Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • 01 Désémber 2011 (91 Naskah)


PASEDEK-SEDEK

Kénging Rukman Ranudinata
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 23:56:37

Meh ampir sarebu urang nu geus daftar tunggu teh, kitu oge teu kabehannana arek tandang makalangan di arena tanding. Da rereana mah niatna nongton wungkul najan kitu pastina bakal ngantay panjang pisan. Ngantay maruka leptop atawa hape BB nu dicekel sewang-sewangan di tempatna masing-masing. Aya anu di Cibiru, di Cicadas, di Ciamis, di Islamabad Pakistan malah di Leiden oge jeung di tempat2 sejenna. Komo isuk2 jeung beurang mah...nu di kampus UPI, cenah para mahasiswa sastra Sunda diwajibkeun. Sakali mangsa, para patandang anu biasana dina sapoe teh ukur aya lima atawa maksimal sapuluh urang...Aya saratus urang anu ngetik fikmin dina waktu sadetik...atuh pasedek-sedek. Sakedet netra bleng heng...Dina monitor layar fikmin salila 5 menit teh ukur aya tulisan: SAM PU RA SUN ... HA PUN TEN

MALEM JUMAAH

Kénging Tanti Damayanti
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 23:50:31

Malem jumaah, maca fikmin seueur dongeng jurig, maca email seueur nu ngirim salam ,sereh, muka fiklr photo mani arunik, muka yahoo.... ngajeblag tanda tangan beckam.... gusti geuning kunaon bet dina kaos neng syahrini , jeung palebah dadana.
Malem jumaat lekasan wiridan, yasinan , gigireun noelan, ibu... ayeuna teh malem jumaah ... muhun malem jumaah.....

WEREJIT

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 23:09:55

Kéak...kéak...kadéngé sora koréak luhur suhunan, dituturkeun ku sora manuk jurig, ditéma ku anjing babaung. Paralak, kenténg kawas diawuran keusik. Gubrag, di luhur para sada aya nu tibeubeut. Rénjag, Abah saanak pamajikan nu ngarumpul bari lalajo tipi di patengahan pating koréjat. Reup, listrik pareum, poék mongkléng butarata teu kaciri curuk-curuk acan. Puriding, bulu punduk ngadadak ngandelan, awak pating sariak, nirisan. Maranéhna beuki ngagibrig waktu ngangseu bau menyan, teu kungsi lila héok bau bangké. Beuki ngompod, teu sirikna ngiihan manéh. Cikikik, sora awéwé seuri nompok pisan kana ceuli. Kolébat, kapireng sarérétan kawas boéh. Bray, lampu harurung deui. Abah nangkarak bengkang. Jegoh batuk, ngaluarkeun getih lalambaran ngahiji jeung paku leutik ogé bubuk beling.

PAJABAT MANTÉN

Kénging Rukmana Master
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 23:02:21

Bumi alit camperenik bahanna kombinasi tina bata super sareng jati petingan. Di payuneun bumi aya émpang nu laukna pating gudibeg. Dipasieup ku huhunyuran sareng curug tiruan wedalan leungeun ahlina. Matak betah sakur nu nempo. Teu lila aya nu kaluar maké korsi roda ngaliwatan panto jati ukiran jepara. Didorong ku awéwé tengah tuwuh di bawa ka tepas imah rék ngadon moyan. Getén pisan. Dihuapan.
“Ham..ham..puya,ya. Mih..!” Pokna meni pered.
“Teu sawios Papih, da tos janten kawajiban abdi kedah kumawula ka Papih. Waktos jagjag waringkas sarta nyepeng kalungguhan mah pan Papih langki aya di bumi. Papih cekap nelepon ka abdi, kedah nampi amplop ti itu sareng ti ieu. ”

SASAJÉN

Kénging Pipin Dasripin
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 23:00:59

“Gus, euy tulisan di dieu. Jang ka nu nyayogikeun, hatur nuhun kituh....”
“Bener euy, jeung engké deui mah kudu maké sambel jeung cikopi, atawa jeung pais lauk emas”
“Moal nanaon euy ....” ceuk si Ahmad bari mencrong ka kuring sarta ngarampaan tikorona.
“Lah, naha...... pan geus dipénta ka embahna tadi lin?”
“Tapi, pan euweuh jawaban!”
“Ari manéh, hayang aya jawaban kitu .... hiiiyyy!”
“Matak euweuh jawaban gé, Mad hartina euweuh embahna, nu aya téh ieu tumpeng!”
“Jeung embahna téh kapan urang, ridoeun deuleu da urang mah sok menerkeun cai, itung-itung buruhna wé.”
“Ed, ieu sésana ka manakeun, euy?”
“Antep wé di dieu!”
“Balik yu ah ..... seubeuh teuing.....!”
“Mun unggal poé nya euy ......!” ceuk si Agus teu euleum-euleum.
Alhamdulillah geuning teu nanaon. Kuring tiluan salamet teu rieut-rieut acan. Ngan kétah reuwas téh sanggeus dipapatahan ku indung. Atuh anu tara ngaji Yasin ogé, peuting harita mah nepi ka lima balikan. Da mani belél atuh panon téh. Indung bapa kuring gé ngadungakeun sangkan kuring salamet. Tah kakara reuwas téh di dinya. Ngan teu meunang bébéja ka sasaha cenah jeung ulah deui-deui, lantaran kumaha lamun tumpeng téh maké racun, sabab embahna beukieun racun? Pan KO, tah..!

TIGEBRUS

Kénging Gus Manz
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 22:45:33

Jay Ramesh, urang Sunda anu tos lami dumuk di Batawi-Metropolitan, lir kebo mulih pakandangan balik ka lemburna, hayang diajar deui basa Sunda di Jurusan Sastra Sunda. Ngan aya ka hanjelu, manehna jadi frustasi waktu diajar sarupaning Foném Kauni, Suprasegeméntal, Segméntal, Fonétik Akustik, Arikularis, Organis, Frasa Aditif, Ajektival, Anékainti, Konéktif, Endoséntris, Konsonan Oral, Réndon, Palatal, Trill, Anéksi, Antésédén jste. Lebeng beuki teu ngarti. Alhamdulillah, Anjeuna kaparengkeun tigebrus ka Institut FBS. Didinya manéhna ngahékok jeung Nyi Fikmin siang wengi, népi ka ngajurahroh pinuh ku kanikmatan.

UDUD

Kénging Wa' Ratno
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 22:44:05

"Jang...pang meserkeun rokok kapayun?". Kuring ngagero budak nu keur anteng ngapalkeun. Di kamar sare indungna ngadenge panitah kuring ,bangun nu nyaram, ngaulahkeun,"Pak,pan nuju hujan!,sareng si ade nuju ngapalkeun?",kuring kekeuh "Sakeudap! di kiosna mang uju di payun buka keneh geura?!". Teu talamgke budak teh ngadenge panggero gura giru,nyokot duit nu di asongkeun ku kuring,"Dua bungkus nya Jang?,"nitahteh. Di luar hujan beuki ngagedean,cikopi panas masih nyerebungkeun wawangina,karak rek gek diuk nyinghareupan televisi,masih keneh nanggeuy pisin cikopi panas,"Dor,dor .dor..!,kang,akanggggg..?", panto digedor ti luar bari gogrowokan,kuring reuwas gura giru muka panto. Barang bray panto di buka,mang Ujo,rancucud huhujanan,bari dumareda, ngageter ngomongna "Kang...!, Jang Asep Katabrak mobil....,mobilna kaburrrrrrrrr??" teu werat nyaritana teh,.kuring teu talangke,ngan gajleng luncat muru ka jalan gede,geus teu nolih deui mang Ujo na lawang,lumpat,mang Ujo ngeclik ngilu lumpat tukangen.
Kasampak budak masih ngagoler nyangsaya sisi jalan harepeun kios mang ujo.awak nangkuban guyang getih, patulayahm getih nyebar kabawa kucihujan,beureum ngecas ngalembereh mapay gili gili jalan. Budak katingali na kepeulan leungena, masing pageuh nyeupeng dua bungkus roko panitah kuring.
"Adeeeeeeeeeeeeeeeeee???" kuring ngagero maratan langit,ngoceak maratan jagat,handaruan.
Gabrug budak di rawu,di tangkeup pageuh pisan,digalentoran,diceungceurikan,nu satuluyna kuring poek mongkleng,katurelengan.

