Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Kalénder Fikmin • Petingan


LALAMPAHAN JIM HA KHA

Kénging Wawan Setiawan Husin
Dipidangkeun dina lapak 16 Oktober 2015 06:01:22

Jim.
Subuh, nu Lungguh. Jauh ti hayang ngarahuh. Tulang-taléng, otot, mokla. Balung sungsum sangga dulang, rarenung. Kotéténg muru katatang. Balik deui dongéng heubeul. Buuk diajar apal akarna.
Ngalenggut émut nu Suci. Maha Suci mah pimanaeun. Janggélék ang Juragan Jim. Susuci, sosoca ati. Luhung maha, Luhur maha. Taya nu mahi. Raga ilang, perbawa Sir. Da bongan dipaok nu Boga. Éling sakapeung. Seseringna mah jauh ka. Haruh. Haduh. Palupuh mukakeun taneuh.

Ha.
Nu Hirup di salawasna, Maha Mikanyaah CiptaanNa. Mo enya ciciptan Nanding nu Maha. Puyuh ngeundeuk-ngeundeuk Yupiter. Atuh diparéngkoskeun Pikirna. Dijeblag-awakna, dijenggut-buukna. Anu palsu dipienya. Anu asli disumputkeun. Kamanusan ngahiangan. Banusan kumalayangan.

Kha.
Euyeub Nyanyahoanan. Balakatiktik, balakacombrang. Nyaho saeutik, ngarasa apal Guriang. Jauh ti gandang, ngadangding pinuh Dangiang. Teu apal deui Si Geuning. Poho jasa ka Nyi Jempling. Payung Kha, diéjah deui. Kha-Kha-Kha. Apal sagala kolébat jeung tindak Ciciptan. Kha. Mulang sono ka MantenNa.

Jemplang karang!

MASJID KELILING

Kénging Zenzenz Zae Slalu Ada
Dipidangkeun dina lapak 15 Oktober 2015 10:57:14

Saréréa ogé geus pada-pada uninga yén kiwari mah ibadah geus dilayanan ku pamaréntah. Pamaréntah bangun hayang kapaké gawé. Aranjeunna milu ngigelan kabutuh masarakatna. Ku jalan layanan-layanan leuwih deukeut. Pikeun wilayah nu aranglangka kasaba atawa jauh aya fasilitas pamaréntah nu keliling. Siga PUSKÉSMAS, perpustakaan jeung Pos keliling. Kiwari mah pamarétah bagéa pisan ka jalma anu masih kénéh osok aribadah. Itung-itung ngawakilan ceuk nu boga konsépna mah. Peupeuriheun urang mah henteu wangkongan kadituna téh. Tuluy waé louncing masjid keliling, puguh wé ngabantu pisan. Loba nu ngagunakeun fasilitasna malahan. Upama fasilitas di jero masjidna, moal éléh ku standar masjid Madinah. Samalah paédahna nu sasarina teu kaburu pikeun solat ka masjid ogé, da masjidna apan caket. Janten pada ngadeugdeug. Masjid keliling jadi trending topic. Teu burung pada ngabagéakeun, saréréa pada ngahiap. Masjid Keliling. Hiji solusi ti pamaréntah yén taya alesan pikeun masarakat ninggalkeun ibadah. “Hatur nuhun parantos ngagunakeun layanan Masjid Keliling, Kahadé nitip!”.

JURUS PAMUNGKAS

Kénging Roy Asmarandana
Dipidangkeun dina lapak 13 Oktober 2015 00:10:34

"Jaka, saméméh hidep turun gunung. Poma kudu nulung ka nu butuh nalang ka nu susah, nganteur ka nu sieun nyaangan ka nu poékeun!" Ki Mursani ngawuruk
murid kakasihna.
"Yaktos... Kahartos, Ki!" Santana ajrih ka nu jadi guru.
"Tuturkeun kula, rék ngetrukeun jurus pamungkas."

Kolébat gajleng.. Kolébat gajleng. Dua jirim adu hareupan, dicaangan cangrana purnama, disaksian tingkaretipna béntang.
"Siap... Santana!"
"Siap..., Ki!"

