Fikmin Sunda tambih euyeub, boh karyana, boh pangarangna. Tangtos, ieu téh janten ciri, yén basa jeung sastra Sunda baris teras hirup, tiasa ngayonan jaman, tiasa bumetah dina pakakas téknologi. Siga nu kungsi disabit-sabit méméhna, yén di sagédéngeun lapak dina Facebook kanggo nyemplungkeun karya sareng koméntar, urang peryogi “imah” deuih, nu dipaké nyimpen saniskara dokuméntasi Fikmin Sunda. Bawiraos, ieu téh kalintang pentingna kanggo guareun generasi ka payun, atanapi saha baé nu baris nalungtik Fikmin Sunda. [Sambunganana]|
|
Piwuruk | |
“Bapa téh copét, Jang,” nyelang heula ngaregot cikopi. “Tapi silaing mah ulah nurutan.” Kuring jadi bueuk meunang mabuk. Barina gé saha nu hayang boga bapa copét. Kuring hayang gelar ti hiji indung nu salakina gupernur, mentri, atawa présidén. “Silaing kudu jadi jelema. Kudu nanjung. Kudu nyeungitan kulawarga nu geus bau bangké.” |
||
|
|
KuÉh Purnama | |
“Kuéh…! Kuéh…! Kuéh purnama..! ” pokna. Isuk-isuk kénéh manéhna nganjangan unggal lembur. Ngadagangkeun kuéhna. Ti wétan ka kulon. Ti kalér ka kidul. Taya nu meuli. Manéhna sabar. Tuluy wé leumpang. Harita poé geus beurang. “Kuéh…! Kuéh purnama…! Saha waé anu nuang kuéh ieu, hirupna bakal sacaang bulan purnamaaa…! ” Sorana rada ngalaunan. Peura. Teu paduli kana panonpoé nu aya di luhureunna. Manéhna ngan inget ka adina, anu unggal poé ceurik hayang bonéka. Sareupna. Can aya nu meuli waé. “Kuéh…! Kuéh…! ” sorana beuki laun pisan. Gubrag. Bulan purnama surup dina panonna. Les kapiuhan. |
||
|
|
Nu Guyang Jeung Kesang | |
Sora keprok minuhan rohangan. Dunungan dilélér penghargaan salaku ménéjer nu suksés ngaronjatkeun ajén pausahaan. Ténder murudul. Pangasilan teu weléh ningkat. Sanggeus lekasan, dunungan ngajak ka rohangan nu biasa. “Thank’s Dyah, nih hadiahnya!” bari cipika-cipiki. Song konci mobil. Jaguar! “Ntar malem jangan lupa, yang istimewa buat Mr. Okinawa, ya?” Séréngéh nembongkeun huntu nu pinuh ku kawat. Horéam sabenerna mah. Kacipta lungséna, tapi kacipta ogé buruhanana. |
||
|
|
Prasasti Jero Botol | |
“God save the queen! No future for you!” Manéh ngajorowok, tuluy mosing ka ratusan jalma nu keur pogo. Tutas konsér, manéh nyampeurkeun kuring. “Edan teu aing?” Ceuk manéh. Mcdonald dicekék pageuh. “Enggeus balik! Anggur ngacapruk!” Cekéng. “Anggur nu ngacapruk mah, lain aing!” Manéh némbal bari tuluy leguk deui. “No future for you téh keur saha?” Kuring nanya. “Keur jalma model manéh jeung aing. Cacah kuricakan. Hahaha...” Manéh nyakakak. Urang duaan nyusur trotoar sapanjang Badak Putih Pamoyanan, tuluy ngétan ngaliwatan gedong-gedong lawas nu lukutan. Anjog di alun-alun kabupatén, urang duaan reureuh sakedapan. Peuting ieu, teu kapireng deui waasna dedegungan kawas abad-abad nu geus lawas. Manéh bet tuluy nyoéhkeun kaos Sex Pistol kameumeut manéh nu rubat-robét, laju dipeundeutkeun kana botol Mcdonald nu kari satengahna. Cekés. “No future for you!” Manéh ngajorowok deui. Beleweng. Teu lila, sora sirineu blangbir narikan, muru gedong agréng nu kahuru. Catetan: |
||
|
|
Cenah Ayeuna Kuring Milang Kala | |
Asa rumasa teu rumasa poe ieu istimewa, ti baheula nepi ka kiwari asa can pernah ngahaja ngayakeun riungan keur kuring, lain teu pernah ngariung di imah tp da etamah lain keur kuring tapi keur salarea bae utamana keur pangemut-ngemut kana perjalanan jungjunan urang salarea nyatana Kangjeng Nabi Muhammad SAW. |
||
|
|
Under The Same Moon | |
