Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 25 Oktober 2014 17:10:12
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Salasa, 30 Séptémber 2014 00:41
Rubi'ah Adawiah: " assalamu'alaikum warahmatullah kularwargi sadaya, resep pisan ningal blog-na. eusina rupi-rupi anu janteun pangaweruh, mugia ngajanteukeun barokah tina elmu anu tiasa kamangpaatkeun. Aamiin..."
Kemis, 21 Agustus 2014 08:23
Intan Permata: " Asa lebet ka kebon kembang warna..."
Saptu, 16 Agustus 2014 12:32
Iwan Nurdiansyah: " betah, nambahan pangaweruh, utamina basa nu buhun, nu murwakanti, nu ngandung siloka,..."
Jumaah, 15 Agustus 2014 09:57
Dharma Lesmana: " Hoyong ngitun artikel, kamana..."
Kemis, 14 Agustus 2014 09:06
Alex Hasan Sapari: " Assalaamu'alaikum... Sampurasun...! Kalintang bingahna sim kuring tiasa gabung di grup FBS ieu. Aya sakedik pamundut; Rumaos bodo kana basa luluhur téh, utamina mah perkawis Undak Usuk Basa sareng cara ngalarapkeunana. Rupina upami di Tepas Fikmin ieu--di sagédéngeun Kamus Basa Sunda--di-postingkeun Undak Usuk Basa, tangtosna Tepas Fikmin téh janten langkung sampurna. Hatur..."
Rebo, 13 Agustus 2014 12:09
Aliayachoer: " ..."
Rebo, 25 Juni 2014 10:15
Mang Eboed: " Naha teu tiasa muka..."
Kemis, 12 Juni 2014 11:48
Ifunk Anker Karindink: " Assalamualaikum, wilujeng wayah kieu..."

Kalénder Fikmin • 01 Séptémber 2012 (25 Naskah)


DEUI DEUI WAE

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2012 23:49:36

"Atuda karunya, Bah. Dinyenyeri ku salakina. Geus aya tauna ngaranda. Tada teuing sangsarana. Jaba budak jeung kolotna bayuaneun. Kapan katingali sakitu ripuh."
"Ilaing geus beunghar kitu, Sujang? Sok hayang jadi satria jang batur, ari jang kulawarga matak kuciwa"
"Ari abdi mah gede pangharepan . Usaha eukeur. Dikeureuyeuh, wae. Lain baheula uing diajar ngaji kudu boga raja' anu hade"
Haseup.
"Kapan kudu babandingan jeung khauf. Ulah sok gurunggusuh"
"Nya, abdi boga rencana. Tatan-tatan. Inggis ku bisi, jadi antisipasi. Aya usaha cadangan, najan leuleutikan jang..."
Teu kebat, kaburu gebes ku Abah,
"Haseup deuleu, anu kitu mah. Kudu geus puguh cekel delegna. Da hirup mah euweuh siaran tunda. Ayeuna butuh, kudu aya"
"Uing sieun jinah, Bah"
"Tah, eta ayeuna dipake alesan."
Tapi aya nu karasa dina jero sirah Abah aya haseup. Mimitina ngelun. Jadi eusi sirah bari pepereket hayang kaluar. Tina ceuli. Irung. Mata. Pori. Ngaheurinan jeroning dada. Antukna sakabeh awak Abah jadi haseup.

HINAAN MAWA BAGJA

Kénging Irman Nurhapitudin Dimyatié
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2012 22:58:03

"Hampura, Jang. Ika moal dibikeun ka ujang nu can jelas gawéna," sora Juragan Sudinta tatag. "Nuhun Juragan kana panampikna. Abdi nampi kana katuna," walon kuring bari ngaléos tanpa pamit heula. Awak ngageter. Nafsu amarah ampir teu kawadahan.

"Man, aya panggilan ti perusahaan Jepang," sora indung bangun reueus barang kuring datang ka imah. "Alhamdulillah, ieu téh du'a ema," walon kuring bari nyium panangan anjeunna. Wijaksana pisan indung téh, kuring dijurung indit gawé di Jepang. Ampir dua taun gawé, ayeuna kuring bisa nyelang heula balik ka lembur.