FIKMIN

Kénging Dhitu Ti Dhituna
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 22:36:13

ngopi,,
hiji mangsa anak maung ngarenghik ka indungna menta daging dumeh geus lia te manggih daging uncal,,mamih2 sik atuh ngala uncal ceuk anak maung,atuh di penta kitu derengdeng we etah maung teh moro ti kajauhan katingali uncal jalu sakitu badagna,,der we etah uncal teh di boro,,ngarana ge uncal hese kacida di tewakna,,plus kaditu plus kadieu,,na atuh ari gajleng teh etah uncal luncat kana cagak indung maung embung ka eleh keun ngan edas etah cagak teh sereug ngadon ugil2an te bisa kaditu kadieu,,,si uncal heran ceuk pikirna nya kamana maung te ngunag deui ari barang di lieuk maung keur ugal ugil hese kaluar,,,atuh kuriling manehna katukangeun indung maung,,,te sato te jelema ari ningali nu ugilugilan mah sok kabita,,,der we atuh indung maung teh di opi,,kacatur si indung maung balik kaimah, anak na bagea keun,, mamih2 mana daging si uncal teh? sasasisi papih kitu,,,

ASPIRASI

Kénging Rukmana Master
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 22:24:40

Keur jongjon pelesiran di basisir Pangandaran. Kuring leumpang mapay-mapay gupay kamelang nu kungsi ngalanglang. Inget kénéh, hareupeun guha panggung urang munggaran tepung. Urang pasini rék saati. Naratas bagja ngabaladah kanyaah. Hanjakal anjeun ngahiang bareng jeung jelegurna lambak sagara nu ngabuyarkeun rasa. Rét ka lebah handapeun tangkal katapang, aya nu turun tina mobil pelat beureum. Haté norowéco. Sidik manéhna. Buburanjat kuring muru. “Kang.., ieu téh Akang? Kamana waé Kang?
“Aéhh..,gening Enung? Muhun Akang téa ieu téh, Nung. Kaleresan Akang janten anggota déwan ayeuna mah. Mangkukna nampi dana apirasi. Akang ngahaja kadieu rék nampung aspirasi ti nu pariknik.”
……..???

HASEUP

Kénging Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 22:18:49

Manéhna anteng ngencarkeun lamunan bari ngaroko bangun nu ni’mat. Serebung…serebung haseup minuhan rohangan. Haseup sing laléok kukulibekan teu leupas tina paneuteupna. Kabayang rupa bébéna nu geus lila ninggalkeun. Aya geter sono nu hamo kaupahan. Haseup beuki ngeulun, nu ngalamun beuki jongjon. Haseup museur hareupeunna beuki lila beuki sidik ngajirim ujud. Awéwé dibaju bodas bari seuri nyikikik!!

SUGAN TEH NGIMPI

Kénging Abah Iseng
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 22:06:11

disidik-sidik beuki sidik
dipapantes asa mantes
"bener pisan, demplon!"
teu nguciwakeun pisan
kataji pisan...
makplak bodas...
ngan anakan na sakli tilu...
ngan saeutik rada goreng sungut...
heu euh osok beberelean wae!
cigana iyeu domba teh nuju nyiram bari diajar nyienen!

MALEM JUMA'AH

Kénging Munggaran Alfatih Z
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 21:47:40

Sapasang mata neuteup anteub pinuh ku pangahrepan, teu bisa wakca balaka, ngan hate na ngagero "Sujaaaang...kunaon malem jumaah ayena bet taya fatihah keur Ema" Jeritna ti jero Pajaratan

LAIN BALÉBAT NU MATAK ÉBAT

Kénging Muhammad Shohiba Nu'man
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 21:43:23

Lébléban. Talaga geus méh salaput tuur. Rét ka wétan, mongkléng. “Duh, jauh kénéh geuning balébat téh..” haténa keketegan. Léos ka enggon, peti leutik dibuka. Bréh, boéh rarang kabuyutan. Teu talangké, disangkéh muru ka pasir, dibébérkeun lebah mumunggang. Sanggeus manteng, manéhna nyorowok ka nu di landeuh. “Geus waktunaaaa...!” Bray! Proyéktor nojo ka tonggoh. Midangkeun siaran maénbal ti GBK. Tujuh Guriang ébat, tingkuniang ku séahna. Cul pancén séwang-séwang, ngadon hayoh ayeuh-ayeuhan, nyumangetan Timnas nu tihuthét ngalawan Malaya. Atuh Sangkuriang ambekeun kacida. “Meunggeus, teruskeun digawéna! montong dilalajoanan! moal teu nyamos!” gantawangna luhureun parahu. Maranéhna teu ieuh maliré, bangun saruhud nungkulan nu keur gul-gulan. “Goblog siah! Ceuk uing ge naon..” Sangkuriang najong parahu satakerna basa kiper teu sampurna néwak balna.

AJAL

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 21:40:44

Deuk dibawa ka rumah sakit mana waé hamo burung kabiayaan, najan kudu mancanagara, teu beurat ku waragad, ngaran-ngaran ménak luhur kuta gedé dunya. Hanjakal kabéh doktor taya nu sanggup, ari lain nyieun kabohongan mah ku rénghap buatan. Da ieu mah rék dipundut kunu rahayu dicandak kunu kagungan, cék mang Lebé. Najan bru di juru bro di panto ngalayah di tengah imah, teu bisa dihalang-halang sémah ieu mah. Cunduk teu diharepkeun datang teu diondang, maksa asup. Pikeun megatkeun kasenangan dunya, misahkeun raga jeung nyawa. Rék nyogok lain sogokeun da teu butuheun. Ngajega hareupeun manéhna, teu katangén ku para centéng, teu kapireng kunu samakta pakarang. Mang Lebé gé tukang ngurebkeun teu bisa nitén. Utusan metik patina. Kulawarga ngabangingik, cimata teu mangaruhan, kasedih teu ngaléahkeun karep jeung tugas nu diutus. Sagolék pangkék sacangreud pageuh. Innaa lillahi wa inna ilaihi rooji’uun, nu ngariung saur manuk.

GERUNG-GERUNG BATIN CEURIK

Kénging Abah Iseng
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 21:35:52

deuk ameuk, ameuk kasaha!
ameuk nyeudek tanaga mideuk!
gaur motor digaur-gaur keun
mangprung tuturut jalan marengan kuring
nu keur ceurik batin, gegerungan ngaleuwihan sora motor kuring nu dibobok!

GOSIP

Kénging Is Tuning
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 21:35:08

Béja ngeunaan kang Nazarudin Azhar badé nikah (deui); baris dimuat dina
Manglé sasih payun, saurna Kang Hawe Setiawan nu badé nyeratna.

SAPATEMON

Kénging Toni Lesmana
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 21:20:13

Aya sapasang cakcak nyalingker satukangeun jam nu naplok dina tembok. Jam buleud siga bulan. Nyarumput lebah dinya. Ukur sora detik. Teu lila sapasang siraru ninggalkeun lampu. Siga nu kabandang, tingkeleper muru jam. Kuliwed. Lapur, teu katuturkeun. Sapasang beurit singtirilik silih berik. Beger. Belenyeng ka satukangeun jam nu asa beuki buleud sarta ngabadagan. Sora detik tambah ngajentring. Bet nyarayang satukangeun jam. Tingkereles kana tonggong waktu. Jarempling. Ukur sora detik. Sada sora nu ngagentraan. Aya sora pamajikan, asa sora kabogoh. Ngajak sapatemon. Boa aya ranjang lebah dinya. Teu karasa bet nguniang. Karayap muru nu ngagentraan ti satukangeun jam. Jam teh tambah badag meh nutupan tembok. Pipilueun nguliwed kana jam. Kasampak aya nu gugupay. Lain pamajikan, lain kabogoh. Srog. Jol ngagabrug. Seungit samboja. "Sono!" harewosna. Jempling deui. Sora detik ukur hawar-hawar. Lusles. . Aya nu ngagalentor ti tungtung indung suku parat kana embun-embunan. Sora detik leungit saharita. Barang lilir deui, geus aya di rohang nu meredong, dipencrong sapasang malaikat. Munkar Nakir.