Srog, kuda-kuda pancuh. Sret, suku kénca nyérong ka hareup, napak rada jéngké. Siet, leungeun kénca ka hareup sadada, dampalna namprak. Kulawit, leungeun katuhu ka tukang. Siut dikulaitkeun ka hareup. Plek, numpang na leunngeun kénca, dampalna muka. Suku katuhu ngaléngkah ka hareup, jalan rada moyongkod, ingkud saeutik. Biwir ngagereyem, mapatkeun pangawasana, "Pasihan... Pasihan, gan! Sodakohna, nun!"

UMAR BAKRI

Kénging Kang Nded
Dipidangkeun dina lapak 12 Oktober 2015 21:05:29

“Naik sepeda kumbang di jalan berlubang. Umar Bakri..Umar Bakri... “ Tembang téh mantak muringis, haté méotan. “Montong leutik haté Jang... Sumur manéh téh, anu caina hérang guménclang. Teu orot ditimba isuk soré. “ Sora nyulusup na lelembutan. Rada tingtrim. “Tuh, tingali! Mébér di uluk paul. Tulisan ngajeblag. Pahlawan Tanpa Tanda Jasa. Dada anjeun teu reunceum ku panji-panji pamuji, éstu wening taya pamrih.“ Jempling. Béntang hiji-hiji narémbongan na pigura jandéla. “Naha teu katempo ku manéh? Itu sorot-sorot mata barudak anu pinuh ku pangharepan. Hayang dianteur, diaping, dijajap mapay jalan kahirupan. Naha téga nempo barudak lalang lolong poékeun élmu? Naha téga barudak tikusruk kana jungkrang katunggaraan? “ Jep! Simpé. Ukur kélépékna sora hordéng katebak angin. “Terpujilah wahai engkau Ibu Bapa Guru...” Hawar-hawar budak tatangga ngahaleuang. Sorana lus-les kapalidkeun angin lamping. Rét, ka gigireun. Si Bungsu masih nginghak. ”Jep! Bageur. Wios teu katampi di sakola nagri gé. Énjing dianteur ku Bapa urang masantrén wé...” Jung, budak dipayang.

AMBU HAWUK

Kénging Érwin Wahyudi
Dipidangkeun dina lapak 12 Oktober 2015 19:03:24

Luhureun batu karang nu ngabedega. Di basisir Cilangla. Ambu Hawuk. Anteb. Nyawang layung nu sumedeng ngempur. Meusmeus neueulkeun dampal leungeunna. Kana harigu nu tatu parna. Séréngéh. Ngajak imut ka abrulan camar nu rék marulang. "Somahita..." halon, nyebut ngaran hiji lalaki. Nu tadi peuting ngarampas kasakténna. Tutas nyombo ku sabekong bandrék.

"Hayang hirup senang, hayang ngapimilik ieu diri, tapi naha bet kudu dikangkalungan ku napsu, milampah jalan hianat?" gerentesna deui saacan getih lalambaran ngagolokgok. Tina bahamna. Kolébat mangsa keur budak. Beungeut indung bapa nu geus tiwas, basa Cikawungading nu camperenik dibinasakeun ku gorombolan. Titahan Kanjeng Dalem. Ras. Réwuan warga pakidulan nu masakat. Nu salila ieu rotin diwewelan ku hasil rampokan.

Beungeutna beuki geunteul. Panonna burial buncelik. Dadana kawas nu ngaheureutan. Rénghap ranjug. Sakujur awakna baal. Luhureun batu karang nu tigin nangtang lambak. Ambu Hawuk ngabebengkang. Srangéngé teuleum. Langit angkeub. Kingkilaban patutur-tutur. Laut Kidul nu motah. Peuting nu keueung.

HIJI RÉAKSI DI GUDANG LÉB

Kénging Mulyana SA
Dipidangkeun dina lapak 12 Oktober 2015 17:49:00

Tepang munggaran di awang-awang, basa bareng ngajomantara. Teu kahaja pasarandog di kieuna. Lawung di balairung kampus. Macangkrama bari nyumputkeun rasa. Mangtaun-taun lilana. Inggis ku bisi, rémpan ku kanyataan. Sieun asih neunggar cadas. Saban rék wakca, rasa cangcaya ngabedega. Malapah gedang malah teu disawang. Terang-terangan, palias dianggap lancang. Antukna rumahuh ka waktu. Tamada ka mangsa.

