Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 01 April 2012 (66 Naskah)


LAPAR

Kénging Bibeh Nubaheula
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 23:13:10

Wanci geus peuting. kuring jongjon muka pesbuk. anteng macaan FBS teupoho kuring mere tanda ku simbul jempol. Tapi Cacing jero Beuteung karasa kukurubukan bangun nagih jangji, kuniang kuring cengkat nyingkabken hordeng jandela susuganan aya nu ngaliwat dagang kadaangan. Tapi.. Weuleh teuaya kalangkan2gna acan. Gek kuring diuk deui bari jongjon nyoo hp. hawar2 kadenge aya sora nakolan loceng
Jut turun kaluar susuganan aya tukang baso. Ret ka pos ronda manahoreng hasip keur jaga nakolan beusi

NU TEU KA FIKMINKEUN

Kénging Munggaran Alfatih Z
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 23:12:53

Geus tilu poe manehna ngereles teuing kamana, ditingalian dina status pesbukna teu apdet komo deui karya fikminna mah, padahal manehna geus jangji rek pangnyieunkeun fikmin keur kuring, tapi lapur nepika ayeuna teu hiji-hiji acan, maenya jalir mah, hate gulinggasahan dibarung ku teu puguh rarasaan, nya kamana ieu jalma teh, rek di inbok, sms, telepon atawa nanyakeun ka babaturanana asa gengsi, tapi na jero dada kebek ku panasaran, antukna maksakeun karep nulis dina dindingna semu ngambek bari ditungtungan ku kecap "angger ari tos ngereles teh mani siga nu di teureuy taneuh" ceuk kuring, peutingna aya inbok nu ngakukeun ti adina ngabejaan yen manehna geus tilar dunya tilu poe katukang serangan jantung cenah basa manehna keur ngetik nyieun karangan nu judulna ngaran kuring.

DADU

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 23:11:18

Lain, lain di Macao, Monaco, atawa di Las Vegas, tapi puseur karaton Astina, kalicikan Sangkuni dina ngonclong dadu teu weleh licik dina taruhan ngadu, dina reyem-reyemna lampu, nasib alus atawa goreng tukang ngadu kelas hiu.

Pandawa ngan wasa ngarahuh, tapi dalah dikumaha, Yudistira teu bisa kukumaha, Bima ngan ukur ngagerem, Arjuna teu walakaya, Nakula jeung Sadewa kapupul bayu alatan asor ku kalicikan Sangkuni, Pandawa ngan wasa nahaan napsu, rek menta tulung kasaha, kabeh jiga nu teu mirosea, alatan nasin geus aya dina katangtuan dadu lebah meja paranti ngadu.

Ah, geuning petengna peuting, dina Jiwa Pandawa nu napsu ngagugudak, sabab Dursasana jeung Sangkuni unggul dina maen dadu, antukna Pandawa kalunta-lunta di leuweung luwang-liwung di tengah leuweung geledega, Pandawa ngan wasa ngarenghap nempo Para Pandawa jeung Dewi Drupadi nu disarengan Kunti Nalibrata ngadadak kausir ti Astina bari terus tumanya, di ruang mana dirawatna?

MEGA HIDEUNG 2

Kénging Ade Nendang Rahman
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 22:37:00

Kuring teh geus lila teu aya tangan pangawasa alatan struk. Nu ngurus sagala kaperluan rumah tangga teh Inah, adi kuring nu kabeneran randa. Katingalina teh betaheun najan ngurus jalma nu teu walakaya ge. Barina lamun Kang Sarman kabeneran keur aya di imah mah anjeunna nu ngurus kuring teh.. Kuring teu curiga Inah bakal ngagoda dahuanna. Kitu deui teu curiga salaki bakal ngagoda adi beuteungna. Tapi kadieunakeun kuring ngarasa aneh ka Inah nu ngadak-ngadak sering dangdan; terus salaki nu biasana balik gawe sok langsung nyampeurkeun kuring bari dahar bareng sapiring, ari ayeuna sok rada leleda rek asup ka kamer teh. Jeung ti barang gering panas salaki teh sarena sok di kamer sabeulah, cenah masih salesma, bisi tepa. Malah basa peuting salaki ngelol ka kamer bari menerkeun simbut, asa kaangseu kesang nu tas sapatemon. Buru-buru kuring nyingkahkeun curiga hate, eta mah meureun aangseuan jalma nu keur riwan. Kuring yakin manehna moal boga hate hianat......

HATE

Kénging Nanang Sahbana Afnani
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 22:35:50

Dina tungtung jangjang peuting nu simpe nganter geter kasono ka ANJEUN.Illahi anta maqsudi waridloka mathlubi a'thini mahabbataka wama'rifataka,kalayan kapasrahan diri.Kakurung Sifat Lahawla walla quwwata ila billah,Sajorelat aya nungaguruh dina mamaras dada lir sora guntur kapituhu."LAA....ILLAHA ILLALLOH"nenggeulan hate nu teuasna leuwih batan karang atawa waja,adigung pinuh kaangkuhan.Teu karasa cimata asih ragrag dina amparan KHOFY,estu abstrak teu katingali ku panca Indra."Anjeun....jeung Kuring ngahiji dina RASA"Puji ngaharewos kana SUKMA

TEU JADI

Kénging 'Eboed' Eman Budiman
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 22:18:23

Gék diuk handapeun tangkal salam. Ngahaja néangan tempat nu iuh jeung rada jauh ti tempat diuk Kang Darma, ngarah husu. Eupan dibuleud-buleud tuluy dikaitkeun kana useup, laju dialungkeun ka tengah leuwi. Tonggong disarandékeuna kana tangkal, panon neuteup anteb kukumul nu apung-apungan na luhur cai. Tuluy dipencrong meni leleb, sieun kukumul aya nu metot telat narik.

Seooottt... lep !!! Kukumul aya nu metot. Teu antaparah jeujeur ditarik satakerna, karasa beurat. Jeujeur melengkung siga busur. "Wow... lauk badag ieu mah yeuh" gerentes haté, bungah kacida. Ril terus diputer, teu sabar hayang geuwat ngangkat beubeunangan. Disidik-sidik, geuning nu ngait dina useup téh lain lauk tapi peti. Geus nepi sisi walungan, peti diangkat. Panasaran hayang nyaho naon eusi peti. Langsung dibuka... panon mata simeuteun, sawatara waktu mah teu bisa ngiceup nempo eusi peti ternyata emas batangan. Ngagarojod sagedé-gedé sampeu.

Plaaakkk... taktak aya nu nepak. "Beu, rék saré mah di imah atuh, hayu balik geus burit"
Halah aing mah, gara-gara dihudangkeun Kang Darma, deuk beunghar téh teu jadi.

OWAH

Kénging Herdy Mulyana
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 21:19:30

Huleng jentul, manehna siga nu buntu kalakuan.” Samiliar kurang sarebu,” anteng ngitungan duduitan.Jung nangtung terus lajag-lejeg.”Sarebu liter deui, naha can dikirimkeun, omat ditungguan engke peuting,” sorana teugeug,hahapean dibalangkeun. Awakna dibeubeutkeun kana korsi, panona terus ngaherang, tanggah ningali suhunan nu teu dilalangitan.Katingali keureut beungeutna pias,renghapna kerep teu kuat nandangan kahanjelu.”Ieu kabeh gara-gara maneh, asa harayang kapuji pisan,aing nu katiban sialna,” beungeutna geuneuk,peureup tipepereket.”Dasar euweuh adu,padahal mah tembakan sakalian,cangkalak tah nu ngabangkang teh,” corowokna. “Duh, kumaha atuh aing ayeuna,” satakerna najong dreum ,eusina mancawura. Bangun can puas kabeh dreum dijungkelkeun. Ayeuna, sakurilingeuna kakeueum bensin. “Puah, “ haseup bodas nerejel tina sungutna. Teu lila, kuntung dibalangkeun. Sakilat seuneu nyamber, ngagugudag. Haseup ngelun ngawang-ngawang ,silalatu hiber semu beureum ninggalkeun bugang nu ngababatang

PITENAH KEUR TUMANG

Kénging Nyai Endit
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 21:17:36

Aya ku lucu si Tumang, komo mun buntutna geus dikupat-kepot. Indit gawe si Tumang nu sok nganteurkeun nepi ka hareupeun imah. Dina waktuna balik gawe, karek ge kuring muka pager manehna mah sok gancang nyampeurkeun bari buntut dikupat-kepot.