AKUARIUM

Kénging Nun Bulan
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 21:16:55

"brekbek... blukbuk... Akaaang..." "Aéh geuning tos gugah!?" "Di mana ieu téh kang? Naha asa harurung harérang kieu... Duh ieu awak asa pasiksak, sisit kuring nyaréngléd. Kamana ari barudak...?" "Deudeuh Nyai..." "Naon Kang, kunanaon...? Di mana urang téh sabenerna Kang?" "Sabar Nyai... Hmmm... Urang duaan téh katingker heurap. Mimitina Nyai heula, bakating ku reuwas Nyai tuluy kapiuhan. Akang jeung si Cikal muru Nyai, maksud ék nulungan. Orokaya. Tanaga Akang kaburu béak, pon kitu si Cikal. Sirahna bencar ditarok pérah bedog. Si Bungsu ogé akur. 2 nana paralid." "Gusti Allaaaah. Aya ku telenges éta Manusa. Teu rido Kami mah, teu suka." Akuarium kiruh, tuluy semu beureum. Teulila peupeus bareng jeung sora budak anu ngocéak katinggang kaca

SAMAR KAHAYANG

Kénging Uzanx Boam
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 21:08:33

duka kunaon peuting ieu mah asa hayang neleg hujan,hayang ngagayem bentang,hayang panggih jeung anjeun.
geus panggih rek dicapluk,,disisit,dicacagan
kana piringkeun.
sugan geus na piring mah ngabeukahan.
jangelek jadi syahrini

HUJAN

Kénging Uzanx Boam
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 21:02:33

nu lalagragan teh geuning anjeun jungjunan.
ti luhur ka handap,ti handap ka luhur,
rupa anjeun aya mangsana cekas,aya mangsa samar,buburinyayan...
siga kuring peuting ieu,,samar kahayang,,kasamaran ku hujan

FIKMIN#NGALA KUTU#

Kénging Tanti Damayanti
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 20:59:23

Ibu iyam mani semangat pisan dinten ieu, socana mani siaga ulak ilik bisi eta makhluq ngaliwat deui. Dua panangana pakupis rikat nitenan hiji-hiji bisi nyumput nyalindung dinu buni. Palastrang seng di sayagikeun gigireun anjeuna.Jaga jaga keur nyanghareupan makhluq nu ti tadi kukurumuyan . Ari pecenghul nonggengan anjeunna, langsung rikat ku bu iyam eta makhluq di tewak. Beunang siah.... maneh.. terus ditindes dina palastrang cetres cetres . putrana neng dewi gagauran ", mamah atos peureus....".
"Ke eneng, engke di buruhan sarebu "., neng dewi jebi
," alim..." tembalna.
"Sapuluh rebu atuh" saur bu iyam ." alim saur" neng dewi ngajerit,
" sajuta saur ",bu iyam beuki semangat metotan kutu jeung lisa tina mastaka putrana, "alim.....!!!!".. neng dewi ngajerit bari lumpat kaburuan.......

KADO

Kénging Nana Slamet Tresna Aji
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 20:57:20

Gék diuk dina korsi. Ceg kana hénpon laju mencétan aksara nulis SMS anu unina: Hapunten Geulis, kamari akang masihan kado téh lepat mungkus eusina. Sakawitna badé ngado tiung, ari ieu kalah mungkus CD (calana dalem) bari dina kartu ucapanna ku akang ditulis upami ieu dianggo témbongkeun sakedik rambutna".

(punten ah ... wilujeng ngabeberik yahudi, mugia tinekanan sapaneja)

WAKTOS NEUTEUP SALIRA

Kénging Rafi Suherman
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 20:50:56

Neuteup salira waktos tibra ema, atra kagambar weningna asih, kanyaah nu teu laas ku mangsa, ka asih nu teu ka silih ku wanci, Gusti, muga Salira masihan bagja ka anjeunna
neuteup salira waktos tibra ema, kagambar gurat kanyaah, bet ras kana ka rumasa, anu hamo bisa mulangkeun aisan asihna. Gusti, muga Salira ngahapunten sagala dosana
neuteup salira waktos tibra ema, Ya Allah, pika'asih anjeunna, sapertos miasih abdi taya pegatna.

AUTIS

Kénging Kus Wanda
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 20:45:32

Kabeh panumpang eta beus kota petana sarua, kaasup manehna. Mata teu leupas tina layar dina dampal panangan. Sagala ungkara nu mancawura ti mana-mana dihanca. Dibaca taya nu kaliwat. Jempol kenca katuhuna tapis ngigel luhureun keypad gadgetna, ngarugal rigel kecap jeung kalimah. Nyieun status anyar atawa ngomentaran status batur.
Kalan-kalan tarangna katara kerung, teu lila nyeh ngabelenyeh. Sakapeung katembong beungeutna baketut, tapi teu lila ngabarakatak. Seuri sorangan. Teu paduli batur sakorsi. Teu malire baramaen nu turun naek gunta ganti unggal parapatan. Teu mirosea asongan bulak balik nawarkeun daganganana. Papada anteng dina dunyana sewang-sewangan.

SANG PULASARI

Kénging Rohendi Pandeglang
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 20:44:14

Ngebak di Citaman, sabada Nyai ngagerus daun pangirut, dina batu dakon nu maneuh. Bacéprot gobyog, obyag jeung ngagenyasna cinyusu-cinyusu Pulasari nu asih.
Laju ngantay naraék ka landeuhkeun, ngaliwatan Cipangkat nu pakarepuk para mantri karaton nu hayang garancang ningkat martabat. Malipir Cipaniis nu pagisik jeung nu baroga masalah pakasaban hirup. Pasangrok jeung Cikahuripan nu pabaur rék narumbu hirup jeung hurip pang abadi, lila jeung jaya salalawasna.
Anjog ka Batu Goong, ngariung para kasepuhan, jojong menekung museur keun pangacian, sembah Hiyang ing Dumampara.
Di Cihunjuran, mudal kereteg angen ku cai hérang tina liang Salaka, nu ngebrak mun seug neuleu bari neuleum. Ngarampa boa jeung badéna baé. Sang Déwa Warman ngalingga didinya. Mantu Aki Tirem Luhur Mulya, nu Ngamandala Wawangina, nganteur deudeuh Sang Pohaci Larasati.
Giak jucung ka Puncakmanikeun, ngan sarat tilok kaliwat, pangcurugan Putri, nyoba beresihna haté. Kolocor…crat cret crot… muncrat harérang jasa, tanda lulus bibilasan, bodas haté, bodas rasa. Anjog sampurnaning rasa, kawah Puncak Manik Gedong Rasa. Kacangking jatining Salaka.
Geuning bukti dina batu tumbung, nyegi tilu titik hiji, tandaning bikang, putrining asih Pulasari, ngabukti cinta abadi. Yoni paadek Lingga, notod di unggal pasir jeung tepis wiring Cidaresi.
Brus…. tiis... nyecep kanu dada, kanu raga, kanu hulu, kana ceuli. Cai panghudang paksa ti bapa nu senebeun jasa kana batu-batu patilasan Pulosari, nu sering jadi impian kula, sabada maca buku-bukuna Ibu Nina Lubis. Geura Salat Subuh céng!!!

KOSONG

Kénging Sarabunis Mubarok
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 20:40:23

"Ema, ujang nyeri beuteung!" Ceuk Jang Ano ka indungna. "Atuda kosong beuteungna, yeuh, eusian heula! Cageur geura!" Tembal indungna bari ngasongkeun sangu. Rengse dahar, teu sakara-kara beuteung jang Ano cageur sapada harita.
Isukna di SD tempat Jang Ano sakola, aya bewara yen bapa kapala teu bisa ka sakola alatan nyeri sirah. Jang Ano curinghak, inget kana omongan indungna. Jang Ano tuluy nyarita daria ka guru nu mere bewara, "Panginten kosong mastakana, Pa, kedah dieusian geura, supados damang,” pokna.

NAON..?

Kénging Ya Soebarta
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 20:34:35

Aya hiji Monyét, boga Anak Ucing. Ari Maung mah teu apaleun yén éta téh Anak Kuya. Da Kuya gé embungeun boga Indung Monyét. Ngan ceuk Uing mah Maung gé sarua ngeunah. Ari Monyét dék dikumahakeun atuh..??. Monyét mah cicing wé na kandangna. Ah, teu bisa! Sok tanyakeun ka MUI, bapana Anak Ucing jeung salakina Indung Monyét saha..?. Wah, kafir manéh mah..!!. Nya manéh atuh nu kafir mah..!!. Meunggeus sia téh ngadon paraséa!!. Yeuh aing dék nanya! Ari maranéh saha..???. Kéheula kéheula kéheula! Kumaha ieu téh maksudna?. Nya, ceuk uing gé lieur! Sok balikan deui..!!!.

