Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 01 Fébruari 2013 (53 Naskah)


KATIPU

Kénging Ki Denkur
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 23:36:57

Manawi téh leres badé mikahéman. Geuning sulaya tina carita. Ngabéngbéaos indit pamit. Teu basa teu carita. Ukur tapakna nu teu ilang. Jeung si utun nu keur dikandung. Nyai ceurik balilihan. Nyambat-nyambat akang sorangan. Luluasan taya rasrasan. Teu terang, naon nu jadi margalantaran. Hiliwir angin peuting. Mawa tingtrim kanu jumerit. Gubrag jabang bayi gumelar. Jaregjeg jadi Arjuna. Siettt belesat..jamparing nutug leuwih. Nyeceb na hiji mahluk. Batu hideung jirim manusa. Mancawura getih bodas. Jangélék jadi manusa. Nyuuh. Sanuk-sanuk ménta hampura. Teu kebat cacarita. Brus bres congo jamparing kana tonggong jeung sirahna. Perlaya sapada harita. Jelegur gunung wayang bitu. Haseupna ngelun ka janapria. Angkeub alam jagat. Tungkeb. Ceukeukeuk sora ci Cepot. “Cing ah, wangsit siliwangi wanda jaipong,” pokna. Réngkénék ngigel nuturkeun wirahma gamelan. Geuleuyeung Cép Diding jeung Nyi Saodah. Mawa kulub suuk, pindang bandeng, peuteuy jeung udud sabungkus keur meper pimitohaeun. “Nuhun nya Kang,” ceuk Nyi Saodah dikaléng ku salakina.

CHATING

Kénging Dedi Pakot
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 23:22:25

Klik “Room Bangladésh”, kuring asup. Teu pati loba nu énter téh, ngan dua id, Sameer jeung Mahmoud. “Can i join with you all?” cekéng téh rada babalagaan saeutik. Samenit-dua menit euweuh nu ngajawab. Kuring ngetik deui, ganti tulisan “Ame ki tomader sathe join korte pari ?” ngahaja maké basa maranehanana. Samenit-dua menit angger teu ngajarawab. Kuring ngetik deui “Garoblog sugan hah,,???” cekéng téh. “Huss,,!!! Teu kenging kitu, kang.” Ceuk Mahmoud.

AHIR CIMATA

Kénging Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 23:21:27

Cimata nu maseuhan sajadah saban subuh ngajadi saksi. Rasa nu katideresa sulaya. Peurih. Nyeuitan pikir. Ayeuna geus tilu subuh. Sajadah ukur beueus ku ciibun. Cimata nu biasa, taya deui maseuhan. Milu kakubur gunukan taneuh beureum.

TUMBAL WANGUNAN

Kénging Asep Rachmat
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 22:51:25

"Hasil tina gempungan téa, tugas pikeun manéh, Imron!" Ceuk Mandor Agus. Rét kana tihang utama nu haben rubuh.
"Tapi Pa, naha teu tiasa upami digentos ku syarat nu sanés?"
Mandor Agus gideug, tuluy ngaléos muru kantor proyék. Imron nuturkeun. Ceklék muka berangkas.
"Sa-ém, keur sahulu, sanggup?" Mandor Agus ngabébér-bébér salambar cék. Imron ngajenghok ningali angka nu katulis lain saeutik. Syétan ngadak-ngadak rongkah ngalékéték haténa. Imron unggeuk.

Peuting nyilihan wanci. Lampu témbak nyaangan lahan proyék. Di sagédéngeun tihang anyar, Imron uleng mikiran kajadian tadi beurang. Hiji raga ngabanusan diurugan semén cor. Ampun Gusti! Imron nungkupan beungeut. Dirina rumasa kaleungitan rasa kamanusaan.

"Imron, sayah rék néangan heula si cikal bisi keur ulin di babaturanana, wayah kieu can balik ka imah." Ceuk Mandor Agus bari gura-giru asup kana mobilna. Mobil laju meulah jalan jeung belegbegna peuting, dianteur ku gerentesna haté Imron. Hampura Pa, budak nu ku anjeun ditéangan hamo kapanggih deui.

GULUDUG

Kénging Dedi Pakot
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 22:42:40

Cetrék, power tipi dihurungkeun. Gambarna kaciri ririakan, loba sireuman. Beuki lila, beuki teu jelas.
“Baranyayyy,, Jelegérrr.. !!!, Buricak..!!”
Kakara inget deui kuring geus aya di ruangan IGD.
“Naon anu bau hangit ieu téh..?” cekéng teh bari ngarampaan sirah.

UYAH

Kénging Kang IsMaya
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 22:33:15

Abong Uyah! Meni sagala namper, ti rupa tepi ka dedeg-pangadeg henteu kapiceun sasieur. Kapiasem. Nalika ngawanohkeun hiji wanoja ka dirina. Dasar Uyah. Sarua Asin. Pilihan cinta teh ku meni sarengkak-polah nyeples dirina.
Abong Uyah! Tekad tur cita-cita rosa ngagalura lambak jaladri, ngeleterkeun kahariwang nu buni disumputkeun dina imut srangengena. Nu diteuteup keur ngadekul kana liwet, lalawuhna peuteuy jeung sambel ledok meni ngalimed. Beu. Aya ku sakaresep nya, Gusti! Rengse dahar nu diteuteup nyampeurkeun dirina. “Teu kedah hariwang da sanes bade perang sapertos Abah di Gunung Geber, Agat mah mung ukur ngajagi nu patelak sangkan damai di Kongo, muhun Nenah tos kersaeun ngarencangan Ambu!” bari celengok nyium taarna. Dasar Uyah. Nu ngeumbeung na panona teu kabendung ngalembereh mapay pipina.

LLAMBEY

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 22:21:09

lebah ambucuyna lambey salira, aya kasimpé mépéndé haté

SABA'DA ISYA

Kénging Dodi Rohyadi
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 22:05:59

Kaluar ti masigit, kuring ngarandeg. Kacapanon dilaan. Dielap ku tungtung baju. Tuluy dipaké deui. Tetempoan angger teu robah. Ti luhur, cahaya ngeprul tingkaretip-tinggurilap. Ngalieuk ka belah lebak. Kekebul ngainten. Ngarambang ‘na luhur cai kulah. Tingburilak. Tapi naha? Batur mah asa haré-haré. Kalaluar ti masigit, maraké sendal, langsung ngagaridig. Teu narempoeun kitu!? “Ah! Boa...” Ras inget kajadian ba’da maghrib. Keur wiridan tasbéh ujug-ujug pegat. “Beu! Ieu mah.” Gancang kuring balik. Gura-giru. Nepi ka imah, teu uluk salam. Jeblag panto dibukakeun. Pamajikan nu keur nilepan mukena ngarénjag. Bus asup.“Alhamdulillaaa...h” satengah lumpat muru pamajikan nu keur olohok. Tuluy ditangkeup. Rét kana meja. Dua ranggeuyan tasbéh ngagalolér. Gigireunna, siki tasbéh nu geus barubuk. Kuring cengkat. merong raray pamajikan. Manéhna imut madu. Bari mikeun sajadah, pok nyarita “Ieu sajadah nu rarawing tos dikaputan, kantun nu barolongna. Mangga ku akang pangnambalkeun.”