"Bieu aya Juragan Sudinta kadieu," saur ema. "Aya naon cenah jalma sombong téh ngadon ngalanto ka imah urang, Ma?" walon kuring acuh. "Gering cenah anakna téh, Néng Ika embung kawin ka sasaha, daék kawin... asal ka manéh cenah," ema neuteup kuring anteb. Jelegur, aya nu neumbag kana dada. Aing téh lalaki, teu sudi najis kudu ngawin anak jalma nu pernah ngahina.

LAPAR

Kénging Luqman Arief Teknisi
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2012 22:26:17

di tungtung gang, aya budak leutik ceurik balilihan, kokoceakan, indungna keur ngais si bungsu, "emaaaaaa hayang dahaar!!!!", indungna sedih campur aduk jeung lieur ngurus budak + mikiran risiko, salakina tukang beca balik peuting masih dines keneh bae, lepas lohor sakulawarga can sarapan ti isuk-isuk, teu ngejo-ngejo acan...

KARMA

Kénging Iwan Bagjasalawasna
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2012 22:05:53

Sapaninggalan bapa, harita rajabrana dikawasa ku Ojak, dipake poya-poya gunta-ganti awewe, Indung anu bacewek wae ngawekwek ngomongkeun ka teu panujuan kapaksa di usir ti imah. Teuing nyiruruk ditempat saha. Sataun ti harita imah kahuruan, eweuh pisan anu kapulung rajabrana teh beak digayem seuneu.

Si Apep sobat dalit ti leuleutik, mere jalan nyicingan saung anu aya dikebon,bari ngolah kebon supaya boga bekel hirup. Dua taun ti harita si Apep datang ngabejaan yen kebon jeung saungna geus dijual, wayahna kudu nyingkah.

TARAPTI

Kénging Endang Rochimat
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2012 22:02:41

Léging hideung dipadukeun kaos beureum semet pingping, nyitak awak.
Méméh kaluar jilbab modél Cécé Kirani dipaké. Rantang dikantong kérésékan. Motor metik kaluaran anyar ngabelesur muru jalan bypass.
"Besuk téh? " Bagian narima tamu nampanan rantang nu diasongkeun, dipariksa taliti pisan. "Biasa wé pa, ngabantun lodéh sareung tongkol kasedep pun lanceuk" Ceuk manéhna.
Panggih ukur bisa silih pelong, silih rames, ngobrolkeun barudak, masrahkeun rantang. Kagiatan nu jadi ngabaku saprak salaki nganjrek dipangbuian.
"Tos aya nu leubeut deui mah?" Salakina nanya.
"Atos kamari aya lebet limapuluh juta," témbalna.
"Jadikeun baé ngagadé sawah nu sahéktar téh ,tawar atuh jadi saratus juta! " Salakina nyaluyuan ngagadé sawah deui di lembur.
Dijero sél rantang nu tadi dibawa ku pamajikanana dibuka , pangluhurna eusi sangu bodas, lalaunan dikoréhkeun, dina bagian anu ngelok kajero, dikoréhkeun, goréhél plastik ukuran lima sénti, tingkirintil aya lima bungkus eusi bubuk warna bodas, kitu deui dina rantang angeun lodéh aya lima plaastik deui .

TINGGAL SARUPA DEUI

Kénging Iwan R Jayasetiawan
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2012 21:36:45

Malum sarua tukang buburuh kasar.Geus jadi kabisaan Unen jeung Ukar.lamun kabagean ngaronda,maranehna sok sili pencetan di pos ronda.Harita Unen rengse dipencetan ku Ukar.Celengkeung Unen ngomong ,Kar, beuki dieu dirasakeun ku kuring,cara mencetan maneh teh beuki ngeunah.Tingal sarupa deui kakurangan meneh teh.Ukar,nembal, naon kang. kakurangan abdi nu sarupa teh?.Teu kireum-kireum,Unen ngajawab:" kari lolongna maneh teh ".Ukar colohok

KAKAREN LEBARAN

Kénging Endang Kasupardi Ti Cisurupan
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2012 21:05:41

Dina beungeut baloboran getih. Ngaberung. Napsu kapegung. Terus nyacampah Adina nu teu eleh gos. Paneker pageuh dicekel. Masih keneh nyakclakan. Beureum, mapaesan koral. "sok sok duruk tah angped teh, tuman". Tabung gas dibalangkeun. Song beungeut Adina ngahajakeun ditampeukeun kana beungeut Supir. Ngayokyok. "Paingan kueh lebaran teu dikana kelerkeun. Tiap dibungkus kantong keresek. Nyeri hate Apa mah". Sasar. Bapana direreyang. Di kasisi jalankeun. "Tos pa, Keun engke eta mah urang uruskeun. Anu penting mah apa salamet. Ayeuna mah supir kudu tanggung jawab heula", cek Lanceukna. Supir angger ngayokyok. Jelebot, beletak. Cereleng getihna tina irung supir abor-aboran. Kapiuhan. kecrek paneker dihurungkeun. Gur Angped kaduruk. Marengan 5 panumpang anu dikaluat.