DONGENG

Kénging Irman Nurhapitudin Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 20:21:25

Aya hiji raja. Boga anak hiji, putri geulis pisan. Menta pangdongengkeun ka bapana. Derrrr we bapana alias Sang Raja ngadongeng. Kieu cenah, "Aya hiji raja. Boga anak hiji, putri geulis pisan. Menta pangdongengkeun ka bapana. Derrrr we bapana alias Sang Raja ngadongeng. Kieu cenah, "Aya hiji raja. Boga anak hiji, putri geulis pisan. Menta pangdongengkeun ka bapana. Derrrr we bapana alias Sang Raja ngadongeng. Kieu cenah, "Aya hiji raja. Boga anak hiji, putri geulis pisan. Menta pangdongengkeun ka bapana. Derrrr we bapana alias Sang Raja ngadongeng. Kieu cenah, ".........." terus we kitu dugi ka kiamat...........

USTAD NGADADAK

Kénging Rudi Riadi
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 20:19:45

Keur jongjon ngajaga warung bari lalajo tipi, torojol duaan, boncéngan. Nawaran duit.
“Yeuh…tong nyamunikeun hiji hal keur ngaronjatkeun hiji hal. Nu kitu téh disebutna nyumput di satukangeun bebeneran hakiki.. Maké jeung ngaran koperasi harian sagala. Karunya ka koperasi nyaan deuleu! Koperasi nu bener mah aya simpanan poko, simpanan wajib, uang pangkal, SHU, jeung sajabana. Ari ieu naon? Kuring gé apal, rénten nu kieu mah. Harom! Teu. Teu narima nu kitu patut. Anak pamajikan kuring moal dibéré dahar tina duit nu dicaram ku agama. Palias jadi getih jadi daging nu teu barokah!”
Pamajikan katingali sugema tur reueus, kuring nyeukseukan nu duaan téh.
“Mun nginjeum limaratus rébu, sabaraha sapoéna?” Rada ngaharéwos ka maranéhna, sanggeus pamajikan ngojéngkang, da ngadéngé budak ceurik di jero kamar.

KAMASUTRA

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 19:59:58

Pabeulit,nu mana suku,nu mana leungeun,nu anggerna ngadaplok.

SIRARU

Kénging Uzanx Boam
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 19:50:03

keleber-keleber,,aya putar-puter.
Nu karunya mah nu jomlo..mesat nurugtug kanu bikang ari beunang kana tihang,,jeger nabrak,,lagrag,maot weh.
Bikang nu meunang jodo mah ngaleupaskeun jangjangna,dituturkeun jalu nu ngacung-ngacung jangjangna.
Nu lianna masih hiber,kekeleyengan,,uka neangan nahain.maranehna muteran sorot cahya nu eta cahya kaluar tina mata jeung baham kuring

NU APEL MALEM JUMAAH

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 19:46:23

Wengi ieu jirim salira sumping deui ti lebah tetengger handapeun samoja, nyarengan sora sit incuing dina seahna angin girimis malem jumaah, tingsariak ka lebah katresna, sabulu-bulu muriding ngagalindengkeun dangding dina rumpaka pinuh kacinta, antara aya jeung euweuh salira ngagayabag dina anggoan sarwa bodas nyacas, pameunteu salira nu pias koleas dipapaes ku imut manis nyumputkeun kalara, duh mamlmingan malem jumaah di kuburan cina, sok sanaos jongjon, namung soca mah teu weleh ningal sampean salira, hoyong terang naha sampean salira teh napak atanapi ngangkang, duh..., naha kunaon ieu lancingan ngadadak baseuh bujur kokompodan, jalaran ningal sampean salira ngangkang tina lemah beureum, laju ngagayabag ka lebah tangkal loa sisi wahangan.... les... les... les... teu inget di bumi alam.

FIKMIN

Kénging Fahry Danan Jaya
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 19:23:25

Kajadian malem jum'ah"
Cekiiiiiit...! kuring nincak rem satarikna pas di gigireun hiji wanoja nu keur lempang nyorangan. "Neng bilih teu aya rencang hayu ngiring sareng akang !" teu cumarita ukur unggeuk clak we numpak, saleretan katingal geulisna eta wanoja kasorot ku sinar bulan tina sela-sela dangdaunan. Gentak kuring nga-gas deui motor bari nanya "mulihna kamana Neng ?" i wanoja teu ngajawab ukur nunnjuk ka hareup ku leungeun kenca sedengkeun leungeun katuhu nangkeup cangkeng kuring meni pageuh. "Lakadalah manggih milik yeuh sigana" cek gerentes hate kuring. Pas kuring mimiti ngaliwat ka tempat pas handapeun tangkal caringin nu gede, si wanoja nyiwiit cangkeng kuring bari atra kadenge nyuara " e noos ni nieu a aaaa !" gebeg kuring ngarenjag, kontan nincak rem satarikna, motor dumadakan paeh gentak kuring ngalieuk katukang.jentre katingali buukna ngarunday nutupan sabeulah beungeutna, mata legok,letah ngelel bari leungeun geus ranggah rek nyekek kuring, waaaawwwwww...juriiiiiig cek kuring bari lumpat notog-notogkeun maneh.

HATÉ=HAPÉ

Kénging Kaka Askara Sukma
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 18:53:29

Trrd di saku calana hapé ngageter....
sms kosong ti nomer anyar asa panasaran ngan bisi nu iseng wungkul..
heuleut dua poe aya deui sms ukur ? na tisaha atuh...
ka unggal batur di akur akurkeun tapi taya nomer nu cocog nyoba di bel teu di angkat..
poe ka tilu aya sms deui ti nomer eta,,aa..nuju dmn? tulungan...
Sabtu sore ka konter dek ngeusi pulsa bari nengetan nomer nomer nu sok ngeusi pulsa
na eta nomer nu sok sms teh bet aya di konter
panasaran di tanyakeun ka nu dagang..
nat atuh gebeg teh cék nu boga konter nomer iyeu gaduhna neng Ésti nu maot kamari gantung diri.........

KANYENYERIAN

Kénging Nur Elia Jamil
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 18:42:33

neuteup lalangit kamar saeneng-eneng.
bari napas ngahegak nahan ceurik nu teu buntaskeun.
kamar patulayah teu dipalire,haben ngajepat ngarajameneng.
geus tilu poe...ngonci maneh dikamar,nyaliksik diri,ngabudalkeun rasa.angger hate tech ngagolak keneh,panas ngentab lain bobohongan.karak manggih duriat nu sakitu pogotna,keur meujeuhna sono kacida.aya beja yen beubeureuh teh geus buntutan.
kumaha geus kieu abdi gusti,ieu rasa ka isin moal paler ku disimutan.
mangkaning geus teu bireuk deui....awal taun rek direndengkeun.
ambu..abah..sumputkeun abdi ka gunung,pageran abdi ku awi bitung.

BASA ENONÉSANA

Kénging Maspri Dkc
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 18:16:26

Tidak memépes tidak membakar, tidak tahu-tahu belum.
(Teu mais teu meuleum, teu nyaho-nyaho acan)

DARMAJI

Kénging Rina Ismaya
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 18:05:49

dihiji kantin sakola
+" ieu kang 100 rebu"
-" artos naon ieu teh seeur-seeur teuing yi"
+" bade mayar nu kapungkur mang..halal keun nya mang"
-" na kunaon kitu yi?
+" rumaos kapungkur abdi sok darmaji"
- " kirang ngartos amang mah"
+" muhun..ngadahar lima mayar hiji"
siamang olohok.