PANGKAT SUPIR

Kénging Sang Guriang
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 21:43:24

Bari nyarandé, kana bantal. Pikiran, kumalayang. Ras, ku nasib diri. Saprak pepegatan, jeung kang iman. Alatan manéhna, kawin deui. Can aya, nu ngeusian haté. Lain, ku harta. Dunya mah, kuring gé boga. Mr James, pagawé konsulat. kungsi ngalamar. Pa Himawan, pengusaha kayu. Ogé kungsi, neundeun harepan. Tapi haté, teu méréan. Siéun kajadian, siga kang iman. Pédah pangrasa, boga harta. Awéwé, di beuli ku dunya. Antukna, kuring nyorangan. Bari di baturan, ku kang udin jeung bi eha. Kang udin, supir satia. Ti parawan kénéh, purah nganteur kuliah. Umurna béda lima taun, jeung kuring. Ari bi éha, bibina kang udin. Babantu masak, sakalian nganteur budak sakola. Da apét ka manéhna. Kabeneran, budak ngan hiji. SD kelas dua, ayeuna téh. Cukup, sakitu gé. Asa boga, kaluarga.
''Mah, palih ditu bobona. Papah di mana, atuh?'' Ceuk salaki, bari noél gado. Kuring, karék sadar. Rét, ka lalaki gigireun. Belenyeh, kuring imut.
''Da mani lami, kajamban téh'' Témbal kuring, bari ngaléndotan. Poho, puguh. Kuring, geus kawin deui. Karék tilu bulan, meureun. Pédah manéhna, bageur ka budak. Satia, ngadagoan kuring. Cenah cintana, geus aya ti baheula. Ngaranna, kang udin. Supir kuring téa, geuningan.

CIMATA BUDAK JEUNG PAMAJIKAN

Kénging Aming T Firdaus
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 21:22:01

Geus mulan malen teu apal, pacabakan Dunungan. Unggal isuk ukur mangumahkeun mobilna jeung cekelan Kuring paranti nganteur juragan istri ka Pasa, Barudaknamah tiluanana ngarumah sorangan.
"Mang! Isukmah sare didieu kuring ka Bogor Heula ?" ceuk juragan pameugeut.
"Sadayana Gan ?" Ceuk Kuring balik nanya.
"Enyaaaa da moal lila" tembal Dunungan.
Isukna Kuring campego harepen Tv di Ruang tamu,
Karek jam sabelas panon mani cepeul hese dibeuntakeun sabaraha kali ngalenyap, kopi masih ngebul.
Aya gambar kuring teu dipiceun sasieur mentas sasak tapi sasakna jelema narangkuban bari gagarawakan ditincakan,
"Astag firullah hal adzim"
Pating gorowok
Panas... Panas... Panas...
Gambar kuring dititah mesekan bawang beureum sagarede tolombong.
"Astag firullah haladzim"
Panas... Panas... Panas...
"Anteurkeun"
Aya nu tiis nyakclak kana beungeut.
Aneh aya gambar budak jeung pamajikan nyeungceurikan.

ÈDNA

Kénging Dewi Ratna Damayanti
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 20:48:41

Geus leuwih ti sajam manèhna nangtung di dinya. Ngahuleng sisi basisir nu ngaguruh, dibarengan gelebugna angin pasosorè. Langit pulas beureum, kawas getihna harita. Ti kajauhan kaciri manuk camar luhureun laut nu hurung. Sorè ieu, ombak tingjelegur leuwih ti sasari, lir amarahna dina hiji waktu. Lila-lila cai laut tepi kana sukuna, kawas ngeueum ragana baheula. Lambak silih udag nyimbeuhan bitisna nu taranjang. Buukna ririaban katebak angin. Kalan-kalan nutupan beungeutna. Tapi manèhna kalah anteng neuteup laut, nènjokeun manusa-manusa biadab. Manèhna, Èdna, ngalèos deui, bari moal aya saurang gè nu bisa nènjo warugana….

FIKSI GARING

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 19:58:48

Hudang saré teu waka cengkat tina dipan. Melong heula hapé nu aya gigireun. Dibukaan smsna. Dibukaan sakabeh kontak nu aya, néangan hiji ngaran nu geus lila euweuh laratannana. Lila-lila kapanggih. Asa-asa. Haté Jadi sabil antara nelepon jeung henteuna. Maksakeun cengkat heula. Indit ka dapur, nyampeurkeun dispénser. Saat geuning caina. Haté Asa beuki tagiwur. Hayang nginum, ngarah teu eungap teuing. Bingung. Haté Beuki sabil, antara nelpon jeung henteu. Kaluar. Meuntas jalan, ka imah kapi adi. Sarua, di manéhna gé keur saat. Karék édék meuli, cenah. Balik deui ka imah. Tikoro mingkin seuseut. Asa-asa kénéh. Rék nelepon sieun teu bijil sora. Bingung. Lahlahan ahirna mah. Gap kana hapé. Dipencét ngaran manéhna. "Maaf, pulsa anda tidak cukup untuk melakukan panggilan." Salamet ogé.

NU NGITUNG BÉNTANG SULINTANG

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 19:58:15

Basa narima gajih, Rasman nyieun rekenan. Gebeg! Kairong pimoalmahieun. Diijir dibulak balik, angger kurang. Dipeureut, geus béak derat. Ngarahuh nyieuhkeun bangbaluh. Bruh bréh suremna lalakon pikahareupeun. “Ripuh jeung ripuh wéh hirup téh” Kumecrék sorangan.

Bruk..! Buku rékenan dibabétkeun. Goréhél kartu bukti undian ti hiji supermarkét gedé némbongan. “Lah Sia! Ukur ngabibira, wungkul” gerentesna. Nyel ambek kartu bukti dijejewét dikekesek, disépak ka paruntahan. Sup ka jero imah. Ngabrangbrangkeun haté, nyetél tipi. Sajongjongan mencrong kabaca dina layar aya béwara nu ngawartakeun, “ Wilujeng kabiruyungan kanggo Bapa Rasman. Panyangking hadiah utama samilyar nomer kartu 9021xxx.” Rasman ngoréjat, muru paruntahan, hanjakal kapiheulaan koléabna angin puyuh.

KALEPASAN

Kénging Hanhan Saja
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 19:55:33

Almenak oyag-oyagan. Katebak angin. Tina érang-érang. Katara langit ceudeum. Hawa bayeungyang. Gurilap kilat jeung sora gelap patutur-tutur. Disusul ku sora bedug magrib jeung ngong adan. Sup ka tajug. Suwung. Nu cikénéh nakol bedug jeung adan teuing ka mana. Bérés solat kapegat hujan. Keur ngahanca Qur'an manéhna nyéréngéh. Imut. Shodaqollohul 'azhiim. Qur'an ditutup. Séah sora hujan nyirep lamunan. Bari ngedeng, manéhna nyéréngéh deui na lalangit paimbaran. Reup panon peureum. Teu karasa. Manéhna ngajak ocon. Hudang-hudang tengah peuting. Jibrug.

