyolatan sareng ngurebkeun gé, badé via online. Tétéh mah mung tiasa nangis...

GALAU

Kénging Ai Halimah
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2013 11:44:25

Guntreng tiluan. Puguh batur mah geus narepi ka alam impian.
"Ratna mah nepi ka gering, kagegeloan. Beurang kabayang, peuting kaimpikeun. Turug - turug salaki acuh, bororaah romantis."
Kade bae Rat, sing eling bisi nyandang wirang. Kabeh ge pasti ngalaman, ngan aya nu di umbar aya nu henteu. Cucu mah salamet, geus liwat"
"Ayi mah acan ceu, moal malah. Salaki karasa nyaahna, romantisna, malah bieu ge nga sms kade hilap eueut vitamin,miss you cenah" kuring bari ngeluk.
Ngolebat na implengan, Ka Sandi.babaturan sakola. Cinta munggaran. Nu ayeuna tepung deui na fesbuk. Remen silih gonjak, silih komen mun bareng onlen. Malah sok chating ngadon ngawawaas mangsa lawas.
Hp ngageter. Breh sms. Ka Sandi. Belenyeh imut sorangan. "Ay, nuju di Bandung nya? Hayu cuang tepang" Can di bales.jajantung kalah ratug. Sms deui. "Ay, aka sono geulis, diantos enjing"
kolebat salaki, neuteup geugeut.
Breh, Sandi gugupay bari imut.
Renghap ngadadak eungap. 'Cinta munggaran' dumalingding matak peurih

NYERI HUNTU

Kénging Irman N Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2013 10:43:34

Ngagolér, ngadapang, ngudupung, nonggéng bari dua leungeunna nyekelan pipi. "Yés... no... oh yés... oh no... yés deui siah!" humarurung pikawatireun. Embung diajak ngobrol ku sasaha ogé, sakalian aya nu ngadeukeutan, panonna muncereng galak. Romanna beuki pias jiga salju nu narapel dina témbok kastil. Irlandia geus saminggu aman tina rajapati.
"Halik siah nyingkah! Ulah deukeut ka aing bisi diuyup getih sia... aduuuuh!!!" ceuk nu nyeri huntu waktu dideukeutan ku badégana. Nu disentak langsung mangprét. Tipaparétot kaluar ti kastil bari nyekelan beuheungna sorangan. "Untung Juragan Drakula geringna ripuh, didu'akeun sing punglak tah sihungna," sabot lumpat manéhna nyempetkeun ngadu'a.

ASIH NU TEU KEDAL

Kénging Jonny Taurus
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2013 10:27:21

Rébuan pananya mangkak na haté, naha nepi ka kiwari teu méré kapastian, jiga nu teu ngarti kana sagala isarah kuring nu micinta anjeun sagemblengna. Reureujeungan salila ieu na teu cukup keur ngabuktikeun kaasih kuring? Asih jeung kanyaah nu moal laas ku waktu. Sabaraha puluh kali kuring nanya naha rasa anjeun sarua jiga kuring? Nu teu weléh kingkin hayang ngajadikeun anjeun beulahan hate kuring. Ukur imut jeung tungkul, atawa pageuhna réma anjeun na ramo kuring, nu ngajadikeun haté ngageleter bungah.

Dina bangku taman wanci haneut moyan, kuring ngalamunkeun anjeun, dibarengan perawat nu ngasupkeun vitamin C, B kompleks jeung vitamin C tina selang infus, ngarah sirosis jeung ascites na awak stabil keur ngawatesan asupan natrium.

Reuwas, ningal anjeun na korsi roda didorong ku perawat, sarua anjeun gé make pakean pulas héjo sahéab, bari leungeun diinfus. Anjeun angger imut, bari ngaharéwos laun. Teu kaampeuh cimata nyangkrung na kongkolak panon, dua leungeun pataréma pageuh.

Di dieu di urang patepung di juru taman Rumah Peristirahatan Penderita Kanken Hati.

TEU DAEK CAGEUR

Kénging Asep Badruzaman
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2013 09:29:57

Baheula dina hiji mangsa kuring jeung babaturan ngaji sanggeus beres ngaji kira2 wanci sareureuh budak sok diajar jurus tapi sok ngamat pendekar2 anu geus maraot seperti Andi jago tutugan, Jurus cikarat, jurus Cimande, Jurus Tajimalela Jrd nu bisa di amat ,nah giliran kuring dieusian ku eta pelatih teu daek asup wae eta arwah ka awak kuring da kuring mah teu bisa ngosongkeun hate, Sep kosongkeun atuh hatena! ceuk pelatih bari semu kesel , ngan kuring ngarasa karunya ka pelatih antukna kuring sigep masang jurus nyerang sakur kanu aya bari ngagerem, wah etamah nyaringrayna kasarisi padahal hate mah seuri da bobodoan , beuki hayang seuri deui ninggali pelatih pias wajahna sabab kuring teu bisa dicageurkeun....

