Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 01 Juli 2012 (41 Naskah)


NU MARULANG JARAH

Kénging Rohendi Pandeglang
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2012 23:13:22

Jebrod, kusek. Gaplok, koloyong. Bra bru. Piriwit, kartu koneng jeung beureum teu kaampeuh. “Naha kalahka hadé nonjok, jarah ti Sumur Tujuh téh?” ménéjer ngaharéwos ka palatih. “Da barudak méntana éta Pa! pajarkeuntéh mun hayang hadé nyépak bola mah, meuning ka Sumur Itali atawa Sumur Sepanyol, cénah”.

NAHA LERES ETATEH WAROSATUL AMBIYA?

Kénging Aki Pamanah Rasa
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2012 22:45:21

Unggal acara Maulid, Rajaban sareng acara-acara kaagamaan sering ngondang mubalig anu pangsohorna tapi angger we lir cai dina daun taleus. Boa-boa kaikhlasan dina nyebarkeun agamateh duka aya dina urutan nomer anu kasabaraha, da geuning kiwarimah tambih "Transaksional" para mubaligh teh. Anu katingali tina hasil dakwah teh sanes jamaah anu tambih sholeh nanging mubalighna janten baleunghar. Malihan aya wartos ti sumber anu teu paruguh, eta muballigh supados laku (seueur nu manggil) teh kedah mayar atanapi milarian wafak, isim, minyak, atanapi ajimah anu kawilang mahal. "Naha leres kitu etateh warosatul ambiyaa?"

CAN KABÈJAKEUN 2

Kénging Joey Pengganti Wiro
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2012 22:35:40

Asa dina ngimpi puguh,kuring dipapag ku Gulang-gulang leumpang di tengah karaton muru rohangan pasèban.
Bruk, kuring deku nyembah payuneun Raja.
"Nyanggakeun sembah pangabaktos Gusti Prabu."
"Teu kudu nyembah ki sanak, kula henteu gila hormat mangga linggih sing tumaninah."
Prabu Kabayan soantena halimpu tur halon pinuh wibawa. Ngawani-wani manèh kuring cengkat neuteup ka lebah Raja, gebeg kuring reuwas ningali Kabayan nganggo mahkuta nu hurung mancur calik di singgasana digèndèng ku dua Permaswari teu aya sanès Srikandi sareng Subadra.
"Hah, teu salah? Naha..? Kapan Kabayan kawin jeung Nyi Iteung."
Jero hatè galècok kedalmah henteu.
"Nyi Iteung mah baheula ki sanak jaman kula saba kota."
Prabu Kabayan siga nu apal kana gerentes hatè kuring.
Enyaan wacis Kabayan ayeuna weruh sadurung winarah lain bobohongan.
Paingan jadi Raja.

ANJING

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2012 22:25:00

“Udag!” urang pasar pating corowok. Manéhna lumpat tibabaranting. Nyalametkeun diri tina amarah. Lumpat sotéh ngarumasakeun geus maling déngdéng tina jongko. Mangka jumlahna lain saeutik. Meta kitu sotéh bakat ku hayang maraban anak pamajikan. Bongan hésé néangan gawé. “Téwak!” Gajleng. Gorobas. Tumpukan kardus, dreum, paburantak, kadupak. Gajleng. Meuntas jalan. Tit! Tot! Tét! Lakson nalobrosan kekendangan. Nu diudag jeung nu ngudag teu eureun. Népi ka sisi rél. Kuiiiik. Kuiiiiik. Karéta api nu nyemprung geus sidik ieu mah moal bisa ngerém ngadadak. Randeg. Rét katukang. Nu ngudag ampir deukeut. Leungeuna taya nu lémor. Mun kacangkalak hamo teu rajét. Manéhna lahlahan. Gajleng. Kuiiiik. Kuiiiiik. Gujrak. Gujrak. Matak ketir. Gaik. Gaik. Kerejet.

BOTAK

Kénging Jordan Kurniawan
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2012 22:08:56

Salembar-salembar buuk téh diguntingan ku santri senior. Enya, hareupeun saréréa. Di lapang, deukeut Aula. Geus kitu aturanana. Saha waé santri nu malawidang, kapanggih ku sénior keur ulin di supermarkét atawa nonton film di bioskop, wayahna kudu dibotakan. Harita, nu dibotakan ukur uing wungkul sorangan. Da si Yasir urang Lampung jeung si Iqbal urang Balikpapan, nu kamari nonton film jeung uing, sirahna geus botak. Jadi, maranéhanana ukur dititah mersihan WC jeung masjid wungkul. Isukna, di kobong, bari gogoléran, uing maca surat ti Hanifah, kabogoh uing urang Lombok. Eusina kurang leuwih kieu: “Cobi mun nonton bioskopna sareng Ukhti kamari dinten jumaah waktos libur, meureun Akhi téh moal kantos dibotakan. Tapi, teu kunanaon kétang, sok sanaos Akhi mastakana botak. Ukhti tetep bogoh ka Akhi!”

