Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 21 April 2014 01:20:14
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 13 April 2014 10:03
Brahma Kumbara: " Perjalanan Hidup Sang Satrio Piningit Dalam salah satu karyanya, Raden Ngabehi Ronggowarsito menulis sebuah ramalan tentang sosok Satrio Piningit. Diceritakannya bahwa ada tujuh julukan yang menyebutkan Ciri ciri Satrio Piningit yang kelak akan memimpin wilayah seluas kekuasaan Majapahit dulu. Tujuh julukan Satrio Piningit yang lain itu antara lain: Satria Kinunjara Murwa Kuncara, Satria Mukti..."
Salasa, 08 April 2014 22:43
Titin Sutinah: " Assalamualaikum Sampurasun Ku asa bagja mendakan grup sunda nu konsistén dina ageman nu diwuwuh ku atiuran nu tegas pikeun karancagéan anggotana. Salam pangwanoh ti sim kuring nu reueus ku ajén-inajén dina kasundaan, hatur..."
Rebo, 26 Maret 2014 10:05
Rohendi Pandeglang: " Pun Tabe ieu Pun Kul karek noong deui imah. sadayana sumangga tatan-tatan urang ka Baduy, nyampeurkeun wiwitan..."
Ahad, 16 Maret 2014 02:16
Mamat Dan Mimin: " Basa Sunda téh Basa Indung nu mibanda ajén inajén luhung tur agung, nu teu tiasa diukur ku matéri, wajib diraksa, diriksa, dirumat, tur dimumulé ku urang sadaya. Jadi, saha deui nu baris ngajungjung tur ngamumulé Basa Sunda téh upami sanés ku urang Sunda pituin? Tumali sareng kitu, hayu urang sasarengan nanjeurkeun sareng ngaronjatkeun ajén inajén Basa Sunda, diantawisna ngalangkungan..."
Ahad, 16 Maret 2014 01:59
Mamat Dan Mimin: " Basa Sunda téh Basa Indung nu mibanda ajén inajén luhung tur agung, nu teu tiasa diukur ku materi, wajib diraksa, diriksa, dirumat, tur dimumulé ku urang sadaya. Jadi, saha deui nu baris ngajungjung tur ngamumulé Basa Sunda téh upami sanés ku urang Sunda pituin? Tumali sareng kitu, hayu urang sasarengan nanjeurkeun sareng ngaronjatkeun ajén inajén Basa Sunda, diantawisna ngalangkungan..."
Senén, 10 Maret 2014 20:59
Bach Cheproth: " Sampurasun, Hapunten Ki Kuncen, sim kuring tumorojog seja aub di ieu pakumpulan (FBS), seja ngiringan ngintun ..."
Rebo, 05 Maret 2014 19:39
Asep Saebat: " Sampurasun, Hapunten Ki Kuncen, sim kuring tumorojog seja aub di ieu pakumpulan (FBS), kataji ku rohangan anyar. Mung sim kuring teu acan ngartos kumaha jujutana pami bade ngintun naskah, cekap tina pesbuk atanapi liwat man? Pami teu kaabotan sim kuring neda waleran. Hatur..."
Senén, 03 Maret 2014 09:47
Sastra Jingga: " Sampurasun. Haturan ka ais pangampih, oge kadang warga fbs. Nyanggakeun salam pangwanoh. Hatur..."

Kalénder Fikmin • 01 Fébruari 2012 (93 Naskah)


KEMBANG PANUNGTUNGAN

Kénging Uzanx Boam Hardrocker
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 23:48:55

wilujeng kantun jungjunan
nu nyarita kitu datang ti sagala arah.
Tina kulawuna langit,tina tihang listrik,tina panto,tina korsi,tina netbuk.sakabehna pating gupay pileuleuyan bari ngalungkeun kembang panungtungan..pileuleuyan jungjunan..pileuleuyan

MUNG UKUR KAHOYONG

Kénging Uzanx Boam Hardrocker
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 23:20:27

kahoyong mah ngahontal langit,
netean dangdaunan,bari pageuh nyekel kana hujan,nerekelan gunung.
Dibarengan si manehna.
Tapina mung ukur kahoyong,dalah dikumaha simanehna kawin jeung tatangga.

JALADRI NU SĒAH

Kénging Inda Nugraha Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 23:17:50

Dina sēahna jaladri. Aya aweuhan kadeudeuh nu ngalanglaung. Noēlan sapasang jajantung. Jeung ketugna. Nu rumegag di basisir kabingung. Sēahna jaladri. Awor jeung sēor angin kainggis. Ngangkleungkeun angen-angen. Ka tengahing umpalan karisi.

“Sēahna jaladri lain sausumeun”, ceuk Chandra. “Rēa kēnēh kikisik nu can kasimbeuh. Loba kēnēh karang nu can kakeueum. Panjang kēnēh jaman nu can kaambah.”

“Enya”, walon Thara. Halon. “Panonpoē gē kawas nu taya kacapē, geuning. Nētēan wanci. Ngudag-ngudag bangkarak mangsa. Nu nyangheuy di tungtung kulon”.

Layung. Mayungan dua jajantung. Nu sarua ratugna. Satutas rēngsē meruhkeun dodoja. “Jaladri tēh kapan nu urang, Thara. Sēahna sakamalir jeung ketug jajantung.”

SAPAYUNG DUAAN

Kénging Uzanx Boam Hardrocker
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 23:13:45

kaendahan hujan nya didieu pisan,na jeroeun dada
sanggeusna kuring kahujanan duaan
parebut rebut gagang
tepi ka anteb imut pabeulit jeung silih ciwit
nu jadi payung ukur ngagelenyu,nyakseni ligarna kabagjaan

MUAAACH

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 23:04:34

Nyieun tulisan mawa kuring ka alam anu beda,aya sugesti nyérép kana lélémbutan
Teu perlu mapay hambalan miang tina A ngajugug B,sistematika kalangkang tina diri
Anjeun ngapungkeun kahayang ka jugjugan anu pangjauhna di wewengkon impian
Siga neuteup lukisan kamuflase ,aya ku endah kekembangan dina jambangan mikro
Geugeutna nyiuman kecap rumpaka jeung ungkara,katresna panungtung kabungah
Padalisan nyingraykeun reuma,kakayon nu pasolengkrah ngawujud hiji guneman
Kuring tibelat teu weleh sono micinta anjeun.ciciren jati diri saenyana keur mikanyaah.

RUMAOS

Kénging Akang Remi
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 22:55:08

"Dina kaayaan sahwat keur ngagalura, laku lampah jauh tina rasa kaéra. Manéh! moal wanoh. kana bagja. kabagjaan nu hakiki." Ceuk sora spéker, di suhunan masigit. Tutunjuk kana beungeut uing. Uing. Cengkat. Ngajanteng, lila. Reueuk dina eunteung. Bluk. Tungkul......

HEBAT

Kénging Neni Geo Albanjari
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 22:39:06

Barang srog ka imah manehna, guru nu kasohor di sakolana, kuring diaku di ruang tamuna, manehna langsung nyuguhan ku dongeng kahebatan manehna salaku guru. " Tah kitu Yi, akang mahteu sieun, teu galideur ku omong batur, masing disebut guru tukang meres ka murid ge, pek bae, nu penting kahirupan akang taya kakurang, kaciri ieuh meureun ku ayi ?!", ceuk manehna bari muril muril tungtung kumisna. Kuring mah ukur unggeuk, teu lemek saucap ge
'' Kè..kè..ari maksud ayi kadieu aya naon?''
'' Ieu kang, sèja nganteurkeun serat ti kapala dinas ''. Solongkrong amplop dibiken, sajongjonan simpè, teu lila kumis nu baplang tèh ngulapes, beungeutna pias. Sarèrèt katempo eusi surat tèh, babacaanana ''pe-non aktif-an kerja dengan tidak hormat''

ANTI KLIMAKS

Kénging Lugiena De
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 22:29:38

Duaan pahareup-hareup. Dua pasang panon jago seukeut silih teuteup. Gagang pedang dikeupeul pageuh. Leungeun kénca na sarangka. Luhureun kuda-kuda anu panceg. Di hiji tegalan angar nu dianginan haseup. Panonpoé ngabetrak. Hawar-hawar sora gagak. Simpé.

Dua satria pahareup-hareup. Taya nu usik. Lantaran pada-pada surti yén obahna awak séwang-séwang geus tanding detik. Ukur silih intip. Silih taker kakuatan. Silih teguh itungan. Kuda-kuda angger panceg. Gagang pedang dikeupeul pageuh. Leungeun kénca na sarangka.

Beurang ilang. Hawa cipruk disaput ibun. Béntang baranang. Dua satria anteng pada-pada maca getering rénghap jeung sorot panon lawan. Taya nu usik najan saeutik. Lantaran salah usik saeutik hartina pati. Antukna angger lir mimiti. Kuda-kuda tuluy panceg. Gagang pedang dikeupeul pageuh. Leungeun kénca na sarangka.

Hawar-hawar gagak. Séor angin. Sora insékta. Kongkorongok hayam. Balébat di wétan. Peuting peuray. Tapi dua satria taya nu murwa mesat pakarang tiheula. Duanana pada-pada silih dago panarajang. Kuda-kuda teu weléh panceg. Gagang pedang dikeupeul pageuh. Leungeun kénca na sarangka.

BEDA

Kénging Iwan R Jayasetiawan
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 22:15:47

Masing tatanya kasasahe oge:" Meja Mah Beda ".

ARJUNA MAKALANGAN

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 21:57:51

Satria panengah Pandawa, Dipati Arjuna, playboy ti Madukara nu dipikaasih ku para dewa Jonggringsalaka socana neuteup seukeut rakana, Dipati Karna. Tegal Kurusetra ngadadak angkeub ku mega-mega kulawu sapertos nu ngahaja ngahalangan sumiratna Batara Surya. Dipati Arjuna ngarenghap, ras emut ka nu janten raka misanna, Batara Kresna, emut kana wejangannana. "Yayi, sing emut, Kakang teh apanan nu kasebat ajal tea malihanan kasebat ancurna jagat wawayangan. Sing emut Yayi, nya aranjeunna nu ngadeg payuneun Yayi, nu kasebatna Kurawa putra Uwa Destarata saleresna tos dipateni ku polahna nyalira ku cara ngalangkungan karmana, nya yayi pisan nu janten cukang lantaran palastra Kurawa..." saur Batara Kresna, estuning daria. Dipati Arjuna ngarenghap bari neuteup wadyabaladna nu campuh bitotama, lajeng neuteup para Kurawa nu pinuh ku kaceuceub. Lalaunan Dipati Karna neak kana kareta perangna nu dikusiran ku Batara Kresna, seja makalangan numpes angkara murkana Kurawa.