SHOLMIN

Kénging Kyai Matdon
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 17:56:34

+ sholat teh gancang gancang teuing jang?"
- Manawi nu diajar Sholmin kang..
+ Naon Sholmin teh?
- Sholat Mini, alias sholat pendek
+ Bedul siah..disaruakuen jeung ngarang

KAKASIH

Kénging Deden Abdul Aziz
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 17:53:32

”Nyeri beuheung sosonggéteun. Sapoé asa sataun. Ngantos Kangjeng teu jol baé...” Rérés tutup buku ‘Geus Surup Bulan Purnama’ yasana Yous Hamdan, bet ngalangkang rupa Emang nu ranggéténg sihung jeung tanduk. Tapi panangan Ema Nini nu salawasna ngucumel tasbé ngusapan tanduk Emang dugika ilangna. Lambey Ema Nini nu salawasna ngaderes solawat niupan sihung Emang dugika sirnana. Janggélék Emang nu keur nikreuh kundang iteuk. Mapag kelewungna sora adan. Buku téh nutup luhureun pajaratan…

MURANG-MARING

Kénging Godi Suwarna
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 17:41:39

‘Kang, iraha urang tiasa tepang? Diah.’ Kitu cék SMS. Jajantung ratug. Uing undur ti basisir laut kidul. Nyingkur dina liliuh katapang. Diah. Lamunan kumalayang. Panineungan bruh-bréh deui. “SMS ti saha? Béda ambeuna!” kapireng nu gumerendeng. Gebeg. HP asa aya nu ngarebut. Lésot tina ranggeuman. Kumalayang lir kalakay. Buru-buru diudag. Teu katéwak. HP ngoléang ka basisir. Terus ngalayang ka laut. Tina pucuk lambak, ujug-ujug aya réma nu laléncop nyanggap HP. Lep deui. Duh. Uing ngan ukur bisa ngaheruk. “Bogoh pisan ka Si Diah Pitaloka téh? Uyuhan, bogoh ka urang gunung!” kapireng nu ngagorowok. HP dibalédogkeun ti jero laut. Negel pisan kana tarang. Uing nyengir. “Dasar kunyuk nurustunjung!” nu jumerit téténjrag di dasar bumi. Basisir inggeung. “Jor, susul kaituh!” Jurungkunung. Indung lambak tanding gunung. Ngaguludug ti tengah jaladri. Jumelegur. Ngaburak-barik basisir.

SALAH TAPSIR

Kénging Saefull Atk Archiva
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 17:28:52

"leres anjeun rek mulangkeun anak Abah, kabayan! ngandung harti maneh teh ngaluarkeun talak?" ceuk si Abah ka si kabayan, " enya Bah, abdi bade mulangkeun Nyi Iteung ka Abah, abdi palaur jadi pitnah mun duduaanan jeung Nyi Iteung teh" naha, kapan Nyi Iteung teh pamajikan maneh, belegug" tempas si Abah bari jeng kesel "moal jadi pitnah salaki jeng pamajikan sa imah mah, dasar si borokokok" si Abah ayeuna mah bari pepeta " sanes Abah, kapan waktu nikah jeng Nyi Iteung teh disaksian ku Kang Emed, Abah emut henteu waktos pa Lebe naros ka Kang Emed" si Abah ngawaler "enya Abah oge inget si Emed nu jadi saksi teh,kapan ceuk si Emed oge Sah!!.....si Abah rada tarik nyebat Sah na, jawab si kabayan " nyaeta Abah kang Emed teh kamari maot, janten teu aya dei nu nyebat Sah na ka badi teh........................

GRATIS

Kénging Dadang Soekanda
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 17:27:22

Unjuk uninga, ka sadaya baraya fikmin, kintenna mendak masalah dina maos, ngajempolan , ogé ngomén, aya gangguan dina internét, husus kanggo anggota tiasa langsung nyumpingan kanu ngintun, ngajempolan, oge ngomén fikmin. Teuaya biaya fulsa. Hatur nuhun.

LALAKON

Kénging Kaka Askara Sukma
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 17:25:45

Manehna ngarahuh ningali tanjakan nu sakitu netekna...
Dikeureuyeuh di korondangan sanajan bari nyényéréd indung suku..
Nepi ka punclut ngahégak késang luut léét
manehna ngagauk ceurik ningali pudunan nu sakitu tarahalna......

CI KIIH

Kénging Maspri Dkc
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 17:23:43

"Basa moro, Raja ngadon kiih heula. Keuna kana dangdaunan, Sanggeus Raja indit katut rombongan, ci kiih dina dangdaunan dilamotan ku Bagong. Teu lila ti harita Bagong reuneuh, terus ngajuru ngarana Dayang Sumbi..." ceuk nu ngadongéng.
"Ah nu ngaletakanana GONGLI meureun pa..." cenah ceuk nu ngadéngékeun.

*) Gongli= Bagong Lieur

PARÉPÉH

Kénging Cicara Cac
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 17:09:18

“ Tiasa di tarékahan Bos” !!.
“ Kunaon Bah ?. “ Sirah Budak Parawan “.

WARTA TI KUTAI KARTANEGARA

Kénging Cicara Cac
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 17:08:04

Tujuh mayit, alatan jambatan runtuh, tos kapendak, Alhamdulillah séhat wal a’fiat.

ONDANGAN

Kénging Cicara Cac
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 17:01:07

Datang ka ondangan, nyampak Salakina keur di walimahan.

UGA KARNA

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 16:54:07

Soca Kunti Nalibrata neuteup waruga beureum dina kandaga nu ngalengleong kabawa palid Walungan Gangga, keclak cimatana nganteur nu jadi anakna.”Jagat Batara, mugia nangtayungan pun anak tina gangasna walungan Gangga..... Bral anaking geura lumaku masing jauh, hiji waktu nu geus tangtu urang pasti patepung lebah jagat nu pinuh panundung....” gerendengna bari neuteup anakna dina kandaga nu ngalengleong ngajauhan manehna.

BEU

Kénging Imas Srimulyani
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 16:37:57

Gusti .. i nu agung, bungangangna ieu rasa basa bapa mc ngumumkeun juara kahiji berprestasi tingkat provinsi teh anjeun, bangga nu luar biasa basa bapa gupernur masrahkeun hadiah sareng piagam penghargaan ka salira, apan abdi mah mung urutan ke 6, kang. Tapi nu jadi micu geter jajantung basa salira angkat ka panggung kehormatan, apan harita salira ngareret ku juru soca bari ngagelenyu, gusti .. i nu agung, ieu rasa lelenyapan. Abdi ngadu'a kang mugi salira pinunjul deui di tingkat nasional.
Akang .... ieu geter jajantung ngagolak, waktos harita ngaharewos "jam sabaraha bade uih ka cianjur?" naha salira teu surti apan abdi hoyong sareng ngiring kana mobil anjeun? apan urang remen paamprok dina rupi2 kagiatan, sering patarema tangan, sering reret dibarung ku imut.
Teu lepat ieu hate kang, mun abdi neundeun kasono kasalira, salira sanes jalmi samanea, nu leubeut ku pangarti, nu pinuh ku prestasi.
Gusti .. i nu agung ....... salaki batur ..... BEU

KERTAS BIRU

Kénging Ade Rahmat
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 16:23:28

“pami kang Iwan leres-leres maksad ka abdi, sonten tabuh tilu diantos di payuneun pom bensin Andir.” Ceuk Ida, kuring ngabetem neuteup panon Ida.
”abdi bade wangsul, saena kang Iwan nyarios ka sepuh.” Ida neruskeun.
“ha hayu, mangga.” Ceuk kuring, teu lesot dua lengeun Ida dicekel bari neteup ka manehna, lengeun kuring duana diantelkeun kana pipina, serrrr hate nyeredet, karasa pipi manehna haneut, maksud kuring hayang ngantelkeun biwir kana tarangna tapi manehna ngabalieur.
“ulah kang, isin”.
“hmh” kuring karahuh nahan birahi teu kedal.

Kuring turun tina angkot hareupeun pom bensin Andir jam tilu leuwih sapuluh menit, nyampak Neng Iis sorangan. Kuring ngaheruk nampa kertas sacewir warna biru, cenah Ida mah tos angkat ka Cililin ieu alamatna.

“hatur nuhun, wasalam” kuring nutup seminar pendidikan karakter, leos ninggalkeun ruangan muru palataran, seblak jajantung ratug tutunggulan.
“ Ida !.” kuring ngabelesat nyampeurkeun manehna nu ngajingjing karanjang hoe bari ngelek nyiru.
“sumuhun, Pak.” Ceuk Ida, gog deku nyiru diteundeun luhur jingjingan, lengeuna nyingkabkeun tutup nyiru, kuring nagog hareupeuna gep leungeuna dicekel tapi dikepeskeun bari mencrong ka kuring.
“lima taun, Da ! urang teu patepang, Akang sono ka anjeun”. Kuring neuteup beungeut Ida, manehna tungkul.
“Sumuhun, Kang !, ulah kieu bilih aya nu ngawartoskeun ka caroge abdi.” Tembal Ida.
Kusiwel kuring ngaluarkeun kertas sacewir warna biru.”Akang milari salira, luput teu kapendak, ieu alamat nu dipasihkeun ? “ cekeng bari nembrakeun kertas nu lecek, balas di buka- tilep, buka- tilep, ubar sono ka Ida.
“sanes, duka alamat saha eta mah”. Ceuk Ida dareuda, cipanon ngembeng teu laju murag.
“Ieu alamat ti Neng Iis, saurna Ida linggih di ieu alamat”. Ceuk kuring, hate nahnay hareupan peunggas, Ida geus boga salaki, jung kuring nangtung mundur dua lengkah, leung alam dunya asa poek, hate ngageremet Ida geus boga salaki.
“ Si Iis”. Kuring nonggongan Ida, leungeun ngeleper dipeureupkeun, gejlig kuring ngalengkah ninggalkeun manehna, kadenge sora Ida, Iis teh adi beuteung manehna.