LULUNGU

Kénging Abah Na Ambu
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2012 21:58:11

Bada salat Lohor, teu pupuguh bulu mata ngadadak embung pajauh, lep lep gubrag nyuuh na pangsujudan. Hawa Katiga nu nyaksrak na sacangkéwok kamar kontrakan teu ieuh jadi panghalang. Nu gigireun mah geus puguh tatadi gé geus nampuyak teu walakaya.
Aya nu Ngopépang, geleser susur-sasar karasa senud na béda, Haroshos na puhu cepil muru kulu-kulu, Hatong karéta KRD nénjrag lalangit nu kuram-kireum.
"Nanaonan ieu téh?, lain wayah"
"Cicing, kagok ieu geus teuas, jatah peuting dipajukeun, sieun kaganggu final."
"Selotan heula atuh pantona!"
"Aman"
Adan Ashar gura-giru dikuramas, padahal tadi arék lohor téh tas kuramas.

JUJUR

Kénging Rudi Riadi
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2012 21:32:51

“Hatur nuhun pisan tos kersa nganteurkeun ieu hapé,” pokna bari nyiuman hapéna. “Upami kapendakna ku batur mah duka kumaha. Saleresna tos dilapurkeun, da hapé butut ieuh angkeuhan téh. Nanging ari kapendak ku Akang mah, nya nuhun baé.”
Haté bungangang. Seubeuh ku pamuji. Eusi saku kaeusian saratus rébu. Enya hapé butut, tapi manéhna bungah, cenah, aya kénéh jalma nu jujur. Basa kuring kéképéhan dibéré duit gé, pokna téh, lain ku pangajina ieu hapé, da paling ku konter ogé ditawar limapuluh rébu. Méré sotéh, tanda sujud sukur baé, yén Mantenna masih kénéh nyiptakeun jalma modél kuring. Bari mulang téh, nyepengan irung.
Leumpang muru ka imah, gok deui jeung sakadang hapé. Keur ngagolér di trotoar. Dipulung. Diilikan. Modél anyar. Layar sentuh. Moal teu jutaan pangajina gé. Geuwat baé sim cardna dilaan. Nu kieu mah moal dianteurkeun ka nu bogana, gerentes haté.

KANG NANDANG

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2012 21:23:07

Kang Nandang keur kaluar negri. Omong jelema. Kang Nandang mah keur nyepi, keur mujasmedi nyingkahan rereged dunya. Ceuk sawaréh. Kang Nandang apan ditéwak kunu wajib.” Boa diculik”. Aya nu mairan bari culang-cileung. Béjana saméméh indit, kang Nandang paséa jeung pamajikanana, alatan kang Nandang resep pisan nempo iklan dina televisi. Keur anteng pamajikanana nempo Ovj, sinetron, berita korupsi, cetrek chanelna dipindahkeun kana iklan. Palangsiang leungitna gé kabawa ka jero iklan.
Keur anteng online, pamajikan hariweusweus.” Kang, dugi ka ayeuna teu acan aya raratan kang Nandang teh, kumaha nya kang?” Sok atuh Mamah boga ide teu?”
“ Ceuk Mamah mah, akang pasang iklan atuh, sugan we kabacaeun, apan resep kana iklan cenah, jeung sok mikmin. Bener oge eta omongan pamajikan.
Fikmin

SORA TI MUSOLA

Kénging Rak Buku Soni
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2012 20:05:43

Taya pintu tobat anu muka seug anjeun geus dikubur. Na atuh, mabok teh teu eureun-eureun. Yeuh meunpeung masih hirup, geura euling. Tong paeh dina kayaan balangsak sumawona dina kayaan kafir. Kitu ceuk hiji sora di hiji musola di sisi balong. Harita sore hurung layung. Saabringan manuk kumalayang di langit nu wening. Jang Suhe ngarenjag sakedapan basa ngadenge eta sora nu mawa ingetanana ka mangsa baheula, waktu manehna sok salat tur teu pernah nginum saleguk-leguk acan. “Beu, naon sababna aing jadi kieu?” ceuk Jang Suhe. Kabayang deui basa manehna kabur ti imahna dumeh dicarekan ku bapana sorangan, pedah hayang motor teu diteudunan da memang jalma teu boga. Tapi naha eunya anu nyababkeun manehna jadi jalma teu waras teh kulantaran dicarekan ku bapana? Boa-boa lain eta. Bisa jadi lain eta. Ingetanana kumalayang deui ka Nyi Menor, nu teuing ayeuna aya di mana. Menehna pisan anu ngajak sare tur mere inuman ka Jang Suhe. “Gusti, aing teh geuning atah warah!” ceuk Jang Suhe, basa ngadenge sora, “suluh naraka teh jalma jeung batu nu hurung ngempur panasna taya tanding!” (2012)

MAROJÉNGJA 2

Kénging Hena Sumarni Thea
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2012 19:34:07

Dina wangkongan urang harita, paheut pisan deuk pada-pada surti. Yén kaasih ukur bisa disumputkeun. Tina mentringna panon poé, tina mabrana bulan, tina hiliwirna angin, sarta tina genclangna ciibun.
“Ulah ngaraos diteungteuingan nembe teh nya, Enung. Ku Engkang disapirakeun. Inggis batur curigaeun atuh da.”
Ramo téh diranggeum, disimpen dina dadana. Ukur wasa gunem catur jeung lelembutan.
“Peurih, Kang. Haté abdi beuki dieu beuki gudawang. Mun téa kanyaah téh bisa direureuhkeun, moal eudeuk diengkékeun deui.”