“Kang, bantosan! Praktikum ulang.” meredih.
“Sumangga. Diantos di Léb, nu sanésna kamarana?”
“Wios duaan heula wé.” Sapuk. Cunduk waktuna. Duaan daria nganalisa rupaning réaksi kimia. Sagalana gemet dicatet. Uplek ngabahas olahan data di rohangan utama. Praktikum wekasan. Jurnal catetan tinggaleun di gudang Léb.
“Amitan Kang. Dupi catetanana?”
“Itu kakantun di gudang léb.” Bari ngoréjat rék mangnyokotkeun.
“Wios ku abdi wéh, sakantenan bébérés alat.”
Nu mulangkeun barang dituturkeun. Sup Bareng. Panto gudang sajongjongan meundeut. Bray muka deui. Nu kasép tumaros,
“Kacindekan réaksina kumaha?”
“Niat saé ditambih kasempetan didukung ku kawantun hasilna asih nu ligar.” Treup. Marésem.

JIHANDAK

Kénging Helmi Pakudjati
Dipidangkeun dina lapak 11 Oktober 2015 23:17:13

Langit ceudeum nyimbutan kota.
Pasosoré. Markas nampa laporan ti satpam mol. Di pojok parkiran, aya dus nyurigakeun.
Briptu Unen ti unit jihandak, gerung ninggalkeun markas. Teu kongsi malas menit, anjog ka nu dituju. Laju nélpon ka komandan di markas.
“Posisi tos di TKP. Siap narima instruksi, Ndan!”
“Buka pakétna, Nen!”
“Siap, Ndan. Eusina rakitan mid-explosive. Disambung kabel 4 warna, trigerna mangrupa HP, Ndan.”
“Beresihan heula lokasina, Nen..!”
“Clean, Ndan.”
“Bagus. Potong kabel warna langit, Nen.”
“Ok siap, Ndan.”
“Kuma trimerna paéh?”
“Malah tambah tarik, Ndan,” Unen ngadégdég.
“Kabel warna naon bieu nu dipotong?”
“Hideung, Ndan”
“Belegug siah, panan langit mah dimamana ogé warna biru.”
“Panan ayeuna nuju ceudeum, Ndan. ” jawab Unen bangreung.
“Trimer sabaraha detik deui?”
“15 detik, Ndan!” Unen ratug.
“Keep woles, Nen. Regepkeun,” sora komandan maréntah.
“Siap, Ndan.”
“Baca basmalah jeung syahadat, Nen!”
“Lapan enam, Ndan. Asyhadu…”

LALAKON MINCREUNG

Kénging Atiqa Naim
Dipidangkeun dina lapak 26 Juni 2015 05:29:38

"Awak si Mincreung mah jiga kaca."
"Naha kumaha kitu, ustad?" ceuk si Junéd.
"Kaciri eusi haténa, ngan alusna téh katutup ku gamis nu buni."
"Kutan?"
"Eusi otakna ogé ngalangkang tapi nya kitu téa, kabulen hijab."
Tapi sanggeus gaul jeung jurig kuris bajuna méléngé lebah dada. Kanyahoan, haténa loba tatoan.
Otakna ogé milu taranjang, eusina kalaluar. Mudal. Aya apartemen, lamborghini, deposito. Kabéh leyur ngahiji jeung cihujan, kabawa palid.
Awak Mincreung paburantak katoél jurig jarian. Rohna kumalayang. Kabeneran
aya si Udin keur ngahuleng. Lelembutanana disuntrungkeun. Roh Mincreung asup.
Kolot jeung tatangga si Udin héran ku kalakuanana nu
robah.
Lila-lila roh Mincreung sabil.
"Pa ustad, tulungan abdi," ceuk Udin, éh Mincreung.
"Téangan heula roh si Udin, karunya bisi sasab!"

WIRA NING DIA

Kénging Rohendi Pandeglang
Dipidangkeun dina lapak 25 Juni 2015 23:50:36

Tengah poe. Romadon poe ka tujuh. Karaton Tirtayasa ti kajauhan kadeuleu ngalentab-lentab, direrab panon poe.

Wirasuta, prajurit teureuh Kanekes nu ngabdi ka Sulton, ngajega, pageuh nangtung, teu kabawakeun nagog doang ponggawa sejen. Panonna buburilengan inggis kapalingan deuleu pibahayaeun.