JANGJI DIPATI KARNA

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 21:31:07

Putra pulung kusir Adirata sareng Radha neuteup seukeut nu janten rai saibuna, Dipati Arjuna. Ras emut kana jangji ka nu janten Ibuna, dewi Kunti Nalibrata, waktos harita kedal ucap dina soanten nu teu kinten nalangsana:"Jeng Ibu, pamugi salira teu janten hariwang, bada perang putra Ibu tetep lima, naha jeng putra nu perlaya atanapi yayi Arjuna nu palastra...." Waktos harita nu janten Ibuna mung wasa ngarenghap bari ngeclakeun cisocana. "teu kedah hariwang, bongan salira nu nangtoskeun takdir nu janten putra, kalepatan bihari tangtosna kedah nincak dina kecap pasti, naha Karna atanapi Arjuna nu kedah perlaya di Tegal Kurusetra..." Dipati Karna nyariosna dareuda bari neuteup nu janten ibuna.

PAPAGON

Kénging Kinkin Abdul Hakim
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 21:20:45

Poek mongkleng neuteup langit dayeuh Jakarta, cilak-cilak cika-cika hiji-hiji ninggalkeun ktunggaraan, lebah dieu nujadi cukang lantaran, kacapangan papagon dayeuh.
Getih ngampar disatengahing alas puseur dayeuh...suituncuing ngagelik teueurun-eureun.

ILAPAT

Kénging Lalat Socrates
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 21:15:41

Sangkuriang, geus leuwih tilu bulan teu maliré kana kacapé. Ngagedok nuaran kai, terus dikunjal ka alun-alun Bandung, teu maliré anu nyaram, teu paduli ku anu nganaha-naha. Bérés nuaran jeung ngunjal kai anu sakitu mentung méh minuhan alun-alun, gedok deui meulahan jeung motongan golondongan kai.

Sataun campleng, jleg di tengah puseur Bandung ngabagug hiji parahu anu kacida gedéna. Béja pabéja-béja anu dibéjakeun deui ka unggal jalma, yén moal lila deui kota Bandung bakal balik ka asal, ngajadi dano. Sangkuriang ngahaja nyieun eta parahu, sabab meunang ilapat yén puseur Bandung bakal kakeueum ku cai, dalah saterusna ngeueum tatar Sunda sakabéhna....

Ngan, jaman kiwari mana teuing aya jalma anu percaya kana ilapat?

DISUNATAN DEUI

Kénging Rava Asgar
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 21:10:55

Regeyyeng,"di garotong ku opatan bangun nurusuh pisan,"Bawa karumah sakit nu deukeut,"ceuk salah saurang nu ngagotong, getih geus maseuhan kana awakna, bari humarurung gegerungan, Anjog ka rumah sakit,sok,dina blankar bari di surung semu nyigcrig muru ka ruang ICU,kabeneran Dokter keur aya,lalaunan dokter mukakeun lawon nu geus baseuh ku getih,"Astagfirullohal a'dziim,"Dokter olohok bari gogodeg,ningali "Larangan" eta lalaki sapat nepi kana puhuna," Kumaha ieu kajadianana",...? ceuk Dokter nanya kanu ngagarotong,"numawi Dok,,"ieu teh di tek teuk ku Istrina," Astagfirulloh,"ceuk Dokter ,teu eureun istigfar bari nyusutan getih nu teu saat saat,tina "Larangan",eta lalaki.

PANTO HATÉ

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 21:06:57

Rasa. Cinta. Asih. Ti menit. Jam. Poé. Minggu. Bulan. Taun. Welasan taun. Pating kulinting. Di buruan. Beurang kapanasan. Peuting kaibunan. Kuru aking ngajangjawing. Gering nangtung ngalanglayung. Asa beurat léngkah. Pira mukakeun panto. “Naha?” cék Rasa, “Urang téh rék salilana nyidem karep?” mencrong. Cinta ngungun ngangluh. Asih ngalumburuk. Teu wasa. Nahan. Panto sok maling rérét. Keukeuh maranéhna cangcaya. Sok sieun. Panto teu ngidinan maranéhna asup. Kasieun. Karémpan. Kahariwang. Nyasaak; Rasa, Cinta, katut Asih. Maranéhna silih rangkul. Lara ngaronghéap. Ngagunasika; Rasa, Cinta, Asih. Nu teu kungsi bisa muka. Panto Haté. Tiluanana gering parna. Panas nyebrét. Ngalémpréh. Hujan mupuas. Angin ngajebéngan. Teu bisa mukakeun panto. Teu manggih tempat nyiruruk. Beuki parna. “Boa urang palastra?” humarurung. “Modar siah!” Nalangsa nyentak. Habek. Nampiling. Jebréd. Neunggeul. Nu teu walakaya. Tiluanana kokosodan. “Lebok!” Tunggara nulak cangkéng.

DI HIJI GUHA

Kénging Liman Sanjaya
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 21:01:03

honcéwang. rénghap teu weléh dikukuntit kapanasaran. kamelang ngalungkawing. lir garing angin nu saban poé marakayangan mairan rasa bayeungyang. hayang niis. merenahkeun pikir. ngalelemu tagiwurna haté. jalan nanjak nawu késang. batu-batu taringgul. léngkah panceg muru gunung. asup ka guha. nyelegon. aya tiis nyumarambah. susuganan aya nu kasungsi tina ieu diri. susuganan aya nu kasingkabkeun tina harénghéngna kaayaan. tina rupaning rusiah kahirupan. sawangan leupas tina kadalina. “baca!” aya sora teuing ti mana. bulu punduk ngadadak muringkak. “baca ku anjeun!!” beuki tandes. “kapan kuringmah jalma bodo.” najan ngadégdég, teu burung kaluar ucap. “baca kalawan hiji asma nu ngayuga. nu maha sagala!” sakujur awak ngageter. pangacian paburencay.

ADU JAJATÉN

Kénging Abah Sarjang
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 20:48:31

Dua pélor nu nembus dada, ngaburialkeun getih maseuhan sakujur awakna. Nangtung rumanggieung ngumpulkeun sésa tanaga, dipuseurkeun ka leungeun katuhu nu pageuh nyekelan bedog. Belesat bedog dipangpéngkeun satakerna, nyirorot muru beuheung Briptu Juno. Briptu Juno nu teu nyangka, reuwas nakis bedog ku leungeun nu masih nyekelan péstol. Ngan sakeclas leungeunna buntung, tungtung bedog ngulawit nyabet urat beuheung.
Di saung jangkung Ratna nangkeup tihang bari imut, nyerangkeun dua layon kabogohna nu guyang getih.

YANG DI ATAS

Kénging Gunawan Sejati
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 20:20:29

dihareupeun nana ngahunyud kenteng ngentep waktu kuring nyampeurkeun ka Mas Naryo urang Trenggalek nu katempo bangun ripuh naker.."Mas ko kaya bingung ..kelihatan lemes lagi" ceuk kuring nyampeurkeun .." La gimana ga Lemes Mas.Gun yg diatas belum memberikan waktu buat saya untuk istirahat. toh ".."Ya yg sabar ya Mas" ..kita kan ditakdirkan berusaha..yg diatas pasti kelak memberikan kebahagian" ceuk kami ngalelemu.Teukungsi lila celengkeung teh aya nu ngagorowok ti lebah suhunan Imah.." Mas Naryo..!!! eta kenteng buru-buru alungkeun..kalahkah ngobrol we aya gawe teh " !!!..

TUGU TANI

Kénging Rudi Riadi
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 20:10:46

Lebah dinya pisan sétan-sétan pésta téh. Ngaruyup salapan botol getih. Malaikat nu beberesihna, ku réwuan galon cimata. Hanjakal, beureumna teu daék limpas.

PIRAMID

Kénging Mang Jamal
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 20:03:40

rebuan taun katukang di suku gunung cikuray aya hiji padepokan. Murid nu ngan saurang teh hiji mangsa dipecak elmu ras clok. Kudu bisa mindahkeun gunung. Si murid nyacapkeun jampena, ngan salah ngucapkeun pasir jadi mesir. Teu lila jleg we piramid ngajegir. Ki guru gogodeg, teu nyangka elmu muridna geus asak: bisa mindahkeun gunung aneh nu duka ti mana.
Isukna di mesir, aleutan rahayat nu mawa layon Fir'aun geus nepi ka luxor. Kabeh helok jeung bingung. sakrofagus kudu kamanakeun, da piramid pikeun neundeuna leungit!

NU TATAN-TATAN PERANG BHARATA

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 19:59:58

Nya didieu, di Tegal Kurusetra, bitotama nu geus lila katunda bakal campuh parebut nagara antara Pandawa jeung Kurawa, perang dua turunan Bharata nu geus diramal ku para dewa jauh ti memehna. Bau hangru mimiti melenghir kamamana, ka unggal madhab, teu kasawang kumaha tumpang tindihna nu perlaya bari kapoe ku mentrangna panonpoe nu ngarerab unggal poe......

URAT

Kénging Azie Nasrullah
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 19:47:16

Gadis desa ngirim surat, anu eusina teh ngajak ameng jajan baso urat. Tapi nu kaimpleng ku simkuring, naha suratna barolong, bari bahasana ngagorolong, jiga cai kiruh dina gorong-gorong. Teu merenah, jigana ngadamelna nganggo urat oge. Ditambahan ku sarat, kudu mawa motor opat tak. Naon hubungana? Kalah matak cangkeul tak-tak, mun dipikiran mah insyaallah matak botak.