BAJU HIDEUNG

Kénging Firda Aulia
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2013 09:04:08

"Tingali uing mah lucu, dipakêna gê ka tempat-tempat kariaan. Nambah geulis nu makêna" baju marun agul bari teu welêh ngalêlêwe nu sêjên.
Baju hideung ukur ngaheruk, ti mimiti dibawa ti toko ukur tunggu lomari. Rajeun dipakê ngalayad nu maot atawa milu ngurebkeun. Milu karagragan cimata.

Hiji mangsa, baju hideung leungiteun si marun. Ti saprak dipakê minggu kamari can asup deui kana lomari. Ka unggal baju ditatanyakeun, ahirna kaos konêng ngabêjaan yên si marun dipiceun sabab kamuntahan minuman basa di hajatan.
Baju hideung ngahuleng sajongjonan. Manêhna ngarasa jadi baju nu pang untungna, pang awêtna diantara nu sêjên. Panglilana nyicingan lomari, teu jiga nu sêjên. Paling lila dua-tilu taun. Satuluyna teu asup deui kana lomari, mun lain belêl, soêh, kamuntahan atawa geus boseneun nu bogana.

Baju hideung ayeuna mah tingtrim cicing di juru lomari.

KULAWARGA

Kénging Toni Lesmana
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2013 09:01:58

Panto muka. Taya sasaha. Uluksalam teu kaitung. Ngetrok puluhan kali. Bél. Taya nu némbal. Abong gedong sigrong. Katénjo parabot nu hurung-hérang. Rohang lega kacida. Tapi na di mana pangeusina. Kotéténg. Garasi sarua muka. Mobil aya tiluna. Ngagarenclang. Hayang ngaléos mulang deui mun teu inget kana amanat nu kudu dipasrahkeun. “Pangmikeunkeun ieu map! Penting!” kitu ceuk dunungan bari méré alamat. Maénya kudu diteundeun lebah panto mah. Teu sopan meureun. Pimanaeun balukarna. Lila ngajejentul bari nangkeup map. Aya nu ngaronghéap di jero imah. Bungah. Uluksalam deui. Taya nu némbal kénéh. Kapireng aya nu tinggerendeng. Kagok. Rék diketrok deui siah. Srog nu boga imah. Sakulawarga. Garinding kacida. “Yeuh!” cek nu lalaki bari menerkeun dasi. Duit salambar. Lima rébu. Bingung. “ieu! Kalah ngahuleng!” cenah semu nyentak. Kapaksa ditampanan. Song, masrahkeun map. “Teu kudu ditulis! Rusuh!” Map ditampik. Curukna nunjuk panto pager. Ngusir. Sakulawarga tinglaléos arasup kana mobil. Gerung. Dina dada aya nu gegerungan.

PLÉBOY AMATIR

Kénging Achiel Syam
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2013 08:33:20

"Heloo, Assalamualaikum".
"Waalaikumsalam".
"Akang ayeuna dimana, di Kosan?".
"Uhun, éh sanés, di Kampus !". (satukangeunnana sada nu nyikikik centil )
"Oh panginten téh di Kosan, ari éta saha di pengker aya soanten istri?".
"Eu..oh éta, rencang keur maca sms ti kabogohna".
"Pami di Kampus mah, Abdi ka dinya atuh nya kang?".
"Ulah néng, Akang masih aya pakuliahan, aya nu penting milari Akang?".
“Ada ajah, suprais dong, éh geuning aya nu pating kecewis di kamar Akang, sanés Akang nuju di Kampus?".
Sakedapan, kolotrék sada konci dibuka, lol hiji wanoja kaluar, leungeunna pakupis memener rambut jeung erokna. "Siet, beg, braaak". Wanoja nu buru-buru kaluar ti kamar nubruk Si Enéng, kuéh ulang taun nu ditanggeuy Si Enéng nambru na ubin. Si Wanoja kagét. " Kristin !". Si Enéng leuwih kagét. Berebet Kristin lumpat ninggalkeun Si Enéng nu colohok, panto kamar molongo, di jero kamar Si Akang samar cabak mémérés sepré nu acak-acakan.

DIBAYAR WAKTU

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2013 08:27:37

Éinstéin jeung Bohr, sawala. Dua élmuwan, nu ngokolakeun waktu. Sanggeus dua bulan, sapuk nyieun IC nu dipelak dina leungeun jelema. Gunana jang nambahkeun waktu hirup saban ngalakukeun kahadéan. Hiji kahadéan, nambah umur dua menit. Sabalikna, lamun ngalakukeun nirca, dikurangan samenit. Dipelakna kalawan lantip. Samalah, nyahoeunana sanggeus IC-na dihurungkeun. Nyitak angka, nu katara dina dampal leungeun, minangka sésa umur (Nyitakna kieu 20:6:16:5:59. Itunganana, taun, bulan, poé, jam, menit). Jelema sakolong langit, obyag. Jaradi soson-soson nyarieun kahadéan. Nerekab ka madhab papat. Kajahatan dina waktu nu samporét, ngurangan. Loba jéger ngadadak insap. Mafia hukum, pajak jeung narkoba, tarobat. Komo koruptor. Teu sirikna paheula-heula malikkeun harta rahayat. Rampog jadug, ngagukguk. Tukang tipu, haranjelu. Sanggeus walatra sakabéh jalma kabagéan, IC-na diapgréd. Tina sérver pusat, ditambahan program anti ngabohong. Dihiji Nagri, Pajabat, Aleg jeung Caleg ampir tumpur. Ngan tinggal sababaraha urang nu masih jumeneng.