NGOBROL JEUNG NU ANYAR DATANG

Kénging Mang Jamal
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 19:01:20

"Saurna anjeun teh Dayang Sumbi?"
"Muhun saurna mah. Tapi abdi teu terang saha ari Dayang Sumbi"
"Naha teu terang? Ti mana kitu kawit?"
"Ti Bali. Persisna mah ti Gianyar. Didamel ku tukang.patung langganan saurna. Nya kamari dugi ka dieu, ka Bandung."
"Ke ari eta salira, tina batu naon?"
"Oh ieu teh di Bali mah disebat batu paras putih."
"Sing betah di dieu nya."

DONGÈNG ISIN

Kénging Nazarudin Azhar
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 18:42:06

Mang Isin ngahiang. Kitu ceuk nu guyur di lembur Cukangkaluman. Rèa nu percaya, lantaran cenah Mang Isin tèh, "Turunan katujuh Ki Darma, karuhun salembur Talun, nu dipendem di tonggoheun Situhieum." Rèa nu percaya lain jalma samanèa. "Seuweu ti Kondangheupeu, rundayan Embah Nyaluntang tukang mileykeun pakarang," ceuk katerangan sèjèn. "Ngèlmu si èta mah," ceuk nu ngaku barayana. Cenah, miwanoh nu teu katèmbong, nyobat jeung nu nariskala. Katambah bisa ngubaran jalma nu kasarumahan. Kungsi aya nu nangènan, maung asup ka buruan, cat ka imah jadi Isin! Kari-kari anak pamajikanana ibur, Mang Isin geus dua poè teu mulang, taya iber, komo datang. Salembur milu nèangan. Ngasruk tepi ka wates Pasir Sembah, leuweung nu teu meunang digadabah lèngkah. Tepung Kemis taya raratan. Mang Isin ngaleungit lir ibun wanci manceran.
Peuting, kacaangan sinar bulan, handapeun tangkal putat, sisi walungan Cimenyan, aya iket jeung kamprét ngagolér jiga gelung. Nyongclo. Na saguncluk tai maung.

SALINGKUH

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 18:40:21

Kalangkang jeung simpé, mimitina tepak toél tukangeun tonggong, lila-lila tepak toél matak burial buncelik mata.

MEDENGHEL

Kénging Kokom Komariah
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 18:34:19

wanci haneut moyan. Langit lènglang taya aling-aling. Katinggali rupa bulao kacida. Haseup bodas nu ting arudat, ngadadak nyaringkah. Angin ngahiliwir milu dzikir. Tatangkalan sabudeureun, ting arendag ngawirahma bangun milu nurutan. Karumpul tarungkul di lapang. Seja mièling kalahiran panutan alam. Maca istighfar, tasbih, tahlil katut solawat . Rèang. Dipimpin ku mama Ajengan, nu kacida ajrihna. Sumèlèkèt kana hatè sumarambah kana bayah. Bruh-brèh sagala dosa. Ngarakacak. Ras kana awak nu jeblog pinuh ku rereged dosa. Keclakna cimata pamugi jadi saksi. Keur anteng kumerep kanu Maha Kawasa, bari pinuh rasa rumasa. Pasrah sadaya-daya. Keleter, HP ngageter. Panasaran bisi aya nu penting. Bray di buka, "Kirim pulsa ayeuna nu lima puluh rèbu, mamah keur dikantor pulisi aya urusan. Gura-giru Ieu nomerna."

PAIT

Kénging Dinka Soemadipradja
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 16:58:51

Aki Enjum keur gering ripuh. Meus-meus kapiuhan.
Nini Ijot hariwangeun pisan, nanya ka si Aki, hoyong naon atuh aki, bilih aya kapalay?
Ceuk aki bari renghap ranjug : mun bisa mah pangnyieunkeun pais e'e .... Si nini reuwas : atuh geuleuh aki, rujit ah!
- ah si nini mah teu karunya ka aki, bisi aki pondok umur, ceuk aki
- .... atuh nini Ijot, geuleuh2 oge kapaksa midamel pamundut aki. Dibungbuan, jahe, babawangan, surawung, salam, sereh sapuratina. Geus asak dihihidan spy tiis, kakara diasongkeun ka aki Enjum. Tah aki pamundut teh! Ceuk si nini.
- Asa'an heula atuh ku nini, ceuk aki.
- Embung ah, gareuleuh teuing! tembal nini.
- Si aki humarurung : Emh, si nini mah teu karunya ka aki, bisi kumaonam ....
- bawaning ku nyaah ka si aki, geuleuh2 ge si nini ngasa'an saciwit, tapi terus nyiduh : ih, geuning pait aki!
- aaahh nini mah, ceuk si aki, nu cageur pait, komo nu gering .... Piceueueun weee ...... Bari terus kapiuhan deui ....

SAKECLAK CIHUJAN

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 16:35:01

Sésa hujan pasosoré. Gumenclang. Katojo Matapoé. Sakeclak. Nyéngcélak. Dina teralis pulas hideung. Ngeteyep. Kagiring humiliwir angin. Saléngkah-saléngkah. Anca. Mapay pudunan mayat sarigsig beusi. Sarénghap-sarénghap. Ngaronghéap. Gumalayun mipir biwir sarigsig. Rengkog. Randeg. Kapegat garinjul tihiyang. Teu pugag. Ngoléséd. Mipir taringgul karaha. Jog, ka tungtung seuseukeut karaha. Kandeg. Tukeur haluan. Pelendung! Salambar-salambar. Gumelendung. Nyupat. Cupatna mingkin péot. Beuteungna tambah ngagayot. Ngaburayot. Clak! Ngeclak. Ragrag ninggang tonggong sireum. Sireum gigibrig. Ngeureuceum. Nyéplak. Kumétap. Dangah. Ranggah. Tumamprak. Nyacapkeun pangdunga.

IMAH

Kénging Arin Sugianto
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 16:19:49

"Euh...! Geuning jadi kieu, imah teh." gerentes kuring.

Meunang hayang, boga imah teh, ngabelaan ngumbara ka nagri deungeun, neangan waragadna ogé. Nyaho kieu mah mending duitna ditabungkeun heula.

Teu tulus muka panto, panasaran aya tapak lalar-liwat, lidig, di gigireun imah. Dipapay, dituturkeun, nya brasna ka panto tukang. Panto rusak, urut dijebol, lalaunan panto dibuka. Pelengseng...! Kaangseu bau hanyir, bau bangké melenghir.

Keteyep, asup lalaunan. Jero imah kotor kacida, loba bungkusan kérések, teuing naon eusina, teu dipalire, nu dituju kamar tengah.

Reg, ereun. Katempo aya nungajepat di tengah imah, kuring ngumpulkeun wawanén nu bieu ngarempod.

Ngeteyep nyapeurkeun, ditilik-tilik geuning ngarenghap keneh, "Euh...! Geuning maneh...! Nyingkah siah, ti imah aing." bari ngagebrag meja.
Nu digebrag tibuburanjat hudang, molotot, "Naha, make ngusir sagala, pan didieu anu tiheula nyicingan imah, hayang ngendong mah, sok wé di kamar ogé kosong keneh." pokna teh, teu kireum-kireum. Abong nugelo...!