PAYUNG BUNGUR

Kénging Yanti Sri Budiarti
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 19:25:01

Poé éta. Cacap ngadago-dago. Taneuh leyur katinyuh cimata langit. Seuseukeut hujan ngarungrum jarum detik jeung menit. Maralak na luhureun hateup halteu. Anjeun datang ngasongkeun imut. Iris miis kana haté nu ngararas. Lir kalakay muntang dina sela-sela régang.
Payung kembang pulas bungur ditampa. Jadi tamba nyeri beuheung sosonggéteun.
Aya rasa asih milu ngiuhan na handapeun payung bungur. Ngiclik satukangeun.
Peuntaseun jalan. Anjeun ngarandeg. Ukur wasa ngusap taktak. “Hatur nuhun, Kasép..! Sawios teu kedah diangsulan..!” Anjeun imut leleb. Nanawarkeun deui payung bungur ka sakur nu kapegung di jalan.

LALAKON AWON

Kénging Godi Suwarna
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 19:09:35

“Anteurkeun ka Nyi Ratih, Won!” Pa Ulis mikeun bungkusan ka Awon. Nu dititah gasik indit. Umat-imut sajajalan. Kirang saeundan, kitu ceuk batur salemburna. Awon imut basa nyampak Nyi Ratih keur digaléntor ku Pa Kulisi. Nya kitu, Awon ukur umat-imut basa dina hiji mangsa dicalukan ku Pa Kuwu. “Daék kawin ka Nyi Ratih?” Pa Kuwu nanya. Awon imut. Der. Dikawinkeun. Puguh wé, Pa Kuwu, Pa Ulis, Pa Kulisi, saparakanca, dumadak ngaremplong haté. “Héésna tong di dieu!” Nyi Ratih ngagebés ti kamar. Awon imut. Saban peuting Awon ngagolér di dapur. Saban peuting Awon mireng sora nu ngumbar birahi. Lima bulan ti tas kawin, Nyi Ratih geus ngalahirkeun. Awon bagja jadi bapa. Hiji peuting, Awon ngayun ambing orok nu kakara dicukuran. Deudeuh. Ti kamar, kapireng sora hah-héh-hoh, sora dipan rerekétan. “Ujang sing cageur, sing bageur, nya?” ceuk Awon bari imut. Nompo kana ceuli orok. Orok ngarenyu. Semu imut. Nu di kamar beuki mijah. Di langit, purnama sumedeng ngempur.

ARJUNA DI TEGAL KURUSETRA

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 18:50:41

Di sisi tegal siawat-awat Kurusetra, Arjuna ngahuleng ngaragameneng, bingung kedah kumaha mayunan musuhna, lebah dadana aya kaguligah nu awor sinareng gemes. "Jagat Batara...kunaon wanoja bet kedah ka medan laga...." gerendengn Arjuna bari neuteup Srikandi nu tandang makalangan, wanoja nu geulis kawanti-wanti nu tos sah janten garwana. Socana neuteup Srikandi teu ngiceup-ngiceup. Arjuna ngarenghap aya rasa teu tega ka nu janten eyangna, Resi Bhisma, nu tangtosna ge moal ngalayanan kagagahan wanoja. Arjuna ngarenghap bari kerung bingung. Di uwung-awang lebah mega-mega malang dewa-dewi nyakseni nu campuh bitotama. Para Brahmana di padepokannana nyeungeut menyan, husu muja para dewa bari ngagereyem ngadoa pikeun kasalametan Pandawa.

HOJAAAAH

Kénging Deni Riaddy
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 18:44:10

“Diemut deui neng, bilih hanjakal…,” cenah “nu sanes mah pahoyong-hoyong tiasa nyarengan bapa meh tiasa janten PNS, neng mah kalah alim.”
“Wios pa nu sanes mah, abdi mah teu hoyong…” jawab kuring bari rada reuwas dipangloh kitu teh.
“ Jadi Neng teh nolak kasempetan?” Nyaritana geus mimiti rada heuras, “Neng teh nolak bapa? Bapa teh asda hiji neng, hoyong damel di pemkot mah gampil, keun tanggung jawab bapa eta mah. Nu penting mah neng daek jadi istri bapa …”
“Nuhun kana pangangkenna, mung abdi moal robih pamadegan…” cek kuring ngayakinkeun, “Bapa teh gaduh kalungguhan, naha teu isin kitu ku nu sanes? Ku sobat abdi nu janten staf Bapa di kantor?”
“Oh keun si eta mah… isuk pageto urang mutasi ka bagean lain.”
“Ulah dicacandak atuh nu sanes mah, da anjeunna mah teu terangeun nanaon…”
“Pokona bapa tulungan, bapa geus sataun misah ranjang jeung ibuna…..”
Klasik. Kuno. Alesan nu teu kaharti. Hah dasar nurustunjung. “Eta mah rumah tanggi Bapa, abdi mah teu ngiring-ngiring…” jawab kuring.
“Jadi neng teh nolak kahayang bapa? Hmm…. Tungguan we lah…. Kieu-kieu ge bapa teh pajabat Neng. Asda hiji.” Cenah bari terus ka luar ti ruang tamu. Gebrug nutupkeun panto ditarikkeun.

PUTRA BATARA SURYA

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 18:28:27

Kula teh Karna nu gumelar jadi tumbal wanoja bari tega ngasupkeun kula kana kandaga nu kabawa palid dina angkleungan walungan Gangga. Nya kulantaran Kurawa harkat martabat kula kajait jadi adipati di Awangga, pikeun mulang tarimana, kula iklas gumusti ka Kurawa, jiwa raga pikeun ngabela angkara, itung-itung males budi alatan Kurawa nyicikeun amisna madu ka jero raga bari neundeun mahkota lebah mastaka. Duh ...Arjuna hampura kula, kula lanceuk andika jangji moal siirik alatan andika dipikaasih ku para dewa, moal siirik mun pangeusi dunya muja-muji salira, lantaran usik malik urang aya na pangawasa dalang, sabab urang ngan saukur wayang nu satia kana kodrat jagat wawayangan

POLIGAMI

Kénging Lia Syawalia
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 18:05:29

Nangtung ti cikampek nepi ka cileunyi, lumayan karasa cangkeul. Waktu di Cileunyi loba nu turun, atuh kuring rikat pisan diuk di gigireun hiji lalaki. "Punten ah!", cekeng teh. "Mangga! Bade ka Garut?".
"Muhun!"
"Abdi ge bade ka Garut, aya bisnis jaket"
"Oo...h" Kuring sabenerna mah hoream ngaladenan ngobrol, cape balas nangtung, jeung na deui tunduh meni asa hayang reup wae ieu panon. Tapi manehna ngajak ngobrol terus, ti mimiti masalah pulitik, sakola, nepikeun masalah agama khususna masalah poligami alias nyandung.
"Ari Teteh satuju henteu kana poligami?"
"Nya teu tiasa nyarios satuju atanapi henteu, da eta mah hukum Allah anu kedah diimani. Nya upami urang Islam mah teu aya kecap teu satuju kana hukum Islam".
"Tah upami kitu mah atuh satuju upami caroge Teteh poligami?"
Meni asa aya nu neunggar kana dada, asa eungap, aya rasa anu teu puguh dina dada. Tapi kuring nyarita kieu:
"Ah alim, abdi mah teu satuju!"
"Pan eta teh hukum Allah?"
"Kapanan ari poligami mah henteu wajib, ngan saukur mubah. Naha Akang nyarios kitu? Akang bade poligami?"
"Muhun, tapi gagal."
"Naha Akang tos teu cinta ka istrina?"
"Masih cinta, tapi Akang ge aya rasa cinta ka nu sanes. Akang alim pipirakan sareng manehna, tapi Akang ge hoyong ngahiji sareng nu hiji deui".
Beus nu ditumpakan asa jadi poek, rasa di dada nambah ngaguruh diadu jeung sora mesin. Kriiiiiiiiiiing sora HP disada, kadenge sora manehna,
"Assalamu'alaikum Ummi, dah sampai mana? Hati-hati ya Say, besok cepat pulang lagi ya, Abi kangen......!", ehm.....sora nu jadi obat........!

NAHA SAHA DEUI?

Kénging Esih Sukaesih
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 17:57:38

Sabada ngawangkong jeung Bu Nova di tempat parkir, kuring maksakeun nyetater motor.Ari Ibu-ibu nu make cindung bulao ka mana? Kuring teu wawuh, tapi ngungkug ka imah Ade nu jaga sakola? Naha sarua make motor? Naha ‘ortu’ teh rek naon sore-sore? “Asa maruringkak bulu punduk,” pikir kuring. Reg deui eureun di tungtung gang. Duh, nalangsa, hujan angin beuki tarik, lir ditamplokkeun ti langit. Panon mencrong kana ubin buruan sakola, cihujan awor jeung cai saweran, tarik naker, siga walungan.Ras inget ka imah, palangsiang Si Bungsu lapareun. Najan budak maju ka bujang, ari ka anak teu weleh cuscos, sieun itu sieun ieu. “Sabar anaking, ieu mamah keur ngiuhan,” noroweco di jero hate. Ret deui ka kaler, ka pipir masjid, gening masih aya Bu Hajjah keur menerkeun cindung kayas, asa rada tenang. Lila oge kuring nangtung, tapi naha Bu Hajjah teu turun-turun. Palangsiang terus ngawangkong, lantaran mobil dunungan aya keneh di palataran sakola. Kuring teu sabar, kajurung ku keueung, hujan-hujan ninggalkeun parkiran anu simpe.
Isuk keneh kuring ka sakola, biasa bari ngariung balakecrakan, aya combro, goreng tempe,leupeut jeung pisang goreng, oge sacangkir “White Coffee”.Nikmat pisan bari ngopi terus ngawangkong. Bel disada, nu ngawangkong bubar. Pikiran can jejeg sanggeus apal tina obrolan yen Bu Hajjah kamari teu kungsi shalat Ashar di masjid. Anjeuna disampeur ku carogena, langsung ka luar sakola sabada turun ti mobil Pa Haji Apip. Saha deui anu nembongan di pipir masjid ? Piraku sapoe ieu nepi ka saopat-opat? Piraku bisa ngobrol? Teu kahontal ku akal.