AKANG KASEP

Kénging Fahry Danan Jaya
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 15:46:58

"Kunaon maneh sarangah-serengeh ?"
"Akang kasep!" pokna bari ngaleos.

KURUSETRA

Kénging Wida Waridah
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 15:22:50

Jam tujuh peuting. Kuring. Anjeun. Adu hareupan. Tapi ieu lain tegal kurusetra. Kudu aya palastra. Mun teu kuring. Nya anjeun. Tapi sakali deui ieu lain tegal kurusetra. Ukur meja makan. Tapi heabna leuwih ti tegal kurusetra. Peso jeung garpuh ngarecah daging dina piring. Segelas jus stroberi siga getih nu diuyup. Kuring jeung anjeun. Adu hareupan. Taya nu nyarita. Kuring moal nyarita, saprak anjeun balaka geus pasini jeung mahasiswi. Ieu ukur meja makan. Tapi leuwih raheut batan kurusetra.

MAYA

Kénging Arom Hidayat
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 15:08:30

Maya. Galécok socana. Unggal tepang neuteup cahaya. Pameunteu. Tumungkul. Aya windu nu lawas témbong saulas. Saur salira "Saur saha nu lumieuk jongjon nyorangan . Diantos!" di dieu. Ngangkang satengahing sérab layar mangsa. Brus-bras jalan. Ngajak mulang ka suklakna ka siklukna, lulurung jempling. "Pa! Mamah." curuk budak nunjuk gambar nu kemba ti tatadi.

WALIMAH

Kénging Kez Sukezz
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 15:00:29

Panganten direnceng-renceng. Nu jatukrami Silih kelet. Silih simbeuh imut pangirut. Nu lalaki kikiceupan ditema delek pangbibita. Para tamu rempeg minuhan masjid. Naib jeung saksi dibarung surat kawin jeung ijasah geus samakta. Basa dirapalan panganten lalaki ngajawab ti kotot teges awewe pok nyarita, "Tarima abdi nikah ka Nyi Rukami ka Ki Ihan kalayan maskawin nu kasebut, Tuney !". "Sah !" ceuk naib. Raeng sarurak saruka bungah sararea kaleprok ngabageakeun. Dua panganten salamet.

NARAKA

Kénging Irvan Mulyadie Bersabda
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 14:22:58

"Ajengan, ari tukang ngarang carita, tukang sajak, jeung tukang tulas-tulis lianna mun jaga aherat datang, bakal asup kamana?" Ceuk Jang Santri.
Ajengan kerung. Dungdak-dengdek kopeahna. Gigideug.
"Ka naraka !!!"
"Baruk ???"
"Nu ka surga mah nu boga lalakonna...."

MEULI JANTUNG

Kénging Anggun Nurul Fadila
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 14:20:59

Bapa bupati boga panyakit gagal jantung. Manehna keur dirawat di rumah sakit. Ku sabab loba duit, manehna hayang meuli jantung cau saloba-lobana, keur ngagantian jajantungna anu gagal.

PAKU JEUNG PALU

Kénging Agi Gumelar
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 14:18:07

Manehna geus lila leuleupangan.Tapi ka manehna ngadeg di Puncak Jaya Wijaya.Manehna ngaluarkeun paku jeung palu.Trok weh gunung di pahat, nepi ka bray beungeut rorongkong.Clak manehna ngucurkeun getih tina panonna,manehna ngagorowok "Indonesia taneuh mayit!!" nepi ka ngagolepak bari ngacungkeun paku jeung palu nu baloboran ku getih.

(Nepangkeun abdi pun Agi ti SMPN 3 LEMBANG,putra Pa Hadi Aks.Bingah pisah tiasa lebet di grup ieu.Nuhun tos diangkeun.Hoyong tiasa nyerat basa Sunda)

CEMBURU

Kénging Melati Permatahati
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 14:16:10

..Neng Ijeum mani jete luwa lewe jiga ni geulis bae padahl mah jiga sandal butut...pok nyarita ka salakina..kang cobi aos seuratan Neng sae teu..!Alah neng itu tulis apa aku ga ngerti apa yg kamu tulis nada sora orang sebrang na kaluar...! Akang neng nyeurat ieu cobi aos...bari jeung rada maksa tulisanna di tingalikeun kasalakina...Bah neng itu salingkuh sama akang ya...neng bilang mani hoyong naekan Odong-Odong..siang-siang kieu hayang naik odong-odong saha odong teh?..Kang Odong-odong nya ..bari rada di harewos keun ka salakina..bah odong-odong itu aya mobil,kuda,,,kereta api..beunghar ..pisan nya..lalu akang ini apa neng selingkuh...ngomong kitu na bari ngagejlig akang cemburu sama Odong -Odong...cag Neng Ijeum....!!!!

TAKI-TAKI

Kénging Gus Manz
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 13:45:45

Harita keur ngajemput budak di sakola aya obrolan ibu-ibu siga kieu:

“Les dimana euy budak manéh?”
”Teu ngiluan ayeunamah ”
“Naha?”
“Percumah, mendingan ngumpulkeun duit keur mayar ‘orang dalam’ tibatan duit dipaké keur mayar Lés. Arék abus ka sakola mana? Kumaha duit!”

JAMBUL

Kénging Kus Wanda
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 13:28:46

Geulis rancunit. Asana moal aya lalaki nu nampik.
"Wilujeng sumping, kang!" manehna nyolongkrong sasalaman. Celengok kana pipi kenca katuhu.
Kuring molohok. Helok. Panon molotot kana model buukna. Jambul. Tapi da lain Victoria. Apanan Victoria mah keur ngaput di imah basa kamari ditinggalkeun teh.
"Ieu mah model Jambul Khatulistiwa, kang!" ceuk manehna bangun nu surti kana eusi hate kuring.
Nyaan 'sesuatu banget' ceuk kuring dina hate. Diluareun hotel kadenge nu tingjorowok.
"Beckham...Beckham...Bechkam!"

EUWEUH BEDANA

Kénging Slami Pekcikam
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 12:00:30

Maneh ajag, maneh bagong, bari tutunjuk dina hareupeun irung batur. Urang papaduan tina eta sasatoan.

KUDU JAGJAG WAE

Kénging Slami Pekcikam
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 11:56:28

Kasir di imah parawatan ngemutan"mun hayang mondok bari ngubaran panyawat nu entreup dina awak kudu aya encis lebet tipayun nembe tiasa damang". Jelema balangsak mah teu meunang geuring.

NGAJEMPLINGKEUN

Kénging Slami Pekcikam
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 11:50:23

Cicing,repeuh, montong gandeng, montong ceurik wae. Lamun geus jempling kacida, ayeuna urang anu ceurik. Urang geu manusa sanes mesin.

RS HARÉPAN

Kénging Edi Warsidi
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 11:49:49

Galandangan nu pinuh kuborok, harita ngaringkuk sisi jalan. Teu aya numaliré. Laleur ngarapung. Borokna eté jalmi digémbrong kulaleur. Bray panon poé, ngahaneutan awakna. Nguliat sakédapan. Pereum deui. Teu aya numaliré kénéh. Jalma-jalma jiga rujiteun kujiihna borok éta jalmi. Bray katémbong rohangan sarbabodas. ”Mangga ka darieu,” saur dokter nu soméah. Rohangan Kelas III ngadadak pinuh. Ngadadak diperhatoskeun. Hiji pasén, hiji dokter saréng hiji parawat. Ari nu kélas VIP saréng VVIP atanapi paviliun mah simpé. Teu aya numinat dirawat di éta rohangan. Séeur pasén nu walagri deui saparantos dirawat di kélas III. Prosédurna gampil pisan. Ukur kuimut, sadaya patugas sigép ngarawat sadaya jalmi nubalangsak. Nubalangsak saruka bungah wireuh aya hiji rumah sakit nu sakieu sigép, ramah, tur daria dina ngarawat pasén. Nu matak atoh mah, nébus pasen ukur ku imut. Cekap kuimut, pasén tos dianggap lunas. Wanci tunggang gunung, jalmi nu pinuh kuborok céngkat sakédapan. ”Alhamdulillah Gusti, kuring tiasa keneh ngimpi saé,” géréntésna. Jalma-jalma jiga rujiteun kujiihna borok eta jalmi. Aya nu nyiduh sagala. Teu lami, ngagoler deui éta jalmi. Teu aya numaliré dugi ka maotna.