GAGAL

Kénging Tiktik Rusyani
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2012 19:20:09

Shadow, blush on jeung mascara, mapaésan beungeut nu mimiti hégar deui.
“Akang tos dugi ka Langénsari.” Sms ngabéjaan. Sanggeus papagah ka badéga, sup ka kamar, neuteup nu ngageubra.
“Cinta, view na saé pisan, énggal nya, diantos.” Bruh bréh kalangkang amisna asmara.
“Kapan nyeri ku lalaki, ubarna kudu ku lalaki.” Si tegep nu tandukan ngaririwaan. Gilig, lebar kunu keur meujeuhna mikageugeut. Nu tibra dicium tarangna. Keteyep kaluar ti kamar.
“ Mamah..ngiring!.” Hing ceurik bari muru. Dunya kasumba, paburantak sapada harita.

DURIAT

Kénging Rak Buku Soni
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2012 19:15:06

Najan Nyai kawin jeung Kang Iwan, ari cinta Nyai ka Akang mah teu weleh nganteng. Apan teu salawasna cinta teh kudu ngahiji. Ang Ainun ngusap dada maca eta surat nu karek bieu katampa ku manehna. Satadina saacan surat dibaca, manehna boga anggapan yen kawin jeung Nyai bakal laksana, bulan maduna di India. Ari pek geuningan si Nyai teh geus dikawin ku Kang Iwan. “Lamun kieu naon hartina salila ieu aing ngalusan imah si Nyai, ngamobilan, jeung ngamodalan dagang beas?” ceuk Ang Ainun bari meubeutkeun maneh kana kasur. Teu lila ti eta Ang Ainun inget ka Mama Sukma, anu ceunah bisa putuskeun jeung nyambungkeun duriat. “Ke, ke, ke. Piraku aing ku ngahanca urut batur mah!” batin Ang Ainun sabil. Bulan bencar na dadana (2012)

RP 1 MILYAR

Kénging Rak Buku Soni
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2012 19:01:01

Neng Eva ngarampa dadana sorangan sanggeus maca berita di hiji media massa cetak, yen lukisan Ang Juned laku Rp 1 milyar. Objek dina eta lukisan teh diri pribadi Eva sorangan anu keur buligir. "Beu, teu adil lamun kieu mah," ceuk Neng Eva bari ngababetkeun koran nu tas dibacana kana luhur meja tepi ka sagelas cikopi anu aya didinya bahe pisan. Memang teu adil ari kituna mah. Basa Neng Eva dipenta jadi model pikeun lukisan Ang Juned, Neng Eva ukur diburuhan Rp 500 rebu, kitu ge bari jeung dicagap sagala rupa ku Ang Juned. "kaya kieu mah aing kudu balitungan. Juned dagoang aing!" ceuk Neng Eva, amarahna ngagolak dina hate jeung uteukna. Peso lipet anu salila ieu sok dibawa ku Neng Eva ngagurilap jiga halabhab ku getih Ang Juned. (2012)

TAUHID

Kénging Irman N Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2012 18:55:51

Teu unggut kalinduan henteu gedag kaanginan, tetep pageuh mertahankeun kayakinan. Anak jeung salaki diancam, rék dipaéhan sangkan ngarobah kayakinan. Ukur imut bari tumamprak ka Nu Maha Kawasa, pasrah. Haté geus buleud, kajeun paéh tibatan ngaleupaskeun aqidah. Imanna leuwih kuat tibatan kasieun ku siksana Fir'aun. Dalingding kasturi nyambuang nganteur manéhna nu ngais orok, ancrub kana katél badag nu eusina timah ngagolak.

HUJAN ASIH MUNGGARAN

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2012 18:52:48

Hujan mindeng turun keur wanci mongkléng, atawa isuk-isuk marengan halimun. Urang duaan, teu kedal ucap nanaon, ngan suukur silih teuteup pinuh kasono. Mindeng seuri Nempo hujan siga ngibingkeun satria ladak, pirigan tabeuh gawil.Urang nempo hujan anu hégar. Hujan pikabungaheun. Pohara resepna turun hujan. Kuwung-kuwung narémbongan. Urang ulin cai ras jaman keur budak, dongéng widadari dina katumbiri nutug leuwi. Leungeun ngahiap, ranggah ka wiati, bari awak muter nuturkeun wirahma hujan. Urang sebut we ieu teh igelan mangsa hujan. Urang duaan, saresmi handapeun hujan.
.” Hujan anu éndah.”
” Kukupu ogé éndah, anjeun apal teu, apan kuring resep kukupu?”
” Hujan pikahelokeun pisan .” ” Oh asih oge helok, iraha wae datangna.”
” Kuring mitresna anjeun”
” Asih teh teuing ku wening Kang.” ” Hujan oge wening da, sami.”