Enya ge saukur anjing, tapi si Tumang mah pikeun kuring gede pisan hartina, lila-lila kuring ge jadi asa ka budak sorangan ka si Tumang teh.

Ari ayeuna, ngadadak ijid pisan ka sia teh Tumang! Wanian siah ngagogog ka Nyi Sumbi. Apan Nyi Sumbi teh pipamajikaneun aing!

"Nyingkah siah Tumang! Aing teu hayang nempo maneh deui!"

Habek! habek! Habek! Gagang kai teu eureun dibabukkeun kana awak si Tumang.

"Gaik ...! gaik ...! Gaik ...!" si Tumang gagaikan. Naha kieu juragan? Abdi mah teu lepat. Nyi Sumbi nu ngawitan ngaheureuyan. Cimata nyangkrung dina panon si Tumang.

Disagigireun Juragan si Tumang, Nyi Sumbi bangun nu keur nyeungseurikeun.

NGEURAD MANUK

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 20:42:04

Parahu, atawa mun didieu mah disebutna téh kolotok. Ngangkleung meulah Kapuas. Panon poé keur meujeuhna haneut. Sora motor tempél maturan lamunan kuring. “Kamari bolay, ayeuna mah kudu beunang,” kitu patekadana. Panon seukeut ngulincer ka awang-awang. Nyeh seuri,, nalika panona nempo nu keur di incer. Eupan geus disiapkeun, simpul eurad geus dibebenah. Plung, eupan dikunclungkeun, pura-pura teu maliré. Laju ditarik kolotok. Aya nu nyuruwuk ti awang-awang. Nyélékét, tina éntépan katumbiri. Jangjang bodasna, mébér. Séor, gep! Eupan diranggeum ku sukuna. Kuring gasik maut eurad, digentakkeun. Byur! kuring kabantingkeun kana cai. "Héy, Jaka Tarub! Na teu cukup siah, ku lanceuk kuring? Gebés nu kaeurad sukuna. Laju mumbul ka alak paul. Ninggalkeun kuring nu muntang'na biwir kolotok.. *2.

JURAGAN KUWU

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 20:32:36

Peuting simpé. “Sada budak ceurik?” ngadeukeutan imah réyod. “Leres,” ngarapetkeun ceuli. “Kawas nu lapar?” omongna deui. “Naha diantep!” baturna keketrok. Nyaan hiji awéwé kolot keur mirun seuneu. “Naon nu dikulub ku anjeun dina kastrol?” teuteupna. “Batu,” ngeclakeun cimata. “Jih, kagila-gila keding! Batu dikulub!” nyentak. “Kedah kumaha deui carana kanggo ngabébénjokeun pun anak anu lapar upami teu kieu. Éngké gé obo alatan capé nangis!” témbalna. “Téga anjeun!” nganaha-naha. “Bongan...” teu kebat. “Tungguan!” ngaléos. “Badé kamana, Gan?” tanya baturna. “Nyairkeun atm!” teu lila geus balik deui. Rébo ku babawaan. “Wios ku abdi dipanggulna karung béas mah, Gan.” Nawarkeun jasa. “Ulah! Deuk sanggup kitu anjeun nanggung dosa kuring di ahérat?” teu maliré. Babawaan disodorkeun ka éta awéwé. “Aduh nuhun. Bagja jigana upami kuring gaduh pamingpin sapertos salira! Dupi salira téh saha?” nyuuh. “Kuwu!” ngaléos. “Geuning?” olohok.

LAIN WAYAH

Kénging Eman Rais
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 20:14:32

"Hih ari siabah, nanahaonan ieu teh." Enin kagugahkeun, nyikikik bari ngangsurkeun ramo abah anu hayuh wae ngaleketek. Sanaos bari heran, salaku istri Enin surti naon anu janten kahoyong abah. Tapi piraku, kapan tos lami pisan urang tara kikituan teh. Kapan saur abah oge, "lah nyi tos lain wayah kikituan tea, matak awak lungse, tangtu ibadah bakal kaganggu." Lalaunan Enin maksa mindahkeun panangan abah, anu hayoh weh ngekewek, bari sora napasna haroshos kawas anu mengi. Tapi geuning abah nurut, paham kana maksad Enin. Ningali abah simpe, jut Enin turun bade kacai, kapan sora jam disada teng dua kali. Tanda lebet ka awal mangsa janari. Parele maos Al-Quran, teras shalat sunnah. Enin cengkat ti pangcalikan, bade ngageuingkeun abah. Kapan parantos kakuping shalawat. Kitu Enin lebet ka kamer, geuning kutibra kulemna abah. Karaos tiis waktos dicepeng panangan. Taya ambekan waktos digeuing beh dada. Enin ngahurungkeun lampu, lajeng enggal nelepon palaputra. Innalillahi ...

TIBRA

Kénging Bening Selakshahati
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 20:12:23

Tok tok tok , tok tok tok , panto aya nu ngetrok bangun teu sabar, ret kana jam dinding nunjukeun jam dua tengah peuting, koloyong kaluar ti enggon, barang bray panto di buka Ma Esih jeung anakna nyi Kokom rawah - riwih.
" bu dokter ieu si ade teh mulan wae socana"
Sanggeus di golerkeun dina bangku pamariksaan, gemet dipariksa, hate ngaleketey, dina ka rumah sakitna oge pasti moal kuateun komo bari dipasang alat jeung sajabana, lian ti waragadna pisabarahaeun , sedeng ma Esih ah lain caritakeuneun kayaanana, teu loba omong kukuring dibalur we ku minyak telon supaya rada haneut, orok nu karek dua bulan teh ngabelenyeh imut, aya ku lucu jeung meni kasep.
" Bu dokter kumaha teu nanaon ? "
" insya Allah ma tenang we,tos teu kedah dicandak karumah sakit hawatos, ke oge geura kersa enen deui, bobona tibra, mung wayahna ulah dikantunkeun tunggonan wae nya ma ku sadayana "
Jam genep isuk- isuk orok nyi Kokom maot, sanggeus nyusu nepi ka saat jeung sarena tibra pisan, subuh - subuh budak teh cenah geus ngahao, waktu dikeukeupan ku indungna nyeklek tilu kali. Innalillahi wainnalillahi raji'un.

BASAJAN...

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 20:06:07

Kuring mitresna anjeun ku basa anu basajan. Sabab keur kuring mah micinta teh gawe. Gawe anu teu petot-petot jang ngabagjakeun anjeun dina galuring syariah. Sabab kuring yakin yen salaki anu sholeh estuning ngan jang pamajikan anu sholehah.

Asa sumarambah kana hate, nalika anjeun nyarita kitu. Arang takol. Lolobana anjeun mah nulis. Cara tadi janari. Sanggeus sumujud dina amparan sajadah anjeun ngan ngasongkeun sacewir kertas. "Baca isuk wanci manceran Lohor"

Teu asa-asa ieuh. Kuring narajang katengah-tengah kumpulan pasukan Yahudi di Gaza. Bari nyabut detonator anu dina dada. Asa diciwit leutik ku pamajikan. Terus hideung. Sigana banjir ku getih bangsa turunan monyet da hate jeung getihna sakieu mongklengna.

Lalaunan dibuka kertas anu ngan sacewir teh. Mani seungit kasturi. Ngan sakalimah. Basajan pisan "Eulis, ditungguan ku engkang di tepas sawarga..."

HANJELU KU NU KATILU

Kénging Dadah Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 20:02:11

Naksir ka tatangga. Teu sirikna ngetrukkeun sagala akal tarekah. unggal poe Jang Parman neangan jalan, pikeun ngadeukeutan Neng Sari'ah.