Batur-baturna ngalalaga. "Dia mah doang deuk jadi pangagung bae Wira, meuni taya kacape. Barinageh ponggawa mah ponggawa bae, ulah ngimpi hayang jadi pangagung karaton" nyenehkeun. Wirasuta ukur imut, nyingraykeun kesang na pipi ku tungtung biwir nu naek ngarenyu.
Siet... Jleg... Teuin ti mana datangna, bol ngabedega Ingkang Sulton, di hareupeun maranehna.
"Wuduh... Salam kangjeng, ieu yeuh Wirasuta mamaksa kami istirahat eta, kitu tah Kangjeng Sultan!!" Rampang-reumpeung hariweusweus.
Sultan teu nembongkeun kuciwa, samalah ngasongkeun duit benggol sababaraha siki, kanu ngagurijag, samemeh ngabelesat deui ngiles.

"Bagoooor... Wiraaa tuuuh... Milik mah moal pahiri-hiri...heuheuy!" Ajrag-ajragan haren, atoh jasa.

Mangsa Saptonan, aya nu di benum jadi Pangagung nyangking Panglima Perang Tirtayasa, nelah Pangeran Astapati alias Wirasuta.
Para ponggawa nu dibenggolan di pangjagaan, ngahuleng...

SABUNGKUS KOLEK

Kénging Rizky Chandra
Dipidangkeun dina lapak 24 Juni 2015 22:10:44

Panceg nepi bedug Ashar, karung karék kaeusi satengahna. Teu cara sasari, sok pinuh. Saprak nincak bulan Ramadhan, unggal sore téh nikreuh, kaluar asup paimahan. Kokoréh kana wadah runtah. Hiji-hiji gelas palastik nu kapanggih diasupkeun. Layung hibar, basa anjog ka pangepulan rongsok. Eusi karung dijual. Genepréwu disakuan. Leumpang deui.
Cinekul, lebah parapatan. Anteng neuteup barudak sapantaranana, ngaramèn. Atawa ngelapan kaca mobil maké kamocèng. Kuniang, milu nyelap dina gimbungan jelema nu mareuli kolek keur buka. Duaréwu, jadi sabungkus kolek. Patréwu jadi sabungkus goréngan. Ngong adzan Magrib. Manèhna. Nyampeurkeun, barudak nu ngarumpul handapeun tihang lampu stopan.
“Hèy, saha nu saum?” Marelong.
“Abdi... Abdi...!” Ngaracungkeun leungeunna.
“Urang buka sareng yu, ieu abdi gaduh kolek!” Arunggeuk. Palastik disoékeun. Raéng bareng ngucap dunga buka puasa. Mapay saregot-saregot kolek pada nguyup. Sésa saeutik. Ku manéhna diuyup. Garogonjakan, tingcamuil kana goréngan, tuluy jempé basa aya mobil sedan eureun, nglaksonan.
“Dén Andi, hayu Mamah tos ngantosan.” Supirna ngagupayan.

PUASA LOBA KASIEUN

Kénging YoZév MyZoul
Dipidangkeun dina lapak 24 Juni 2015 04:13:49

Bulan puasa ayeuna mah asa ahéng-ahéng teuing. Ti mimiti poé ka hiji, ka-ahéngan bulan puasa katénjo pisan. Bruk-brak nu sieun ku dosa.
''Sieun kalepasan ngomongkeun batur,'' ceuk nu nyumputkeun biwirna dina saku kaméja.
''Sieun nénjo nu teu meunang katénjo,'' pokna nu keur uyup-ayap teu bogaeun panon. Teuing di mana nyumputkeun pangdeuleuna.
''Sieun sadéngé-déngéna,'' gorowok nu teu boga ceuli, sanggeus kerang-kerung maca gerenyemna pananya.
''Sieun nyabak nu lain cabakeunnana.''
''Sieun ngaléngkah ka tempat maksiat.''
Ukur gogodeg. Puasa geuningan jadi loba nu jadi tanpadaksa. Ras kana pangabeuki, resep ngomongkeun batur, resep nempo pamajikan batur, resep ngadéngékeun pitnah, resep jeung resep nu dicaram ku puasa.