BULAN BENTANG

Kénging Neni Geo Albanjari
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2012 20:50:52

Bulan sidengdang dina keukeupan mega, bari ngadongengkeun endahna cahya panonpoe, diriung ku Bentang nu ngabandungan daria.
Rasa panasaran meulit dina ati, pok Bentang kedal lisan," Ambu, kumaha carana hoyong pendak sareng panonpoe?" sorana gumeter nahan galura.
Bulan ngagelenyu," Wayahna bageur, kapanasaran hideup, moal tiasa kacumponan dina danget ieu."
" Naha? Ambu teu ngawidian?" Bentang tambih panasaran.
" Sanes Ambu nu teu ngawidian, mung urang ngagaduhan gurat takdir sewang sewangan, nu kedah ditampi ku rasa syukur!" tandes Bulan bari teu weleh imut.
Bentang ngahuleng. Naha Ambu Bulan tiasa ngadongengkeun Panonpoe, iraha paamprokna? gerentes Bentang, rasa panasaran motah noelan kalbuna.
Bulan rerencepan, enggal ngelemet ka satukangeun mega.

KAWIN BENTANG

Kénging Rameli Agam
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2012 20:36:17

Bentang Bodas jeung Bentang Beureum dirapalan di KUA Tata Surya.
“Tarima abdi nikah ka Bentang Beureum kalayan mas kawin gas supernova, awan molekul, sarta inti reaksi fusi nuklir, dibayar kontan!” ceuk Bentang Bodas.
“Sah ayeuna mah urang silingurilingan,” pok Bentang Beureum.
Satuluyna maranehanana dumuk dina sistim bentang ganda UZ For. “Najan revolusi urang ukur sababaraha jam, tapi ulah hilap nya pikeun terus siliteuteup. Supados remen kajadian samagaha,” ceuk Bentang Bodas.
“Mung samagahana ulah gancang teuing, atanapi elat, nya?” pok Bentang Beureum, seuri koneng.
Lagu ngarumah tangga, tetela aya dua planet raksasa nu teu weleh ngahihileudan. “Sok nembongan wae. Saurna gaduh massa genep tikeleun massa Jupiter. Hawatos abdi mah,” ceuk Bentang Beureum.
“Ulah sieun. Da geuning eta dua planet raksasa teh sakali ngarevolusi mibutuh waktu 5-16 taun,” ceuk Bentang Bodas.
Ti harita, kalawan noron Bentang Bodas nyedot sakur material nu aya di sabudeureun beungeut Bentang Beureum. Ngamalir lir dina walungan angkasa.

MATI SURI (3-TAMAT)

Kénging Kang Tito Wìcarda
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2012 20:32:37

Kampung ciuyah kaleungitan kokolot, Bah Uming geus tilar dunya. Kari waasna, biasanamah lagu Darso teu weleh nyoara, "amparan sajadah" jeung "halangan diri" singhoreng teh pertanda yen Inyana bakal mulih kajati mulang ka asal. Tapi bagja ditutungtungan ku istiqomah sanggeusna menang taufiq jeung hidayah. Pantesan sapopoena muyung, cenahmah syarat pilihan tea sieun teu kasanding, sieun teu cumpon pedah dirina rumasa lamokot ku dosa. Kabeh ngarasa leungiteun, kokolot anu milampah alus kacongona, anu geus nyaho bakal pimaoteun. Lain mati suri/ dianjangkeun deui, tapi geus titis tulis cunduk kana waktuna inyana ninggalkeun alam rame ieu...pileuleuyan bah Uming....mugi sing dicaangkeun, dilegakeun di alam kuburna oge meunang pangampura Gusti, aamiin.