JEMBAR MANAH

Kénging Kus Wanda
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 17:40:09

Paralun. Taya karep mibanda. Da keur saayeuna mah leuwih ti cukup. Ngan sok bisi matak jadi rungga keur saréréa. Numatak hayang puguh beureum hideungna. Eta gé pédah dibéjaan ku kuwu Muksin. "Jang, bisi matak jadi dosa da baheula Uwa jadi saksina. Imah nu dieusian emang hidep ayeuna sabenerna imah bapa hidep almarhum. Harita basa kolot hidep kacilakaan nepika hanteuna, sadudulur sapuk éta imah dieusian heula ku Mang Haji. Pan harita hidep ololého kénéh. Bisi rék dipénta, jung geura nyarita" kitu omongan kuwu Muksin. Harita can dibéré kawani nyarita ka Mang Haji. Loba tinimbangan. Ayeuna wé pédah ningali Mang Haji geringan. Sieun teu kaburu. Hanjakal basa omongan kuwu Muksin ditepikeun, anjeunna teu narima. Kalah nyarita nu lain-lain. Kalah loba omongan nu teu pikangeunaheun. "Teu sawios atuh Mang, ieu mah nyacapkeun kapanasaran" ceuk kuring bari amitan. Harita kedal tina haté mun éta imah hak kuring, diridokeun keur Mang Haji sakulawarga.

SIPIR PENJARA

Kénging DADI ARYANDI
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 17:04:01

Kahatur,
Mamah sareng Papah

“Mah, Pah… Iraha atuh badé ngalongok téh? Hapunten Aa sareng Adé, nya…abdi duaan kedah lebet penjara deui. Tapi di penjara ieu mah geuning seueur réncang, ngarajak ameng. Sipirna gé seueur pisan, jabi balageur. Benten tebih téh sareng di penjara nu sateuacanna. Aa sareng Adé mah, alim uih deui ka penjara nu kamari, ah. Sesah bobo, kirang emam. Sanaos sipirna mung duaan, tapi …. iiyy, garalak! Sahaok kadua gaplok. Tuh, geuneuk sareng bareuh tilasna, araya kénéh. Ieu mastaka Aa gé sok aya karaos kénéh balideg. Tilas dibabuk ku popongkolna. Pami Adé mah, ayeuna téh sok gegebegan teu puguh. Mah, Pah… Iraha atuh badé ngajemput Aa sareng Adé?”

Salam baktos,
Aa sareng Adé

****

“Anaking, Mamah jeung Papah nu kudu ménta hampura mah. Hampura, can bisa ngalayad. Diréktur RSJ-na can méré idin. Hampura Mamah jeung Papah, baheula nu jadi Sipir Penjara-na.”

JANGJI

Kénging Ade Nendang Rahman
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 16:58:15

"Apa, saur Nini upami mulih meser peuyeum nu rada beyek," kitu unina SMS ti anak kuring. "Mangga, tapi Apa dongkapna rada sonten da bade ka rerencangan heula, aya peryogi" jawab kuring ku SMS oge. Padahal mah rek neangan duitna, da aya ge ngan kari keur ongkos balik wungkul. Unjam-injeum kaditu kadieu lebeng teu meunang, da batur ge sarua teu bogaeun, keur ahir bulan kieu atuda. Duh, kumaha nya, jaba ninina barudak teh keur udur rada wales. Barang datang ka imah, pamajikan ngaharewos nanyakeun peuyeum; dijawab ku harewos deui. Kuring tamada ka Ema bari ngabohong, yen tukang peuyeumna teu aya nu dagang; ke enjing mah sugan daragang, cekeng teh. Jam 3 janari kuring diguyah-guyah ku pamajikan, "Pa, itu heula Ema kumaha?" Korejat hudang, langsung nyampeurkeun pangebogan Ema. Anak kuring siraheun Ema bari rambisak, "Pa, Nini tos teu aya..." Awak leuleus taya tangan pangawasa. Duh, hapunten abdi, Ema, jadi anak teh can pernah nyenangkeun nu jadi indung. Teu pira hayang peuyeum ge teu kacumponan.......

SURAT KEUR NENG INONG URANG PARONGPONG

Kénging Yusef Muldiyana II
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 16:54:57

Neng Inong anu jenong putra Ceu Popong, tangkal doyong sisi situ Cigayonggong wetaneun kebon terong Haji Odong paranti baheula urang ngawangkong jeung murak kadongdong kiwari geus jadi gedong sigrong, pangeusina sarupaning meong, bagong, keong , bangkong, papatong jeung ucing garong anu borongongong. Maranehna sok ngabarohong, sok baredegong sok abong-abong, sok silih toong, pasorong-sorong bari patonggong-tonggong. Lamun melong matak titajong, lamun ngomong matak nyeuri genggerong, lamun nolongkrong matak varises.

BISUL

Kénging Jordan Kurniawan
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 16:26:20

Crooot! Bisul nu ngajentul saminggu leuwih na kélékna téh ku indungna tuluy dibucatkeun sateker kebek. Lain ngajerit deui, bakating ku nyeuri, manéhna nepi ka kapiuhan, teu daya teu upaya, ngalempréh na lahunan indungna. Demi pamajikanana? Nempo salakina kitu téh, kalah ka seuri ngagakgak siga nu ngenah. Enya, mitoha mana sok nu teu keuheul nempo kalakuan minantu samodél kitu? “Cik atuh Ratna, manéh téh éling henteu? Salaki ripuh kieu kalah ka diseungseurikeun! Lain bantuan mah!“ Ceuk indungna, semu molotot. Laju mayang manéhna nu baloboran ku nanah jeung getih ka sisi balong. “Antep wé lah Mah, Tuman” Témbalna teu euleum-euleum. “Naha siah?” Ceuk indungna deui, némpas. “Asa minculak-minculak teuing minantu téh!” Ngomong kituna téh bari nulak cangkéng. Muru minantuna, nu ti tadi anteng ngoprék Blackbérry. “Ah, bongan wé Mah, baheula Kang Kosim kungsi ngomong kieu: wani bisul tah cenah dina kélék, mun aing salingkuh! Ari ieu?” Témbal minantuna teu kireum-kireum.

SERAT SALIRA

Kénging Akang Ei
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 16:20:22

Serat salira wengi tadi tos katampi. Eces pisan siga tembang. Kira-kira jam 7 peuting eta surat dianteurkeun ku dua jelema anu jangkung badag. Amplopna jeung kertasna nyacas bodas. Terus make tulisan RESMI jeung cap .........KPK. Tulisanana diketik make komputer lain tulisan leungeun....eusina teh SELAMAT ANDA MENJADI TERSANGKA KORUPSI. Dasar jelema teu boga cedo.manehna nepungan wartawan teu pati lila daratang jul jol ka imahna. terus ditanya ngaler ngidul ngeunaan kasusna...JAWABAN NO COMENT. Bari imut seuri......

Kanggo KORUPTOR - KORUPTOR WILUJENG dicerek we ah da bonganna atuh.

LALAKON ALUMNI IKIP

Kénging Rohendi Pandeglang
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 16:17:31

Budak begang kurang nyusu, indungna karek jebul, laju nyusuan bari cacarita ngalimba ''deudeuh anaking. Emh akang..., bongan aya nyaah, antukna aya jabang bayi. Bongan aya cinta antukna aya nyaah. Bongan aya amprok, antukna aya cinta. Bongan aya teuteup antukna aya amprok. Bongan aya seminar, antukna aya teuteup. Bongan aya surat tugas, antukna kudu seminar. Bongan jadi guru, antukna aya surat tugas. Bongan ti ikip antukna jadi guru.''
Bagooor, berarti ikip nu matak budak kurang nyusu teh. Paingan kwari mah diganti ku upi.

ANTARA DUA KAFÉ

Kénging El Hijar
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 16:15:41

Antara dua kafé. Aya kembang cipruk cimata. Kasamaran lebah layung. Luluncatan tina meja ka meja.

LALAKON ALUMNI IKIP

Kénging Rohendi Pandeglang
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 16:09:17

Budak begang kurang nyusu, indungna karek jebul, laju nyusuan bari cacarita ngalimba ''deudeuh anaking. Emh akang..., bongan aya nyaah, antukna aya jabang bayi. Bongan aya cinta antukna aya nyaah. Bongan aya amprok, antukna aya cinta. Bongan aya teuteup antukna aya amprok. Bongan aya seminar, antukna aya teuteup. Bongan aya surat tugas, antukna kudu seminar. Bongan jadi guru, antukna aya surat tugas. Bongan ti ikip antukna jadi guru.''
Bagooor, berarti ikip nu matak budak kurang nyusu teh. Paingan kwari mah diganti ku upi.

HUNTU

Kénging Yusef Muldiyana II
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 16:03:41

Subuh-subuh Mang Dadan geus ceuceuleuwengan nanawarkeun dagangan bari numpak sapedah. "Huuntuuuu..... huntuuuuuuu, .... tahu Cibuntuuuuu...." Sabot kitu kadenge sora Pa Sutisna sosorongot pinuh ku nafsu " Gandeng Dadan! Hunta-huntu, hunta-huntu! Teu nyaho dewek keur nyeri huntu ?! "nyaho ti poe saptu oge maneh nyeuri huntu apan gara-gara muka tutup limun ku huntu." Tembal Mang Dadan. "Har? Geuning nyaho maneh Dadan? Ceuk Pa Sutisna heran. "Na ari Sutisna ? Apan urang jeung maneh teh eta-eta keneh"

BEBENDON

Kénging Liman Sanjaya
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 15:46:35

teu wasa. tapi dalah dikumaha, teu bisa mungpang kana paréntah nu maha keresa. nu maha kawasa. komo ieu kudu nyaksian batur salembur ditundung ku supata. “anjeun geus baha ka kami!” ngajelengéng nyeuit rasa. “kapan kami leuwih mulya batan manéhna, gusti. piraku kudu sumujud hurmat?” dangah. tuluy ngarérét ka kuring ku seuseukeut juru panona. kuring ngeluk. ngarasa salah. “kami nu ngagelarkeun saban lalakon. kami nu nyaho kana sagala hal.” haté ngaleketey. tuur ngaroroncod. “keun, kami nampi bebendon anjeun gusti.” reureuh sakeudeung. tuluy mencrong kana beungeut kuring. “tapi nepi ka tungtung kahirupan, anak incu manéh bakal didoja ku kami. sangkan kami loba batur. sangkan naraka teu kakurangan ku suluh!” aya kamelang natrat. leuleus sapadaharita. “hampura, ieu kahayang nu maha keresa. nu maha kawasa. jaga, bakal loba anak-incu kami nu sasar. ngadon sumujud ka anjeun!” kecap dikemu. teu jadi ungkara. cimata ragrag marengan léngkah manéhna.