NU NYEGRUK DINA SAJADAH

Kénging Nazarudin Azhar
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2012 18:26:31

Kompetisi méngbal nu biasa disiarkeun dina telepisi geus lekasan. Janari jemplang-jempling, manéhna sumegruk dina sajadah. Ceurik balilihan, bari dareuda, "Duh Gusti, gaduh dosa naon atuh abdi téh, tiap judi ngan éléh waé?" cenah.

BULAN JULI

Kénging Joey Pengganti Wiro
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2012 17:29:40

"Halaah..hareudang kieu bulan tèh jang?"
Mang Uki humandeuar leungeuna ngeukeuweuk Brosur pendaftaran murid anyar ti salah sahiji SMA.
Enya kitunamag ulah boro mang Uki dalah kuring ogè kasebut jalma ngora seuseut seuat ngasupkeun sakola si bungsu, salianti budakna kudu pinter tèh duit tiheula nu ditanyakeun.
"Ka SMA paporit lebetna mang?"
Kuring nanya.
"Boro-boro paporit budakna kurang pangartian, keur mah duitna timana?"
Kuring ukur seuri maur rumasa hirup teu leuwih alus batan mang Uki.
"Asa anèh jang, sakola alus tèh nu kumaha lieur keur emang mah nu bodo.Nu katarima di sakola alus atawa sakola paporit nyaèta budak nu pinter NEM na kudu gedè, tibalik ceuk emang mah."
"Tibalik kumaha ari emang?"
"Enya sugantèh nu asup ka sakola alus atawa paporit mah budak nu kurang pangartina supaya jadi pinter, makana bayarna mahal."
Kuring ngahuleng, mang Uki jongjon mencon lalay nu karèk kaluar.

SAREUPNA

Kénging Iwan R Jayasetiawan
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2012 16:32:42

Wanci sareupna,acan dipapag ku peuting. Tapi pikiran jeung panon geus nganjang ka subuh nu earna ku surak. Turunan Musolini jeung Juan Carlon bakal mintonkeun pangabisana nu dillajoan pangeusi dunya.

NU CENAH NYAAH

Kénging Lies Tjandra Kancana Sudarma
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2012 16:06:39

" Sumpah Akang ngan cinta ka Eliz, loba awewe anu miharep Akang Liz, tapi euweuh nu siga Eliz, Keur geulis teh bageur."
Euiz imut ngagelenyu. Harita Eliz ngajak jalan-jalan ka Taman di tengah kota.
Leumpang patungtun-tungtun.Katempona layeut pisan
" Akang lalaki pang bagjana bareng jeung Eliz. Akang hayang kawin jeung Eliz. " Eliz saukur tungkul ngaregepkeun nu keur nyarita. Palebah tangkal Mahoni anu geus puluhn taun, Eliz muka tas, ngaluarkeun Hape BB -na sok di tataan sababarah sms : Kang Hadi teh play boy,Teh, kabogohna loba. Nu hiji nulis kieu.; Ayeuna keur ngbageuran randa beunghar anak dua... Hiji deui nulis : Abdi oge korban Teh, abdi siap ditikah, manehna malah nolak. . Nu hiji deui : Kade Teh ditipu, diporotan. Ngeleyed si eta mah "
" Eulis naha jempe wae?. Biasana sok serewel.Akang sono ku serewelna".
Eulis ngasupkeun leungeunna kana jero tas,bari ngomong jero haten : " Duh karunya ieu lalaki teh, teu nyahoeun kuring mah moal bisa dibobodo "
Ngan sakilat. Bress !.! balati leutik nancleb kana jajantung nu cenah nyaah kamanehna.

SAREUPNA

Kénging Rak Buku Soni
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2012 15:04:30

Peuting ieu kuring hayang sare, moal nonton final sepak bola. Ka hiji taya gunana. Kadua lamun Spanyol atawa Itali nu meunang tangtu na ge uing moal meunang hadiah. Jadi meuning sare bae, sugan jeung sugan meunang nu lian di luhur pangkeng jeung manehna. "Naha Akang masih kiat lumpat kitu, ngajak maen bola jeung abdi?" ceuk manehna bari ngadilak. Halah, heueuhnya. Apan kiwari kuring teh keur geuring ripuh, "si ujang" ge milu geuring. Geus saminggu teu ngabekur. "Kedah diurut atuh Kang supados jagjag deui," harewosna. Kuring ukur imut. Beurang laju ka sareupna, asa hayang ngora deui. Kacipta harita di kebon awi manehna jadi kiper, ampir jebol 2-1. Ih pikiran teh kamana bae, apan itu dina tungtung ranjang malakal maot geus ngajega, imutna matak muringkak bulu punduk. Saha nu rek dibawa? Kuring atawa manehna? (2012)

JAKARTA - YPK

Kénging Akang Uluz
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2012 14:58:49

Ngahaja papakean teh basajan, ukur make stelan jeans jeung kaluhuran motif kembang.
"Bade ngajajapkeun ka YPK teh?, Atanapi Kakang aya acara nu sanes?." ceuk Anjani ka salakina, Rahwana katingali romanna pinuh kamelang. dihulag piomongeun, teu dihulag bisi kumaha onam. Antukna Rahwana ngaluarkeun jampe pamakena.
"Dinten ayeuna Kakang diulem rerencangan, wayahna neneng kedah ngiring ka Kakang." Rahwana teu eleh geleng,
"Wios ari kitu mah abdi teu cios ka YPK." bari nahan hayang seuri, nepi iraha ge kuring moal di idinan nincak YPK.
Kuring lain jiga Shinta, era teuing kudu ambek-ambekan harepeun salingkuhan salaki.Ngaragrageun martabat diri sorangan. Shinta kudu nyahoeun, yen kuring istri pinilih, tanggoh tur komaraan.