NASIB

Kénging Rita Rosita
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2012 19:52:09

Kuniang hudang, ret kana jam nu ngadaplok, geus jam dalapan, nyampa tarang budak angger nyebret keneh sakitu geus di bere parasetamol ge.
Ragamang kana loket tinggal lima rebu perak, beu teu cukup keur dahar isuk ge, buru2 mandi,sebrut2 dangdan sataker kebek,rap make baju nu panseksina,plus sapatu wedges 17 cm.
Jam salapan kaluar ti kamar kontrakan, bari teu poho nyium hela tarang budak,doakeun mamah meunang acisnya sayang, budak unggek jiga nu ngarti.
Geus nangkring aya dua jamna, can aya keneh si um nu ngiceupan, roko geus ampir beak sabungkus, ret ka kaler pihujaneun meni geus sacureun, hawa karasa nyecep kana tonggong nu buliglag.
Duuuh nasib, kumaha ieu teh.? gustiiiiiiii kabutuh meni padedet, keur ubar jeung dahar isuk, jaba nu boga kontrakan geus bulak balik bari sosorongot nagih sewaan.
Keur anteng ngalamun, ti kajauhan barudak satepak gogorowokan nyanyi nu kadengena teh " Habis berbatang batang tuan belum datang, bagaimana anak2ku dapat makan." Emhhh kang Iwan Fals mani pas lagu teh jeung nasib kuring.

SALAH MIKAÈRA

Kénging Joey Pengganti Wiro
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2012 19:40:15

Hatè bah Dinta ngarasa tenang. Hirup basajan di pilemburan. Teu nyangka. Bakal tepung jeung jaman modèl kiwari.
Poè ngabarangsang,ngagarang rasa nutungkeun rumasa. Hideung leuwih ti areng. Gelebug angin ngahurungkeun sakabèh eusi dada. Ngaguruhna ci hujan nambahan ngagedurkeun rasa nu aya. Kesang tambah juuh,teu bisa ngareureuh. Kudu terus lumampah. Teu kaboro nolih komo pipilih. Sieun katinggalkeun. Eureun, komo kaleyek. Jadi runtah. Lung-leng matak lieur. Hareupeun,tukangeun,gigireun, luhureun. Patinggarenclang. Matak kabita. "Piraku teu bisa!" Nafsu ngaberung, ditumpakan kalangkang nyorang kahayang. Era mun teu laksana. Wiwirang. Pada nunjuk, pada nyeungseurikeun. "Matakna hirup kudu biluk ka waktu mibapa kanu loba." Ngajelengèng. Norèkeun ceuli. Teu èling. Laju lumaku.
Gebeg! Reuwas. Hatè ngaleketey diri geus dituyun iteuk. Rumasa salah. Èra kènèh ku Manusa tibatan kunu Maha Kawasa.

PILEULEUYAN

Kénging Latif Saéful Islam
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2012 15:35:02

Kumalayang di satengahing rebun halimun kahiangan. Mapag méga nu ngalimpudan langit. Pileuleuyan. Waruga nu kungsi diancikan. Sira jumepepeng tan humurip. Kula sukma nu medal mangsa rumongkah di médan danalaga. Sugan téh moal kieu balukarna. Asa isuk jaganing géto lalakon nu geus kaimpleng bakal natrat dina gurat kahirupan. Horéng teu kitu. Lawang hirup geus ditutup, lir nutupna lawang sigotaka na carita pawayangan. Pileuleuyan dunya dua papasangan. Pileuleuyan lemah opat papatan. Pileuleuyan dulur-dulur, baraya, sobat. Ulah rék pareunggas harepan, sing arémut, lalakon panjang kénéh, Lur!

TUKANG PARAHU XVI

Kénging Godi Suwarna
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2012 15:32:37

Geus reup-reupan. Layung gé kari saudat. Bangawan semu ngagibleg. Caina campur jeung getih. Bau bangké deuih. Bubuhan keur usum perang. Perang dunya. Tukang Parahu guligah. Luak-lieuk. Bugang patumpuk-tumpuk. Téng waja. Kapal udara. Ngabangkarak di bangawan. “Tepi ka kieuna, Amang…!” gogodeg Lutung Kasarung. Bingung. Néangan nu dipigandrung. Nu sarimbag reujeung Indung. Weléh. Boa jadi korban perang. Keur kitu, aya nu cunduk. Wanoja nu rubat-rabét. Tapi geulis liwatsaking. “Purbasari!” ceuk Sang Lutung. Curinghak. Tukang Parahu ngabalieur. Nyumputkeun beungeut. “Tepung jeung Kakang Tumang?” Si Wanoja tumanya. Tukang Parahu ngabetem. Sang Lutung mata simeuteun. Kapincut. “Paéh di pangperangan, kitu?” Si Wanoja kukulutus sabot ngaléos. “Purbasari pisan, Amang! Yakin!” ceuk Sang Lutung bari nguniang. Tuluy lugay. Nuturkeun hariring asih. Angin bangawan ngulisik. Dumalingding. Teu mabek siga sasari. Tukang Parahu ngaheruk. “Sabaaar, Sangkuriang! Ukur Cinta nu baris ngajait jagat!” angin rintih humaréwos. Manéhna rumahuh. Meper rasa nu pagaliwota. Nyérangkeun nu tuluy guntreng néang bulan ka wétankeun.