Malem minggu, sabada smsan, eta dua rumaja marangkat ka tukang baso di alun-alun, kana motor, boncengan.
"Kapuyunan sakedik atuh calikna Neng. Upami tiasa mah nyepengan ka Akang, bilih ngajengkang."
"Cekap Kang kieu oge."

Di tukang baso. Diukna ngarendeng, paantel. Jang Parman ngadegdeg. 'Gerogi' ceuk basa rumaja mah. Bangunna mah kakara ngasaan paantel jeung awewe, katambah jeung dipikabogohna.
"Kalem atuh kang tuangna, tong rusuh kitu!"

Teu pupuguh, basa ngahuap baso nu katilu, Jang Parman ujug-ujug eueuleugeugan, burial buncek, eungapeun, bari nepakan punduk. Sabada Neng Sari'ah ngartieun, teu antaparah, punduk Jang Parman diketig. Cleng, baso melag dina tikoro ngacleng. Blus, asup kana mangkok batur nu aya di hareupeunana. Ti kajadian harita, Neng Sari'ah tara daek ngalayanan Jang Parman.

MANGMEUNANGKEUN HUJAN

Kénging Iwan M. Ridwan
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 19:51:57

Papih : édun uy, kabulusan kieu. Na hujan téh mani telenges..
Mamih : Ah... nu kahujanana wé teu uyahan... apal hujan bet lunta
Papih : Itu geura kalah nyalahkeun! lain aya kadua ngabéla, kalah mangmeunangkeun hujan. Beu édas éta mah!!
Mamih : Ieuh kapan hujan téh anugrah... taya pisan-pisan nu matak nyilakakeun, iwal ti salah manusa sorangan...
Papih : Euh kutan? Kitu nya? Terus lamun hujan saendengna, matak banjir, kacarem, naha éta téh anugrah? Geuning malah jadi mamala. Anu kahujana malah jadi reiut ku saeutikna.
Mamih : Eh kapan saur Mamih gé iwal ti salah manusana sorangan, titah saha miceun runtah di mana waé, der banjir. Tangkal dituaran sangeunahna der urug..
Papih : Hehe! Apanan loba kabutuh manusa mah. Keur imah butuh kai, mun teu nuar mah moal aya. Miceun runtah nya kudu kamana ari runtahna teu bogaeun tempat mah, piraku kudu dihuapkeun?
Mamih : enya huapkeun wé ku Papih, malaur Mamih ngéjo unggal poé.

NGADOGDOG

Kénging Idah Nuryati
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 19:20:34

Tereleng lumpat , gap kana sepedah mini ngagoes kukurilingan. Cag digolerkeun gap nyokot sajadah jeung kopeah jungkel-jungkel ruku jeung sujud, luak lieuk bari nyengir,nu ngadogdog anteng ngahaleuang, leungeun sabeulahna ngenyed2 rante beusi. Si Ongky ngalungkeun kopeahna nguriling mulungan duit tinu ngalungan diasupkeun kana kaleng butut, song diasongkeun kanu keur ngadogdog.

GIE

Kénging Rin Riani
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 18:49:36

Taya deui nu pantes didagoan Gie, sagala geus lekasan. Udagan geus samar kahontal. Pamohalan sugema nyeuseup antebna wawangi tresna, mireng aya raga nu katandasa, aya rasa nu kawisaya, satukangeun salira.

BABAKAN ASMARA

Kénging Yusef Muldiyana II
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 18:14:10

Di Kalurahan Babakan Asmara, aya hiji walungan nu dingaranan Cikanyaah. Sisi walungan lebah kulon dicicingan ku warga RT 4, sedeng sisi wétan, RT 5. Geus leuwih ti sapuluh tahun RT 4 jeung RT 5 teu arakur, unggal poé paraséa , pagetreng, tawuran jeung paadu-adu rényom. “Érté opat mah teu bogaeun lapang poli!” ceuk salah saurang warga RT 5, ngagorowok. “Keun baé teu boga lapang poli ogé, tibatan érté lima , boga lapang poli tapi teu bogaeun balna,” warga RT 4 teu éléh gorowok. “Érté opat mah teu bogaeun pacilingan!” warga RT 5 ngagorowok deui. “Keun baé, tibatan érté lima, pacilingan loba tapi wargana euweuh nu barisaeun ngising!” ceuk warga RT 4. “Érté opat mah teu bogaeun paraji!” Ceuk warga RT 5. “Keun baé, tibatan didinya loba paraji tapi lalakina eweuh nu bisa ngareuneuhan, munpamajikanna hayang reuneuh sok ngaranjang heula ka érté opat, hoyaaaaah!"

KELOM CICADAS

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 18:13:52

Hareugeueun mapay jalan Cicadas marak dagang kelom, ngilu kuring muka lapak jeung batur milu dagang. Bahan kelom sarua kai , ngan aya kai leuweung, kai ti buruan batur, pabrik kai, malah can meujeuhna jadi kelom di dagangkeun we da resep. Pamolah nu dagang hayang payu, gogorowokan nyebutan ngaran sina meuli. Aya anu cicing sapayuna, aya lapak meni retop pada meuli, bari jeung muji eta kelomna alus, aya deui padahal mah kelomna alus, cameubleu we, dua poe dua peuting ngan opat urang nu meuli, meulina, teu lemek nyarek, rajeun meuli ku kapaksa karunyaeun jeung wawuh.” Nyieun kelom ulah sagawayah, kaina kudu alus, karetna kudu ngenyod, ulah poho pakuna kudu pas makuna beh kuat ditincakeun” Bewara mah mindeng. Tapi kumaha , sakuringeun diajar keneh pisan nyieun kelom, perlu waktu lila, hanas cenah ngaheurinan lapak batur, hampura we, batur mah calakan, ari kuring bodo, rek terus we diajar, jeung moal peunggas pangharepan.

SACANGKIR KOPI LUWAK

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 18:12:49

basa pepedut kasingraykeun ku balebat, sacangkir kopi luwak nyambuangkeun seungit nu kacida antebna, seungitna ngusap damis wanoja nu teu kinten manisna, lajeng kiceupna matak kabengbat nu ningalna, bari teu disarengan ku koma rema-rema lencop ngaduk sacangkir kopi luwak, hideung meles, amisna matak kareueut, mutualisme kunyem lambeyna matak kabita nu ngintel lebah rasa, gumeter ieu ilat ngararaoskeun nimatna kopi luwak kenging ninyuh anjeunna.

PEURAH

Kénging Entjep Sunardhi
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 17:53:31

Jadi matak. Ulah diumbar. Saciduh metu, saucap nyata. Mun rek nganyam. Awi pibilikeun diaray heula. Pibobokoeun dihua tuluy diraut. Poma sing ati-ati. Raheut ku hinis nyanyautan. Tingsereset, nyaliara matak rangsak rasa. Piwuruk sepuh kapungkur. ( Rup buku bulukan timu tina koper butut kolong ranjang ditutupkeun. Dongeng piwulang. Mama sepuh nu mireungeuh santri nalaktak teu jumaahan. Ukur kedal ucap, "Deuleu eta santri. Minculak." Janggelek jadi monyet ).

Kiwari. Teu di abdi teu di gusti. Teu di catrik teu di resi. Kitu deui para kadi. Teu boga peurah. Cambal ku loba diumbar. Diburakeun ka mana-mendi. Kapoe-kaibun. Laas.

"Naek !", kapireng dawuh ratu ti karaton. Leos. Teuing ka mana nu nyarita.

"Turun !", para abdi dalem awor jeung sora banjir bandang nu umpalan. Nyangangang. Baha kana parentah.