BÉYÉ 2

Kénging Abah Na Ambu
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 16:00:58

Sebel! Hayang ceurik lolongséran. Lir ibarat dipopokan podol kebo yeuh beungeut. Aing! Aing! Wiwirang di kolong catang lain sakali dua kali kalakonan. Sok kacipta, musuh aing kumaha suka bungahna nénjo aing titolonjong, hmm! Anyar, can pati laér rarasaan téh. Bawahan aing, nu urang dusun bau-bau acan ku lisung, nyekak-mat pisan. Aing ngadayagdag rumanggieung, lir dipupul bayu. KO! Elektibilitas aing ngagejlok,nyirorot ragrag. Handap asor, soméah, malah aya nu pok pisan nyebut bodo, tapi naha bisa ngéléhkeun? Ayeuna, budak satepak siga nu ngahaja nyonyo'o gado aing. DNS aing der dioprék, atuuuuh gujrud. Si kasebelan téh! Can mikiran paménta pamajikan nu ngarenghik ménta dipangnyieunkeun kawih pikeun bukti cinta aing ka incu nu kakara medal, haruh! Aing satadina hayang jadi peueut, tapi nu ngarasakeun amisna mah batur, hayang jadi jelema anu méré mangpaat ka sabudereunana. Kulit beungeut geus karijut, kopéah kameumeut geus méh logor. "Pangapunten Agan, ayeuna tos dugi ka bandara Robert. Bu Ellen tos ngantosan" sora halimpu pamajikan ngaébatkeun lamunan.

GIRIMIS WANCI SAREUPNA

Kénging Budi Dharsono
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 15:37:39

Cimili, mimiti medal tina juru-juru mata Nisa. Nyawang lalakon hirup ka tukang. Ras ka indung nu geus taya dikieuna. Mungkas hirup alatan nandang wiwirang. Lalaki nu geus ngalantarankeun Nisa medal ka alam dunya. Ngejat teuing ka mana. Fikry nu jadi batur hirup, geus saminggu lunta.Taya warta. Nisa nyegruk nangkeup guguling. Teu wasa, antukna cimili bedah jadi cimata. Ngalémbéréh mapay pipi. Kolébat, raray Bu Maya ngalangkang dina kongkolak matana. Wanoja nu pernah miroséa manéhna mangsa Nisa di és-ém-a. "Aéh, asa kaingetan. Bu Maya! Tulungan abdi!"

Mangsa sariak layung, Nisa miang rumanggieung. Anjog. "Assalamu'alaikum!" kituna teh baru ngetrok-ngetrok panto. Taya nu ngawalon. Méh mulang deui. Rekét sora panto. Muka. Bréh di lawang panto ngajanteng saurang lalaki. "Fikry...?" Nisa ngalieuk. Méh teu percaya. Alam dunya samagaha. Bru, Nisa ngarumpuyuk di buruan imah Bu Maya.

CANGKANG ANDALEMI

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 14:44:58

Keupat badis modél. Gandeuang matak tibelat. Sampulur alus laur. Pakulitan éndah caang. Modél buuk ka ayeunakeun. Teu weléh murulukkeun imut. Nepangan hiji pameget gandang. Nu nyariosna perténtang. Seseg, badis nu ngurus awak jang Binaraga.
“Béib, jalan-jalan yu..!”
Teu loba catur. Silituyun. Arasup kana mobil. Jiga nu geus teu nahan birahi. Nyacapkeun kasono teu nempo tempat. Kawantu hujan keur meujeuhna ngagebrét. Mobil diparkir sisi jalan. Ku rosa jeung pogotna, mani ampul-ampulan. Pada nyérangkeun. Nu ngaraliwat bati gogodeg.
Rérés silitamplokeun ka asih, muru Réstoran. Waktu nungguan tuangeun pesenan, duanana ka Toilét. Arotél paheula-heula. Muru nu aya seratan “GENTLEMEN” dina pantona.

LEUWEUNG GELAP

Kénging Ki Denkur
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 14:13:11

Leuweung gelap. Leuweung sanget. Padumukan jurig jarian.Buta héjo sok némbongan. Kunta kunti sok ngajirim. Tinggandeuang mahluk teu wawuh. Ngabulaéh getih jeung nanah. Pimanaeun kasajaba jalma, ari lain manusa édan. Poék mongkléng sok lain wayah. Beurang jeung peuting taya bédana. Manusa lunta kadinya, balik ukur ngaran. Suku, leungeun, peujit jeung sirah, dileugleug taya sésa. “Teu sieun aing mah,” ceuk Sudira. Buleud patékadan. Rék ngawerejit ingkang kakasih. Euis Ningrum. Bongan sulaya tina carita. Norobos jalan jajahan. Nyingraykeun sarupaning hahalang. Séahh.. angin ngagulibeg. Tinggorosak. Tingpeletok. Teu puguh dengekeuneun. Ngaguruh. Nambah kakeueung. Gaur sora maung. Haleuang tembang ajag tijauhna. Bueuk surili jangkrik jeung caricangkas. Raéng patémbalan. “Heug ku aing ditedunan,” ceuk nu ngageugeuh di dinya. Jengkang.. geleber..clé, Sudira nangkuban na gunukan taneuh beureum. Aya aksara dina tutunggul Euis Ningrum binti H Ali, maot taun 1991.

PLAAAK

Kénging Tatikurniati N
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 14:12:00

Peutingan ka hiji
Biwirna antel na pipi. Kuring nanya “ naon atuh hayang manéh téh?” Tapi manéh cicing. Ngahénén. Teu kecét-kecét.
Peutingan ka dua
Manéh beuki nangkod na awak kuring. Pinuh ku napsu. Bangun nu sieun leupas. Sok lah kuma karep manéh wé. Kuring moal ngambek. Rék dilayanan nepika isuk gé.
Peutingan ka tilu
Deudeuyeun. Manéh terus ngaganggu. Lila-lila mah kuring teu tahan. Ayeuna mah geus nista maja utama. Awak ruksak béak ku manéh. Nya ayeuna mah kapaksa......” PLAAAAAK “......modar siah!

NU MARENGAN SARÈ

Kénging Rita Rosita
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 14:04:36

Hujan ngaririncik tisorè mula. Langit poèk meredong. Sora daun awi nyèah katebak angin. Siga sora dedemit keur ngobrol. Matak maruringkak bulu punduk, nambahan keueung ku cihujan nu ting paralak dina kentèng.
Bada isya. Gancang barudak dititah sarè, sina arasup ka kamarna. Keur mah tiris, atuh barudak tina ting purungkut, teu kungsi lila ngagaluher tibra.
Kara gè rèk reup sarè. Aya nu ngetrokan panto tur gegeroan. “ Peuting peuting teuing balik tèh?”
“Hujan tuda teu raat raat didagoan ti isya kènèh.” Tèmbal salaki.
Ah teu loba catur sup deui ka kamar. Teu lila manèhna gè nuturkeun.
Subuh-subuh kahudangkeun ku nu keketrok na jandèla, bari ngageroan “ Nyi! Nyi! Buka panto!”
Kuniang hudang, laju muka tulak. Lol tèh bapana barudak kara jebul, asup bari ngomong. “ Hampura nyi, peuting teu balik kapegat caah di walungan Cipèlès.”
Kuring reuwas tur hèran.HAAAH!!! Saha atuh nu peuting bareng sarè?