TUKANG RIAS : PANGANTEN SALIN RUPA

Kénging Yusuf S. Martawidenda
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2012 13:53:11

Teu kasohor teuing, tapi jadwalna padet pisan malah mun keur usumna, ngarias teh hampir tilu poé sakali. Dina hiji waktu, pamajikan kuring dipénta bantuan ku tukang rias éta téh. Lumayan, bari ngalap élmuna gerentes haté pamajikan.
Bari ngarias, panon pamajikan mah muter, rét kaditu, rét ka dieu. Panasaran mik-ap naon wungkul nu aya dina ‘tas rias’ bu Haji téh. Teu kungsi 15 menit, anjeunna bérés ngariasna. Gebeg, haté pamajikan ngagebeg ningali hasil rias anu asal-asalan, jiga hasil tukang rias nu di kampung. Kitu deui dékorna, meja raréyod, taplak jeung kain bekron-na karuleuheu.
Réngsé ngarias, réngréngan tukang rias kaasup pamajikan kuring sarapan nu geus disadiakeun ku nu hajat. Keur sarapan, pamajikan kuring olohok bari teu eureun-eureun ngagésék panon. Teu kitu kumaha, panganten téh salin rupa jadi geulis jiga Nyi Roro Kidul, kitu ogé dekorasina jadi agréng tur méwah.

GEUNING KARASA AYEUNA MAH

Kénging Lies Tjandra Kancana Sudarma
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2012 13:40:45

Harit basa sobat kuring Ani Satiawati menta diseraku ku salakina. Kuring protes. Manehn basa didahup ku Pa H asan teh kulantaran manehna geus teu tahan deui hirup nyorangan basa salakina maot kacilakaan tabrakan motor di Nagreg. Lila kana 3 taunna manaeh hirup nyorangaa Tapi mungguhin manusa jeung manehna sehat tur ngora keneh oge boga rupa. " Rek nengan nu kumaha deui Ani. nu penting hirup aya nu ngabayuan, diimahan, sagala kacumponan. Naha make menta diserahkeun ??
" Ah teu kiat Ceu, asa hirup teh dipake cocoaan, Teu aya kakurang tapi hate asa disasaak. Teu, teu adil ah Ceu" cenah bari tungkul
Naon anu kaalaman ku Ani, naha bet kalaaman ku kuring? Basa kuring niat gilig jadi nu ngora kawin ka Bapa Sukma. Ah teu kuat 3 taun, awak kuring jadi kuru, hate loba kanyeri, make sok nyeri hate mun kadengae manehna jalan-jalan jeung pamajikanana anu kolot.
Kuring geus ngajukeun niat papisah jeung salaki kuring ka KUA.!!.

KAWE HIJI

Kénging Heni Sumarni
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2012 12:56:30

Nineung ka Agan teh eta ku boralna. Teu kaur manah kagaleuh beubeureuh. Lebet dompet estuning muruhpuy uduh. Kantenan upami angkat-angakatan, teu weleh maparin kagegelan. Bade anggoan bade katuangan. Tos teu janten etangan.
'' Kaputan butik nung, moal aya nu sami. batur mah teu aya nu nganggo''.
Sanggem salira waktos maparin Blus beureum ngora anggeeun boboran kamari. Asa na punclut gunung, ayun-ayunan diayun ambing pangalem. Pajahkeun cacak ku pangganggo model kitu tos ngagulubur mancur. Kantenan upami nganggo Abaya renda Syahrini panginten disangki potokopian widadari.

Gelemreng kaditu gelemreng kadieu, rumaos panggindingna teu aya anu nyaingan. Namung geuning waktos tuang garwa ngalangkung ka payuneun bumi. Acuk teh aya ku nyeples sami. Mung nu si Teteh mah ukuran es nu abdi mah dobel eks-elna.