Poé ka dua. Sanggeus saur. Baham, panon, ceuli, leungeun, suku, kajaluan, dibebes-bebeskeun kana peti. Ras deui kana haté nu sok dengki, dibedél. Lung kana peti. Uteuk nu sok mikir kotor. Lung. Asa mending jeung sirahna sakalian disimpen. Lung. Aman ayeuna mah. Tiis. Simpé. Hampang. Sanajan kudu gugulutukan.***

NU NÉANGAN FITRI

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 23 Juni 2015 23:53:59

Geus teu jelas rupana. Kekebul jalan nu unggal poé maturan, nutupan unggal gurat beungeutna. Najan ti kajauhan, sok kadéngé rénghap jeung ketug jajantungna. Kadang narikan, kadang ukur hawar-hawar saliwatan. Pangawakan jangkung tur rengkung. Ngécéskeun kacapé nu dikeureuyeuh mangtaun-taun lilana. Dina leungeun katuhuna, aya nu dijingjing. Geus hangru. Dibulen ku getih garing. Haténa.
"Ilaahi...abdukal aasiy, ataaKa...." Mun geus asup kana tanggal hiji romadon, kalimah éta nu sok kadéngé dijorowokkeun ku manéhna. Léngkah nu teu eureun digugusur. Mapay-mapay jalan, bari tuluy ngadalitkeun manéh jeung unggal kekebul.
Pérnah hiji waktu mah katingali manéhna ngécagkeun haté nu geus hangru téa. Diteundeun luhureun batu. Diilikan. Dipencrong salila-lila. Tuluy manéhna ngagoak. Ceurik satarikna. "Ilaahi, lastu lil firdausi ahlaa...."

ANU OWAH

Kénging Abdul Haris
Dipidangkeun dina lapak 23 Juni 2015 21:06:52

Di lembur 'nu deukeut jeung tempat kasabna, manéhna téh warga anyar. Indit-mulang cukup leumpang. Sagédéngeun gapurana, aya masjid méwah leutik. Harérang sarwa diposlén. Sapopoé kaliwatan.
Hiji mangsa. Ditotopi mulang kalayan laliwung. Kontrak gawéna béak. Ngong adan asar. Niat dadakan mitembeyan ngama'mum. Abdas. Sup! Bréh. Kaligrafi mararanis turta resikna rohangan. Éndah. Imam, muadzin jalma éta-éta kénéh. Karang sagedé kaléci palebah pipi kéncana. Soméah. Solat berjamaah duaan. Wiridan. Laju nuluy muru imah.
Méh deukeut kana golodog. "Hadeukh, ku limpeuran!" gerentesna. Rarampa kana sirahna. Topina tinggaleun. Gedig! Balik deui. Taksiranana di tempat abdas.
Anjog. Olohok.Taya masjid. Di tempat tadi, rembet eurih. Tengahingna ébréh pundamén batu. Lukutan. Cileuncangan. Hideung. Bau. Rarat-rérét sabudeureun. Panasaran. Suwung. Yakin teu nyalahan tempat. Nampiling karep. Lain ngimpi. Gebeg! Ngudupruk. Rét! Peuntaseunana. Rudin. Nu owah mamawa runtah. Ditotopi beureum. Karang sagedé kaléci palebah pipi kéncana. Diéak-éak bebenyit.

MOYAN

Kénging Gani Kandhiawan
Dipidangkeun dina lapak 22 Juni 2015 12:28:33

Basa papatong medar jangjangna, bangbara incah nyiar mangkakna kembang. Panonpoé ririakan bangun nyeungseurikeun nu ngadon moyan. Langitna biru gumbira, mégana saruka bungah. Béda jeung langit nu kamari, layung teu tulus midang. Dilegleg pihujaneun, reueukna papuket ngaléléwé wanci sareupna. Dur magrib, cur hujan. Sapeupeuting maseuhan suhunan.

Korosak! Kadal leucir meuntas solokan. Ngajengjen dina galengan. Olohok nempo lakuning oray keur ngasah peurah. Sebrot. Lir rantengna ramat lancah. Bulak-balik bijil tina sungutna. Duka nganuhunkeun duka hanteu, da panonpoéna oge haré-haré.

Léos ka tonggoh, di tajug kasampak Mang Haji keur ungked. Teu lila kaciri awéh salam. Leungeunna namprak.Tuluy nyampeurkeun. “Ulah ka mamana Si Nyai rék nganteuran.” Ukur dijawab ku unggeuk. Keur horéam loba omong. “Oray gé sok moyan Jang, ngasah peurahna. Ngarah matih. Teu matih mah hésé barang dahar,” bari ngusapan beungeutna.

Asa ku mindeng ngadéngé kecap nyai jeung ngasah peurah. Awor jeung gugupayna pancuran, Gelenggengna humariring. Nginanti.