( Ras inget. Poe ieu hiji April. Boa-boa ngan sakadar lalakon banyol - April Mop -. Tapi korban geus ngaleuya. )

PANON

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 16:48:52

Icih neuteup Udin salakina, neuteup panonna nu tunanetra, nu teu weleh neangan kipayah ku cara neangan nu rarengkeng urat-uratna, geus apal deui, mun salakina mawa iteuk tangtu aya panggilan pikeun ngurut pasen-pasenna. Icih ngarasa karunya awor jeung nalangsa, malahan sok ngeclakeun cimata sagala.
"Akang, katampi pisan bumela Akang ka abdi, najan teu wasa ningal endahna dunya, Akang estuning lalaki sajati nu teu weleh bumela ka anak pamajikan....", gerendengna dina wirahma kacida nalangsana nempo nu jadi salaki dugdugsek. "Pami tiasa, Icih iklas masihkeun soca abdi kanggo Akang......"

BUHAYA

Kénging Maman Gantra
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 16:08:38

Turun tina busway, ngarérét ka juru halteu: Aya anak buhaya. Sungutna baloboran getih. Sigana mah kagencét panto halteu beus. Panonna bangun nu layu, ketugna méh teu kadéngé. Dikélék ka kantor, nitah barudak OB sina dialubaran. Waktu dahar beurang, buhaya téh geus kaciri jagjag. Keketeyepan di rohang rapat. “Pa, kanggé abdi baé? Digentosan ku saham Exxon?,” ceuk Ibu Karamoy, ti bagéan keuangan. Teu dibikeun.
Di imah, barudak pating alajrag. Pada-pada hayang mangku, hayang ngamarandian. Bubuhan buhaya keur meumeujeuhna cooeun. Buntutna can kuat ngabetrik, huntuna gé can kalaluar kabéh. Sakapeung nepi ka garelut, parebut anak buhaya.
Kituna téh teu lana. Kiwari, buhayana geus gedé, pon kitu deui barudak. Ari kuring geus teu kuat ngurusna. Ongkoh sok ngahalangan jajalaneun, sakalina rék ka cai tengah peuting gé sok rajeun tikusruk. Suku ngadon najong buhaya nu ngadakom hareupeun lawang kamar. Diiklankeun di internét, hayang dihilian ku anak merak atawa lodaya pisan. Can aya nu mairan.

KANYERI DEWI SURTIKANTI

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 15:48:20

Dewi Surtikanti ngadadak leuleus satuilang sandi, cisocana murubut, soanten nangisna estuning dina wirahma kanyenyerian mireng wartos carogena, beubeulahan jiwana nu didama-dama, Dipati Karna palastra di pancaka kalang Kurusetra ku pusaka nu janten raina, bantal cipruk ku cisocana.

Saleresna Dewi Surtikanti tadi wengi tos neger-neger manahna waktos carogena amitan bari nyuhunkeun pidu'ana pikeun perang tandi sareng Arjuna, nu saleresna carogena sareng Arjuna teh rai raka nu dibabarkeun ku Dewi Kuntinalibrata, namung wartos palastrana Dipati Karna ngarambah jiwana, asa dikakaya.

"Duh..., Arjuna naha salira tega mateni nu janten raka nyalira, teungteuingeun Arjuna, tega teh kabina-bina...." Dewi Surtikanti sasambat pinuh kanyenyerian, les kapiuhan, teu emut di bumi alam.

Simpe nyarengan kalara alatan tahta carogena janten korban angkara

MENCENGES

Kénging Rifan Sahrony
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 15:30:27

Keureutan nu ngembang cengek. Lambey amucuy beureum-beureum jawer hayam,estu beureum lain pupulasan.Direumbeuy ku imut kanyut matak ngirut lalaki nu kurang tumut.Gilek,ngareret deet kana hate ngajojoet,numbu jajantung asa di rabut.Langgeor kahareupeun jalma loba,kabeh,mata mencrong olohok ngembang kadu."Twitt wiww" ting saruit ting kaletrak jajaka galak sinong-nong.Wanoja teu galideur, teu ieuh mirosea keukeuh leumpang ngagandeuang adu manis jeung imbitna nu eplok cendol.Reret deet di pasieup ku gelenyu nebar peurah sangkan jajaka kaleleban.

TITIK PEUTING

Kénging Ibnu Hijar Apandi
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 15:14:23

Peuting nu tingtrim. Geus saged. Lalaunan sup ka kamar. Manéhna geus tatan-tatan. Imut bari mukakeun simbut, semu ogo. Seungit kembang marengan rénghap jeung késang nu tinggarajag saawak-awak. Manéhna terus meulit, taya reureuhna, taya capéna. Késang juuh teu kaur tuus. Teu kaukur luhurna gunung. Teu kaitung sabaraha puncak nu kasorang. Pamungkas lebah janari leutik. Manéhna nguliat tuluy babatek. Teu lila amitan. Sisitna nu maruragan, robah jadi emas jeung duit gepokan, mayak dina ranjang.

ALESAN

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 15:14:16

Prabu Suyudana neuteup nu janten eyangna, Resi Bhisma. Manahna asa kasigeung ku pepeling nu janten ramana sangkan waspada kana kalicikan pamanna, Aria Sangkuni, pok ngawaler, soantenna teugeug kacida, "Eyang Bhisma, putra sanes teu mirosea kana wejangan salira, namung putra bumela ka Paman Sangkuni pikeun nyalametkeun aset nagara sareng bangsa, lebar temenan pami kapimilik ku Pandawa, eta numawi putra bumela sareng deuheus ka Paman Sangkuni, pami teu kitu putra moal kabagean tahta Astina"

RUMENTANG SIANG

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 15:10:57

Sakedet netra urang jadi patung
Silih tangkeup dina ponclot gunung
Ngadagoan nu rek ziarah, datangna teuing iraha
Urang teu bisa usik malik, sawatara taun
Ajeg mugurkeung dangdaunan

Jalan nu geus disorang, geus ditilepan di entep dina hate
Diduruk wanci janari, kahanjakal geus ngelun jadi haseup
Leungit, moksa, dibawa lumpat angin lilimbungan

Wayahna kudu panceg urang didieu
Mintelkeun asih nu geus lukutan, kandel ku kekebul.

DURIAT MUNGGARAN

Kénging 'Eboed' Eman Budiman
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 15:08:47

Gedong partere ngajadi saksi, nalika ngedalkeun rasa ka salira. Rasa nu ngagalura minuhan dada unggal mangsa.
Gelenyu imut salira, nandakeun ngagaduhan rasa nu teu beda.
Ayeuna salira duka di mana...
Katresna nu ngancik di dada henteu suda, disimpen dina lalangit hate sampeureun jaga teuing iraha.

GAJAH

Kénging Maman Gantra
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 14:57:46

Ongkoh sok ribut teu puguh ari kituna mah. Baheula, tengah peuting, ngadon pahibut néangan botol. Ngaganggu nu keur lalajo mengbal. “Sugan aya botol leutik? Itu gajah rek aréwéan, aya nu pesen cimanina,” basa panto can dibuka. “Pan, harita tos dipaparin tilu losin? Piraku tos séép deui?,” bari mukakeun panto. “Aéh heueuh, nya?,” kituna téh bari terus lumpat. Teu uluksalam-uluksalam acan. Kasebelan!
Ayeuna geus datang deui. “Émang téh bingung, Jang. Gajah haji Unéd rék ngajuru deui, rék diteundeun di mana? Puguh buruan masigit ngan sakitu-kituna. Jarapah tujuh, gajah sawelas, encan éntog jeung soang?,” ceuk si Emang. Bener oge ari kituna mah. “Tos dicobian di kelurahan? Pan masih kénéh aya tegal, pimakameun? Sugan tiasa dianggé heula,” ceuk kuring.
“Aeh, enya, nya? Rék disimpen baé di Kebayoran Baru. Pan, di dinya gé lalega kénéh? Dihijikeun jeung kalkun bogana Uda Sahroni. Ongkoh teu hésé cai di dinya mah”. Mang Sukarna cengkat. Deui-deui teu uluksalam.