LALAJO MAEN BAL

Kénging Iwan R Jayasetiawan
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2012 14:03:02

Lalajo maen bal, lain ngansaukur panon wungkul. Tapi pikiran rasa jeung perasaan campur aduk.Malahan sungut sok milu noro weco. Sanajan final fiala Eropa antara Ilaty jeung Spanyol waktuna lila keneh.Tapi kuring geus tatan-tatan tiayeuna.Surutu merk Adi Pati,Cikopi, oge dewegan hejo.Kabeh jampe nu apal jeung nu bisa geus dipapatkeun.Noan nu bisa dibaca kuring geus dibaca. Malahan koran taun katukang oge dibaca jeung iklan-iklana.Kuring ngadoa ka Sang Hiyang Wenang, mudah-mudahan :" Persib teu eleh bae ".

DI KANTIN KAMPUS

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2012 13:29:18

Dua mahasiswa asing keur dialajar kabudayaan Sunda . Dina waktuna istirahat marilu aub jeung papada mahasiswa lokal nu keur ngadon dalahar di kantin kampus. Lantaran hayang tereh bisa nyarita ku Basa Sunda estuning tetelepek sagala rupa ditatanyakeun , itu naon ieu naon. Kop nyukil sangu di kana piringkeun , geus kitu kop kana sayur lodeh.
" Upami ieu naon ?" pokna bari nunjuk ku sendok kana iwung.
Aya nu ngajawab , " Oh ,eta mah iwung !"
" Asalna tina naon ?
" Tina awi ngora ! "
" Wowwww, awi ngora raos , tangtos awi nu kolot mah.... raos pisan !"
" Sumuhun , tuh mangga cobian geura !" ,ceuk nu ngajawab bari nunjuk kana bilik.

GETIH SAHA?

Kénging Kus Wanda
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2012 13:19:54

Di munara masjid Agung. Angin ngahiliwir tina jandéla kaca nu muka. Rét kahandap. Utey kandaraan, pabaliut jeung padagang. Nambahan pajuriwetna pipikiran. Ras ka Marni, meureun keur ngalempréh dina dipan rumah sakit. Inget ka Eti, enya kitu geus hianat ka aing. Kolébat beungeut Ato nembongan. Boa enya, pan cénah harita Ato téh kabogoh Eti. Ngan kolot Eti teu mikeun. Sia meureunnya nu geus neundeun binih jadah dina beuteung pamajikan aing téh. Mun seug aya hareupeun, hayang teuing ngerekeb sia Ato. Paingan Marni keuna leukémia, meureunan turunan sia da éta mah panyakit génétik cénah. Bati ngarahuh.
Bet ku kabeneran, tadi beurang di rohang tunggu PMI maca buklét ngeunaan golongan darah. Cénah lamun hiji lalaki golongan darahna AB, kawin ka awéwé nu golongan darahna O, anakna pasti lain O. Buktina, golongan darah Marni sarua jeung indungna.
Mangpirang rasa nyedek dina dada. Tirilit, sora sms. Marni. “Pih, tong lami teuing atuh Marni keueung”.

LENG

Kénging Abu Ainun
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2012 12:46:57

Aki Jenat ngolébat. Sakeudeung reureuh ninggalkeun teureuh. “Poma ulah luncat mulang, udar tina tali gadang. Sing pageuh nyekel tali paranti karuhun.” Belesat.
Koréjat. Di tungtung kasur indung Si Cikal ngajentul. Ngareureuhkeun capé sapeupeuting ngabangingik.
Kokok…kong! Kokok…kong!
Si Bungsu.
PING!!!
Indungna.
“Pah énggal, kabujeng panas”
Leng!
Leng!!
Leng!!!

PEURAY

Kénging Teti Taryani
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2012 12:26:01

Barudak narima ijazah sanggeus néken tanda panyérénan. Bérés! Jol ibu-ibu kadua budakna, regag-regog semu bingung.
“Tiasa… nepangan Bu Gina?”
“Euh, abdi, Bu. Mangga calik. Manawi tiasa dibantos?”
“Badé ngabantun ijazah pun anak, Bu, Mia Kania.”
“Geuning teu ku Mia, Bu? Parantos damel?” Da kitu biasana lulusan sakola kejuruan mah. Tacan lulus gé geus baroga rékoméndasi ti tempat PKL. Komo pantar Mia mah. Keur geulis téh calakan deuih. Pangalusna peunteunna gé. Si ibu unggeuk lalaunan.
“Ih, ai Mamah… pan kabur jeung supir angkot!” ceuk budak bari melong. Cimata indungna maseuhan ijazah. Meuraykeun ngaran Mia, meuraykeun harepanana.