TEU KU HANTEU

Kénging Usman Ali M
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2013 08:16:06

"Cing atuh Jang miceun runtah téh kana wadahna !" nu digeunggeureuhkeun ngadon melong beungeut, ngaléos.
Rarasaan, asa gawé capé teu kapaké, karék disapukeun, geus barala deui, bungkus jajanan pabalatak. Kadang mah sok ngarasula, ngan gancang nyadar, ngarumasakeun manéh, pira tamatan SD, aya nu haat méré gawéan ogé, geus Alhamdulillah.
Runtah nu pabalatak, dipulungan deui, diasupkeun kana tong.
Untungna barudak geus hideng, asup kelas mah sapatu sok dilaan diluar, ngurangan kacapé, teu ngepél téras dua kali.
"Mang, cing pang ninyuhkeun cikopi, anteurkeun ka kelas nya !" kuring unggeuk rada tungkul, ninggali nu mareuman kuntung maké sapatu, dina ubin.

DARURAT

Kénging Taufik Faturohman
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2013 07:15:51

Manehna rurat reret kana laci, da rarasaan asa aya hiji deui. Tapi lebeng, teu kapanggih. Leng ngahuleng. Kakara inget, nu pamungkas teh apan dipake malem Jumaah kamari. Jorojoy aya ide, rek dibulen ku pita kaset, da sarua warnana, soklat. Terus ngadudut kaset heubeul, dibulenkeun bari dielemean. Rapih. Manehna nyerengeh. Ngan isukna, waktu pamajikanana ka cai, pita kaset teh tinggaleun bari pajeujeut. Barang didudut, ngong aya nu nyanyi: "Teganya teganya teganya teganya ..." cenah. Horeng kaset Megie Z anu dipake kondom darurat teh.

LAIN KAHAYANG

Kénging Tatin Sardjiman
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2013 06:49:06

"Bibi, pang bejakeun ka dunungan didinya! Aya Ucu kituh ka imah, bejakeun teu hayangeun Ucu jadi janda, ngan Gusti Allah nu ngersakeunnana. Bejakeun, enya gen Ucu janda, moal adek ngarebut salaki batur, komo deui salaki sobat, teu kudu ngajauhan bari ambek ka Ucu kituh. Omat Bibi, bejakeun kitu ka dunungan didinya! "
Gejlig kaluar ti imah anu biasa dipake ulinan ku kuring jeung si jenat baheula. Imah nu jadi saksi kumaha pogotna sosobatan dua kulawarga, na ayeuna saenggeusna, sobat dalit teh bet ngajauhan. Apal tadi teh manehna aya di imah. Katinggali ngajorelat basa kuring datang. Katinggali si Bibi hareugeueun da puguh ngabohong. Enya salakina kamarina wakca neundeun rasa, tapi da ditolak sapada harita, malah diseukseukan... Duh Gusti, komo batur, geuning sobat dalit gen jadi sieuneun ku kuring, Inalillahi wainnailaihi roji'un, Allahhumma ajurni fi mushibati wakhlufli khoerun minha... Aamiin...

KATEMPUHAN

Kénging Setiabudhi Budi
Dipidangkeun dina lapak 01 Méi 2013 06:43:26

Wanci haneut moyan, kuring geus campego pinggir hawangan. Ngararasakeun sinar giwangkara ngahaneutan tonggong. Kamari mah sapopoe jeput hujan teh taya eureuna.
Boro-boro bisa moyan, nu puguh mah cuh cih jeung pamajikan ka ditu ka dieu mindah-mindahkeun barudak, sabab imah kabanjiran.
Keur ngeunah-ngeunahna moyan ana lung slep teh kana sungut tali laso nyangreud pageuh.
“Beunang euy…! Beunang …!” Pating corowok. Kuring adug lajer satekah polah hayang leupas tina tali nu nyangreud pageuh kana sungut. Lung slep, ret … tali laso nyangreud deui kana buntut. Kuring teu bisa ojah ditarik ti ditu ti dieu.
“Belek, euy…! Belek…! Nu ting corowok kadenge deui. Geresel beuteung kuring diturih. Burial eusi peujit jeung getih kalaluar tina beuteung. Peurih.
“Hah…geuning euweuh bangsa urangan ieu mah….”
“Wah….salah newak euy…! Lain buhaya ieu…”
“Kumaha atuh…? Mangkaning geus paeh…!”
“Geus…geus…hayu urang kalabur bisi ditewak ku Pulisi…” Berebet-berebet eta cakcak-cakcak teh lalumpatan ninggalkeun jasad kuring nu teu walakaya….