PAGUNEMAN

Kénging Irman Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 14:37:01

Tuur Kenca noel tuur katuhu bari nyarita,"Kamana wae, Lur. Lawas ti lawas asa arang tepang. Meni unggal peuting urang teh paanggang wae." Tuur katuhu sakedapan ngarahuh. "Nyeta mun rek balaka mah, uing teh teu rido pajauh wae jeung didinya", walon Tuur Katuhu bari nyegruk ceurik. Celengkeung sakadang Bujur jeung Palangkakan nyarita ampir bareng,"Gara-gara arandika duaan sok pajauh wae, kuring duaan meni ripuh pada nyiksa unggal peuting." Tuur Kenca jeung katuhu papelong-pelong, laju silih kiceupan bari arunggeuk.

Peuting isukna nu boga tuur dibawa ka rumah sakit sabab tuurna rapet teu bisa dipisahkeun deui.

ABIS BULAN

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 14:14:49

Saptu, tanggal 31 Maret 2012, mobil nyuruwuk ti Nagreg ka Garutkeun, lebah wates Bandung Garut disetop ku pulisi, razia jigana mah, solongkrong pulisi geus rada kolot, nanyakeun STNK jeung SIM, lengkep, spion aya, lampu kabeh hurung, panumpang pas teu leuwih hiji ge, kotak P3K aya, na atuh bet nu lain-lain nanyakeunnana teh jiga nu dicokelan, eta nanyakeun tutup pentil ban, da enya teu make tutup pentil ban teh.
"Anda ditilang!"
Gebeg, na asa kacida teuing pulisi teh, ret kana surat tilang kudu sidang di Bale Endah, beu barabe yeuh ka Bale Endah mah, ret kana surat tilang, katempo geus kadaluwarsa, antukna lahlahan rek mere duit, mentana dua ratus rewu, tina dua ratus rewu Alhamdulillah jadi lima puluh rebu, hanjakal tah kabeh pulisi nu ngarazia teh ngaranna katutupan ku rompi, jadi teu nyaho ngaranna.
Manawi kaaos ku Bapa Kapolda, bade usul supados pulisi nu ngarazia teh ulah nganggo rompi, supados gampil ngalaporkeunnana.

WEGAH

Kénging Cassa Grande
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 14:09:39

Sajam leuwih dua puluh menit. Wegah kudu ngitung sésa angka nu nyayang jeroeun jam. Opan ngerelep deui. Leuwi gomong. Tempat demit. Pangulinan Onom. Mun pareng usum halodo, sok jadi lahan ngebak. Nu tarapa jul-jol, ngaraji silib. Duka saha mimitina. Saprak Opan ngadadak beunghar alatan resep nyepi lebah dinya.
Pucunghul, sirah Opan. Lep deui. Leuwi ngucibek. 'Cakakak' sora nu seuri teuing di mendi.

JUKUT RIUT

Kénging Ya Soebarta
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 13:47:31

Lukut ngahunyud di jero mastaka. Pajeujeut jiga runtah Citarum anu kabawa caah. Leng! Leng! Buuk dijenggut satakerna.

NU NGAGOLER DI TEPAS

Kénging Lies Tjandra Kancana Sudarma
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 13:35:19

Subuh-subuh Ma Irah geus hudang terus solat subuh. Keur sujud manehna ngadenga siga aya nu ngear, sora orok ceurik
Solatna jadi ebat da eta sora kadengena beuki tarik. Jadi manehna teu carekna keur atahiyat ge digancangkeun. Sok mukena disisi ranjang. Bari rada rungah-ringeuh manehna ngadedengekeun eta sora nu ngear. Bari rada sieun
manehna mukakeun selot panto kaluar. Asa muringkak bulu punduk lantaran malem Jumaah kamari, barudak sa erte ribut majar aya sora nu seuri ngahihih tapi sorana leungit luhureun tangkal caringin... teu jauh ti imahna !
" Boa-boa ieu oge sora Kunti nu kamari." pikirna.. Tapi poe geus bray-brayan..
Bray panto muka , manehna nempo aya nu ngagoler di tepas imahna. Siga aya buntelan ! Pek di sidik-sidik.
Buntelan usik, kumanehna disampeurkeur... ' Naha bet aya nu usik ?"
Geuning orok beureum keur ngear ceurik siga nu lapareun. Bungkusan dirawu, pluk aya nu murah. manehna apal eta tulisan anakna Satja nu keur kuliah di Bandung.
" Ema Satja titip ieu budak anak abdi "
Ma Irah ngarawu buntelan orok mani tipepereket ,cipanona ngeclak kana pipi orok nu masih beureum keneh

SOLITAIRE

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 13:34:44

Hanca lumampah ngadadak kandeg alatan dampal suku asa baal lain lumayan, jalan kahirupan asa can kasawang alatan mangmang, sagalana asa nyorangan, kasimpe hate ngadadak suwung tina galindeng halimpu, cahya ngadadak surem, sawangan beuki reyem-reyem, unggal harepan maluguran, tingkoleang, sungkawa lain meumeueusan alatan karajam ku kasangsaraan

DEMONTRASI

Kénging Irman Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 13:33:18

"Dor...dor...dorr!!!", sora pestol jeung bedil patembalan di tengah pacampuhna jalma nu keur ngalumbar amarah. "Esbeye... turun.... turun.... turun!!!", demonstran pating corowok bari ngarubuhkeun pager gedong DPR. Mahasiswa jeung masyarakat babarengan ngayakeun aksi penolakan kenaikan harga BBM. Orasi nu panas nyundut kasumangetan jeung ngagedurkeun amarah dina dada. "Naekkeun harga BBM sarua jeung maehan rakyat!", saurang orator nyorowok dina luhur kap mobil plat beureum. "Tolong anda semua tertib dan melakukan aksi sesuai aturan", ceuk Komandan Pulisi make megapon. Raeng nu aksi nembalan, "Huuuuhhhh......!" Antara nu ngamankeun jeung nu demo akhirna silih dorong, silih sered, silih carekan, silih tonjok, silih babuk, jeung silih tajong. Sababaraha urang pendemo nu dianggap ulon-ulon ditarewakan bari digebugan kawas ka bangsat hayam. Ieu nu disebut nagara demokrasi teh???

NU JADI TEKAWE

Kénging Lies Tjandra Kancana Sudarma
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 12:45:05

" Mana kopi keur uing teh! " Suhad ngagorowok ka pamjikanana anu keur ngangsurkeun suluh Jongjon naheur cai rek nyieun kopi keur salakina. Nyaho salakina ari aya kahayang kudu pok torolong. Keur ngucurkeun cai kana kana gelas balimbing. salakina tulak cangkeng tukangeunan; " Gancang!, mani hararese pira ge menta kopi ! " Nu keur nyicikeun cai ngalieuk. Sok cikopi dina dipan nu sok dipake ngariung dahar tiluan jeung anak manehna si Ato.
Karak oge saregot. Aya nu neunggar sirahna. Gelas luncat tina leungeunna. Bru manehna ngajoprak kana dipan reod. Kakarak rek kuniang hudang. Jebet deui sirahna dibabuk ku pacul ku anak terena si Ato. Kusek Suhad ngusek, teu hudang deui.
Isuk-isuk harita, Indung jeung anak ngagali dapur nu memang can di semen, mangrupa taneuh keneh. Suhad ngaringkuk lengkep jeung baju dinesna paranti digawe jadi kuli bangunan di kota.
Salembur teu aya nu leungiteun Suhad lila teu katembong teh.Teu jadi kapanasaran da ceuk pamajikanan jeung anak terena, manehna jadi Tekawe di Malaysia.