AMANAT APA

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2012 10:34:50

Jang urang mah Turunan Panjalu. Sok sanajan tujuh turunan urang aya di pangumbaraan jeung geus teu apal di mana lebahna lembur urang . Tapi pacuan ulah poho kana amanat karuhun urang. Nu ka hiji mun barang inum ulah ditohtor tapi kudu dikucurkeun heula kana gelas atawa cangkir. Nu ka dua mun barang dahar ulah langsung ngahuap tina wadahna tapi kudu dipiringan atawa di kana daunkeun. Nu ka tilu ulah sok saucap-ucapna. Nu ka opat ulah sok sacokot-cokotna. ......

TIREM DI LAUT ANYER

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2012 09:12:45

Ungggal patepung teuteup jeung manéhna, kuring asa nempo taneuh kuburan. Siga nempo kekebonan nu rengse diduruk pasosoré. Mulangkeun panineungan, bangké kapal, ruksak jeung leuseuh, paburencay. Aya angin puyuh lilimbungan dina kongkolak panona, sesemplekan midangdam. Basajan pisan, mun peuting sapasang mata, nurihan jajantung ti jero mongkleng. Kuring asa ngilu kabawa, kasedot kajero laut ku ombak anu ngajungkiring. ” Pun lanceuk tos tilu bulan teu mulang, manawi akang terang laratanana?” Teu weleh tumanya kasaha bae anu pasarandog jeung manehna.
Pintelan asih geus kucel jeung kulawu , teuing tepi ka iraha bakal mulangna.

SILIWANGI & GATOTKACA

Kénging Mohammad Ridwan Trijana
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2012 08:25:02

Siliwangi mandi saptakembang di Leuwi Sipatahunan. Dikukusan kai gaharu. Digebotan waregu sadapuran. Dipeureuhan daun handeuleum. Dicekok daun hanjuang. Gagaman Kujang meunang ngamandian di Situ Panjalu, diselapkeun dina beubeur areuy hoe. Sanggeus saged. Jorelat! Muru Alun-alun.

Di kulon…

Gatotkaca mandi saptakembang di walungan Gangga. Dikukusan menyan Hindustani. Digebotan kulit caringin. Dipeureuhan daun seureuh. Dicekok jambe gumading. Gagaman Gagakrancang meunang ngamandian di walungan Yamuna, diselapkeun dina beubeur Kashmirian. Sanggeus saged. Belesat! Muru Alun-alun.

“Pasundan teh nu kaula! Kaula incu Bharata!” ceuk Gatotkaca.
“Teu bisa! Pasundan nu ngaing! Ngaing incu Dewawarman!” ceuk Siliwangi.

Sabot aduregeng, turun cahaya gilang-gumilang, janggelek jadi jalma. Sorban jeung jubahna sarwabodas, kekelebetan katebak angin.
“Pasundan lain nu maraneh! Sabab Aki Tirem, Dewawarman jeung dongeng Mahabharata, kabeh ti India!” ceuk eta jalma. “Ulah adigung, kabeh jalma turunan Adam! Singsaha nu boga luang ka Mekkah, mangka kudu maksakeun!”
Gatotkaca jeung Siliwangi nanya, “Saha anjeun?”
“Takdir!” cenah. Whusss… hiber deui ka langit.[]

JAMAAH BERJAMAAH

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2012 08:02:32

Langit Bandung lénglang. Layung tingbulubus nyumput tukangeun gunung. Jamaah patingarungku di gedong YPK. Susuguh disérédkeun. Lambaran-lambaran keretas dipépédkeun. Ki Andilawa memener tripod jeung kaméra. Kompas Android dipanteng nyusud kiblat panghadepan. Bar Ki Jirjis ngamparkeun lawon bodas. Tingjarepat ngabaris ngamparan sajadah. "Hayya 'alash sholah!" Ngalanglaeung mapag cunduk wanci magrib. Belesur sora adzan ngalakay patinggeleber. Mancawura dina wahana nirkabel. Mubus kana sela-sela serat optik. Tingsélékét dina leunjeuran kawat tambaga. Gubrag anjog ka Pandeglang. Nyungsi ka Batawi ka Subang. Mumbul ka Garut, Tasik, nepi Ciamis. Kuncen Sumur Tujuh giak. Galaxy dipanteng dina holder luhureun méja. Manteng imam ti YPK. Ngagidig muru tampian. Abdas dina pancuran cinyusu. "Allohu Akbar!" ceuk ti YPK. Raong takbir urang Pandeglang, Batawi, Subang parat nepi Ciamis. "Amin!" ceuk di YPK. Raong ngaminkeun urang Ciamis, Tasik, Garut nutug nepi Pandeglang.