CIRI NU MATRI

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 14:03:25

Asup ka kelas, barudak geus siap dialajar. Réngsé ngadunga, kuring ngamimitian ngajar. Tukeur pikiran. “Barudak, salah sahiji ciri mahluk hirup nyaéta barang dahar. Dumasar kana jenis dahareunana kabagi jadi sabaraha bagian?” Barudak raong aya nu nyebut dua, tilu samalah opat. Panasaran Rasman nu nyebut opat bagian dibéré kasempetan nyarita. Pokna, “Bagianana nyaéta karnivora, herbivora, omnivora jeung..... ” Budak teu kebat, malah culang-cileung. “Hiji deui naon Rasman.....?” Kuring panasaran. “Éta téa Pa, nu disangki nuang artos Hambalang!”

T E U I N G

Kénging Badru Tamam Mifka
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 13:43:49

Balik ngojég, pikiran asa pajeujeut! Anjog di buruan imah, ngagebeg nempo awéwé kucel sarangah-séréngéh lebah popoéan. Buukna cawigwig. Beu, nu gélo. "Nyingkah siah!" Uing ambek, teu asa-asa buk-bek nampilingan. Nu gélo ampun-ampunan. Tuluy ngabecir. Jadol téh!
Blus uing ka imah. Kaambek hurung deui, nempo hayam cineten luhureun sopa. Taina amburatel. Euh, aya ku raos. Gidig ka dapur. Nyokot bedog. Hayam digiwing ka luar imah. Gugurubugan. Kokotak. "Istighfar, Sujang! Istighfar!" kapiréng sora nini-nini. Rawah-riwih. "Saha manéh?!" Cekéng téh. Kurunyung deui nu gélo, inghak-inghakan. Uing beuki ambek "Nyaringkah siah! Nyaringkah!"
Teu kungsi lila, katempo pocong, gorila, ondél-ondél, katél, kuntilanak, tingtorojol. Ngadeukeutan. Uing ngeleper. Ngoprot késang. "Tulungan, Pa RW! Pa Ustad! Salaki kuring rék meuncit budak! Nganiaya kuring! Teu éling!" nu gélo cocorowokan. Dunya enyay-enyayan. Uing ngudupruk. Ngelemeng. Poék. Teuing...

CACARÉKAN

Kénging Zulaikha Sobana
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 13:30:01

Aya ku resep ningali tangkal bungbuahan anu keur meujeuhna rampak baruahan. Rambutan mani ruhruy bareureum, dahan manggah melenoy beurat ku buah nu baluncir keur sedeng gumading. Beulah wétan tangkal huni jeung lobi-lobi, buahna geus harideung mani raweuy. Aya ogé tangkal balingbing, ceremé nagri, pisitan, sawo, jeung jambu aér katut nu séjénna.
Ceuk sasaha ogé Emana téh tiis leungeun, jadian pepelakanana. Getén ngarawat tatanén, hasilna nya matak kabita saréréa nu ningalina.
“Susuganan kaumuran bisa ngasaan hasilna. Atuh ceuk paribasana itung-itung nyadiaan anak incu, ngahaja bisi aya nu keur nyiram ku salah sahijina ulah nepika teu kasubadanan kahayangna!” masih nongtoréng ucap-ucapan Emana binarung rasa deudeuh jeung welas asih dina paromanna.
Enya, manéhna téh apanan anak awéwé hiji-hijina, tada teuing bungaheunana lamun apaleun yén dina dirina geus nyanding utun inji. Kumaha ngaruyna ayeuna ningali bungbuahan anu sakitu matak kabita. Hanjakal cipanon teu wasa ngedalkeun nu saéstuna, murubut masehan rusiah nu kakubur palebah iuh-iuhna.

BALÉBAT

Kénging Dewi Rengganis
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 12:18:05

Bulan pias sabudeureun baranangna Béntang, mapaés peuting nu jempling. Hiliwir, angin malibir meulah simpéna haté. "Moal weléh diantos, iber pasini ti peuntaseun rasa." gerentesna. Rét, kana luhur méja. Hp réhé nyumputkeun sorana.

Manjing janari leutik beuki nyeuit, taya catur. Wakca kendat medar rénghap minuhan lolongkrang kiceupna, nu mimiti karasa beurat.

Waktu ngajalujur subuh, nyingkabkeun simbut peuting mangsa balébat midang dina carangcang tihang, mapag medalna Sang Surya. "Hanas mikamelang, malah ngaanggangan...!" gerendengna. Belewer...! Guprak, pray...! Hp paburantak.

DUIT JALUNA

Kénging Dudung Ridwan
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 11:02:48

Mun gajihan, atawa boga rezeki ti mana wé, uing sok misahkeun—henteu gedé mah, kalan 50 atawa 100 rebu—méméh dibikeun ka pamajikan. Sok disumputkeun na dompét—dileutik-leutik—ngahiji jeung ktp jeung sajabana. Atawa, di handap jok motor. Néangan tempat nu nyingkur. Lain, teu jujur ka pamajikan. Jang jaga-jaga wé. Bisi motor béak bengsin, mogok di jalan, hayang méré ka dulur, hayang meuli rakét anyar atawa—jempé—hayang begér deui. Nya kitu lah jang kaperluan ngadadak atawa kaperluan anu matak—mun dilaksanakeun—pamajikan bakal baeud. Bari jeung can tangtu ogé bakal baeud.
Geuning lain kuring wungkul nu sok kitu téh. Lalaki batur gé. Cenah, nu kitu téh duit jaluna.
Tapi, prak-prakkanna mah éta duit jaluna téh jang anak pamajikan deui-jang anak pamajikan deui—jajauheun dipaké begér. Halah.
Siga kamari, pamajikan ngomong, “Pa, Si Teteh can bayar spp. Artos tos séép. Kumaha?”
Kuring kokoréh kana dompét. Euweuh. Muka jok motor. Sami mawon teu aya. Eh, poho, pan geus dibikeun basa mitoha mangkukna ka imah.***

WIROG REWOG

Kénging Helmi Pakudjati
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 11:00:14

Rérés babagi bengkok. Tilu kuwu ngawangkong salsé. Kuwu Uki, kabagéan lahan di Folkland, Kuwu Sam di Hawaii, sedengkeun Kuwu Uus di Christmas Island. Luhureun méja nyanding surutu Havana, kopi careuh pleus hui Cilembu sapiring metung, nambah cakial suasana.
“Lur! Bisi marinat, aya lahan baseuh can aya nu ngavling, euy!” Kuwu Uus muka obrolan.
“Tah..tah..! Di wewengkon mana, Ki Adi?” Tanya kuwu Uki. Haseup udud milu panasaran, rabeng kaluar tina liang irungna.
“Rada béh kidul, Kang. Di Antartika,” walon kuwu Uus. Gap kana bekong. Surupuuut! ngaregot cikopi.
“Jiiih.. uing gé minat di dinya mah, sugan wé jerona kawas di Alaska, ceuyah ku migas,” ceuk kuwu Sam, diukna ngised bari ngarongkong hui Cilembu.
“Meungpeung can kapalikireun ku batur, yu atuh cuang baladah!” kuwu Uus umajak.
“Der.. ah! Patok beusina mah uing sayaga. Adi Sam, siapkeun kapal induk keur ngakutna!” kuwu Uki mairan.
“Lapan-enam, Bray!”
Di jabaning langit Sunan Ambu gogodeg.