KLOSET

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 11:48:17

Di kantor.. dunungan sok ambek, mun ningali dina klosét duduk, aya tapak anu nagog, laju nitah ka OB ditulisan, “kanggo kasaén sadayana anu miceuna /pipis cingogo di klosét jongkok”, na isukna nalika dunungan mariksa klosét jongkok aya béwara ogé, “kanggo kasaéan sadayana, anu miceuna/pipis bari nangtung, mangga dihaturanan di handapeun tangkal”, dinu tangkal ogé aya tulisan “mangga tulisan nyalira”…. *3. (seepkeun ah jatahna).

SERTIFIKASI

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 11:26:13

Si yaya keur seuseurian bungah pisan, “meureun kudu distempélan halal ogé”, pok na deui ngomong sorangan, si adun anu keur diuk gigireuna jadi panasaran, “emang aya berita naon atuh ya???, ieu geura dun aya berita “Sertifikasi pengaruhi perceraian guru”.…. *2.

GOROMBOLAN

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 11:24:06

Wanci sareupna pangeusi lembur geus ngararingkeb manéh. Kaayaan éstuning simpé lir gaang katincak, saha pijalmaeunana nu wani ngalanto kaluar dina mangsa werit kawas harita ari lain rék nandonkeun nyawa mah. Loba kabéjakeun lembur anu diranjah peuting-peuting, hartana dirampas, nu ngalawan dipaéhan, nu geulisna digadabah, aya gé nu ditugel jangga sirahna dijeun papaés gapura désa. Ngagigila ka unggal jalma yén manéhna teu bisa disapirakeun, méré béja ka sakumna mun manéhna nyaan bengis. Naha ukur pulitik, sangkan jalma kabéh giruk, najan ceuli diantelkeun kana bilik malah rancung-rancung hayang ngadéngé wéléh taya raratan. Pira hayang apal naha saha nu jadi gorombolan téh sategesna. Waléh kotrétan nu patulayah hasil karya parabujangga teu nétélakeun anu écés, masing-masing boga versi.

KUDA LUMPING

Kénging Yanti Sri Budiarti
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 11:08:48

Télététét…télététét…tétééttt!!! Dongkeung..dongkeung…!!! Tarompét nérétét, kendang ngungkung, lagu Kiser Bojong ningkat kana Kembang Beureum. Soléh nangtung di tengah pakalangan. Luk, tungkul. Leungeun hatur sembah. Mang Juma mapatkeun jampé. Ngajiad. Ngambat arwah sangkan miraga sukma. Soléh peureum. Puah!!! Mang Juma ngabura. Beungeut Soléh lamokot, biwir kekerot, awak ngagidir. Bray panonna beunta, beureum siga siki saga. Sirah mimiti édég, unggat-unggut nuturkeun sora goong. Kendang nihtir. Soléh ngaréngkénék, nguriling nunggang kuda, ngulincer dina kotakan garing. Seuseukeut taneuh bengkah nojosan dampal suku. Soléh méndéléng. Sirah déngdék, suku totokér. Beretek lumpat ngudag nu dibaju beureum. Nu lalajo paburiak. Tukang és buru-buru nyingkir. Budak leutik ngocéak, tuluy ngenyot susu, nyumput dina aisan indungna. Kuda dihiap deui ka tengah pakalangan. Diasongan nyiru eusi jukut, gabah, katut beling. Soléh rampus. Parab béak saharita. Nyambung nginum dina émbér.

“Geus teu sakola deui baé budak téh!”, kuring mencrong bangku kosong di juru kelas.

CALANA

Kénging A Deri Cahyadi
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 10:52:41

+ Mih,, dupi lancingan papih dimana???
- Tuh nyampay! ceuk pamajikanana bari nunjuk kana sasampayan nu tatangga...

BULAN KOLOT-NGORA

Kénging Mamat Supriatna
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 10:45:33

Bulan kolot sungkan nembongan sanggeus dibakutet ku rahuh jeung luhlah. Unggal kecap jeung kalimah jadi dakwaan jeung supata sangkan inyana buru-buru unggah ka pangberokan minggon. Sabalikna, bulan ngora ngarangseg teterejel rek ngaborong guligahna barang-barang anu diobral jeung harga diri nu dipajang dijarual.

Cimahi, 30112011, (Rebo tabuh 19:07)

NYISIR

Kénging Bunda Unie
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 10:27:55

mimin anyar katarima gawe di mall.eta toko gede teh unggal rek tutup sok ngayakeun "penyisiran" nyaeta mariksaan tempat-tempat nu kira-kirana bisi dipake nyumput "neng sindi" (sindikat). barang karyawan nu lain baralik mimin dpegat ku dunungannana teu meunang waka balik da ceunah aya tugas "nyisir". nu kabagean "nyisir" teh genep urang karyawan ditambah saurang satpam jeung saurang deui mandor eta toko." hayu ah...urang nagmimitian ti kamar pas beulah dieu" ceuk mandor...tuluy nu lain abring-abringan nunutur mandor. geus mariksaan opat kamar pas, mandor nanya ka babaturan mimin " ari si mimin kamana?" ceuk mandor bari tuluy "nyisir". "duka atuh,pa" tembal babaturan mimin. bari terus abring-abringan "nyisir" barang nepi ka konter beh gigireun kapar pas nu kalima,aya awewe keur diuk anjeucleu bari nyisiran buukna nu ngarumbai.barang dideukeutean eta awewe teh horeng si mimin. "mimin!!! keur naon ari silaing???!" ceuk mandor bari semu rada ambek. " nuju nyisir,pa...pan ku bapa abdi dipiwarang nyisir..." tembal mimin tiis...

KERETEG HATE

Kénging Tatang Supriadi Art
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 10:07:56

Poe ieu...panon poe buringas mencrang,awan nu imut ngawujud jadi mangrupa-rupa gambar nu karasa dina hate.kuring anteng diuk dina korsi di toko kolontongan,ngahuleng,angin sisi sawah karasa tiis,poe ieu bet asa meuni endah katempona.tapi kunaon ieu hate kuring meuni asa ripuh,rasa kaambek geus pinuh na ubun-ubun,kuring hayang ambek.tapi teu bisa!sabab ngan ukur pagawe sieun di pecat tea,naha?.. bet dunungan teh teu ngijinan kuring miluan pasanggiri drama FDBS tea,nu bulan hareup rek di gelar di Bandung.teu pira da ngan ukur ngapalkeun naskah jeung latihan,mun kitu tea mah kuring teh miluan kontes model atawa boy band nu siga na tv,meureun rada kaharti.padahal mah hayang sakalian jalan-jalan we..,nempoan kota Banadung,bubuhan kuring mah ti kampung.ahhh parusinggg....''tok...tok....tok...mang meuli parab lauk,ngalamun bae atuh.''gebeg teh dunungan geus molotot hareupeun.

SEMAH

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 10:05:23

- Punten.......!!!
+ Saha...??????
- Abdi nun...
+Abdi saha....??
- Abdi nu punten....

PIRIWIT PAMUNGKAS

Kénging Ahmad Yani
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 09:17:49

Basa piriwit pamungkas ditiup ku masinis kareta !. Jungjunan !, iwal ti sepi, taya deui nu bisa di piharep. Hate cipruk ku kapeurih, nganteur pameunteu salira nu ngaguluyur mawa lara nu rohaka. Wangunan setasion ngaheruk, hareugeueun nyawang asih nu lolongseran, ngagulang gaper katineung nu mancawura di sapanjang rel kareta.

HAJAKAL

Kénging Kaka Askara Sukma
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 08:46:55

Salira nu geulis rancunit
Saliran nu awak sampulur
Salira nu hejo carulang
Salira nu resep lalagasan
Ayeuna salira teu walakaya nandangan sangsara kasiksa panyawat nu tacan aya ubarna....