TONG HUDANG

Kénging Yusef Muldiyana II
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 15:46:18

Ayi : Tong hudaaaaang, tong hudaaaaang, lontong tahu Sumedaaaaang!
Kurnia: Mang meser tong hudang tilu rebueun.
Ayi : Mangga, Cep.
Iskandar: Mang , Iis oge meser tongna wungkul ulah dihudangan.
Ayi : Kasep, mangga.

NGIMPI

Kénging Indah Eka Lestari
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 15:45:38

Unggal réngsé solat isa éta budak buru-buru saré, niat hayang gera ngimpi, da manéhna mindeng meunang ngimpi nu matak nyieun bungah. Hiji peuting nu keur jarempling, manéhna aya di taneuh kosong nu lega, taya sato, jeung tutuwuhan. Di hareupeun manéhna aya cukang nu kacida ipisna, loba jalma anu tigalubrag ka handapna. Manéhna ceurik tuluy lulumpatan “ kuring hayang kaluar tina ieu ngimpi” ceuk manehna gogorowokan. Bray aya layar gede anu némbongkeun kulawarga manéhna keur ceurik handapeun bandéra konéng.

WEW AH

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 15:40:57

Indung budak nu sakolana SD keneh ngontrog ka guruna malik teu suka.
“Sok Asep dikumahakeun Asep teh ku rerencangan,sebatkeun ayeuna ka ibu guru!!”
Bari luwa-lewe" Asep sok disebat si dahdir,si dahdir, ku rerencangan sadayana teh Bu.
“Aduh-aduh atuh awon nyebat kitu mah,saha wae namina rerencangan nu nyebat kitu teh? Keun ku Ibu urang seuseulan, saha namina!!?
“Bari luwa-lewe :Si bucitreuk,si leho.si conge,si areng si cileuh..si si si..
“Asep!! Hayu balik!!!!…

KATOHYAN

Kénging Rava Asgar
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 14:55:45

Balik ti pagawean,kang Ujang di bageaeun ku Pamajikan nana meni darehdeh pisan,geus ka biasaan ngawulaan salaki sapuratina,gura giru disodoran cai,song di asongkeun,gap,ditampanan ku Kang Ujang,"Kang bilih bade teras tuang atuh da tos sayogi",.? bari gek diuk gigireun salakina,"ke sakedap bade reureuh heula "tembal na ,bari suruput ngaregot cai herang,,sabot gunem catur,,tiriling....tiriling...henpona di sada,ditinggali ku manehna," gura giru di pencet deui,bangun nu rada reuwas,"saha kang,,"? pamajikanana tumanya,"rerencangan nu ngajak bisnis, teu purun akang na ge,"bari geuwan ngasupkeun deui,Henpona,"pamajikana curiga ningali roman salakina bangun nureuwas teh",teu kungsi dua menit ,henpon disada deui,"gerewek kupamajikanana di cokot,terus di pencet,,Halo,,,halow,,,sora awewe,."Saha ieu,,,? haloww,,,saha ieu,,? anu nelepon teu ngajawab,..Halow,,,? nyarita saha ieu,,,? Kang Ujang geus ratug bari elekesekeng,"dina Henpon aya nu ngajawab,"Abdi papacanganana,kang Ujang,..." Reup geuneuk ray pias,siga beusi atah meuleum,,teu anta parah,belewer,,,henpon di baledogkeun kana tembok,.".guprak,.."henpon unyanyutan,,"Gauk pamajikanana ceurik teu ampeuh,asa di teungteuingan kunu jadi salaki.

KERIS PUSAKA

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 14:40:56

“Inget, ulah gagabah...” cék akina mikeun keris. “Ti Empu Gandring?” témbal Ujang. “Ssssttt,” ngantelkeun curuk kana biwir. Keris disesepkeun. Harita. Tengah peuting. Hujan ngagebrét. Aki digusur. Dibérok. “Malingan waé kai, siah!” bentak Juragan Mandor. Padahal. Ukur régang. Nu teu dipuluk. Gening. Matak meta kitu téh sangkan lugina. Lugina ngaganggu ema nu rarandaan. “Ah, ulah!” ema ngejat. “Haha, sok ngajerit! Geus dibérok, saha nu baris nulungan?” haroshos. Peuting beuki simpé. Béntang. Bulan. Pating salingker. Nyumput satukangeun ceudeum. Isukna. Warga lembur guyur. Dada Juragan Mandor gudawang. Ngabebengkang sisi wahangan. Ujang ngelap getih garing dina tungtung keris. Gerung. Ngahirupan motor. “Jang, Juragan mandor aya nu maéhan,” cék Udin. “Baruk, nyaah teuing!” teu laju. Motor dipaéhan. Jut, turun. “Hayu urang pulasara, Din!” ngaléng baturna.

NU HUHUJANAN

Kénging Cassa Grande
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 14:13:01

"Saha itu nurancucut. Imutna palid kana haté. nyerep. Karaos tingselesep. Hooong siiaah!"

Nu Gélo, mijah. Hujan dibuntang-banting, kacangcang angin.

"Duh alah ieung. Curuk Anjeun nutiis, ngomé saab. Tina ambung numancung. Bulu soco maruragan. Milu palid. Palid deui kana haté. Asooy!"

Nu Gélo, leungit. Kabawa palid. Haténa tuluy ngahariring dina hujan

GUNUNG NUNGGU

Kénging Anugrah Nunu
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 13:53:23

"Hayang nyoba ambek kula kitu ieu teh?", gerentesna bari anteng nalingakeun sabuderenna. Katempo jelas awak manehna beuki ruksak, diditu didieu geus robah jirim.
Sret, sukuna obah da karasa nyeri, riyeug, gorolong batu-batu sagede munding teh sing gorolong. Sora sing jareritna manusa kadenge atra ku manehna, gebeg, buru-buru sukuna nu tadi obah teh eureun.
"Can waktuna, kula moal jalir kana jangji".
"Aya naon ieu teh? lini haram jadah, kudu ngamimitian deui ti awal mun kieu mah, rugi gede yeuh", jelema nu make helm gegerendeng, "Sok buru-buru anggeuskeun! tuar tah sakabeh tatangkalan nu lebah dinya!", manehna tutunjuk bari tipopolotot.
Manehna ukur bisa ngabatin "Dibere tanda kalah ka ngahajakeun, dagoan ku anjeun! da kula ge moal cicingeun, pasti bakal datang mangsana wawales ti kula".

SABDA HIRUP

Kénging Abi Ibn Al-Khairi
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 13:52:10

Ti saprak gumelar ka alam dunya, rénghapna geus méh jejeg 725.760.000kali. Haténa simpé. Dipépéndé pirang-pirang kaéndahan nu anteng na panémbongna. Hirupna. Nincak wanci sariak layung, manéhna ngeunteung dina kubang cikésang. Ngagaréndang. Miharep kaéndahan bakal témbong jeroeun riakna. “Kuring resep kaéndahan”. Bari neuteup imeut kalangkangna. “Kaéndahan lain kalangkang, tapi kahirupan anu tanpaké topéng”. Sora agem. Kalangkang nu keur guyang dina cikésang. Ngolébat. Bréh témbong iwung nu dibulen kalokop hideung. Dumadak haténa kareunang.

NGARONGHEAP

Kénging Peuyeum Ketan
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 13:47:54

Teu kungsi lila basa manéhna pindah ka lembur kuring, ujug-ujug aya aturan anu nyangcang diri kuring nepika kiwari. Teuing kumaha mimitina bapa kuring bisa satékah polah ngabéla tur mamaksa kuring kudu kamanéhna, apanan wawuh ge hanteu, panggih gé acan, jeung deuih pan kuring téh geus aya nu boga.
Kuring ngahuleng, teu bisa kukumaha, beurat ka kolot, beurat kabébéndé haté, ceurik ngajerit maratan langit, limbung teu aya jalan keur ngakalanana.
"duh Gusti nu maha suci, kudu kumaha nya abdi ?"
Teu lila ti harita, acara anu dipikahayang ku bapa téh datang kana waktuna, kuring carinakdak, teu wasa ngagugu kana kahayangna, tapi kuring teu bisa kukumaha, ngan bisa narimakeun kayaan, harita bapa téh ngomong kieu : "mun seug manéhna teu ditinggalkeun maotmah ku salakina,meureun moal pikieueun".
Kuring mingkin ngabatin, ceurik haté unggal poé mikiran kumaha jadina mun seug bébéndé haté apaleun yén kuring geus ngarumah tangga jeung batur.

COPET NEUGTREUG

Kénging Bunda Unie
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 13:37:04

Sanggeus nepi ka imah karek sadar hp dina saku geus euweuh. Di inget-inget pas tadi di tempat parkir rengse nongton konser teh aya nu nubruk. "Heu sigana dicopet ieu mah.." Gerentes hate. Nyobaan nelepon kana hp nu leungit...Nyambung!!! Aya nu ngangkat deuih sora lalaki.
+ " Hallouw!!!!"
= "Assalamualaikum...Punten bade naros, A..Naha hp abdi aya di Aa?"
+ " Naon???!!!"
= " Punten naha hp abdi aya di Aa? Mendakan dimana,nya? Manawi abdi kenging
terang,A?"
+ " Naon ari sia neleponan wae ka aing a@

PANTO II

Kénging Lies Tjandra Kancana Sudarma
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 13:36:55

Unggal poe kuring nyobaan muka panto, hayang kaluar ningali dunya luar nu bejana leuwih maju jeung leuwih pikaresepeun, Malah kuring ngan lain saukur hayang muka Panto hate.! weleh teu bisa mukana kuring oge, tos poho nomer kodena oge, Kudu kunu Ahli , Moal sambarangan bisa ku konci biasa. Unggal nyingraykeun gardeng, bari babacaan, Ayat Qursi tapi teu weleh ngageber hate. Inget basa jangji basa ditanya kieu: Ari Enung mun Papap teu aya bade nikah deui ? Moaaal! ceuk kuring meh ngagorowok Mamahh mah rek nyerat we saha nu terang ay nu kersa nerbitkeun...Tapi ari boga sobat mah keur batur pakumaha, sigana ngobrol dina Jandela we...Moal rek kaluar ti imah.....