Jam dalapan isuk-isuk. Rap piyama. Lampu di unggal rohangan dihurung-hurungkeun. Hordeng ditutup-tutupkeun. "Nyai..barudak geus sarare? Akang mah rek nonton tipi heula, nya.." panonpoe beuki nerekel. Hawa karasa panasna. Tunduh. Reup luhureun korsi. "Kang..tos magrib. Geura siap-siap angkat didamel," ceuk pamajikan, ngahudangkeun. Dina leungeunna aya gelas nu disodorkeun ka kuring. Diinum. Aya nu ngeclak ragrag kana ramo suku, pulas beureum. Lampu-lampu dipoekkan. Hordeng dibarukaan. Sup kuring ka kamar. Piyama dilaan. Rap baju nu pinuh ku bulu, rap sihung disambung kana huntu. Wanci isa. Kaluar. Mongkleng. Unggal pasampangan papanggih jeung nu hurung paneuteupna. Teu patanya. Ukur babaung nu kadenge patembalan dimamana. |
||
|
|
Jempling | |
Uluk salam teu ditembalan. Pupuntenan teu dimanggakeun. Ngetrok panto euweuh nu muka. Manehna teu apal mun geus sapuluh poe teu boga jirim. |
||
|
|
Nu Sedih Di Pajaratan | |
Renghap carang gumulung jadi ngarahuh. Tonggoy ngalenghoy mawa lengkah ramohpoy. Kasedih geus meulit diri, tunggara nu ngeurad raga. |
||
|
|
Kaseuit 13 Taun Ka Tukang Di Bali | |
Pukul 16:20. Kuring dahar jeung maneh di Warung Blue Sky Jl. Majapahit No. 82 Kuta, Bali. Breh kalangkang manehna pating nyalampeurkeun. Ingetan kuring ka manehna. Enya didieu pisan mimiti lalakon 13 taun katukang nembongan. Di tempat ieu pisan dimimitian. Rey, pating sariak rasa saawak-awak. |
||
|
|
Guntreng | |
“Halow…” |
||
|
|
Simpé | |
Satumpuk sampur nyangkéré dina simpé. Kasedekkeun ku tumpukan samping jeung apok warna-warni. Baju satengah kabaya nu pinuh ku muté ngahiji dina peti nu teu disosi. Pagigir-gigir jeung goong nu teu weléh menekung. Bonang jeung saron teu pati patanya. Taya bédana, pada-pada leungiteun sora. Dina peuting nu mingkin sepi, kabéh nganti-nganti mangsa midang. Nganti-nganti harepan nu ngoléab duka ka mana. |
||
|
|
Kop | |
"Kop badak, kop maung!" gerentes AS bari mangku budakna di pangberokan. |
||
|
|
Suka | |
Gutrut ceu Lilah nulis dina salambar kertas |
||
|
|
Nyi Karinten | |
Nyi Karinten ngoléar ngibing sorangan. Dibaturan layung beureum. Ngalayang di antara pucuk eurih nu gararing di mumunggang. Daun sempur tingkoléang, areunteup kana gelungna. Tuluy areuy capithueur ngarayap ka labah ramo-ramona. Bray jadi sampur. Tongérét ngéar ti lamping. “Geura mulang, bisi aya Sandékala, Nyai!” Daun eurih ngahiur katebak angin. Lebah dinya geus suwung euweuh sasaha. Leungit huma. Ilang sawah. Sirna lembur. Kari dungus ahéng ngajejembrung. Nyi Karinten beuki motah ngalayang bari ngemat sukma jagat. Jep jempling. Tongérét simpé basa layung sakebat demi sakebat turun ti langit. Mumunggang beuki ngempur sakuriling. Cahya gaib ngabebela tina ibing layung Nyi Karinten. “Kami mah moal mulang, rék diampihan Sandékala!” |
||
|
|
Poho Katemahwadi | |
Ku teu bisa dikenyed. Léngkah gagah.Teuneung ludeung. Tunggul dirarung catang dirumpak. Asa aing uyah kidul. Poho katemahwadi. Lali kana wiwitan. Timana jeung rék kamana. Blus kana lombang nu pinuh ku geugeuleuh. |
||
|
|
Sangkuriang | |
Sang Resi Godi Suwarna mere parentah, sangkan Sangkuriang mateni si Tumang padahal mah bapana sorangan jeung kudu ngawin Dayang Sumbi nu sabenerna indung tegesna keneh. Sangkuriang neangan si Tumang. Aprak-aprakan. Di parjalanan manehna dihadang ku Sphinx (Sirah Manusa, Suku Singa, Beuteung Jangjang Garuda). Sphinx mere teka-teki pikeun dijawab, lamun henteu bisa ngajawab teu meunang diteruskeun perjalanan, tapi lamun kajawab pek teruskeun jalan. Teka-tekina nyaeta: Mun isuk-isuk leumpang ku opat suku, sore ku dua suku jeung peuting ku tilu suku. Mahluk naon ngarana? |
||
|
|
Pinis | |
Gas dipolkeun. Setelan spontan. Teu hayang nengkep kupling ieuh. Ngan rem hareup nu kaengeuh. Rarasan nu tadi ngagendeng geus euweuh. Hag siah. |
||