Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 01 Agustus 2012 (3 Naskah)


PIDAWUH

Kénging Abu Ainun
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2012 22:13:46

KAKANG Prabu Sastrasunda calik dina batu ngampar. Nyarandé kana canir tangkal caringin. Diriung para fikminer. Marendeko. Ngadago dawuhan. Ngadodoho omong, ucap nu kedal ti Sang Bagawan. Astanagedé simpé. Celengkeung aya pananya, meupeuskeun kasimpé. “Nun, naon nu kedah diutamikeun ku abdi-abdi sadaya? Sorana halon kasilih hiliwir angin. “Maca,” walon Sang Bagawan. “Naon deui Pangeresa?” fikminer lianna milu nanya. “Maca!” walonna deui handuruan. “Teras, naon deui?” mimiti réang milu nanya. “Maca!!!” Kitu walonna nepika tilu kali. “Janten, naon nu kedah diutamikeun?” Beuki réang. “Prak nulis!” Leuweung teu geueuman deui. Aya nu ngabaracak caang na angen-angen.***

NU LIRIH DIPIRIG TASBIH

Kénging Nana Sukmana
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2012 13:58:01

(Ramadan 3)
JUNGJUNAN, ieu jantung beuki rapluk. Nyengka ibarat kawah. Waruga janten ngagibrig. Teras parat kana mamaras. Asa teu percanten tuda, wengi ieu bakal paadu teuteup deui sareng salira. Haté Engkang mingkin galécok. Hoyong ngabedah-bedahkeun kakangen. Namung ieu lambey lir dijarumat. Asa kagok nya badé pok. Inggis mamanis téh hinis. Tapi pan ari kereteg, kedah wantun sareng pokna. Nu ratug diteteg-teteg, malar tatag nya balaka. “Manawi niat sarimbag, sareundeuk nataran léngkah,” sanggem Engkang. Leuh, salira anggur tumungkul. Nyumputkeun imut di sapengkereun cangcaya Engkang. Teu aya lisan sakecap, kantenan runtuyan basa. Matak linglung anu liwung. Engkang janten samar rampa. Wengi ngadadak bayeungyang. Teu kiat hoyong ngajéngkat. Da salira anggur balem. Tapi imut asa langkung ngagelenyu. “Sing awas kana rindatna!” haréwos ngélingan deui. Engkang énggal maling rérét. Aéh, geuning leres baé. Tina héhérang soca salira tinggurilap ranggeuyan héman. Waktos batin hareugeueun, teuteup téh nyarios leuleuy, “Abdi nampi khitbah Engkang.” Dunya mabra dipirig lirihna tasbih.**

SAJAK KACANG PANJANG

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2012 11:33:08

Aya pawon pulas bulao. Meni lucu diteuteupna. Lomari nu ngajajar, siga Spongebob, kararoneng, ngan teu umyang siga Nyi Oneng.
Dina meja, aya keresek pulas hideung. Di lebetna aya kacang panjang dua beungkeut. Saurna, kacang panjang mah sanaos diteukteuk dugika buntet ge, angger we namina teh kacang panjang. Ari kacang pondok nu kumaha? Ari kacang pondok tiasa meser di mana?
Kacang panjang mah sering pisan inghak-inghakkan. Nangis balilihan. Bongan, sanaos namina panjang, tapi pangaosna mah henteu manjang. Teu siga kentang, teu siga bawang. Kantenan, teu siga cabe nu pangaosna matak lada kana letah sareng manah.
Malihan, kacang panjang mah sok sering nungkup raray. Isin, cenah. Sok sering katempuhan "Cang kacang panjang, anu panjang ucing....cang kacang panjang, anu panjang ucing!"