BINGUNG

Kénging Asep Kartendi
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 13:35:37

hujan nyarios....
angkeub nyarios....
panas, nyarios keneh wae......
na kedah kumaha atuh ?

KASIMPÉ KAFÉ

Kénging Dadan Sutisna
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 13:30:51

Dua jam paheneng-heneng. Dina méja nomer lima. Kafé tambah simpé. Manéhna bangun nu bingung. Nguyek baé nyoo hapé. Sakapeung nyumiratkeun imut tina biwir nu burahay. Imut ka hapé. Bujur asa panas. Dak dumadak, geus dua jam kasakit pireu nyaliara. Rék pok pisan, kalah jadi dédéhéman. Hayang engab kalah nyelek pibatukeun. Atuh sorot panonna, éstu teu méré pisan iber, naha pasrah atawa narah. Sugan kudu ditambaan ku udud. Rugup-ragap kana pésak. Dipesat wéh hiji. Tel dikanabiwirkeun. Sut diseungeut. Teu daék hurung. Diseungeut deui cing lila. Kakara ayeuna mah meledug. Manéhna imut deui. Ka lebah leungeun, imutna téh. Atuh jadi milu imut. Ngan karérét, dina leungeun kénca, nyelap pulpén palastik nu geus hurung, lééh nyakclakan kana méja.

RERET ANJEUN

Kénging Maman Damiri
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 13:24:27

Akang lain teu apal kana unggal reret anjeun ,sok sanajan ngan ukur ku juru panon. Lain teu surti kana paripolah anjeun mun pareng amprok jeung akang.Tapi dalah dikumaha atuh Tin ,pan akang teh boga Si Teteh.

TULALIT

Kénging Maman Gantra
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 12:58:08

(reivised edition)

"Punten, dupi salira teh soto?," ceuk kuring ka Teh Nana.
"Sanes. Abdi mah peucang," walon Mas Miskun.

PANTO

Kénging Lies Tjandra Kancana Sudarma
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 12:46:06

Geus meh 8 taun panto hate teh ditutup, tara dibuka,-buka bari ditulisan " Tidak terima Tamu, " Pek panto teh digembok, Paling kuring nyingraykeun gardeng, nempo kaluar, Mun aya kelemeng tamu, gardeng gancang ditutupkeun, Buru-buru kuring asup ka kamar,diuk deui hareupeun Lap Top, nulis deui. Keur kuring Lap Top teh lir buku harian, paranti curhat sagala kasedih, kakeuheul,kasieun , nu satia pisan. Tara ngusulkeun panto dibuka. Kuring betah we nyorangan. nepi ka kiwri gembok teh meh karatan..Tapi kuring betah nyorangan.....

KAFÉ DEUI

Kénging El Hijar
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 12:45:09

Sorangan ayeuna mah di kafé téh. Pasosoré, ngararasakeun deui imut layung nu sawatara poé katukang marengan di ieu tempat. Nyipta-nyipta deui obrolan jeung imutna nu tiis. Teuteupan soca nu bangun sabreg-bregeun hujan. Ah, piraku rék hujan. Ukur ceudeum éta mah. Ceudeum alatan teu dihaja. Asa maksa rarasaan téh, basa ménta manéhna tepung di ieu tempat. Hampura. Teu pisan-pisan maksa. Da mun harita nolak gé, kuring mah moal nanaon. Kuring ngarti kaayaan. Salah kuring, bet hayang tepung wanci sareupna. Hampura, poho, yén poé téh geuning aya robahna. Aya beurang aya peuting. Aya ngimpi aya nyaring. Aya suka jeung peurihna. Nyampak sagala kamungkinan. Soré ieu, cara soré kamari, nyorangan nyanghareupan méja, galécok jeung cikopi, asbak, jeung korsi kosong. Nyipta-nyipta deui kalangkang nu betah manjangan.

UCING SUMPUT

Kénging Miskar Kariti
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 12:37:05

"Akang bohong! Waktos dua dinten ka Cianjur milari sayuran?" tibeberegeg nyaliksik.
"Heug Akang ngaku nanging Eneng tong bendu!" Neng Elin unggeuk ka salakina.
Barabat Kang Husin ngadadarkeun. Nyobat dina Facebook jeung "Risma Gumuleng", ngiriman pulsa, jangjian. Salila dua poe Kang Husin nyewa kamar losmen, di Bandung.
Unggal poe angkleung-angkleungan di Alun-alun. Risma Gumuleng teu hol bae. Inget jangji ka pamajikan nu ukur dua poe. Kang Husin balik mawa bukti sayuran nu baruruk.
"Tos, nu atos mah atos Kang. Tinggal Akangna. Kersa henteu ngadangdosan?" Teu kebat. Neng Elin kaburu dirungrum.
Ganti minggu. Wanci ngahaeub ka Isya. Kang Husin balik deui ka kamarna nyokot roko nu tinggaleun. Dina meja, kajeueung tas laptop kempes, tur modem usb euweuh tina tempatna. Ngahuleng. Buru-buru pamitan ka Risma Gumuleng. Heuleut sababaraha menit. Kang Husin udud di rohangan tengah bari maturan Si Cikal lalajo televisi. Ka reungeu sora nu turun, jeung dehem Neng Elin pamajikanna. Kang Husin hemeng.

BUMBU RENGHAP DILELEWE GELAP

Kénging Azie Nasrullah
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 12:16:48

Santri ngalalantri rek matri pangarti sareng pekerti ti mimiti ngajagi diri, miara raga, nyangcang iman dugika meungkeut paheut ati kameumeut ngarah salamet tina manah anu raheut.

Ajengan ngabudah kabeh, dina leungeuna teu leupas buleud-buleudan tasbeh. Sanajan mega teu daek repeh, kitu oge simkuring hayang ngiluan leweh.

Bolotot soca taya nu katinggal. Rebing cepil taya sora hiji-hiji acan nu kadangu. Ngan kalam anu kabumbuan dzikir dina renghap, bari atoh da dilelewe ku sora gelap.

Azie Nasrullah
01 Februari 2012
Bandung-Majalaya

BELUK

Kénging Darpan A Winangun
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 12:03:59

Kota geus rénghék. Tina jandéla-jandélana nu tutung, congo-congo bedil ngulincer ka saban pongpok angin, néangan mangsa. Jempling aya ku keueung.

Énsiklopédi Sunda nu geus konéng jeung rangsak, diécagkeun lalaunan. “Lembur aing, lembur aing....,” pokna, di lanté tilupuluh dua apartemén nu geus hangru ku lebu silalatu.

Sorana ngeleter, awakna ngageter. Lalaunan manéhna cengkat sarta ngarérét ka jandéla nu rangsak. Mun poé ieu aing kudu ajal pék téh teuing, gerentesna. Layung ngan kari sagurat deui.

Di hareupeun jandela, sabada ngarénghap jero pisan, manéhna ngalanglaungkeun beluk. Sorana milepas ka jomantara. Anéh, bet euweuh sora bedil anu némbalan. Teu lila antarana, bet cul-cel di ditu di dieu, sora beluk siga sono hayang silih longokan.

UNGGAH BALÉWATANGAN

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 11:56:55

“Gusti,” bi Inah. Ngarénjag. Gigisik. Lain. Ngimpi. Lain. Lain. Dunungan pameget. Sataun sakali mulangna. “Salingkuh...” mencrong. Nu silih galéntor. Silih rungrum. Dina sofa. “Rék naon?” ngoréjat. “Ba...ba..” gugup. “Peuting ieu téh! Moal salah rék maling!” cék dunungan istri. HP diangkat. Patugas datang. “Sanés maling,” leungeun ditalikung. Dijagrakeun. Sidang dibuka. Didakwa. “Divonis lima taun! Maling emas...” hakim ketok palu. Manéhna nyegruk. Kanyenyerian. “Pédah merego,” gerenengna. Padahal rék beberesih. Biasa, wanci janari. “Aman ayeuna mah...” males rangkulan. “Éta wé téga,” manéhna nyéréngéh. Ngarungrum. Ngajanglarkeun rasa. Nyingkahkeun rametuk. Ngambah sawarga. Ngarakrak panto naraka.

TONG KAWIN JEUNG MANEHNA

Kénging Yusef Muldiyana II
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 11:48:54

Tokoh: Dhipa Galuh Purba & Warga Kampung
Tengah poe Nyi Dhipa anu anyar rarandaan gogorowokan, ngageunjleungkeun sapangeusi kampung. “Para wanoja nu aya di kampung ieu, omat tong boga salaki ka anggota partai, matak moal boga budak!” Nyi Galuh anu keur nyiaran Neng Purba di golodog imah Nazarudin Azharn gedengeun warung kupat Maman Gantra deukeut saung Bode Riswandi nanya ka Nyi Dhipa “Naha enya kawin jeung anggota partai matak moal boga budak? “Apan kuring buktina. Geus tilu taun kawin jeung Kang Ayi Kurnia Iskandar ngan ukur dicontreng, teu dicoblos-coblos!” tembal Nyi Dhipa.

JAMPE

Kénging Iwan R Jayasetiawan
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 11:44:53

Surak serok dilembur batur,bingung neangan jampe pameper hareudang

SASAKALA

Kénging Maman Gantra
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 11:42:13

“Beuratan mana: Nanggung suluh atawa kiih?,” saur Kanjeng Raja ka menteri-menterina. “Mun beurat nanggung, ku naon sakalina kiih kudu ditanggeuy?,” tambih anjeunna.
Jawaban eta tatarucingan, nepi ka kiwari teu kapanggih. Ngan, ti harita eta wewengkon disarebut Beuratnanggeuy.

(Diropea -- kalawan merhatikeun perkara moral jeung atikan keur barudak ngora – tina posting Juragan Ferry Farikhin di grup Cawokah Nasional).