NAHAN LAPAR

Kénging Mbi Chymepm
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 10:44:30

Réngsé solat asar, Mang Jum’an lenga-lengo ka dapur. Kasampak, pamajikana keur mirun hawu. “Nyi, geus aya, jang deungeun sanguna?” ceuk Mang Jum’an. “Acan, Kang! Aya gé uyah tinggal sapuruluk deui,” jawab pamajikana, bari nembongkeun pabétékan. “Ké atuh, urang ngecrik heula ka Ciraséa. Sugan beubeunangan.” Ceuk Mang Jum’an bari ngaléos ka pipir imah. Gep, kana kecrik nu biasa ngagantung jeung korangna dina kaso-kaso sorondoy imahna. Kincid, muru Ciraséa. Srog nepi kanu dituju, Mang Jum’an ngahuleng. Cai anu keur meujeuhna umpalan, siga anu nyeungseurikeun. “Lahaola…,” gerentesna. Sababaraha kali ngarungkupkeun teu beunteur-beunteur acan. Mang Jum’an panasaran, lung deui kecrik dialungkeun, buleud nakeranan. Barang ditarik! Karasa aya anu gurubugna. Bréh, lélé sagedé leungeun orok. Gura-giru Mang Jum’an balik. Tepi ka imah, rét ka anak-anakna nu karék bérés tuang. “Kang sanguna séépeun ku barudak!” ceuk pamajikana, bari ngalimba.

TITIRAN

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 10:04:16

Titiran. Sajodo. Di buruan gedong kuliah. Tingtéléndén. Macokan sésa rejeki. Pasarandog. Basa mulang ti kantin kampus. Keteyep. Dideukeutan. Taya riuk kasieun. Teu ieuh asa kagebah. Jarak saméter. Kalah jiga ngajak ocon.

NEO MAHASIWAH

Kénging Sang Guriang
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 09:29:16

Riweuh, néangan bahan striptis. Aeh, skripsi. Kitu salah, kieu lain. Antukna, nitah batur. Kabeneran, si tinceu. Nu boga salon, gigireun kostan. Daék, mangnyieunkeun. Geus ahli, cenah gé. Kuring percaya, da manéhna gé, tukangna kikituan.
Saminggu, can anggeus. Dua minggu can bérés. Réngsé-réngsé, sajam rék dibikeun. Rurusuhan, muru ruangan. Kabeneran aya, dosén téh. Song, ngasongkeun makalah. Teu poho, reujeung angpawna. Plong, haté ngemplong.
Dua poé, ti harita. Kuring, ditelepon. Aya naon, dosén téh? Ceuk haté, nanya sorangan. Barang pasanggrok, manéhna nanya ka kuring.
''Manéh téh, jurusan naon?'' Tanyana, daria naker.
''Tata Negara, pa'' Jawab kuring, tenang.
Dosen, nyodorkeun makalah. Bari ngaharéwos, kana ceuli.
''Ieu mah, Tata busana. Na manéh rék muka salon?''

OPERASI

Kénging Rohendi Pandeglang
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 09:07:58

Panto-panto kamar R. Perawatan nu ngajajar, kalalangkungan, baeud. Téhel nu kagéléng korsi roda, lungguh, tumamprak sadrah. Lalangit nyéréngéh, ngageungan haté.
Jog payuneun lawang jugjugan. "R. Operasi". Haté tambih ratug. Diaracuk bodas, baham sareng pangambung ditarutupan. Ngabagéakeun. Pakpikpek, nyiapkeun alat, sapertos rurusuhan. Atawa propésional panginten, sesah ngabéntenkeun. Srog, ka handapeun baranangna lampu baruleud. Gabrug, panto ditutupkeun. Nongtoréng.
"Siap nya pa?". "Siap dok!". Jos, aya nu nojos urat nadi. Singgelesar nyaksrak nyaliara kana salira.
Leng... Dius... ngapung, pendak sareng Sangkuriang, Suntenjaya, Mundinglaya, Pamanahrasa ogé Geusan Ulun. Uplek ngawangkong, ngalér ngidul, binarung garumujeng, galumbira, kusono pisan.
Lus les, nu nuju sarosonoan, kagiridig nu ngagégag nyaketan. Gajahmada. Pudigdig... keuheul.
Émut, inyana pisan, pangna abdi aya di ruang operasi. Kungsi dibalangkeun, waktos ngahalangan jajalaneunnana, ragrag nangkarak. Dina tonggong aya bénjolan, dugi ka diponis operasi.
Émut, harita Maha Patih tos diseuseulan Sang Raja, numpurkeun aleutan pigarwaeunana, teu badami heula.
Bray, Séréngéh garwa imut. "Bapa parantos sadar".

TEU SILO

Kénging Agus Bagja
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 08:14:26

Torojol Oji jeung mersi, jol Udin mawa BMW, datang Dodo mawa Volvo, Ana mawa Toyota.
Beurat,..... beurat. Kuring mah motor butut gé teu boga.
Geuning jodo teu kamana. Anak reuay hadiah ti béntang désa. Hirup cukup ayem tengtrem.
Mitoha nu baheula kuraweud baeud teu sirikna sujud sukur. Saba mersi, bmw jeung volvo sihoréng kaboga juraganana. Malah nu mawa toyota mah geuning pamajikanana leuwih ti dua.

*) tina lagu Doel Sumbang

MAHARANI NANDANG WIWIRANG

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 07:49:53

Énjing ieu , bulan pias , bodas ngayakas. Lir nyi mojang ilang perbawa. Kaduhung , kabawa sakaba-kaba. Nandonkeun hiji mustika. Antukna éra parada. Geuning horéng , sapi impor sanés domba garut. Mo tiasa ditungtun ka senayan. Bet teu sangka artos gepokan mung ukur jadi wiwirang. Kabujeng dicerek kapéka. Duh Gusti , kumaha abdi? Duh indung abdi kumaha? Bingung teu manggih tungtung , ka saha nya mundut tulung.

DAGING KÉNÉH

Kénging Soendara Djatiseba
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 07:24:52

.
Isuk kénéh. Warung sisi lembur geus ramé. Rupaning dahareun dipidangkeun. Manéhna seja meuli dahareun keur balakécrakan jeung batur gawéna engké.

"Bi, pangmungkuskeun nu ieu dua." Pokna bari nunjuk kana semur daging. "Ari nu ieu rendang naon, Bi?"

"Daging!" Bibi warung ngajawab semu wegah.
"Ari ieu naon?" Bari nunjuk kana gepuk.
"Dagiiing..." Nu ngajawab bangun wegah.
"Ari éta goréng naon?"
"Daging!" Bi warung degig.

"Duh, nyuguhan téh naon atuh, nya?" Manéhna bingung.

"Daaggg.....," Bi warung teu kebat ngajawabna. Sieun salah jawab.