PILKADA

Kénging Jordan Kurniawan
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 12:29:52

Asa kamari milih Walikota téh, teu karasa. Ayeuna geus rék Pilkada deui. Geus rék milih Walikota deui. Kudu milih saha, kudu milih mana? Kabéh gé sigana tukang wadul wungkul. Buktina kamari, basa manéhna ku uing dipilih. Jangjina, rék ngaspal jalan. Gening nepi ka ayeuna, manéhna rék nyalonkeun deui. Jalan nu ka lembur uing, masih kénéh siga liang jaér. Jangji naon deui tah nu rék diburakeun ku manéhna ka rahayat? “Badé atuh nyalonkeun?” Haréwos pamajikan ti tukang, bari song ngasongkeun koran jeung cikopi. Enya, mun teu ras mah, aya partéy nu ngusung jeung loba jelema nu ngadukung, éréklah uing mah. Nyaan. Kudu ku uing meureun sigana dipingpinna kota téh. Da uing mah éstu rék ngaronjatkeun kahirupan rahayat. Lain rék korupsi. “Kantun atuh ari tos buleud mah, ngan kadé wé kedah émut!” Témbalna deui, bari sura seuri. Heueuh kétang asa kaingetan, rek nyalonkeun kumaha, kapan uing mah izasah SMA-na ogé palsu.

BEJA TI KALANGKANG

Kénging Ahmad Yani
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 12:20:41

Kalangkang datang. Ngetrokan panto. Nanyakeun, naha Uing geus paeh . " Siga nu katingali ku anjeun !" .Tembal Uing padu engab. " Sakedap deui , ketang ! ". Ceuk beker bari ngajebian . Hareupeun kaca eunteung, nu ngabagug di juru kamar. Uing anteng ngahuleng. Neuteup beungeut haropak nu pias, tanding kapas. Uing ngarasa nyawa siga geus leungit. Tapi rarasaan teh ngiles deui sagancang waktu datangna. Rikat, ngarawel karep. Menerkeun kerah baju. Panto kamar di buka. Laju ngalengkah neruskeun hirup. Bareng jeung liwung.

KURANG SAEUNDAN

Kénging Basyar Isya
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 12:20:16

“Eureun! Rék ka mana manéh?” cék pulisi Dalmas bari ngarogokkeun awi kana dada éta pamuda.

“Rék ka mana cék ilaing? Sidik déwék mah rék ka ditu tuh. Rék ngadeukeutan gedong DPR,” pokna téh teu éléh sentak.

“Éta naon dina leungeun manéh? Rék ngarogahala anggota déwan manéh téh? Kadieukeun!”

“Ieu? Cék ilaing déwék rék ngarogahala anggota déwan ku barang kieu patut? Boga uteuk teu ilaing téh?”

“Kuring teu percaya. Pasti manéh rék gawé deleka!”

“Mun ilaing cangcaya, hayu tuturkeun déwék.”

Si pamuda tuluy ngagedig ngadeukeutan wangunan gedong DPR bari dituturkeun ku sababaraha pulisi. Basa ngaliwatan balong aér mancur, manéhna méngkolkeun léngkahna, laju cinutrung na sisi éta balong. Barang jiga jeujeur awi nu titatadi dikeukeuweuk téh tuluy dilelempeng. Belewer wé bola kenurna dialungkeun ka tengah balong.

“Di dieu loba laukna, lin?” pokna téh bari ngalieuk ka pulisi-pulisi nu ngajaranteng tukangeunana.***

MEGA HIDEUNG 1

Kénging Ade Nendang Rahman
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 12:17:29

Hapenten abdi Teh, tos hianat, margi situasina henteu tiasa disinglar. Unggal Kang Sarman dongkap ti padamelan paromanna tara berag; anjeunna sok langsung ka kamer nemonan Teteh nu ngagoler teu walakaya. Upami lapar sok ngahaja tuangna di kamer bari ngahuapan Teteh. Satia pisan Kang Sarman teh, dugi ka sadaya kaperyogian Teteh anjeunna langsung nu ngaladosan upami kaleresan nuju aya di bumi mah. Wios gaduh bojo struk ge teu unggut kalinduan, teu weleh tulaten. Mung basa Kang Sarman udur, malih teu tiasa cengkat-cengkat acan, abdi nu ngaladosan anjeunna. Waktos salirana panas, ku abdi dikompres mastaka. Harita Kang Sarman beunta, naroskeun Teteh, tapi bari teu sadar anjeunna nyepeng tangan abdi. “Hatur nuhun, geulis,” cenah bari ngorejat teras ngaraih sirah abdi, ngesun taar, teras kana damis. Abdi teu walakaya nandangan gumuruhna hate Kang Sarman nu lapar ku kadeudeuh. Saterasna Teteh ge tos tiasa ngabayangkeun naon anu kajantenan salajengna. Hapunten Teh, abdi tos hianat ka nu jadi lanceuk.......

HIJI PANGAKUAN

Kénging Kang Ties
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 11:55:57

Asa boga dosa kuring mah! Komo ka Anak-Pamajikana anu baregung ngageuyeunggeung kaserang kasakit. Tapi ari ka Manehna baheula mah! Aya resep aya karunya kuring teh. Enya resep jeung karunya waktu keur nyugemakeun kasenengna, anu kerep, euweuh kaseubeuh dina nedunan kahayangna. Asa kasanjung kuring mah! Asa di nomor hijikeun, dipikabutuh ku Manehna teh. Da eunya mani saregep pisan dina mikaresep ka diri kuringna. Eta we sanajan keur heurin usik dina jero Angkutan kota atawa Beus, da mani embung lesot nyekelan kuring. Ceuk nu bohong tea mah! Mending manggihan kuring, bae teu dahar sapoe ge! Kiwari mah ukur bati nineungna! Enya saprak Manehna wawuh ka Dokter Manis hiji rumah sakit. Malah nyeredet jeung tibelat, mun ngadenge sora wijaksana Manehna keur mapatahan anu jadi Adina, anu keur ngalalanyah mikaresep ka diri kuring. Basana Teh, "Omat montong ngadeukeutan anu tara ngaroko, da haseupna leuwih bahaya ka maranehna mah, ties!"

DEMONTRASI

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 11:32:16

Boa nu disebut demo teh ajen kaendahan tina kasieun jeung keclak cimata nu marengan seuneu nu ngabebela jeung ngelunna haseup ditengah-tengah riweuhna ieu nagara nu teu weleh nyemprotkeun gas air mata, tingbeledagna pelor karet, neretetna tarompet pahlawan geus disiapkeun pikeun mahasiswa nu palastra, tapi saha pahlawanna jeung saha musuhna?

Ah, boa lain eta, tapi demo teh geus dianggap kaendahan tina kiruhna jiwa nu keur kumawasa bari pinuh ku napsu nyangking tahta, kahormatan, rajakaya jeung citra.

Geura bandungan ku sarerea, mahasiswa nu jaradi pahlawan balarea, tingcoorowok nolak kahayang pamarentah nu rek ngakaya rayat, teuteupna seukeut, ngagedurkeun seuneu nu ngabebela dibarengan ku kateuneung ludeung.

Kareueus ngeusian dada, beureumna getih malur raga, burahay ngadadak nyaput ieu nagara ku kaunggulan, ku jerit kanyeri jeung kareuwas alatan gegebegan ku nu amarah nu ngajomantara ka uwung-awang, matak torek kana ceuli balarea.

Ah, boa enya nu disebut demo teh endah kacida, sabab nyipta ieu nagara jugala teh teu aya basa nyaram, sabab demo teh dianggap sandiwara nu geus jadi rutinitas kahirupan ieu bangsa, enya, sabab nu disebut demo geus jadi bagian tina kahirupan ieu bangsa

NAMBLEG

Kénging Pedi Jaba Anyoy
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 11:18:17

Poe minggu isuk-isuk, si mamah tos ambek-ambekan. Sadayana kacarekan, teu aya nu kalewat.
"Kabehannana narambleg we na tivi," Mamah nyarios sabari sasapu, "cing atuh bantuan kolot ari poe minggu teh."
Barudakna agger narambleg.
"Ke Mah, ieu rame film kartun."
"Terus we gugulung film teh. Angursi seuseuhan seragam jeung sapatu." Si Mamah masih sasapu, rada jauh ti barudak.
"Ari si Papap ka mana?" Mamah neruskeun.
"Duka."
"Buru atuh gera beberes, piraku kudu ku indung wae beberes teh."
"Muhun. ke antosan sakedap deui." barudak ngajawabna pikasebeleun si Mamah.
JEPRET. colokan tivi dicabut ku Mamah. barudakna kabeh cing laleos. Nambleg deui na hape, teu beberes.