COMBRO

Kénging Dudi Herlianto
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 11:35:51

mang dasun, tukang goréngan nu mangkal di trotoar jalan otista, teu eunggeuh aya nu geulis lungsur tina sédan mérsi pulas hideung métalik nu kakara parkir hareupeun gorobagna. manéhna anteng malik-malikeun goréngan ngarah teu tutung.

si geulis laju nyampeurkeun. "mas, beli goréngannya sepuluh. tahu isi, bakwan, sama combro", cenah mamalayon. "mangga, néng", walon mang dasun. laju diladangan.

néng mérsi geus indit. mang dasun anteng deui, mulak-malik goréng sampeuna. teu lila, reg deui ferrari pulas beureum. nu turun teu éléh camperenik jeung nu ti heula. sarua, nyampeurkeun ka mang dasun. "mang, mésér gorénganna sapuluh. géhu, bala-bala, sareng combro," cenah, sundana mani ngageleser.

"punten néng, gehu, bala-bala, sareng naon?", walon mang dasun. ari leungeunna mah terus ngopépang, mungkus géhu jeung bala-bala pesenan si enéng. "combro mang". "aduh punten néng, teu aya éta mah. mamang mah tara ngicalan combro".

TULALIT

Kénging Maman Gantra
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 11:11:56

"Punten, dupi salira teh soto?" ceuk kuring ka Teh Neni.
"Sanes. Abdi mah peucang," walon Mas Miskun.

MELAG

Kénging Neni Geo Albanjari
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 11:00:23

Barang sup ka rohangan guru, sepi, na unggal meja teh aya dus snack, wandana manis. Kuring lalaunan muka dus nu aya na meja sorangan, eusina aya rupa rupa roti merk terkenal kana limana.
"Bismillah...", kuring mimiti ngegel roti jerona coklat, ehmm nikmat, dipairan cai teh haneut. Geus satengahna roti nu asup kana beuteung, sup babaturan, guru awewe, silih baledog imut. " Saenya Teh eusi dusna?", "Uhun, jabi raos deuih, timana ieu teh Neng?", kuring kebat nanya muasalna. " Kintunan ti istrina Almarhum Pa Toyib, kan 40 dintenna Teh". Deg! baham nu keur ngagayeum eureun, roti nu na tikoro melag...
Bray, na sawangan, nembongan dua budak lalaki laleutik keneh, tangtungan hiji awewe nu ukur ngurus rumah tangga. Kabayang deui, waktu Pa toyib gering nu parna, meakeun waragad gede jang uubarna.

TIGIN AKI TEH IBADAH

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 10:35:27

Rumanggieung manggul suluh nu beurat,tonggong jeung taktakna geus bohak garetihan.Ngagusur lengkah muru harepan asa moal kahontal ku ciptaan
Galitukna batu tincakeun ngaliwatan cucuk eurih, kaliage, peurih, leuseuh,tapi rido.
Hate ngan muntang dina pangsujudan ,bari ngadagoan sora tarompet sangkakala
Ngan ka anjeuNA muja jeung puji teu weleh disambat, muru wanci panungtungan
Yakin pisan bakal aya pitulungna,teu ngaharepkeun jelema haat mikeun sidekahna.

WALL

Kénging Maman Gantra
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 10:33:34

“Soca salira teh lir sajak petingan, jungjunan. Sanaos heureut sareng ipis, peryogi rewuan kitab kangge neuleumannana. Moek mondok na teuteup salira abdi tilelep teu bisa hanjat”. Kuring ngabirigidig waktu maca saha nu nulisna.

DATANG DEUI, DATANG DEUI

Kénging Yusef Muldiyana II
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 10:33:17

Tokoh: Budi, Rahayu & Tamsyah.
Wanci isuk pukul tujuh Kang Budi geus siap-siap indit ka kantor make baju rapih menang ngaleot pamajikana; Neng Rahayu. “Akang mios. Neng” ceuk Budi ka pamajikanna bari cipica-cipihu atawa cium pipi kenca jeung katuhu. “Mangga kang, uihna ulah hilap nyimpang ka Mang Ade bari pangnagihkeun sametan” Tembal Rahayu bari ngais Tamsyah; budakna anu kakara umur sataun. Barang gek diuk dina jok motor Kang Budi ambek-ambekan “Silaing teh siga nu ngewa ka kuring !? Siga nu ijij! Unggal kuring rek indit silaing sok datang. Apal teu kuring teh buru-buru kudu ka kantor? Lamun telat deui kuring bakal dipecat ku dunungan! Geus leuwih ti sapuluh kali kuring telat datang ka kantor gara-gara didatangan wae ku silaing. Siga nu sentimen silaing mah ka kuring teh! Kudu nyaho waktu rek datang teh, ieuh. Samangsa-mangsa kuring keur sare, pek rek datang lobaan oge. Silaing mah datang teh unggal kuring rek dines! Teu uyahan! Pikasebeleun! Kurang ajar! Datang deui, datang deui! Nyaho jas maneh anu anyar teh geus leungit deui aya numaok!” Neng Rahayu kaheranan nempo salakina ambek-ambekan sorangan teuing ngambek ka saha? “Ari Kang Budi ngobrol sareng saha?” Tanya Rahayu panasaran. Kang Budi pok ngajawab “ari ilaing teu nempo kuring ngawangkong jeung hujan?” Hujan angin beuki badag

TOS SADAYANA KAWAKILAN

Kénging Fahry Danan Jaya
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 10:12:23

Kuringmah teu hayang ngaggoreng DPR, sabab asa geus cukup pisan ngawakilan sakabeh pangabutuh kuring.
1. Hayang mobil mewah tos diwakilan
2. Hayang gajih gede tos diwakilan
3. Hayang loba dunya tos diwakilan
4. Hayang tempat damel anu raos tur sareungit tos diwakilan
5. Hayang lunta ka luar negeri tos diwakilan
Naon deui atuh asa tos cekap da moal ya wakil anu meni rancage sareng rambakah sapertus kitumah, ayeunamah urang kantun ge siduru we bari meuleum hui.....

SELABINTANA

Kénging Abah Na Ambu
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 10:01:10

Hejo ngemploh permadani mayakpak satungtung deuleu,nyanghareup ngaler jungkiringna gunung Gede,Kulawu disimbutan pepedut.Dina Ki Damar nu rajeg sakuriling tempat,nyangsaya buah hate teu walakaya.
Cag,cuang catet deui dina hate urang masing-masing,Jodo,Pati,Bagja,Cilaka anging Kagungan nu maha Widi.Pileuleuyan panutan......
Hujan,pepedut,teu ku hanteu milu nyered,ngingkahkeun kasono nu masih meulit.
Lessss.......

EKTING

Kénging Gunawan Sejati
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 09:45:03

Haritateh poe jumaah kabagean jam pertama di kelas 12 AV.1..Barang sup asup karohangan "SELAMAT PAGI PAAAAK..!!"..ceuk barudak meh bareng.."Pagi" ceuk kuring bari nunda tas na luhur meja terus cengkat .."anak-anak hari inih bapa akan memberi contoh bagaimana ekting seorang model saat pengambilan dokumentasi video"..."Hihihi"...ceuk Amanda (siswi hiji-hijina dikelas eta)..bari nungkup baham..diturutan ku babaturan nana ..ayanu "hihi" ayanu "haha"..aya oge anu seuri bareng dicampurang cing kecewis..." Tenang-tenang ..bapa belum ekting ngelawak ko' kalian sudah pada ketawa sih".."Emang apanya..yg lucu? ceuk kuring bari culang-cileung .."itu paaaK..Seleting celana bapa terbuka"!!..ceuk barudak meh bareng bari nunjuk ka lebah kuring..Seak beungeut ngadadak asa jadi beureum..."Gustiii"...inget ayeunamah ..tadi teh malem juma'ah..urut mindo can anggeus diperenan....

NUTUP PABRIK

Kénging Kus Wanda
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 08:54:06

Ma Enon aya nu ngontrog. Duaan jangkung badag. Gagah. Ngan éta wé ranggéténg sihung. "Ma...mimiti poé ieu pabrik kudu ditutup teu meunang nyieun baso deui. Haram, nyaho.....". Ma Enon unggut. Tara wani baha ka nu maké saragam mah. Sieun. Najan haténa galécok. "Kumaha atuh ké beurit ngagalaksak deui”. Nepika balikna nu duaan éta kekecapan ukur dikemu ku sorangan.

INDUNG

Kénging Mahpudin
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 08:05:16

Budak datang ti sakola. Getih baloboran tina biwirna. “Ku naon?” ceuk indungna. Bari nginghak ceurik, ngadu, “Disuntrungkeun si Jayen.” “Oh, ka dieu, Kasép! Urang bersihan heula,” pokna halon. Pinuh kanyaah. Laju nanya, “Ari Jayen téh réréncangan Aa?” “Muhun, Ma. Awakna pangbadagna di kelas.”
Isukna, budak balik ti sakola marahmay. “Ma, si Jayen poé ieu bageur pisan ka aa.” Indungna imut. Inget kajadian sore kamari..

ALAM PANGIMPIAN

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 07:22:38

Mun geus asup ka alam ngimpi, hirup asa diayun ambing, asa digonjang-ganjing, asa panggeulisna, asa pangkasepna, sakapeung asa di sawarga sakapeung asa di naraka, tapi mun asupna ka lebah alam nu beda, naha bet asa beda, asa hirup di lemah nu lain warisan ti luluhur alatan hirup bet jadi nurutan batur, teu weleh ngudag-ngudag ngimpi , teu weleh ngudag-ngudag harepan, susuganan bisa neang kahirupan di kota, atawa bisa hirup jadi TKI, susuganan bisa ngudag rizki di Arab Saudi, atawa bisa ngumpul-ngumpul harta di Malaysia, tapi kumaha nyatana, ngan ukur manggih sangsara di nagara nu kasebutna jugala

SAKOLA JEUNG REALITA

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 06:43:44

Ti mimiti SD nepi ka SMA, Bapa Ibu Guru ngajar sagala rupa, matematika, IPS, IPA jeung sajabana, hanjakal pangajaran etika teu kungsi aya, nu disebut moral ngan ukur nyelap dina PKn jeung agama, sanggeus dewasa bari cepeng gawe di pausahaan swasta, teu weleh aya nu tumanya jeroeun dada, kudu kumaha sikep jeung nyaritana, mun ditangkeup ti tukang ku nu jadi dunungan?