NU NINGALI EUSI BEUTEUNG

Kénging Manik Sundayana
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2012 11:44:06

Titis tulis ti ajali, kadar diri nu geus teu bisa dipondah. Dilahirkeun, digedékeun, diurus sapuratina, nu sakabéh kawengku ku istilah dikukut. Nya ku papada kuring, mahluk Pangéran. Karasa dipikanyaah, dilelebar, dihargaan, pikeun hiji tujuan.

Dikumpulkeun jeung papada batur sanasib, teuing sabaraha jumlahna. Loba pisan di tegalan. Kuring geus apal naon tujuanna, nya sadrah wé da takdir téa. Teu salempang teu ringrang, teu sieun ogé teu wani-wani acan. Cunduk kana waktuna kagiliran, bedog seukeut ngagurilap katojo cahya srangéngé. Kécécét, burial, kerejet-kerejet, les simpé.

Geuning teu cukup kukitu nu karandapan ku kuring téh. Loba pisan peta manusa nu kaalaman tur tumiba kana ieu diri. Panjang lamun dicaritakeun kabéh mah. Ngan nu jelas, kiwari sabagian tina diri kuring ditiiran, disamaraan, dibeuleum, tug nepika diwadahan ku lodor. Kuring imut, da loba jalma nu pada beuki geuningan.

Katingali ku kuring ayeuna, naon waé eusi beuteung manusa.

SANASIB

Kénging Jojo Johari
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2012 11:40:19

"Guligah. Motah, jeroeun dada. Kasono nu hese dipapalerkeunna. Peureum kadeuleu, beunta karasa. Mun ngedeng asa gigireun. Mun leumpang asa tukangeun. Ngingiclik." cekeng ka Ki Sobat nu keur olohok mata simeuteun. Hookeun. "Sono ka saha?!" galindengna. "Ka Mantri Ija!" cekeng tandes. "Nya, kari henjig indit atuh?!" pokna, molotot. Ukur ditembal ku gideug. "Sok dianteur ku uing! Ke di jalan dipang-meulikeun gulali" olona. Gideug. Ki Sobat mencrong. Nyureng. "Pasti sieun dijeksi, nya?!", tanyana, nyerengeh. Uing unggeuk. "Atuh mani sanasib?" pokna.

THE INVISIBLE BARRIER

Kénging Helmi Pakudjati
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2012 11:32:26

Wanoja gareulis ti mancanagara jul-jol, aya ti lembur Bi Éro sumawona lembur Mang Sam. Kayaning Néng Emwé, Mis Fordi, Ceu Forseu, Nyi Chrisly, Nok Alfaro, katut liana. Saridéngdang, ngaluis pageulis-geulis. Hayang kabandang ku pamuda ti kampung Koré. Hanjakal. Nu dipikat, api lain. Teu kurang akal. Para wanoja manca nurunkeun ajén, nyaringsatkeun erokna. Pingpingna tingborélak, pikabitaeun. Pamuda Koré tetep haré-haré. Ngarasa disapirakeun, para mojang démo ka balé désa Wétéo. Supaya neken Tua kampung Koré, ngaleungitkeun puraga, améh ipekah sawawa. Dihaminan camat Gatt. Pakewuh. Diheueuhkeun. Laju, der! wanoja manca maruka lapak méjéng, teu sirikna patéép. Ngahéroan. Ngan. Pamuda Koré keukeuh milih wanoja sawewengkon. Taak. Béakeun akal. Palakiah pamungkas, kolot-kolotna wanoja manca, miceun kaéra. Lumengis. Meredih ka Tua kampung. “Tulung Wa, anak uing didahupkeun ka pamuda dieu.” Itung-itung ngaraketkeun babarayaan. Béwara. Pamuda nu miboga patali usaha jeung urang manca, kudu ngawin wanoja manca. Saeutikna hiji. Ngan hiji-dua nu ngagugu. Kumaha ari pamuda Énon?

IKON

Kénging Reni Nurhayati
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2012 09:13:58

”Engkang, kumaha damang? Abdi nuju BT yeuh,” ceuk kuring muka carita dina chat facebook, dibarung nga-klik ikon jamedud.
”Ku naon atuh Enung, biasana Enung mah ‘Keep Smile’ waé, imut nya,” ceuk anjeun bari ngirim ikon ”smile”.