NGALA LAUK

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 11:11:42

Rebun-rebun kuring geus indit. Kaperluan keur ngala lauk geus disiapkeun. Saleunjeur awi panjang tilu meter, anak meri jeung koja paranti nyimpen hasilna. Jog, ka pasawahan. Anak meri anu ditalian kana awi dikencarkeun. Sulukat seleket, dina leutak sawah anu masih kacaian. Cop, anak lauk beunang, dikempet dina sungutna. Teu aniaya kanu jadi dunungan. Panon poe, teu karasa geus nongtoreng dina embun-embunan. “Geus waktuna urang reureuh, brad!” melong ka anak meri. Kusiwel, dua anak lauk dikaluarkeun tina koja. “Yeuh bagean maneh!” teu loba protes, buru-buru dihakan. “Nuhun brad, rada mundel hasil poe ieu mah!” serebung haseup kawung, maturan lengkahna balik… *1.

SAKOMPET...

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 10:56:13

Jeger..jeger. Dua kali. Pelor karet ti Pasukan Anti Huru-hara nenggel pisan kana pingping jeung tonggongna. Disalemetkeun kuduaan babaturanana. Dibawa ka tukangeun kantor Angkatan Laut. Pas hareupeun Gedung DPR. Jigana lamun henteu kaburu, boa bobor karahayuan. Taun 1998 kuring milu abring-abringan. Bari gogorokan "Reformasi...Reformasi..Reformasi.."

Tanggal 28-29 Maret, opat belas taun ti harita. Ningali mahasiswa ngalabring deui. Rongkah, mani aya mobil didurukan sagala. Ayeuna mah ningalina ti Gedong sabrangeun Kantor Angkatan Laut. Asa keuheul jeung cua.

NGALAMUNKEUN

Kénging Eman Rais
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 10:52:30

Kapeung sok humandeuar, naha leres tiasa nyerat fikmin anu hade, anu kaaku ku jagad. Kapan rumaos bekel Sundana oge minimalis. Pedah kapungkur sok macaan Mangle. Salangkungna digali tina pengalaman diri. Duka tah, mung seja ngiring, manawi kaaos weh tos pirang2 nuhun. Aya bekelan pun bojo, kamus Sunda-Indonesia ti Pustaka Setia. "Ulah sok ngalamunkeun diri atuh bah, lamun teu mampuh nya entos." Wew hehe, piraku keur ki Sunda anu teu weleh dipicinta, matak eleh deet kituh.

BUDAK..

Kénging Nasrul Jatnika
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 10:41:31

Lamun kongang mah hayang nyentak bari tipopolotot. Na masih keneh kitu babasan "Lamun bisa hese, naha make dibabarikeun?". Asa zaman Firaun naik Volvo keneh. Urusan Surat Izin mani pabaliut. Genep meja, hartina aya genep amplopaneun. Jaba kudu depe-depe. Ceuk paribasa mah kudu sinembah.

Barang manehna kaluar ti kantor instansi tea, gorowok nyentak ka pagawena.
"Anterkeun aing balik..euy. Awas siah lamun telat, ulah sambat kaniaya.."

Geus jeneng Raja deui ayeuna mah aing teh..!!

GENGSI

Kénging Lenny Magdaleni
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 10:33:38

Sumpah..., hate mah sono. Matak tipeuting sok nyaring bae ge. Sms osok ngetik mah, ngan tara dikirimkeun. Bae ah...! Kajeun hate lamokot getih, tibatan ngabeubeutkeun harga diri.

SURAT

Kénging Yusef Muldiyana II
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 10:18:07

Tengah peuting, basa kuring jeung pamajikan keur sibuk di jero kamar, kadéngé gorowok si bungsu bari ngetrok panto “ Ayah...! Bunda...! Buka atuh pantona, tong dikonci waé!” Pamajikan némbalan “Kéla Adé, Bunda jeung Ayah nuju badami,” Teu sabaraha lila, kadéngé deui sorana “Ayah! Bunda! Buru baca tah surat handapeun panto!” Kuring eureun heula tina kasibukan, turun tina ranjang, nyokot surat nu ditobroskeun ku Si Adé ti handapeun panto. Éta surat dibaca kuduaan “Keur nyarieun budak, siah nya? Sok atuh lajengkeun, sing tumaninah” Kuring jeung pamajikan silih pelong bari nahan seuri. Pamajikan nyieun surat deui, laju ditobroskeun ka handapeun panto “Ade, baca tah surat balesan ti Bunda.” Ceuk pamajikan. Teuing naon eusi suratna?

NGARAN NU GEUS CEDA

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 09:55:18

Era ku ieu raga, teu weleh icikibung dina dosa, mandeg hanca lumampah, ngaran geus ceda alatan teu bisa nyepeng amanah, antukna sirna sagala rupana, bari leungiteun titi mangsana. Horeng, ieu raga teh lain manusa nu teu weleh nyandang asma, sabab ieu raga geus dipencugan ku dosa pikeun neangan jiwa amanah nu geus sirna, nu aya tinggal kaera ngabalur ngaran nu geus ceda.

BINGUNG

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 09:44:52

Basa suku mimiti nincak Jakarta, sajongjonan hareugeueun, kudu kumaha nya peta, geuning neangan gawe teh hese, horeng datangna ka Jakarta teh ngan saukur nambahan kabingung, alatan kuring geus aya dina daftar pangangguran

ANJEUN

Kénging Irman Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 09:22:42

Kolebat!!! Anjeun imut dina kongkolak panon. Leng, karasa lieur, peureum. Anjeun ngabalieus. Nukangan. Gelenyu deui imut bari malikeun awak. "Kang, abdi sono!", ngaharewos. "Aduh, akang ge sami!", walon kuring haroshos. "Naha atuh teu kersa wakca?", cipanon ngeyembeng marengan geterna asih. Galeong... rasa asih tibeubeut kana bantalan mangjuta rasa.

PEPELING

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 08:27:26

"Anaking...." ceuk Apa kacida dariana. "Hirup mah tong sok ngabanding-banding jeung nu sejen, mun urang ngabanding-banding kahirupan sorangan jeung nu sejen, sok komo mun urang teu weleh tanggah ka sadapan, boa hirup teh bakal sedih jeung frustasi. Hirup mah kudu bisa tumarima kana naon nu geus katarima, malahmandar warna-warni katumbiri teu weleh katempo endah salalawasna..."

SURAT KEUR ANJEUN

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 07:59:08

Ngabelegbeg, estuning mongkleng dina hirup jeung kahirupan sanggeus anjeun ngebruskeun ka jungkrang longkewang nu pinuh ku cucuk rungga, taya jerit, estuning simpe, najan ceurik balilihan bari ngeclakeun cimata getih, geus taya gunana.

Hirup jeung kahirupan behna mah ngan saukur mura-murakeun peurah nu mawa palastra ka balarea, sabab salaksa beurit teu weleh pesta luhureun panggung sangsara raga, balakecrakan bari ngorowotan daging bari nguyupan getih nu karasana gurih bari ngarikeun tulang-taleng.

Nyeri, peurih ngaruksak ngaraksuk lir cucuk, hanjakal taya nu mirosea, cimata ngadadak saat, kahanjakal geus taya gunana alatan nu disebut sorga ngan ukur carita maranehannana.

Duh, kunaon aranjeun bet tega ngagebruskeun balarea kana petengna mongkleng?
Atawa aranjeun teh geus leungiteun rasa nepi ka tega ka ratusan juta jiwa ngoleang ka lebah jungkrang nu peteng mongkleng?