KABOGOH BATUR

Kénging Uzanx Boam Hardrocker
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 04:27:28

nu diraksukan bodas,,hudang tuluy kacai,gura giru ka masjid,,eta kabogoh batur

HAREWOS JANARI

Kénging Uzanx Boam Hardrocker
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 04:21:08

Pileuleuyan jungjunan,,saruntuyan carita bakal jadi ketak dina sajak,bakal jadi pangeureunan saacan lengkah cueut ka hareup
ningal raray anjeun pinuh ku bagja,hate rampohpoy lesu tanpa ajen.
Ceuk cihcir
ceuk kalakay murag
ceuk jangkrik
ceuk ibun janari
jodo mah lir seuri jeung ceurik

SANDEKALA" TEU KARASA GEUS MAGRIB DEUI.KAKARA DATANG TI RUYUK AWI, DEKEUT KUBURAN KRAMAT KI BUYUT PAPAK. HARITA DUA POE REK AYA PERKEMAHAN PRAMUKA. TI TANGANGE KENEH GEUS NGUPREK, NUARAN AWI, TI SAUKURAN TONGKAT SAMPE SAPINGPING SUKU, PIKEUN NYIEUN MEJA G

Kénging Machsus Thamrin
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 03:52:33

!/groups/182915828406589/)

ULANG TAUN

Kénging Uzanx Boam Hardrocker
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 03:23:28

budak sataun,lilinna hiji,budak umur tujuh taun,lilinna tujuh,,kabayang nini kuring,umur salapan puluh,lilinna satelebug

BILATUNG NU BALITUNGAN

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 03:16:40

“Haha....” ngagakgak. Péstol dicium. Getih baseuh kénéh dina tungtung keris. Layon pasoléngkrah. Patunjang-tunjang. Lolobana. Cacah. Miskin. Malarat. “Aing kawasa!” nyorowok. Handaruan. Jagat inggeung. Dunya oyag. Langit pejah. Barasat. Jelegur. Jelegur. Geleger. Guludug. Nguntuy. Bilatung kagareuwahkeun. Racleng tina beuteung layon, ngabugigag. Ngahunyud. Beuki loba. Muru manéhna. Gancang. “Ih, kunaon?” ngarénjag. Puluhan. Ratusan. Réwuan. Jutaan. Bilatung. Utey. Ngarangsadan awakna. “Ampun!” adug lajer. Kulawargana ngariung. Cumalimba. “Bapa!” pamajikanana rambisak. “Sabar, Bu.” Doktor neuteup. “Aduh! Kurang ajar! Bilatung!” jedak pamajikanana ditongtak. Bru rubuh. Habek. Doktor ditonjok. Goak. Galéong. “Édan pasén téh!” doktor kukulutus, nyiapkeun suntikan. “Awas! Bilatung!” ngajéwang kerah doktor, dibalangkeun neungar témbok. Kerejet. Kerejet. Ngemasing pati. Sirahna bejad. Ngejat ti rohangan. Ngajega luhur kenténg. “Aing pamingpin, haha...” kénténg robah jadi bilatung. Utey. “Wah...ampun...!” kocéak dengék. Luncat ti lantéy dua. Koléang. Ngalayang. Bilatung. Ngilu. Asup kana ceuli. Irung. Panon. Sungut. “Aduuuhhhhh....ampuuuunn...”

TEUING

Kénging Tien Widartini Darodji
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 03:08:01

kuring lilir karasa sirah asalalinu diusap kuleungeun kutuhu ,gebeg ,naha diperban ,ret kana leungeunkenca aya impusan napel napigeulangan,hah aing di rumahsakit ?kadenge diluar sora nu leumpang,
kuring ngahuhuleng salila lila keukeuh teu kapikir.perasaan mah bieu teh jeung si geulis ngumbar kasono dina mobil nupanas ku seuneu asmara.kuring keur nyupir manen na nyarande kana taktak,nempo pingping nu ngagoler ,teukuat leuneun kenca ngaragamang.Brak !...panto muka disakalikeun,pamajikan asup ngagusu koper gede,,mah'' ceuk kuring,manehna teu nembalan ,gek diuk na korsi sisi tempat tidur,gap leungeunna nyekel kana leungeunkuring.pok nyarita ,,pih hampura mamah ,da salah apih ngerakeun keluarga ,mun apih geus cageur ulah rek balik ka imah da itu mah imah abdi.ieu baju apih ''jung nangtung leos indt,kuring molohok teu bisa kumaha kumaha.

GETIH

Kénging Dedi Rosala
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 02:11:45

Berebey getih tina sirah ngalembereh maseuhan dadana.
Ngan bati ngarongheap.jeung ngahelas.., leketey, bruy-bray narembongan pacampur jeung rus-ras ngingetkeun ka mangsa lawas kuring jaman keur ngora. Teu kudu disebutkeun.
Astagfirulloh.... deudeuh teuing anaking,boa-boa hidep teh ayeuna..
ulah karandapan ku anak kuring Gusti, kahoyong mah lalampahan teh cekap keur sadiri kuring we. Paingan aya paribasa: "ari uyah mah tara tees ka Hongkong....". Hehe

NGIMPI

Kénging Lies Tjandra Kancana Sudarma
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 02:04:10

Peuting kacida simpena, tapi maneha can bisa sare, guligah bari teu weleh nanya ka diri sorangan. Sajam nu geus kaliwat aya sora agem, sora nu pinuh wibawa: Sok atuh geura kulem sing tibra, ku Akan di sun nya ? Muaaach " Sorana lir galindeng lagu anu geus lawas ti lawas tara kadenge..Lagu heubeul nu kungsi leungit. Manehna ngaheruk asa ngimpi. Naha ngimpi kitu ? .

NGIMPI

Kénging Lies Tjandra Kancana Sudarma
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 01:56:56

Leungeun manehna ngeleper, keretas kasumba dina leungeunn ngeleperlir siga daun garing katebak angin. Cipanoona ngagantung dijuru panonna, ngagurilap kacaangan lampu Neon. " Akang nyaah ka Eulis, clak putih, clak herang" Breh hiji lalaki ngadeg hareupeunana, neuteup pinuh kaasih. Imut pinuh kameumeut..Korejat manehna hudang.! .. Ngaheruk mnehna bari nngkeup anggel sok batinna ngaharewos : " Naha lain ngimpi ngimpi kitu ????

JURIG TOUN

Kénging Jang Mimir
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 01:45:59

dongeng kring baheula watu kuring kr di ajar elmu agama harita kajadian jm hijian pting kuring teu kuat beuteung nguliat hyang ngaluarkn eusi. t inget ku kasieun tuluy wae kuring trun k luar ngadatangn tmpt nangkring mlahan tutup bujur gs di buka t kobong knh gk we kurng diuk ngaluarkn si lenjang n gs teu tahn menta k luar sabat kuring kr ngalamun di luhur langit aya seuneu hiber sageude nyiru ngalyng luhurn kuring harita kuring reuwas kacida. kuring lumpat k kobong nymprkn santri lain bari t mke calana. bbtrn rareuwaseun bri naranya k kuring gek we kuring diuk dina tmpat sare singktna carita.bbatran ribut bau bau cnah. sihoreng si jangkung napel na sarung.

PERSIB

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 01:30:12

Curuk jeung jempolna menerkeun kaca mata sababaraha kali.”Kunaon asa lila pisan ieu teh?!Gerentesna bakat ku késél ngadagoan di warung kopi, bari diuk disisi jandela”.Sabar heula,boa aya harungan dijalan” hate leutikna ngupahan,jarum jam geus nunjuk angka 22 ti angka19.Nomer dina HP dipencet deui”Hallo!!hallo.Euweuh sora halimpu nembalan ti nomer beh ditu”Hallo.!! Hallo..Anjing..!!! .ngagorowok satarikna,tepi ka jelema di warung reuwas jeung asa kagandengan da keur lalajo Persib lawan Kukar nu eleh 0-3 tea.Brak!! meja warung digebrag satakerna.Pelayan nyampeurkeun “ Peryogi bantosan ieu teh?”Ceuk pelayan jeung bobotoh meh bareng nyalampeurkeun bari neuteup jeung singkil .Teu lila aya nu leumpang sasampoyongan awak jeung beungeutna geuneuk barareuh,tapi kaburu keneh mireng nu di anti ngageuleuyeung dibonceng ngaliwat ka pelebah dinya, bari mere imut pait pisan.

TEU WALAKAYA

Kénging Lenny Magdaleni
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 00:38:25

Lamunan kagareuwahkeun ku galindengna Nicky Astria dina HP.
"Yang" ceuk manehna muka jurus, pasang kuda-kuda.
Seuneu nu ngabebela dina dada ngadadak pareum. Hate ngaleketey, teu walakaya nyanghareupan jurus manehna.

ULTRA MAN

Kénging Cassa Grande
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 00:34:02

"Bulan téh, Béntang nu nyorangan!" Saur Lastri. Karasa pisan, buuk hideungna ting karayap kana dada, kana beuheung. Meulit kana pasualan panjang. "Ulah janten émutan, Pan. Najan patebih. Bulan téh béntang, béntang kénéh. Taya béntena."
Ngadadak hayang jadi Ultra Man. Innalillahi.

LAYON

Kénging Irman Nurhapitudin Dimyatié
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 00:18:17

Barang bray panon beunta. Kabeh poek. Tempat asa heurin. Awak karasa dibaguded. Lalaunan ngulisik. Ingetan kumalayang katukang. Gebeg. Kuring geus dikubur!

ALMENAK

Kénging Cassa Grande
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 00:10:26

Dibaca deui. Fikmin, peuting, lampu kamar, cakcak. Sora motor tingkélétrék. Bangun suda. Sorangan. Dina almenak aya sono. "Bulan katenjo ngora!" Aya nungajak cumarita. Simpé, kitu? .

KINANTI

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 01 Fébruari 2012 00:03:56

Dina kanyaah nu taya wates wangenna, beubeulahan jiwa rumah tangga teu weleh diaping dijaring, ditungtun dituyun ku ibu ramana, jalaran nu janten putra kasebatna titipan ti Nu Maha Kawasa, beubeulahan jiwa nu janten harepan sadayana malahmandar mangsa jaga janten cukang lantaran nu langkung nyangreudkeun kacinta hiji caroge ka garwa, katresna garwa ka caroge, tos sawadina pami urang nu janten ibu ramana muji sukur ka mantenNa, wirehna urang dipaparin hiji anugrah Ilahi malahmandar rundayan janten jalmi sajati nu tumut kana aturan Hyang Widi