NU TEPUNG 2

Kénging Budi Mugia Raspati
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2012 07:18:15

Peuting keur jempling. Ngoréjat. Kageuingkeun ku kawih nu matak nurih. "When the dog bites, when the bee stings, when I'm feeling sad...." Karesepna. Lulungu. Gigisik. Bréh. Tegalan héjo ngémploh, éndah satungtung ténjo. Ditiungan amparan méga bodas, nu mawa tengtrem. Asa di nagri dongéng. Nyéh, Nyéra. Rumingkang. Hareupeun, laju nungtun. Bréh. Wanoja buukna tukung. Sarimbag! Keur ngasuh barudak nu tujuh, bari rampak ngawih nu sarua. "I simply remember my favorite things,
and then I don't feel so bad...." Salzburg, Austria, kadinya manéhna metot kuring. Nepungan Von Trapp sakulawadet. Bungah nempo manéhna cumpon jadi Maria, dangsa jeung Kaptén gandang nu pirajeunan ngajungjurigan. Kabungah manéhna, kabungah kuring. Nyéra. Peuting méh lekasan. Geura ngabelesat. Enya ka ditu deui, norobos langit pingpitu.

BULAN DI PANGANDARAN

Kénging Tien Widartini Darodji
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2012 05:55:33

Kamar téh kabeneran aya di lantai dua jeung aya balkonan nyanghareup ngulon,sinar bulan nyaangan kamar tina jandéla kaca nu gordéngna teu di tutup.
Goledag kana tempat tidur,ngahaja ampu teu di hrungkeun ngareunah saré dina reyem-reyem cahaya bulan.
Teu kadabngu asupna ,golédag salaki natonggongeun ,sérérék sléting di buka ,keup leungeuna kana cangkéng jeung bari nyiuman punduk napas na ngahégak,kuringgé jadi hayang malik,kaburu manéhna nganaréwos ''Néng ibak heula jung,bau''sorana haroshos.Nya heueuh atuh jalan-jalan ti ba'da magrib kaselang ku isa balik ka kamar geus rék jam duawelas.Kuring cengkat,leungeuna masih karasa meulit na cangkéng,barang rék dilésotkeun...geuning euweuh nanaon,gebeg,lieuk tukangeun euweuh sasaha,Astagh firulloh,puringkak punduk asa kadel,jetrék lampu ruangan dihurungkeun kamar ngempray caang,geuwat wudhu muru sholat tahajud,haté tenang deui.
top kana lap top ,gék diuk di balkon bulan geus mudun ka beulah kulon.
eum naha ngimpi téh bet asa nyata''Ya Alloh mugi gusti ngahapunten''.

TANGKUBAN PARAHU

Kénging Lies Tjandra Kancana Sudarma
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2012 05:41:17

KURING, nangtung di hiji tempat nu rada anggang ti lubak-libukna jelem anu piknik ka Tangkuban Parahu. Hayang jongjon nempo kawah Gunung Tangkuban Paraha anu masih ngagolak. . Tangkubn Parahu nurutkeu Legenda mah di tajong ku Sangkuring kulantaran teu kaburu ngangggeuskeun pagaweanana.. Dina dongeng Dayang Sumbi tangtuna awewe anu awet ngora. da anakna oge nepi ka kabelejog yen Dayang Sumbi saenya mah Indungna.
Harita kuring keur aya dina warna kayas.. Naha da sanajan enya umur mah geus tengah tuwuh,boga kanyaah ka hiji lalaki teu aya bedana jeung baheula..
Ngajanteng didinya bari jeung tiris aya nu ditungguan .Nu dipiknyaah , nu ngait kana hate, da asa cocog kana hate, sora jeung sikepna.
Keur mikir kitu, Tigigireun aya nu nanya :
" Teh, tos lami ngantosan ?" Kuring nyeblak, .Hate ngalenyap, atoh tapi asa digerihan, dipautan ku hinis. Dilieuk teh kuring ngajerit jero hate:
" S a n g k u r i a n g....."
Teu kawawa manehna ku kuring dirangkul nyaah pisan.

AYA TO AYA

Kénging Yatsu Drajat
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2012 05:31:42

Mas : Kang, uing tadi mbengi ngimpen nemu duit, barang tangi eh to ayaa
..,trus bobo dai, ngimpen panggih jeng nu gelìs eh pas benta nu gelis ge to ayaaa... ah uing teh penasaran bobo dai we e bener ngimpen doi nyaeta ngimpen e'e ..,
Akang : kumaha tah Mas, leungit deui ?
Mas : ih ento Kang ... barang dicagap ...eh e'e na teh ayaaaa !!! Akang : ?????

GEUS DITULIS

Kénging Wawan Setiawan Husin
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2012 05:00:00

Geus ditulis ratusan gambar di guha-guha kuno, milayaran hurup na rebuan lontar, daluang, tulang, jutaan miliaran lambar keretas netelakeun elmu manusa. Ti jaman mangsi hideung cumi-cumi, nepi ka laser jet. Geus dikotretkeun puluhan encyclopedia ngawengku elmu jeung kabudayan manusa. Geus dielektronikeun belasan encyclopedia nu pangkahotna, nu panglengkepna, nu pangmodernna nu pangpost-modernna. Geus dijieun ratus-rebuan blog, jutaan situs, miliaran sumber ngabahas elmu panemu, gossip, intrik, iklan, hawa, matahari, copet – cocopet kelek berewek, sepak bola, sepak raga, sepak terjang politisi, jalma-jalma nu kasep nu goreng putat, nu sampurna, nu cacad. Ongkoh nu kembar dua, genep, oge kadaharan padaharan, rorongkong, bojo denok salingkuhan, PIL WIL, matematika, logika, ternodinamika, kareta api, kapal udara ragrag di Sukabumi, sapedah gunung, kamera jero cai, kapal layang, kapal laut, singa laut, eong, gajah, papatong, sireum. Dijieun Haiku, carpon, fikmin, novel. Didadarkeun wali, nabi, avatar.
Kabeh dihijikeun: ngaguruntul jadi sakeprul jawaban, sacomot kanyaho, sagilek igel. Gusti, manusa saukur kebul!