YAHOO

Kénging Tanti Damayanti
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 07:20:49

Balik karyawisata ti Jogja muka SMS ti neng Tina, ceu teu acan aya pengumuman tèh da nu abdi teu aya yahoo na, cobi atuh tinggali ku euceuh bilih di euceu mah aya.
Kuring ngotètak babawan ti Jogja, tapi da kabèh barang nu kuring wungkul. Tuluy kurah - korèh ka kolong mèja euweuh deuih. Si cikal nu titadi keur ngoprèk komputer nanya," mamah tèh milarian naon?"
"Ieu tèh bisi kabawa yahoo nu bu Tina", ceuk kuring kalem. Na ana barakatak tèh budak seuri ,"Mamah sing di pilari di sakuring bumi gè moal kapendak da Yahoo mah ayana dina internet", ceuk si cikal bari nembongkeun nu ngarana yahoo ka kuring.
Tapi dasar nu embung di sebut bodo sorangan. Isukna kuring ngetès cing sabaraha urang nu sarua beletna jeung urang. Barang datang ka tempat pagawèan papanggih jeung haji Titi tuluy kuring ngetèst ," dupi ceu haji tos kabagi yahoo ?"
Haji Titi ngajawab,"teu acan ayi jigana mah ieu di dusan kènèh ." Pelendung irung kuring bungah ,sarua eung teu nyahona jeung uing. Tuluy nanya ka nèng Ina ,"Nèng ari ku pa kapala geus kabagi yahoo?" "Kutan pa kepala ngabagi yahoo, ih sinarieun si pedit berèhan ",ceuk nèng Ina bari jebi. Aya nu mangkak na hatè euh...geuning aya kenèh nu sarua teu nyaho na jeung kuring, ngabeberah manèh .

BUBUKA

Kénging Asep Wihana
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 04:10:21

-
Bismillah nu jadi sekar pangiring catur.
Sangkan jadi panganteur rasa.
Nu jadi sarining qolbu.
Tarate hate malati ati.
Sangkan jadi pangemut.
Aworna kedal,ucap jeung a'mal.
-
Haturan baraya sadaya.
Mugia ginanjar kawilujengan.

BATI

Kénging Entjep Sunardhi
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 03:48:19

Sakali bohong asa meunang. Dua kali corengcang nu percaya. Nu katilu lain bohong, leuheung ukur meunang wiwirang. Ngababatang jadi bugang.

ULON-ULON 2

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 01:58:07

Satutasna maca fikmin Maya Dewi nu judulna "alesan" Raden Abimanyu nu oleng panganten keneh jeung Dewi Utari ngahuleng, jadi inget ka Raden Lesmana Mandrakomara nu nga SMS ka Dewi Utari, cenah antara Abimanyu jeung Utari teh bedana jauh mela-melu, boh dina gaulna boh dina sagala rupana. Enya eta Raden Lesmana Mandrakomara, naha bet ngabanding-banding dirina jeung pamajikannana, padahal lain urusan manehannana, jiga aya maksud sejen. Abimanyu ge nyaho mun Raden Lesmana Mandrakomara teh micinta Dewi Utari nu ayeuna geus jadi prameswarina, tapi kunaon bet nga SMS nu eusina kitu, atawa memang Raden Lesmana teh hayang ngabengkahkeun rumah tanggana kitu. Abimanyu ngarenghap, teu ngarti kunaon Lesmana bet nga SMS kitu. Raden Abimanyu nu tadina simpati ka lanceuk misanna ngadadak robah saratus dalapan puluh darajat jadi antipati alatan rumah tanggana nu karek diwelah teh asa dihihileudanan.
(REVISI)
Hatur nuhun Ka Kang Irman Dimyatie kana koreksina

HATR

Kénging Tien Widartini Darodji
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 01:49:20

Aya ombak Pangandaran dina dadana
neumbragan hatena teueureun-eureun
aya sono anu nyoso
aya asih dina galih
duka kasaha
duka dimana
nunyaho ukur hatena
ombak ngagulung nyuruwuk
purai maseuhan basisir

ULON-ULON 2

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 01:29:39

Satutasna maca fikmin Maya Dewi nu judulna "alesan" Raden Abimanyu nu oleng panganten keneh jeung Dewi Utari ngahuleng, jadi inget ka Raden Lesmana Mandrakomara nu nga SMS ka Dewi Utari, cenah antara Abimanyu jeung Utari teh bedana jauh mela-melu, boh dina gaulna boh dina sagala rupana. Enya eta Raden Lesmana Mandrakomara, naha bet ngabanding-banding dirina jeung pamajikannana, padahal lain urusan manehannana, jiga aya maksud sejen. Abimanyu ge nyaho mun Raden Lesmana Mandrakomara teh micinta Dewi Utari nu ayeuna geus jadi prameswarina, tapi kunaon bet nga SMS nu eusina kitu, atawa memang Raden Lesmana teh hayang ngabengkahkeun rumah tanggana kitu. Abimanyu ngarenghap, teu ngarti kunaon Lesmana bet nga SMS kitu. Raden Abimanyu nu tadina simpati ka lanceuk misanna ngadadak robah saratus dalapan puluh darajat jadi empati alatan rumah tanggana nu karek diwelah teh asa dihihileudanan.

HEUREUY SANTRI

Kénging Irman Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 01:17:36

Luut-leet keseng ngagarajag dina awakna, bujurna gutak-gitek teu puguh rasa. Erni ngarasa helok jeung bingung, aya rasa aneh sumeleket, nikmat nu ngandung misteri. Unggal paadu teuteup jeung Cep Odang nu terus imut, rasa aneh beuki rosa. "Naha kunaon atuh aing teh?", batinna ngagerentes bari terus ngado'a muntang ka Nu Maha Kawasa. Can ge tamat maca do'a, ngadadak Cep Odang ngajerit maratan langit ngoceak maratan jagat. "Ampuuuuun..... panassss.... panasssss...!!!", ceuk Cep Odang bari kekerepengan laju lumpat duka rek kamana....

ULON-ULON

Kénging Jejen Jaelani War
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 00:50:28

Pikeun Prabu Yudistira, raja nagri Indraprahasta nu mentingkeun citra dirina, ngaran si Cepot estuning dipikagigis pisan. Lain, lain gigis ku kasaktiannana, atawa gigis pedah beungeutna beureum euceuy, tapi gigis ku teuneung ludeungna dina nyoarakeun bebeneran jeung kaadilan. Komo sanggeus si Cepot umajak ka balarea mah, umajak nu dibewarakeun di media masa, kayaning majalah, koran jeung media elektronik swasta mah, Prabu Yudistira gegebegannana lain lumayan deui alatan naekeun BBM bari teu nempo kayaan rayat keur sangsara. Teu rek gegebegan kumaha tuda, eusi bewarana estuning matak rerempodan. Prabu Yudistira gawena hulang-huleng. Bari ngarenghap, Ingkang Sinuhun Prabu Yudistira maca bewara si Cepot dina koran mingguan Tumaritis nu eusi bewarana kieu:
"Ka rayat sanagri Indraprahasta nu hayang umroh atawa nu nu rumasa can kataekan umroh dina tanggal 1 April 2012, simkuring umajak sangkan milu demo naekna BBM ari susunan acarana:
1. Thawaf di Bunderan Indraprahasta (HI)
2. Sa'i ke karaton Indraprahasta
3. Jumroh (maledogkeun batu) ka karaton Indraprahasta
Mugia numarilu kana ieu demo diduakeun sing janten demonstran nu mabrur"

KOSAMBI

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 00:49:20

Reueuk rumeuk dina eunteung, semu keueung semu nineung, lalakon katukang-tukang, atra narembongan.Saparat jalan kahirupan kudu tumanya ka diri, bener teh ceuk urang, atawa salah teh keur batur?

SATIA

Kénging Rukmana Master
Dipidangkeun dina lapak 01 April 2012 00:22:52

Tengah peuting hp ngageter dina jero pésak calana. Kusiwel dikodok. Gening aya sms. Lalaunan, bray dibuka. “Jungjunan.., naha bet asa bénten ti sasari! Abdi sono ka akang. Tapi naha akang siga nu teu maliré kana katresna abdi. Asih abdi mung kanggo akang nyalira.” Pokna.
“Deudeuh teuing Enung pupujaning ati. Hampura akang. Sanés akang teu nyaah ka Enung. Tapi Akang alim midua haté.”