ANGKA

Kénging Apoedy Sarah Ihsan
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 08:42:42

Tiap anu di ketik jadi angka, nu keur ngajugrug dina pipikiran ukur angka”, ujug” ngajénggélék Einstein hareupeun, nerangkeun bilangan biner, “jang, tiap anu di olah ku mesin anu ngarana ngomputer téh, saéstuna ngan angka 1 0 0 1 1 0”, kuring ngan bisa sasadu ka manéhna, kumaha carana angka” dinu otak ieu ngeprul jadi Fikmin.. *1.

HALODO

Kénging Bening Selaksahati
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 07:49:39

"Naha nya hujan teh meni ngecrek kieu ari geus usum na mah" ? ceuk mang Mili ka bi jumah pamajikanana.
" heueuh ngan uing wungkul nu halodo saumur - umur mah " ceuk bi Jumah bari ngasurkeun suluh di hawu.
Mang Mili olohok mata simeuteun asa kasindiran.

HEMAT KAOM BORJUIS

Kénging Slami Pekcikam
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 07:03:46

Di imah anu agreung, nu boga imah nyarek ka pambantuna"pareuman listrik hemat sumber daya" bari di awakna ranceum gengge emas jeung saban minggon palesir ka Singapur.

DIAJAR LEUMPANG

Kénging Slami Pekcikam
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 06:54:03

Budak leutik labuh keur diajar leumpang, naha euweuh pikapokeun eta budak teh, geus labuh hudang tuluy leumpang mamapay deui.

BINGUNG

Kénging Jejen Jaelani W
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 06:53:42

ungkara-ungkara basa nu kedal tina rasa, geus kapikir bari diukir, tapi keur saha?

SIKSIK MELIK

Kénging Iwan Hanjuang
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 06:32:54

Mun hayang ngakeul,kudu ngakal,mun hayang motor ngiridit motor,mun hayang pusla........jual Hp.

FIKSI

Kénging Abdul Hamid M. Sastra
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 06:05:26

Bu Dosen unggut-unggutan reueus waktu aya mahasiswa di kelas capétang perténtang ngajéntrékeun yén fiksi mini téh sabenerna dipirucaan ku Godi Suwarna saméméh jaman Balé Poestaka. “Naon nu dibéjérbéaskeun ku Jang Anléh téh disigeung ogé ku Henry Guntur Tarigan dina buku Paramasastra,” ceuk Bu Dosen nutup diskusi kelas.

HATÉ

Kénging Abdul Hamid M. Sastra
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 06:04:46

Mang Kana pundungan belikan nyeri hatéan. Waktu dipariksa ka lab, kanyahoan haténa rawing tinggal sapotong. Geuneuk.

LONDOK

Kénging Abdul Hamid M. Sastra
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 06:03:40

Geus aya 35 taun Bi Sulna rarabi jeung Mang Kana. Anak tilu. Incu geus opat. Waktu kokodok kana seuseuheun, Bi Sulna ngadégdég, ngeleketey. Kapiuhan. Dina ramona nyelip poto salakina jeung Jang Anléh jiga zaman Nabi Luth.

MAWA IMAH

Kénging Anggun Nurul Fadila
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 05:59:50

Budak andar-andar boga imah anyar. Ku sabab eta teh imahna anu ngan hiji-hijina, manehna nyaaheun pisan. Imahna diasupkeun kana kantong rabet, dibabawa ngamen unggal poe.

DUNYA ENÉNG

Kénging Deri Hudaya
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 04:42:28

Enéng téh pikarunyaeun sareng pikayungyuneun. Kawitna mah sasab di dayeuh lipensetip, ngasruk di antara bulu-bulu sikat gigi. Bet teras kekerebekan dina busa sabun ibak. Tapi ketang teu sawios da janten beresih. Édas, janten alim kaluar ti bumi ari tos kitu mah. Saurna téh sagala rupina tos aya dina pésak lancingan. Duka lancingan lépis, duka lancingan lebet. Ah namina oge lancingan. Lancingan mah tiasa waé dina mastaka atanapi dina lagu-lagu nasional nagara dunya katilu. Geuning kapungkur gé Enéng kantos nyanyi dangdanggula, sapertos uncuing kabuhulan. Heuheuy. Tapi wios da teras gaduh bumi dina lebet tipi. Nomerna seueur nu terang deuih. Sumpahna gé teu bohong. Teras wéh Enéng nyeueuran. Enéng aya di mamana. Sagala janten Enéng. Abdi ogé janten Enéng heula sakedapan. Margi kitu, Enéng moal isin pami teu dilancingan. Malihan mah Enéngna bakal tambih seueur deui. Pirang-pirang Enéng bakal ngalahirkeun Enéng nu seueur. Enéng nu seueur bakal ngalahirkeun deui Enéng nu langkung seueuer. Langkung seueuer!

PANTO

Kénging Nana Slamet Tresna Aji
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 03:33:49

Lila panto téh diketok. Naha taya nu mukakeun. Barang bray muka. Sihoreng kuring ngetokna di jero imah

FIKMIN

Kénging Ghuslam Sirait Barcamania
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 01:52:42

humaneuar.......nabeuh lempang nu taya tujuan..!!!!

BENTANG

Kénging Liman Sanjaya
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 00:58:11

teu kaampeuh ieu sono, meureut sawangan sarta kamelang. geus aya kana dua bulana ngukur kujur; naha pantes atawa henteu harepan ieu tuluy dipiara. ras inget kana kalakuan mangsa keur budak. mun bingung nyinghareupan pilihan teh sok pirajeuneun milang kancing atawa ramo. sadrah kana takdir dumasar kana ragragna salahsahiji kecap nu kudu dipilih. alhamdulillah, kuring rek sadrah kana ragragna takdir ngaliwatan bentang nu baranang peuting ieu. kuring nguniang tuluy muka panto, neuteup langit dibarung ku hate nu tagiwur.

GALURA JERO DADA

Kénging Nur Elia Jamil
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 00:23:46

Rentang-rentang tikajauhan keneh geus ka irong yen nu tukrah-tokroh teh..maranehna.hate ratug tutunggulan,ieu panon ngadak-ngadak juuh ku cimata..tapi biwir imut nyambut kadatanganna.
rasa kayungyun jeung rasa nyaah nyembur tina jero dada....teu bisa dibendung teu bisa disumput salindung.bet jorojoy langsung kairut ku eta pasangan.deudeuh teuing....ting alatruk unggal bulan tiap tanggal sakieu turun ka karamean.ngeun ngandelkeun tangtungan nu samar-samar nu lain anak,lain dulur,lain bau sinduk-sinduk acan.
nu lalaki geus bongkok sa iteuk.
nu awewe...sing enya oge geus tawehwoh tp masih keneh katempo geulisna...ngeun hanjakal teuteupna kosong molongpong.euweuh simaan.kuring geus surti...rikat lumpat ka apotik nebus ubar.ubar nu diharepkeun bisa ngurangan leungitna rasa poho keur eta awewe satengah tuwu.bari ngiringkeun kana angkot,hate noroweco,meredih ka gusti,sing dibere deui waktu,dicekclekan rejeki...keur nyumponan maranehna duaan.amin

TUTUNGGUL

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 01 Désémber 2011 00:18:25

Tangtu ngarasa sono kacida, geus taunna teu tepung jeung bébéndé pamépés haté beubeureuh pameungkeut deudeuh. Teu langsung ka imah nu jadi kolot tapi kalahka malibir. Wanci magrib nu dipirig ku sora cihcir dibarung ku anjing babaung, ngondang pating puringkakna bulu punduk jeung pating sariakna awak. Terus lumaku bras ka jalan cagak, nu rék ditéang gening datang nu baris dijugjug kalah cunduk. Manéhna kawas surti. Leungeunna nuyun ka tempat nu kacida éndahna, sakedapan mah ngembang kadu, tapi teu loba tatanya, da éléh ku imutna. Manéhna boga imah, leuwih payus disebut saung, da teu lega cukup keur silih keukeupan. Wanci subuh kakara ngulisik pedah kulit katiruk ku tiisna angin. Dina haté nyelap kahéran, naha dijero imah kacida tirisna. Barang bray beunta reuwas taya papadana, ngajepat luhur kuburan, ngeukeupan jentulna tutunggul.