Paguneman ngalér ngidul, nu diémbohan ikon-ikon.

Lamun anjeun keur ngarayu, ikon écéng warna kayas nu dikirimkeun. Lamun ambek, nya nu tandukan. Lamun aya kamandang nu bener, ikon jempol kasanggakeun. Lamun sedih, ikon nu ngeclakkeun cimata. Waktu nyaritakeun nu pikaseurieun, diémbohan ikon calawak. Kalan-kalan maké ikon nu dikacamata jeung ikon-ikon séjénna. Kitu padungdengan urang dina dunya maya atawa SMS. Nu diwangun ku ungkara kecap, runtuyan kalimah binarung ikon, gumantung pamadegan jeung eusi haté séwang-séwangan.

21 ikon maturan urang dina gunem catur pikeun ngantengkeun tali silaturahmi. Ogé ngaraketkeun katrésna nu nyaliara dina jero dada. Hatur nuhun Engkang, kanggo ikon nu dikintunkeun salira. ***

GERENTES HATE

Kénging Bening Selaksahati
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2012 07:20:10

Tiap salira jajap ka sakola tuang putra , akang sok ngocomang sorangan, pantesna da akang nu jajap salira ka sakola tuang putra.

SABADA LEBARAN

Kénging Ali Riyadi
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2012 07:04:15

Panas morélèt tengah poe èrèng èrèngan, panas na lir ibarat cai panas nu anyar ngagulak dina sèèng, eta kenek elf nangkel gugupay sabari nèangan panumpang, matak piwatireun, bandung - panjalu ukur 4 urang nu naèk na.. Saenggeusna nyiar panumpang di malangbong si kenèk diuk dina korsi ngitung duit bari pok na tèh ngadu'a "Ya Alloh bukakeun panto rezeki abi".. Rey wèh rasa nu tadina watir jadi karunya.. "Mang, ieu abi gaduh tuangeun kiripik nu kr ramè di bandung sakèrèsèk jang anak pamajikan amang di bumi sareng ieu angsul nu nembè,mangga kanggo amang, wios abi mah teu cios nawis..

KANYERI BUDAK… (EDISI NEUTEULI-THE END)

Kénging Mahpudin
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2012 05:30:05

Lain teu hayang saré, da ari tunduhna mah nataku. Ngan, unggal deuk ngalenyap. Jelegér! jiga aya gegendir, nu matak nongtoréng dina jero ceuli. “Gusti… Abdi sanés Namrud, raja lalim” ceuk manéhna. Tik tek… tik tek. Sora jam ngajungjurigan tiap peuting. Nyileuk. Dokter ti saban madhab didatangkeun. “Sacara klinis mah, pangersa téh, sehat” kitu kasimpulan para dokter. Pupuhu Nagri beureum panona, cipanon reumbay nahan tunduh nu kacida. Saminggu katukang. Di hiji imah, aya budak keur ceurik. “Gusti.. Abdi nyeri haté…! Abdi éraaa…” reumbay cimatana….

TAYA TANGARA

Kénging Asep Komara
Dipidangkeun dina lapak 01 Séptémber 2012 00:20:09

Basa mukakeun panto, kadéngé aya sora nu maralak kana suhunan. Haté kebek ku kapaur. Ngimpleng balai nu katara bangun rék ngurunyung. Mangkaning euweuh pisan batur pakumaha, da tatangga geus arindit kabéh ti poé mangkukna. Pamajikan katut budak mah kapan ti minggu kamari ogé geus diungsikeun ka imah kolotna.
Leumpang ditiung buntelan. Bari panon mah mélétét nengetan kaayaan. Ngan warna hawuk nu nyaliara. Dina suhunan jeung dina pucuk tatangkalan. Sawaréh mulas jalan liliwatan. Asa di nagri mana boa. Matak peunggas pangharepan.
Anjog ka hareupeun imah panggung. Teu werat uluk salam, kapiheulaan ku nu ngabagéakeun.
“Henjig wé rék indit mah, Akang mah rék ngadagoan indung heula. Sugan aya kénéh kaingetna,” sorot panonna nepakeun kateuneung.
Najan geus kasawang ti anggalna, ari dipokkeun kitu mah nya dalah dikumaha. Gedig deui leumpang. Dijajap ku sora gumuruh jeung sora angin nu paselang . Ret ka tebéh kaler. Panon gunung papak téh keur meumeujeuhna jéér.