MILAD

Kénging Emi Maryami
Dipidangkeun dina lapak 22 Juni 2015 10:05:02

“Wilujeng tepang taun, Geulis!” song kuéh tart nu dipulas kroma bodas tur dipapaésan kekembangan warna kayas ka hareupeun pamajikanana nu keur émok. “Aéh, muhun kitu? Kakang émut kénéh?” pamajikanana ngadégdég nampanan kuéh. “Moal hilap, Geulis!” témbalna bari merenahkeun iteuk tuluy sila gigireun pamajikanana. Kuéh hayoh diteuteup ku duaan. Angin ngulinkeun seuneu nu ugal-igel tina lilin. Dua angka lilin nu ajeg luhureun kuéh. Lilin angka tujuh jeung enol. “Kakang teu hilap?” pamajikanana dareuda. Manéhna godeg lalaunan. Celengok. Biwirna ngahaneutan taar pamajikanana marengan angin nu mareuman seuneu lilin.
Isukna. “Wilujeng tepang taun, Geulis!” song kuéh tart nu dipulas kroma bodas tur dipapaésan kekembangan warna kayas ka hareupeun pamajikanana nu keur émok. Kuéh tart nu kamari, nu mangkukna, nu baheula. Kuéh tart nu bakal dipaké deui jang poé isuk, jang pagéto, jang jaga. Unggal poé. Teu nempo tanggal jeung taunna.

NU DIMANGSA

Kénging Yuharno Uyuh
Dipidangkeun dina lapak 21 Juni 2015 22:49:38

Dimangsa jaman. Diharudum liwung. Hirup teu neut. Ngalanglayung. Nahun. Karanyos. Maranéhna tingalabring, rumanggieung tanpa jugjugan. Reg, areureun. Ngiuhan dina langit ceudeum. “Ké,ké...! Yeuh, pipetaeun urang ayeuna rék kumaha?” cék nu saurang, ka nu buukna cerewing. Kituna téh bari ngedeprek. Nu ditanya kalah ngeureuceum. Laju tanggah. “Ulah waka ngarasula, geus kapalang digeringan. Urang ka lebah ditu, sugan aya langit séjén nu rada linduk. Susuganan aya tuturus mancuh!” pokna. Kituna téh bari ngaléngkah. Teu bisa majar kumaha. Saréréa naluturkeun. Ngeungkeuy. Dumadakan langit mingkin poék. Angin tinggelebug. Tatit tingbaranyay, gelap do-dar. “Genah mun geus kieu téh, nya euy!” Nu pangtukangna nyelengkeung. Laju humariring. Diéngklokan ku baturna. Antukna kabéh karakawihan. Kawih kingkin nu sasari. “kleung angkleung...”

DINA GUNUNGAN GEUGEULEUH

Kénging Mulyana SA
Dipidangkeun dina lapak 21 Juni 2015 16:11:57

Réngsé saur tuluy ngalaksanakeun sagala pafardhuan bari dieyeuban rupaning pasunatan. Keeer. Ngalenyap. Hudang hudang mangsa pecat sawed. Kajongjonan. Gesat-gesut nyiar kifayah. Saged. Miang ka tumpukan gunung geugeuleuh. Nyamos. Ngarongsok ukur meunang késang jeung hanaang. Ngalungsar. Reureuh sajongjongan. Lamunan jojorélatan, cus-cos ka ditu ka dieu. Jorojoy aya kereteg.
“Tada teuing éndahna mun kaparengkeun buka, geus sayaga sagala dahareun.” Humandeuar bari neureuyan ciduh.
Blewer-blewer. Wanoja ginding nu kaluar tina mobil méwah miceun runtah na kérésék hideung. Bro, muragna pas di tempat kuring ngiuhan. Diburu. Dikoréhan. Bréh sésa kadaharan pagalo jeung rupaning cacangkangan. Dipisahkeun susuganan aya nu bisa dipaké keur buka. Ngoréh deui kérésék séjénna. Kaambeu rada hangru, bréh sérah alat kontrasépsi jeung kosmétik pagalo. Goréhél amplop pulas coklat metet. Tinulis di luhurna. "Hatur lumayan kanggo Ayang lebaran." Leungeun ngeleper basa apal eusina. "Gustiii, kedah kumaha abdi nyalabarkeunana?” Nu miceun runtah ilang laratan.