NÉANGAN MUATAN

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 07:09:01

Suwung. Hujan ngaririncik. Ti Bandung sanggeus isa. Mobil dilangsamkeun. Asup jalan tol asa ngalayang. Siga popoéan katebak angin. Kenék nyempod deukeut panto. Hahodhod. Kaluar ti Cileunyi hujan ngagebrét.
“Halah, Kang. Jigana moal meunang muatan nepi ka lembur. “ Kenék ngarahuh.
Teu dipaliré. Hantem ngawaskeun jalan. Jegér. Tatit asa tukangeun pisan. Cahya sajorélat nyaangan nu megat di sisi jalan. Erém dijejek.
“Lampu hareupna ngan sabeulah, Pir. Sugan téh motor.” Kalacat naraék. Tiluan. Bari mangku bungkusan. Jiga...
“Naon tatéh?” Kenék nanya. Panumpang tarungkul. Alum.
“Pun anak. Tikunclung tadi asar. Badé dikurebkeun di lembur.” Nu awéwé mairan, dareuda. Deg, mayit. Ahéng, malah jadi loba nu megat di jalan. Teu lila geus pinuh. Kenék sura-seuri bungah. Laju nyemprung.
“Kadé, Pir. Leueur. Jaba jalan luak-léok.” Ceuk panumpang gigireun, rada ngirung. Seleksek kembang malati nyambuang. Kuring seuri ngagakgak handaruan. Lebah péngkolan mites, mobil dibangblaskeun. Lempeng. Muru jurang padumukan.

JURIG

Kénging Kang Bibih Nubaheula
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 07:08:54

Kentréng sora loncéng luhur garéja dua kali, belesat.! hiji pangadeg, setelan rapih, leungeun jas nutupan jam rolex dina pigeulang, buuk lucir, selengseng malati neumag irung tuyul, rét nempo nu ngabedega, "Drakula.!"
Telenyeng muru waruga kanyos, buuk acak-acakan, baju bodas rawék teu mangrupa.
"Éma, iraha uing rék dipangmeulikeun baju?" Tuyul ngarenghik ka Kunti. "Tuh ka bapa sia.!" nunjuk kolor héjo luhur sumur. "Aing gé ukur maké kolor" tembalna. "Alah siamah belegug, ari gawé maok duit, tapi dibikeunan waé ka jalma sarakah.!" Genderewo ngadegungkeun sirah Tuyul.
Peuting beuki ramé, bangkong galecok silih témpas, di alokan jangkrik.
Luhur batu cinekul aya jalma keur tapa.
Ébréh katempo hiji putri méré harta.
Pocong nempokeun, "Alah pamingpin aingah ukur hayang loba meunang sora, bisa wé méré banda, ké gé nasibna bakal lewih ti uing tah." ngaharewos kana ceuli kelong.

TEST DRIVE…

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 06:37:24

Jazz, ngageuleuyeung. Kaca panon hideung. Rancunit. Wanita karier, nu hirupna teu weléh sibuk. Umur geus meujeuhna laki rabi. Malah, kolot teuing umur 32 jeung ukuran awéwé mah. “Having fun waé, hirup mah!” Kitu babasaana. Enya, da naon deui udagana. Kawin mah ukur status. “Aa, Neng dilamar ku si Mas!” Curhat. “Jadi pamajikan kadua?” Kuring kerung. Séréngéh manéhna seuri. “Émangna, geus nepi kumaha hubungana?” Panasaran. “Test drive…!” Nyiwit leutik, laju muru mobilna…*1.

GORÉNG PANUNGTUNGAN

Kénging Hady Prastya
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 06:33:00

Tah kuduna mah carita téh dikadieukeun, ngarah aya rénjagna. Komo ieu lalakonna geus hadé pisan. Tapi lebah mana nya, arit? Munteu salah, nyelap na bilik. Aéh di leuit, kapan tadi téh urut dibuat. Ari marmot geus pangaritkeun can? Boa-boa si Ujang balik sakola téh langsung ulin. Asana mah marmot téh ti isuk can diparaban? Dasar budak! Teu cara kahayangna. Tiheula gé basa hayang sapédah meni ceurik adug lajer. Kolot mah melaan ngagadé sawah, hayang nyugemakeun budak téh. Na ari geus dipang meulikeun, ngadon dijual katukang rongsok. Jenat Aki manéh baheula geus ngawanti-wanti: éta sawah ulah di gadékeun mana komo.… ”Alloooohu Akbar.” Ih, bau dahdir. Dasar barudak santri, lain diberesihan masjid téh. Ajig! Naha kuring teu bisa cengkat? Naha kuring teu bias beunta.”Man robbuka!?” Kuring ngarénjag teu apal dimana hudang. “Man imamuka!?” Jelebét, gegendir sagedé lisung ninggang kana tarang kuring.“Ampuuuuun! Agan. Ampuuun! Nanaon hartosna cariosan salira téh!?”

NÉANGAN MUATAN

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 06:19:33

Suwung. Hujan ngarinrincik. Ti Bandung sanggeus isa. Mobil dilangsamkeun. Asup jalan tol mobil ngalayang. Siga popoéan katebak angin. Kenék nyempod deukeut panto. Hahodhod. Kaluar ti Cileunyi hujan ngagebrét.
“Halah, Kang.Moal meunang muatan nepi ka lembur. Jigana. “
Kuring teu maliré. Hantem ngawaskeun jalan. Jegér. Tatit asa tukangeun pisan. Cahya sajorélat nyaangan nu megat di sisi jalan. Erém dijejek.
“Lampu hareupna ngan sabeulah, Pir. Sugan téh motor.” Kalacat naraék. Tiluan. Bari mangku bungkusan. Jiga...
“Naon tatéh?” Kenék nanya. Panumpang tarungkul. Alum.
“Pun anak. Tikunclung tadi asar. Badé dikurebkeun di lembur.” Nu awéwé mairan, dareuda. Deg. Najan meunang muatan, mayit. Ahéng, malah jadi loba nu megat dijalan. Teu lila geus pinuh. Ti dinya mah ngebut muru lembur.
“Kadé, Pir. Leueur. Jaba jalan luak-léok.” Ceuk panumpang gigireun, rada ngirung. Seleksek kembang malati nyambuang. Kuring seuri ngagakgak handaruan. Lebah péngkolan mites, mobil dibangblaskeun. Lempeng. Muru jurang padumumukan.

KAKARÉN PASANTRÉN XXIII

Kénging Ki Sunda Sawawa
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 05:46:27

Musa Uyuh Si Out of the box, kagilirian mancén tugas dina ngeusi acara rutin di pondokna. Naséhat sakolépat. Acara ieu dipedar saréngsé sholat subuh berjama’ah.
“Sakur kadaharan sabangsa dadagingan kabéh diwenangkeun iwal dua hal, daging nu dihasilkeun tina peupeuncitan nu teu sah jeung nu asalna tina sasatoan nu geus dinyatakeun haram!” Musa Uyuh muka carita. Para santri unggut-unggutan, teu saeutik ogé nu lelenggutan. “Tilu hal nu penting ngeunaan daging, nu kudu diperhatikeun kalawan gemet, ngeunaan asal muasal jeung hukumna!” Musa Uyuh ngabagi teuteup ka hadirin. “Kahiji nyaéta mangsa ngadahar daging, kadua basa numpakan daging jeung nu katilu? Pasti para santri sadaya maphum. Wassalam.”