TANGKUBAN PARAHU

Kénging Lies Tjandra Kancana Sudarma
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2012 04:37:36

KURING, nangtung di hiji tempat nu rada anggang ti lubak-libukna jelem anu piknik ka Tangkuban Parahu. Hayang jongjon nempo kawah Gunung Tangkuban Paraha anu masih ngagolak. . Tangkubn Parahu nurutkeu Legenda mah di tajong ku Sangkuring kulantaran teu kaburu ngangggeuskeun pagaweanana.. Dina dongeng Dayang Sumbi tangtuna awewe anu awet ngora. da anakna oge nepi ka kabelejog yen Dayang Sumbi saenya mah Indungna.
Harita kuring keur aya dina warna kayas.. Naha da sanajan enya umur mah geus tengah tuwuh,boga kanyaah ka hiji lalaki teu aya bedana jeung baheula..
Ngajanteng didinya bari jeung tiris aya nu ditungguan .Nu dipiknyaah , nu ngait kana hate, da asa cocog kana hate, sora jeung sikepna.
Keur mikir kitu, Tigigireun aya nu nanya :
" Teh, tos lami ngantosan ?" Kuring nyeblak, .Hate ngalenyap, atoh tapi asa digerihan, dipautan ku hinis. Dilieuk teh kuring ngajerit jero hate:
" S a n g k u r i a n g....."
Teu kawawa manehna ku kuring dirangkul nyaah pisan.

KUNTUL

Kénging Pungkit Wijaya
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2012 03:24:17

Geleber!!! Manehna indit nembus mega-mega. "Aha, urang rek entreup di sawah nu éta" sabada panonpoé motekar. Anteng sapopoé neangan kulon jeung wetan, mapay-mapay galengan. "duka atuh, ari sayangna dimana eta manuk teh, ari indit atawa balik mah sok katempo di langit, awakna bodas, tapi can kungsi pahareup-hareupmah" ceuk lalaki nu diuk di saung, ngahuleung nempo eta manuk tikajauhan. "Ari kuringmah sapopoé téh,kudu indit ti sayang, engke sugan, ari indit ti wetan ka kulon mah meunang jang patukeun atuh!!" teu kungsi lila matapoe tilelep, sora di tajug kalaluar liwat speaker, langit kayas, kapinis kokoleangan.

FIKMIN KURING

Kénging Ki Lalat Socrates
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2012 02:30:03

"Fikmin karangan batur mah..... harédéd pisan eung.....!!", cekéng téh.
"Naha da Fikmin karangan anjeun ogé haradé atuh....!!!", ceuk manéhna.
"Hadé kumaha...??", ceuk kuring, bari irung mah mimiti cengkat.
"Enyaa... éta... Fikmin karangan anjeun hadé, hadéna mah tong diposting", ceuk manéhna.

CEKÉNG

Kénging Abu Ainun
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2012 01:13:44

“Kang…” cenah.
“Emh…” cekéng.
“Kaaang..” cenah.
“Laaan…” cekéng.
“Akang téh seurieus?” cenah.
“Seurieus atuh!” cekéng.
“Teu acan gaduh kitu?” cenah.
“Atos atuh!” cekéng.
“Bohong!” cenah.
“Suér, tos dua,” cekéng.
“Bohong nya?” cenah.
“Teu percanten?” cekéng.
“Teu! Pameget mah sok bohong,” cenah.
“Kumaha atuh?” cekéng.
Imut. Amis kareueut lir peueut. Jiah…Syawal jadi nyikalan deui,*

YEPEKA 2

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2012 00:15:40

Satutas matapoe lingsir, aya kembang pulas bodas nu nurihkeun cucukna. Tuluy gumelar kembang beureum tina keclak-keclak getih nu asalna kumalayang neneang tresna. "Renjagan teh lir uyah nu bisa dipurulukkeun saban mangsa...teu kudu nunggu jadi panungtung carita," ceuk jandela nu mukakeun lawangna. "Nu aheng ditutur-tutur kaahengannana, nu basajan dipapaes ku kabasajanannana."
Tina plot kana suspense...tina linguistik kana logika surealis.
Wanci ngagugusur lengkah. Mungkur memeh bedah.
Sajajalan, nu kasawang ukur cureuleukna panon nu teu cacap ngarindatna.

NYANDUNG 12

Kénging Abu Ainun
Dipidangkeun dina lapak 01 Juli 2012 00:00:04

Mun nyaan...dung!