DI LUHUR BENTANG BARANANG

Kénging Endang Rochimat
Dipidangkeun dina lapak 21 Juni 2015 15:36:44

Hareupeun kaca, lalaunan ramo ngarampa pipi, gurat kolot geus beuki atra, dipapaès ku hunung. Teuing kamana lenggik papanting cangkèng nu kamari, kiwari ngan ukur tinggal waasna. Teu bisa dileungitkeun kahariwang ditinggalkeun lunta ku salaki, komo bari ayeuna katempona salaki tèh jiga keur begèr mindo.
Aya nu nyelek dina dada, rèt ka ranjang nu geus lila combrèk. Geus gilig dina hatè. Meureun geus kuduna. Ras kana cariosan Saudah binti Zam'ah ka kangjeng Rosul, " Wahai Rasulullah, dnten giliran jisim abdi,mugi dipasihkeun ka Aisyah". Ogè dina riwayat Rafi bin Hudaj badè mirak istrina anu tos katawis sepuh, istrina nyarios, "Ulah dipirak abdi, tapi mangga bagikeun hak abdi". Enya meureun kudu kitu, engkè peuting rèk nyarita ka salaki
"Hè, hè, hè, conto-conto nu dicarioskeun bieu, èmamg mangrupi Asbabunnuzul tina surah An-nisa ayat 128, tapi pan inti surah èta eusina kudu aya kapunujuan diantara bojo carogè pikeun ngungkulan masalah rumah tangga. Moal bageur! Papah moal rèk ngaduakeun Mamah anu geus puguh satia puluhan taun, percanten!" Salaki nutup carita bari ngarangkul pageuh
Di luhur bentang baranang.

KAPIHEULAAN WAÉ

Kénging Atang Soeryana
Dipidangkeun dina lapak 21 Juni 2015 10:49:22

Balik juma’ahan. “Teu makul ngabandungan ustad nu ieu mah! Bosen. Mun ngimaman, nu dibacana téh “wal asri deui, wal asri deui” doang euweuh surat nu séjénna. Seug hotbah, napak kebo. “Majarmanéh kiamat beuki deukeut. Mangka Ramadan ieu mah urang jadikeun anu panungtung.” Ti taun ka taun, éta wé nu diomong na téh. Sakalieun ceramah. “Nyaritakeun ahérat. Ngadongéng siksa kubur kos nu heueuh. Doang geus ngarasaan paéh.” Ucup bujang lapuk tujuh mulud kukulutus.

Saméméh tarawéh. Ustad kultum. “Aya sababaraha perkara anu teu meunang diengké-engké, salah sahijina nikah lamun geus...” Can tuntas ustad nyarita. Angen Ki Ucup ngadadak ngusial. Ngoloyong ninggakeun tajug. Jejebris. “Kawin-kawin tujuh puluh…! Geus dua kali, bébéné aing dikawin ku dia!”

KORBAN MODEU

Kénging Rohendi Pandeglang
Dipidangkeun dina lapak 21 Juni 2015 04:37:21

Karék poé ka-lima puasa, geus merenyeng hayang itu hayang ieu. Beuki dieu lain nambahan kasadaran kana kaayaan kulawarga nu batan sakieu, kalah beuki angot. Shaum kamari mah teu hayang pusul-pésel sagala rarasaan mah. Êta saprak deukeut Si Joni, banci kampung nu ngontrak gigireun imah.

"Pah, iraha atuh badé ka pasar téh?" merenyeng deui. Padahal markirkeun motor gé can merenah. "Geulis teu mamah Pah?" cenahna deui, ngasongkeun beungeut. "Kanggo lebaran ka-hiji mah kantun mayar ka Bu Haji, ngan kanggo lebaran ka-dua sareng ka-tilu kedah ka pasar, supados modélna tiasa milih-milih Pah!" gujih mamérkeun baju dipalastikan kénéh. "Saur Tanteu Juny kedah perawatan deui minggu payun, opat ratuseun Pah" galécok gumeulis.

Hayang rinéh bakat ku lungsé nganteur-nganteurkeun muatan, teu kebat, kagandéngan nu galécok, cacakan teu diwaro.

Bakat ku capé, les kasaréan. Jep. Jempling. Asa tenang. Simpé.

Kagareuwahkeun, basa loba pulisi ka jero kamar. Nyerek pamajikan. Mungkus waruga, rék diotopsi cenah. Sakurilingeun imah, dikuribeng tali palastik konéng-hideung.

"Gusti kutéga ari Mamah!"