CERDAS

Kénging Arif Syamsuri
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 05:29:47

Réngsé ngabagikeun sembako, doorprize jeung duit alakadarna, éta calon pamingpin daérah téh biantara pinuh sumanget .
“ Dulur-dulur dina milih pamingpin téh urang kudu cerrrr...daaaassss.”

DAGING IMPOR JEUNG DAGING LOKAL

Kénging Irman N Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 02:29:24

Dunya téh jiga panggung sandéwara. Aya nu seuri, aya nu ceurik. Gumantung kana peranna séwang-séwangan. Indit isuk balik soré, indit peuting balik subuh. Nu ditéangan sarua keur néangan. Gula néangan rasa amisna.
Imah agréng. Mobil méwah. Pakéan hurung-hérang. Omongan direumbeuy bohong jeung wadul. Rarangkén hirup para sélébritis partéy.
Jelegur aya béja. Eundeur jagad politik. Ustad ditéwak, dituduh jadi bapa maling. Nu percaya loba, nu teu percaya masih aya. "Geuning kitu kalakuan aslina téh?!" sora sinis nurihan ibarat hinis.
Di hotél. Aya nu keur dahar daging atah, ngan sa-ons. Guley paduduaan. Ibarat oray nu silih beulit. Ngaréngkol jiga jéngkol. Gancét, teu bisa misah deui.
Lalaunan nu ngarintip muka konci panto kamar, arasup. Oray patinggurubug. Kagét. Awak oray huluna jalma, jalu jeung bikang. Laléwéh.

HAMA

Kénging Sukadi Nanta Praja
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 02:15:50

Pasosoré dina golodog hareupeun imah. "Kunaon Aki ngahuleng waé?", tanya Si Nini bari ngasongkeun kopi. "Wararaas Aki mah, kiwari geus taya deui pamandangan sawah keur sumedeng beukah, nu aya ukur jungkiring gedong, mall jeung plaza", témbal Si Aki bari nampanan kopi. "Bener pisan Ki, moal kasorang deui mangsa katukang", Si Nini némbalan. "Si Ujang mah moal apaleun baheula lemburna mayakpak pasawahan, tingjungkiring pasir jeung lamping", Si Aki ngomong deui bari ngaregot kopi nu panas kénéh. "Lamun seug Si Ujang hayang nempo pasawahan, engké mah kudu mayar Ni", cék Si Aki. "Euleuh, bisa jadi kitu, tapi aya alusna ogé Ki, jaman kiwari masarakat babari nyiar pagawéan jeung hama nu sok ngaruksak pakaya ogé euweuh ayeuna mah", témpas Si Nini. "Bener, éta anu alusna tapi goréngna ogé loba. Ari hama mah apanan geus parindah ka kantor DPR, Dinas Pamaréntahan, Dinas Pendidikan, Dinas Pangadilan jeung nu lianna, héhéhéhé...", témbal Si Aki bari seuri.

PRASASTI HIRUP

Kénging Reni Nurhayati
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 00:42:31

Detik jeung menit terus nyulusup dina lulurung waktu, poé geus ganti. Di dieu kuring ngukir kekecapan nu baris jadi prasasti hirup nu moal laas ku mangsa. Hambalan carita ngeunaan lalakon ringkang nu tingkélébét dina lelembutan, ngabarak jadi runtuyan kalimah.
“Kamari kuring ceurik Ry …,” barabat nyaritakeun rasa sono ka kulawarga jeung rupaning bangbaluh basa Ema nelepon.
“Tadi beurang kuring ngagakgak. Kang Hendra geus boga ceungceuman séjén Ry, bongana kuring nampik kaasihna. Syukur hartina moal aya nu ngaganggu deui haha ….”
Rupaning rasa nu nyaliara, hal-hal nu karandapan saban poéna awor dina buku pulas biru, najan teu tangtu nulisna. Hésé geuning hayang “istiqamah” téh, sanajan nuliskeun lalampahan sorangan. Peuting ayeuna, runtuyan hirup ditulis ku mangsi beureum, nu jadi prasasti panungtung dina buku nu mangtaun-taun maturan. ***

CAMPALA

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 00:27:12

Gending rumiang marengan layeutna ligar kesetan rebab kapeutingnakeun. Kelentringna saron hiji jeung dua silih témpas dina carukan dua wilet, ditéma tirilikna gambang ngayunkeun wirahma. Toroktok campala mere tanggara pirigan “ Papag kadia gawil batur, lir merak sosoderan!” Dalang ngebatkeun satria ladak, baris nguwak-ngawik peuting, niruk kasimpé marengan kekecrek nojér lalangsé raga. Sampiung kamanggung satria piningit ngalempengkeun lalakon hirup salah jeung bener, nyingraykeun kelir bodas jeung hideung saukur dongeng tahayul. Pangeusi dunya katalimbeng haram jadi halal, salah jadi bener angkara murka kumawasa. Bebendon. Takdir teu bisa dipungkir kadar teu bisa disinglar. Riyeg panggung ngariyeg, eundeur saalam dunya, poék mongkléng lain wayah, sora pating jarerit ngocéak nyebut asma Allah Akbar. Bulan, béntang, panon poé, wiati ngaleungit bareng jeung jaladri. “Tok tok tok tok tok,” geus euweuh anu mairan. Dalang, sindén, panayagan marengan jalma sakuliah bumi alam, ilang musnah, kari kekecrek jeung campala, ngahintul moal aya anu nabeuh deui. Dunya balik deui ka bihari. Simpé.

TYAS

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 00:18:43

Sagara nu manjang, kateuteup keur ngeunteung kana langit luhureunnana. Basa matapoé lalaunan mapay mangsa. "Siga pulas tiung anjeun, Yas," ceuk kuring bari ngajeungkalan biruna sagara ku tungtung haté. Euweuh nu mairan. Ukur hiliwirna angin basisir nu maturan. "Siga soca anjeun oge, Yas." Sagara bet leuwih biru katingalina. Kikisik lebah basisir kapireng ngaharewoskeun wangkongan kuring jeung anjeun dua taun katukang. Wangkongan nu meueut. Nu biru siga sagara nu keur ngeunteung kana langit luhureunnana. "Basa anjeun kapendak mah. Sagara téh beureum, Yas. Getih di mamana. Komo na mastaka anjeun mah."

RADÉN ANOM

Kénging Sang Guriang
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2013 00:06:00

Manéhna, pinter lélétak. Omonganna, siga babangus. Ngagogog, hayang diturut. Poho kana, sifat manusa. Teu kaopan, ningali nu ranggém. Hayang ngarawél, hayang ngarebut. Persis lutung, kajajadén. Manéhna hayang kapuji. Komo aya, juragan ageung. Létahna, ngelél. Bari, ngacay. Ngadu itu, ngadu ieu. Siga bolon, diheureuyan. Tah kitu, radén anom mah. Mudah-mudahan, lain watek sunda.